• Tidak ada hasil yang ditemukan

PUPUH DURMA

Dalam dokumen RARATAN NASKAH JEUNG WARUGA NASKAH (Halaman 149-164)

1. Barang éling Jaka Bergola ngarumpan Ardanaya geus caringcing

Dirontok ku buta

Ardanaya nyingcét nyepak Naya genggong muru deui Buta malikan

Ka Naya Genggong nampiling

2. Naya Genggong tibalik nangkarak bengkang Ku buta tuluy diirik

Muru Ardanaya

Geus landus buta ngajewang Ardanaya geus kacangking Ku Patih buta

Ngagurinjal tiba usik

3. Nu digégél Naya Genggong gegeroan Jaka Mursada ningali ka kulon ka wetan Ningalian lawan perang

Anu lumpat gila ku keris Teu kuat perang

Nu lumpat gila ku keris

Radén Bagus ngarérét ka badegana

4. Dikeukeuweuk ku buta ku buta patih Genggong Ardanaya

Dicekélan pageuh pisan Pun genggong digégél ngunci Jaka Mursada

Narajang jeung ngagém keris

Leungeun sukuna dikeris Parotong sukuna

Buta lepat gugulingan Patihna Ratu Pawéstri Baruntung buta

Gugulingan rék lapor patih Kacaturkeun Ratu di Pulo Salaka 6. Sang Ratu Tata Dewi

Mariksa ku emban Naon embank rarameuan Sada béndé éta nitir Ramé nu surak

Kawan anu perang jurit

7. Emban matur nun sumuhun duka agan Simkuring teu nguping warti

Kinten nu ngaronda

Agan patih ngepung bangsat Moal enya nu perang jurit Piunjuk emban

Bareng keur kitu jol patih

Kaget ningali sang Dewi Ngagerem ngandika Patih bareng ngadeuheus Dawuh aeh na kitu patih Patih doraka

Atawa kunaon patih

9. Patih matur nun gusti abdi téh tiwas Jisim abdi perang jurit

Asal naang satria

Digjaya punjuling papak Numawi ruksak sim abdi Kawon juritan

Karék juritan

Karék nyebut jaka patih

10. Lajeung baé paéh patih Jaka Bergola Reup genek putrid ningali

Barina susumbar Aéh satria ngalalana Teu nyahoeun aing sakti Satria mana

11. Kebat saged sang Ratna Dewi Komala Sakedap Sang Narpati

Lungsur ti bumina Bari nyaur ka baladna Jol dating balad ipri Di awang-awang Ratu istri ngagung deui

12. Geus ngalayang ti luhur nilik ka handap Den Mursada katingali

Sang Ratna Komala Ngahayukeun ka baladna Geus riab balad ipri Jaka Mursada

Ngagem keris metu geni

13. Pada mundur ipri teu wani nyorang Semu ajrih ningal keris

Matur ka Ratuna

Abdi henteu wantu nyerang Ratna Komala ngalahir

Éta satria

Rék dibongohan ku sing

14. Rék digebrag lamun kuateun gagah Kitu lahirna sang Dewi

Barina ngalayang

Tuluy ngagegel Mursada Jaka Mursada teu eling Labuh ngalungsar Ratna Komala ngalahir

15. Ari pokna satria téh tei pira Karék digeblas ku aing Sia kokosodan

Mun enya sia téh gagah Jung geura hudang deui Jeung aing lawan Kitu sahur Ratna Dewi

16. Ardanaya Naya Genggong muru kangjeng Serta pada creurik

Ari pokna duh agan Sing eling ka Nabi Hidir Wasiat eyang

Raden Bagus enggeus lilir

17. Ngalayang nampiling deui Rden Kapidara

Ngomong deui badegana Aeh agan jeung masing eling Ka tuang eyang

Cengkat bari narik keris

18. Ratna Dewi ningali keris seber manah Sang Putri ngabat ka bumi

Raden Bagus ngadek

Ratna Dewi nyandak pedang Pedang kangkang besi kuning Bareng dék angkat

Sumping putrid Gentrasari

19. Deuk dicekel rakana Ratu Komala Bari nyaur Gentrasari

Kuring mun kitu mah Kuring baé mangga pedang Kitu sahur Gentrasari Ratna Komala

Gumujéng ngalahir masi

XXII. PUPUH DANGDANGGULA

1. Naha kitu kasahuran rai

Bét megatan jeung ménta dipedang Bela kawas ka caroge

Ku Aceuk arék dibunuh Ku sabab karengeng teuing Gentrasari ngawalonan Ah Ceuk ulah kitu

Dipedang kami hamo teurak Sabab itu ngagem keris matu geni Disorang aceuk cilaka

2. Enya benar sinatria sisip Anu…. Éta sisip ti heula Éta ngabeyoan baé

Sareng nyarios kapungkur Basa nyarioskeun ngimpi Aceuk palay uninga Éta putra Erum

Jenengan Jaka Mursada Anu bade éta téh salaji rai Maksadna neangan tamba

3. Tapi aceuk pihatur simkuring Kitu soteh lain ngagigila Pedah salaki kuring téh Upami akang dibunuh Geus tangtu aceuk balahi Sabab akang ngagem jimat Itu margi duhung

