• Tidak ada hasil yang ditemukan

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA NYACARKEUN JALAN DI DUSUN LINGGAHARJA DESA MEKARSARI KECAMATAN TAMBAKSARI KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA NYACARKEUN JALAN DI DUSUN LINGGAHARJA DESA MEKARSARI KECAMATAN TAMBAKSARI KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII."

Copied!
32
0
0

Teks penuh

(1)

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu DI DUSUN LINGGAHARJA DÉSA MEKARSARI KECAMATAN TAMBAKSARI KABUPATÉN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII

SKRIPSI

Disusun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat

Ujian Sidang Sarjana Pendidikan Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Eva Nurlaela NIM 0902456

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA

NYACARKEUN JALAN

DI DUSUN LINGGAHARJA DÉSA MEKARSARI

KECAMATAN TAMBAKSARI KABUPATÉN CIAMIS

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII

Oleh Eva Nurlaela

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Eva Nurlaela 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Juni 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu EVA NURLAELA

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA NYACARKEUN JALAN DI DUSUN LINGGAHARJA DESA MEKARSARI KECAMATAN TAMBAKSARI KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII

Disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping I,

Drs. Dede Kosasih, M.Si. NIP 19630726199011001

Pangaping II,

Agus Suherman, S.Pd. M.Hum.

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa Daerah dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

(4)

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA NYACARKEUN JALAN DI DUSUN LINGGAHARJA DESA MEKARSARI KECAMATAN TAMBAKSARI KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII¹)

Eva Nurlaela²)

Abstrak

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh banyaknya masyarakat yang kurang memperhatikan pentingnya nilai-nilai yang tekandung dalam sebuah kebudayaan terutama nilai filsafat yang ada dalam upacara tradisi. Oleh sebab itu, penelitian ini bertujuan untuk mengetahui: 1) prosesi Upacara Nyacarkeun Jalan di Dusun Linggaharja; 2) kandungan nilai filsafat yang terdapat pada Upacara Nyacarkeun

Jalan; dan 3) penyusunan bahan pembelajaran membaca. Penelitian ini

menggunakan metode deskriptif dengan teknik observasi, wawancara, studi pustaka dan dokumentasi. Berdasarkan hasil penelitian, bahwa upacara tradisi

Nyacarkeun Jalan merupakan upacara yang rutin dilaksanakan setiap tahun antara

tanggal 12 Safar hingga 12 Maulud, di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis. Upacara tersebut dilaksanakan sebagai bentuk tolak bala yang dipercayai oleh sebagian masyarakatnya dan sebagai ungkapan rasa syukur kepada Tuhan Yang Maha Kuasa atas segala nikmat yang telah diberikan. Namun pada perkembangannya uapacara tradisi

Nyacarkeun Jalan ini menjadi wadah untuk silaturahmi bagi warga masyarakat

Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis. Kegiatan upacara Nyacarkeun Jalan ini mempunyai tiga tahapan yaitu tahap persiapan, tahap pelaksanaan, dan pasca upacara. Pada tahap pelaksanaan, diawali dengan berkumpulnya masyarakat di tengah lembur kemudian secara bersama-sama berangkat ke tempat yang dituju yaitu batas kampung Lingaharja. Kemudian dilanjutkan dengan acara ikrar (do’a) yang dipimpin oleh punduh, dan upacara tradisi Nyacarkeun Jalan diakhiri dengan acara makan bersama. Dalam upacara tradisi Nyacarkeun Jalan ini terdapat nilai-nilai filsafat yang terkandung dalam 1)

sasajén, 2) pakakas panglengkep, 3) prak-prakan upacara, 4) rumpaka kawih nu dipaké. Nilai-nilai filsafat yang terkandung dalam simbol-simbol upacara tradisi Nyacarkeun Jalan merupakan salah satu kebudayaan Sunda yang terdapat di

Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis dan bisa dijadikan sebagai bahan pembelajaran bahasa dan sastra Sunda khususnya bahan pembelajaran membaca artikel budaya di SMA/SMK/MA di kelas XII.

¹) Skripsi ini di bawah bimbingan Drs. Dede Kosasih, M.Si. dan Agus Suherman, M.Pd., M.Hum.

(5)

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

A PHILOSOPHY VALUE CONTAINED IN NYACARKEUN JALAN CEREMONY

IN LINGGAHARJA HAMLETAND MEKARSARI VILLAGE TAMBAKSARI SUBDISTRICK AND CIAMIS DISTRICTIN READING MATERIAL LEARNING AT THE XII GRADE OF SENIOR

HIGH SCHOOL

This study was motivated by a many people who less attention to the importance of the values that contained in a culture especially philosophy value that exist in traditional ceremony. This study aims to find out:1) the procession of Nyacarkeun Jalan ceremony in Linggaharja hamlet; 2) the philosophy value contained on Nyacarkeun Jalan ceremony, and 3) the drafting instructional materials in reading. This study uses descriptive method by observation technique, interview, library research and documentation. Based on this study results, the tradition of Nyacarkeun Jalan ceremony is routinely ceremony that conducted every year in Linggaharja Hamlet and Mekarsari Village, Tambaksari Subdistrict and Ciamis District. The ceremony carried out as a form in rejecting of disasters that are believed by some people and as an expressing of gratitude for God of the Almighty for all the blessings given. But in its development tradition of Nyacarkeun Jalan ceremony is a forum for gatheringof peoples. This ceremony has three stages: the preparation phase, the implementation phase, and post ceremony. The implementation phase, starting with the gathering of people in the middle of village and then go to the ceremony together. The ceremony will be held in theboundary of Lingaharjavillage. Later proceed with the pledge (prayer) led by Punduh, and ended with a meal together. There are the philosophy values contained in tradition of Nyacarkeun Jalan ceremony 1) sasajén, 2) pakakas panglengkep, 3) Prak-Prakan ceremony, 4) rumpaka kawih nu dipake. The philosophy values that contained in the symbols of traditional Nyacarkeun Jalan ceremony is one of Sundanese culture that located in the Linggaharjahamletand Mekarsarivillage, Tambaksari subdistrict and Ciamis District. It can be used as a learning language and teaching materials in literary (Sundanese literature)especially in reading of culture article at the XII SMA / SMK / MA.

