• Tidak ada hasil yang ditemukan

KASALAHAN ÉJAHAN DINA NULIS WARTA SISWA KELAS IX SMP LABORATORIUM PERCONTOHAN UPI TAUN AJARAN 2013/2014.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "KASALAHAN ÉJAHAN DINA NULIS WARTA SISWA KELAS IX SMP LABORATORIUM PERCONTOHAN UPI TAUN AJARAN 2013/2014."

Copied!
23
0
0

Teks penuh

(1)

No. 736/FPBS/0251/2014

KASALAHAN ÉJAHAN DINA NULIS WARTA

SISWA KELAS IX SMP LABORATORIUM PERCONTOHAN UPI TAUN AJARAN 2013/2014

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan

ku

IDA JUBAIDAH NIM 1002767

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG

(2)

No. 736/FPBS/0251/2014

KASALAHAN ÉJAHAN DINA NULIS WARTA

SISWA KELAS IX SMP LABORATORIUM PERCONTOHAN

UPI

TAUN AJARAN 2013/2014

Oleh :

Ida Jubaidah

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana Pendidikan pada Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah

Universitas Pendidikan Indonesia

© Ida Jubaidah 2014

Universitas Pendidikan Indonesia

Februari, 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(3)

No. 736/FPBS/0251/2014

LEMBAR PENGESAHAN

IDA JUBAIDAH NIM 1002767

KASALAHAN ÉJAHAN DINA NULIS WARTA

SISWA KELAS IX SMP LABORATORIUM PERCONTOHAN UPI TAUN AJARAN 2013/2014

disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping I,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP 196302101987031001

Pangaping II,

Dr. Ruhaliah, M.Hum. NIP 196411101989032002

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

(4)

KASALAHAN ÉJAHAN DINA NULIS WARTA

SISWA KELAS IX SMP LABORATORIUM PERCONTOHAN UPI TAUN AJARAN 2013/20141)

Ida Jubaidah2)

ABSTRAK

Latar belakang penelitian ini adalah karena siswa menganggap pembelajaran bahasa Sunda tidak penting, sehingga siswa tak acuh terhadap pembelajaran bahasa Sunda, termasuk dalam menulis, seperti tidak memperhatikan ejaan. Penelitian ini bertujuan untuk mengetahui dan mendeskripsikan kesalahan ejaan yang dilakukan oleh siswa kelas IX SMP Laboratorium Percontohan UPI Tahun Ajaran 2013/2014. Deskripsinya meliputi kesalahan (1) menggunakan huruf; (2) menuliskan huruf; (3) menuliskan kata; (4) menuliskan unsur serapan; dan (5) penggunaan tanda baca. Dalam penelitian ini menggunakan metode deskriptif dengan teknik tés. Pengolahan data menggunakan analisis dokumen. Sumber data dalam penelitian ini adalah siswa kelas IX SMP Laboratorium Percontohan UPI Tahun Ajaran 2013/2014. Data dalam penelitian ini adalah kesalahan ejaan dalam menulis berita yang dilakukan oleh siswa. Hasil penelitian ini menyimpulkan bahwa siswa masih banyak melakukan kesalahan ejaan dalam menulis berita. Kesalahan tersebut antara lain, (1) kesalahan menggunakan huruf berjumlah 101 (43,72%); (2) kesalahan menuliskan huruf berjumlah 83(35,93%); (3) kesalahan menuliskan kata berjumlah 26 (11,26%); (4) kesalahan menuliskan unsur serapan berjumlah 7 (3,03%); dan (5) kesalahan penggunaan tanda baca berjumlah 14 (6,06%). Berdasarkan hasil penelitian di atas, guru harus lebih inténsif mengajarkan éjaan basa Sunda kepada siswa, terutama dalam membedakan vokal

é, e dan eu.