Pedang kangkam hamo teurak Sabab duhung wasiat ti Nabi Hidir Éta Ratu ning pakarang

4. Balad aceuk sakabeh ipri Teu wani neutaya sanes ti éta Da lamun akang téh lengoh Ku balad basa dikepung

Sok sageuy henteu kacangking Sanajan nu gagah rongkah Da teu bisa ngapung Tangtu beunang dirageman Éta kitu sareng simkuring salaki Tur ka aceuk sareng raka

5. Eta kitu pihatur simkuring

Henteu tega ka aceuk ka engkang Ratna Komala ngawalon

Aéh rai karah kitu Kutan téh rakana rai Naha tu henteu nyarita Lamun nyana kitu

Nya iyeu ari ayeunan mah

Aceuk terang kangen ka caroge nyai Leuwih cocog aceuk manah

6. Atuh geuwat urang téh Nyai tuang raka haturanan lenggah Napsuna mah negur baé Miwarang cacawis saur Sinareng masang cikopi

Sina lenggah tuang raka Aceu kudu ma’lum Kajeun rék malik ngaula Ieu aceu gerwa anu sepuh Nyai Nu anom gerwa cikalna

7. Kitu sahur rai Natadewi Gentrasari pihatur sumangga Aceuk gerwa anu anom Rai gerwa anu sepuh Gentrasari barina seuri Ngawalon Ratna Komala Bari nyawel susu

Geuwat geura haturanan

Tuang raka Gentrasari males nyiwit Ocon semu anu silih gonjak

8. Gentrasari gumujeng jeung indit Raden Bagus rawuh badegana Ardanaya Naya Genggong Raden henteu lepat duhung Ari jebul Gentrasari

Kuat ngasupkun duhung Aéh haturan nuhun Ari kakara nepangan

Na ka mana walon putri Gentrasari Kuring ningal lampah engkang

9. Enggal baé engkang kedah linggih Ratupasrah salamahan seja

Bade nyanggakeun karaton Jiwa ragana sakujur

Sumeja rék malik ngabdi Radén bagus enggal angkat Bus asup

Nanging aya panuhun Kedah dipihukum

Ayeuna dipinggir lenggah

Enggal pisan kedah kairing ku abdi Raden Bagus lajeng angkat

10. Sup ka bumi Raden Bagus calik Geus satata jeung Ratna Komala Gentrasari calik mendo

Ratna Komala munjung Sareng barina ngalahir

Kuring hatur pertobat Wireh culangung Kurang budi lancing

Henteu nyentak ka caroge Gentrasai Gumujeng Jaka Mursada

11. Gentrasari mendo jeung ngalahir Ka rakana simkuring ayeuna Ku aceuk mudu dileler Neda titinggal karuhun Kuring aceuk neda waris Sabab tunggal ibu rama Henteu misah ibu

Sanajan sagede muncang

12. Banda kolot misti duakeun sareng abdi Nu ngaran Tirta Bulayah

Kudu baé kuring dipaparin

Pikeun engkang landing nu teu damang Sakitu nu diteda téh

Ratna Komala ngawangsul Nya bener sukur

Kahayang aceu kumaha

Kapan terang ku raka lamun dikawin Ulaban Tirta Bulayah

13. Cacak éta raka mundut Nyai Nya sumangga bét mundut Nyai Sabada aceuk mangga baé Kapan kitu nya panuhun Pihatur Sang Gentrasari Ayeuna sumangga engkang Jisimkuring wayuh

Jeung Aceuk Ratna Komala Tapi aceuk kumaha parentah rai Kana sagala aturan

14. Sabab aceuk guru nu pandeuri Eta kitu raden enggal nikah Geus henteu panjang carios Ratna Komala dicanduk Rawuh rai Gentrasari

Ku Rden Jaka Mursada Sareng Nyai Ratu

Geus nyerenkeun pangjenengan Sabaladna sadyang geus sami ngabdi Ka Raden Jaka Mursada

15. Pada seba sabaladna ipri Sakabéh jin seba ka ratuna Dumeh kagungan caroge Sadayana sami taluk Jin ipri geus pada ngabdi Ratna Komala ngandika Engkang mangga pundut Perkawis Tirta Bulayah

Kanu tunggu ngaran Kumbara Kumbari Buta anu tunggu jimat

16. Tempatna téh dikubéng ku beusi Jero gunung engkang ti nagara Lalampahan tilu poé

Ari kuring anu mundut Hamo mikeun buta Kombari

Kuring geus henteu kawasa Geus henteu jeneng ratu Ratna Komala ngadoja

Pang kituna Jaka Mursada ngalahir Nya ku manéh baé engkang

Raden Bagus geus lungsur ti bumi Enggal angkat rawuh badegana Ardanaya Naya Genggong

17. Kocapkeun éta nu tunggu Buta Kombara Kombari Henteu pisan diwartosan Wantu jero gunung Yén ratuna carogean

Raden Bagus harita ka dinya sumping Ku buta dua dipecat

Dalam dokumen RARATAN NASKAH JEUNG WARUGA NASKAH (Halaman 149-164)

Dokumen terkait