• Tidak ada hasil yang ditemukan

ANALISIS UNSUR INTRINSIK FIKSIMINI BASA SUNDA KARANGAN HADI AKS DINA GRUP FACEBOOK FIKSIMINI BASA SUNDA.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "ANALISIS UNSUR INTRINSIK FIKSIMINI BASA SUNDA KARANGAN HADI AKS DINA GRUP FACEBOOK FIKSIMINI BASA SUNDA."

Copied!
27
0
0

Teks penuh

(1)

ANALISIS UNSUR INTRINSIK FIKSIMINI BASA SUNDA KARANGAN HADI AKS

DINA GRUP FACEBOOK FIKSIMINI BASA SUNDA

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan

Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah

ku

Eksa Dwi Ratih 1002610

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

▸ Baca selengkapnya: unsur intrinsik sajak sunda

(2)

Halaman Hak Cipta

Analisis unsur intrinsik fiksimini Basa Sunda

Karangan Hadi AKS

dina Grup Fiksimini Basa Sunda

Oleh Eksa Dwi Ratih

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Eksa Dwi Ratih 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

April 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

LEMBAR PENGESAHAN

EKSA DWI RATIH 1002610

ANALISIS UNSUR INTRINSIK FIKSIMINIBASA SUNDA

KARANGAN HADI AKS

DINA GRUP FACEBOOK FIKSIMINI BASA SUNDA

Disahkeun jeung disaluyuan ku:

Pembimbing I,

Dr. Ruhaliah, M. Hum. NIP 196411101989032002

Pembimbing II,

Temmy Widyastuti, S. Pd, M. Pd.

Kauningan ku,

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

Dr. Dingding Haerudin, M.Pd.

(4)

Eksa Dwi Ratih, 2014

Analisis Unsur Inrinsik Fiksimini Basa Sunda Karangan Hadi AKS Dina Grup Facebook Fiksimini Basa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ANALISIS UNSUR INTRINSIK FIKSIMINI BASA SUNDA

KARANGAN HADI AKS DINA GRUP FACEBOOK FIKSIMINI BASA

SUNDA1)

Oleh

Eksa Dwi Ratih2)

ABSTRAK

Penelitian ini berjudul “Analisis Unsur Intrinsik Fiksimini Basa Sunda Karangan Hadi AKS dina Grup Facebook Fiksimini Basa Sunda”. Penelitian ini disusun untuk melengkapi salah satu syarat Ujian Sarjana Pendidikan. Tujuan utama penelitian ini adalah untuk mendeskripsikan tema, tokoh dan wataknya, alur ,dan latar yang ada dalam fiksimini karangan Hadi AKS. Populasi dari penelitian ini adalah seluruh fiksimini karangan Hadi AKS dari tahun 2011 sampai tahun 2014, yang berjumlah 106 naskah fiksimini. Sedangkan sampel yang yang digunakan dalam penelitian ini adalah sampel random dari tahun 2013. Sampel ini digunakan untuk tidak memihak fiksimini mana yang digunakan. Metode penelitian ini adalah metode penelitian deskriptif, sedangkan tehnik yang digunakan yaitu tehnik analisis data. Berdasarkan metode yang digunakan, dari 15 fiksimini yang dianalisis berdasarkan unsur intrinsik dapat diketahui beberapa tema yang berbeda. Tokoh yang dianalisis adalah tokoh utama, tokoh kedua dan tokoh tambahan, serta watak tokoh yang digambarkan dalam setiap fiksimini hampir sama dengan watak yang dimiliki setiap manusia. latar yang digunakan dalam analisis ini adalah latar tempat, latar waktu dan latar sosial. Alur yang digunakan dalam 15 fiksimini yang dianalisis kebanyakan menggunakan alur bobok tengah, disamping alur maju dan alur mundur/flashback.

