AJÉN MORAL DINA STRUKTUR CARITA DONGÉNG MANGLÉ ALIT ANU MEDAL TAUN 2012 PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP.

39  10 

Loading.... (view fulltext now)

Loading....

Loading....

Loading....

Loading....

Teks penuh

(1)

No. 612/FPBS/0251/2013

AJÉN MORAL DINA STRUKTUR CARITA DONGÉNG MANGLÉ ALIT ANU MEDAL TAUN 2012

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Nyumponan Salah Sahiji Sarat pikeun Ngahontal Gelar Sarjana Pendidikan

ku Ema Rohimah

0907249

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

2013

Halaman Hak Cipta

Ajén Moral dina Struktur Carita

Dongéng

Manglé Alit

anu Medal Taun

2012 pikeun Bahan Pangajaran Maca

di SMP

Oleh Ema Rohimah

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Ema Rohimah 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Juli 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)
(4)

Ema Rohimah, 2013

AJÉN MORAL DINA STRUKTUR CARITA DONGÉNG MANGLÉ ALIT ANU MEDAL TAUN 2012

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP 1)

Ema Rohimah 2)

ABSTRAK

Skripsi ini berjudul Ajén Moral dina Struktur Carita Dongéng “Manglé Alit” anu Medal Taun 2012 pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP. Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan nilai moral yang terdapat dalam struktur cerita dongeng-dongeng majalah Manglé (Manglé Alit), yang terbit pada tahun 2012. Data dianalisis melalui metode deskriptif, dengan menggunakan teknik mengumpulkan data (studi dokumentasi) dan tehnik mengolah data (analisis data). Dongeng-dongeng majalah Manglé Alit yang terinventarisir berjumlah 54 judul dongeng. Dari jumlah tersebut, kemudian dipilih 17 dongeng untuk dianalisis. Analisis nilai moral dalam dongeng meliputi nilai moral yang mempunyai ciri nilai moral tanggung jawab, hati nurani, kewajiban, dan bersifat formal, yang terdapat dalam struktur cerita dongeng tersebut. Struktur cerita yang dianalisis meliputi tema, tokoh, dan amanat. Berdasarkan hasil analisis, diperoleh kesimpulan bahwa terdapat 15 nilai moral dalam dongeng-dongeng tersebut, yaitu: 1) béréhan; 2) sabar jeung daék ihtiar; 3) tawekal; 4) silih tulung ka sasama; 5) wijaksana jeung adil; 6) jujur; 7) nyaah ka papada mahluk; 8) satia; 9) ulah kumed; 10) ulah kufur nikmat; 11) ulah ngagugu teuing napsu; 12) ulah sirik; 13) ulah telenges; 14) ulah agul tur mawa karep sorangan; jeung 15) ulah gagabah. Dari hasil analisis kriteria bahan ajar, terdapat 15 dongeng yang memenuhi kriteria untuk dijadikan bahan pembelajaran, yaitu: 1) Tukang Samangka jeung Baramaén; 2) Tukang Batu; 3) Ibnu Hajar; 4) Bola Gondong; 5) Marebutkeun Orok; 6) Paménta Oray; 7) Sasakala Désa Bunigeulis; 8) Hikmah; 9) Sasakala Cabé Lada; 10) Oray Salak jeung Daun Pulus; 11) Kasedih Munding; 12) Kuring Sakadang Peucang; 13) Kuda, Uncal, jeung Maung; 14) Cai Laut Asin; dan 15) Sasakala Lutung leuwih Saeutik batan Monyét. Dongeng Tukang Batu kemudian diaplikasikan dalam contoh materi bahan ajar membaca dongeng di SMP.

Kata kunci : ajén moral, struktur carita dongéng, bahan pangajaran maca

1 ) Skripsi di bawah bimbingan Drs. H. Usep Kuswari, M.Pd. dan Drs. Ruswendi Permana, M. Hum.

(5)

AJÉN MORAL DINA STRUKTUR CARITA DONGÉNG MANGLÉ ALIT ANU MEDAL TAUN 2012

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP 1)

Ema Rohimah 2)

