• Tidak ada hasil yang ditemukan

File Penunjang Akreditasi Terbaru Versi Lawas Bahan Ajar

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "File Penunjang Akreditasi Terbaru Versi Lawas Bahan Ajar"

Copied!
18
0
0

Teks penuh

(1)

SK : 1 KD : 1.1

PANGAJARAN I

TEMBANG, KAWIH JEUNG KAKAWIHAN A. Ngaregepkeun Tembang

Conto tembang pupuh Ladrang Aya hiji sato leutik Engkang-engkang Sok luluncatan dicai

Ari bangunna rek sarupa jeung lancah Coba teguh masing telak-telik Eta gambar

Sugan nyaho ujang nyai

Sato naon reujeung dimana ayana Nu kadua aneh aya ceuli

Nu gunana

Beda jeung ceuli nu gaib

Ceuli naon tuduhkeun lebah gambarna

Naon nu disebut pupuh teh ? pupuh nyaeta hiji ugeran atawa patokan lagu jeung rumpaka nu mibanda watek, gambaranana nyoko kana pasipatan manusa, oge bisa ngarupakeun pola pikeun katangtuan nyieun rumpaka (dangding).

Nurutkeun elmu filsafat mah pupuh teh nyaeta wangunan dongeng nu mangrupa ugeran geusan ngagambarkeun pasipatan atawa watek manusa nu tara angger. Sifat atawa watek manusa dina hiji waktu bakal beda jeung sifat atawa watekna dina waktu sejen, balukar tina ngarana, lagu jadi luyu jeung waktu nu karandapan, waktu sedih watek laguna ge sedih, waktu bungah watek laguna ge bungah, waktu heureuy watek laguna ge heureuy jeung rea-rea deui.

Kulantaran mibanda watek nu beda-beda, masing-masing pupuh (P17) mibanda aturan sewang-sewangan. Aturan pupuh nyaeta katangtuan nu jadi patokan geusan nyieun guguritan, ngarakit dangding atawa ngarang rumpaka. Eta aturan teh ngawengku jumlah padalisan tina tiap padana jeung guru wilangan oge guru lagu tiap padalisan.

(2)

SK : 2 KD : 2.1

PANGAJARAN 2 KAGIATAN SAWALA

Hidep tangtu kungsi merahtikeun hiji sawala atawa rapat, diskusi jeung seminar. Dina eta kagiatan teh tangtu aya nu mandu atawa mingpin acara nu biasa sok disebut panumbu catur atawa panambat atawa moderator. Ieu panumbu catur teh miboga pancen nyaeta ngatur lumangsungna acara sawala atawa diskusi nepi ka eta sawala teh karasa hirup tur narik ati para pamilon pikeun ilubiung kana eta acara.

Aya sababaraha ahal anu kudu diperhatikeun lamun jadi moderator, diantarana bae : 1. Salaku moderator kudu bisa muka acara kalawan ngagunakeun kalimah nu efektif, contona:

“Assalamu’alaikum Wr.Wb, para saderek mangga urang kawitan ieu sawala teh ku ngucapkeun basmalah, bismillahirrohmanirrohim. Para saderek, jejer dina ieu sawala the nyaeta kamekaran tembang pupuh dina khirupan rumaja mangsa kiwari”.

2. Bisa milih jeung ngucapkeun kalimah-kalimah nu ngahudang sumanget pamilon pikeun ilubiung dina sawala. Carana pamilon diajak nembrakeun pamadegan, kahayang, dipenta sawala, usulan, ditanya sikep kana hiji pasoalan.

Conto :

“Saderek Deni kumaha pamadegan salira kana kamekaran tembang pupuh dikalangan para rumaja mangsa kiwari ?”

3. Bisa milih jeung ngucapkeun kalimah-kalimah nu bisa jadi panengah debat dina diskusi. Conto :

“Kumaha pami dina ieu sawala the dipuseurkeun bae kana kamekaran tembang pupuh dikalangan para remaja mangsa kiwari ?”

4. Bisa milih jeung ngucapkeun kalimah-kalimah anu bisa nahan sumanget para pamilon kaleuleuwihi. Contona :

“Saderek gilang, tiasa langkung diheureutan, kumaha numutkeun salira kana kamekaran tembang pupuh dikalangan para remaja kiwari, sae atanapi awon ?”

5. Bisa milih-milih kalimah nu ngarahkeun pamilon pikeun narik kacindekan nu sarua. Contona :

“Tina sababaraha pamadegan tadi , cing naon wae kacindekan anu tiasa dirumuskeun kupara saderek ?” 6. Bisa nutup sawala nggunakeun kalimah-kalimah nu sopan jeung ngagumbirakeun.

Contona :

(3)

SK : 2 KD : 2.2

PANGAJARAN 3 NGADONGENG Papasingan Dongeng

Dongeng teh geus jadi bagian tina kahirupan sastra sunda, bisa dipasing-pasing jadi sababaraha rupa. Ditilik tina sumberna, aya dongeng sampakan jeung aya dongeng sampeuran.

Sedengkeun lamun ditilik tina eusi jeung palakuna, dongeng bisa dipasing-pasing jadi lima papasingan nyaeta :

1. Dongeng Fabel

Nyaeta dongeng nu nyaritakeun kahirupan sasatoan 2. Dongeng Farabel

Nyaeta dongeng nu nyaritakeun kahirupan jalma biasa 3. Dongeng Legenda

Nyaeta dongeng nu nyaritakeun asal muasal kajadian hiji tempat, hiji barang, sasatoan, jeung tutuwuhan. 4. Dongeng Mite

Nyaeta dongeng nu nyaritakeun mahluk ciciptaan, bangsaning jin jeung siluman. 5. Dongeng Sage atawa Dongeng Babad

Nyaeta dongeng nu nyaritakeun jalma atawa kajadian anu ngndung unsur sajarah. Aya hubungannana jeung kagagahan hiji jalma dina muka hiji wewengkon.

(4)

SK : 3

Seler bangsa naon wae jeung dimana wae ayana tangtu ngabogaan budaya sewang-sewangan, sakapeung meh sarua, sakapeung beda pisan. Rupa-rupa kacirina teh. Upamana tina pakeannana, kaseniannana, kadaharannana, wangun imahna jeung adat-istiadatna.