Kata Kunci: fiksimini, unsur intrinsik, grup facebook

(5)

Eksa Dwi Ratih, 2014

Analisis Unsur Inrinsik Fiksimini Basa Sunda Karangan Hadi AKS Dina Grup Facebook Fiksimini Basa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ANALISIS UNSUR INTRINSIK FIKSIMINI BASA SUNDA

KARANGAN HADI AKS DINA GRUP FACEBOOK FIKSIMINI BASA

SUNDA1)

Oleh

Eksa Dwi Ratih2)

ABSTRAK

Ieu skripsi miboga judul “Analisis Unsur Intrinsik Fiksimini Basa Sunda

Karangan Hadi AKS dina Grup Facebook Fiksimini Basa Sunda”. Ieu Skripsi

disusun pikeun nyumponan salah sahiji sarat Ujian Sarjana Pendidikan. Tujuan nu rék dihontal dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngadéskripsikeun téma, palaku jeung watekna, galur ,jeung latar nu aya dina naskah fiksimini karangan Hadi AKS. Populasi dina ieu panalungtikan nyaéta sakabéh naskah fiksimini karangan Hadi AKS ti taun 2011 nepi ka taun 2014, nu jumlahna aya 106 naskah fiksimini. Sedangkeunn sampel nu digunakeun dina ieu panalungtikan téh nyaéta sampel

random dina taun 2013. Ieu sampel digunakeun supaya teu mihak kana salah

sahiji fiksimini. Métode nu digunakeun nyaéta métode déskriptif, sedangkeun téhnik nu digunakeun nyaéta téhnik analisis data. Dumasar métode nu digunakeun, ti 15 fiksimini nu di analisis dumasar kana unsur intrinsik, aya sababaraha téma nu baréda. Palaku nnu ditalungtik téh aya palaku utama, palaku kadua jeung palaku tambahan. Watek tokoh nu digambarkeun dina unggal fiksimini miboga watek nu sarua siga wateka jalma umumna. Latar nu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta latar tempat, latar waktu jeung latar sosial. Galur nu digunakeun dina 15 fiksimini téh lobana ngagunakeun galur bobok tengah.

(6)

Eksa Dwi Ratih, 2014

Analisis Unsur Inrinsik Fiksimini Basa Sunda Karangan Hadi AKS Dina Grup Facebook Fiksimini Basa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ANALYST OF ELEMENT SUNDANESE MINIFICTIONS BY HADI AKS AT GROUP FACEBOOK FIKSIMINI BASA SUNDA1)

by

Eksa Dwi Ratih2)

ABSTRACT

This research entitled "Analysis of Intrinstric Element of Sundanese Fiksimini on Facebook Group Sundanese Fiksimini" was written to fulfil one of requirements of Bachelor's Degree examination. This research was aimed at depicting theme, characters and its characteristics, plot and background that appeared in Hadi AKS' fiksimini. The population of this research was all of Hadi's fiksimini from 2011 until 2014, which numbered 106 fiksimini scripts. Meanwhile, the sample was taken randomly from fiksimini scripts that written in 2013. This research employed a descriptive method and data analysis technique. Based on the method used, some of 15 fiksimini scripts which were analyzed using intrinstic element, were discovered different themes. The characters analyzed were protagonist, antagonist and other casts, and also their characteristics which were described almost close to human's. The setting included place, time, and social life. All of 15 fiksimini scripts mostly employed "bobok tengah" plot rather than flash-forward

and flashback.

(7)

Eksa Dwi Ratih, 2014

Analisis Unsur Inrinsik Fiksimini Basa Sunda Karangan Hadi AKS Dina Grup Facebook Fiksimini Basa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(8)

Eksa Dwi Ratih, 2014

Analisis Unsur Inrinsik Fiksimini Basa Sunda Karangan Hadi AKS Dina Grup Facebook Fiksimini Basa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

BAB II FIKSIMINI, UNSUR INTRINSIK, JEUNG GRUP FACEBOOK FIKSIMINI BASA SUNDA 2.1 Fiksimini ... 6

2.2 Unsur Intrinsik ... 10

2.3 Grup Facebook Fiksimini Basa Sunda ... 15

(9)

Eksa Dwi Ratih, 2014

Analisis Unsur Inrinsik Fiksimini Basa Sunda Karangan Hadi AKS Dina Grup Facebook Fiksimini Basa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB IV DÉSKRIPSI JEUNG ANALISIS UNSUR INTRINSIK FIKSIMINI KARANGAN HADI AKS DINA GRUP FACEBOOK FIKSIMINI

