• Tidak ada hasil yang ditemukan

ANALISIS KECAP SULUR DINA NOVÉL PIPISAHAN KARANGAN RAF PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BASA SUNDA DI SMA.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "ANALISIS KECAP SULUR DINA NOVÉL PIPISAHAN KARANGAN RAF PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BASA SUNDA DI SMA."

Copied!
28
0
0

Teks penuh

(1)

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

ANALISIS KECAP SULUR DINA NOVÉL PIPISAHAN KARANGAN RAF

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BASA SUNDA DI SMA

SKRIPSI

Disusun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Ujian Sidang Sarjana

Pendidikan

Kania Nurlatifah

0902432

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

BANDUNG

(2)

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

ANALISIS KECAP SULUR DINA NOVÉL

PIPISAHAN KARANGAN RAF PIKEUN

BAHAN PANGAJARAN MACA BASA

SUNDA DI SMA

Oleh

Kania Nurlatifah

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Kania Nurlatifah 2013

Universitas Pendidikan Indonesia

Juli 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(3)

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

(4)

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

ANALISIS KECAP SULUR DINA NOVÉL PIPISAHAN KARANGAN RAF PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BASA SUNDA DI SMA *)

Kania Nurlatifah **)

0902432

ABSTRAK

Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan banyaknya kata ganti yang muncul dalam percakapan dan kalimat yang ada pada novel Pipisahan karangan

RAF, deskripsinya mencakup bentuk, fungsi dan ma’na kata ganti tersebut. Kata

ganti tersebut dijadikan materi pembelajaran untuk siswa SMA kelas XI.

Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode analisis deskriftif dan tehnik studi pustaka.

Berdasarkan hasil analisis, dapat disimpulkan bahwa dalam novel Pipisahan karangan RAF terdapat 58 kata ganti dengan frekuensi pemakaian 2982 kali. Kata

ganti memiliki bentuk, fungsi dan ma’na. Bentuk kata ganti meliputi kata asal, kata imbuhan, dan kata ulang.Kata ganti berfungsi sebagai:kata ganti orang, kata ganti kepunyaan, kata ganti petunjuk, kata ganti tanya, dan kata ganti tak tentu.

Kata ganti berdasarkan ma’nanya ma’na orang (I, II, II jamak dan tunggal), ma’na kepunyaan (otang ke I, II, II), ma’na petunjuk (hal/cara, sebab, tempat, umum), ma’na pertanyaan (sebab, cara, orang, jumlah, dan umum), ma’na tak tentu (hal,

tempat, orang, dan jumlah).

Adapun sumbangsihnya bagi dunia pendidikan, penelitian ini bisa dijadikan bahan pelajaran. Disamping di dalamnya terdapat pengetahuan bahasa, juga mengenalkan kepada peserta didik tentang macam-macam bentuk, fungsi dan

ma’na kata ganti.

*) Skripsi ini dibimbing oleh Pembimbing I:Dr.H.Yayat Sudaryat, M.Hum, dan Pembimbing II: Dr. Dedi Koswara, M.Hum.

(5)

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

(6)

vi

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

Kaca

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS PANUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... vii

DAPTAR TABÉL ... x

DAPTAR BAGAN ... xiiii

DAPTAR LAMPIRAN ... xiv

DAPTAR SINGGETAN ... xv

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Identifikasi jeung Rumusan Masalah ... 5

1.2.1 Identifikasi Masalah ... 5

1.2.2 Rumusan Masalah ... 5

1.3 Tujuan Panalungtikan... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 6

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 6

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 6

1.5 Raraga Tulisan ... 6

BAB II ULIKAN TÉORI JEUNG ANGGAPAN DASAR ... 8

(7)

vii

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

2.1.1 Kalungguhan Kecap dina Adegan Basa Sunda ... 8

2.1.2 Wangenan Kecap ... 10

2.1.3 Sifat Kecap ... 11

2.1.4 Papasingan Kecap ... 12

2.1.4.1 Wangun Kecap ... 12

2.1.4.2 Warna Kecap ... 14

2.2 Kecap Sulur ………... 17

2.2.1 Wangenan Kecap Sulur (Gaganti) ... 20

2.2.2 Wangun Kecap Sulur ... 20

2.2.3 Fungsi Kecap Sulur ... 21

2.2.4 Ma’na Kecap Sulur ... 24

2.3 Basa Sunda dina Karya Sastra Novél ... 26

2.3.1 Novél ... 26

2.3.1 Patalina Basa jeung Karya Sastra ... 27

2.4 Kecap Sulur dina Pangajaran Maca Basa Sunda... 28

2.4.1 Ambahan Bahan Ajar ... 28

2.4.2 Tujuan Pangajaran Basa jeung Sastra ... 30

2.4.3 Pangajaran Maca Basa Sunda ... 31

2.4.4 Kecap Sulur dina Bacaan ... 32

2.5 Anggapan Dasar ... 34

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 35

(8)

viii

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

3.2 Desain Panalungtikan ... 35

3.3 Métode Panalungtikan ... 36

3.4 Définisi Operasional... 36

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 37

3.5.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 38

3.5.2 Téhnik Analisis Data ... 43

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN KECAP SULUR DINA NOVÉL PIPISAHAN KARANGAN RAF PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA ... 41