ABSTRACT

This research entitled “Moral values in the structure of Manglé Alit fairy stories who published in 2012 for teaching materials read in the middle school”. This research aims to describe moral values contained in the structure of Manglé Alit fairy stories who published in 2012. This research uses descriptive method. The technics that used in this research is documentation study and analysis of data. Totaled of fairy tales in the Manglé Alit magazine that collected is 54 title of fairy tales. Of that number, then choosed 17 of fairy tales to be analyzed. Analysis of moral value in the fairy tales include the moral values that have moral tanggung jawab, hati nurani, kewajiban, and bersifat formal, that was found in the structure of fairy stories. The structure of fairy stories that analyzed include tema, tokoh, and amanat. The result of this research is 15 moral values that was found in the structure of fairy stories, that is: 1) béréhan; 2) sabar jeung daék ihtiar; 3) tawekal; 4) silih tulung ka sasama; 5) wijaksana jeung adil; 6) jujur; 7) nyaah ka papada mahluk; 8) satia; 9) ulah kumed; 10) ulah kufur nikmat; 11) ulah ngagugu teuing napsu; 12) ulah sirik; 13) ulah telenges; 14) ulah agul tur mawa karep sorangan; jeung 15) ulah gagabah. Based on the analysis criteria of select teaching materials, there are 17 fairy tales who fit that criteria, that is: 1) Tukang Samangka jeung Baramaén; 2) Tukang Batu; 3) Ibnu Hajar; 4) Bola Gondong; 5) Marebutkeun Orok; 6) Paménta Oray; 7) Sasakala Désa Bunigeulis; 8) Hikmah; 9) Sasakala Cabé Lada; 10) Oray Salak jeung Daun Pulus; 11) Kasedih Munding; 12) Kuring Sakadang Peucang; 13) Kuda, Uncal, jeung Maung; 14) Cai Laut Asin; dan 15) Sasakala Lutung leuwih Saeutik batan Monyét. Tukang Batu tales is applied as example of fairy tales teaching read in the middle school.

Keywords: moral values, structure of fairy stories, teaching materials read

1 ) Skripsi di bawah bimbingan Drs. H. Usep Kuswari, M.Pd. dan Drs. Ruswendi Permana, M. Hum.

(6)

DAPTAR EUSI

(7)

2.2.3.6 Dongéng Pamuk ... 20

(8)
(9)

4.2.11.4 Amanat Dongéng Sasakala Cabé Lada ... 85

4.2.17.2 Téma Dongéng Sasakala Lutung leuwih saeutik batan Monyét ... 104

4.2.17.3 Palaku Dongéng Sasakala Lutung leuwih saeutik batan Monyét .... 104

4.2.17.4 Amanat Dongéng Sasakala Lutung leuwih saeutik batan Monyét ... 106

(10)
(11)

DAPTAR BAGAN

Bagan Kaca

(12)

DAPTAR TABÉL

Tabél Kaca

2.1 Standar Kompetensi jeung Kompetensi Dasar Pangajaran Maca

Dongéng ... 31

3.1 Format Tabél Ajén Moral dina Struktur Carita Dongéng Manglé Alit 2012 ... 36

3.4 Format Tabél Penggolongan Ajén Moral Dongéng ... 37

3.1 Tabél Sumber Data Panalungtikan ... 39

3.2 Tabél Dongéng-dongéng anu dianalisis ... 42

4.1 Tabél Dongéng-dongéng Manglé Alit taun 2012 ... 45

4.2 Ajén Moral dina Struktur Carita Dongéng Manglé Alit 2012 ... 107

4.3 Penggolongan Ajén Moral Dongéng Manglé Alit 2012 ... 138

(13)

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Salah sahiji hal anu teu bisa leupas tina kahirupan manusa salaku mahluk individu jeung sosial nya éta basa. Basa mangrupa média pikeun komunikasi papada manusa dina ngébréhkeun rupaning rasa, eusi haté, kahayang, ide, pikiran, ogé gagasan-gagasanna. Cindekna mah basa téh nya éta sistem lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa, kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis), tur ragem (konvénsional), antar anggota masarakatna pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi (Sudaryat, 2004: 6). Salian ti bisa diébréhkeun dina wangun lisan jeung tulisan, basa ogé bisa diébréhkeun dina wangun basa tanda jeung isarat.

Minangka alat komunikasi, basa ogé sok dipatalikeun jeung sastra. Tinangtu dua hal ieu téh raket pisan patalina, silih deudeul jeung mangaruhan. Sastra mangrupa ébréhan éstétis manusa anu diébréhkeun dina wangun basa, boh sacara lisan boh tulisan. Jacob Sumardjo jeung Saini K.M. boga sawangan yén sastra téh nya éta ébréhan pribadi manusa anu mangrupa pangalaman, pamikiran, rasa, ide, jeung kayakinan dina hiji wangun gambaran konkrit, nu ngahudang rasa ngaliwatan média basa (1986: 3). Hartina basa miboga kalungguhan nu mandiri dina sastra.

Hal éta luyu jeung pamadegan Jamaluddin (2003: 69) anu nandeskeun yén:

Bahasa dan sastra merupakan dua sisi mata uang yang harus dipandang secara integral. Bahasa telah diakui sebagai sarana terpenting bagi manusia dalam rangka berkomunikasi dengan sesamanya, sebagai media interaksi sosial. Sastra tak pernah lahir tanpa bahasa, sebaliknya bahasa akan terasa gersang tanpa sentuhan sastra. Namun demikian, jelas bahwa antara keduanya memiliki batas-batas perbedaan.