BASA SUNDA

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 67

5.2 Saran ... 68

DAPTAR PUSTAKA ... 70

DAPTAR LAMPIRAN ... 72

(10)

Eksa Dwi Ratih, 2014

Analisis Unsur Inrinsik Fiksimini Basa Sunda Karangan Hadi AKS Dina Grup Facebook Fiksimini Basa Sunda

(11)

Eksa Dwi Ratih, 2014

Analisis Unsur Inrinsik Fiksimini Basa Sunda Karangan Hadi AKS Dina Grup Facebook Fiksimini Basa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Karya sastra nya éta hasil karya jieunan para sastrawan dina wangun lisan atawa tulisan. Kecap sastra asalna tina basa Inggris, literature anu asalna tina basa

Latin litteratura anu hartina hurup (tulisan, letter). Dina basa Indonesia kecap

sastra asalna tina basa Sansekerta, tina akar kecap sas, nu hartina méré pituduh,

ngajar atawa instruksi. Ahiran -tra nuduhkeun alat, sarana. Ku sabab kitu, sastra

téh hartina alat pikeun ngajar, buku pituduh, buku instruksi atawa pangajaran (Koswara, 2010:2). Karya sastra miboga ciri nepikeun ajén éstetis. Carana rupa-rupa, bisa ngaliwatan purwakanti, gaya basa, jeung sajabana. Eusi karya sastra biasana mah mangrupa ébréhan tina ide atawa pamikiran manusa. Di antarana waé ayana kasusah, kabungah, pikaseurieun, kabéh éta téh dipidangkeun dina wangun karya sastra lisan atawa tulisan.

Karya sastra miboga ajén kaéndahan (éstetis). Kaéndahan bisa nimbulkeun

rasa sukur, ni’mat, reueus jeung nu lianna nu patali jeung emosi sarta kasugemaan

jiwa nu macana. Basa jeung sastra téh mangrupa hal anu dinamis, bisa robah sarta mekar luyu jeung jaman. Dina kamekaranna, sastra Sunda dimimitian ku sastra buhun nu ngawengku jangjawokan, pantun, wawacan, dongéng, jeung sajabana. Diteruskeun ku sastra moderen nu ngawengku wangun carita pondok, novél, sajak, drama, jeung sajabana. Kaayeunakeun mah aya sastra moderen anu wangunna fiksimini.

Fiksimini anu biasa disebut fikmin mangrupa wangun karya sastra moderen nu wangunna carita fiksi nu pondok, leuwih pondok ti batan carita pondok. Diwatesanan ngan nepi ka 150 kecap dina unggal karyana. Masing ngan aya 150 kecap, eusi fiksimini kudu aya jejer dina unggal caritana, miboga tokoh carita, galur/plot jeung setting (fiksimini basa Sunda). Jadi biasana mah eusi dina

(12)

2

Indonésia. Ayeuna mah fiksimini gé aya dina wangun basa Sunda. Sakumaha karya sastra liannna, fiksimini miboga ciri, nya éta ngagambarkeun kahirupan sapopoé. Fiksimini miboga ciri mandiri anu ngabédakeun jeung karya sastra moderen nu lianna. Fiksimini miboga pasipatan sorangan, ngabogaan dunya

sorangan, jeung logika sorangan. Fiksimini miboga kecap “mini”, nu miboga

ma’na yén fiksimini lain ngan némbongkeun sabagéan gambar kahirupan, tapi

ukur némbongkeun hiji titik dina kahirupan.

Fiksimini mangrupa wangun karya sastra Sunda moderen. Mimiti dijieun taun 2011, fikmin dijadikeun genre anyar di karya sastra Sunda. Wangun karya

fiksimini téh mangrupa salah sahiji wangun carita fiksi (carita rékaan). Mimiti gelarna fiksimini basa Sunda téh dina media sosial facebook. Fiksimini basa

Sunda diwadahan dina grup Facebook Fiksimini Basa Sunda. Ieu grup ditaratas

ku Nazarudin Azhar tanggal 16 September 2011, tur dikuncénan ku Nazarudin Azhar, Godi Suwarna, Dadan Sutisna, Hadi AKS, Ki Hasan, jeung Éndah Dinda Jénura (www.fikminsunda.com). Kaayeunakeun fiksimini téh geus dimuat di sawatara majalah sarta media citak lokal. Contona, di koran Galamedia aya rubrik

husus Fiksimini Basa Sunda. Dina éta rubrik aya 12 fikmin anu dipedalkeun (Sabtu, 10 November 2012).