Ari ngurus orok jaman baheula tangtu bakal beda jeung jaman ayeuna nu sarwa lengkep jeung modern. Baheula mah estu pakakasna ge sarwa basajan, boh pakakasna, boh cara ngurusna. Baheula mah rereana nu ngalahirkeun diurusna ku paraji. Ayeuna mah ilaharna ku bidan atawa dokter, komo mun di rumah sakit mah pakakasna ge mani sagala aya.

Cara ngurus orok mimitina mah sok dipapagahan. Anu mapagahanna mah paraji. Sanggeus ngurus nu ngalahirkeun, biasana paraji oge ngurus orokna. Sajeroning ngurus orok, paraji mere conto jeung mapagahan ka indungna, pangpangna dara, nu can boga pangalaman ngurus orok, da munggara pisan.

Ari nu dipapagahkeunana saperti cara ngamandian, cara ngabedongna, cara ngamomongna, jeung nepi ka marancahannana. Lila-lila indung orok jadi biasa. Lamun orok heuay teh sok dihalangan sungutna ku ramo, bari ngucap “Sup baju kakurangan”.

Lamun orok sisidueun sok geuwat dijawab bari rada digebah, bari ngucap “Maling cikur”. Lamun orok masih sisidueun keneh sok digebah we bari ngucapkeun “Maling jahe”. Lamun orok tuluy wae sisidueunnana, sok ditapelan pucuk daun seureuh, atawa rambu samak diantara halisna.

Baheula mah ngubaran orok nu sisidueun teh ku reuwas, nyaeta ku cara digebah sangkan reuwaseun. Kumaha ari ayeuna ? tangtu teu sarua, ngan sabagian aya nu sok ngalaksanakeun eta kabiasaan. Malah teu kurang nu hasil. Orok eureun sisidueunnana ari sisideueun teh alatan katiisan. Kiwari mah sok langsung we awak orok teh dibalur ku kayu putih atawa minyak tawon sangkan haneut.

Lamun orok beresin sakali sok ditembalan ku indungna ku ngucap “Ceng sawan”. Lamun ngaduakalian beresina, sok ditembalan ku indungna “Hurip waras”. Nya kitu deui mun orok kabesekan, ku indungna sok ditembalan, pok nateh : “Bong-bong jalan ka gedong”.

Palebah orok katerapan panas tiris atawa ceurik teu pupuguh, pangheula-heulana dibura ku panglay, dipupuk ku gegejok jeung sawanan.

Kumaha ari di daerah hidep, masih keneh aya nu ngurus orok samodel conto di luhur ? sigana kiwari mah geus langka nu ngalakukeun kabiasaan saperti eta teh. Tapi upama aya naha sarua jeung nu dicaritakeun di luhur ? naon bedana ?

Meureunan budakna lalaki. Kitu deui geus nincak mangsa nu meujeuhna disunatan oge teu leupas tina adat kabiasaannana. Diurang nepi ka kiwari geus jadi kabiasaan, lamun aya budak lalaki disunatan atawa dikhitan sok diayakeun raramean.

Gede leutikna acara raramean mah gumantung kana karep jeung kamampuh kolotna. Baraya inding bapana, tinu jauh tinu deukeut biasana daratang. Nyambungan atawa ngabantuan pagawean. Kitu deui tatangga-tatanggana nu dareukeut. Komo lamun syukuran khitanan teh dibarengan ku pagelaran kasenian.

Keur nu salamatean rada rongkah mah, samemehna budak disunatan teh sok dibawa heralaran, dina iring-iringan seni kuda renggong mun di Sumedang atawa sisingaan di Subang. Tapi di daerah sejen ge sok rajeun aya nu nanggap kuda renggong atawa sisingaan.

(5)

Kiwari mah di daerah pakotaan geus langka nu ngarenceng-renceng budak nu disunatan model baheula teh. Ayeuna mah dina ayana ge langsung we di gedong nu meunang nyewa. Kitu oge keur nu boga duit. Ari nu basajan mah cukup ku siduru isuk wae.

Disunatan oge nanda ge baheula mah masih ku paraji, nu sok pada nyebut bengkong. Ari paraji nu tukang ngurus nu ngalahirkeun mah disebutna indung beurang. Kiwari ge ketang teu kurang nu ku paraji, umumna nyunatan di pakampungan mah masih keneh ku paraji. Di kota mah kolot budak nu disundatan teh aya nu ngangkir dokter ka imah, tapi rea oge nu ngahaja datang ka tempat praktekna.

Kitu oge dina mangsa kawinan. Parak-prakan upacara ngawinkeun di unggal daerah tara leupas tina adat istiadat. Ngan unggal daerah beda-beda. Aya wayang golek, aya wayang kulit, jaipongan, degung, tarling, atawa kasenian sejena. Eta kabeh diayakeunnana saba’da acara nu pokok, nyaeta acara walimahan.

Salah sahijina upacara nyawer panganten. Ieu ge kagolong adat kabiasaan atawa tradisi. Saba’da dirapalan panganten teh direndengkeun dina korsi diburuan. Dipayungan ku payung hias, khusus paranti upacara. Tuluy disawer, nyawer teh saenyana mah mapatahan atawa nganasehatan panganten, tapi bari ditembangkeun disakisian ku sarerea, sakur nu hadir, kolot budak.

Bari tembang , tukang sawer teh kadang-kadang ngawurkeun beas tina bokor, campur jeung duit logam sarta koneng meunang ngeureutan. Ngawurkeunnana kana payung upacara tea. Sora beas pating paralak. Duitna maruragan pating gorolong, barudak parebut, pahibut mulung duit. Upacara nyawer mah biasana didaragoan, pangpangna ku barudak. Rame ari upacara nyawer mah, rame ku marulungan duit, rame ku nu saleuseurian nimbulkeun rasa gumbira.

Dangdanna panganten teh beda ti sasari, didangdannana henteu ku papakean khusus nu ngahaja meunang milih tukang hias. Nepi ka kiwari oge rupa-rupa upacara panganten dipake keneh di unggal daerah. Baju panganten diunggal daerah ngabogaan ciri khas sewang-sewangan.