(5)

Ida Jubaidah, 2014

SPELLING ERROR IN NEWS WRITING OF

STUDENTS OF GRADE IX OF SMP

LABORATORIUM PERCONTOHAN UPI SCHOOL

YEAR 2013/2014

Ida Jubaidah

1)

, Yayat Sudaryat

2)

, Ruhaliah

3)

Email:

idajubed78@gmail.com

,

yayat.sudaryat@upi.edu

,

Ruhaliah@upi.edu

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia

ABSTRACT

This study is come from the idea that students consider that learning Sundanese is difficult, which makes them tend to be ignorant in Sundanese courses, including in writing, such as not paying attention to how to spell it. This study is aimed to find out and describe spelling errors done by students of grade IX of SMP Laboratorium Percontohan UPI School Year 2013/2014. The spelling error includes (1) letters usage; (2) letters writing; (3) words writing; (4) uptake elements writing; and (5) punctuation usage. This study is using descriptive method with test technique. The data is processed using document analysis. Data source in this study are students of grade IX SMP Laboratorium Percontohan UPI School Year 2013/2014. Data in this study are spelling errors in writing news done by the students. The result of this study shows that most of students still doing spelling errors in writing news. The errors includes (2) error in using letters with total of 101 items (43,72%); (2) error in writing letters with total of 83 items (38,10%); (3) error in writing words with total of 26 items (11,25%); (4) error in writing uptake elements with total of 7 items (3,03%); and (5) error in using punctuations with total of 14 items (6,06%). Based on the results above, it can be concluded that teachers have to be more intensively teaching Sundanese spelling to students, especially in distinguishing vocal é, e and eu.

Keywords: Spelling error, news writing

1) Author

(6)

DAPTAR EUSI

kaca

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

CATUR NUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR TABÉL ... ix

DAPTAR LAMPIRAN ... x

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang ... 1

1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 3

1.2.1 Idéntifikasi Masalah ... 3

1.2.3 Rumusan Masalah ... 3

1.3 Tujuan Panalungtikan... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 4

1.3.2 Tujuan Husus ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 4

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.5 RaragaTulisan ... 5

BAB II ULIKAN TIORI JEUNG ANGGAPAN DASAR ... 6

2.1 Ulikan Tiori ... 6

2.1.1 Kasalahan Éjahan ... 6

2.1.1.1 Wangenan Kasalahan Éjahan ... 6

2.1.1.2 Kasalahan Éjahan Minangka Bagian Tina Kasalahan Basa ... 6

2.1.1.3 Éjahan Basa Sunda ... 7

2.1.1.4 Palanggeran Éjahan Basa Sunda ... 8

(7)

vii

2.1.3.3 Unsur-Unsur Warta ... 25

2.1.3.4 Adegan Warta ... 26

2.2 Anggapan Dasar ... 26

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 27

3.1 Data jeung Sumber Data ... 27

3.2 Desain Panalungtikan ... 28

3.3 Métode Panalungtikan ... 29

3.4 Wangenan Operasional ... 29

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 29

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 30

3.7 Téhnik Ngolah Data ... 30

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... 31

4.1 Hasil Panalungtikan ... 31

4.1.1 Kasalahan Makéna Aksara ... 34

4.1.2 Kasalahan Nuliskeun Aksara ... 41

4.1.2.1 Kasalahan Nuliskeun Aksara Gedé ... 41

4.1.2.2 Kasalahan Nuliskeun Aksara Condong ... 48

4.1.3 Kasalahan Nuliskeun Kecap ... 57

4.1.3.1 Kasalahan Nuliskeun Angka jeung Lambang Bilangan ... 57

4.1.3.2 Kasalahan Nuliskeun Kecap Pangantét ... 58

4.1.3.3 Kasalahan Nuliskeun Kecap Rundayan ... 63

(8)

viii

4.1.4 Kasalahan Nuliskeun Unsur Serepan ... 64

4.1.5 Kasalahan Makéna Tanda Baca ... 65

4.1.5.1 Kasalahan Makéna Tanda Titik (.) ... 66

4.1.5.2 Kasalahan Makéna Tanda Kekenteng (“...”) ... 67

4.1.5.3 Kasalahan Makéna Tanda Geret (-) ... 68

4.1.5.4 Kasalahan Makéna Tanda Pisah () ... 68

4.1.2 Pedaran ... 69

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 72

5.1 Kacindekan ... 72

5.2 Saran ... 73

DAPTAR PUSTAKA ... 74

LAMPIRAN ... 76

(9)