(14)

2

Ema Rohimah, 2013

sastra anu ngaguar réalitas kahirupan di masarakat téa. Sastra bisa digunakeun salaku sarana hiburan nu nimbulkeun rupa-rupa rasa, saperti bungah, sedih, kesel, jeung ambek. Salian ti éta, sastra bisa dijadikeun eunteung pikeun manusa dina ngalakonan hirupna, sabab réa sastra nu eusina ngagambarkeun potrét réalitas kahirupan manusa di masarakat. Karya sastra nya éta produk sosial, hartina mangrupa hasil réka cipta manusa dina ngulinkeun imajina salaku anggota masarakat. Éta karya sastra nu diciptakeunna téh mangrupa rékaan, tapi teu saeutik ogé anu dumasar kana kajadian nyata, atawa gambaran kahirupan sosial masarakat sabudeureunana.

Nilik kana wangunna, karya sastra Sunda téh bisa dibagi jadi tilu golongan, nya éta puisi, prosa, jeung drama nu sumebarna boh sacara lisan boh tulisan. Salah sahiji karya sastra wangun prosa nu sumebarna sacara lisan téh nya éta dongéng. Hal ieu luyu jeung pamadegan Iskandarwassid (2003: 32) nu nétélakeun yén anu dimaksud dongéng téh, nya éta salah sahiji golongan carita dina wangun prosa (lancaran). Sakapeung mah sok kaselapan bagian anu dikawihkeun, umumna parondok, diwariskeun sacara turun-tumurun jeung sumebarna sacara lisan, tur kajadian caritana sakapeung sok karasa pamohalan. Tokoh-tokohna, jalan caritana, ogé latarna sakapeung mah hésé ditarima ku akal. Ilaharna dongéng téh sumebarna henteu sarua ti unggal daérah. Dongéng téh kaasup karya balaréa, sabab tara kanyahoan saha nu ngarangna (anonim). Hiji dongéng bisa mibanda rupa-rupa versi. Anu jadi marga lantaranna mah, éta dongéng téh sumebar ti hiji jalma tuluy didongéngkeun deui ka jalma séjén sacara tatalépa, antukna éta dongéng téh jadi ciptaan jeung milik balaréa.

(15)

3

Ku ayana pangalaman jeung pangaweruh diajar sastra saperti dongéng, dipiharep siswa bisa nimukeun jeung mikanyaho ajén-inajén positif nu nyangkaruk dina éta eusi karya sastra (dongéng). Sabab dongéng téh teu ngan saukur miboga fungsi hiburan, tapi dijerona gé nyangkaruk ajén-inajén nu penting dina kahirupan saperti moral, sajarah, atikan, jeung réa-réa deui. Dongéng mangrupa karya sastra anu réa ngandung ajén moral.

Salaku mahluk nu miboga rasa jeung haté, manusa raket patalina jeung moral. Moral moal bisa leupas tina ukuran hadé goréngna kalakuan manusa. Saenyana mah moral téh lain ngan kudu dipiwanoh wungkul, tapi kudu diturutkeun jeung dilakonan, dina harti ngalakukeun sikep anu bermoral (moral nu hadé) jeung teu ngalakukeun sikep anu teu bermoral (moral nu goréng). Ajén moral perlu diajarkeun ti budak kénéh, sangkan dijadikeun cecekelan hirup kahareupna. Teu ngan saukur di lingkungan kulawarga, pangajaran moral perlu diajarkeun ogé di lingkungan atikan formal saperti sakola, sangkan barudak leuwih bisa ngajaga diri nyanghareupan kahirupan kiwari jeung nu bakal kasorang.

Minangka hasil kréativitas manusa salaku mahluk nu miboga sipat bermoral téa, éta ajaran-ajaran moral téh réa nu dibungkus dina wangun-wangun

(16)

4

Ema Rohimah, 2013

Sok sanajan kitu, sikep moral masarakat jaman kiwari geus mimiti robah. Balukar tina parobahan pola pikir, gaya hirup, jeung kamajuan jaman. Réa nu geus nyapirakeun masalah moral. Karya-karya sastra nu euyeub ngandung ajén moral gé geus mimiti ditaringgalkeun. Ku kituna perlu tarékah-tarékah anu dilakukeun sacara tuluy-tumuluy, patali jeung pangajaran ajén moral ka barudak generasi panerus. Contona, ngeunaan pangajaran ajén moral ngaliwatan pangajaran maca karya sastra (dongéng) di sakola.

Salah sahiji tarékah patali jeung mekarkeun deui pangajaran moral di sakola éta téh, saperti ngayakeun panalungtikan ngeunaan ajén moral dina dongéng. Panalungtikan ngeunaan dongéng ogé, kawilang loba dilakukeun. Tapi panalungtikan ngeunaan dongéng-dongéng nu aya dina média (majalah) mah, jiga nu can aya. Pikeun ngarojong pangajaran moral ngaliwatan pangajaran maca karya sastra di sakola, diperlukeun bahan-bahan pangajaran nu sakirana babari ditéangan boh ku guru boh ku siswa. Hal ieu miboga tujuan sangkan para siswa leuwih kairut pikeun diajar sastra, utamana ngeunaan sastra buhun saperti dongéng anu euyeub ngandung ajén moral.