(6)

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu DAPTAR EUSI

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

CATUR NUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR TABÉL ... x

DAPTAR GAMBAR ... xi

DAPTAR LAMPIRAN ... xii

DAPTAR SINGGETAN ... xiii

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 5

1.2.1 Watesan Masalah ... 5

1.2.2 Rumusan Masalah ... 5

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 5

1.3.1 Tujuan Umum ... 5

1.3.2 Tujuan Husus ... 6

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 6

1.4.1 Mangpaat Tioritis... 6

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 6

1.5 Raraga Nulis Skripsi ... 6

BAB II AJÉN FALSAFAH, BUDAYA, SISTEM NILAI, UPACARA TRADISI NYACARKEUN JALAN, SÉMIOTIKA, JEUNG BAHAN PANGAJARAN MACA 2.1 Filsafat ... 8

2.1.1 Wangenan Filsafat ... 8

(7)

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

2.1.3 Ajén Falsafah ... 11

2.2 Budaya ... 14

2.2.1 Wangenan Budaya ... 14

2.2.2 Wujud Budaya ... 15

2.2.3 Unsur-Unsur Budaya ... 16

2.2.4 Pungsi jeung Peran Budaya ... 19

2.3 Sistem Nilai (Ajén) Budaya ... 20

2.3.1 Wangenan Sistem Nilai (Ajén) Budaya ... 20

2.4 Wanda Upacara Tradisi ... 22

2.4.1 Wangenan Upacara Tradisi ... 22

2.4.2 Wanda Upacara Tradisi ... 24

2.5 Upacara Nyacarkeun Jalan ... 24

2.6 Sémiotik Kabudayaan ... 26

2.7 Bahan Pangajaran ... 27

2.7.1 Kritéria Milih Bahan Pangajaran ... 29

2.7.2 Bahan Pangajran Mca ... 30

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi Panalungtikan ... 32

3.1.1 Kondisi Sosial Budaya Masarakat Désa Mekarsari ... 32

3.1.1.1 Démografi ... 32

3.1.1.2 Sistem Pakasaban ... 33

3.1.1.3 Sistem Atikan ... 34

3.1.1.4 Agama/Kapercayaan ... 34

3.1.1.5 Basa ... 35

3.2 Sumber Data ... 35

3.3 Desain Panalungtikan ... 35

3.4 Métode Panalungtikan ... 36

3.5 Wangenan Operasional ... 36

3.6 Instrumén Panalungtikan ... 37

(8)

viii

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

3.6.2 Kaméra Foto ... 37

3.6.3 Pedoman Wawancara ... 37

3.7 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 38

3.8 Téhnik Ngolah Data ... 39

3.8.1 Tahap Tatahar ... 39

3.8.2 Tahap Ngumpulkeun Data ... 40

3.8.3 Tahap Ngolah Data ... 40

3.8.4 Tahap Nyusun Laporan ... 40

BAB IV DÉSKRIPSI AJÉN FALSAFAH DINA UPACARA NYACARKEUN JALAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA KELAS XII 4.1 Prak-prakan Upacara Nyacarkeun Jalan di Dusun Linggaharja ... 41

4.1.1 Kasang Tukang Kasajarahan Upacara Nyacarkeun Jalan ... 41

4.1.2 Waktu Upacara Nyacarkeun Jalan... 43

4.1.3 Tempat Upacara Nyacarkeun Jalan ... 44

4.1.4 Prak-prakan Upacara Nyacarkeun Jalan ... 44

4.1.4.1 Tahap Tatahar dina Upacara Nyacarkeun Jalan (Pra Upacara) ... 44

4.1.4.2 Tahap Ngalaksanakeun Upacara Nyacarkeun Jala (Prak-prakan) ... 45

4.1.4.3 Pasca Upacara Nyacarkeun Jalan ... 48

4.1.4 Pihak-Pihak nu Kalibet dina Upacara Nyacarkeun Jalan ... 50

4.1.5 Pungsi Upacara Nyacarkeun Jalan ... 50

4.2 Ajén Falsafah dina Upacara Nyacarkeun Jalan ... 51

4.2.1 Ajén Falsafah jeung Simbol-Simbol nu Nyangkaruk dina Sasajén ... 51

4.2.2 Ajén Falsafah nu Nyangkaruk dina Pakakas Panglengkep Upacara Nyacarkeun Jalan ... 57

4.2.3 Ajén Falsafah nu Nyangkaruk tina Prak-Prakan Upacara Nyacarkeun Jalan ... 62

4.2.4 Ajén Falsafah nu Nyangkaruk dina Rumpaka Kawih nu Dipaké ... 68

(9)

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

4.3 Implikasi Ajén Falsafah dina Upacara Nyacarkeun Jalan di Dusun

Linggaharja pikeun Bahan Pangajaran Bahasa Sunda di SMA ... 76

4.3.1 Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar (SKKD) ... 76

4.3.2 Bahan Pangajaran “Maca Artikel” ... . 76

4.3.3 Silabus Pangajaran “Maca Artikel” ... . 83

4.3.4 Rencana Pelaksanaan Pembelajaran (RPP) Maca Artkel Budaya ... 84

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 88

5.2 Saran ... 90

DAPTAR PUSTAKA ... 92

LAMPIRAN ... 95

(10)

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Masalah

Dina kamekaran jaman anu beuki modérn, upacara tradisional salaku bagian warisan budaya karuhun bisa disebut masih miboga peran anu penting dina kahirupan masarakat. Kahanan upacara tradisional ngandung norma-norma atawa aturan-aturan pikeun hirup kumbuh masarakat nu nepi ka kiwari masih kénéh diagem tur dicekel sarta dilaksanakeun ku masarakatna.