(6)

SK : 2

Ping 29 Juli 2008, Tabuh 08.00 Disakola pikeun latihan. Kumargi latihannana dugi ka sonten, Dipiharep saderek nyandak bekel masing-masing. Bewara dicekapkeun sakitu, hatur nuhun kana perhatosannana.

Pameungpeuk, 26 Juli 2008 Juru Wawar,

Amrozi

Bewara teh hartina beja atawa informasi. Bisa oge disebut warta. Biasana kalimah nu digunakeunnana nyaeta kalimah wawaran, boh ditinggali tina bahasa lisan atawa tina ditinggali tina bentuk tulisan. Lamun ditilik tina bahasa lisan, bewara kudu dicaritakeun sacara gamblang, teu ditambahan teu dikurangan, sangkan bewara nu ditepikeun teh saluyu jeung fakta / kanyataan nu aya.

Conto bewara nu make bahasa lisan :

1. Poe kamari kuring ka kebon, mantuan bapa melak bawang. 2. “Kuring mah sieun teu tulus, “ ceuk Nina.

3. Masyarakat Sidoarjo ngungsi alatan imahna kakeueum leutak Lapindo.

Sedengkeun bewara dina bentuk tulisan biasana disebut reklameu. Reklameu teh nyaeta panggero nu tuluy-tumuluy. Ditilik tina tujuannana reklameu teh aya dua, nyaeta reklameu sosial jeung reklameu dagang.

Reklameu sosial nyaeta panggero (mere beja) ka balarea bari teu miharep imbalan. Geura ilikan contona di handap !

1. Ngaroko teh ngarusak kasehatan 2. Teu meunang miceun runtah di dieu 3. Awas jalan leueur

4. Kasehatan teh harta nu mahal hargana 5. Kulawarga raharja, putra cekap dua

Sedengkeun reklameu dagang nyaeta mangrupa panggero anu miharep imbalan, sangkan jalma nu digero kapincut tur hayang meuli kana barang nu ditatawarkeunnana.

Conto :

1. Oskadon teh ubar mujarab pikeun nyeri sirah jeung nyeri huntu. 2. Toshiba memang taya duana

3. Dukung Gita, artis asal Garut

(7)

SK : 3 KD : 3.2

PANGAJARAN 6 APRESIASI NOVEL Maham Carita Novel

Novel teh mangrupakeun salah sahiji wangun karya sastra anu ditulisna make basa lancaran. Basa lancaran teh basa nu diucapkeun ngaguluyur teu make ugeran saperti pupuh. Pasualan anu biasa dicaritakeun dina novel ilaharna meunang ngangkat tina kahirupan sapopoe, kajadian anu sifatna realistis jeung aya dikieuna. Jadi novel mah beda jeung dongeng anu loba unsur-unsur pamohalannana. Kitu deui beda jeung carpon anu alurna ukur saalur tur pendek. Sok sanajan boh jeung carpon atawa dongeng, novel teh mibanda kasaruaan.

Dina novel aya unsur-unsur nu bisa mangaruhan, nyaeta :

1. Tokoh nu ngalalakon. Tokoh-tokoh eta mibanda watek sewang-sewangan 2. Tema, nyaeta mangrupa jejer inti pasualan.

3. Galur carita, nyaeta runtuyan carita ti awal tulisan nepi ka ahir. Eta teh rek alur maju, alur mundur, atawa alur campuran.

4. Lattar/Setting nyaeta waktu jeung tempat kajadian lumangsungna carita 5. Amanat nyaeta kahayang pangarang nu ditepikeun kanu maca.

Ditilik tina eusina, novel teh bisa dipasing-pasing jadi : novel keur barudak, bacaeun rumaja, jeung novel keur bacaaeun dewasa. Tangtu hidep ge bisa neguh kagolongkeun kanu mana umur hidep.

Conto sempalan novel anu Judulna Patepung di Bandung karangan Taufik Faturahman. Pek baca sing gemet !

NIAT KA KOTA

Karasa pisan cuang-cieungna ayeuna mah cicing di imah teh. Unggal nyeueung enggon Bapa hate teh sok ngalimba. Kagambar wae dina ciptaan, kumaha kaayaan Bapa di eta kamar. Asa hese pisan rek mopohokeunnana. Atawa moal kapopohokeun kitu, satungtung kuring masih keneh kumelendang mah ?

Lamun keur diuk nyorangan bari mulangkeun panineungan ka mangsa-mangsa anu geus kaliwat, rarasaan kuring mah keur lalajo bioskop. Lalakon nu kungsi karandapan bruh breh nembongan , sarta dina pilemna teh salawasna aya kuring jeung Bapa. Lalakon nu basa kuring diinget-inget nyaeta di jaman masih keneh sok digagandong. Enya, dibandingkeun jeung kang Odong mah apet keneh kuring ka Bapa teh. Bisa jadi meureun pedah kuring mah budak pangleutikna. Senyana bungsu hirup, sabab kuring boga adi awewe, ngan pondok umurna. Kitu deui kang Odong, manehna teh cikal hirup, da bogaeun lanceuk. Malah cenah lanceuk kang Odong mah geus rada gede maotna teh, kira-kira sataun deui asup sakola.

Leuwih ti saminggu kuring nguluwutna oge, ti sanggeus ditinggalkeun ku Bapa teh. Tara lunta jauh ti sabudeureun imah, ari lain ingkah ka warung mah. Mun kitu paling-paling ngulampreng ka imah uwa Alkasan. Asa ka kolot sorangan ka eta mah, bubuhan jalmana bageur.

Nincak kadua mingguna, kuring geus mimiti deui asup digawe. Heueuh, da lamun hantem-hanteman cicing wae di imah mah kumaha atuh dahar. Ari rek kateterusan ngandelkeun pamere batur, era kuringna oge, jeung deuih baturna oge bakal bosenneun. Anu matak nya maksakeun maneh datang deui ka pabrik aci.

“Tah Kondi mending ge brang-brangkeun kadieu, ulah hayoh wae ngalelengkur di imah,” Ceuk mandor Erom.

“Enya mending keneh ngabeberah diri dieu, mangkaning ayeuna mah aya si Enci, urang Babakan Loa, euy !” ceuk si Entam, anu pacabakan sapopoena tukang ngunjalan sampeu ka panggilingan.

“Gandeng siah, ah pentil-pentil geus nyaritakeun awewe!” mandor Erom ngagebes, tapi kituna teh bari seuri.

