EFEKTIVITAS MODEL SNOWBALL THROWING UNTUK MENINGKATKAN KEMAMPUAN MENGGUNAKAN TATAKRAMA BASA SUNDA : Studi Eksperimen pada Siswa Kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua Bandung Barat Taun Ajar 2013/2014.

44  10 

Teks penuh

(1)

ÉFÉKTIVITAS MODÉL SNOWBALL THROWING

PIKEUN NINGKATKEUN KAMAMPUH NGAGUNAKEUN

TATAKRAMA BASA SUNDA

(Studi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua Bandung Barat Taun Ajar 2013/2014)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Sofia Nur Ramadhani NIM 1006360

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

Éféktivitas Modél Snowball Throwing

Pikeun Ningkatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda (Studi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua

Bandung Barat Taun Ajar 2013/2014)

Oleh

Sofia Nur Ramadhani

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa danSeni

© Sofia Nur Ramadhani 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Agustus 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

Sofia Nur Ramadhani

ÉFÉKTIVITAS MODÉL SNOWBALL THROWING

PIKEUN NINGKATKEUN KAMAMPUH NGAGUNAKEUN TATAKRAMA BASA SUNDA

(Studi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua Bandung Barat Taun Ajar 2013/2014)

Disaluyuan jeung Disahkeun ku:

Pangaping I,

Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. NIP 195901191986011001

Pangaping II,

Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. NIP 196707101991022001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

(4)

vii

ABSTRAK ... ii

PANGJAJAP ... iii

TAWIS NUHUN ... iv

DAFTAR EUSI ... vii

DAFTAR TABÉL ... xi

DAFTAR GRAFIK ... xiv

DAFTAR BAGAN ... xv

DAFTAR LAMPIRAN ... xvi

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Idéntifikasi Masalah jeung Rumusan Masalah ... 5

1.2.1 Idéntifikasi Masalah ... 5

1.2.2 Rumusan Masalah ... 5

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 6

1.3.1 Tujuan Umum ... 6

1.3.2 Tujuan Husus ... 6

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 6

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 6

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 7

1.5 Sistematika Nulis ... 7

BAB II ULIKAN TIORI, RARAGA MIKIR, ANGGAPAN DASAR JEUNG HIPOTÉSIS 2.1 Ulikan Tiori ... 9

2.1.1 Modél Pangajaran ... 9

2.1.1.1 Modél Pangajaran Snowball Throwing ... 11

(5)

2.1.1.3 Prinsip-Prinsip Dasar Modél Pangajaran Snowball Throwing... 12

2.1.1.4 Léngkah-Léngkah Modél Pangajaran Snowball Throwing ... 13

2.1.1.5 Sistem Pangrojong ... 15

2.1.1.6 Dampak Instruksional jeung Sosial ... 15

2.1.1.7 Kaonjoyan jeung Kahéngkéran Modél Pangajaran Snowball Throwing 16 2.1.2 Tatakrama ... 17

2.1.2.1 Wangenan Tatakrama Basa Sunda ... 18

2.1.2.2 Kasang Tukang Gelarna Tatakrama Basa Sunda ... 19

2.1.2.3 Kamekaran Tatakrama Basa Sunda ... 21

2.1.2.4 Panta-Pantana Tatakrama Basa Sunda ... 22

2.1.2.5 Bagbagan Tatakrama Basa Sunda ... 26

2.1.2.6 Kandaga Kecap Tatakrama Basa Sunda ... 31

2.1.3 Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda ... 38

2.1.4 Modél Pangajaran Snowball Throwing dina Pangajaran Tatakrama Basa Sunda ... 39

2.2 Raraga Mikir ... 40

2.3 Anggapan Dasar jeung Hipotésis ... 41

2.3.1 Anggapan Dasar ... 41

2.3.2 Hipotésis ... 42

BAB III METODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Subjék Populasi/Sampel Panalungtikan ... 43

3.1.1 Lokasi Panalungtikan ... 43

3.1.2 Subjék Populasi jeung Sampel ... 43

3.1.2.1 Populasi ... 43

3.1.2.2 Sampel... 44

3.2 Desain Panalungtikan... 45

3.3 Métode Panalungtikan ... 46

3.4 Variabel jeung Wangenan Operasional ... 46

3.4.1 Variabel ... 46

(6)

3.5 Instrumen Panalungtikan ... 47

3.6 Prosés Mekarkeun Instrumén ... 48

3.6.1 Nguji Instrumen Panalungtikan ... 48

3.6.2 Nguji Validitas Soal ... 48

3.6.3 Nguji Réliabilitas ... 50

3.6.4 Nguji Tingkat Hésé Babarina Soal ... 51

3.6.5 Nguji Daya Pangbéda Soal ... 53

3.7 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 54

3.8 Téhnik Ngolah Data ... 54

3.8.1 Uji Sifat Data ... 56

3.8.1.1 Uji Normalitas di Kelas Eksperimen ... 56

3.8.1.2 Uji Normalitas di Kelas Kontrol ... 59

3.8.1.3 Uji Homogénitas ... 62

3.8.2 Uji Gain ... 62

3.8.3 Uji Hipotésis ... 63

BAB IV HASIL JEUNG PEDARAN 4.1 Hasil Panalungtikan ... 65

4.1.1 Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda di Kelas Ékspérimén Ngagunakeun Modél Snowball Throwing ... 67

4.1.1.1 Kamampuh Awal (Pre-test) Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda di Kelas Ékspérimén nu Ngagunakeun Modél Snowball Throwing ... 67

4.1.1.2 Kamampuh Ahir (Post-test) Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda di Kelas Ékspérimén nu Ngagunakeun Modél Snowball Throwing .... 71

4.1.1.3 Ningkatna Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda di Kelas Ékspérimén Sanggeus Ngagunakeun Modél Snowball Throwing ... 74

4.1.2. Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda di Kelas Kontrol nu Teu Ngagunakeun Modél Snowball Throwing ... 78

(7)

4.1.2.2 Kamampuh Ahir (Post-test) Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda

di Kelas Kontrol nu Teu Ngagunakeun Modél Snowball Throwing... 81

4.1.2.3 Ningkatna Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda di Kelas Kontrol nu Teu Ngagunakeun Modél Snowball Throwing ... 84

4.1.3 Bédana Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda di Kelas Ékspérimén jeung Kelas Kontrol ... 87

4.1.3.1 Uji Sipat Data ... 88

4.1.3.2 Uji Hipotésis ... 99

4.2 Pedaran Hasil Panalungtikan ... 101

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 105

5.2 Saran ... 106

DAFTAR PUSTAKA ... 107

LAMPIRAN ... 109

(8)

Sofia Nur Ramadhani2)