4.1 Data Kecap Rajékan ... 41

4.2 Analisis Wangun, Fungsi, jeung Ma’na Kecap Sulur ... 44

4.2.1 Wangun Kecap Sulur ... 44

4.2.1.1 Kecap Sulur Salancar ... 44

4.2.1.2 Kecap Sulur Rundayan ... 45

4.2.1.3 Kecap Sulur Rajékan ... 46

4.2.2 Fungsi Kecap Sulur ... 48

4.2.2.1 Fungsi Gaganti Jalma ... 51

4.2.2.2 Fungsi Gaganti Milik ... 53

4.2.2.3 Fungsi Gaganti Panuduh ... 54

4.2.2.4 Fungsi Gaganti Pananya ... 56

4.2.2.5 Fungsi Gaganti Teu Tangtu ... 57

4.2.3 Ma’na Kecap Sulur ... 58

(9)

ix

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

4.3.3.2 Ma’na ‘Jalma Kadua’ ... 61

4.3.3.3 Ma’na ‘Jalma Katilu’ ... 61

4.3.3.4 Ma’na ‘Panuduh Hal/Cara’ ... 62

4.3.3.5 Ma’na ‘Panuduh Tempat’ ... 62

4.3.3.6 Ma’na ‘Panuduh Umum’... 63

4.3.3.7 Ma’na ‘Pananya Alesan/Sabab’ ... 64

4.3.3.8 Ma’na ‘Pananya Cara’... 64

4.3.3.9 Ma’na ‘Pananya Jalma’ ... 64

4.3.3.10 Ma’na ‘Pananya Jumlah’ ... 64

4.3.3.11 Ma’na ‘Pananya Umum’... 65

4.3.3.12 Ma’na ‘Milik Jalma Kahiji’ ... 65

4.3.3.13 Ma’na ‘Milik Jalma Katilu’ ... 65

4.3.3.14 Ma’na ‘Nu Teu Tangtu’ ... 65

4.3 Pangajaran Kecap Sulur dina Pangajaran Maca... 66

4.3.1 Ambahan Bahan Ajar Kecap Sulur ... 66

4.3.2 Indikator jeung Tujuan Bahan Ajar Kecap Sulur dina Pangajaran Maca ... 66

4.3.3 Pidangan Bahan Ajar Kecap Sulur dina Pangajaran Maca ... 67

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 70

5.1 Kacindekan ... 70

5.2 Saran ... 71

DAPTAR PUSTAKA ... 72

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 74

(10)

x

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

(11)

1

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

BAB I

BUBUKA

1.1.Kasang Tukang Masalah

Ti mimiti gumelar dialam dunya, manusa merlukeun komunikasi anu penting

dina kahirupanana. Tanpa komunikasi, manusa moal bisa hirup kumbuh campur

gaul jeung lingkungan sabudeureunana. Salasahiji alat komunikasi pikeun manusa

diantarana basa.

Basa nya éta sistem lambang sora omongan anu dihasilkeun ku pakakas ucap

manusa. Lambang nya éta hal anu ngawakilan hiji hal. Unggal bagéan tina basa

miboga fungsi pikeun ngawakilan hiji hal. Tegesna basa téh miboga makna.

Ma’na basa éta patali jeung sagala aspék kahirupan dina alam sabudeureun masarakat pamakéna.

Basa mangrupa alat atawa wujud budaya anu digunakeun manusa pikeun silih

interaksi boh dina basa lisan boh dina basa tulisan ogé dina basa isarat (body

language). Basa lisan dikedalkeun ngaliwatan lambang sora omongan atawa

media caritaan, basa tulisan dikedalkeun ngaliwatan lambang aksara atawa media

tinulis, ari basa isarat mah husus basa anu maké komunikasi manual (gerak awak

jeung gerak biwir, heunteu ngagunakeun sora). Ayana basa lisan, basa tulisan,

jeung basa isarat, mangrupa bukti yén basa téh alat komunikasi anu heunteu bisa

lepas tina lumangsungna kahirupan manusa. Jadi sacara hakékat basa minangka

alat komunikasi manusa pikeun nepikeun eusi pikiran, rasa jeung ide atawa

gagasan.

Dina makéna basa, manusa bisa nyaluyukeun diri jeung adat istiadat,

paripolah katut tata krama di masarakat. Ku kituna dina basa nu dipaké ku

masarakat Sunda dipikawanoh undak-usuk basa atawa tatakrama basa Sunda.