Mungguh dina émprona tétéla beuki saeutik waé jalma anu wanoh kana kabudayaan atawa tradisi masarakat buhun, utamana mah para nonoman. Maranéhna éstu poékeun kana rupa-rupa tradisi kaasup kana ajén-inajénna anu kiwari mah geus loba kalindih ku budaya deungeun (modérn). Lian ti éta, kiwari mah pamikiran masarakatna geus leuwih rasional. Sedengkeun ngeunaan ajén-inajén utamana ajén falsafah nu nyangkaruk dina upacara tradisi leuwih nyindekel kana wangun nu irrasional, dina harti pikeun nimukeun hal-hal nu baris ditepikeun téh butuh pamikiran-pamikiran nu leuwih daria. Dina hiji upacara tradisi umumna leubeut ku ajén-inajén falsafah, biasana nyamuni henteu nembrak kalawan nonggérak. Ku kituna dibutuhkeun pamikiran nu leuwih jembar kana éta upacara minangka produk budaya.

Numutkeun Koencaraningrat (1985:1) yén kabudayaan téh minangka totalitas akal pikiran manusa dumasar kana nalurina, anu saméméhna aya prosés diajar. Éta akal pikiran téh digunakeun pikeun ngungkulan pasualan-pasualan dina hirup jeung kahirupanana anu ngabédakeun manusa jeung mahluk séjénna.

(11)

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

nu tangtu nu nepi ka kiwari masih kénéh ditarima jeung diaku tur dipertahankeun ku masarakat nu tangtu (Herususanto dina Suherti 2009:1).

Kabudayaan téh raket pisan patalina jeung adat. Adat mangrupa hiji kabudayaan anu sipatna tradisional, sabab mangrupa bagian tina budaya. Ku kituna, adat atawa tradisi (kabiasaan) biasana sok ngawujud mangrupa upacara adat atawa upacara tradisi nu dianggap sakral, ogé biasana sok dilaksanakeun sacara turun-tumurun di kelompok masarakat. Ieu tradisi atawa adat téh umumna mah sok kasaksén di kampung-kampung, saperti anu kasaksén di Dusun Linggaharja. Upacara tradisi téh aya sababaraha rupa, gumantung kana kabiasaan daérahna. Sok sanajan ieu Dusun Linggaharja téh geus kaasup kana daérah transisi tapi disagédéngeun éta masarakatna masih kénéh nyekel pageuh kana tradisi karuhunna. Hal ieu maksudna pikeun miara tur ngamumulé budaya jeung adat kabiasaan, minangka wujud nilai kebersamaan dina kahirupan bermasarakat, pikeun sarana pembelajaran utamana pikeun genersai kiwari ngeunaan ajén-inajén nu nyangkaruk dina upacara tradisi Nyacarkeun Jalan. Lian ti éta, ieu tradisi dilaksanakeun salaku média pikeun masarakatna sangkan jadi cecekelan hirup kumbuhna, sangkan teu méngpar tina norma atawa aturan-aturan nu geus aya, nu geus dicekel pageuh ku masarakat saméméhna.

(12)

3

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

nya éta kapercayaan di mana adat, kabiasaan sarta kapercayaan raket pisan patalina jeung hirup kumbuh masarakat Sunda.

Upacara tradisi Nyacarkeun Jalan téh dilaksanakeun unggal taun. Ieu acara ngagambarkeun rasa sukur ka Pangéran tina sagala rupa ni’mat nya éta saperti ni’mat séhat, jeung sukuran kana hasil tatanén, jauh tina bancang pakéwuh, sarta ménta pituduh pikeun nyorang mangsa nu bakal datang. Upacara

Nyacarkeun Jalan dilaksanakeun dina antara tanggal 12 Sapar nepi ka 12 Mulud

pikeun mapag datangna bulan Mulud.

Upacara Nyacarkeun Jalan pikeun masarakat Kampung Linggaharja mah geus jadi hiji kapercayaan lokal sarta maneuh dilaksanakeunana. Ieu tradisi téh geus aya ti baheulana, sarta diturunkeun sacara turun-tumurun ti hiji generasi ka generasi saterusna. Masarakat percaya yén tradisi Nyacarkeun Jalan bisa ngadatangkeun kasalametan jeung kabarokahan. Masarakat percaya yén éta kasalametan bakal datang ti Nu Kawasa, ku kituna éta upacara tradisi téh dilakukeun kudu sacara ihlas.

Sakumaha nu ditétélakeun ku Suryalaga (2009:41) yén kapercaan tradisional sipatna lokal jeung situasional sarta dipangaruhan ku kondisi lingkungan alamna. Sacara tradisional leuwih mapan, dilaksanakeun jeung teu ngalaman loba parobahan. Tradisi/ adat anu diwariskeun ku karuhunna salawasna dimumulé tur dipaké ku masarakatna. Nu di jerona ngawengku simbol-simbol anu matalikeun antara alam mikro (diri manusa) jeung alam makro (di luareun dirina) salawasna jadi dasar filosofi hirup komunitasna. Kapercayaan anu sifatna lokal ieu hésé pikeun asup kana institusi sosial nasional-internasional. Tina taraf kapercaayan tradisional ieu hésé pikeun ngarobahna nu ahirna timbul samacam norma jeung étika anu dicekel pageuh ku komunitasnna pikeun ngatur kahirupanana. Sangkan ieu tradisi Nyacarkeun Jalan henteu kalindih ku kamekaran jaman, tangtuna kudu aya tarékah anu jétu, salasahijina ngaliwatan atikan di sakola-sakola.

(13)

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

budaya atawa tradisi éta sorangan. Ku kituna, ku ayana panalungtikan ieu sajaba ti méré informasi, ogé mudah-mudahan bisa jadi pangdeudeul pikeun kaweruh siswa sangkan siswa apal kana upacara adat Nyacarkeun Jalan anu luhung ku ajén-inajén filosofis. Ti mimiti tahap tatahar, prak-prakanana, nepi ka saréngséna upacara katut dina sasajén anu digunakeun nalika upacara loba ngandung ajén-inajén filosofisna.