Conto bahan pangajaran anu babari ditéangan téh, salah sahijina nya éta anu aya dina média atawa majalah-majalah nu sumebar di masarakat. Ku kituna, panyusun boga karep nalungtik ngeunaan dongéng-dongéng dina majalah Manglé (Manglé Alit) anu medal saminggu sakali. Widang nu rék ditalungtikna mah nya

éta ajén moral dina struktur caritana (téma, tokoh, amanat). Ieu panalungtikan téh bisa dijadikeun salah sahiji alternatif pikeun milih bahan pangajaran maca di sakola, hususna di SMP. Ku lantaran kitu, panalungtikan ngeunaan Ajén Moral dina Struktur Carita Dongéng Manglé Alit anu Medal Taun 2012 pikeun

Bahan Pangajaran Maca di SMP, perlu dilaksanakeun.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

(17)

5

diwatesanan ku medar téma, palaku, jeung amanat dina dongéng Manglé Alit anu medal taun 2012. Dongéng-dongéng di luar Manglé Alit taun 2012 teu kaasup kana ieu objék panalungtikan. Ciri ajén moral anu dianalisis téh ngawengku tanggung jawab, ati nurani, kawajiban, jeung anu sipatna formal.

1.2.2 Rumusan Masalah

Saluyu jeung watesan masalah anu geus dipedar, masalah-masalah anu ditalungtik dirumuskeun saperti ieu di handap.

1) Kumaha struktur carita dongéng (téma, palaku, jeung amanat) nu aya dina dongéng Manglé Alit taun 2012?

2) Kumaha ajén moral nu nyangkaruk dina struktur carita (téma, palaku, jeung amanat) dongéng Manglé Alit taun 2012?

3) Dongéng-dongéng nu mana waé nu aya dina Manglé Alit taun 2012, anu luyu dijadikeun salah sahiji bahan pangajaran maca di SMP, dumasar kana analisis ajén moral dina struktur caritana (téma, palaku, jeung amanat)?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum dina ieu panalungtikan téh, nya éta pikeun ngadéskripsikeun ajén moral nu nyangkaruk dina struktur carita dongéng-dongéng majalah Manglé (Manglé Alit) anu medal taun 2012.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan boga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1) Struktur carita dongéng (téma, palaku, jeung amanat) nu aya dina dongéng

Manglé Alit taun 2012;

2) Ajén moral nu nyangkaruk dina dongéng Manglé Alit taun 2012 dumasar kana struktur caritana; jeung

(18)

6

Ema Rohimah, 2013

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan téh dipiharep bisa nambahan pangaweruh nu macana, katut jadi salah sahiji referensi pikeun kapereluan-kapereluan anu aya pakaitna jeung panalungtikan ngeunaan dongéng-dongéng, nu aya dina média citak (majalah). Kitu deui ngeunaan dongéng nu ditalungtik, pikeun kapentingan akademik mah bisa dijadikeun pangdeudeul bahan pangajaran maca di SMP.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun :

1) Panalungtik, siswa, jeung umum, sangkan nambahan pangaweruh dina widang sastra, utamana ngeunaan ajén moral dina struktur carita nu nyangkaruk dina dongéng Manglé Alit taun 2012;

2) Guru, dimangpaatkeun jadi pangdeudeul pikeun milih jeung nangtukeun bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda di sakola.

1.5 Raraga Tulisan

Sanggeus data réngsé dianalisis, tahap pamungkas dina ieu panalungtikan

nya éta nyusun hiji laporan dina wangun skripsi. Raraga nulisna dibagi jadi lima bab nya éta saperti ieu di handap.

Bab I nya éta bubuka, anu eusina medar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan.

Bab II nya éta tatapakan tiori, anu eusina medar ngeunaan ajén moral, dongéng, wangenan dongéng, papasingan dongéng, struktur dongéng, sajarah kamekaran Manglé Alit, jeung pangajaran maca dongéng.

Bab III nya éta métode panalungtikan, anu medar ngeunaan sumber data, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, jeung téhnik panalungtikan.

(19)

7

hasil analisis ajén moral dina dongéng-dongéng Manglé Alit, bahan pangajaran maca dongéng, jeung conto bahan ajarna.

Bab V nya éta kacindekan jeung saran, anu eusina nyindekkeun hasil panalungtikan sarta méré saran pikeun panalungtikan kahareupna.

(20)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Métode Panalungtikan

Métode asalna tina basa Latin methodos anu diwangun ku dua kecap nya éta meta jeung hodos. Meta ngandung harti ngaliwatan, jeung sanggeus, sedengkeun hodos ngandung harti jalan, cara, jeung arah. Métode panalungtikan nya éta cara anu digunakeun ku nu nalungtik ngaliwatan léngkah-léngkah sistematis pikeun ngumpulkeun data panalungtikan, nganalisis, tur napsirkeun jeung nyindekkeun hasilna. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif.

