• Tidak ada hasil yang ditemukan

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil analisis data ngeunaan patali antara minat diajar jeung sikep maké basa kana kamampuh undak-usuk basa Sunda, mangka bisa dicindekkeun saperti ieu di handap:

1) Dumasar kana hasil angkét minat diajar basa Sunda, rata-rata skor anu dihontal ku sakabeh siswa nya éta 29.48%. Tina éta skor saupama dihubungkeun jeung tingkat kamampuh undak-usuk basa Sunda ngagunakeun skala Likert, ngandung harti minat siswa kana kamampuh undak-usuk basa Sunda kaasup kana interval préséntasi kurang pisan.

2) Dumasar kana hasil angkét sikep maké basa, rata-rata skor anu dihontal ku sakabeh siswa nya éta 47.07%. Tina éta skor saupama dihubungkeun jeung tingkat kamampuh undak-usuk basa Sunda ngagunakeun skala Likert, ngandung harti sikep siswa kana kamampuh undak-usuk basa Sunda kaasup kana interval préséntasi sedeng.

3) Tina 39 data siswa anu dianalisis masih aya sababaraha siswa anu penteunna kaasup kana kategori handap. Ieu hal bisa disababkeun lantaran kurang mahamna siswa jeung teu biasana siswa ngagunakeun undak-usuk basa Sunda nu hadé. Lamun ditilik tina hasil atawa penteun siswa, anu kaasup kana kategori luhur aya 33.3% sedengkeun 66.7 siswa anu kaasup kana kategori handap.

4) Dumasar kana hasil itungan kapanggih yén nilai korélasi antara minat jeung sikep siswa kana kamampuh undak-usuk basa Sunda nya éta 0.132. Ku kituna, bisa diinterpretasikeun yén hubungan antara variabel minat jeung

Evi Nurmayatini, 2013

Patali Antara Minat Jeung Sikep Siswa Kana Kamampuh Undak-Usuk Basa Sunda (Tilikan Deskriptif Analitikn Korelasi di Kelas X 9 SMAN 9 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

sikep kana kamampuh undak-usuk basa Sunda téh handap. Teu aya tanda (–) di hareupeun angka 0.132, mangka pola korélasina positif atawa saarah, jadi lamun diinterpretasikeun makin gedé minat jeung sikep siswa, mangka makin gedé ogé pangaruh kana kamampuh undak-usuk basa Sunda. Tina hasil itungan korelasi bisa dicindekkeun yén pangaruh variabel minat (X1) kana variabel kamampuh undak-usuk basa Sunda (Y) gedéna 11.7%, pangaruh variabel sikep (X2) kana variabel kamampuh undak-usuk basa Sunda (Y) gedéna 10%, sedengkeun pangaruh antara variabel minat (X1) jeung sikep (X2) kana kamampuh undak-usuk basa Sunda (Y) gedéna 2.8%.

5.2 Rekomendasi

Dumasar kana hasil panalungtikan nu disaluyukeun jeung tujuan sarta pamarekan pangajaran bisa ditepikeun rekoméndasi saperti kieu:

1) Ngaronjatkeun minat jeung sikep dina prosés diajar ngajar mangrupa konci penting pikeun lumangsungna kagiatan pangajaran pikeun siswa. Ku lantaran éta, guru kudu bisa nyiptakeun suasana pangajaran nu ngirut ati ngaliwatan modél pangajaran nu hadé.

2) Minat jeung sikep bisa diciptakeun ku matéri pangajaran nu ngirut ati, aktual, sarta saluyu jeung tingkat kognitif jeung afektif siswa. Ku lantaran kitu, guru kudu miboga kabiasaan positif nyiapkeun modél bahan ajar anu saluyu jeung tuntutan pedagogis, psikologi, jeung situasi di lingkungan siswa.

3) Aktivitas siswa dina mupuk jeung mekarkeun kaparigelan maké basa Sunda nu hadé, lain ngan sakur tanggung jawab guru mata pelajaran basa Sunda, tapi guru séjén ogé.

4) Kahontal henteuna kompetensi dasar jeung standar kompetensi siswa gumangtung kana kréatifitas jeung inovasi guru jeung siswa, sarta infrastruktur pangrojongna. Ku lantaran kitu, sakola bisa ngarojong sakabéh

102

Evi Nurmayatini, 2013

Patali Antara Minat Jeung Sikep Siswa Kana Kamampuh Undak-Usuk Basa Sunda (Tilikan Deskriptif Analitikn Korelasi di Kelas X 9 SMAN 9 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

aktifitas nu bisa nunjang pikeun ningkatkeun kamampuan jeung kompetensi guru. Misalna ngaliwatan MGMP, Seminar, jeung Pelatihan.

102

Evi Nurmayatini, 2013

Patali Antara Minat Jeung Sikep Siswa Kana Kamampuh Undak-Usuk Basa Sunda (Tilikan Deskriptif Analitikn Korelasi di Kelas X 9 SMAN 9 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA

Alia, Dwi. (2011). Model STAD (Student Teams Achievement Division) pikeun Ningkatkeun Kamampuh Ngagunakeun Undak-usuk Basa Sunda (Studi Eksperimen ka Siswa Kelas XI SMA Pasundan 3 Bandung Taun Ajaran 2010/2011). Skripsi UPI Bandung: Tidak Diterbitkan.

Arikunto, Suharsimi. (2006). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: PT Asdi Mahasatya.

Aunurrahman. (2011). Belajar dan Pembelajaran. Bandung: Alfabeta, CV.