1

BAB I BUBUKA 1.1Kasang Tukang

Manusa salaku mahluk sosial, tangtuna waé merlukeun jalma séjén dina kahirupanana. Ku kituna, basa téh miboga kalungguhan anu kacida pentingna dina komunikasi antara manusa nu hiji jeung nu lianna. Aya dua jenis komunkasi anu dilakukeun ku manusa ngaliwatan basa, nya éta basa lisan ngaliwatan lambang sora, jeung basa tinulis ngaliwatan lambang tulisan.

Aya opat kaparigelan basa, salasahijina nya éta nulis. Nulis miboga sipat anu produktif, hartina kagiatan anu ngahasilkeun hiji karya. Nurutkeun Tarigan (1982) dina Nunuy Nurjanah (2007: 1) nulis téh nya éta nurunkeun lambang-lambang grafik anu ngagambarkeun basa hiji jalma, nepi ka jalma lian bisa nyangkem éta basa tina gambaran grafik tadi. Jadi, nulis téh mangrupa salasahiji alat pikeun nepikeun ide, rasa, kahayang ngaliwatan média tinulis.

Dina pangajaran nulis, siswa dituntut pikeun nuliskeun ide, rasa, kahayangna ngaliwatan tulisan. Salasahijina nya éta bisa ngaliwatan warta. Warta nya éta carita ngeunaan kajadian anu keur atawa geus lumangsung, anu sipatna anyar (up to date). Fungsi tina éta warta sorangan nya éta pikeun méré nyaho masarakat perkara kajadian anu keur atawa geus lumangsung, nambahan pangaweruh, jeung méré informasi-informasi anu dipikabutuh ku masarakat.

Pangajaran warta pernahna aya di kelas IX. Dina nulis warta, loba hal-hal anu kudu diperhatikeun. Salasahijina nya éta dina éjahan. Éjahan kacida pentingna dina nulis, kitu deui dina nulis warta. Ti mimiti maké aksara, nuliskeun aksara, nuliskeun kecap, nulis unsur serepan, jeung makéna tanda baca kudu diperhatikeun.

(10)

2

siswa téh haré-haré dina diajar basa Sunda na. Ku kituna, siswa teu enya-enya dina nulis, kaasup teu merhatikeun éjahanana. Padahal éjahan téh kawilang pentingna. Lantaran saupama salah ngalarapkeun éjahan, bisa ngabalukarkeun multitafsir. Conto kasalahan dina nulis aksara, saperti nulis kecap bébék jeung bebek. Éta dua kecap téh miboga harti anu béda. Contona waé dina nuliskeun kecap bébék. Saupama vokal é na, teu maké curek (ʹ), bakal ngahasilkeun kecap bebek. Tangtu éta hal téh bakal ngabalukarkeun béda harti, antara maksud nu nulis jeung nu maca.

Barudak kiwari, nganggap yén basa Sunda téh teu penting pikeun diulik. Padahal pamaréntah daérah sorangan geus ngawajibkeun diajarkeuna basa Sunda di daérah Jawa Barat. Tangtu ieu hal téh luyu jeung Perda No. 5 Taun 2003 ngeunaan Pelestarian Basa, Sastra, dan

Aksara Daerah. Tina éta perda geus katitén yén ayana pangajaran basa

Sunda di unggal tingkatan sakola mangrupa tarékah pikeun ngamumulé basa daérah, nya éta basa Sunda di wilayah Jawa Barat. Lian ti éta, basa daérah téh miboga pancén (dina Abdul Chaer jeung Leonie Agustina, 2010:226) minangka (1) lambang kebanggaan daerah, (2) lambang

identitas daerah, (3) sarana perhubungan di dalam keluarga dan

masyarakat daerah, (4) sarana pengembangan serta pendukung

kebudayaan daerah.