Maksud nu hayang dihontal dina ieu panalungtikan déskriptif téh, nya éta pikeun ngadéskripsikeun ajén moral nu nyangkaruk dina struktur carita dongéng-dongéng Manglé Alit wedalan taun 2012, sangkan meunangkeun gambaran luyu henteuna éta dongéng digunakeun pikeun bahan pangajaran maca di SMP. Léngkah-léngkah dina ieu panalungtikan déskriptif téh, nya éta saperti ieu di handap.

1) Ngumpulkeun data, anu mangrupa déskripsi struktur carita dongéng Manglé Alit anu medal taun 2012;

2) nganalisis ajén moral dina struktur carita dongéng Manglé Alit anu medal taun 2012;

3) ngadéskripsikeun hasil penapsiran jeung kacindekan hasil analisis.

3.2 Téhnik Panalungtikan

Téhnik panalungtikan nya éta cara atawa léngkah konkrit tina métode nu digunakeun pikeun ngahontal tujuan. Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

3.2.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

(21)

33

dokuméntasi. Ieu téhnik téh digunakeun pikeun ngumpulkeun data ajén moral nu aya dina struktur carita dongéng-dongéng Manglé Alit, anu medal taun 2012.

3.2.2 Téhnik Ngolah Data

Dina ngolah data anu geus dikumpulkeun, ngagunakeun téhnik analisis data anu guna na pikeun nganalisis éta data sarta diteuleuman nepi ka meunangkeun ajén moral dina struktur carita dongéngna. Téhnik ngolah data dina ieu panalungtikan, katitén saperti ieu di handap.

1) Maca sagemblengna dongéng-dongéng Manglé Alit anu medal taun 2012; 2) milah-milah dongéng anu rék dianalisis ku cara maca jeung neuleuman deui

eusi dongéng, kalawan tinimbangan miboga ciri ajén moral dumasar kana watesan masalah panalungtikan;

3) nganalisis ajén moral dina struktur carita dongéng Manglé Alit taun 2012, kalawan leuwih museur kana nganalisis téma, palaku, jeung amanat dina dongéng;

4) nyirian téma, palaku, jeung amanat dina dongéng, tuluy diasupkeun kana kartu data;

5) ngawilah-wilah kartu data dumasar kana judul jeung jenis dongéngna; 6) ngasupkeun data-data tina kartu data kana tabél;

7) nyieun kacindekan ajén moral dumasar kana struktur caritana (téma, palaku, amanat), tur nyindekkeun ciri ajén moral nu kapanggih, sarta nyindekkeun sakabéh data anu geus dianalisis.

3.3 Instrumén Panalungtikan

(22)

34

Format kartu datana téh nya éta saperti ieu di handap. 1) Kartu data téma dongéng

Data struktur carita nu dianalisis téh dibéré kode saperti ieu di handap. T : Téma

(23)

35

PU : Palaku Utama PT : Palaku Tambahan A : Amanat

Data dongéng nu dianalisis dibéré kode, nya éta saperti ieu di handap. I : Tukang Samangka jeung Baramaén

II : Tukang Batu

III : Sasakala Reungit Nyeuseup Getih IV : Ibnu Hajar

V : Bola Gondong VI : Marebutkeun Orok VII : Paménta Oray

VIII : Sasakala Désa Bunigeulis IX : Séro jeung Keuyeup X : Hikmah

XI : Sasakala Cabé Lada

XII : Oray Salak jeung Daun Pulus XIII : Kasedih Munding

XIV : Kuring Sakadang Peucang XV : Kuda, Uncal, jeung Maung XVI : Cai Laut Asin

XVII : Sasakala Lutung leuwih Saeutik batan Monyét

Conto analisis data tina kartu data téma dongéng, nya éta : ...sikep kumed bakal ngarugikeun diri. (1/T/I/2355/45/4)

Cutatan téks : “Euweuh Aki! Boro-boro bisa méré, puguhan ti tatadi ogé can payu

hiji-hiji acan!” témbal tukang samangka bari jamotrot. “Dibikeun ka didinya mah kuriak waé tambah sial geura engkéh!” pokna deui.