Badriyah, Lailatul. (2010). Hubungan antara Minat Belajar dan Kecerdasan Emosi dengan Kemampuan Mengapresiasi Puisi Siswa Kelas X Madrasah Aliyah Al-Manar Kecamatan Gegerbitung Kabupaten Sukabumi Tahun Pelajaran 2009-2010. Tesis Suryakancana Cianjur: Tidak Diterbitkan. Buno, Hamzah. (2009). Model Pembelajaran Menciptakan Proses Belajar

Mengajar yang Kreatif dan Efektif. Jakarta: Bumi Aksara.

Dayakisni, Tri jeung Hudaniah. (2012). Psikologi Sosial. Malang: UMM Press. Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. (1994). Kamus Besar Bahasa Indonesia

Edisi Kedua. Jakarta: Balai Pustaka.

Dimyanti, dan Mudjiono. (2006). Belajar dan Pembelajaran. Jakarta: PT Asdi Mahasatya.

Faisal, Sanapiah. (1981). Dasar dan Teknik Menyusun Angket. Surabaya: Usaha Nasional.

Haerudin, Dingding. (1998). Peranan Sikap Berbahasa Terhadap Kemampuan Menulis. Tesis IKIP Bandung: Tidak Diterbitkan

Hasan, Iqbal. (2009). Analisis Data Penelitian dengan Statistika. Jakarta: PT Bumi Aksara.

103

Evi Nurmayatini, 2013

Patali Antara Minat Jeung Sikep Siswa Kana Kamampuh Undak-Usuk Basa Sunda (Tilikan Deskriptif Analitikn Korelasi di Kelas X 9 SMAN 9 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Iskandar, Yul. (2001). Test Bakat, Minat, Sikap & Personaliti MMPI-DG. Jakarta: Yayasan Dharma Graha.

LBSS. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: CV Geger Sunten.

Makmun, Abin Syamsuddin. (2009). Psikologi Kependidikan. Bandung: Rosda. Nurhidayati. (2006). Hubungan antara Minat dengan Prestasi Belajar Siswa

dalam Bidang Studi Sejarah Kebudayaan Islam (Studi Kasus Di Madrasah Tsanawiyah Nurussalam Pondok Pinang Jakarta Selatan). Tesis UIN Syarif Hidayatullah Jakarta: Tidak Diterbitkan.

Nurjanah, RBT. Devi. (2001). Minat Siswa Kelas 1 Kana Diajar Guguritan Sunda di SLTPN 6 Kecamatan Pandeglang Kabupaten Pandeglang. Skripsi UPI Bandung: Tidak Diterbitkan.

Nurkancana, Wayan jeung Sumartana. (1983). Evaluasi Pendidikan. Surabaya: Usaha Nasional.

Pateda, Mansoer. (1987). Sosiolinguistik. Bandung: Angkasa

Rosidi, Ajip (2007). Urang Sunda jeung Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Sukatma, Oyo Salya. (1994). Tatakrama. Sumedang: CV Melody Offset.

Sardiman. (1996). Interaksi dan motivasi belajar mengajar. Jakarta: Grafindo Persada.

Sarwono, Sarlito W & Eko A. Meinarno. (2009). Psikologi Sosial. Jakarta: Salemba Humanika.

Slameto. (1995). Belajar dan Faktor-faktor yang Mempengaruhinya. Jakarta: Rineka Cipta.

Sudaryat, Yayat. (2007). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya. Sudjana. (1996). Metode Statistika. Bandung: Alfabeta.

Evi Nurmayatini, 2013

Patali Antara Minat Jeung Sikep Siswa Kana Kamampuh Undak-Usuk Basa Sunda (Tilikan Deskriptif Analitikn Korelasi di Kelas X 9 SMAN 9 Bandung Taun Ajaran 2012/2013)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sugiyono. (2012). Metode Penelitian Kuantitatif Kualitatif dan R&D. Bandung: Alfabeta, CV.

Sumarsono, Tatang jeung Taufik Faturohman. (2008). Gapura Basa IX. Bandung: Geger Sunten

Supriatin, Rhena. (2011). Korélasi antara Minat Maca jeung Kamampuh Nulis Karangan Éksposisi kelas VII SMPN 12 Bandung Taun Ajaran 2010/2011. Skripsi UPI Bandung: Tidak Diterbitkan.

Suryabrata, Sumadi. (2010). Psikologi Pendidikan. Jakarta: Rajawali Pers.

Susetyo, Budi. (2010). Statistika untuk Analisis Data Penelitian. Bandung: PT Refika Aditama.

Suwito. (1983). Sosiolinguistik. Surakarta: Henary Offset Solo

Syah, Muhibbin. (2010). Psikologi Pendidikan dengan Pendekatan Baru. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Syamsuddin & Vismaia S. Damaianti. (2009). Metode Penelitian Pendidikan Bahasa. Bandung: Rosda.

Tampubolon. (1993). Mengembangkan Minat dan Kebiasaan Membaca pada Anak). Bandung: Angkasa.

Tamsyah, Budi Rahayu. (1996). Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: CV. Pustaka Setia.

Tamsyah, Budi Rahayu. (1988). Kamus Undak-Usuk Basa Sunda. Bandung: Pustaka Karsa Sunda.

Tarigan, Henry Guntur. (1988). Pengajaran Kedwibahasaan. Bandung: Angkasa. Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.

Bandung: UPI Press.

Uyanto, Stanislaus S. (2009). Pedoman Analisis Data dengan SPSS. Yogyakarta: Graha Ilmu.

Dokumen terkait