Dumasar hal di luhur, tétéla karep siswa dina nulis utamana dina éjahan masih can bisa nyumponan sarat minimum. Lantaran kitu, hasil diajar kurang nyugemakeun.

Panalungtikan-panalungtikan anu patali jeung analisis kasalahan

éjahan kacida lobana, diantarana (1) “Analisis Éjahan dina Karangan Déskripsi Siswa Kelas XII MAN Jonggol Taun Ajaran 2012/2013 “(Sylvi Fauziah R., 2013), (2) “Éféktivitas Média Movie Maker dina Pangajaran Nulis Berita (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas IX E SMP Negeri 1

Manonjaya)” (Fandy purnama, 2012), (3) “Analisis Kasalahan Éjahan dina

Nulis Karangan Éksposisi Siswa Kelas VIII SMP Negeri 1 Ciwidey

(11)

3

Éjahan dina Kumpulan Carita Pondok Dongéng Énéng ti Pasantrén pikeun

Bahan Pangajaran di SMP” (Lia Marlia, 2000), (5) Analisis Kasalahan Éjahan dina Karangan Déskripsi Siswa Kelas III SMU Pasundan I

Bandung Taun Ajar 2004/2005” (Rita Rosita, 2000). Sasaruaan ieu

panalungtikan jeung nu geus aya nya éta sarua nganalisis kasalahan éjahan. Tapi panalungtikan husus ngeunaan “Kasalahan Éjahan dina Nulis Warta Siswa Kelas IX C SMP Laboratorium Percontohan Taun Ajar

2013/2014”, can aya nu nalungtik.

Ku sabab kitu, ieu panalungtikan perlu dilaksanakeun lantaran kasalahan éjahan téh mangrupa salasahiji komponén penting dina bacaan atawa tulisan. Larapna éjahan anu merenah bakal ngagampangkeun jeung ngagenahkeun ka nu maca. Sabab, salah ngalarapkeun éjahan bakal ngabalukarkeun multitafsir.

1.2Watesan Masalah jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Pedaran ngeunaan kasalahan éjahan warta siswa kelas IX SMP Percontohan Laboratorium UPI lega pisan. Ku kituna pedaran panalungtikan diwatesanan, nya éta nalungtik kasalahan éjahan warta, tina kasalahan nuliskeun konstruksi kabasaan, nya éta: (a) kasalahan éjahan dina makéna aksara, (b) kasalahan éjahan dina nuliskeun aksara, (c) kasalahan éjahan dina nuliskeun kecap, (d) kasalahan dina nulis unsur serepan, jeung (e) kasalahan dina makéna tanda baca.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah di luhur, bisa dirumuskeun dina kalimah pananya di handap.

1. Naha dina nulis warta karya siswa kelas IX SMP Percontohan Laboratorium UPI kapanggih ayana kasalahan makéna aksara?; 2. Naha dina nulis warta karya siswa kelas IX SMP Percontohan

(12)

4

3. Naha dina nulis warta karya siswa kelas IX SMP Percontohan Laboratorium UPI kapanggih ayana kasalahan nuliskeun kecap?; 4. Naha dina nulis warta karya siswa kelas IX SMP Percontohan

Laboratorium UPI kapanggih ayana kasalahan nulis unsur serepan?;

5. Naha dina nulis warta karya siswa kelas IX SMP Percontohan Laboratorium UPI kapanggih ayana kasalahan makéna tanda baca?

1.3Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Sacara umum, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun mikanyaho kasalahan éjahan dina nulis warta siswa kelas IX C SMP Laboratorium Percontohan UPI.

1.3.2 Tujuan Husus

Dumasar kasang tukang jeung rumusan masalah anu geus dipedar di luhur, ku kituna ieu tujuan panalungtikan pikeun mikanyaho kasalahan éjahan anu ngawengku:

1. Kasalahan makéna aksara. 2. Kasalahan nuliskeun aksara. 3. Kasalahan nuliskeun kecap. 4. Kasalahan nulis unsur serepan. 5. Kasalahan makéna tanda baca.

1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan, nya éta:

(13)

5

2) Pikeun méré élmu pangaweruh sangkan bisa maké aksara, nuliskeun aksara, nuliskeun kecap, jeung ngalarapkeun tanda baca kalayan bener.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Salian mangpaat tioritis, aya ogé mangpaat praktis tina ieu panalungtikan, nya éta:

1) Mangpaat pikeun guru

a. Guru mikanyaho rupa-rupa kasalahan éjahan dina warta anu dilakukeun ku siswa kelas IX SMP Laboratorium Percontohan UPI.

b. Guru mikanyaho kamampuh siswa dina nulis warta.

c. Guru miboga acuan nilai warta siswa pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis warta siswa leuwih hadé.

2) Mangpaat pikeun siswa

a. Bisa ngajembaran pangaweruh dina nulis warta

b. Pikeun méré gambaran ngeunaan tipe kasalahan éjahan c. Pikeun mikanyaho kamampuhna dina maké éjahan dina

warta.

d. Mangrupa latihan jeung motivasi keur siswa sangkan bisa leuwih hadé dina nulis warta.

1.5Struktur Organisasi Skripsi

Di handap ieu mangrupa sistematika penulisan skripsi, nya éta:

BAB I BUBUKA

1.1 Kasangtukang Masalah

1.2 Watesan Masalah jeung Rumusan Masalah 1.3 Tujuan Panalungtikan

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.5 Struktur Organisasi Skripsi

BAB II TATAPAKAN TÉORI

(14)

6

2.2 Nulis

2.3 Kasalahan Basa 2.4 Éjahan Basa Sunda 2.5 Warta

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Desain Panalungtikan

3.2 Metode jeung Tehnik Panalungtikan 3.3 Wangenan Oprasional

3.4 Sumber Data

3.5 Sistematika Nyusun Skripsi 3.6 Jadwal Kagiatan

BAB IV ANALISIS KASALAHAN ÉJAHAN DINA NULIS WARTA SISWA KELAS IX SMP LABORATORIUM PERCONTOHAN UPI TAUN AJARAN 2013/2014

4.1 Data Kasalahan Éjahan

4.1.1 Déskripsi Kasalahan Makéna Aksara 4.1.2 Déskripsi Kasalahan Nuliskeun Aksara 4.1.3 Déskripsi Kasalahan Nuliskeun Kecap 4.1.4 Déskripsi Kasalahan Nulis Unsur Serepan 4.1.5 Déskripsi Kasalahan Makéna Tanda Baca 4.2 Kacindekan tina Hasil Analisis Data

BAB V PANUTUP

5.1 Kacindekan 5.2 Saran

5.3 Rékoméndasi.

(15)

Ida Jubaidah, 2014

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Data jeung Sumber Data

Data nyaéta sumber informasi anu bakal disortir minangka bahan analisis (Siswantoro, 2010, kc.70). Data dina ieu panalungtikan nyaéta kasalahan éjahan dina warta siswa kelas IX SMP Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014. Sedengkeun anu dimaksud sumber data nyaéta subjék panalungtikan pikeun dijadikeun bahan panalungtikanana (Arikunto, 2009, kc. 99). Sumber datanana nyaéta warta anu disusun ku siswa kelas IX SMP Laboratorium Percontohan UPI Bandung Taun Ajaran 2013/2014 anu jumlahna 23 warta. Tina éta sumber data téh, dicatet kasalahan éjahanana, anu ngawengku kasalahan makéna aksara, kasalahan nuliskeun aksara, kasalahan nuliskeun kecap, kasalahan nuliskeun unsur serepan, jeung kasalahan makéna tanda baca. Nomer réspondén bisa katitén dina tabél di handap.