Fiksimini gé geus medal dina wangun buku, di antarana buku kumpulan fiksimini Binalébat, Talutug jeung Tangtang Angin, Nu Keur Néangan, jeung aya

nu panganyarna buku karangan Godi Suwarna anu judulna Lalakon Awon. Dina

tulisan anu ditulis ku lip. D. Yahya ngeunaan fiksimini basa Sunda. Anjeunna nulis yén fiksimini basa Sunda bisa mekarkeun satra Sunda. Grup Fiksimini Basa Sunda dina fésbuk téh mangrupa salah sahiji alternatif pikeun ngamekarkeun sastra Sunda (www.insideindonesia.org).

(13)

3

Naratif Fiksimini Basa Sunda.” Anu ditalungtikna ngawengku 1) unsur intrinsik

fiksimini anu ngawengku tema, galur, tokoh, jeung kasang tukang dina fiksimini, 2) waktu naratif ngawengku modus kala jeung sudut pandang, 3) konsepsi nu mekar anu jadi identitas fiksimini. Dina ieu hal, bédana jeung panalungtikan saacanna, panulis leuwih fokus kana analisis unsur intrinsik fiksimini. Data anu dipaké nya éta karya Hadi AKS dina grup Fiksimini basa Sunda. Ngaliwatan ieu panalungtikan, dipiharep bisa méré pangaweruh ka masarakat yén fiksimini basa Sunda téh teu éléh jeung karya sastra séjén. Mangsa ayeuna, fikmin téh geus aya dina KI KD di kelas dalapan tingkatan SMP. Fikmin jadi salah sahiji mata pelajaran di tingkatan SMP dina KD nulis. Ku matak éta, fikmin téh kacida pentingna dina pangajaran.

Di antara pangarang sunda, aya ngaran Godi Suwarna, Dadan Sutisna, jeung Hadi AKS. Éta nu tiluan téh produktif dina nulis fiksimini. Dina ieu panalungtikan karya/data nu dipaké nya éta naskah fiksimini karangan Hadi AKS. Kiwari Hadi AKS dipapancénan jadi admin/kuncén dina grup Fiksimini Basa Sunda. Hadi AKS téh dipilih karyana jadi bahan panalungtikan lantaran geus medalkeun sababaraha karya satra, di antarana kumpulan carpon “Kalapati”, nulis

buku “Peperenian”, ngadegkeun Saung Sastra Lembang, jeung admin dina grup

Fiksimini Basa Sunda. Lian ti éta, loba karya nu séjénna nu geus dimuat dina majalah. Ku kituna, ieu panalungtikan dijudulan “Analisis Unsur Intrinsik Fiksimini Basa Sunda Karangan Hadi AKS dina Grup Facebook Fiksimini Basa

Sunda.”

1.2 Identifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Identifikasi Masalah

Dumasar kasang tukang di luhur, masalah anu ditalungtik nya éta:

1 fiksimini mangrupa aliran sastra nu anyar, ngan saeutik nu nalungtik boh struktur boh gaya basana;

2 fiksimini karék aya dina KI KD basa Sunda;

(14)

4

1.2.2 Rumusan masalah

Masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.

1. Naon téma unggal fiksimini karangan Hadi AKS dina grup facebook fiksimini

basa Sunda?

2. Kumaha deskripsi palaku/panokohan unggal fiksimini karangan Hadi AKS dina grup facebook fiksimini basa Sunda?

3. Latar naon baé nu dipaké dina fiksimini karangan Hadi AKS dina grup

facebook fiksimini basa Sunda?

