AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAMATAN CIKATOMAS KABUPATÉN TASIKMALAYA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP.

31  22 

Loading.... (view fulltext now)

Loading....

Loading....

Loading....

Loading....

Teks penuh

(1)

763/FPBS/0251/2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG

ANU AYA DI KACAMATAN CIKATOMAS KABUPATÉN TASIKMALAYA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP

SKRIPSI

diajengkeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

INNASYA YUDITA SYAMSUDIN NIM 1005640

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

763/FPBS/0251/2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG

ANU AYA DI KACAMATAN CIKATOMAS KABUPATÉN TASIKMALAYA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP

Oleh:

Innasya Yudita Syamsudin

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana Pendidikan pada Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

Universitas Pendidikan Indonesia

©Innasya Yudita Syamsudin 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Juni, 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

763/FPBS/0251/2014

LEMBAR PENGESAHAN INNASYA YUDITA SYAMSUDIN

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG

ANU AYA DI KACAMATAN CIKATOMAS KABUPATÉN TASIKMALAYA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP

disaluyuan jeung disahkeun ku pangaping:

Pangaping I

Dr. Dedi Koswara, M.Hum. NIP 195906141986011002

Pangaping II

Dr. Ruhaliah, M.Hum. NIP 196411101989032002

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

(4)
(5)

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

NILAI PENDIDIKAN YANG TERDAPAT DALAM DONGENG-DONGENG YANG ADA DI KECAMATAN CIKATOMAS KABUPATEN TASIKMALAYA

UNTUK BAHAN PEMBELAJARAN MEMBACA DI SMP1

Innasya Yudita Sy2 ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh salah satu warisan kebudayaan yang ada di Jawa Barat yang kurang dijaga. Salah satu warisan kebudayaan itu adalah dongeng yang ada di Kecamatan Cikatomas Kabupaten Tasikmalaya. Tujuan dari penelitian ini adalah mendeskripsikan teks dongeng, mengidentifikasi struktur cerita dongeng, mendeskripsikan nilai pendidikan yang terdapat dalam dongeng, serta menyusun bahan pembelajaran membaca dongeng di SMP. Metode yang digunakan adalah metode deskriptif dengan tehnik studi pustaka, observasi, wawancara, dan dokumentasi. Hasil penelitiannya adalah: a) jumlah dongeng yang didapatkan di Kecamatan Cikatomas Kabupaten Tasikmalaya sebanyak dua puluh dua dongeng, b) dongeng-dongeng tersebut kemudian dideskripsikan teksnya, struktur ceritanya (tema, alur, latar, dan tokoh/pelaku), serta nilai pendidikan yang terdapat di dalamnya (nilai moral, sosial, dan agama), c) dongeng dengan tema moral berjumlah sebelas dongeng, tema sosial berjumlah enam dongeng, dan tema religius berjumlah lima dongeng, d) alur yang digunakan didominasi oleh alur maju, e) latar yang terdapat di dalam dongeng-dongeng tersebut meliputi latar sosial, tempat, dan waktu, f) nilai pendidikan yang ada di dalam dongeng-dongeng tersebut yaitu nilai moral dan sosial terdapat dalam semua dongeng, sedangkan nilai agama hanya terdapat dalam tujuh dongeng, g) dongeng-dongeng yang ada di Kecamatan Cikatomas Kabupaten Tasikmalaya bisa dijadikan bahan pembelajaran membaca dongeng di SMP kelas VII.