(16)

28 panalungtik, nu jadi dasar kagiatan nu rék dilaksanakeun (Arikunto, 2010, kc.90). Desain anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta saperti ieu di handap.

Bagan 3.1 kelas IX SMP Laboratorium Percontohan UPI Bandung Taun Ajaran 2013/2014.

Téhnik Ngumpulkeun Data

Digunakeun téhnik tés jeung kartu data.

Téhnik ngolah data

Digunakeun téhnik analisis

Kacindekan

Disusun dumasar kana hasil panalungtikan Déskripsi data

(17)

29

Ida Jubaidah, 2014

TÉS NULIS WARTA

Pék jieun hiji warta, témana bébas!

3.3 Métode Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode dékriptif. Panalungtikan déskriptif mangrupa panalungtikan anu ditujukeun pikeun ngumpulkeun informasi ngeunaan hiji gejala nu aya, nyaéta kaayaan gejala saayana waktu panalungtikan dilaksanakeun (Arikunto, 2009, kc.234). Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun kasalahan éjahan anu dilakukeun ku siswa kelas IX SMP Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014 dina wangun warta.

3.4 Wangenan Operasional

a. Kasalahan éjahan nyaéta kasalahan larapna éjahan anu ngawengku makéna aksara, nuliskeun aksara, nuliskeun kecap, nuliskeun unsur serepan, jeung makéna tanda baca. Kasalahan éjahan mangrupa bagian tina kasalahan basa. Kagiatan analisis basa nyaéta prosés anu dipilampah pikeun maluruh perkara basa anu cacad atawa anu masih méngpar tina aturan-aturan nu geus aya kalayan ngagunakeun léngkah-léngkah nu geus tangtu.

b. Nulis warta nyaéta kagiatan nepikeun wawaran kajadian anu sipatna masih anyar ka batur ngaliwatan média tinulis.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nyaéta alat bantu anu dipilih jeung digunakeun ku nu nalungtik sangkan sistematis tur sangkan babari dina panalungtikanana (Arikunto, 2009, kc.101). Instrumén panalungtikan anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta:

(18)

30

b. Kartu data dipaké dina ngolah data. Dina jero kartu data aya kecap anu salah, kode, kecap nu benerna, jeung tipe kasalahanana. Contona saperti ieu di handap.

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta téhnik tés. Téhnik tés dipaké pikeun ngumpulkeun data pikeun ngukur tingkat kasalahan éjahan siswa kelas kelas IX SMP Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014.

Dina ngumpulkeun data, dilaksanakeun ngaliwatan sababaraha léngkah saperti ieu di handap.

a. Niténan data nu geus kakumpul; b. Nyortir hasil warta siswa; c. Nganomeran baris;

d. Nyirian kasalahan dina unggal hasil warta siswa; e. Nganomeran kasalahan nu kapanggih; jeung f. Nyalin kasalahan nu kapanggih kana kartu data.

3.7 Téhnik Ngolah Data

Téhnik nu dipaké dina ngolah data nyaéta téhnik analisis dokumén. Analisis dokumén nyaéta panalungtikan anu dilaksanakeun dumasar kana informasi anu didukuméntasikeun, boh gambar boh sora boh tulisan atawa wangun séjénna

Kalimah : ...(Nomer siswa/ Kelas/ Jajaran/ Nomer kasalahan) Kecap : ...