(24)

Tabél 3.1

Format Tabél Ajén Moral dina Struktur Carita Dongéng Manglé Alit Taun 2012

No. Kode Dongéng

Jenis Dongéng

Struktur Carita Ajén

Moral Indikator (+/-)

Hubu -ngan (V/H)

Ciri Ajén Moral

Téma

Palaku Amanat Tanggung

Jawab

Ati Nurani

Kawaji-ban

Sipatna Formal Utama Tambahan

(25)

37

Tabél 3.2

Format Penggolongan Ajén Moral Dongéng-dongéng Manglé Alit 2012

No. Ajén Moral

Indikator

Kode Dongéng

Hubungan (H/V) Moral

Hadé (+)

Moral Goréng (-)

Katerangan :

+ : Sikep nu saluyu jeung norma moral/ hadé/ positif - : Sikep nu teu saluyu jeung norma moral/ goréng/ négatif H : Horizontal (hubungan jeung Gusti Pangéran)

V : Vértikal (hubungan jeung papada mahluk)

3.4 Desain Panalungtikan

(26)

38

Ema Rohimah, 2013 Bagan 3.1

Desain Panalungtikan

3.5 Sumber Data

Nangtukeun Masalah

Ngawatesan jeung Ngarumuskeun Masalah

Nangtukeun Sumber Data Nangtukeun jeung Nyusun

Instrumén

Ngumpulkeun Data

Nganalisis jeung Ngolah Data

Nyieun Kacindekan

Nyusun Laporan Nangtukeun jeung Nyusun

Téhnik Panalungtikan Nangtukeun Métode

(27)

39

(28)

40

(29)

41

44. Sasakala Gunung Guntur

(30)

42

Ema Rohimah, 2013

Tina 54 dongéng, dipilihan dongéng-dongéng anu sakirana luyu jeung éta kritéria. Éta dongéng-dongéng pilihan téh ngawengku 5 dongéng fabél, 5 dongéng farabél, 5 dongéng sasakala, jeung 2 carita paranabi/wali. Jadi, jumlah dongéng anu dianalisis ajén moralna téh aya 17 dongéng nu béda-béda jenisna. Hal ieu nyoko kana watesan masalah dina ieu panalungtikan. Ieu hal téh miboga tujuan sangkan panalungtikan bisa leuwih museur, jeung teu lega teuing ambahanana. Dongéng-dongéng nu dianalisis téh kaunggel dina tabél 3.2 ieu di handap.

Tabél 3.4

Dongéng – dongéng anu dianalisis

(31)

43

Sangkan ieu panalungtikan téh puguh maksud, tujuan, jeung udaganna, baris ditataan wangenan istilah anu aya patalina jeung ieu panalungtikan, nya éta. 1) Ajén moral

Ajén moral nya éta nilai-nilai atawa norma-norma ajaran kasusilaan ngeunaan hadé goréng jeung bener salahna kalakuan, sikep, kawajiban, jeung adat sopan santun, anu dijadikeun alesan atawa cecekelan dina kahirupan.

2) Struktur carita dongéng

(32)

44

Ema Rohimah, 2013

3) Bahan pangajaran maca

Bahan pangajaran maca nya éta matéri anu rék ditepikeun ka siswa dina kagiatan diajar-ngajar sangkan nambahan pangaweruh jeung pangalamanana, patali jeung tarékah ngaronjatkeun kaparigelan maca.

(33)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan

Tujuan ieu panalungtikan téh nya éta pikeun ngadéskripsikeun ajén moral anu aya dina dongéng-dongéng dina majalah Manglé, nya éta dina Manglé Alit anu medal taun 2012, ti édisi bulan Januari nepi ka Désémber 2012. Éta dongéng-dongéng téh dianalisis ajén moralna dumasar kana struktur caritana, tuluy hasil analisisna dilarapkeun kana bahan pangajaran maca dongéng di SMP.

Tina hasil analisis panalungtikan, dihasilkeun sababaraha kacindekan, nya éta saperti di handap.

1) Dongéng-dongéng anu kainventarisir dina Manglé Alit anu medal taun 2012, aya 54 judul dongéng. Dumasar kana jenisna, éta dongéng-dongéng téh bisa digolongkeun jadi opat jenis dongéng, anu ngawengku dongéng fabél aya 19 dongéng (35,18%), dongéng farabél 15 dongéng (27,77%), dongéng sasakala 17 dongéng (31,48%), jeung carita paranabi/wali tilu dongéng (5,55%). Tina 54 dongéng, dipilihan dongéng-dongéng anu sakirana luyu jeung kritéria anu geus dipedar dina watesan masalah panalungtikan. Éta dongéng-dongéng pilihan téh ngawengku lima dongéng fabél, lima dongéng farabél, lima dongéng sasakala, jeung dua carita paranabi/wali. Jadi, jumlah dongéng anu dianalisis téh aya 17 dongéng nu béda-béda jenisna. Dongéng anu dianalisis dina ieu panalungtikan téh, nya éta Tukang Samangka jeung Baramaén, Tukang Batu, Sasakala Reungit Nyeuseup Getih, Ibnu Hajar, Bola Gondong,

Marebutkeun Orok, Paménta Oray, Sasakala Désa Bunigeulis, Séro jeung

Keuyeup, Hikmah, Sasakala Cabé Lada, Oray Salak jeung Daun Pulus,

Kasedih Munding, Kuring Sakadang Peucang, Kuda, Uncal, jeung Maung, Cai

Laut Asin, jeung Sasakala Lutung leuwih Saeutik batan Monyét.