(8)

“Enya mang, keun wae nyarita sakitu-kitu wae mah, itung-itung intermengso,” si Safaat milu nembrong, bari heureuy kituna teh.

“Naon ingtermengso teh, euy?” Mandor Erom nanya. “Heueuh, nya ingtermengso we...,” tembalna “Ah teu puguh silaing mah !”

“Enya, kitu pan ceuk uing ge,” Si Safaat angger emung eleh omong. “Heueuh, naon nu dimaksud kitu teh ?” Mandor Erom nanya deui. “Heueuh, ingtermengso tea...!”

“Ah, silaing mah kalah bolak balik dekok !”

“Tuh itu Kondi , Si Enci teh !” ceuk si Entam bari nunjuk ka lebah lawang pabrik”. “Karek saminggu digawena di dieu oge, nuturkeun bibina.

(9)

SK : 3 KD : 3.1

PANGAJARAN 7 LAPORAN KAGIATAN

Ayeuna hidep baris diajar nulis laporan. Eusi anu dilaporkeunna rupa-rupa gumantung kana kagiatan nu geus dilaksanakeun. Upamana wae laporan kagiatan pagelaran kasenian, kajuaraan lomba baca puisi, ngalongok ka panti asuhan, survey ka musieum jeng sajabana.

Ieu di handap aya conto laporan anu eusina ngabejakeun hasil nyaba ka Cigugur. Pek baca heula sing gemet !

Ieu kagiatan dilaksanakeun poe Ahad, ping 14-16 februari 2004, meneran jeung tanggal 18-20 Rayagung. Kelompok X anu jumlahna 5 urang geus ngalaksanakeun Saba Budaya ka Desa Cigugur Kuningan pikeun nyaksian Upacara Seren Taun.

Eta acara dilaksanakeun di Cagar Budaya Nasional. Dilaksanakeunnana eta acara pikeun ngebrehkeun rasa sukur masyarakat Cigugur salaku masyarakat agraris ka Nu Maha Kawasa. Tumarima kana sagala kanikmatan jeung kaberkahan, bari jeung miharep sangkan dina waktu nu baris datang hasil panenna leuwih mucekil.

Samemeh runtuyan acara dimimitian, biasana dibuka ku acara ngado’a babarengan nu dipingpin ku tokoh agama di eta tempat. Ngado’a dilakukeun sewang-sewangan dumasar kana agama jeung kapercayaan.

Ari runtuyan acarana ngawujud dina rupa-rupa upacara jeung pintonan kasenian tradisional. Diantarana wae pesta dadung, ronggeng gunung, seni klasik tarawangsa, gending karesmen, tari budaya, upacara adat ngarerembokeun ti Kanekes Baduy, seni monggang klasik, goong renteng, tari buyung, buncis, dogdog lonjor, reog, jeung kacapi suling.

Pesta dadung anu biasana dilaksanakeun saban tanggal 18 Rayagung teh kaasup kana upacara sakral masyarakat Sunda di Cigugur. Tempat upacarana dilaksanakeun di wewengkon Mayasih, Cigugur, baheula mah katelah Situ hyang. Eta upacara dimimitian ku ngebrehkeun kagumbiraan sawantara budak angon nu keur ngibing bari ngagunakeun dadung (tambang nu dijieun tina injuk) dipungkas ku acara miceun hama.

Upacara pesta dadung ngandung makna pikeun miara jeung ngajaga kasimbangan alam sangkan hama teu ngaganggu kahirupan manusa. Di sagedengeun ngajaga alam oge miara ku cara melakeun bibit tatangkalan. Ieu kagiatan teh dilaksanakeun babarengan antara masyarakat jeung Pamarentah.

Ronggeng gunung nu biasa dipintonkeun saban tanggal 19 Rayagung, mangrupa kasenian buhun nu masih dipiara di Kabupaten Ciamis. Perenahna di Kampung Kadungkarang, Desa Padaherang, Sukarena ceuk beja ronggeng gunung teh nyaritakeun hiji wanoja anu ngarana Nyai Dewi Samboja. Eta wanoja dipiistri ku Raden Anggalarang, Putra Prabu Haur Kuning ti karaajaan Galuh. Eta pasangan teh terus ngadegkeun karajaan Pananjung, Pangandaran, nu dina mangsana sok didatangan bejo.

(10)

Simbol tina ronggeng gunung sarua jeung carita Sulanjana, nyaeta mimiti dipikawanohna melak pare. Ari seni ronggeng gunung meh sarua jeung babarit nu aya di Kabupaten Kuningan, hususna nu sok dipintonkeun di Cigugur.

Seni tarawangsa biasana dipintonkeun unggal tanggal 20 Rayagung, minangka waditra tatabeuhan kacapi ku kawatna ngan dua dikolaborasikeun jeung kacapi tulen jeung kawatna aya tujuh. Eta pintonan kasenian teh biasaana diibingan ku tarian para mojang. Ceuk Gumirat, salah saurang tokoh nyaritakeun yen seni tarawangsa teh lahir di karajaan Mataram kira-kira abad XV. Mimitina mah ngan petikan kacapi jeung tarawangsa, teu dibarengan ku nu tarian. Ngan sangkan teu ngabosenkeun, dilengkepan ku tatarian basajan nu disebut tari budaya. Ari tari buyung nu sok jadi puseur paniten bagian awal acara puncak seren taun, nyaritakeun sakumpulan mojang desa nu ngadon mandi di pancuran Ciereng kalawan make alat buyung. Tari buyung nu digelar sok ngawangun formasi jalan sutra, nyakra bumi, bale Bandung, medan kamulan, jeung regu tela. Dina eta upacara ngandung simbol yen masyarakat tani sunda mah masyarakat religius.

Dina runtuyan prosesi upacara pundak, nu lalajo oge bisa nyaksian atraksi kasenian tradisional asli masyarakat adat nu aya di tatar Jawa Barat jeung Banten. Upamana angklung Baduy, dog-dog lonjor, jeung buncis nu dipidangkeun langsung ku masyarakat adat ti Kanekes Banten. Kasenian tradisional Banten ieu teh dipintonkeun sanggeus tari buyung nyaeta pikeun mirig rombongan anu marawa hasil panen, sarupaning pare, bungbuahan, jeung beubeutian.