Lian ti éta, panalungtikan ngeunaan upacara Nyacarkeun Jalan téh dipiharep miboga mangpaat pikeun pangdeudeul jeung ngaguar sajarah katut ajén-inajén Sunda. Ku ayana ieu panalungtikan, dipiharep bisa numuwuhkeun deui rasa reueus jeung wanoh kana tradisi sorangan ogé sangkan generasi ngora miboga tarékah pikeun ngaraksa tur ngariksa tradisi karuhunna sangkan angger kapiara.

Ku kituna, penting pisan pikeun mikawanoh kana ajén falsafah nu nyangkaruk dina upacara Nyacarkeun Jalan, sangkan bisa maham jeung leuwih ngajénan kana sajarah jeung falsafah Sunda nu aya dina upacara Nyacarkeun

Jalan.

Panalungtikan ngeunaan upacara Nyacarkeun Jalan saméméhna geus aya nu nalungtik, anu mangrupa tésis nu judulna Deskripsi Karya Sekar Bonang Nayu

dalam Upacara Nyacarkeun Jalan, ku Ocoh Suherti 2009, tapi ieu panalungtikan

mah leuwih museur kana unsur senina. Lian ti éta panalungtikan anu ngaguar ajén-inajén budaya geus aya sababaraha hiji, di antarana:

1) Ajén Falsafah Upacara Sawér Pangantén pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda di SMPN 12 Bandung Kelas VII Ngagunakeun Métode

Démonstrasi, ku Temmy Widyastuti taun 2008

2) Fungsi Ajén Palsapah dina Upacara Tradisi Ruatan Bumi di Kampung Banceuy Kecamatan Subang, ku Virda Sufia Haetami 2011

3) Ajén Falsafah dina Upacara Adat Nyangku di Kampung Cukangpundung Desa Panjalu Kecamatan Panjalu Kabupaten Ciamis pikeun Pangajaran

Maca Bahasan di SMA Kelas XII, ku Tresna Yuniawati 2012

4) Ajén Simbolis dina Upacara Nadran di Désa Blanakan Kabupaten Subang pikeun Salasahiji Alternatif Bahan Ajar di SMP Kelas VII (Ulikan

(14)

5

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

5) Ajén Falsafah dina Upacara Adat Nyuguh di Kampung Kuta Désa Karangpaningal Kecamatan Tambaksari Kabupatén Ciamis pikeun Bahan

Pangajaran Maca Bahasan di SMA, ku Ari Firman Bustomi 2012

Dumasar pedaran di luhur, tétéla ulikan ajén falsafah kana upacara

Nyacarkeun Jalan can kungsi digarap. Ku kituna merenah tur payus upama ieu

panalungtikan téh kudu buru-buru dilaksanakeun sangkan teu “poékeun obor”. Saterusna ieu panalungtikan téh baris dijudulan “Ajén Falsafah Dina Upacara

Nyacarkeun Jalan di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari

Kabupaten Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA Kelas XII”.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Ku lantaran upacara Nyacarkeun Jalan téh leubeut pisan ku ajén-inajén, ku kituna sangkan teu lega teuing ambahanana, ieu panalungtikan baris diwatesanan ku hiji patalékan: “kumaha kasang tukang kasajarahan dilaksanakeunna upacara

Nyacarkeun Jalan, prak-prakan katut ajén falsafahna anu dipatalikeun jeung

pangajaran?”

1.2.2 Rumusan masalah

Saluyu jeung kasang tukang sarta watesan masalah nu diébréhkeun di luhur, ieu panalungtikan bisa dirumuskeun dina wangun kalimah pananya ieu di handap:

1) Kumaha prak-prakan upacara Nyacarkeun Jalan?

2) Ajén falsafah naon waé nu nyangkaruk dina upacara Nyacarkeun Jalan? 3) Naha ajén falsafah dina upacara Nyacarkeun Jalan cocog atawa henteu

pikeun bahan pangajaran maca artikel di SMA?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

(15)

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan:

1) Ngadéskripsikeun prak-prakan upacara Nyacarkeun Jalan di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis; 2) Medar ajén falsafah anu nyangkaruk dina upacar Nyacarkeun Jalan;

jeung

3) Nyusun bahan pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Sababaraha mangpaat anu dipiharep bisa kahontal tina ieu panalungtikan saperti ieu di handap:

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngajembaran élmu pangaweruh ngeunaan kabudayaan nu aya di tatar Sunda, hususna Upacara

Nyacarkeun Jalan.

1.4.2 Mangpaat Praktis

1) Pikeun panalungtik, nambahan élmu pangaweruh dina widang kabudayaan. 2) Pikeun Guru, nambahan pangaweruh ngeunaan kabudayaan nu bisa

dijadikeun bahan pangajaran di sakola.

3) Pikeun Siswa, mikawanoh kabeungharan budaya Sunda, hususna upacara

Nyacarkeun Jalan.

1.5 Raraga Nulis Skripsi

(16)

7

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Bab II mangrupa bab anu medar ngeunaan tatapakan tiori nu aya patalina jeung panalungtikan. Dina bab II dipedar leuwih jero ngeunaan filsafat, budaya, sistem nilai (ajén) budaya, upacara tradisi Nyacarkeun Jalan, semiotika, jeung bahan pangajaran maca.

Bab III mangrupa bab anu medar ngeunaan métodologi jeung desain panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan. Dina ieu bab dipedar ngeunaan léngkah-léngkah panalungtikan, kumaha prak-prakan panalungtikan jeung kumaha cara ngolah data anu kacangking tina hasil panalungtikan. Tina ieu bab baris kagambar penyusunan bab saterusna, nya éta bab IV.

Bab IV mangrupa bab anu eusina ngadéskripsikeun hasil panalungtikan. Dina ieu bab diguar sagemblengna hasil panalungtikan anu dilakukeun ku panalungtik nya éta pedaran nu mangrupa jawaban-jawaban tina rumusan masalah. Dina bab IV katangén hasil atawa henteuna ieu panalungtikan.