(34)

155

ngaréngsékeun pasualan, kagambar dina dongéng Tukang Batu jeung Sasakala Cabé Lada, téma ngagugu teuing hawa napsu bakal mawa mamala, kagambar

dina dongéng Sasakala Reungit Nyeuseup Getih, jeung dongéng Kuda, Uncal, jeung Maung, téma daék ihtiar jeung sabar bakal bisa ngahontal naon nu

dicita-citakeun, kagambar dina dongéng Ibnu Hajar, téma sirik bakal mawa mamala goréng kagambar dina dongéng Bola Gondong, téma kawijaksanaan jeung kaadilan Nabi Sulaiman A.S., kagambar dina carita paranabi Marebutkeun Orok, téma kawijaksanaan jeung kaluhungan budi Nabi Nuh A.S., kagambar

dina carita paranabi Paménta Oray, téma daék ihtiar jeung teu putus pangharepan pikeun ngahontal tujuan, kagambar dina dongéng Sasakala Désa Bunigeulis, téma kalakuan goréng pasti meunang wawalesna, kagambar dina

dongéng Séro jeung Keuyeup, téma sabar jeung tawekal bakal mawa berkah kagambar dina dongéng Hikmah, téma nu asih dipulang sengit (kalakuan hadé dibales kagoréngan) kagambar dina dongéng Oray Salak jeung Daun Pulus, téma agul bakal mawa mamala kagambar dina dongéng Kasedih Munding jeung Kuring Sakadang Peucang, téma unggal kaputusan bakal aya risikona kagambar dina dongéng Sasakala Lutung leuwih Saeutik batan Monyét; 2) Palaku, anu ngalalakon dina éta dongéng-dongéng téh réréana manusa, katitén dina salapan dongéng tina 17 dongéng anu dianalisis, nya éta dongéng Tukang Samangka jeung Baramaén, Tukang Batu, Sasakala Reungit Nyeuseup Getih,

Ibnu Hajar, Bola Gondong, Marebutkeun Orok, Sasakala Désa Bunigeulis,

Hikmah, jeung Cai Laut Asin. Palaku séjén anu ngalalakon téh aya ogé bangsa

sato, jumlahna aya lima dongéng, nya éta dongéng Séro jeung Keuyeup, Oray Salak jeung Daun Pulus, Kuring Sakadang Peucang, Kuda, Uncal, jeung

Maung, jeung Sasakala Lutung leuwih Saeutik batan Monyét. Dongéng anu

palakuna manusa jeung sato aya dua dongéng, nya éta dongéng Kasedih Munding jeung carita paranabi Paménta Oray. Dongéng anu palakuna manusa

(35)

156

sukur sarta tumarima kana kaayaan diri, katitén dina dongéng Tukang Batu, Bola Gondong, jeung Cai Laut Asin, amanat ulah ngagugu teuing kana hawa

napsu, katitén dina dongéng Sasakala Reungit Nyeuseup Getih, jeung dongéng Kuda, Uncal, jeung Maung, amanat kudu daék ihtiar jeung sabar tawekal,

katitén dina dongéng Ibnu Hajar, amanat ulah sok ngabohong dina carita paranabi Marebutkeun Orok, amanat kudu wijaksana jeung adil dina mutuskeun hiji hal dina dongéng Paménta Oray, amanat kudu daék ihtiar jeung teu putus pangharepan dina dongéng Sasakala Désa Bunigeulis, amanat ulah sok telenges dina dongéng Séro jeung Keuyeup, amanat kudu sabar dina nyanghareupan pasualan, sabab sagala rupa hal nu tumiba ka diri pasti aya hikmahna, katitén dina dongéng Hikmah, amanat kudu sukur kana milik diri, katitén dina dongéng Sasakala Cabé Lada, amanat kudu nyaho dimulang tarima dina dongéng Oray Salak jeung Daun Pulus, amanat ulah mawa karep sorangan, katitén dina dongéng Kasedih Munding, amanat ulah agul, dina dongéng Kuring Sakadang Peucang, jeung amanat ulah gagabah dina dongéng Sasakala Lutung leuwih Saeutik batan Monyét.

(36)

157

tur mawa karep sorangan, jeung ulah gagabah, moral goréngna gagabah. Dumasar kana nuduhkeun hubunganana, kaguar yén ajén moral anu nuduhkeun hubungan sacara vertikal atawa hubungan langsung jeung Gusti Pangéran téh aya dua ajén, nya éta kufur nikmat jeung tawekal. Sedengkeun anu nuduhkeun hubungan sacara horizontal atawa hubungan jeung papada mahluk mah aya 13, nya éta béréhan, sabar jeung daék ihtiar, silih tulung ka sasama, wijaksana jeung adil, jujur, nyaah ka papada mahluk, satia, ulah kumed, ulah ngagugu kana hawa napsu, ulah sirik, ulah telenges, ulah agul tur mawa karep sorangan, jeung ulah gagabah. Lian ti éta, kapanggih ogé ngeunaan dongéng-dongéng

paranabi Marebutkeun Orok, Paménta Oray, dongéng Sasakala Lutung leuwih Saeutik batan Monyét. Sarta aya dalapan dongéng nu kaasup kana ciri ajén

moral nu sipatna formal, nya éta dongéng Tukang Samangka jeung Baramaén, Tukang Batu, Sasakala Reungit Nyeuseup Getih, Ibnu Hajar, carita paranabi

Marebutkeun Orok, Paménta Oray, dongéng Hikmah, jeung Sasakala Cabé

Lada.

(37)

158

Bunigeulis; 8) Hikmah; 9) Sasakala Cabé Lada; 10) Oray Salak jeung Daun

Pulus; 11) Kasedih Munding; 12) Kuring Sakadang Peucang; 13) Kuda,

Uncal, jeung Maung; 14) Cai Laut Asin; jeung 15) Sasakala Lutung leuwih

Saeutik batan Monyét. Dongéng nu teu luyu dijadikeun bahan ajar nya éta

Sasakala Reungit Nyeuseup Getih jeung dongéng Séro jeung Keuyeup.

5.2 Rékoméndasi

Dumasar kana hasil panalungtikan, aya sababaraha saran anu ditepikeun pikeun kamekaran panalungtikan ka hareupna, nya éta saperti ieu di handap. 1) Pikeun Guru Basa Sunda

Nilik kana kaayaan kiwari, balukar tina kamekaran jaman jeung gaya hirup anu geus kapangaruhan ku budaya luar, teu saeutik di antara parasiswa anu boga sawangan yén diajar dongéng téh teu penting. Faktor séjén anu ngabalukarkeun hal ieu téh, nya éta penyebaran dongéng éta sorangan geus jarang, hésé ditéangan. Pikeun narékahan hal éta, paraguru kudu leuwih rancagé deui dina milih bahan pangajaran anu sakirana babari ditéangan, boh ku parasiswa, boh ku guru éta sorangan. Salah sahijina nya éta nu aya dina majalah, anu sumebar di masarakat umum. Ku kituna, ku ayana panalungtikan ngeunaan analisis ajén moral dina dongéng-dongéng majalah Manglé Alit ieu, bisa dijadikeun salah sahiji alternatif pikeun ngeuyeuban pilihan bahan ajar pangajaran dongéng di sakola.

2) Pikeun Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

Ieu panalungtikan medar ngeunaan ajén moral dina struktur carita dongéng Manglé Alit taun 2012. Tangtu garapan dina ieu panalungtikan téh masih

(38)

DAPTAR PUSTAKA

Aminuddin. (2004). Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru Algesindo.

Bertens, K. (2011). Etika. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

Budiningsih, C. Asri. (2004). Pembelajaran Moral. Jakarta: PT. Rineka Cipta. Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat Utama. Danandjadja, James. (2007). Folklor Indonesia: Ilmu Gosip, Dongeng, dan

lain-lain. Jakarta: PT. Pustaka Utama Grafiti.

Darmadi, Hamid. (2009). Dasar Konsep Pendidikan Moral. Bandung: CV. Alfabeta.

De Vos, H. (1987). Pengantar Etika. Yogyakarta: PT. Tiara Wacana Yogya. Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Herlina, Lina. (2005). “Ajén Moral dina Novel Rusiah nu Goréng Patut Karangan Soekria – Joehana pikeun Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di SMP”. Skripsi Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung: teu diterbitkeun.

Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra. Bandung: CV. Geger Sunten.

Isnendes, Chye Retty. (2010). Kajian Sastra. Bandung: Daluang Publishing. Jamaluddin. (2003). Problematika Pembelajaran Bahasa dan Sastra. Yogyakarta:

Adicita Karya Nusa.

Komalasari, Kokom. (2010). Pembelajaran Kontekstual, Konsep, dan Aplikasi. Bandung: PT. Refika Aditama.

Koswara, Dedi. (2009). (Diktat) Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Mulyasa, E. (2008). Standar Kompetensi dan Sertifikasi Guru. Bandung: PT. Remaja Rosda Karya.

(39)

160

Ruhaliah. (2002). (Diktat) Sajarah Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah.

Sudaryat, Yayat. (2004). Élmuning Basa. Bandung: Walatra.

Sumardjo, Jacob jeung Saini K.M. (1986). Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: PT. Gramedia.

Stanton, Robert. (2012). Teori Fiksi Robert Stanton. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Tamsyah, Budi Rahayu. (1996). Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia.

Tamsyah, Budi Rahayu. spk. (2008). Kamus Sunda-Sunda. Bandung: CV. Pustaka Setia.

Tarigan, Guntur. (2008). Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Tim Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran. (2006). Kurikulum dan Pembelajaran. Bandung: Jurusan Kutekpen FIP UPI.

Figur

Memperbarui...

Referensi

Memperbarui...