Sedengkeun ari goong renteng mah kaasup gamelan buhun Kuningan biasana ditabeuh pikeun pamuka prosesi upacara pundak seren taun dina tanggal 22 Rayagung. Bareng jeung goong renteng ditabeuh, opat kolompok barisan nu marawa hasil tatanen teh daratang ti opat arah juru angin nuju ka pakarangan gedong paseban, nu dibarengan ku atraksi pintonan kasenian tradisional saperti tari buyung, angklung, dog-dog lonjor, bincis jeung reog. Para jajaka nu mawa payung janur jeung jampana, nu eusina beubeutian. Sedengkeun kolompok ibu-ibu mah mawa pare jeung nyuhun tumpeng satukangeunana nu mawa rupa-rupa waditra kasenian bari terus ditabeuh.

Nu lalajo seren taun rata-rata pada resep ngabandungan rupa-rupa kasenian, pangpangna mah ngabandungan formasi barisan nu marawa hasil panen, nu ditata tur dihias kalawan apik ku rupa-rupa hiasan tradisional.

(11)

SK : KD :

PANGAJARAN 1 CARITA WAYANG

Hidep kungsi ngadenge atawa lalajo pagelaran wayang golek ayeuna mah bisa di imah lalajoge, sabab mindeng sok ditayangkeun dina televisi. Nu nyaritakeun wayang sok disebut dalang, nu nyekel kalungguhan poko dina pagelaran carita wayang. Salian ti eta aya oge juru sinden jeung nayaga.

Ku kamajuan jaman ayeuna mah carita wayang teh lain ngan saukur anu sok dilisankeun ku ki dalang bae, tapi rea nu geus di tarulis ku mangrupa buku. Tangtu wae urang leuwih babari upama hayang mikawanoh carita wayang. Hidep bisa maca buku serial wayang anu geus di toko.

Di handap aya salahsahiji conto carita wayang. Pek baca sing gemet !

Perang Bharatayudha tambah ragot korban ti dua pihakannana boh ti pihak pandawa, boh ti pihak kurawa pirang-pirang beuki dieu beuki katara pihak pandawa rada unggul. Utamana sabad Arjuna mingpin langsung peperangan. Ahirna Suyudana raja Astina miwarang Dipati Karna majeng ka medan laga.

“Arjuna lain antepeun unggal poe rebuan prajurit Astina jadi korban pabah Arjuna. Kula miharep salira majeng ka pangperangan lawanan Arjuna, sakalian ala nyawana” cenah.

“Eta nu diantos-antos” tembal Dipati Karna bangun nu bungah “Tikapungkur akang panasaran, hoyong ngajajal kasakten putra panengah pandawa” pokna deui. Maksudna Arjuna.

Dipati Karna satria pangkat Tumenggung ti Awangga, kassaktianana teu eleh ku Arjuna. Lian ti ahli mentang jamparing, pinter maen gada jeung tumbak. Anjeuna putera Batara Surya ibuna Dewi Kunti. Sami sareng Yudistira, Bima jeung Arjuna, Bapana Dewanatu.

Pangan Kresna uninga, lantaran katitisan Dewa Wisnu. Naon wae kajantenan di alam dunya, anjeuna uninga.

Ku Batara Surya, Karna dipaprin tumbak sakti, ngarana konta. Upama eta tumbak dilempagkeun, ulah bangsa manusa, sanajan pusti perlaya. Ngan hanjakal henteu bisa dipake sakahayangna. Saumur hirup ukur bisa digunakeun sakali. Saterusna konta bakal balik deui ka sawarga. Mulang kanu bogana, nyaeta Batara Surya.

Ayana Dipati Karna di Astina, estu ngagedekeun hate para kurawa. Malah Suyudana mah togmol pisan ; sagagah-gagahna Arjuna, moal kuat nadah kasakten Dipati Karna. Raja Astina beuki reugreug nyanghareupan patelakna jeung pandawa. Lantaran Karna kungsi ngalisankeun ikrar ; wani norehkeun pati demi astina.

Ku pinterna mata-mata pandawa, beja Dipati Karna bakal jadi pamanggul jurit, bocor ka pihak musuh. Batara Kresna enggal ngempelkeun pandawa lima ; Yudhistira, Bima, Arjuna, Nakula jeung Sadewa.

Genepan teras baradanten, kedah kimaha saena mayunan peperangan dinten enjing ? Utamiona saha nu kedah nandingan Dipati Karna ? Naha bade tetep ku Arjuna, atawa ngajengkeun nu sanes ?

Hasil babantenan, saluyu sareng usulan Batara Kresna, Raden Gatotkaca nu kedah majeng. “Naha Gataotkaca ?” tanya Arjuna.

Saur Kresna, sakumaha saktina Arjuna moal kiat mayunan pakarang konta. Kukituna kapaksa ngorbankeun gatotkaca. Sedengkeun tanaga Arjuna masih keneh diperlukeun, ku sabab perang moal rengse tereh-tereh.

“Sabada konta mulang deui kanu boga, nembe Karna payunan ku salira,” saur Kresna ka Arjuna.

Sanajan kacida teu tegana, sarerea narima usulan Kresna. Kaasup Bima, ramana raden Gatotkaca. Nya kitu deui Gatotkaca, waktu ditunjuk jadi pamingpin perang, sarta resikona bakal jadi tumbal konta, anjeunna langsung nampi. Demi kaunggulan pandawa, Gatotkaca ihlas ngorbankeun jiwa ragana.

Enjingna Gatotkaca manjeng mingpin para prajurit maju ka medan perang. Kawantu sarua-sarua gagah tur sakti, perang antara Karna jeung Gatotkaca kacida ragotna. Nepi ka tengah poe, can katara saha nu bakal unggul, saha nu bakal eleh. Lila-lila ku sabab ngarasa kadesek, Karna kapaksa ngaluarkeun konta.

(12)

Dinten enjingna, Karna disanghareupan ku Arjuna. Der duanana tarung mani ragot pisan. Eta dua satria tarung tutunggulan silih pentangkeun jamparing, can kanyahoan saha nu eleh. Ngan unggal dua satria keur ngaluarkeun sagala kasaktena, sok aya kajantenan aneh. Langit dadak sakala mongkleng, kilat pating baranyay, angin ngagelebug, alam dunya ge asa geuuman. Ahirna Dipati Karna kasambut umur, eleh ngadu ulin panah ngalawan putera pandawa, nyaeta Arjuna.