4. Kumaha galur anu dipaké dina fiksimini karangan Hadi AKS dina grup

facebook fiksimini basa Sunda?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Luyu jeung masalah anu dipedar di luhur, tujuan umum ieu panalungtikan téh nya éta pikeun nganalisis unsur-unsur nu aya dina fiksimini basa Sunda nu aya dina grup facebook Fiksimini Basa Sunda.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan boga tujuan pikeun nganalisis jeung ngadeskripsikeun:

1 téma unggal fiksimini karangan Hadi AKS dina grup facebook Fiksimini Basa

Sunda;

2 palaku/panokohan unggal fiksimini karangan Hadi AKS dina grup facebook

Fiksimini Basa Sunda;

3 latar nu dipaké dina fiksimini karangan Hadi AKS dina grup facebook

Fiksimini Basa Sunda;

4 Galur anu dipaké dina fiksimini karangan Hadi AKS dina grup facebook

(15)

5

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Teoritis

Ieu panalungtikan dipiharep bisa mikanyaho unsur intrinsik nu aya dina unggal fiksimini karya Hadi AKS nu aya dina grup facebook Fiksimini Basa

Sunda.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Dipiharep ieu panalungtikan téh bisa nambahan élmu pangaweruh ngeunaan karya sastra moderen nu di antarana ayana fiksimini basa Sunda sarta mikanyaho unsur-unsur intrinsikna.

1.5 Struktur Skripsi

BAB I : ngawengku kasang tukang masalah, idéntifikasi masalah, watesan masalah jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, anggapan dasar, métode jeung téknik panalungtikan sarta sistématika nyusun skripsi.

BAB II : ngawengku tiori ngeunaan wangenan fiksimini basa Sunda, unsur intrinsik, jeung grup facebook Fiksimini Basa Sunda

BAB III: ngawengku métodé panalungtikan, wangenan operasional, jeung léngkah-léngkah garapan.

BAB IV: ngawengku analisis data

(16)

Eksa Dwi Ratih, 2014

Analisis Unsur Inrinsik Fiksimini Basa Sunda Karangan Hadi AKS Dina Grup Facebook Fiksimini Basa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data

Sumber data panalungtikan nya éta subjék di mana data éta dicangking (Arikunto, 2010: 172). Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta naskah fiksimini karangan Hadi AKS anu aya dina grup facebook Fiksimini Basa

Sunda. Jumlah sakabéh naskah fikmin karangan Hadi AKS aya 106 naskah, sedengkeun naskah nu dipaké dina ieu panalungtikan téh nya éta sampel random tina naskah fikmin karangan Hadi AKS dina taun 2013. Fiksimini dina taun 2013 aya 31 naskah, naskah nu dipaké dina ieu panalungtikan aya 15 naskah fiksimini.

Tabél 3.1

Daftar Judul Fiksimini Karangan Hadi AKS salila taun 2013

No Tanggal Judul Fiksimini

1 2 3

1 03/02/2013 Sang Séna

2 05/02/2013 Sargah 8: Purnama 3 09/02/2013 The Sorrow Eyes 4 11/02/2013 Tembang Bulan 5 07/04/2013 Surat ka Éyang Subur 6 18/04/2013 Balada Dangdut

7 24/04/2013 Mapay Jalan Panonpoé 8 27/04/2013 Kandang Uing

9 29/04/2013 Batu Combong 10 30/04/2013 Jago Lohong

11 06/05/2013 Kang Aép Panganténan 12 10/05/2013 Serat Jajatén

13 16/05/2013 Manéhna jeung Kukupu 14 18/05/2013 Nu Nyerangkeun tina Jandéla 15 20/05/2013 Nu Datang Bareng Jeung Bulan 16 25/05/2013 Bulan di Pasir Jarian

(17)

19

19 03/06/2013 Waktu nu Kalarung 20 25/07/2013 Jalan Angin

21 29/07/2013 Kadaharan ti Sawarga

1 2 3

22 01/08/2013 Kakangen nu Langgeng 23 06/08/2013 Lebaran nu Ahéng 24 11/08/2013 Lembur Jirim 25 28/08/2013 Serat Cacaka 26 08/09/2013 Kalongking 27 22/09/2013 Nu Milu Balik 28 29/09/2013 Lawang

05/10/2013

29 Kotak

30 10/10/2013 Gusti Ratu 31 14/12/2013 Dua Fantasi

3.2 Desain Panalungtikan

Desain anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta 1) nangtukeun masalah, 2) studi pendahuluan, 3) ngarumuskeun masalah, 4) ngarumuskeun anggapan dasar, 5) milih pamarekan, 6) nangtukeun sumber data, 7) nangtukeun jeung nyusun instrumen, 8) ngumpulkeun data, 9) nganalisis data, jeung 10) nyieun kacindekan (Arikunto, 2010: 61).