Kata kunci: nilai pendidikan, dongeng, struktur, bahan pembelajaran membaca

(6)

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu THE EDUCATION VALUE IN MYTHS

AT KECAMATAN CIKATOMAS KABUPATEN TASIKMALAYA AS A LEARNING OF READING MATERIALS

IN JUNIOR HIGH SCHOOL1 study technique, observation, interview, and documentation. The results of this research are: 1) the amount of myths contained in Kecamatan Cikatomas Kabupaten

Keywords: education value, myth, structure, reading study materials

1 The arrangements are under the guidance of the prescriptions Dr. Dedi Koswara, M.Hum. and Dr. Ruhaliah, M.Hum.

(7)

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

(8)

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN

TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAFTAR ISI

PERNYATAAN ...i

ABSTRAK ...ii

PANGJAJAP ...iii

TAWIS NUHUN ...iv

DAPTAR EUSI ...vii

DAPTAR BAGAN ...x

DAPTAR LAMPIRAN ...xi

DAPTAR SINGGETAN...xii

DAPTAR TABÉL ...xiii

BAB I BUBUKA ...1

1.1Kasang Tukang Panalungtikan ...1

1.2 Idéntifikasi Masalah Panalungtikan ...3

1.3 Rumusan Masalah Panalungtikan...3

1.4 Tujuan Panalungtikan ...4

1.5 Mangpaat/Signifikansi Panalungtikan ...4

1.5.1 Mangpaat Téoritis...4

1.5.2 Mangpaat Praktis ...5

1.6 Struktur Organisasi Skripsi ...5

BAB II DONGÉNG, STRUKTURALISME, JEUNG BAHAN PANGAJARAN ...6

2.1 Dongéng ...6

2.1.1 Wangenan Dongéng ...6

2.1.2 Sajarah Kamekaran Dongéng ...9

(9)

viii

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN

TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.1.4 Ciri-ciri Dongéng ...14

2.3.1 Wangenan Bahan Pangajaran ...23

2.3.2 Fungsi Bahan Pangajaran ...23

2.3.3 Kritéria Milih Pangajaran ...24

2.3.4 Bahan Pangajaran Maca ...25

2.3.4.1 Wangenan Maca ...25

2.3.4.2 Tujuan Maca ...26

2.3.4.3 Maca salaku Hiji Kaparigelan ...26

2.3.4.4 Téhnik Maca ...26

2.3.4.5 Pangajaran Maca dina KIKD Mata Pelajaran Basa Sunda ...28

2.4 Raraga Mikir ...32

2.5 Anggapan Dasar ...33

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN...34

3.1 Sumber Data Panalungtikan ...34

3.1.1 Data jeung Sumber Data...34

3.1.2 Subjék Panalungtikan ...34

3.1.3 Profil Lokasi Panalungtikan ...34

3.2 Desain Panalungtikan ...35

3.3 Métode Panalungtikan ...36

(10)

ix

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN

TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.5 Instrumén Panalungtikan ...38

3.6 Téhnik Panalungtikan ...40

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ...40

3.6.2 Téhnik Ngolah Data...40

3.7 Tahap Nyusun Laporan...40

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ...42

4.1 Hasil Panalungtikan ...42

4.1.1 Déskripsi Téks Dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya ...43

4.1.2 Idéntifikasi Struktur Carita dina Dongéng-dongéng anu Aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya...69

4.1.3 Ajén atikan anu Nyampak dina Dongéng-dongéng anu Aya di KacamatanCikatomas KabupaténTasikmalaya...130

4.1.4 Téks Dongéng anu Bisa Dijadikeun Bahan Pangajaran Maca ...150

4.1.5 Conto Bahan Pangajaran Maca Dongéng di SMP ...150

4.2 Pedaran Hasil Panalungtikan ...153

4.2.1 Déskripsi Téks jeung Struktur Carita Dongéng ...153

4.2.2 Ajén Atikan anu Nyampak dina Dongéng ...154

4.2.3 Bahan Pangajaran Maca Dongéng ...154

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN...155

5.1 Kacindekan...155

5.2 Saran ...156

DAPTAR PUSTAKA ...158

LAMPIRAN ...160

(11)

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN

TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Manusa diciptakeun salaku mahluk sosial anu gumantung kana mahluk séjén di luar dirina boh éta sasama manusa, sato, tutuwuhan, jeung lingkunganana anu tangtu mangaruhan kana kahirupan anu dilakonan. Salasahiji élemén anu mangaruhan sacara dominan dina kahirupan manusa téh nya éta lingkungan. Lingkungan mangaruhan manusa dina nyiptakeun kabudayaan anu jadi salasahiji landasan hirup sangkan bisa nyumponan kabutuhan hirupna. Éta kabudayaan anu dilaksanakeun téh tangtu luyu jeung masarakat katut alam di sabudeureunana.