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi kurangnya kemampuan menggunakan tatakrama basa Sunda siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua Bandung Barat Taun Ajaran 2013/2014. Oleh karena itu, dengan adanya model pembelajaran Snowball Throwing diharapkan bisa meningkatkan kemampuan siswa dalam menggunakan tatakrama basa Sunda. Tujuan dalam penelitian ini adalah menguji keefektifan model Snowball Throwing, mengetahui beda signifikan antara kemampuan menggunakan tatakrama basa Sunda siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua Bandung Barat sebelum dan sesudah menggunakan modél Snowball Throwing. Metode yang digunakan adalah metode eksperimen murni, pre-test and post-test control group design. Tehnik yang digunakan dalam penelitian ini adalah tehnik tes. Serta instrument yang digunakan adalah tes tulis. Hasil penelitian ini menyatakan bahwa: (1) kemampuan awal menggunakan tatakrama basa Sunda siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua adalah belum mampu (47,5). Sesudah menggunakan modél Snowball Throwing kemampuan menggunakan tatakrama basa Sunda siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua jadi mampu (68,97); (2) kemampuan awal dan ahir menggunakan tatakrama basa Sunda siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua yang tidak menggunakan modél Snowball Throwing adalah belum mampu (39,7 jeung 53); (3) Ada peningkatan kemampuan menggunakan tatakrama basa Sunda siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua yang menggunakan modél Snowball Throwing adalah 21,47; (4) kemampuan menggunakan tatakrama basa Sunda yang menggunakan modél Snowball Throwing mengalami peningkatan dibandingkan kemampuan menggunakan tatakrama basa Sunda yang tidak menggunakan modél Snowball Throwing; dan (5) beda yang signifikan antara kemampuan menggunakan tatakrama basa Sunda yang menggunakan model Snowball Throwing dengan yang tidak menggunakan model Snowball Throwing berdasarkan hasil uji perbedaan post- test ekaperimen dan post-test kontrol yaiu t itung

(4,06) > t tabél (1,67). Hal ini membuktikan bahwa model pembelajaran Snowball

Throwing bisa meningkatkan kemampuan menggunakan tatakrama basa Sunda siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua Bandung Barat taun ajar 2013/2014.

Kata Kunci: Snowball Throwing, Tatakrama Basa Sunda

1) Skripsi dibimbing oleh Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. dan Dr. Hj. Nunuy Nurjanah,

M.Pd.

(9)

Sofia Nur Ramadhani2)

ABSTRACT

The backgroundof this researchis the lack of the abilityto use Sundanese’s

grammars onSeventh Grade Studentsof SMP Negeri2Cisarua Bandung Barat academic year 2013/2014. Therefore, SnowballThrowinglearning modelis expected toimprovestudents' ability inusing Sundanese’s grammars. The objective ofthis researchis to examinethe effectiveness of SnowballThrowing learning model, to find outthe significantdifferencebetween students’ ability inusing

Sundanese’s grammarsbefore and after the Snowball Throwing Model is applied. A pure-experimental method is used in this research, pre-test and post-test group design. Having a test has been used as the technique for this research. As well as written test is being its instrument. The result of the research shows: (1) students’

initial ability to use Sundanese’s grammars is poor or unable (47.5). But after use

Snowball Throwing Model, their ability increase into fair or able to use

Sundanese’s grammars (68.97); (2) the initial and the last ability of students who

did not apply Snowball Throwing Model are poor or still unable to use

Sundanese’s grammars (39,7 and 53); (3) there is a significant increase about 21.47 from the application of Snowball Throwing Model; (4) the ability to use

Sundanese’s grammars fairly increase after we use Snowball Throwing learning model; and (5) the significant differencebetween they who apply Snowball Throwing Model and they who did not apply Snowball Throwing Model based on post-test experiment and post-test control is t value (4,06)> t table(1,67). It proved that Snowball Throwing Learning Model can improve Sundanese’s grammars of

students from seventh grade of SMP Negeri 2 Cisarua Bandung Barat. Keyword: Snowball Throwing, Sundanese’s grammars

1) This research is supervised by Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. and Dr. Hj. Nunuy

Nurjanah, M.Pd.

(10)

1.1Kasang Tukang Masalah

Basa minangka salahsahiji alat komunikasi manusa anu mibanda peran penting dina kahirupan manusa. Basa mangrupa alat pikeun nepikeun maksud ka jalma lian. Basa téh kabagi tilu nya éta basa universal (Inggris), basa nasional (Indonesia) jeung basa Daérah. Basa Daérah ngawengku basa-basa indung anu aya disakuliah dunya. Unggal daérah di unggal nagara di dunya mibanda basa indungna sewang-sewangan anu digunakeun ku panyaturna dina komunikasi sapopoé. Kitu ogé di Indonesia, ti Sabang nepi ka Merauke anu dilungguhan ku loba suku sélér bangsa mibanda basa indungna sewang-sewangan. Hususna di Jawa Barat anu dilungguhan ku urang Sunda basa indungna nya éta basa Sunda.

Basa Sunda anu ilahar dipaké dina pakumbuhan masarakat Sunda ayeuna aya dua rupa, nya éta basa Sunda lulugu jeung basa Sunda wewengkon. Basa Sunda lulugu nya éta basa Sunda anu dijadikeun standar pamakéanana ku masarakat. Basa Sunda lulugu leuwih loba nu makéna dibandingkeun jeung basa Sunda wewengkon. Basa Sunda lulugu miboga kaitan anu raket jeung basa Sunda buhun anu kiwari ngan aya dina naskah kuno atawa prasasti. Tapi ku sabab basa Sunda lulugu dijadikeun standar pamakéan basa Sunda, buku-buku, kamus, surat kabar, majalah, surat resmi, warta dina radio jeung sababaraha media komunikasi sejenna ditulis atawa dikedalkeun ngagunakeun basa Sunda lulugu. Sedengkeun ari basa Sunda wewengkon atawa dialek mah nya éta variasi basa Sunda anu digunakeun ku masarakat di wewengkonna sewang-sewangan, misalna basa Sunda wewengkon Ciamis, basa Sunda wewengkon Banten, basa Sunda wewengkon Cirebon jeung nu sejenna.

(11)

digunakeun téh teu merenah kadéngéna tur loba panyatur anu nyarita téh teu ngagunakeun basa Sunda sabab sieun salah ngalarapkeunana.

Nurutkeun Sudaryat (2009, kc. 6) nétélakeun yén basa anu bener nya éta basa anu dipakéna kukuh kana aturan atawa kaédah basa. Ari basa anu merenah nya éta basa anu keuna larapna atawa luyu kana kontéks situasi makéna. Anapon basa Sunda anu bener tur merenah téh kudu nyoko kana (1) tatakrama basa (undak-usuk basa), (2) saha nu maké basa jeung anu dicaritakeun, (3) galur omongan atawa adegan basa, (4) kasang tukang tempat, waktu jeung suasana (5) alat anu digunakeun, (6) rasa, nada jeung ragam basa sarta (7) amanat jeung tujuan omongan.