PANGAJARAN 2 WAWANCARA Mikawanoh Tokoh Sunda

Di unggal daerah sok aya jalma anu dianggap tokoh pentingatawa ditokohkeun ku masyarakat pada umumna. Naon sababna ditokohkeun atawa dianggap jadi tokoh ? keur ngajawab eta pertanyaan, aya sababaraha alesan jawaban nyaeta : jalma eta dianggap loba kaweruhna loba luang jeung pangalamanana atawa boga kaahlian dina widangna masing-masing. Eta kriteria-kriteria teh dianggap pinunjul lamun dibandingkeun jeung kaayan masyarakat disabudeureunana. Lamun ditilik kana umurna, nu dianggap tokoh penting teh rata-rata geus aya umuran (tos sepuh). Lian ti eta ahli deuih dina widangna. Matak teu munasabah lamun dianggaptokoh penting teh.

Anapon widang-widang kaahlian anu dimaksud nyaeta : widang pendidikan, film, kaagamaan, militer, politik, sosial, ekonomi, seni budaya, olah raga, kesehatan, karawitan, pamarentahan, jeung rea-rea deui.

Di handap aya sababaraha urang nu dianggap tokoh boh nasional atawa regional. Aranjeuna ahlina dina widangna sewang-sewangan.

Ngaran Tokoh Widang Kaahlian

1. Ali Sadikin Pamarentahan / Militer

2. H.M. Amin Rais Politik / Guru Besar

3. Acil Bimbo Musisi

4. Sophan Sopyan Film

5. Edi Sudrajat Militer

6. Mutia Hatta Wanita

7. Moh. Surya Pendidikan

8. Hari Rusli Budayawan

9. Muchtar Kusumaatmaja Hukum

10. Robby Darwis Olahraga maen bal

11. Utut Adianto Olahraga catur

12. Ananda Nicola Olahraga balap mobil

13. Rachmatullah Ading Afandi Sastrawan

14. Asep Sunandar Sunarya Dalang

15. Ibing Kusmayatna Bodor

(13)

PANGAJARAN 3 WACANA BIOGRAFI

Biografi Pahlawan

Biografi teh nyaeta riwayat hirup hiji jalma anu ditulis atawa dicaritakeun deui ku batur. Ari nu ditulis atawa diacaritakeun deui ku sorangan mah ngarana otobiografi.

Saperti geus dijelaskeun di kelas X, sakabeh jalma bisa ditulis biografina, saluyu jeung widangna masing-masing. Teu munasavah lamun jalama nu rek ditulis biografina teh mangrupa tokoh idola masyarakat pada umumna. Anapon widang kaahlian para tokoh teh rupa-rupa, nyaeta : widang Agama, widang pendidikan, musik, olahraga, film, sastra, militer, hukum, pamarentahan, politik, ekenomi, kesehatan, jeung rea-rea deui.

Dina pangajaranb ayeuna, nu rek dipedar teh nyaeta biografina Raden Ayu Lasminingrat. Saha atuh ari Raden Ayu Lasminingrat ?. Raden Ayu Lasminingrat teh kaasup salah sahiji pahlawan pajoang wanita asal derah Garut. Gerakan bajoangna sarua jeung nu di bajoangkeun ku Raden Dewi Sartika, pahlawan tatar Jawa Barat (Sunda), jeung Raden Ajeng Kartini ti tatar Jawa Tengah.

Salian ti raden Ayu Lasminingrat sareng Raden Dewi Sartika masih keneh loba pahlawan anu asalna ti tatar Sunda teh. Diantarana : Mohamad Toha, Mohamad Ramdan, Ir.H. Juanda Kartawinata, K.H.Zaenal Mustopa, jeung K.H. Mustopa Kamil.

Naha nu disebut pahlawan teh kudu anu bajoang make sanjata bae ? henteu. Contona mah Raden Dewi Sartika, anjeuna pantes disebut pahlawan lantaran jasa-jasana dina widang atikan pikeun kaomna, kaom wanita. Kitu jeung Ir.H. Juanda Kartawinata anjeuna meunang gelar pahlawan kulantaran ketakna dina widang pawangun jeung pamarentahan.

Meh unggal daerah saenyana mah miboga pahlawan sewang0sewangan. Ngan geus aya nu dianggap pahlawan nasional, aya nu acan. Kitu deui pahlawan asal tatar Sunda geus mereun lain ngan ukur nu disebut di luhur wungkul, tangtu aya pahlawan-pahlawan nu teu kasebut didieu. Mereun kaasup pahlawan tak dikenal tea. Teu nanaon, sabab kangaran-ngaraning pahlawan mah tangtu anu gede jasana sarta aya tuladaneuenana. Taya salahna upama urang mikawanoh ka para pahlawan anu aya di daerah urang soeangan matak jeung geura teangan biografina.

PANGAJARAN 4 CARITA PONDOK Sajarah Kamekaran Sastra Sunda

Kahirupan sastra Sunda anu aya nepi ka kiwari teh mangrupa hasil kreatifitas para pangarang anu sambung sinambung ti mangsa ka mangsa.

Ti iraha mimiti gelar na sastra Sunda ?

Bisi lega teuing ambahananan, dina ieu pedaran urang watesan ti mimiti medalna buku dina sastra Sunda, nyaeta hiji patok anu jadi hiji ciri lahirna karya sastra Sunda Modern.

Dina awal abad ka 20, sastra sunda kakuenaan ku pangaruh eropa. Eta pangaruh teh diantarana gelarna karya wangunan anyar anu disebut novel, carita pondok, jeung sajak. Disebut wangunan anyar teh dumeh karya sastra nu hirup dina wangsa samemehna mah ukur ngawengku dongeng, carita pantun, mantra, pupujian, katut guguritan.

Novel sunda anu munggaran nyaeta Baruang Kanu Ngarora karya Daeng Kanduruan Ardiwinata, anu dikaluarkeun ku Bale Pustaka dina taun 1914. Mangsa satuluyna, dina taun 1920 an nepi ka taun 1940-an kaitung loba pangarang sunda anu narulis novel. Pangarang novel dina entragan harita diantarana Joehana, R Memed Sastrahadiprawira, Mohamad Amri, Muhamad Sanusi, jeung sajabana deui.