Sacara umum, kabudayaan téh nya éta kabiasaan anu dipigawé ku hiji masarakat sarta diturunkeun ti generasi ka generasi. Dina kabudayaan ogé aya anu disebut folklor atawa adat-istiadat tradisional jeung carita-carita rayat, anu sarua diwariskeun sacara turun-tumurun di hiji kelompok masarakat. Jan Harold Brunvand (dina Danandjaja, 2007, kc. 21) nétélakeun yén folklor téh dibagi jadi tilu, nya éta folklor lisan, folklor sabagéan lisan, jeung folklor nonlisan. Tina tilu babagian folklor éta, aya folklor anu pangbabarina leungit, nya éta folklor lisan. Anu kawengku dina folklor lisan téh salasahijina nya éta carita rayat atawa sakapeung mah sok disebut dongéng.

(12)

2

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN

TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

beuki ngaheureutan, sabab sumebarna ngan sacara lisan hungkul tur euweuh dokuméntasi tinulisna, anu ngabalukarkeun loba dongéng anu tungtungna leungit jeung teu dipikanyaho ku generasi ayeuna.

Salian ti jadi warisan kabudayaan dina wangun folklor lisan, dongéng ogé mangrupa salasahiji karya sastra Sunda anu jadi bukti kabeungharan sastra Sunda. Sanajan jenisna folklor lisan, tapi kaayeunakeun dijieun dokuméntasina dina wangun tinulis sangkan bisa dijaga tur diwanohkeun ka generasi ayeuna jeung generasi nu bakal datang. Di sagigireun jadi warisan budaya anu kudu dijaga, dongéng ogé jadi salasahiji pangrojong kabeungharan karya sastra Sunda anu kadieunakeun miboga bukti oténtik dina wangun tinulis.

Dongéng téh salian ti jadi salasahiji bukti kabeungharan sastra Sunda, ogé bisa ngeuyeuban bahan pangajaran basa Sunda di sakola, hususna di SMP. Ditilik tina wangunna, dongéng mibanda kaunikan anu bisa ngirut para siswa sangkan resep maca. Upamana waé katitén tina eusina, dongéng bisa mawa para siswa ka dunya imajinasi anu teu kawatesanan. Salian ti jadi bahan pangajaran, nepikeun dongéng ka para siswa ogé bisa dijadikeun média pikeun ngawariskeun kabudayaan ka generasi anyar. Lantaran, kiwari ogé jaman téh geus beuki modérn tur generasi kaayeunakeun mimiti ninggalkeun warisan budaya karuhunna. Jadi teu nutup kamungkinan lamun loba kolot ayeuna anu teu nyahoeun kana dongéng anu aya di tatar Sunda. Padahal dongéng miboga peranan anu penting dina kahirupan masarakat sabab salian ti nyuguhkeun hiburan ogé loba nyangkaruk ajén-inajén nu bisa dijadikeun conto dina kahirupan. Sarta dina kanyataanana, jaman ayeuna mah barudak masih kénéh resep kana dongéng.

(13)

3

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN

TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

mahasiswa pikeun ngaréngsékeun tugas ahir, di antarana: Dongéng Rayat Kadipatén pikeun Bahan Pangajaran Sastra Sunda di SMP Negeri Kadipatén, ku Fatimah (1997); Invéntarisasi Dongéng di Kacamatan Lémbang pikeun Bahan Pangajaran Sastra di SMP, ku Denny Indrayana Taufan (2007); Unsur Intrinsik

Carita Rayat Kacamatan Cigasong Kabupatén Majalengka pikeun Bahan

Pangajaran Sastra di SMA, ku Aef Saeful Islam (2011), Carita Rayat nu aya di Kacamatan Talaga pikeun Bahan Pangajaran di SMP, ku Yopi Gunawan (2009),

Rékontruksi Carita Rayat Situs Ciburuy di Kacamatan Bayongbong Kabupatén

Garut pikeun Bahan Pangajaran Ngaregepkeun di SMP, ku Rini Sri Indriani (2006), jeung réa-réa deui. Sanajan kitu, tangtu loba kénéh dongéng anu can katalungtik jeung kainvéntarisir.