Salahsahiji tujuan pangajaran basa Sunda di sakolah-sakola téh nya éta sangkan panyatur basa Sunda hususna siswa mampu ngagunakeun basa Sunda anu bener tur merenah. Dina kompetensi inti jeung kompetensi dasar (KIKD) pangajaran basa Sunda kurikulum 2013 di SMP kelas VII aya matéri paguneman. Ieu matéri ngawengku aspék kabasaan minangka pangajaran kaparigelan ngaregepkeun, nyarita, maca jeung nulis ngagunakeun basa Sunda anu bener tur merenah sakumaha anu geus ditétélakeun ku Sudaryat. Dipiharep saréngséna pangajaran ieu, siswa mampu ngagunakeun basa Sunda nu bener tur merenah, teu salah ngalarapkeunana, sarta sangkan basa Sunda digunakeun dina gunem catur sapopoé di lingkungan masarakat.

Ayeuna anu jadi pasoalanana, kumaha carana sangkan ieu matéri pangajaran ngeunaan kabasaan ngagunakeun basa Sunda anu bener tur merenah téh babari dipikaharti ku siswa. Siswa bisa maham kana ieu materi kalayan bener tur kahontal tujuan pangajaranana. Ku kituna dibutuhkeun modél jeung métode anu éféktif digunakeun dina ieu pangajaran.

(12)

disaluyukeun jeung matéri anu rék ditepikeun, disaluyukeun jeung tujuan anu kudu dihontal. Dina ieu panalungtikan modél pangajaran anu dipilih pikeun nepikeun matéri kabasaan ngagunakeun basa Sunda anu bener tur merenah nya éta modél Snowball Throwing.

Modél Snowball Throwing minangka salahsahiji modél pangajaran PAIKEM (Pembelajaran Aktif Inovatif Kreatif Efektif Menyenangkan) nya éta modél pangajaran anu nempatkeun siswa salaku puseur tina kagiatan pangajaran (center stage performance), siswa mibanda peran aktif nimukeun pasoalan anyar dina pangajaran tuluy siswa ngréngsékeun éta pasoalan sacara kreatif, éféktif jeung pikaresepeun. Ieu modél Snowball Throwing téh minangka paradigma pangajaran éféktif anu mangrupa rekomendasi UNESCO sabab pangajaran dina ieu modél ngawengku diajar mikanyaho (learning to know), diajar gawé (learning to do), diajar hirup babarengan (learning to live together), jeung diajar jadi diri sorangan (learning to be).

Salian ti éta, ieu modél Snowball Throwing téh kaasup modél pangajaran

cooperative anu dimekarkeun dumasar pamarékan kontékstual. Snowball

Throwing bisa dihartikeun modél pangajaran ngagunakeun kertas soal anu digulung-gulung buleud sarupa bal tuluy dialung-alungkeun ka unggal siswa. Dina Modél Snowball Throwing guru méré pangalaman ka siswa ngaliwatan pangajaran terpadu. Guru méré kasempatan ka siswa pikeun ngamekarkeun kaparigelan nyimpulkeun eusi jeung informasi dina kontéks nyata jeung situasi anu kompleks. Modél pangajaran saperti kieu dipiharep bisa nulungan guru dina nepikeun matéri pangajaran tur eusi matéri bisa kacangkem ku siswa.

(13)

“Penerapan Model Snowball Throwing Untuk Meningkatkan Hasil Belajar Siswa melalui Alat Peraga dalam Mata Pelajaran IPA Materi Gaya di Kelas IV SDN Cipicung 05 Kecamatan Cileungsi Kabupaten Bogor” (Aries Malik, 2012); “Penerapan Model Snowball Throwing dalam Pembelajaran Seni Tari untuk Meningkatkan Apresiasi Siswa Kelas VII di SMPN 1 Tirtamulya Kabupaten Karawang” (Irma Cintha Nurmala, 2012).

Aya ogé sababaraha panalungtikan nu geus nalungtik ngeunaan tatakrama basa Sunda nya éta “Korélasi antara Pangaweruh jeung Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda Siswa Kelas VII SMP Laboratorium Percontohan UPI” (Novi Rosmala Dewi, 2007); “Korélasi antara Pangaweruh jeung Kamampuh Ngalarapkeun Tatakrama Basa Sunda dina Nulis Kalimah Pananya pikeun Wawancara Narasumber Siswa Kelas VII SMP Pasundan 3 Bandung Taun Ajaran 2009-2010” (Rani Julianti, 2010). Salian ti éta aya ogé panalungtikan ngeunaan undak-usuk basa Sunda anu mangrupa istilah séjén tina tatakrama basa Sunda nya éta “Korélasi Pangaweruh jeung Kamampuh Mahasiswa Tingkat Hiji Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Universitas Pendidikan Indonesia Taun Ajar 2010/2011 dina Ngagunakeun Undak Usuk Basa

Sunda” (Imas Siti Nuraeni, 2011); “Kamampuh Ngalarapkeun Undak Usuk Basa

Sunda dina Wacana Dialog Siswa Kelas X MA Al-Bidayah Batu Jajar Kabupatén Bandung Barat Taun 2011” (Ratih Nispusobariah, 2011); “Modél Take And Give dina Nulis Surat Pribadi Ngagunakeun Undak Usuk Basa Sunda: Studi Kuasi

Éksperimen ka Siswa Kelas X A SMAN 3 Cimahi Taun Ajaran 2011/2012” (Intan

Yulianty, 2012); “Kamampuh Ngalarapkeun Undak Usuk Basa Sunda dina Nulis

(14)

Ku kituna, dumasar kana kasang tukang masalah diluhur perlu aya panalungtikanngeunaan modél pangajaran anu efektif pikeun nepikeun tatakrama basa anu bener tur merenah dina pangajaran basa Sunda. Ieu panalungtikan

dirumuskeun dina judul “Éféktivitas Modél Snowball Throwing pikeun

Ningkatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda (Studi Ékspérimén

ka Siswa Kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua taun ajaran 2013/2014)”.

1.2Idéntifikasi Masalah jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah

Dumasar kana kasang tukang masalah, ieu panalungtikan téh ngan saukur maluruh ngeunaan éféktifna modél Snowball Throwing pikeun ningkatkeun kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda (basa loma, basa hormat) siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua taun ajaran 2013/2014.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana idéntifikasi masalah di luhur, anu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap:

a) Kumaha kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua anu ngagunakeun modél Snowball Throwing? b) Kumaha kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda siswa kelas VII

SMP Negeri 2 Cisarua anu teu ngagunakeun modél Snowball Throwing? c) Naha modél Snowball Throwing bisa ningkatkeun kamampuh

ngagunakeun tatakrama basa Sunda siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua?

d) Naha ningkatna kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda anu ngagunakeun modél Snowball Throwing leuwih ngaronjat dibanding ningkatna kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda anu teu ngagunakeun modél Snowball Throwing?

(15)

1.3Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umun dina ieu panalungtikan nya éta nguji kaéféktifan modél Snowball Throwing pikeun ningkatkeun kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua taun ajaran 2013/2014.