(18)

20

3.3 Métode Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta metode déskriptif. Métode déskriptif nya éta métode anu ngagambarkeun hiji hal, upamana kaayaan, kondisi, kagiatan, jsté (Arikunto, 2010: 3). Ku kituna, panalungtikan déskriptif mah mangrupa panalungtikan nu miboga udagan pikeun nalungtik kaayaan atawa kondisi nu hasilna bisa dipedar dina wangun laporan panalungtikan. Dina ieu panalungtikan, panalungtik ngan motrét/ningali naon nu aya dina diri objék atawa hal anu ditalungtik, tuluy ngajelaskeun hiji kajadian dina wangun laporan panalungtikan sacara lugas; sakumaha ayana (Arikunto, 2010: 3).

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan ieu panalungtikan téh puguh maksudna, tujuan sarta udaganna, ditataan heula istilah-istilah anu aya patalina jeung ieu panalungtikan

(19)

21

fiksimini ngawengku (1) tema, (2) plot/galur, (3) palaku sarta watekna, jeung (4) latar.

2) Fiksimini

Fiksimini mangrupa carita fiksi nu leuwih pondok tibatan carita pondok. Eusi fiksimini diwatesanan ngan nepi ka 150 kecap nu can aya aturan nu tangtu (Hadi AKS). Fiksimini nu dipaké nya éta fiksimini dina basa Sunda karya Hadi AKS dina taun 2013.

3) Hadi AKS

Hadi AKS nya éta salah sahiji sastrawan nu geus kawéntar di wewengkon Sunda. Loba karya nu geus medal ti anjeunna. Di antarana baé buku kumpulan

carpon anu judulna “Kalapati”, buku “Peperenian”, pupuhu komunitas Saung

Sastra Lembang, jeung salah sahiji kuncén (admin) dina grup Fiksimini Basa

Sunda.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta kartu data. Dina ngumpulkeun data, instrumen anu dipaké nya éta naskah fiksimini karangan Hadi AKS dina taun 2013.

(20)

22

3.6 Téknik Ngumpulkeun Data

Téhnik nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik analisis data. Téhnik analisis data digunakeun pikeun nganalisis unsur intrinsik fiksimini basa Sunda karangan Hadi AKS dina grup facebook Fiksimini Basa Sunda dina taun

2013. Unsur intrinsik nu ditalungtik ngawengku téma, palaku/penokohan, galur, jeung latar anu aya dianalisis hiji-hiji ku cara dikumpulkeun, diteuleuman, dipesék, nepikeun ka kapanggih unsur-unsur caritana. Dina ngumpulkeun data, léngkah-léngkahna nya éta:

1) maca sagemblengna téks fiksimini; jeung

2) nyirian data nu aya patalina jeung unsur-unsur nu patali jeung hal nu dianalisis.

3.7 Téhnik Ngolah Data

Dina ngolah data digunakeun téhnik analisis data. Data nu geus dikumpulkeun langsung diolah sangkan meunang hasil luyu jeung udagan panalungtikan. Data nu dipaké téh nya éta naskah fiksimini karangan Hadi AKS dina taun 2013.

Dina ngolah data diperlukeun léngkah-léngkah, di antarana:

1) nangtukeun objék panalungtikan, anu jadi objék dina ieu panalungtikan nya éta naskah fiksimini karangan Hadi AKS dina taun 2013;

2) analisis unsur intrinsik nu ngawengku téma, tokoh/penokohan, latar, jeung galur; jeung

3) nyindekkeun hasil analisis data. Cutatan :

(21)
(22)

Eksa Dwi Ratih, 2014

Analisis Unsur Inrinsik Fiksimini Basa Sunda Karangan Hadi AKS Dina Grup Facebook Fiksimini Basa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Kiwari, genre sastra Sunda leuwih euyeub ku gelarna fiksimini. Fiksimini

nu disingget fikmin, mangrupa wangun karya sastra moderen nu miboga dadasar dina wangun prosa. Mimiti gelarna fiksimini di Indonesia mah asalna tina media sosial twitter. Fiksimini basa Indonesia mah diwatesan ngan nepi 140 karakter.