Kacamatan Cikatomas mangrupa salasahiji Kacamatan anu aya di Kabupatén Tasikmalaya anu perenahna mah aya di kiduleun Kabupatén Tasik. Kacamatan Cikatomas mangrupa salasahiji daérah anu masih alami, sabab loba kénéh leuweung anu masih dijaga nepikeun ka ayeuna.

Ku lantaran kondisi Kacamatan Cikatomas anu masih alami kénéh, tangtu loba dongéng-dongéng anu sumebar sarta bisa diinvéntarisir jeung bisa ditalungtik. Dumasar kana hal éta, ieu panalungtikan dijudulan “Ajén Atikan dina dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP”.

Panalungtikan ieu téh bisa dijadikeun salasahiji média pikeun bahan pangajaran maca di sakola hususna di SMP sarta diluyukeun jeung kurikulum.

1.2 Idéntifikasi Masalah Panalungtikan

(14)

4

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN

TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

dipikawanoh ku generasi ayeuna tur generasi nu bakal datang, b) jenis warisan kabudayaan nu bisa diwanohkeun disaluyukeun jeung kurikulum anu dipaké, c) dongéng mangrupa salasahiji média anu bisa dipaké pikeun bahan pangajaran maca di SMP sarta jadi salasahiji tarékah dina ngamumulé warisan kabudayaan.

1.3 Rumusan Masalah Panalungtikan

Dumasar kasang tukang panalungtikan jeung idéntifikasi masalah panalungtikan anu aya di luhur aya sababaraha rumusan masalah anu dipedar dina ieu panalungtikan, masalahna dirumuskeun di handap ieu:

1) Kumaha déskripsi téks dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya?

2) Kumaha struktur carita dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya?

3) Ajén atikan naon waé anu nyampak dina dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya?

4) Téks dongéng mana waé anu bisa dijadikeun pikeun bahan pangajaran maca di SMP?

5) Kumaha bahan pangajaran maca dongéng dumasar téks dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya?

1.4 Tujuan Panalungtikan

1) Ngadéskripsikeun téks dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya;

2) Ngaidéntifikasi struktur carita dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya;

(15)

5

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN

TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4) Ngaidéntifikasi téks dongéng mana waé anu bisa dijadikeun pikeun bahan pangajaran maca di SMP;

5) Nyusun bahan pangajaran maca dongéng dumasar téks dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya.

1.5 Mangpaat/Signifikansi Panalungtikan 1.5.1 Mangpaat Téoritis

Panalungtikan ieu dipiharep aya mangpaatna, di antarana:

1) Pikeun panalungtik, nambahan kajembaran pangaweruh ngeunaan dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya;

2) Pikeun akademik, dongéng-dongéng anu diinvéntarisir jeung ditalungtik bisa dijadikeun pangdeudeul bahan pangajaran maca di SMP;

3) Pikeun masarakat umum, hasil panalungtikan ieu dipiharep bisa nambahan pangaweruh ngeunaan sastra hususna dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya, sarta jadi motivasi pikeun ngarojong dina usaha ngamumulé kasusastraan Sunda sangkan teu leungit.

1.5.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan, di antarana:

(16)

6

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN

TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.6 Struktur Organisasi Skripsi

Struktur organisasi skripsi eusina ngeunaan rincian tina unggal bab jeung subbab, ti mimiti bab hiji nepi ka bab ahir. Sangkan leuwih jéntré di handap kaunggel rarancang garapanana.

Bab I mangrupa bubuka, anu di jerona diébréhkeun ngeunaan kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi masalah panalungtikan, rumusan masalah panalungtikan, tujuan panalungtikan, mangpaat/signifikansi panalungtikan anu ngawengku mangpaat téoritis jeung mangpaat praktis, sarta struktur organisasi skripsi.