Basa Sunda nu dipaké ku masarakatna luyu jeung kamekaran jaman, nya éta

kamekaran kahirupan sosial budaya katut kamekaran élmu pangaweruh jeung

(12)

2

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Basa lamun dipatalikeun jeung pangajaran di sakola, lain ngeunaan

tatabasana tapi ngeunaan kaparigelan dina ngagunakeun basa. Kaparigelan basa

téh penting pisan dipiboga ku unggal manusa, sabab basa hiji jalma téh mangrupa

ébréhan tina pikiranana. Aya opat kaparigelan basa nya éta ngaregepkeun, maca,

nulis jeung nyarita. Éta kaparigelan téh mangrupa totalitas kamahér anu

gembleng, teu bisa dipilah-pilah deui. Hiji jalma dianggap ngabogaan kaparigelan

basa lamun éta jalma téh parigel ngaregepkeun, maca, nulis, jeung nyarita.

Dina kahirupan sapopoé, aya dua tahapan diajar basa. Tahap kahiji mangrupa

tahapan diajar ngaregepkeun jeung nyarita. Kagiatanana lumangsung sacara lisan.

Tahap kadua nya éta mangrupa kagiatan diajar maca jeung nulis, anu kagiatanana

lumangsung ngaliwatan lambang aksara atawa tulisan.

Basa anu dipaké ku panyatur, pangarang, atawa nu nulis bisa kapangaruhan

ku rupa-rupa faktor. Upamana baé saha nu nyarita, iraha jeung dimana éta prosés

komunikasina lumangsung. Ieu hal téh saluyu jeung pamadegan élmu pragmatik

anu maluruh bagbagan makéna basa jeung nangtukeun luyu heunteuna adegan

basa dina hiji kaayaan.

Nilik kana fungsi basa nya éta alat komunikasi pikeun nepikeun eusi pikiran,

rasa jeung ide atawa gagasan boh sacara lisan boh sacara tulisan, basa bisa dipaké

dina wangun fiksi jeung wangun non fiksi.. Hal ieu tangtu patali jeung

kaparigelan basa nya éta maca jeung nulis.

Minangka salasahiji kaparigelan basa, maca mangrupa prosés ngalisankeun

basa tinulis anu tujuanana pikeun nyangkem eusi atawa informasi tina bahan

bacaan. Maca bisa jadi salahsahiji cara pikeun ngama’naan, nafsirkeun, jeung

ngajén lambang tinulis dina karangan boh wangun fiksi ogé boh wangun non

fiksi.

Dumasar kana standar kompetensi lulusan SMA/SMK/MA dina mata

pelajaran basa jeung sastra Sunda ngawengku opat aspék kaparigelan basa nya éta

ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Dina kaparigelan maca, siswa dipiharep

mampuh maca jeung maham rupa-rupa bacaan dina wangun prosa (sajarah,

(13)

3

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

percakapan, jeung puisi (sajak jeung wawacan). Ku kituna, siswa diperedih

sangkan bisa nyangkem eusi bacaan ngaliwatan maca karya sastra wangun fiksi.

Salian ti bisa nyangkem eusi bacaan éta, siswa dipiharep bisa parigel dina makéna

basa hususna dina nyurahan lambang anu aya dina bacaan éta.

Basa dina karya sastra heunteu mangrupa alat pikeun matalikeun tanda jeung

naon nu dipimaksud wungkul, tapi basa ogé mangrupa wujud éksprési

pangarangna anu tujuanana pikeun nepikeun informasi, amanat, eusi caritaan,

atawa sagala hal nu hayang ditepikeun pangarang ka nu maca.

Patalina antara basa jeung élmu sastra bisa katitén ku ayana wacana minangka

unsur gramatikal pangjembarna, anu ngawujud karangan atawa karya sastra

tulisan (novel, buku, artikel, jsté). Wacana mangrupa wangun basa anu diwangun

ku gumulungna kalimah jeung kecap. Dina karya sastra tulisan ayana maksud

atawa tujuan anu hayang ditepikeun pangarang ka nu maca. Maksud jeung tujuan

pangarang diébréhkeun ngaliwatan kecap-kecap anu ditulisna.

Kecap mangrupa wangun basa pangleutikna nu miboga harti sarta bisa madeg

mandiri dina omongan (Sudaryat, 2010:70). Élmu anu ngulik ngeunaan

pakecapan, kandaga kecap, jeung léksikon nya éta léksikologi. Sedengkeun tata

basa (gramatika) kaasup widang élmuning basa anu ngulik tata kecap jeung

kalimah. Tata kecap minangka salasahiji bagéan tina tata basa, maluruh jeung

medar adegan kecap, cara ngawangunna, jeung warna kecap. Tata kecap

mangrupa dadasar dina tata kalimah. Ku kituna, tata kecap raket patalina jeung

tata kalimah anu diulik ku morfosintaksis.