Lamun dina basa Sunda mah fiksimini téh gelarna dina media sosial facebook

dina grup facebook Fiksimini Basa Sunda. Fiksimini dina basa Sunda diwatesan

nepi ka 150 kecap. Fiksimini téh aya lima rupa nya éta: 1) fikmin cakakak, 2) fikmin warta, 3) fikmin curhat, 4) fikmin dapon, jeung 5) fikmin petingan.

Rupa-rupa anu bisa kapanggih sanggeus nganalisis éta fikmin, dina témana, palaku jeung watekna, galurna, jeung latarna. Jumlah naskah fikmin nu ditalungtik aya 15 fikmin: “Surat Ka Éyang Subur”, “Batu Combong”, “Balada Dangdut”, “Mapay Jalan Panonpoé”, “Kandang Uing”, “Jago Lohong”, “Manéhna

jeung Kukupu”, “Kang Aép Panganténan”, “Kadaharan ti Sawarga”, “Kakangen

nu Langgeng”,”Saija jeung Dainah”, “Waktu nu Kalarung”, “Bulan di Pasir jarian”, “Kalongking”, jeung “Kotak”.

Ieu panalungtikan téh ditalungtik dumasar kana unsur intrinsik. Ku kituna bisa dicindekkeun. Saperti ieu di handap.

a Téma

(23)

68

Eksa Dwi Ratih, 2014

Analisis Unsur Inrinsik Fiksimini Basa Sunda Karangan Hadi AKS Dina Grup Facebook Fiksimini Basa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu b Palaku jeung Watekna

Tina 15 fikmin, 8 fikmin ngagunakeun palaku utama Kuring. Sésana mah aya nu dingaranan manéhna, ngaran jalma, jsb.

Watek palaku nu positif jumlahna aya dalapan watek. Watek palaku nu negatif jumlahna aya dalapan watek. Jumlah watek positif jeung watek negatif téh sarua.

c Galur

Tina 15 fiksimini nu dianalisis, nu kaasup kana galur mérélé aya tilu fikmin. Anu kaasup galur bobok tengah aya salapan fikmin. Anu kaasup galur

flashbasck/mundur aya tilu fikmin. Ku kituna bisa dicindekkeun galur nu loba

digunakeun téh nya éta galur bobok tengah.

d Latar

Fikmin nu ngagunakeun latar di imah aya lima fikmin. Tina 15 fikmin, dua fikmin ngagunakeun latar nu patali jeung jalan. Dua fikmin, miboga latar nu teu tangtu. Sésana aya hiji fikmin nu aya dina jero karéta, balé désa, jeung di hiji kampung.

5.2 Saran

Tina hasil panalungtikan, aya sababaraha saran pikeun ngahudang aprésiasi kana hasil karya sastra, hususna fiksimini, di antarana:

(24)

69

Eksa Dwi Ratih, 2014

Analisis Unsur Inrinsik Fiksimini Basa Sunda Karangan Hadi AKS Dina Grup Facebook Fiksimini Basa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2) Ieu panalungtikan téh héngkér kénéh, jauh ti sampurna. Ku kituna perlu aya panalungtikan satuluyna nu leuwih jero ngeunaan fiksimini.

(25)

Eksa Dwi Ratih, 2014

Analisis Unsur Inrinsik Fiksimini Basa Sunda Karangan Hadi AKS Dina Grup Facebook Fiksimini Basa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR PUSTAKA

Buku:

Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian. Yogyakarta: Rineka Cipta.

Koswara, Dedi. (2010). Racikan Sastra : Pangdeudeul Bahan Perkuliahan Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Satjadibrata, R. (2005). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Sumardjo, Jakob jeung Saini KM. (1986). Apresiasi Kesusastraan. Jakarta:

Gramedia.

Suwarna, Godi. (2013). Lalakon Awon. Ciamis: Studio Titik Dua.