1.3.2 Tujuan Husus

Dumasar kana masalah anu dirumuskeun di luhur, sacara husus ieu panalungtikan boga tujuan pikeun ngadeskripsikeun:

a) Kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua anu ngagunakeun modél Snowball Throwing;

b) Kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua anu teu ngagunakeun modél Snowball Throwing;

c) Ningakatna kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua anu ngagunakeun modél Snowball Throwing; d) Ningkatna kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda siswa kelas VII

SMP Negeri 2 Cisarua anu ngagunakeun modél Snowball Throwing leuwih ngaronjat dibanding ningkatna kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua anu teu ngagunakeun modél Snowball Throwing.

e) béda nu signifikan antara kamampuh pangaweruh tatakrama basa Sunda di kelas anu ngagunakeun modél Snowball Throwing (kelas éksperimen) jeung di kelas anu teu ngagunakeun modél Snowball Throwing (kelas kontrol).

1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

(16)

ningkatkeun kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Salian ti mangpaat tioritis, ieu panalungtikan ogé miboga mangpaat praktis, nya éta:

a) Pikeun lembaga atikan (sakola), ieu panalungtikan bisa digunakeun pikeun ngarojong pangajaran basa Sunda, hasil uji coba bisa dijadikeun alat ukur kamampuh siswa dina ngagunakeun tatakrama basa Sunda; b) pikeun guru, bisa dijadikeun alternatif dina ngajarkeun tatakrama basa

Sunda sangkan prosés pangajaran leuwih variatif jeung inovatif;

c) pikeun siswa, ieu panalungtikan bisa mangaruhan minat siswa ngagunakeun tatakrama basa Sunda anu bener tur merenah;

d) pikeun panalungtik, bisa leuwih ngeuyeuban élmu pangaweruh sarta maluruh kaéféktifan modél-modél pangajaran anu digunakeun dina prosés pangajaran.

1.5Sistematika Nulis

Sistematika dina ieu Skripsi disusun jadi lima bab. Bab I eusina bab bubuka, anu ngawengku kasang tukang masalah, watesan jeung rumusan masalah anu ngawengku identifikasi masalah jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan anu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan anu ngawengku mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis jeung sistematika nulis.

(17)

gelarna tatakrama basa Sunda, kamekaran tatakrama basa Sunda, panta-pantana tatakrama basa Sunda, bag-bagan tatakrama basa Sunda jeung kandaga kecap undak-usuk basa Sunda. Salian ti éta, dina bab II ogé aya raraga mikir, anggapan dasar jeung hipotésis pikeun méré anggapan awal kana hasil panalungtikan.

Bab III eusina bab métode panalungtikan anu ngawengku lokasi jeung subjek populasi/sampel panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, variabel jeung wangenan operasional, instrumen panalungtikan, prosés mekarkeun instrumen, téhnik ngumpulkeun data, jeung téhnik ngolah data.

Bab IV eusina bab anu ngadéskripsikeun hasil panalungtikan. Dina ieu bab dipedar sagemblengna hasil panalungtikan.

Bab V eusina kacindekan tina sakabéh pedaran. Salian ti éta, dina bab V aya saran anu ditepikeun panulis sangkan ieu panalungtikan mangpaat pikeun nu maca.

(18)

BAB III

MÉTODÉ PANALUNGTIKAN

Dina ieu bab dipedar: (1) lokasi jeung subjek populasi/sampel panalungtikan; (2) desain panalungtikan; (3) métode panalungtikan; (4) variabel jeung wangénan operasional; (5) instrument panalungtikan; (6) prosés mekarkeun instrumen (7) tehnik ngumpulkeun data; jeung (8) tehnik ngolah data.

3.1 Lokasi jeung Subjék Populasi/Sampel Panalungtikan

Lokasi jeung subjék panalungtikan téh minangka sumber data dina ieu panalungtikan. Maksudna sumber data anu geus dibéré watesan ngeunaan lokasi jeung subjék panalungtikan.

3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Lokasi/tempat panalungtikan dilaksanakeun di SMP Negeri 2 Cisarua nu pernahna aya di Jalan Cipada, Desa/Kelurahan Cipada, Kecamatan Cisarua Kabupaten Bandung Barat, Jawa Barat.

3.1.2 Subjék Populasi jeung Sampel 3.1.2.1Populasi

(19)

Tabél 3.1 Populasi di SMP Negeri 2 Cisarua

Kelas Jumlah siswa awéwé

Jumlah siswa lalaki

Jumlah sakabéhna

VII A 21 23 44

VII B 21 23 44

VII C 21 23 44

VII D 21 23 44

VII E 21 22 43

VII F 20 23 43

Jumlah 262

3.1.2.2Sampel

Nurutkeun Sugiyono (2009, kc. 81) sampel nya éta bagian tina jumlah jeung karakteristik (sipat) nu dipimilik ku populasi. Jadi sampel mangrupa bagian tina populasi sarta ditingali bisa ngawakilan populasi. Dina ieu panalungtikan sampel ditangtukeun ngagunakeun téhnik simple random sampling nya éta nangtukeun sampel sacara acak. Prosedur nangtukeun sampel dilakukeun sacara diundi pikeun nangtukeun kelas kontrol jeung kelas ékspérimén. Sampel anu digunakeun pikeun kelas kontrol nya éta siswa kelas VII C sarta kelas ékspérimén nya éta siswa kelas VII F. Kalayan rincianana ditétélakeun dina tabél 3.2 ieu di handap.

Tabél 3.2 Sampel di SMP Negeri 2 Cisarua

Kelas Jumlah awéwé lalaki Jumlah

siswa

Ket

VII C 21 23 44 kelas kontrol

(20)

3.2 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nya éta rencana jeung struktur panalungtikan anu digunakeun sangkan meunangkeun bukti-bukti empiris pikeun ngajawab rumusan masalah panalungtikan. Desain panalungtikan anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta desain tés awal (pratés) jeung tés ahir (postés) kelompok kontrol (Pretest- Posttest Control Group Design). Dina ieu desain aya dua kelompok nya éta kelompok ékspérimén anu meunang perlakuan (treatment) mangrupa pangajaran tatakrama basa Sunda ngagunakeun modél Snowball Throwing jeung kelompok kontrol anu dina pangajaranana teu ngagunakeun modél Snowball Throwing. Boh kelompok ékspérimén boh kelompok kontrol ngalaksanakeun tés awal (pratés) saacan perlakuan jeung tés ahir (postés) sanggeus ayana perlakuan pikeun ngukur parobahan hasil kamampuh pangaweruh tatakrama basa Sunda anu signifikan antara kelompok ékspérimén jeung kelompok kontrol. Ku kituna, dina ieu panalungtikan dilakukeun dua kali observasi nya éta saméméh jeung sabada ékspérimén. Desain panalungtikan bisa digambarkeun saperti di handap ieu:

Gambar 3.1 Pretest- Posttest Control Group Design)

Katerangan:

R = nangtukeun sampel sacara acak (randomisasi) O1 = pratés (tés awal) kelas ékspérimén

O2 = postés (tés ahir) kelas ékspérimén O3 = pratés (tés awal) kelas kontrol O4 = postés (tés ahir) kelas kontrol X = perlakuan (treatment)

(Sugiyono, 2009, kc.159)

R O1 X O2

(21)

3.3 Métode Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode ékspérimén sabenerna (True Experimental Research). Métodé ékspérimén sabenerna nya éta kagiatan panalungtikan pikeun niténan hasil ku cara ngagunakeun hiji atawa leuwih kelompok ékspériméntal, hiji atawa leuwih kondisi perlakuan jeung ngabandingkeun hasilna maké kelompok kontrol. Métode ékspérimen sabenerna ngayakeun panalungtikan ku cara ngabandingkeun hasil pangajaran ti kelompok ékspériméntal anu ngagunakeun hiji modél pangajaran jeung kelompok kontrol anu teu ngagunakeun modél pangajaran. Métode ieu téh dipaké pikeun ngukur éféktivitas modél Snowball Throwing pikeun ningkatkeun kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua Bandung Barat taun ajaran 2013/2014.