(17)

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1Lokasi Panalungtikan

Lokasi panalungtikan nya éta tempat nu jadi obyék panalungatikan pikeun meunangkeun informasi. Di mana diieu lokasi téh hirup sakumpulan masarakat anu hétérogén. Nu masarakatna masih kénéh ngajaga tur nagamumulé kana budaya atawa tradisi karuhunna, tur éta tradisi téh masih kénéh hirup nanjeur nepi ka kiwari. Lokasi ieu panalungtikan nya éta Désa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupatén Ciamis.

Sacara géografis Désa Mekarsari aya dina ketinggian 650 m ti permukaan

laut. Aya dina suhu maksimal 34˚c jeung suhu minimalna 27˚c. Anpon wates désa Mekarsari nya éta beulah kulon pawates-wates jeung désa Cisontrol Kecamatan Rancah, beulah wétan jeung Désa Kaso, beulah kidul jeung Désa Tambaksari, jeung beulah kalér pawates-wates jeung Désa Sukasari. Desa Mekarsari kawengku ku lima dusun, kaasup dusun anu jadi lokasi panalungtikan nya éta Dusun Linggaharja. Sedengkeun Dusun-dusun anu séjénna nya éta Dusun Samarang, Dusun Singasari, Dusun Sukajaya, jeung Dusun Bitungsari.

Legana Dusun Linggaharja nya éta 285 Ha, nu batas wilayahna nya éta béh kalér Dusun Samarang, béh kidul Désa jeung dusun Tambaksari, béh kulon Dusun Babakan Désa Kaso, jeung béh kulon Dusun Singasari. Lian ti éta sacara géografis mah Dusun Lingaharja téh dilingkung ku gunung, béh kalér gunung bitung, béh kulon gunung gedogan jeung béh kidul nu berbatasan jeung wilayah Cukangbiru nu mangrupakeun barisan gunung gedogan.

3.1.1 Kondisi Sosial Budaya Masarakat Desa Mekarsari 3.1.1.1Démografi

(18)

33

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Tabél 3.1 Jumlah Penduduk di Dusun Linggaharja taun 2012 No. Jenis Kelamin Jumlah

1. Laki-laki 527

2. Perempuan 395

jumlah 1.013

Dusun Linggaharja dipingpin ku Kepala Dusun sok disebut ogé lurah. Sacara administratif Dusun Linggaharja kabagi jadi tilu Rukun Warga (RW) jeung salapan Rukun Tetangga (RT), nya éta RW 1 nu ngawengku: RT 01, RT 02, RT 03, RW 02 ngawengku RT 04, RT 05, jeung RT 06 sarta RW 03 ngawengku RT 07, RT 08 jeung RT 09.

3.1.1.2Sistem Pakasaban

Saupama ditilik tina géografisna nu mana Dusun Linggaharja dilingkung ku gunung, ku kituna loba pangaruhna pikeun kahirupan pakasaban masarakatna. Nu jadi séktor utama di Dusun Linggaharja nya éta kana widang tataén. Tapi lian ti éta pakasaban masarakat di Dusun Linggaharja ogé aya anu kana miara sasatoan saperti kana sapi, embé, domba, lauk, jeung hayam.

Wincikan pakasaban masarakat Dusun Linggaharja bisa dititénan tina tabél ieu di handap:

Tabél 3.2 Pakasaban masarakat di Dusun Linggaharja

No. Pakasaban Persentase

1 Pangsiunan 2,56 %

2 Patani 64 %

3 Peternak 27 %

4 Perikanan 1,77 %

5 PNS 4,34 %

(19)

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

kaduana nya éta miara sasatoan 27 %. Pakasaban anu persentase pangleutikna nya éta aya dina sektor perikanan nu lobana 1,77 %.

3.1.1.3Sistem Atikan

Sistem pendidikan di ieu désa teu béda jauh jeung désa-désa séjénna, nu mana sistem pendidikanna nyaluyukeun jeung kamekaran jaman. Hususna di Dusun Linggaharja tingkat penidikan masarakatna geus kawilang alus. Sabab di ieu Dusun geus loba lulusan Perguruan Tinggi. Sok sanajan sarana prasarana nu ngarojóng kana pendidikan ngansakur dimimitian ti tingkat TK, SD jeung SMP di tapi masarakatna kawilang malotékar dina pendidikanna. Nya éta lobana masarakat anu sakola ka luar kota/ kabupatén.

Wincikan tingkat atikan di Dusun Linggaharja saperti dina tabél ieu di handap:

Tabél 3.3 Atikan Masarakat Dusun Linggaharja

No Atikan Jumlah Persentase

1. SD 395 53 %

2. SMP 263 35,30 %

3. SMA 39 5,23 %

5. Paguron Luhur 48 6,44 %

Masarakat Dusun Linggaharja lolobana lulusan ti SD nya éta aya 395 urang. Bisa katitén tina tabél di luhur yén atikan di Dusun Linggaharja geus kawilang alus nya éta loba masarakatna anu lulusan paguron luhur nu lobana 48 urang dibandingkeun jeung lulusan SMA nu 39 urang.

3.1.1.4Agama/Kapercayaan

Agama anu diagem ku masarakat désa Mekarsari sakabéhna ngagem agama Islam, kitu ogé jeung masarakat Dusun Linggaharja. Ieu hal bisa ka titén tina ayana jumlah masjid jeung musola di ieu Dusun, nya éta jumlah masjidna aya dua jeung musolana aya lima. Lian ti éta bisa ogé kagambar tina ku ayana majelis

(20)

35

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

solat, puasa, mayar zakat, ceramah agama, pengajian, sarta miéling rupa-rupa poé anu dianggap penting dina agama Islam.

Tapi disagigireun éta, sabagian masarakat Dusun Linggaharja ogé masih kénéh aya nu percaya jeung ngalakonan ritual adat nu aya di saluareun agama Islam. Ieu mangrupa bentuk kayainan masarakat kana tempat-tempat anu dianggap karamat jeung aturan-aturan anu disebut pamali.