Kecap minangka bagéan pangleutikna tina kalimah miboga wangun anu

tangtu gumantung kana unsur pangwangunna nya éta morfém. Kecap anu

diwangun ku hiji morfém bébas disebutna kecap salancar, ari anu diwangun ku

dua morfém atawa leuwih disebutna kecap rékaan. Dina basa Sunda kecap rékaan

ngawengku kecap rundayan, kecap rajékan, kecap kantétan, jeung kecap

wancahan. Salian ti maluruh cara ngawangun kecap, tata kecap ogé maluruh

(14)

4

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Warna kecap mangrupa bagéan tina kalimah anu nangtukeun wangunan frasa

jeung klausa. Kecap dina basa Sunda dipasing-pasingkeun jadi dua warna kecap

nya éta kecap lulugu jeung kecap pancén. Hal ieu dumasar kana sipat, jeung

fungsina dina kalimah. Kecap lulugu nya éta warna kecap anu mibanda harti

léksikal, sipatna peka alam, budaya, jeung tempat, sarta umumna bisa dirobah

wangunna (Sudaryat, 2007:64). Anu kaasup warna kecap lulugu nya éta kecap

barang (nomina), kecap pagawéan (verba), kecap sipat (adjéktiva), kecap bilangan

(numeralia). Kecap sulur atawa kecap gaganti kaasup kana warna kecap barang.

Pedaran ngeunaan kecap sulur basa Sunda sacara husus geus loba nu

nalungtik. Pedaran ngeunaan kecap sulur basa Sunda kapanggih dina buku

diantarana Tata Basa Sunda Kiwari (Sudaryat, Spk. 2007), jeung Galuring Basa

Sunda (Tamsyah, Spk. 2010). Analisis kecap sulur dina karya sastra ogé geus aya

nu kungsi nalungtik. Panalungtikan anu geus dilaksanakeun nya éta “Kecap Sulur

dina Novel Sekar Karaton Karangan Aam Amilia pikeun Bahan Pangajaran Basa

Sunda di SLTP” (Evi, 2002).

Pikeun dunya atikan jeung kapentingan pangdeudeul pangajaran,

panalungtikan ngeunaan kecap sulur pikeun bahan pangajaran maca basa Sunda di

SMA perlu dilakukeun. Sanajan analisis ngeunaan kecap sulur saméméhna geus

aya nu nalungtik, ieu panalungtikan perlu dilakukeun lantaran bahan pangajaran

ogé dijieun dumasar kana kamekaran élmu pangaweruh jeung téhnologi

komunikasi anu beuki maju. Bahan pangajaran basa Sunda dijieun dumasar

kamekaran jaman miboga tujuan pikeun ngaronjatkeun kaparigelan basa jeung

sastra Sunda, kamampuh mikir jeung nalar, sarta kamampuh pikeun nambahan

wawasan siswa ngeunaan budaya Sunda.

Bédana panalungtikan ieu jeung panalungtikan saméméhna nya éta

panalungtikan ieu sacara husus nganalisis ngeunaan kecap sulur dumasar kana

wanda jeung fungsina anu kapanggih dina karya sastra wangun prosa nya éta

novél dipatalikeun jeung bahan pangajaran maca basa Sunda. Panalungtikan ieu

nganalisis kecap sulur dina novél Pipisahan karangan RAF. Novél anu

(15)

5

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

ditalak ku salakina tanpa alesan nu jelas. Novél ieu dipilih lantaran ieu buku

kalintang alusna boh dina segi eusi boh dina segi milih judul anu matak ngirut

jeung panasaran sangkan hayang maca. Salian ti éta, dina ieu novél ogé kapanggih

rupa-rupa kecap sulur anu bisa dijadikeun bahan pangajaran basa Sunda.

Analisis kecap sulur pikeun bahan pangajaran dina ieu panalungtikeun

ngamangpaatkeun média téhnologi informasi jeung komunikasi, sarta studi telaah

téks kana novél minangka objékna. Panalungtikan ngeunaan kecap sulur pikeun

bahan pangajaran maca basa Sunda di SMA heunteu sagawayah dilakukeun, hal

ieu nilik kana SKKD kelas XI nya éta maca novel. Ku kituna, panalungtikan anu

judulna “Analisis kecap Sulur dina Novel Pipisahan Karangan RAF pikeun Bahan

Pangajaran Maca Basa Sunda di SMA” baris ditalungtik.

1.2.Identifikasi jeung Rumusan Masalah

1.2.1. Identifikasi Masalah

Kecap sulur nya éta kecap anu dipaké pikeun nyuluran atawa ngaganti

kalungguhan kecap barang. Kecap sulur bisa kapanggih dina rupa-rupa makéna

basa Sunda boh lisan boh tulisan, ogé dina wangun fiksi jeung wangun non fiksi.

Tina pedaran masalah saméméhna yén kecap sulur bisa kapanggih dina novél

Pipisahan. Masalah anu dipedar dina ieu panalungtikan téh dihususkeun kana

kecap sulur dina novél Pipisahan pikeun bahan pangajaran maca basa Sunda.

Pedaranana dumasar kana fungsi, ma’na, katut patalina kecap sulur jeung bahan

pangajaran maca basa Sunda di SMA.

1.2.2. Rumusan Masalah

Patali jeung unsur-unsur kecap sulur, aya sawatara masalah anu perlu

dirumuskeun. Éta rumusan masalah téh ditepikeun dina wangun patalékan saperti

ieu di handap.

1) Kecap sulur naon baé anu kapanggih dina novél Pipisahan karangan RAF ?

2) Kumaha kecap sulur basa Sunda dina novél Pipisahan karangan RAF

(16)

6

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

3) Kumaha kecap sulur dina novél Pipisahan karangan RAF mun dipaké pikeun

bahan pangajaran maca basa Sunda di SMA ?

1.3.Tujuan Panalungtikan

Saluyu jeung kasang tukang katut rumusan masalah anu geus diébréhkeun,

tujuan ieu panalungtikan téh pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun kecap

sulur tina novél Pipisahan RAF. Ari déskripsina ngawengku:

1) Jumlah kecap sulur anu kapanggih dina novél Pipisahan karangan RAF;

2) Wangun, fungsi jeung ma’na kecap sulur dina novél Pipisahan karangan

RAF; jeung

3) Kecap sulur dina novél Pipisahan karangan RAF dipaké pikeun bahan

pangajaran maca Sunda di SMA.

1.4.Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat anu dipiharep tina panalungtikan ieu nya éta:

1.4.1. Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis dina ieu panalungtikan nya éta pikeun dunya paélmuan

sangkan nambahan informasi ngeunaan kecap sulur anu kapanggih dina karya

sastra wangun fiksi jeung jadi pangdeudeul kamus basa Sunda.

1.4.2. Mangpaat praktis

Mangpaat praktis dina ieu panalungtikan nya éta:

1) Pikeun panalungtik, dipiharep bisa ngajembaran pangaweruh ngeunaan kecap

sulur anu kapanggih dina novél;

2) Pikeun pangajaran, sangkan nambahan élmu pangaweruh ngeunaan kabasaan,

hususna kecap-kecap sulur anu aya dina karya sastra; jeung

3) Bisa dijadikeun pangdeudeul bahan pangajaran pikeun guru-guru dina

(17)

7

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

1.5.Struktur Organisasi Skripsi

Ieu tulisan ngeunaan sistematika panulisan ti unggal bagéan bab anu disusun

dina lima bab.

Bab I Bubuka eusina ngawengku: kasang tukang masalah, identifikasi jeung

rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga

tulisan.

Bab II Ulikan Tiori jeung Anggapan Dasar anu eusina medar perkara kecap sulur

dina basa Sunda katut patalina kecap sulur pikeun bahan pangajaran maca basa

Sunda jeung anggapan dasar.

Bab III Métode Panalungtikan ngawengku: métode panalungtikan, téhnik

panalungtikan, instrumén panalungtikan, jeung wangenan operasional.

Bab IV Hasil Panalungtikan jeung Pedaran anu eusina medar ngeunaan kecap

sulur anu kapanggih dina novél katut bahan pangajaran ngeunaan kecap sulur

jeung analisis kecap sulur dumasar kana wangun, fungsi, jeung ma’nana.

Bab V Kacindekan jeung Saran anu eusina ngadadarkeun kacindekan tina hasil

(18)

35

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

Anu dipedar dina ieu bab nya éta sumber data, desain panalungtikan, metode

panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, jeung téhnik

panalungtikan.

3.1. Sumber Data

Sumber data dina panalungtikan nya éta subjék ti mana éta data

dimeunangkeun (Arikunto, 2010: 172). Sumber data anu digunakeun dina ieu

panalungtikan nya éta novél Pipisahan karangan RAF (Rahmatullah Ading

Affandie), anu diterbitkeun ku Kiblat Buku Utama taun 2012. Ieu novél téh aya

110 kaca, kaasup jilid jeung daftar eusi. Data dina ieu panalungtikan nya éta

sakumna kalimah anu ngandung kecap sulur anu kapanggih dina novél Pipisahan

karangan RAF.

3.2. Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan mangrupa sakabéh prosés anu diperlukeun dina

ngararancang jeung ngalaksanakeun panalungtikan. Dina ieu panalungtikan aya

sababaraha léngkah pikeun ngararancang jeung ngalaksanakeun panalungtikan

nya éta : (1) ngecék data, tujuanna pikeun meunangkeun bebeneran nepi ka bisa

meunangkeun data nu bener, (2) nganomeran data dumasar kalimah jeung kacana,

(3) ngelompokeun jeung milah-milah data anu kaasup kecap sulur dumasar

sumber babandinganana, (4) nganalisis sakabéh kecap sulur dumasar wangun,

fungsi, jeung warnana (5) nyusun tabél kecap sulur sacara alfabét jeung nyatet

(19)

36

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Desain panalungtikan ieu bakal jéntré lamun dibagankeun saperti di handap

ieu:

Bagan III.1

Desain Panalungtikan Kecap Sulur dina Novél Pipisahan

3.3. Métode Panalungtikan

Dina nangtukeun métode téh perlu pisan lantaran mangrupa salasahiji léngkah

munggaran dina unggal panalungtikan. Métode panalungtikan dilakukeun sabab

mangaruhan kana hasil atawa heunteuna dina hasil ahir panalungtikan dumasar

kana tujuan anu baris di hontal. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan

nya éta métode analisis déskriptif.

Arikunto (2010:3) nyebutkeun yén métode déskriptif téh métode

panalungtikan anu miboga maksud pikeun nalungtik kaayaan, kondisi, situasi,

kagiatan, jeung sajabana. Anu didéskripsikeun dina ieu panaluntikan téh nya éta

perkara kecap sulur nu kapanggih dina novél Pipisahan karangan RAF minangka

sumber datana. Anapon anu bakal dianalisis nya éta ngawengku wangun, fungsi, jeung ma’na sakur kecap sulur dina éta sumber data.

3.4.Wangenan Operasional

(20)

37

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Pikeun nyingkahan salah tafsir, aya sawatara istilah nu perlu dijéntrékeun. Éta istilah téh patali jeung judul ieu panalungtikan nya éta “Analisis Kecap Sulur dina Novél Pipisahan Karangan RAF pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda di SMA”.

1) Analisis nya éta kajian atawa kagiatan nu dilaksanakeun kana hiji hal

pikeun nalungtik hal éta sacara leuwih jero.

2) Kecap Sulur nya éta kecap anu bisa dipaké pikeun nyuluran atawa

ngaganti kalungguhan kecap barang jeung naon-naon anu dianggap

barang.

3) Novel nya éta prosa rékaan (fiksi) nu naratif (ngawujud lalakon), umumna

panjang sarta galur caritaanana atawa plotna kompléks (ngarancabang). Ku

lantaran kitu wandana, novel mah bisa midangkeun rupa-rupa palaku,

kajadian, laluasa ngadéskripsikeun latar jeung ngahirupkeun karakter.

4) Bahan pangajaran mangrupa salasahiji komponén tina sistem pangajaran

anu salawasna silih deudeul jeung silih lengkepan antara komponén nu

hijij jeung komponén séjénna. Éta komponen the nya éta saperti tujuan,

guru, murid, sarana, fasilitas, jeung évaluasi pangajaran.

5) Maca nya éta prosés ngalisankeun basa tinulis anu tujuanana pikeun

nyangkem eusi atawa informasi tina bahan bacaan.

Jadi anu dimaksud “Analisis Kecap Sulur dina Novél Pipisahan Karangan RAF pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda di SMA” dina ieu panalungtikan téh nya éta kecap sulur basa Sunda nu aya dina novel Pipisahan

karangan RAF, nu dianalisis dumasar kana wangun, fungsi, jeung ma’nana,

pikeun bahan pangajaran maca basa Sunda di SMA.

3.5.Instrumén Panalungtikan

Dina prakna nganalisis data anu digunakeun panalungtik nya éta instrumén

(alat) nu mangrupa kartu data. Kartu data digunakeun pikeun ngumpulkeun data

(21)

38

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

dina sumber data nya éta dina novél Pipisahan karangan RAF kana kartu data.

Eusi kartu data nya éta ngawengku: nomer urut, kaca, kalimah, jeung data kecap

sulur. Satuluyna dianalisis ku cara merhatikeun kecapna dumasar kana wangun, fungsi, jeung ma’nana.

Conto kartu data:

Sakabéh data nu aya dina kartu data téh disusun sacara alfabétis dina wangun

tabél ieu di handap:

Tabél 3.1

Conto Tabél Rékapitulasi Data Kecap Sulur

No.

data

Adegan Kalimah F %

Data kecap sulur téh disusun terus dianalisis jeung dipasing-pasingkeun

dumasar kana wangun, fungsi, jeung ma’nana. Hasil analisis didéskripsikeun dina

wangun tabél, No Urut: --

Kode Data: (P/kaca/alinéa/kalimah)

kalimah : Pasti moal jauh ti dinya, ceuk pikirna

Wangun :

fungsi :

(22)

39

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

3.6 Téhnik Panalungtikan

Téhnik nya éta cara anu sistematis dina ngagawéan hiji hal. Téhnik

digunakeun pikeun salasahiji cara sangkan panalungtik bisa ngahontal kana

tujuan panalungtikan.Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta

téhnik ulikan pustaka jeung analisis dokumén atawa analisis téks.

Téhnik ulikan pustaka digunakeun pikeun méré gambaran kecap sulur basa

Sunda. Tujuanana sangkan bisa nganalisis hiji objék kalawan sistematis. Téhnik

analisis dokumén atawa analisis téks dilakukeun langsung kana novél Pipisahan

karangan RAF anu tujuanana pikeun néangan data ngeunaan kecap sulur.

Ngaliwatan ieu téhnik dipiharep perkara kecap sulur bakal bisa didéskripsikeun.

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Labov dina Sudaryat (2000:31) nétélakeun yén téhnik téks atawa studi

pustaka/studi bibliografi dipaké mun data basa anu dikumpulkeun asalna tina

sumber-sumber tinulis kayaning buku, majalah, koran jeung sajabana. Jadi ieu

panalungtikan téh ngajadikeun sumber tinulis salaku sumber datana ku cara

nganalisis catetan-catetan/dokumén atawa sumber tinulis éta. Ari sumber tinulis

anu bakal jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta novél Pipisahan

karangan RAF.

Prosedur ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan ngaliwatan

léngkah-léngkah saperti ieu di handap:

1) Maca data tina sumber data;

2) Nganomeran data dumasar kalimah jeung kacana;

3) Nyirian kalimah-kalimah anu ngandung kecap sulur anu aya dina novél

Pipisahan karangan RAF;

4) Nulis data anu kapilih kana korpus (kartu data) salian nangtukeun

idéntitasna;

5) Milah-milah korpus dumasar kana ciri-ciri nu sarua;

(23)

40

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu 7) Mindahkeun data tina korpus kana tabél/déskripsi data.

3.6.2 Téhnik Ngolah Data

Sanggeus data kakumpul, éta data tina sumber data diolah sacara gemet

ngaliwatan léngkah-léngkah ngolah data dina ieu di handap:

1) Mariksa deui data anu geus kakumpul kalawan gemet, sangkan mastikeun

data anu dimeunangkeun téh mangrupa kecap sulur anu aya dina sumber

data;

2) Sanggeus sakabéh kecap sulur kakumpul tur ditaliti kalawan gemet, kecap

sulur dina kalimah didaftarkeun kana tabél sacara alfabétis;

3) Ngitung frekuensi katut persentasena anu aya dina novél Pipisahan;

4) Nganalisis jeung ngadéskripsikeun kecap sulur dumasar kana wangun, fungsi, jeung ma’nana;

5) Nyieun bahan pangajaran kecap sulur basa Sunda luyu jeung Standar

Kompetensi Jeung Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa Jeung

(24)

69

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1. Kacindekan

Dina ieu panalungtikan dicindekkeun yén kecap sulur téh nya éta kecap anu

dipaké pikeun nyuluran atawa ngaganti kalungguhan kecap barang. Tina hasil

analisis data kecap sulur anu kapanggih dina novél Pipisahan karangan RAF aya

58 kecap sulur. Ari jumlah makéna dina wacana novél kapanggih aya 2982 kali.

Kecap sulur anu kapanggih téh nya éta: abdi, abdina, anjeun, anjeunna, anu,

aranjeunna, dieu, dieukeun, dikakuringkeun, dikananaonkeun, dinya, dinyah,

dinyana, ditu, dituna, éta, éta-éta, étana, ieu, ieuh, inya, inyah, iraha, itu, ituna,

karieu, kieu, kitu, kituna, kuma, kumaha, kuring, kuringan, kuringna, mana,

mana-mana, manéh, manéhna, maranéh, maranéhna, -na, naha, nanaon, naon,

naon-naon, naon-naonna, nu, pun, sabaraha, sababaraha, saha, sakitu,

sakitu-kituna, sakumaha, sasaha, saurang, urang jeung urangna.

Kecap sulur anu panglobana kapanggih atawa dipaké dina novél Pipisahan

karangan RAF, nya éta kecap kuring. Frékuénsi makena aya 763 kali (25, 58%).

Ari kecap sulur anu pangsaeutikna muncul nya éta kecap abdina, aranjeun,

dikananaonkeun, dinyah, éta-éta, étana, inya, inyah, kuringan, sakitu-kituna,

jeung urangna. Masing-masing frékuénsi makéna kecap dina wacana novél ngan

(25)

70

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Kecap-kecap sulur anu kapanggih dina novél téh dianalisis dumasar kana

wangun, fungsi jeung ma’nana. Hasil analisis bisa dicindekeun saperti kieu:

1) Disawang tina wangunna, kecap sulur téh aya nu mangrupa (1) kecap

salancar, (2) kecap rundayan, jeung (3) kecap rajékan. Kecap sulur salancar

anu kapanggih nya éta abdi, anjeun, anu, dieu, dinya, dinyah, ditu, éta, ieu,

ieuh, inya, inyah, iraha, itu, kieu, kitu, kuma, kuring, mana, manéh, naha,

naon, nu pun, sabaraha, saha, jeung urang. Kecap sulur rundayan nya éta

abdina, anjeunna, aranjeunna, dinyana, dituna, étana, ituna, dieukeun,

dikakuringkeun, dikananaonkeun, karieu, kuringna, kuringan, manéhna,

maranéh, (kecap sulur –na anu jumlahna 311), sakitu, sakumaha, saurang,

jeung urangna. Kecap sulur rajékan nya éta: éta-éta, mana-mana, naon-naon,

naon-naonna, nanaon, sasaha, sakitu-kituna, jeung sababaraha.

2) Disawang tina fungsina, kecap sulur dina novél Pipisahan karangan RAF

mibanda fungsi pikeun: (1) gaganti jalma (kahiji, kadua, katilu), (2) gaganti

milik (jalma I, II, II), (3) gaganti panuduh, (4) gaganti pananya, jeung (5)

gaganti nu teu tangtu.

3) Disawang tina ma’nana, kecap sulur dina novél Pipisahan karangan RAF

ngabogaan ma’na: (1) jalma kahiji (tunggal jeung jamak), (2) jalma kadua

(tunggal jeung jamak), (3) jalma katilu (tunggal jeung jamak), (4) panuduh

hal/cara, (5) panuduh tempat, (6) panuduh umum, (7) pananya alesan/sabab,

(8) pananya cara, (9) pananya jalma, (10) pananya jumlah, (11) pananya

umum, (12) milik jalma kahiji, (13) milik jalma katilu, (14) nu teu tangtu

(26)

71

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Kecap sulur tina novél Pipisahan karangan RAF bisa dijadikeun bahan ajar

maca di SMA. Indikator jeung matéri kecap sulur ogé heunteu lepas tina standar

kompetensi jeung kompetensi dasar basa Sunda. Dina midangkeun bahan ajar

kecap sulur dicutat heula wacana tina novél, tuluy dianalisis kecap sulurna sarta

siswa dipapancénan nyungsi kecap sulur tina bacaan.

5.2. Saran

Aya sawatara saran anu perlu ditepikeun dina ieu panalungtikan.

1) Ieu panalungtikan téh sumber datana nalungtik kecap sulur dina bahan bacaan

(wacana fiksi) nya éta wangun tinulis saperti novél Pipisahan karangan RAF.

Ku kituna, disarankeun aya panalungtikan séjén anu sumber datana tina

wangun lisan.

2) Ieu panalungtikan ngan saukur kecap sulur dumasar kana fungsi jeung

ma’nana. Ku kituna, perlu aya panalungtikan séjén anu ambahan kecap

sulurna leuwih lega.

3) Bahan pangajaran kecap sulur dina ieu panalungtikan sifatna tioritis kénéh

nya éta ngan saukur rarancang pangajaran anu can kana prak-prakanana dina

pangajaran. Ku kituna, kudu diayakeun panalungtikan kecap sulur anu

bahanna langsung diuji cobakeun ka siswa, sangkan bisa ningali kamampuh

(27)

72

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Buku

Affandie, Rahmatullah Ading. (2012). Pipisahan. Bandung: PT Kiblat Buku

Utama.

Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik.

Jakarta: Rineka Cipta.

Chaer, Abdul. (2007). Linguistik Umum. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata, R.A. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2006). Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa Sunda.

Jamaluddin. (2003). Bahasa Problematik Pembelajaran dan Sastra. Yogyakarta:

Adicita Karya Nusa.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. (2008). Palanggeran Éjahan Basa Sunda.

Bandung: Sonagar Press.

Kuswari jeung Hernawan. (2010). Sintaksis Basa Sunda. Bandung: JPBD FPBS

UPI.

Moleong, Lexy J. (2007). Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung: PT Remaja

Rosdakarya.

(28)

73

Kania Nurlatifah, 2013

Analisis Kecap Sulur Dina Novel Pipisahan Karangan Raf Pikeun Bahan Pangajaran Maca Basa Sunda Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu Bahasa Sunda. Jakarta: PT. Candimas Metropole.

Rahman. (2009). Model Mengajar & Bahan Pembelajaran. Jatinangor: Alqaprint.

Ruhaliah. (2010.) Sajarah Sastra Sunda Modern. JPBD FPBS UPI

Sudaryat, Yayat. (2009). Makna dalam Wacana. Bandung: Yrama Widya.

Sudaryat, Yayat. (2007). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.

Sudaryat, Yayat. (2010). Ulikan Fonologi Basa Sunda. Bandung: JPBD FPBS

UPI.

Tamsyah, Budi Rahayu. (2010). Galuring Basa Sunda. Bandung: CV Pustaka

Setia.

Tarigan, Henry Guntur. (1979). Membaca. Bandung: Angkasa.

Tarigan, Henry Guntur. (1985). Pengajaran Morfologi. Bandung: Angkasa.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.

Karya Ilmiah

Referensi

Dokumen terkait

Sangkan ieu panalungtikan leuwih museur jeung teu lega teuing ambahanna, dina ieu panalungtikan dianalisis wanda pakeman basa nu ngawengku paribasa, babasan, gaya basa,

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés. Ieu téhnik miboga tujuan pikeun nyangking data saméméh dibéré perlakuan jeung sanggeus

Ieu panalungtikan miboga udagan pikeun ngadéskripsikeun ajén falsafah anu aya dina upacara Séba Ciburuy Desa Pamalayan Kecamatan Bayongbong Kabupatén Garut pikeun bahan

Ajén Éstétika dina Upacara Tradisi Cingcowong di Désa Luragung Landeuh pikeun Alternatif Bahan Pangajaran Maca di SMA. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

ASPÉK SOSIAL DINA NOVÉL KABANDANG KU KUDA LUMPING KARYA AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA NOVÉL DI SMP (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG SOSIOLOGI SASTRA) Universitas

ANALISIS STRUKTURAL JEUNG SEMIOTIK DINA NOVÉL SAÉNI KARANGAN HADI AKS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA NOVÉL DI

pangajaran maca sajarah lokal téh perlu pikeun ditalungtik. Ku éta hal, ieu panalungtikan dilaksanakeun kalawan museur dina pasualan “ Éféktivitas Modél Pangajaran

Salian ti éta, hal séjén nu ngabédakeun jeung panalungtikan saméméhna, nya éta dina ieu panalungtikan téh diguar struktur caritana (téma, fakta carita, jeung