(14)

medal buku kumpulan carpon, diantarana : Papacangan karya Rusman Sutiasurmaga, Hujan Munggaran karya Ayat Roahedi, Nengan beunang Tjaraka, jeung Diluhureun Jukut Reumis beunang Yus Rusyana.

Wangun sajak, anu kaasup pandeuri kana sastra Sunda mah. Mimiti gelarna teh barang aya pangarang Sunda anu nulis sajak dina taun 1946, nyaeta Kis.WS. Satuluyna dina taun 1950-an nepi ka taun 1960-an pangarang anu aktif narulis sajak diantarana : KTS (Kadir Tisna Sudjana), Yus Rusamsi, Sajudi, Ajip Rosidi, Wahyu Wibisina, Rus Rusyana, Rahmat M.Sas Karana, Surahman RM, Ayatrohaedi, jeung Dedi Windyagiri.

Buku kumpulan sajak anu medal dina taun 1960-an tepi ka taun 1970-an diantarana Lalaki di tegal Pati karya Sajudi, Surat Kayas (Surahman RM), Ombak Laut Kidul (Rahmat.M) jeung Jante Arkidam (Ajip Rosidi).

Dina wangsa kiwari, kahirupan sastra sunda katembong tumuwuh beuki subur. Hal eta teh dirojong ku ayana :

1. Penerbit anu mayengbisa medalkeun buku saban taun saperti : Geger Sunten, Rahmat Cijulang, jeung Giri Mukti.

2. Ayana media massa saperti : Mangle, Galura, Kujang, Giwangkara jeung Suara daerah. 3. Jumlah pangarang nu terus nambahan sarta aktif narulis.

4. Beuki hirupna kagiatan sastra.

PANGAJARAN 5 NGARAGAKEUN DRAMA Pedaran Ngeunaan Carita Drama

Hidep tangtu kungsi lalajo drama, boh anu dipagelarkeun di luhur panggung boh anu ditayangkeun dina televisi. Aya oge anu disebut drama radio, nyaeta drama anu lalakona ngan saukur bisa didengekeun.

Demi carita anu dilalakonkeun dina drama, nyoko kana naskah (karangan). Nya naskah ieu nu kaasup bagan-bagan sastra teh. Ditilik dina wujud lahiriahna, urang bisa nangenan anu dicaritakeun teh drama atawa lain. Dina naskah drama aya hal-hal anu geus baku, nyaeta :

1. Pertelaan palaku, anu ngaberendelkeun ngaran jeung katerangan palaku upama mangrupa naskah, diawal wacana sok ditataan heula tokoh-tokohna, lengkep jeung katerangan umurna, lalaki atawa awewe, hubungan jeung palaku sejen, pasipatan, pangkat atawa kalungguhan. Para pamaena sok disebut aktor. Perluna eta katerangan pikeun ngagampangkeun tugas sutradara. Ku cara kitu sutradara jadi meunang gambaran, siga kumaha tokoh-tokohna, dimana tempat kajadianana, iraha mangsana jeung kudu kumaha pasang petana. Lian ti keur kapentingan sutradara, mangrupa pituduh pikeun para pamaen deuih.

2. Babak jeung adegan, anu ngabagi-bagi karangan drama, naskah drama biasana dibagi jadi sababaraha babak. Unggal babak dibagi sababaraha adegan.

3. Setting nyaeta katernagan latar, suasana atawa kajadian dina awal babak. Kitu deui dina sajero pagelaran drama. Pikeun ngahirupkeun suasana, panggung tempat pagelaran drama teh ngahaja ditata (di setting) ku ahlina kalawan hade. Kaasup tata lampu jeung ilustrasi musikna.

4. Paguneman (dialog) nyaeta kalimah langsung para palaku anu silih tempas omongan nurutkeun babak jeung adegan. Carita drama teh nyaeta karangan sastra winangun dialog. Maksudna dina midangkeun carita atawa lalakona ngagunakeun dialog atawa obrolan diantara tokoh-tokohna. Di urang aya nu disebut drama suara atawa gending karesmen, nyaeta drana anu dialog-dialogna ditembangkeun atawa dikawihkeun. Para pamaena oge kudu barisa tembang atawa ngawih. Mang Koko, RAF, jeung Wahyu Wibisina, kasohor ahli drama suara atawa gending karesmen.

5. Prolog, nyaeta katerangan atawa pamangging pangarang ngeunaan lalakon nu baris disuguhkeun, ditulisna (dicaritakeunna) dina awal drama.

(15)

7. Monolog, nyaeta omongan palaku keur dirina sorangan bisa bari ngagereyem (siga nu kukulutus), bisa ngomong jelas saperti biasana. Singgetna monolog mah disebut ngomong sorangan. Kabehanana oge aya dina babak jeung adegan.

8. Satire, nyaeta omongan palaku kanu lalajo, biasana mangrupa omongan palaku nu ngandung panempas nu lalajo. Didieu biasanage sok mangrupa tokoh nu tukang heureuy, bari ngabodor tapi aya diantarana drama anu teu make prolog, epilog, monolog jeung satire.

9. Cacandraan, pertelaan sikep, paroman jeung kaayaan palaku dina sajeronong adegan. Ieu cacandraan mah ayana ngan ukur dina naskah wungkul. Gunana pikeun nguatkeun karakter tokoh.

PANGAJARAN 6 LAPORAN KAGIATAN Laporan Kagiatan Agustusan

Pesta Agustusan di Sakola

Capena mah kacida, tapi nepo hasilna, sarerea ngarasa kabeuli hate. Asa kaubaran. Cacap, sugema, kahibur, bungah, poho saheulaanan kana bangbaluh kawajiban. Rek kitu kumah atuh, pupuhu sakola, guru, murid, staf TU, srta sakabeh komponen sakola, nyampur ngajadi hiji pikeun lalajo jeung nyaksian pesta agustusan. Kabehanana ting cakakak, sarua bungah, nyaksian anu balap karung tinggedebut labuh, anu balap bakiak tingjarungkel, anu lomba gebug bantal tingkoleang, jeung rea-rea deui.