Bab II mangrupa bagian skripsi anu di jerona diébréhkeun téori-téori ngeunaan dongéng, struktur, jeung bahan pangajaran.

Bab III mangrupa bagian skripsi anu eusina diébréhkeun métodologi panalungtikan, anu di jerona ngawengku: sumber data panalungtikan, subjék panalungtikan, profil lokasi panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan.

Bab IV mangrupa bagian skripsi anu ngadéskripsikeun jeung nganalisis hasil panalungtikan anu di jerona ngawengku: déskripsi téks dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya, struktur carita dongéng-dongéngna, ajén atikan anu nyampak dina dongéng, sarta larapna hasil panalungtikan ngeunaan dongéng-dongéng éta pikeun bahan pangajaran maca di SMP.

(17)

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN

TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data Panalungtikan 3.1.1 Data jeung Sumber Data

Sumber data anu dipaké dina ieu panalungtikan mangrupa data panalungtikan anu dicangking ti para informan, nya éta masarakat Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya jeung data pustaka anu bisa ngalengkepan, sangkan data anu dicangking bisa ditalungtik kalayan dasar anu jelas.

Nurutkeun Arikunto (2010, kc. 172), sumber data nya éta subjék anu ngarojong ti mana data panalungtikan bisa dicangking. Sacara gurat badagna, sumber data ngawengku tilu rupa, nya éta jalma, tempat, jeung keretas atawa dokumén

Sanggeus meunangkeun sumber data anu jelas, satuluyna nya éta ngumpulkeun data ti sumber anu bisa dipertanggungjawabkeun. Dumasar kana hal-hal anu geus dipedar, data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta data dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya, tina hasil rékaman wawancara. Tempat anu jadi sumber datana nya éta Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya.

3.1.2 Subjék Panalungtikan

(18)

35

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN

TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.1.3 Profil Lokasi Panalungtikan

Lokasi anu jadi tempat panalungtikan dina ieu skripsi nya éta sababaraha désa anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya. Sacara Administrasi, Kacamatan Cikatomas kaasup wilayah Kabupatén Tasikmalaya Propinsi Jawa Barat. Lega wilayahna nya éta 15.692.685 Ha anu diwangun ku salapan désa/dusun nya éta désa Gunungsari, Cilumba, Pakemitan, Cogrég, Cayur, Léngkong barang, Sindang asih, Tanjung barang, jeung Lingga laksana.

Nurutkeun Rékapitulasi Laporan Régistrasi Penduduk ti Kacamatan Cikatomas, data penduduk anu aya di Kacamatan Cikatomas dina bulan April masarakat Kacamatan Cikatomas, lolobana nya éta buruh jeung patani.

Mayoritas masarakat Kacamatan Cikatomas ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoéna, sanajan aya sababaraha anggota masarakat anu ngagunakeun basa Indonésia. Penduduk mayoritasna nya éta penduduk asli tapi mémang aya ogé penduduk pendatang.

3.2 Desain Panalungtikan

(19)

36

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN

TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya, 3) ajén atikan anu nyampak dina dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya, jeung 4) nyusun bahan pangajaran maca dongéng di SMP kelas VII.

Dina ieu panalungtikan, aya sababaraha léngkah anu dilaksanakeun, nya éta 1) ngayakeun panalungtikan di Kacamatan Cikatomas jeung ngayakeun wawancara ka sababaraha masarakat, 2) ngadéskripsikeun téks dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas, 3) ngaidéntifikasi struktur dina dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas, 4) ngadéskripsikeun ajén atikan anu nyampak dina dongéng-dongéngna, 5) ngaidéntifikasi téks dongéng mana waé pikeun bahan pangajaran maca dongéng di SMP kelas VII, jeung 6) nyieun kacindekan tina hasil analisis data.

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Tujuan Panalungtikan, ngadéskripsikeun:

1. Téks dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya

2. Struktur dina dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya

3. Ajén atikan anu nyampak dina dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya

4. Bahan pangajaran maca dongéng di SMP kelas VII.

Ngayakeun panalungtikan di Kacamatan Cikatomas jeung ngayakeun wawancara ka sababaraha masarakat

Ngadéskripsikeun téks dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas

Ngaidéntifikasi struktur dina dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas

Ngadéskripsikeun ajén atikan anu nyampak dina dongéng-dongéng

(20)

37

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN

TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.3. Métode Panalungtikan

Metode panalungtikan nya éta cara nu dipaké ku panalungtik dina ngumpulkeun data panalungtikan (Arikunto, 1996:150). Pikeun nyangking pangaweruh anu bisa ngahontal udagan panalungtikan, métode nu digunakeun dina panalungtikan ieu nya éta métode déskriptif dumasar kana pamarekan kualitatif. Tujuan métode déskriptif nya éta pikeun ngadéskripsikeun jeung ngaidéntifikasi ajén atikan dina dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya, tuluy disusun jadi bahan pangajaran maca pikeun SMP/MTS kelas VII.

3.4. Wangenan Operasional

Sangkan henteu nimbulkeun rupa-rupa tapsiran kana ieu panalungtikan, tangtu diperlukeun katerangan anu patali jeung judul panalungtikan anu diwincik saperti ieu di handap.

1) Ajén atikan nya éta hal-hal normatif anu patalina jeung atikan, anu bisa didéskripsikeun.

2) Dongéng nya éta salasahiji karya sastra Sunda buhun anu diréka dina wangun lancaran (prosa), anu biasana ngandung unsur pamohalan, atikan, jeung amanat moral anu bisa dilarapkeun kana kahirupan sapopoé.

3) Kacamatan Cikatomas nya éta salasahiji Kacamatan anu aya di Kabupatén Tasikmalaya.

4) Bahan pangajaran maca nya éta salasahiji komponén anu aya dina KIKD mata pelajaran basa Sunda dina kurikulum 2013, anu miboga tujuan sangkan siswa wanoh tur ngarti kana dongéng anu jadi salasahiji bahan

(21)

38

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN

TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

pangajaran. Maca mangrupa salasahiji kaparigelan basa dina prosés pangajaran anu ngagunakeun média bacaan. Ieu bahan bacaan mangrupa dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya.

Jadi, maksud tina judul “Ajén Atikan dina Dongéng-dongéng anu aya di

Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya pikeun Bahan Pangajaran Maca di

SMP” nya éta salasahiji tarékah pikeun ngadéskripsikeun téks dongéng, ajén

atikan dongéng, struktur dongéng, sarta ngalarapkeunana dina bahan pangajaran maca di SMP kelas VII.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta sakabéh alat atawa cara pikeun ngahontal udagan panlungtikan, saperti alat tulis, alat rékam, kaméra digital, jeung pedoman wawancara.

1. Kaméra digital

Kaméra digital digunakeun pikeun ngarékam data sacara audio-visual atawa visual hungkul, sangkan data panalungtikan anu dicangking bisa leuwih akurat. Salian ti éta, ieu pakakas digunakeun pikeun ngahasilkeun gambar anu jadi sumber data sarta ngadokuméntasikeun saupama aya bukti oténtik tina data panalungtikan.

2. Pedoman Wawancara

(22)

39

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN

TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Table 3.1 Pedoman Patalékan dina Wawancara INSTRUMÉN PENELITIAN

INVÉNTARISASI FOLKLOR SUNDA DI WILAYAH KACAMATAN CIKATOMAS KABUPATÉN TASIKMALAYA 4. Tujuan carita rayat dicaritakeun/dipagelarkeun: 5. Dina acara naon éta carita rayat dipidangkeun:

6. Fungsi carita rayat dipidangkeun: (dianggap karamat, sakral/ritual, hiburan).

B. TITI MANGSA JEUNG TEMPAT NGAINVÉNTARISASI a. Titimangsa:

b. Tempat:

c. Waktu: (beurang, sore, peuting, isuk-isuk)

(23)

40

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN

TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.6 Téhnik Panalungtikan

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data. Téhnik ngumpulkeun data jeung ngolah data ngawengku studi pustaka, obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi.

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Sangkan bisa ngumpulkeun data kalayan lengkep, téhnik anu digunakeun nya éta téhnik studi pustaka, obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi.

1) Studi pustaka dipaké pikeun manggihan rupa-rupa tiori anu dijadikeun acuan panalungtik pikeun ngalaksanakeun hiji panalungtikan.

2) Téhnik obsérvasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data ngeunaan déskripsi téks dongéng sarta prak-prakan ngajarkeun matéri maca dongéng.

3) Téhnik wawancara digunakeun pikeun nyangking data sacara langsung ti informan anu apal kana dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya, sarta meunangkeun data sacara lisan sangkan akurat.

4) Téhnik dokuméntasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data dina wangun audio, visual, jeung audio-visual, anu bisa jadi patokan dina meunangkeun data panalungtikan

3.6.2 Téhnik Ngolah Data

(24)

41

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN

TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

larapna hasil panalungtikan ieu kana bahan pangajaran maca dongéng di SMP kelas VII.

3.7 Tahap Nyusun Laporan

(25)

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN

TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V galur/plot, latar/setting, jeung tokoh.

Téma anu dipidangkeun lolobana téma moral sanajan aya sababaraha hiji

Walungan Cibantar”, jeung “Dongéng Leuweung Ciperengok”.

Dongéng-dongéng anu témana sosial aya genep, nya éta “Dongéng Pongpétan”, “Dongéng Mandala”, “Sasakala Lembur Cayur versi 2”, “Sasakala Kacamatan Cikatomas”,

“Sasakala Walungan Cimedang”, jeung “Sasakala Lembur Cigembrong”.

(26)

156

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN

TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kateranganana didominasi ku kecap jaman baheula, jaman harita, dina hiji waktu, jeung réa-réa deui. Sedengkeun tokoh atawa palaku didominasi ku masarakat sabudeureun lantaran ieu dongéng lolobana dicaritakeun kalayan sudut pandang jelema katilu sanajan sudut pandangna henteu ditalungtik.

Ajén atikan anu nyampak dina dua puluh dua dongéng anu ditalungtik nya éta ngawengku ajén moral, ajén sosial, jeung ajén agama. Ajén moral jeung ajén sosial kapanggih dina sakabéhna dongéng, sedengkeun ajén agama ngan kapanggih dina tujuh dongéng nya éta “Dongéng Tanjakan Engkos”, “Sasakala sarta ngajén kana dongéng-dongéng anu aya di sabudeureunana, sedengkeun ajén agama anu kapanggih dina dongéng-dongéng anu kacangking mah teu pati jelas sabab geus kawengku dina ajén moral jeung sosial. Tapi sanajan kitu ogé aya sababaraha dongéng anu ajén agamana jelas.

Dongéng-dongéng anu aya di Kacamatan Cikatomas Kabupatén Tasikmalaya anu jumlahna aya dua puluh dua dongéng, sagemblengna bisa dijadikeun pikeun bahan pangajaran maca dongéng di SMP. Éta dongéng-dongéng anu kacangking téh miboga unsur-unsur carita anu lumayan lengkep, tuluy euyeub ku rupa-rupa ajén atikan, sarta luyu jeung kritéria bahan pangajaran anu geus ditangtukeun.

5.2 Saran

(27)

157

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN

TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tapi sanajan panalungtikan ngeunaan dongéng geus sababaraha kali dilaksanakeun, tangtu loba kénéh dongéng anu can katalungtik. Ku kituna, aya sababaraha rékoméndasi pikeun guru basa Sunda, pikeun urang Sunda, jeung pikeun masarakat umum.

1) Pikeun panalungtik budaya/sastra

Ieu panalungtikan bisa jadi salasahiji référénsi dina panalungtikan anu bakal dilaksanakeun boh budaya boh sastra, lantaran ieu panalungtikan kawatesanan kana unsur struktural jeung ajén atikan anu nyampak dina dongéng wungkul. Teu nutup kamungkinan panalungtikan anu baris dilaksanakeun bisa leuwih jembar deui.

2) Pikeun guru basa Sunda

Ieu panalungtikan dipiharep bisa jadi salasahiji pangdeudeul atawa alternatif pikeun bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda, hususna bahan pangajaran maca dongéng di SMP kelas VII.

3) Pikeun urang Sunda

Ieu panalungtikan bisa jadi salasahiji gambaran sangkan mikawanoh dongéng-dongéng anu aya di tatar Sunda jeung mikanyaho ajén atikan anu nyampak di jerona. Salian ti kitu, bisa jadi salasahiji jalan dina ngajaga warisan kabudayaan Sunda dina wangun sastra tur bisa leuwih mikawanoh kana jati dirina salaku urang Sunda.

(28)

158

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN

TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(29)

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN

TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2009) Manajemen Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

Arikunto, S. (2010) Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Yogyakarta: Rineka Cipta.

Basrowi & Suwandi. (2008) Memahami Penelitian Kualitatif. Jakarta: Rineka Cipta.

Danadibrata, R.A. (2009) Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama jeung Universitas Padjadjaran.

Danandjaja, J. (2007) Folklor Indonesia. Jakarta: PT Pustaka Utama Grafiti.

Danasasmita, M. (2001) Wacana Bahasa dan Sastra Lama. Bandung: STSI Press.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat (2013) KIKD Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Faturohman, T. (1983) Ulikan Sastra. Bandung: Djatnika.

Iskandarwassid. (2003) Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten.

Islam, A.S. (2011) Unsur Intrinsik Carita Rayat Kacamatan Cigasong Kabupatén Majalengka pikeun Bahan Pangajaran Sastra di SMA. Skripsi, JPBD FPBS, Universitas Pendidikan Indonesia.

Isnendes, R. (2010) Teori Sastra. Bandung: JPBD FPBS Universitas Pendidikan Indonesia.

Isnendes, R. (2012) Panyawangan Sastra. Bandung: JPBD FPBS Universitas Pendidikan Indonesia.

(30)

159

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN

TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Koswara, D. (2010) Sastra Sunda Buhun. Bandung: JPBD FPBS Universitas Pendidikan Indonesia.

Koswara, D. (2011) Racikan Sastra. Bandung: JPBD FPBS Universitas Pendidikan Indonesia.

Latipah, O. (2007) Dongéng anu Sumebar di Kacamatan Kadudampit Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda di SMP. Skripsi, JPBD FPBS, Universitas Pendidikan Indonesia.

Lembaga Basa & Sastra Sunda. (1992) Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.

Nurgiyantoro, B. (2010) Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.

Rosidi, A. (1983) Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya.

Ruhaliah. (2007) Sejarah Sastra. Bandung: JPBD FPBS Universitas Pendidikan Indonesia.

Rusman. (2009) Manajemen Kurikulum. Jakarta: Rajawali Press.

Sudjana, N. (2011) Tuntunan Penyusunan Karya Ilmiah. Bandung: Sinar Baru Algesindo.

Sumardjo, J. jeung Saini, K.M. (1991) Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: PT Gramedia.

Syamsuddin, A.M. (2012) Psikologi Kependidikan. Bandung: Remaja Rosdakarya.

Tarigan, H.G. (1985) Prinsip-prinsip Dasar Sastra. Bandung: Angkasa.

(31)

160

Innasya Yudita Syamsudin, 2014

AJÉN ATIKAN DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KACAM ATAN CIKATOM AS KABUPATÉN

TASIKM ALAYA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN M ACA DI SM P

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tim Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran (2012) Kurikulum & Pembelajaran. Bandung: JKTP FIP Universitas Pendidikan Indonesia.

Figur

Table 3.1 Pedoman Patalékan dina Wawancara
Table 3 1 Pedoman Patal kan dina Wawancara . View in document p.22

Referensi

Memperbarui...