3.1.1.5Basa

Basa nu dipaké ku masarakat Désa Mekarsari hususna masarakat Dusun Linggaharja sapopoéna jeung basa indungna mangrupa basa Sunda. Tapi ku kamekaran jaman jeung téknologi sarta lobana masarakat Linggaharja nu ngalaman pendidikan formal, ngabalukarkeun asupna basa séjén salian ti basa Sunda, saperti basa Indonésia jeung Inggris. Sanajan geus aya basa séjén nu asup ka ieu Dusun, tapi basa anu dominan dipaké dina kahirupan sapopoé ku masarakatna nya éta basa Sunda.

3.2Sumber Data

Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta: 1) Kagiatan upacara Nyacarkeun Jalan;

2) Data ti sesepuh anu aya di Dusun Linggaharja anu apal kana seluk-beluk upacara Nyacarkeun Jalan;

3) Data ti pupuhu acara upacara Nyacarkeun Jalan di Dusun Linggaharja;

4) Data ti masarakat di sabudeureun Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis;

5) Telaah pustaka nu medar ngeunaan data anu ditalungtik; sarta

6) Data-data online anu miboga pakait jeung upacara Nyacarkeun Jalan.

3.3Desain Panalungtikan

(21)

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu Gambar 3.1 Desain Panaluntikan

3.4Métode Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode deskriptif. Métode déskriptif nya éta metode anu digunakeun pikeun ngadéskripsikeun hiji hal, tanpa nguji hipotesis. Tujuan metode deskriptif nya éta nyieun gambaran sacara sistematis, faktual, jeung akurat ngeunaan fakta-fakta. Hal anu baris dideskripsikeun dina ieu panalungtikan nya éta Ajén Falsafah dina upacara

Nyacarkeun Jalan nu aya di Dusun Linggaharja Kacamatan Tambaksari

Kabupatén Ciamis

3.5Wangenan Operasional 1) Ajén Falsafah

Nurutkeun Bakker dina Firman (2012:15) nu disebut ajén falsafah nya éta dadasar kalungguhan tina pamikiran atawa kabudayaan sangakan teu méngpar tina aturan.

Survey

Observasi

Ngumpulkeun data

Ngolah data

(22)

37

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu 2) Upacara Nyacarkeun Jalan

a. Upacara asal kecapna tina basa sansakerta nu hartina ngalaksanakeun kabiasaan, palaturan, kadieukeunna mah sok dihartikeun prak-prakan dina riungan atawa gempungan maké aturan tanda panghormat (Danadibrata, 2006: 729).

b. Dina Kamoes Soenda-Indonesia kecap nyacarkeun asal kecapna nya éta tina

njatjar nu hartina ngababad (motong) jukut (Satjadibrata, 1950:380).

c. Upacara Nyacarkeun Jalan rutin dilaksanakeun unggal taun. Ieu acara dilaksanakeun pikeun ngébréhkeun rasa sukur ka Pangéran kana sagala rupa

ni’mat, tulak bala, sarta salaku sarana pikeun ménta pituduh ka Pangéran

pikeun nyorang mangsa nu rék datang.

3.6Instrumén Panalungtikan 3.6.1 Rékorder

Rékorder digunakeun pikeun ngumpulkeun data ku cara ngarékam wawancara jeung narasumber.

3.6.2 Kaméra Foto

Kaméra foto digunakeun pikeun ngahasilkeun gambar tur ngadokuméntasikeun gambar dina prak-prakan upacara Nyacarkeun Jalan.

3.6.3 Pedoman Wawancara

Nurutkeun Sudjana dina Satori (2009:130) wawancara nya éta prosés ngumpulkeun data atawa informasi ngaliwatan tatap muka antara pihak nu ngawawancara (interviewer) jeung pihak nu diwawancara (interviewee).

(23)

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu 1) Data Narasumber/ Informan

Data Narasumber  Wasta :

 Umur :  Alamat :  Pakasaban :  Jenis kelamin :

2) Daftar Patalékan

a. Naon nu jadi kasang tukang upacara Nyacarkeun Jalan? b. Naon tujuanna dilaksanakeun upacara Nyacarkeun Jalan? c. Naon mangpaat dilaksanakeun upacara Nyacarkeun Jalan? d. Lamun ieu upacara teu dilaksanakeun, naon akibatna?

e. Hal-hal naon waé anu kudu disiapkeun nalika rék upacara Nyacarkeun

Jalan?

f. Naon waé anu kudu aya dina ngalaksanakeun upacara Nyacarkeun Jalan? g. Aya manat naon anu nyamuni dina upacara Nyacarkeun Jalan?

h. Saha waé anu bisa ngaluuhan upacara Nyacarkeun Jalan?

3.7Téhnik Ngumpulkeun Data

Aya sababaraha téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan diantarana: 1) Obsérvasi

Nurutkeun Syaodih N dina Satori (2009:105) nétélakeun yén obsérvasi mangrupa hiji téhnik atawa cara ngumpulkeun data ku cara ngayakeun kana kagiatan nu keur lumangsung.

(24)

39

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu 2) Wawancara

Berg dina Satori (2009:6) nétélakeun wawancara téh salaku peaguneman anu miboga tujuan, hususna tujuan pikeun ngumpulkeun informasi. Teknik wawancara nya éta teknik pikeun nyangkem bahan lisan (sumber lisan). Sasaran wawancara nya éta informan anu dianggap nyaho kana seluk-beluk Upacara

Nyacarkeun Jalan nu aya di wewengkon Dusun Linggaharja Kecamatan

Tambaksari. 3) Talaah Pustaka

Telaah pustaka digunakeun pikeun meunangkeun informasi ku cara ngumpulkeun data anu aya dina buku-buku sumber anu aya patalina jeung kabudayaan, sarta adat kabiasaan.

4) Studi Dokuméntasi

Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun nabahan réfénsi ku cara ngumpulkeun data anu mangrupa gambar. Hal-hal anu didokuméntasikeunna nya éta ngeunaan upacara Nyacarkeun Jalan di Dusun Linggaharja Kecamatan Tambaksari.