3.4 Variabel jeung Wangenan Operasional 3.4.1 Variabel

Variabel nya éta objék panalungtikan atawa naon-naon nu jadi puseur perhatian dina hiji panalungtikan (Arikunto, 2010, kc. 161) Dina ieu panalungtikan anu jadi variabel bébas, nya éta modél pangajaran Snowball Throwing salaku faktor anu mangaruhan, sedengkeun variabel kauger, nya éta kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua Bandung Barat taun ajaran 2013/2014.

3.4.2 Wangenan Operasional

Ieu di handap bakal dijéntrékeun istilah-istilah anu aya patalina jeung judul panalungtikan di antarana nya éta:

a) Éféktivitas dina ieu panalungtikan nya éta ngukur jeung nguji sabaraha gedé pangaruh modél Snowball Throwing pikeun ningkatkeun kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda.

(22)

c) Kamampuh tatakrama basa Sunda nya éta poténsi ngawasa kaparigelan ngagunakeun tatakrama basa Sunda dina waktu komunikasi ngagunakeun ragam basa (loma jeung hormat) anu raket patalina jeung kakawasaan, kalungguhan, kaakraban, jeung kontak antara panyatur jeung pamiarsa katut jalma nu dicaritakeun.

Jadi, maksud tina judul “Éféktivitas Modél Snowball Throwing pikeun Ningkatkeun Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda (Studi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua Bandung Barat taun ajaran 2013/2014” nya éta tarékah ngagunakeun hiji modél pangajaran pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa ngagunakeun tatakrama basa Sunda siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua Bandung Barat taun ajaran 2013/2014.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta tés (tés awal jeung tés ahir). Jenis tés anu digunakeun nya éta tés tulis. Wangun tésna nya éta pilihan ganda anu lobana 30 soal. Tés anu dibikeun mangrupa soal-soal pikeun ngukur kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda. Aya sababaraha léngkah dina nyieun instrument tés nya éta:

1) nangtukeun bahan tés; 2) nyieun kisi-kisi soal;

kisi-kisi soal anu dimaksud nya éta kisi-kisi soal ngeunaan kamampuh pangaweruh siswa ngagunakeun tatakrama basa Sunda. Tujuan nyieun kisi-kisi soal nya éta sangkan soal anu rék dijieun téh puguh watesanana.

Tabél 3.3 Kisi-kisi Soal Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa

(23)

2. Basa hormat

3) nyieun pertanyaan nu luyu jeung kisi-kisi soal; 4) nyieun jawaban tina soal anu dijieun;

5) mariksa jeung nyarungsum soal; 6) nganalisis sarta ngolah data.

3.6 Prosés Mekarkeun Instrumén 3.6.1 Nguji Instrumén Panalungtikan

Saacan digunakeun pikeun alat ngumpulkeun data instrumen tés kudu diujicobakeun heula. Instrumén tés nu diujicobakeun téh aya 30 soal kalawan sampel ujicoba nya éta kelas VII B SMP Negeri 2 Cisarua taun ajar 2013/2014 nu lobana urang. Tujuan diayakeunana ujicoba téh nya éta pikeun maluruh validitas, réliabilitas, tingkat hésé babarina soal, jeung daya pangbéda soal.

3.6.2 Nguji Validitas Soal

Validitas butir soal tes mangrupa ukuran anu ngabuktikeun kasahihan hiji instrument sangkan éta soal bisa maluruh naon anu rék diukur (Arikunto. 2010, kc. 211) Uji validitas soal tes dilakukeun ku cara ngabandingkeun kaayaan instrument jeung kriteria pangukuran anu geus ditangtukeun. Hiji instrumen disebut valid saupama hasil tés saluyu jeung kriteria pangukuran, dina harti mibanda kasaruaan antara hasil tés jeung kriteria pangukuran. Léngkah-léngkah nguji validitas soal dina ieu panalungtikan, nya éta:

1) nguji validitas soal digunakeun rumus korélasi product moment kalawan angka kasar saperti ieu di handap.

(24)

Katerangan:

r xy = koéfisién korélasi antara variabel X jeung Y, dua variabel anu dikorélasikeun

n = Jumlah siswa uji coba (tester) X = Skor tiap item

Y = Skor total tiap butir soal

(Arikunto, 2010, kc.213) 2) sanggeus kapanggih harga rxy, tuluy ditafsirkeun kana kriteria validitas soal

Tabél 3.4 Kritéria validitas Koéfisién korelasi Kriteria validitas 0,80 < rxy≤ 1,00 Luhur pisan 0,60 < rxy≤ 0,80 Luhur 0,40 < rxy≤ 0,60 Sedeng 0,20 < rxy≤ 0,40 Handap 0,00 < rxy≤ 0,20 Handap pisan rxy≤ 0,00 Henteu valid

3) nyieun tabél saperti ieu di handap.

Tabél 3.5 Nguji Validitas No. Soal ∑ X ∑X2 ∑ Y ∑ Y2 ∑ XY r

xy Kritéria Tafsiran

Katerangan:

(25)

Dumasar kana hasil ngitung tingkat validitas soal kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda tina jumlah 30 soal pilihan ganda katitén 1 soal mibanda validitas anu luhur pisan nya éta soal nomer 14. Soal anu mibanda validitas luhur aya 7 soal nya éta soal nomer 3, 6, 15, 20, 22, 29, jeung nomer 30. Soal anu mibanda validitas sedeng aya 11 soal nya éta soal nomer 2, 4, 7, 9, 10, 11, 12, 18, 25, 26, jeung nomer 28. Soal anu mibanda validitas handap aya 8 soal nya éta soal nomer 5, 8, 13, 16, 17, 19, 23, jeung nomer 27. Sarta aya 3 soal anu mibanda validitas handap pisan nya éta soal nomer 1, 21, jeung nomer 24.

3.6.3 Nguji Réliabilitas

Réliabilitas nya éta tingkat kaajegan alat atawa instrumen anu dipaké dina ngajén sakabéh hal anu rék diajénna. Nguji réliabilitas nya éta ngukur sajauh mana hiji instrumen bisa dipercaya pikeun ngahasilkeun skor nu rélatif sarua. Instrumén anu réliabel nya éta instrumén anu bisa dipercaya pikeun ngahasilkeun skor anu ajeg, rélatif sarua teu robah-robah najan ngayakeun tés dina kaayaan anu béda ka siswa nu sarua. Léngkah-léngkah nguji réliabilitas instrumen dina ieu panalungtikan, nya éta:

1) nyieun tabél saperti ieu di handap.

Tabél 3.6 Nguji Réliabilitas

2) ngitung korélasi antara skor-skor unggul belahan maké rumus product moment; jeung

(Alia, 2011, kc.46) 3) napsirkeun harga r kana indéks korélasi.

(26)

Tabél 3.7 Kritéria Validitas

Hasil itung réliabilitas tina hasil ujicoba soal wangun objéktif kapanggih r itung = 0,85 dibandingkeun jeung r tabel = 0.344 dina taraf kapercayaan 95% kalawan n = 33, katiten soal anu diujicobakeun aya dina kategori luhur pisan.

3.6.4 Nguji Tingkat Hésé Babarina Soal

Nguji tingkat hésé babarina soal mibanda tujuan pikeun ngukur kaayaan soal anu kagolong babari, sedeng jeung hésé. Dina nyusun instrument soal anu dijieun teu meunang babari teuing ogé teu meunang hésé teuing. Soal anu babari pisan nepi ka jawab ku sakabéh siswa jeung soal anu hésé pisan nepi teu ka jawab ku sakabéh siswa teu kaasup soal hadé. Léngkah-léngkah nguji tingkat hésé babarina soal dina ieu panalungtikan, nya éta:

1) nyusun jawaban siswa ti mimiti skor panggédéna nepi ka skor panghandapna; 2) nyokot 27% jawaban siswa ti kelompok luhur jeung handap;

3) nyieun tabél jawaban siswa ti kelompok luhur jeung ti kelompok handap. Jawaban nu bener dicirian ku angka 1 (hiji), jawaban nu salah dicirian ku angka 0 (nol). Format tabél saperti ieu di handap.

Koefisien Korelasi Kriteria Validitas 0,80< r xy ≤ 1,00 luhur pisan

(27)

Tabél 3.8

Format Jawaban Siswa ti Kelompok Luhur jeung Handap Soal

Siswa

1 2 3 4 5 6 7 8 jst

1. 2. 3. 4. 5. Jst

4) ngitung tingkat hésé babarina soal objéktif ngagunakeun rumus:

Katerangan :

THB = tingkat hésé babarina soal SKU = skor kelompok unggul SKA = skor kelompok asor

N = 27 % (Jmlh kel. Unggul + kel. Asor)

5) nangtukeun tingkat hésé babarina soal ngagunakeun patokan ieu di handap.

Tabél 3.9 Patokan Tingkat Hésé Babarina Soal

Patokan Tingkat Hésé

Babari Soal

0-24% soal hésé

25-75% soal sedeng

76-100% soal babari

(Alia, 2011, kc.48)

N

SKA

SKU

(28)

Hasil ngitung tingkat hésé babarina soal katitén teu kapanggih soal nu hésé. Soal anu sedeng aya 24 soal nya éta soal nomer 2, 3, 5, 6, 7, 9, 10, 11, 12, 14, 15, 16, 17, 18, 19, 20, 21, 22, 23, 25, 26, 28, 29, jeung 30. Soal nu babari aya 6 soal nya éta soal nomer 1, 4, 8, 13, 24, jeung 27.

3.6.5 Nguji Daya Pangbéda Soal

Uji daya pangbéda soal mangrupa pangukuran kasanggupan soal dina ngabédakeun kamampuh siswa anu pinter jeung siswa anu kurang dina ngajawab éta soal. Léngkah-léngkah nguji daya pangbéda soal dina ieu panalungtikan, nya éta:

1) ngitung nguji daya pangbéda soal digunakeun rumus saperti ieu di handap.

Katerangan:

2) napsirkeun tingkat daya pangbéda, ngagunakeun patokan ti Arikunto saperti ieu di handap.

Tabél 3.10

Patokan Tingkat Daya Pangbéda Soal

(29)

Hasil ngitung daya pangbéda soal tina 30 soal anu diujicobakeun katitén aya 9 soal nu goréng nya éta soal nomer 1, 4, 8, 13, 19, 21, 23, 24, jeung 27. Aya 17 soal nu cukup nya éta soal nomer 2, 3, 5, 7, 9, 10, 11, 12, 15, 16, 17, 18, 20, 25, 26, 28, jeung 29. Aya 4 soal nu alus nya éta soal nomer 6, 14, 22, jeung 30.

3.7 Téhnik Ngumpulkeun Data

Dina ieu panalungtikan téhnik anu digunakeun nya éta obsérvasi. Obsérvasi ngaliwatan tés nya éta tés awal (pratés) jeung tés ahir (postés) ka kelas ékspérimén jeung ka kelas kontrol. Tujuan tés awal (pratés) dilakukeun ka kelas ékspérimen nya éta pikeun ngukur kamampuh pangaweruh dasar siswa kana tatakrama basa Sunda saacan ngagunakeun modél pangajaran Snowball Throwing. Tés ahir (postés) dilakukeun pikeun ngukur kamampuh pangaweruh tatakrama basa Sunda siswa sanggeus ngagunakeun modél pangajaran Snowball Throwing. Kitu ogé tujuan tés awal (pratés) dilakukeun di kelas kontrol nya éta pikeun ngukur kamampuh pangaweruh dasar siswa kana tatakrama Basa Sunda, sedengkeun tés ahir (postés) dilakukeun pikeun ngukur kamampuh pangaweruh tatakrama basa Sunda tanpa ngaliwatan perlakuan atawa nepikeun pangajaran tanpa ngagunakeun modél Snowball Throwing.

3.8 Téhnik Ngolah Data

Téhnik ngolah data mangrupa kagiatan pikeun maluruh jawaban tina data-data anu geus dikumpulkeun. Data tina hasil tés awal (pratés) jeung tés ahir (postés) diolah sangkan kapanggih bédana antara hasil awal jeung hasil ahir. Salian ti éta, hasil tina ngolah data ieu digunakeun pikeun ngabuktikeun bener atawa henteuna hipotésis.Data anu dipaluruh ngawengku:

1) Kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda siswa kelas ékspérimen jeung kelas kontrol saméméh ngagunakeun modél pangajaran Snowball Throwing; 2) Kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda siswa sanggeus ngagunakeun

(30)

3) Kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda siswa anu teu ngagunakeun modél pangajaran Snowball Throwing (kelas kontrol);

4) Bédana kamampuh pangaweruh tatakrama basa Sunda di kelas anu ngagunakeun modél Snowball Throwing (kelas éksperimen) jeung di kelas anu teu ngagunakeun modél Snowball Throwing (kelas kontrol).

Kagiatan ngolah data panalungtikan anu dilakukeun sanggeus ngumpulkeun data ngawengku sababaraha léngkah, nya éta:

1) Vérifikasi data.