Eta kagiatan teh dilaksanakeun dina raraga mieling poe kamerdekaan Indonesia anu ka 62. kawilang kagiatan rotin ti unggal angkatan pangurus OSIS. Pokona sapoe eta mah kagiatan teh ukur patarik-tarik seuri jeung palega-lega calawak, sarta pakuat-kuat kulit beuteung. Rek teu kitu kumaha ? Kabeh ge euwueh nu teu seuri, ceuk cogahna mah nepi ka se-euleun bakating ku ngeunah-ngeunahna jeung ni’mat-ni’matna seuri.

Ku lantaran ningali nu lalajo ngarasa kahibur ku pagelaran lomba agustusan bieu, kuring oge salaku tina panata calagara ngarasa ngeunah ku kenana kagiatan kana sasaran nu dituju.

Kukituna kalayan hate anu bungah, kuring nulis laporanana. Hayang nyaho naon-naona nu dituliskeun ? Hayang nyaho kana sakabeh laporan ? Kurang leuwihna mah kieu eusi laporan teh saperti nu ditulis di handap. Pek baca deui !

LAPORAN KAGIATAN

MIELING KAMERDEKAAN REPUBLIK INDONESIA ANU KA 62 ORGANISASI SISWA INTRA SEKOLAH (OSIS)

3. Waktu, Tempat, jeung Jumlah Patandang 4. Waragad

5. Kapanitian 6. Panutup

Alhamdullillah, kagiatan mieling kamerdekaan Repubi Indonesia anu ka 62 ieu lumangsung kalayan lancar. Ieu teh tangtu na oge alatan pangrojong ti sakabeh komponen SMAN 1 Pameungpeuk. Simkuring asmana panitia, ngahaturkeun nuhun ka Bapak pupuhu sakola anu parantos masihan bantosan dugi ka acara ieu tiasa dilaksanakeun sakumaha mistina.

(16)

Pameungpeuk, 20 Agustus 2007 Pupuhu Panitia

MUFTI ARIFUL HUSNA

Gilang Serat

AJANG SUDRAJAT

Ka Uninga ku

Pupuhu SMAN 1 Pameungpeuk

Drs. NANDANG RAHMAT NIP. 130112929

PANGAJARAN 7 NGARESENSI BUKU

Ngaresensi Buku

SEKAR AOSAN KEMBANG PANINEUNGAN

Bisa jadi hidep mah moal aya nu apal, kungsi maca mah komo kana sekar aosan teh. Kawantu buku heubeul. Medal munggaran taun 1973, citakan pamungkas taun 1979. disusun ku Insani, sigana sandiasma, lain ngaran asli, diterbitkeun ku penerbit Tarate Bandung.

(17)

Keur nu kungsi maca buku Sekar Aosan, pangpangna jaman sakola di SD taun 1970-an kaditu, pasti moalpoho kana bacaan Kaaralan Kuda Kahar. Winangun pupuh maskumambang, eusina nyaritakeun jumeritna kuda kahar, nyeungceurikan nasibna. Beurang peuting dipeleter, diala tanagana, teu kaop katembong ripuh, langsung ku kusir dipecut.

KAARALAN KUDA KAHAR (Maskumambang) Ambu-ambu naha bet telenges teuing

Teu aya rarasan

Abong ka mahluk nu laip Mecut na teh pupuasan

Coba atuh ulah gangas-gangas teuing Sing boga karunya

Najan ka sato nu laip

Da tunggal makhluk pangeran

Saperti umumna buku heubeul, bisa jadi keur barudak ayeuna mah, loba kekecapan nu teu kaharti. Contona dina guguritan nu di luhur. Moal boa rea nu can nyaho naon hartina kecap-kecap aral, laip, gangas. Tapi, keur barudak jaman ditu mah, eta kecap-kecap teh biasa kapanggih dina kahirupan sapopoe.

Sekar Aosan memang buku heubeul. Sekar hartina kembang, ari aosan sarua jeung bacaan. Keur nu kungsi maca eta buku, sarua jeung metikan deui kembang katineung. Mun ayeuna ngadon neangan buku Sekar Aosan, komo kapanggih, sabab geus langka. Iwal kapustakaan husus buku-buku anu bakal aya teh. Sekar Aosan teh nepi ka taun 80-an jadi bacaan murid-murid kelas VI Sakola Dasar. Eta buku memang diutamakeun keur barudak SD. Tapi, upama maca eusi jeung bacana, dalah dibaca ku kolot ge taya salahna. Kaasup ku para rumaja pantaran hidep.

(18)

BAHAN AJAR 2

PAGUNEMAN

Kompetensi

Dasar

: Paguneman / maguneman / guneman

Indikator

:

Referensi

Dokumen terkait

3. kedah paheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumulé – ngaraksa sareng ngariksa basa Sunda katut budaya Sunda umumna ku cara ngayakeun rupa-rupa kagiatan budaya, upamana

Jalan Mira Mare Desa Karyamukti Kecamatan Cibalong garut Kabupaten Garut. PROGRAM TAHUNAN Mata Pelajaran : Bahasa Arab Kelas / Program

Kompetensi Dasar Th p Materi Pembelajaran Pembelajaran Kegiatan Indikator Th p Penilaian Alokasi Waktu Sumber Belajar ayat atau. potongan surat yang

Kompetensi Dasar Thp Materi Pokok/ Pembelajaran Pembelajaran Kegiatan Indikator Thp Penilaian Waktu Sumber Belajar 3.1 Mendeskripsikan..

 Peserta didik dapat menentukan ciri-ciri beberapa jenis garam yang dapat terhidrolisis dalam air  Peserta didik dapat menentukan sifat garam yang terhidrolisis dari persamaan

Guru memimpin diskusi kelas untuk menyebutkan beberapa unsur dalam kehidupan sehari-hari dan sifat-sifat yang dimiliki, baik sifat fisik maupun sifat kimiac.

Peserta didik dan guru secara bersama-sama membahas contoh dalam buku paket atau buku penunjang lainnya mengenai menyebutkan sifat- sifat komposisi

 Melakukan ulangan harian berisi materi yang berkaitan dengan sifat khusus yang mungkin dimiliki oleh sebuah fungsi, menjelaskan nilai fungsi komposisi terhadap komponen