3.8Téhnik Ngolah Data

Sanggeus ngumpulkeun data, léngkah satuluyna nya éta ngolah data. Aya sababaraha léngkah anu digunakeun diantarana:

3.8.1 Tahap Tatahar

Tahap tatahar mangrupa tahap anu pangmimitina dina ieu panalungtikan, nu ngawengku:

1) ngajukeun judul panalungtikan; 2) nyusun rarancang panalungtikan;

3) ngadatangan tempat anu baris panalungtikan (survey awal); 4) konsultasi ka dosén pangaping;

(25)

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu 3.8.2 Tahap Ngumpulkeun Data

Aya sababaraha léngkah dina tahap ngumpulkeun data, nya éta: 1) studi pustaka;

2) observasi di lapangan;

3) wawancara jeung narasumber;

4) ngarékam wawancara jeung narasumber; jeung

5) ngadokuméntasikeun data-data anu aya patalina jeung upacara Nyacarkeun

Jalan.

3.8.3 Tahap Ngolah Data

Sanggeus ngumpulkeun data, léngkah satuluyna nya éta ngolah data. Aya sababaraha léngkah anu digunakeun diantarana:

1) mariksa jeung niténan data-data nu geus kakumpul;

2) milah-milah data dumasar kana kaperluan panalungtikan; jeung 3) nyusun laporan panalungtikan.

4) ngadéskripsikeun data anu dimeunangkeun, utamana ngeunaan ajén filsafat dina upacara Nyacarkeun Jalan.

3.8.4 Tahap Nyusun Laporan

(26)

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Nilik kana hasil panalungtikan ngeunaan ajén falsafah dina upacara

Nyacarkeun Jalan di Dusun Linggaharja Désa Mekarsai Kecamatan Tambaksari

Kabupatén Ciamis pikeun bahan pangajaran maca di SMA kelas XII, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap:

1) Upacara tradisi Nyacarkeun Jalan mangrupa salasahiji kabudayaan nu hirup di wewengkon Kabupatén Ciamis perenahna di Dusun Linggaharja Désa Mekarsari Kecamatan Tambaksari. Ieu upacara rutin dilaksanakeun unggal taun, nya éta dina antara tanggal 12 Sapar nepi ka 12 Mulud. Nyacarkeun

Jalan teu leupas tina unsur-unsur ritual anu ngandung ma’na réligius salaku

tulak balai, ménta kasalametan sangkan dijauhkeun tina bancang pakéwuh, jeung ungkapan rasa sukur ka Pangéran. Upacara Nycarkeun Jalan diluuhan ku sakabéh masarakat Dusun Linggaharja.

2) Saluyu jeung kamekaran jaman, upacara Nyacarkeun Jalan ngalaman parobahan pungsi. Uapcara Nyacarkeun Jalan miboga pungsi pikeun nyuguh ka para karuhun anu saméméhna geus aya perjanjian lamun teu dibéré tiheula bakal ngagoda sarta ngaberesihan jalan anu dianggap jadi liliwatan para karuhunna (upacara tulak balai). Dina jaman kiwari upacara Nyacarkeun

Jalan miboga pungsi pikeun wadah silaturahmi antar wargana sarta sarana

hiburan. Ku cara tetep nyekel pageuh kana adat tradisi anu geus diturunkeun ku para sesepuhna.

(27)

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

tempat ikrar, sarta kagiatan inti dina prakna nya éta ikrar atawa du’a anu dipingpin ku punduh. Sarta kagiatan pasca upacara nya éta dahar bareng jeung hiburan rupa-rupa kasenian. Dina upacara Nyacarkeun Jalan aya aturan-aturan anu teu meunang dirobah, boh ditambahan boh dikurangan. Saperti waktu ngalaksanakeun upacara, tempat ngalaksanakeun upacara nya éta diunggal wates lembur jeung pakakas-pakakas anu dipaké nya éta sasajén jeung barang panglengkepna. Lian ti éta dina upacara Nyacarkeun Jalan aya amanat-amanat anu ditepikeun ngaliwatan simbol-simbol pikeun jadi papagon hirup. Éta simbol-simbol téh nyampak dina sagala hal anu patali jeung gelarna upacara saperti pakakas upacara, prak-prakan upacara sarta tempat upacara.

(28)

90

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

karahayuan. Saterusna ajén falsafah nu nyampak dina rumpaka kawih anu dipaké aya opat nya éta rumpaka kidung panrajah, panyinglar, ikrar, jeung dahar bareng. Rélevansi upacara Nyacarkeun Jalan pikeun kahirupan masasarakat Dusun Linggaharja dina jaman kiwari ngawengku tilu aspék, nya éta: aspék réligi/ kapercayaan, sosial, seni buadaya.

5) Tina hasil ieu panalungtikan, ajén falsafah dina upacara Nyacarkeun Jalan di Dusun Linggaharja bisa dijadikeun bahan pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII. Ku sabab upacara Nyacarkeun Jalan di Dusun Linggaharja mangrupa salahsahiji kabudayaan nu aya di Tatar Sunda nu kudu dipikanyaho ku masarakat Sunda umumna sarta ku siswa SMA hususna sarta saluyu jeung SKKD Standar Kompetensi maca di SMA/ SMK/ MA pelajaran Bahasa jeung Sastra Sunda kelas XII nya éta nomber 12.3 jeung asup kana poin anu aya dina SKKD pelajaran basa Sunda nya éta maca artikel budaya. Hasil henteuna éta bahan gumantung kana kaparigelan guru dina ngajarkeun sarta gumantung kana kamapuh siswana dina narima pangajaran anu ditepikeun ku guru.

5.2Saran

Dumasar hasil tina ieu panalungtikan, upacara Nyacarkeun Jalan di Dusun Linggaharja karasa pisan mangpaatna pikeun nu nyusun. Ku kituna, panalungtik miharep hasil tina ieu panalungtikan téh bisa ngeuyeuban tradisi kabudayaan titinggal karuhun di Tatar Sunda hususna upacara tradisi sarta bisa nambahan pangaweruh dina wangun bahan pangajaran nu ditepikeun di SMA/ SMK/ MA kelas XII.