Kagiatan vérifikasi data dilakukeun pikeun nyeléksi lengkep henteuna data anu dikumpulkeun.

2) Mariksa hasil tés.

Hasil tés mangrupa lembar jawaban tés awal (pratés) jeung tés ahir (postés) siswa kelas ékspérimén jeung kelas kontrol di SMP Negeri 2 Cisarua. Hasil tés diitung ngagunakeun rumus:

Kriteria peunteun skor maksimal anu digunakeun panalungtik pikeun mikanyaho frékuénsi peunteun siswa dina pangajaran tatakrama basa Sunda saperti ieu di handap

Tabél 3.11 Kritéria Peunteun

No. Aspék Skor Idéal

1. Ngagunakeun basa loma 7

2. Ngagunakeun basa lemes keur sorangan

14

3. Ngagunakeun basa lemes keur ka batur

9

(31)

Satuluyna skor ahir siswa ditabulasikeun dina tabél ieu di handap. Tabél 3.12

Format Peunteun Hasil Tés Kamampuh Tatakrama Basa Sunda

No. I II III P %

Katerangan:

I = Ngagunakeun basa loma

II = Ngagunakeun basa lemes keur sorangan III = Ngagunakeun basa lemes keur ka batur ∑ = Jumlah

P = Peunteun

Satuluyna data hasil panalungtikan diitung standar deviasi jeung varians tina masing-masing kelompok. Salian ti éta, pikeun mikanyaho normalitas jeung homogen henteuna varians sampel data hasil tés awal jeung tés ahir ditéangan ngagunakeun uji normalitas jeung uji homogénitas.

3.8.1 Uji Sifat Data

3.8.1.1 Uji Normalitas di Kelas Ékspérimén

Dina ieu panalungtikan uji normalitas dipaké pikeun ngukur data kamampuh siswa naha mibanda distribusi anu normal atawa henteu ngagunakeun rumus Chi kuadrat (X2). Tapi, saméméh ngagunakeun rumus Chi kuadrat (X2) aya léngkah-léngkah anu kudu dilaksanakeun saperti di handap ieu:

1) Nangtukeun peunteun panggedéna jeung pangleutikna 2) Ngitung rentang skor (r) ngagunakeun rumus ieu di handap:

(32)

3) Nangtukeun jumlah kelas interval, ngagunakeun rumus:

4) Ngitung panjang kelas interval

5) Nyieun tabél frékuénsi peunteun pratés jeung postés kalayan make ieu table di handap.

Tabél 3.13

Format Frékuénsi Peunteun Pratés jeung Postés Kelas Ékspérimén

No. Kelas Interval

Fi

Xi

xi

2

fixi

fixi

2

1 2 3 4 5

6) Ngitung rata-rata (mean) peunteun pratés jeung postés ngagunakeun rumus di handap ieu:

Katerangan: = rata-rata (mean) = jumlah (sigma) = jumlah data = niléy tengah

(Sudjana, 2012, kc. 47) 7) Ngitung standar deviasi ngagunakeun rumus:

(33)

√ ∑

(Sudjana, 2012, kc. 93) 8) Ngitung frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspéktasi (perkiraan)

a) Nyieun tabél frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspéktasi Tabél 3.14 Frékuénsi Observasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi

Prates jeung Postés Tés Kelas Ékspérimén

Batas Kelas Z hitung Z tabel l Ei χ2

1 2 1 2 1 2

b) Nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi) c) Nangtukeun batas kelas interval

d) Ngitung Zitung (transformasi normal standar bébas kelas)

̅

e) Nangtukeun Ztabél

f) Ngitung lega kelas interval (L)

g) Ngitung frékuénsi ékspéktasi, ku cara

h) Nangtukeun niléy X2 (Chi Kuadrat)

(34)

(Sudjana, 2012, kc. 273)

j) Nangtukeun harga X2tabél

k) Hasil perhitungan X2itung tuluy dibandingkeun jeung X2tabél kalawan katangtuan ieu di handap:

1) Tingkat kapercayaan 95% 2) Darajat kebebasan (dk = k -3)

3) Nangtukeun normalitas ngagunakeun kriteria ieu di handap.

a. Lamun X2itung < X2tabél, Hartina data atawa populasi distribusina normal b. Lamun X2itung > X2tabél, Hartina data atawa populasi distribusina teu

normal

3.8.1.2 Uji Normalitas di Kelas Kontrol

Uji normalitas data tés awal (pratés) dina ieu panalungtikan téh ngagunakeun léngkah-léngkah ieu di handap.

1) Nangtukeun peunteun panggedéna jeung pangleutikna 2) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus ieu di handap:

3) Nangtukeun jumlah kelas interval, ngagunakeun rumus:

4) Ngitung panjang kelas interval

5) Nyieun tabél frékuénsi peunteun pratés jeung postés ngagunakeun tabél di handap ieu:

Tabél 3.15

Format Frékuénsi Peunteun Pratés jeung Postés Kelas Kontrol

(35)

No. Kelas Interval

Fi

Xi

xi

2

fixi

fixi

2

1 2 3

6) Ngitung rata-rata (mean) pratés jeung postés ngagunakeun rumus di handap ieu:

Katerangan: = rata-rata (mean) = jumlah (sigma) = jumlah data = niléy tengah

7) Ngitung standar deviasi ngagunakeun rumus:

√ ∑

8) Ngitung frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspéktasi (perkiraan) a) Nyieun tabél frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspéktasi

Tabél 3.16 Frékuénsi Observasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi Pratés jeung Postés Kelas Kontrol

Batas Kelas Z hitung Z tabel l Ei χ2

1 2 1 2 1 2

(36)

b) Nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi) c) Nangtukeun batas kelas interval

d) Ngitung Zitung (transformasi normal standar bébas kelas)

̅

e) Nangtukeun Ztabél

f) Ngitung lega kelas interval (L)

g) Ngitung frékuénsi ékspéktasi, ku cara

h) Nangtukeun niléy X2 (Chi Kuadrat)

i) Nangtukeun darajat kabébasan (dk)

j) Nangtukeun harga X2tabél

k) Hasil perhitungan X2itung tuluy dibandingkeun jeung X2tabél kalawan katangtuan ieu di handap:

1) Tingkat kapercayaan 95% 2) Darajat kebebasan (dk = k -3)

3) Nangtukeun normalitas ngagunakeun kriteria ieu di handap. a. Lamun X2itung < X2tabél, Hartina data atawa populasi distribusina

normal

(37)

Sanggeus dilaksanakeun uji normalitas, sarta data anu dihasilkeunana normal, hal anu kudu dilaksanakeun satuluyna nya éta uji homogénitas varian nu fungsina pikeun nangtukeun uji parametrik nu luyu jeung distribusi data.

3.8.1.3 Uji Homogénitas

Uji homogénitas nya éta uji sipat data nu tujuanana pikeun mikanyaho homogén henteuna sampel tina populasi nu sarua.

Léngkah-léngkah pikeun nangtukeun homogénitas nya éta: 1) Ngitung varians (S2) unggal kelompok

Varians kelas ékspérimén (S12)

Varians kelas kontrol (S22)

2) Ngitung harga varians (F)

3) Ngitung derajat kabébasan (dk)

4) Nangtukeun harga Ftabél

5) Nangtukeun homogen henteuna data dumasar kana kriteria ieu di handap. 1) Lamun Fitung < Ftabél hartina varians sampel homogén

2) Lamun Fitung > Ftabél hartina varians sampel teu homogén

3.8.2 Uji Gain

(38)

Throwing pikeun ningkatkeun kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda. Léngkah-léngkah pikeun uji gain saperti ieu di handap.

1) Nyieun table pikeun uji gain

Tabél 3.17

Uji Gain (D) Tingkat Kamampuh Ngagunakeun Tatakrama Basa Sunda

No Pratés Postés D d2

1. 2. ∑

2) Gunakeun rumus di handap

∑ ∑ ∑

3) Nangtukeun derajat kabébasan

4) Nangtukeun signifikan henteuna data dumasar kana criteria a) t itung > t tabél signifikan, tapi upama

b) t itung < t tabél teu signifikan.

3.8.3 Uji Hipotésis

Uji hipotesis dilaksanakeun pikeun ngabuktikeun ditarima atawa ditolakna hipotesis panalungtikan. Uji hipotésis anu dilakukeun ngawengku tilu nya éta uji hipotésis kelas ékspérimén, uji hipotésis kelas kontrol jeung uji perbédaan post-test ékspérimén jeung post-test kontrol. Léngkah-léngkahna saperti ieu di handap. 1) Nyieun tabél pikeun ngasupkeun rata-rata jeung varians hasil pratés jeung

postés kelas kontrol jeung ékspérimén saperti ieu di handap. Tabél 3.18 Uji T-test (Uji Hipotésis)

(39)

(dk)

Jumlah

b) Néangan titung ngagunakeun rumus:

| | √

c) Nangtukeun uji béda antara postés ékspérimén jeung postés kontrol ngagunakeun rumus:

| | √

d) Nangtukeun ditarima henteuna hipotesis dumasar kana kriteria, ieu di handap.

1) Lamun t itung > t tabel hartina hipotésis ditarima, nya éta aya béda anu signifikan antara kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua Bandung Barat anu ngagunakeun modél

Snowball Throwing jeung kamampuh ngagunakeun tatakrama basa

Sunda siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua Bandung Barat anu teu ngagunakeun modél Snowball Throwing.

2) Lamun t itung < t tabel hartina hipotésis ditolak, nya éta taya béda anu signifikan antara kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua Bandung Barat anu ngagunakeun modél

(40)
(41)

Dumasar kana hasil panalungtikan ngeunaan éféktivitas modél Snowball Throwing pikeun ningkatkeun kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda studi ékspérimén ka siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua Bandung Barat taun ajaran 2013/2014, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

1) Kamampuh awal ngagunakeun tatakrama basa Sunda siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua nya éta can mampuh (47,5). Sanggeus ngagunakeun modél Snowball Throwing kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua jadi mampuh (68,97)

2) Kamampuh awal jeung kamampuh ahir ngagunakeun tatakrama basa Sunda siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua anu teu ngagunakeun modél Snowball Throwing nya éta can mampuh (39,7 jeung 53).

3) Aya ningkatna kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda siswa kelas VII SMP Negeri 2 Cisarua anu ngagunakeun modél Snowball Throwing dumasar hasil pre-test peuteun rata-rata nya éta 47,5 sedengkeun hasil post-test peunteun rata-rata nya éta 68,97, aya peningkatan 21,47.

4) kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda anu ngagunakeun modél Snowball Throwing ngalaman peningkatan anu tadina can mampuh jadi mampuh dibandingkeun jeung kamampuh ngagunakeun tatakrama basa Sunda anu teu ngagunakeun modél Snowball Throwing teu ngalaman peningkatan angger can mampuh.

(42)

5.2 Saran

Dumasar kana hasil panalungtikan jeung kacindekan dina ieu panalungtikan, aya sawatara saran anu sifatna konstruktif anu bisa diébréhkeun pikeun kamajuan jeung kamekaran pangajaran basa Sunda, nya éta:

1) Modél Snowball Throwing bisa digunakeun jadi salahsahiji modél alternatif pikeun nepikeun matéri tatakrama basa Sunda anu matak ngirut panitén siswa sangkan siswa diajar aktif jeung kréatif.

2) Dina prosés ngalarapkeun modél pangajaran Snowball Throwing, sangkan hasilna nyugemakeun, kudu merhatikeun léngkah-léngkah pangajaranana anu mibanda 6 fasé.

(43)

DAFTAR PUSTAKA

Alia, Dwi. 2011. Modél STAD (Student Teams Achievement Division) pikeun Ningkatkeun Kamampuh Ngagunakeun Undak-Usuk Basa Sunda. SKRIPSI. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Agustina, T. Entin. 2013. Implementasi Model Pembelajaran Snowball Throwing untuk Meningkatkan Hasil Belajar Siswa dalam Membuat Produk Kria Kayu dengan Peralatan Manual. Bandung: Invotec.

Arikunto, S. 2010. Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik (Edisi Revisi 2010). Jakarta: PT. Rineka Cipta

Cahyadi, Sri dkk. 2012. Penerapan Metode Snowball Throwing Dalam Pembelajaran Pendidikan Kewarganegaraan (Pkn). [Online]. Tersedia: http://mgmppknkabkuburaya.blogspot.com/2012/08/artikel-3-penerapan-metode-snowball.html [14 September 2013]

Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama Universitas Padjajaran

Faturohman, Taufik. 1982. Tatabasa Sunda. Bandung: CV. Djatnika

Huda, Miftahul. 2013. Model-Model Pengajaran dan Pembelajaran. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia. 2008. Palenggeran Éjahan Basa Sunda. Bandung: SONAGAR PRESS.

Rahman. 2011. Model Mengajar & Bahan Pembelajaran. Bandung: Alqaprint Prisma Interdelta Jatinangor

Sudaryat, Yayat Spk. 2009. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya

____________ . 2010. Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten

Sudjana. 2012. Metode Statistika. Bandung: Tarsito

Sugiyono. 2003. Statistika Untuk Penelitian. Bandung: CV Alfabeta

(44)

Suprijono, Agus. 2012. Cooperative Learning. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Tamsyah, Budi Rahayu. 1988. Kamus Undak Usuk Basa Sunda. Bandung: Pustaka Karsa Sunda.

Trianto. 2009. Mendesain Model Pembelajaran Inovatif-Progresif. Jakarta: Kencana.

Universitas Pendidikan Indonesia. 2013. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.

Yudibrata, Karna. 1992. Bagbagan Makéna Basa Sunda. Bandung: Rahmat Cijulang.

____________ . 2011. Etika jeung Tatakrama Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Figur

Gambar 3.1 Pretest- Posttest Control Group Design)
Gambar 3 1 Pretest Posttest Control Group Design . View in document p.20

Referensi

Memperbarui...