Karya Ilmiah:

Adhi, Mamay. (2012). Struktur Naratif Fiksimini Basa Sunda. (Tésis). Sekolah

Pascasarjana, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Zakiah, Azhar. (2007). Analisis Unsur Intrinsik Carita Pondok Tarjamahan dina Majalah Cupumanik. (Skripsi). Fakultas Pendidikann Bahasa dan Seni,

Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Internét:

Dinda, Endah. (2013). Flash Fiction jeung Micro fiction. [Online]. Tersedia di:

(26)

Eksa Dwi Ratih, 2014

Analisis Unsur Inrinsik Fiksimini Basa Sunda Karangan Hadi AKS Dina Grup Facebook Fiksimini Basa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Setiawan, Hawé. (2011). Hartining Mini. . [Online]. Tersedia di:

https://www.facebook.com/notes/fiksimini-basa-sunda/hartining-mini-bagian-1/272001952841379. Diakses: 16 Januari 2014.

Sutisna, Dadan. (2012). Papagon Grup Fiksimini Basa Sunda. [online]. Tersedia

di: https://www.facebook.com/notes/fiksimini-basa-sunda/papagon-grup-fiksimini-basa-sunda/319812954726945

Sutisna, Dadan. (2013). Fikminsunda.com-Dokuméntasi Fiksimini Basa Sunda.

[online]. Tersedia di: http://fikminsunda.com/buka/baca/1359254884. Diakses 13 Oktober 2013.

Tanpa nama. (2011). [Online]. Tersedia di:

https://www.facebook.com/groups/fikminsunda/?fref=ts. Diakses: 15 Januari 2014.

Yahya. D. Lip. (2012). West Java Mini-Fictions. [Online]. Tersedia di:

http://www.insideindonesia.org/feature-editions/west-java-s-mini-fictions. Diakses: 14 Januari 2014.

Majalah jeung Koran:

Agam, Rameli. (2013). “Fiksimini, Genre Baru Sastra Sunda”. Pikiran Rakyat

(2 Oktober 2013) .

De, Lugiena. (2013). “Literasi Fiksimini”. Galamedia (23 Desember 2013).

(27)

Eksa Dwi Ratih, 2014

Analisis Unsur Inrinsik Fiksimini Basa Sunda Karangan Hadi AKS Dina Grup Facebook Fiksimini Basa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Tanpa Nama. (2012). “Fiksimini Basa Sunda”. Galamedia (10 November 2012).

Wawancara

Iskandarwassid. Wawancara, 10 Maret 2014 jam 09:30. Bandung: Gedung Pasca Sarjana UPI.

Gambar

Gambar 3.2 Desain Panalungtikan
Gambar 3.2

Referensi

Dokumen terkait

Para o rendimento de impostos referente ao ano de 2005 todas as pessoas que estejam a conduzir actividades de negócios devem completar e enviar um formulário de rendimento de

EFEKTIVITAS PERMAINAN TANGGA KELIPATAN DUA DALAM MENINGKATKAN KEMAMPUAN BERHITUNG PERKALIAN DUA PADA SISWA TUNARUNGU RINGAN KELAS V SDLB DI SLB NEGERI CILEUNYI..

Delima (Punica granatum L. ) merupakan tanaman dari famili punicaceae, yang mengandung berbagai zat gizi khususnya mineral yaitu kalium dan fosfor, yang dapat mencegah

Berdasarkan hasil penelitian yang dilakukan, sistem penyelesaian masalah yang dilakukan di Mukim Ladang Lemisik berpedoman pada Qanun (Peraturan Pemerintah Provinsi Aceh) Nomor

Sahabat MQ/ sekitar 1.500 dari 250 ribu/ anak di bawah 5 tahun -balita- yang ada di Provinsi DIY/ menderita gizi buruk// Kepala Dinas Kesehatan Provinsi DIY Bondan Agus

Algoritma Rabin Cryptosystem merupakan algoritma kriptografi kunci publik maka enkripsi di lakukan hanya dengan menggunakan kunci publik yang dapat di ketahui oleh

Sahabat MQ/ sejumlah elemen di DIY/ antara lain Pusat Anti Korupsi Universitas Gadjah Mada/ Lembaga Bantuan Hukum DIY/ Jogja Police Wacth/ Akedemisi di

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu