S BD 1105548 Chapter1

Teks penuh

(1)

Resna Setiawati, 2015

KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Basa nya éta sistem lambang omongan nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna (sistematis) tur ragem (konvénsional) antaranggota masarakat pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi (Sudaryat, 2004, kc. 6). Nurutkeun Tarigan (2009, kc. 3) manusa ngagunakeun basa salaku alat komunikasi pital dina kahirupan sapopoé, basa téh milik manusa, basa nya éta salah sahiji ciri pangbéda nu utama antara umat manusa jeung mahluk hirup lianna. Hartina, basa téh dijadikeun alat pikeun ngébréhkeun kahayang jeung maksud ka jalma lian dina kahirupan sapopoé. Dina penjelasan Pasal 36 UUD 1945 (Sumantri, 1993, kc. 5) salah sahiji basa anu aya di nagara Indonesia téh basa Sunda anu kaasup kana basa daérah nu dipaké, dipiara, tur dimekarkeun ku masarakat basana. Ku kituna, nagara ogé miara jeung ngajén kana basa Sunda anu mangrupa salah sahiji kabudayaan nasional.

Pedaran di luhur nétélakeun yén basa Sunda téh boga kalungguhan salaku basa daérah nu jadi cicirén bangsa sarta dipaké jadi alat komunikasi di masarakat nu ngagunakeun basana. Basa Sunda miboga pancén jeung fungsi nya éta (1) lambang kareueus masarakat Sunda, (2) lambang jati diri (idéntitas) masarakat Sunda, (3) alat paguneman di lingkungan kulawarga jeung masarakat Sunda, (4) pangdeudeul basa nasional, (5) basa panganteur di sakola dasar pikeun ngalancarkeun pangajaran basa Indonesia jeung pangajaran lianna, (6) alat pamekar jeung pangdeudeul budaya Sunda (Sudaryat, Prawirasumantri, jeung Yudibrata, 2011, kc. 2).

(2)

Resna Setiawati, 2015

KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

mangrupa kaparigelan basa anu silih pangaruhan antara kaparigelan nu hiji jeung nu séjénna.

Fungsi utama basa téh nya éta alat komunikasi pikeun nepikeun pesen anu ngawengku eusi pikiran, rasa, jeung kahayang ti hiji jalma ka jalma séjénna boh sacara lisan atawa sacara tulisan. Basa sacara tulisan bisa dipaké dina wangun fiksi jeung wangun non fiksi. Basa anu dipaké dina wangun fiksi tangtuna aya dina karya sastra.

Basa dina karya sastra mangrupa wujud ékspresi pangarang anu tujuanna nepikeun amanat tina carita ka anu maca. Patalina basa jeung sastra bisa katitén ku ayana runtuyan kecap-kecap anu ngawangun jalan carita. Kecap mangrupa bagian kalimah pangleutikna anu sipatna bébas sarta ngandung harti anu tangtu (Sudaryat, spk., 2011, kc. 48). Élmu anu ngulik ngeunaan kecap, kandaga kecap, jeung lélsikon nya éta léksikologi. Sedengkeun tata basa (gramatika) kaasup widang élmuning basa anu ngulik tata kecap jeung kalimah. Tata kecap minangka salah sahiji bagéan tina tata basa, maluruh jeung medar adegan kecap, cara ngawangunna, jeung warna kecap.

Tata kecap mangrupa bagian tina tata basa anu maluruh ngeunaan dua hal utama nya éta wangun kecap jeung warna kecap. Wangun kecap téh wujud kecap anu disawang tina morfém anu jadi unsur pangwangunna. Kecap anu diwangun ku hiji morfém bébas disebut kecap salancar, kecap anu diwangun ku dua morfém atawa leuwih disebut kecap rékaan atawa jembar. Sedengkeun warna kecap mangrupa bagian tina kalimah anu jadi tatapakan keur nangtukeun wangunan frasa jeung klausa.

Warna kecap téh dibagi jadi dua nya éta kecap lulugu jeung kecap pancén. Hal ieu dumasar kana sipat, fungsi sarta paripolah dina kalimah. Anu kaasup kana kecap lulugu nya éta kecap barang (nomina), kecap pagawéan (vérba), kecap sipat (adjéktiva), kecap bilangan (numeralia). Dina wanda kecap barang (nomina) diwincik jadi opat subwarna nya éta kecap sesebutan, kecap sulur, kecap panuduh, jeung kecap pananya.

(3)

Resna Setiawati, 2015

KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

bisa kapanggih dina karya sastra. Panalungtikan téh dipatalikeun jeung bahan ajar pikeun SMP. Ku ayana ieu panalungtikan dipiharep siswa leuwih maham kana harti atawa eusi anu aya dina karya sastra contona carpon. Lian ti éta pangajaran nurutkeun kurikulum 2013 nungtut siswa sangkan bisa nyangkem eusi bacaan dina karya sastra jeung bisa ngulik kabasaana hususna basa Sunda.

Carpon mangrupa salah sahiji sumber pangajaran pikeun SMP kelas VIII. Kecap sulur nu aya dina carpon téh bisa dimangpaatkeun pikeun alternatif bahan ajar sarta bisa digunakeun ku siswa dina ngébréhkeun eusi carpon, éta hal luyu jeung KIKD kurikulum 2013 nya éta KI 8.4 Mencoba, mengolah, dan menyaji dalam ranah konkret (menggunakan, mengurai, merangkai, memodifikasi, dan

membuat) dan ranah abstrak (menulis, membaca, menghitung, menggambar, dan

mengarang) sesuai dengan yang dipelajari di sekolah dan sumber lain yang sama

dalam sudut pandang/teori. Jeung KD 8.3.8 mengidentifikasi dan menganasilis Carpon sesuai dengan kaidah-kaidahnya, nu aya dina silabus kelas 8 (Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, 2013, kc. 19).

Analisis ngeunaan kecap sulur dina karya sastra Sunda geus aya nu nalungtik, di antarana waé, Kecap Sulur dina Novél Sekar Karaton Karangan Aam Amalia pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda di SLTP (Evi Nopianti Gantika, 2002); Kecap Sulur dina Novél Payung Butut Karangan Ahmad Bakri pikeun bahan

Pangajaran Basa Sunda di SMP (Ida Yuliani, 2005); Analisis Kecap Sulur dina

Novél Pipisahan Karangan RAF pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP (Kania

Nurlatifah, 2013).

Panalungtikan ngeunaan kecap sulur perlu dilakukeun sangkan jadi pangdeudeul élmu pangaweruh ngeunaan kabasaan jeung pangdeudeul bahan ajar basa Sunda. Lantaran bahan ajar ogé dijieun dumasar kana kamekaran élmu pangaweruh jeung téhnologi komunikasi anu leuwih maju.

(4)

Resna Setiawati, 2015

KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

sangkan hayang maca. Ku kituna, ieu panalungtikan dibéré judul “Kecap Sulur dina Kumpulan Carpon Ma Inung Néwak Cahaya Karya Mamat Sasmita pikeun Bahan Ajar di SMP”.

1.2 Rumusan Masalah

Warna kecap mangrupa bagian kalimah atawa unsur sintaksis pangleutikna tur jadi tatapakan keur nangtukeun wangunan frasa jeung klausa. Warna kecap téh dibagi jadi dua nya éta kecap lulugu jeung kecap pancén. Anu kaasup kecap lulugu nya éta kecap barang, kecap pagawéan, kecap sipat, jeung kecap bilangan. Kecap barang dibagi jadi opat subwarna salah sahijina kecap sulur atawa gaganti, kecap anu dipaké nyuluran atawa ngaganti kalungguhan kecap barang. Kecap sulur téh bisa digunakeun sacara lisan atawa tulisan dina basa Sunda. Sacara tulisan bisa kapanggih dina karya sastra contona carpon. Masalah nu aya dina ieu panalungtikan diwatesanan kana warna kecap anu kaasup kana wanda kecap barang nya éta kecap sulur dumasar kana wangun, fungsi jeung ma’na katut patalina kecap sulur dina carpon Ma Inung Néwak Cahaya jeung bahan ajar basa Sunda di SMP.

Ieu panalungtikan medar ngeunaan kecap sulur. Aya sawatara masalah anu dirumuskeun patali jeung kecap sulur nu disusun dina wangun pertanyaan ieu di handap.

1) Kecap sulur naon waé anu kapanggih dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya Karya Mamat Sasmita?

2) Kumaha wangun, fungsi, jeung harti kecap sulur basa Sunda dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya Karya Mamat Sasmita?

3) Kumaha saupama kecap sulur dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya Karya Mamat Sasmita dijadikeun bahan ajar di SMP?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Luyu jeung rumusan masalah di luhur, tujuan umum ieu panalungtikan nya éta pikeun nganalisis ngeunaan kecap sulur dina kumpulan carpon Ma Inung

Néwak Cahaya Karya Mamat Sasmita dumasar kana wangun, fungsi jeung

(5)

Resna Setiawati, 2015

KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ngeunaan kecap sulur anu kapanggih dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya Karya Mamat Sasmita, fungsi jeung ma’na kecap sulur anu kapanggih

dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya Karya Mamat Sasmita pikeun bahan ajar ngeunaan kecap sulur di SMP. Ari déskripsina ngawengku:

1) Jumlah kecap sulur anu kapanggih dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya Karya Mamat Sasmita;

2) Wangun, fungsi jeung ma’na kecap sulur dina kumpulan carpon Ma Inung

Néwak Cahaya Karya Mamat Sasmita; jeung

3) Bahan ajar kecap sulur dina maca carpon di SMP kelas VIII.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat anu dipiharep tina ieu panalungtikan nyoko kana mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara téoritis, anu dipiharep tina ieu panalungtikan nya éta: 1) Ngeuyeuban tiori tata basa nu aya, hususna ngeunaan kecap sulur. 2) Pikeun ngajembaran conto-conto kecap sulur.

3) Bisa dijadikeun tatapakan dinya nyusun panalungtikan séjénna ngeunaan kecap sulur.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun:

1) Pikeun guru bisa ngaronjatkeun atikan pangajaran basa Sunda utamana dina pangajaran kecap sulur.

2) Pikeun siswa bisa méré pangaweruh ngeunaan kecap sulur.

3) Pikeun panalungtik boga pangalaman langsung nganalisis kecap sulur dina karya sastra.

4) Pikeun lembaga, mangrupa sumbangan ilmiah pikeun panaratas panalungtikan ngeunaan kecap sulur;

(6)

Resna Setiawati, 2015

KECAP SULUR DINA KUMPULAN CARPON MA INUNG NÉWAK CAHAYA KARYA MAMAT SASMITA PIKEUN BAHAN AJAR DI SMP

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.5 Sistematika Tulisan

Ieu di handap diébréhkeun ngeunaan sistematika tulisan dina ieu panalungtikan anu disusun dina lima bab.

Bab I mangrupa bubuka atawa tahap munggaran dina ieu panalungtikan. Dina ieu bab dipedar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung sistematika tulisan.

Bab II ulikan tiori, eusina ngeunaan kecap sulur dina basa Sunda katut patalina kecap sulur pikeun bahan ajar di SMP, panalungtikan saméméhna, jeung kalungguhan tioritis.

Bab III mangrupa métode panalungtikan anu eusina ngeunaan desain panalungtikan, data jeung sumber data panalungikan, instrumén panalungtikan, téknik ngumpulkeun data, jeung analisis data.

Bab IV ngawengku hasil panalungtikan jeung pedaran anu eusina ngeunaan kecap sulur anu kapanggih dina kumpulan carpon Ma Inung Néwak Cahaya katut bahan ajar ngeunaan kecap sulur jeung analisis kecap sulur dumasar kana wangun, fungsi jeung ma’nana.

Figur

Memperbarui...

Referensi

Memperbarui...