Kuduna : ... Tipe kasalahan:

(19)

31

Ida Jubaidah, 2014

(Arikunto, 2009, kc.244). Dina ngolah data dilaksanakeun ngaliwatan sababaraha léngkah, saperti ieu di handap.

a. Ngaruntuykeun kasalahan nu kapanggih sacara alfabétis; b. Nganomeran kasalahan;

c. Ngawincik kasalahan dumasar tipe kasalahanana; d. Nganalisis kasalahan;

(20)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan téh miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun kasalahan éjahan siswa kelas IX SMP Laboratorium Percontohan UPI Taun Ajaran 2013/2014. Dumasar kana hasil analisis data, tétéla kapanggih yén masih loba kénéh siswa anu ngalakukeun kasalahan éjahan dina nulis warta. Éta kasalahan téh ngawengku kasalahan (1) makéna aksara, (2) nuliskeun aksara, (3) nuliskeun kecap, (4) nuliskeun unsur serepan, jeung (5) makéna tanda baca.

a. Kasalahan dina makéna aksara anu kapanggih, nyaéta kasalahan makéna vokal é, e jeung eu, aya 101 (43,72%). Patukeurna vokal e jeung é aya 88 kasalahan (87,13%); patukeurna vokal e jeung eu, aya 10 kasalahan (9,90%); patukeurna vokal eu jeung e aya 2 kasalahan (1,98%); jeung patukeurna vokal é jeung e aya 1 kasalahan (0,99%).

b. Kasalahan nuliskeun aksara aya 83 (35,93%) kasalahan, anu ngawengku kasalahan nuliskeun aksara gedé aya 33 kasalahan (39,76%) jeung kasalahan nuliskeun aksara condong aya 50 kasalahan (60,24%).

c. Kasalahan nuliskeun kecap anu kapanggih aya 26 (11,26%) kasalahan anu ngawengku kasalahan nuliskeun: (1) angka jeung lambang bilangan aya kapanggih 7 kasalahan (26,92%); (2) kecap pangantét aya kapanggih 13 kasalahan (50%); (3) kecap rundayan aya kapanggih 5 kasalahan (19,23%); jeung (4) kecap sulur aya kapanggih 1 kasalahan (3,85%).

d. Kasalahan nuliskeun unsur serepan anu kapanggih aya 7 kasalahan (3,03%). e. Kasalahan makéna tanda baca anu kapanggih, aya 14 (6,06%) kasalahan, anu

(21)

73

Dumasar kana data kasalahan nu aya, kasalahan anu panglobana dilakukeun ku siswa téh, nyaéta kasalahan makéna aksara. Kasalahan makéna aksara jumlahna téh aya 101 kasalahan, anu sakabéh kasalahanna téh mangrupa kasalahan makéna vokal é, e, jeung eu.

5.2 Saran

Dumasar kana hasil panalungtikan aya sababaraha saran nu perlu ditepikeun. a. Pikeun guru

Parasiswa masih kénéh patukeur dina nuliskeun vokal é, e, jeung eu. Éta hal téh bisa dijadikeun cecekelan pikeun guru basa Sunda sangkan leuwih jero deui ngajéntrékeun vokal é, e, jeung eu. Teu ngan saukur nepikeun matérina, tapi ogé dina prak-prakanana. Dina pangajaran nulis, hasil nulis siswa lain ngan saukur dipeunteun, tapi ogé dipariksa tuluy dioméan ku guru kalayan dituliskeun catetanana keur siswa. Éta hasilna téh tuluy dipulangkeun deui ka siswa sangkan siswa nyaho, yén éjahanana masih kénéh aya nu salah. Ku kituna, pangajaran éjahan kudu diajarkeun leuwih jero deui, sangkan parasiswa bisa ngagunakeun basa Sunda anu bener tur merenah anu saluyu jeung palanggeran éjahan basa Sunda dina nyieun tulisan, boh sipatna fiksi boh nonfiksi.

b. Pikeun siswa

Siswa kudu leuwih merhatikeun deui éjahan dina tulisanana, boh dina tulisan fiksi boh nonfiksi.

c. Pikeun masarakat

(22)

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (2009). Manajemen Penelitian. Jakarta: PT Rineka Cipta.

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

Chaer, A. (2010). Bahasa Jurnalistik. Jakarta: PT Rineka Cipta.

Danadibrata, R.A. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama.

Departemen Pendidikan Nasional. (2008). Kamus Besar Bahasa Indonesia Pusat

Bahasa. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

Fauziah, S. (2013). Analisis Kasalahan Éjahan dina Karangan Déskripsi Siswa

Kelas XII MAN Jonggol Taun Ajaran 2012/2013. (Skripsi) Jurusan

Pendidikan Bahasa Daerah-FPBS-UPI Bandung: Teu diterbitkeun.

Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. (2008). Palanggeran Éjahan Basa

Sunda (Édisi Révisi). Bandung: Sonagar Press.

Iskandarwassid jeung Sunendar, D. (2008). Strategi Pembelajaran Bahasa.

Bandung: Refika Aditama.

Nurjanah, N. (2007). Tiori Nulis. Diktat. JPBD FPBS UPI.

Prawirasumantri, A. spk. (2007). Kamekaran, Adegan, jeung Kandaga Kecap

Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Romli, A.S.M. (2009). Jurnalistik Praktis untuk Pemula. Bandung: PT Remaja Rosdakarya.

Siswantoro. (2010). Metode Penelitian Sastra Analisis Struktur Puisi.

Yogayakarta: Pustaka Pelajar.

Sudarman, P. (2008). Menulis di Media Massa. Yogayakarta. Pustaka Pelajar.

Sudaryat, Y. (2010). Ulikan Fonologi Basa Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI.

(23)

75

Ida Jubaidah, 2014

Kiwari. Bandung: Yrama Widya.

Sumadiria, AS.H. (2008). Jurnalistik Indonesia Menulis Berita dan Feature

Panduan Praktis Jurnalis Profesional. Bandung: Simbiosa Rekatama Media.

Tarigan, H.G. (2008). Menulis sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Tarigan, H.G. (2011). Pengajaran Analisis Kesalahan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Referensi

Dokumen terkait

Pada tahun 2017, Pemerintah menerapkan kebijakan subsidi listrik tepat sasaran terhadap rumah tangga daya 900 VA dengan mengacu Data Terpadu Program Penanganan

Instrumen yang digunakan dalam penelitian ini meliputi Kuesioner Tingkat Kesulitan Kimia Sekolah (KTKKS) untuk mengetahui pokok bahasan dan konsep-konsep kimia sekolah

berada dalam kawasan hutan atau perkebunan. 4) Tindakan membakar lahan dengan tidak sengaja dilakukan orang atau.. badan hukum yang diizinkan melakukan kegiatan usaha di

Pengembangan desain perkuliahan kimia sekolah berbasis model mental untuk meningkatkan pemahaman materi subyek mahasiswa calon guru kimia.. Universitas Pendidikan Indonesia |

melakukan tindak pidana pembakaran lahan menurut Undang-undang Nomor 39 Tahun 2014, pada Pasal 113 ayat (1) Undang-undang Nomor 39 Tahun 2014 Tentang Perkebunan,

The Role of Teaching Model and Chemical Representation in Developing Students Mental Models in Chemical Phenomena.. Curtin University of

Nilai Kepadatan Populasi (ind/m 2 ), Kepadatan Relatif (%), Frekuensi Kehadiran(%) Makrozoobentos pada setiap Stasiun Penelitian di Perairan Estuari Suaka Margasatwa Karang

Dari kedua pendapat di atas, pengajaran melalui pendekatan pembelajaran Taktis ini untuk berusaha menghubungkan kemampuan taktis bermain dan keterampilan teknik dasar