Sangkan leuwih mangpaat ieu hasil panalungtikan upacara Nyacarkeun

Jalan, nu nyusun nyarankeun ka pihak lembaga, pihak sakola, pihak guru, pihak

siswa, jeung masarakat sangkan terus ngamumulé kabuayaanana. 1) Pihak lembaga pendidikan

(29)

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu 2) Pihak guru

Salaku guru, kudu bisa nyaritakeun ka siswa, sangkan siswa mikawanoh leuwih jauh kana éta budaya.

3) Pihak siswa

Siswa kudu wanoh, weruh sarta miara pakakas kabudayaan anu aya di masarakat nu aya patula-patalina jeung kabudayaan.

4) Pihak masarakat

(30)

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA

Buku:

Achmadi, Asmoro. (1997). Filsafat Umum. Jakarta: Raja Grafindo Persada.

Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Djamrah-Syaeful, B. (2006). Strategi Belajar Mengajar. Jakarta: PT Rineka Cipta.

Departemen Pendidikan Nasional. (2008). Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama.

Dinas Pendidikan Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar

Mata Pelajaran Bahasa Dan Sastra Sunda. Dinas Pendidikan Jawa

Barat.

Isnendes, Retty. (2009). Handout Perkuliahan Teori Sastra. Bandung.

Koentjaraningrat. (1985). Kebudayaan Mentalitet dan Pembangunan. Jakarta: PT Gramedia.

_____________. (2009). Pengantar Ilmu Antropologi (edisi revisi). Jakarta: Rineka Cipta.

Kosasih, Dede. (2007). Handout Perkuliahan Kabudayaan Sunda. Bandung. Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung:

Tarate.

Rosidi, Ajip. 2000. Ensiklopedi Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya.

____________. (2011). Perspéktif Kebudayaan Sunda. Bandung: Pusat Studi Sunda.

Satjadibrata. (1950). Kamoes Sunda – Indonesia. Jakarta: Balai Pustaka.

(31)

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Sulaeman, Munandar. (2012). Ilmu Budaya Dasar – Pengantar ke Arah Ilmu Sosial Buadaya/ISBD/Social Culture (edisi kelima). Bandung: PT

Reflika Aditama.

Solehudin, Oleh. (2009). Hand out perkuliahan Teori Membaca.

Suryalaga, Hidayat. (2009). Kasundaan Rawayan Jati. Bandung: Yayasan Nur Hidayah.

Tafsir, Ahmad. (2000). Filsafat Umum – Akal dan Hati sejak Thales Sampai Capra (edisi revisi). Bandung: PT Remaja Rosda Karya.

Tim Penyusun UPI. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Skripsi:

Firman-Bustomi, A. (2008). Ajén Palsapah dina “Upacara Tradisi Nyuguh” di

Kampung Kuta Désa Karangpaningal Kecamatan Tambaksari Kabupatén Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca Bahasan di SMA.

Skripsi Sarjana pada JPBD FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.

Yuniawati, Tresna. (2012). Ajén Falsafah dina Upacara Adat Nyangku di

Kampung Cukangpadung Desa Panjalu Kecamatan Panjalu Kabupaten Ciamis Pikeun Pangajaran Maca Bahasan di SMA Kelas XI. Skripsi

Sarjana pada JPBD FPBS UPI Bandung: tidak diterbitkan.

Tesis:

Suherti, Ocoh. (2009). Sekar Bonang Nayu dalam Upacara Nyacarkeun Jalan. Tesis Pasca Sarjana di STSI Bandung: tidak diterbitkan.

Imternet:

Boby, dbest. 2011. Pengertian Sistem Niali Budaya. [onlie]. Tersedia: http://dbestboby.blogspot.com/2011/10/pengertian-sistem-nilai-budaya.html?m=1

Uzey. 2009. Pengertian Nilai. [online]. Tersedia:

(32)

94

Eva Nurlaela, 2013

Ajén Falsafah Dina Upacara Nyacarkeun Jalan Di Dusun Linggaharja Desa Mekarsari Kecamatan Tambaksari Kabupaten Ciamis Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Kelas XII

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Pendekarjawa. 2012. Nilai-Nilai Filosofis dalam Wedhamasapta. [online]. Tersedia: http://pendekarjawa.wordpress.com/nilai-nilai-filosofis-dalam-serat-wedha-ma-sapta/

Wikipedia. 2013. Tradisi. [online]. Tersedia:

Gambar

Gambar 3.1 Desain Panaluntikan
gambar tur

Referensi

Dokumen terkait

Komponen utama padahydraulic pump bekerja sesuai putaran engine, dan diatur oleh Electronic Control Unit (ECU) yang mengatur besar kecilnya debit aliran yang dihasilkan

Dari hasil penelitian ini diharapkan dapat menambah pengetahuan bagi kepala ruangandan seluruh perawat pelaksana dalam menjalankan fungsi manajemen keperawatan, sehingga dalam

disimpulkan bahwa kepala ruang yang memberikan fungsi manajemen mempunyai peluang 3,44 kali untuk meningkatkan kinerja perawat pelaksana dalam melaksanakan asuhan keperawatan

Eksistensi Bank Umum Syariah di Indonesia, Sumatera Utara dan Tanjung Balai Tahun 2015 No Bank Umum Syariah Indonesia. Sumatera

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Olahrga dan Kesehatan. © Kristalistianto 2014

Perbandingan Motivasi Belajar D alam Pembelajaran Penjas Antara Siswa Yang Mengikuti Kegiatan Ekstrakurikuler Bulutangkis D engan Bola Voli D i Sman 11 Bandung. Universitas

4.5 Hasil Perhitungan Ekstrakurikuler Bola Voli ..... Angket Sebelum Validasi

Penera pan Model “Cooperative Learning” Dalam Pembelajaran Aktivitas Permainan Bolavoli.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu