• Tidak ada hasil yang ditemukan

SISTEM PAKASABAN MASARAKAT KAMPUNG NAGA : Kajian Ajén-Inajén Lokal Masarakat Kampung Naga, Tasikmalaya minangka Landasan Sosial Budaya Pendidikan Nasional.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "SISTEM PAKASABAN MASARAKAT KAMPUNG NAGA : Kajian Ajén-Inajén Lokal Masarakat Kampung Naga, Tasikmalaya minangka Landasan Sosial Budaya Pendidikan Nasional."

Copied!
28
0
0

Teks penuh

(1)

SISTEM PAKASABAN MASARAKAT KAMPUNG NAGA

(Kajian Ajén-inajén Lokal Masarakat Kampung Naga, Tasikmalaya

minangka Landasan Sosial Budaya Pendidikan Nasional)

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat

nyangking gelar Sarjana Pendidikan

ku Dewi Lida Aini

1002784

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

(2)

PERNYATAAN

Dengan ini saya menyatakan bahwa skripsi dengan judul “Sistem Pakasaban Masarakat Kampung Naga (Kajian Ajén-Inajén Lokal Masarakat Kampung Naga, Tasikmalaya minangka Landasan Sosial Budaya Pendidikan Nasional)” ini beserta seluruh isinya benar-benar karya saya sendiri, dan saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara yang tidak sesuai

dengan etika keilmuan yang berlaku di masyarakat keilmuan. Atas pernyataan saya ini, saya siap menanggung resiko sangsi yang dijatuhkan kepada saya apabila kemudian hari ditemukan adanya pelanggaran terhadap etika keilmuan dalam karya saya ini, atau ada klaim dari pihak lain terhadap keaslian karya saya ini.

Bandung, Januari 2014 Yang membuat pernyataan

(3)

LEMBAR PENGESAHAN

DEWI LIDA AINI 1002784

SISTEM PAKASABAN MASARAKAT KAMPUNG NAGA (Kajian Ajén-inajén Lokal Masarakat Kampung Naga, Tasikmalaya

minangka Landasan Sosial Budaya Pendidikan Nasional)

Disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping I,

Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd. NIP 196408221989031001

Pangaping II,

Dr. Dedi Koswara, M.Hum. NIP 195906141986011002

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

(4)

SISTEM PAKASABAN MASARAKAT KAMPUNG NAGA

(Kajian Ajén-Inajén Lokal Masarakat Kampung Naga, Tasikmalaya minangka Landasan Sosial Budaya Pendidikan Nasional)1

Dewi Lida Aini2

ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh adanya konsep hidup yang berbeda antara masyarakat biasa dengan masyarakat adat seperti dalam masalah mata pencaharian hidup. Setiap orang memiliki cara dan pekerjaannya masing-masing antara manusia modern yang hidup kekinian dengan segala perkembangan ilmu dan pengetahuannya dengan manusia tradisional yang hidup sederhana dengan aturan agama, adat dan budayanya yang kuat. Sama halnya dengan masyarakat Kampung Naga. Sistem mata pencaharian hidup, yang ada dalam sebuah tatanan tradisi yang dikaji dalam aturan adat dan budayanya dapat menghidupi kebutuhan hidupnya sehari-hari. Penelitian ini bertujuan untuk: (1) menggali jenis-jenis mata pencaharian hidup inti dan mata pencaharian sampingan masyarakat Kampung Naga, (2) menggali proses awal masing-masing mata pencaharian hidup hingga menjadi hasil yang memiliki nilai jual. (3) menggali sistem mata pencaharian hidup berdasarkan nilai-nilai lokal masyarakat Kampung Naga sebagai koteks landasan sosial budaya pendidikan nasional, dan (4) menggali nilai-nilai berikut pengalaman terbaik masyarakat Kampung Naga Tasikmalaya dalam menyelenggarakan pendidikan berbasis budaya setempat secara turun-temurun. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif analitik. Untuk mengumpulkan data digunakan teknik studi pustaka, intuisi, dan elisitasi. Data telah diolah dengan menggunakan teknik studi kasus, observasi, studi pustaka, wawancara dan teknik analisis data. Paparannya mencakup (1) keberlanjutan budaya dan keseimbangan budaya, (2) sistem mata pencaharian hidup masyarakat adat Kampung Naga, dan (3) keberlanjutan nilai-nilai pendidikan adat dan budaya di lingkungan keluarga. Hasilnya menunjukkan bahwa sistem mata pencaharian hidup di Kampung Naga disesuaikan dengan karakteristik masyarakat Kampung Naga yang memiliki nilai peduli lingkungan, pola hidup bersih dan sehat, religius, disiplin, dan peduli sosial yang tinggi dengan karakter yang tangguh, berakhlak mulia, bermoral, bertoleran, dan bergotong royong yang semuanya diteruskan kepada pewarisnya dengan strategi modelling.

Kata Kunci: mata pencaharian hidup, kearifan lokal, Kampung Naga, pendidikan nasional.

1Skripsi ini di bawah bimbingan Dr.Dingding Haerudin, M.Pd. dan Dr. Dedi Koswara, M.Hum.

(5)

KAMPUNG NAGA’S LIVELIHOOD SYSTEM

(A Study of Kampung Naga’s Socio-value as Socio-cultural Basis of National Education)

Dewi Lida Aini

ABSTRACT

This research comes from the different living concepts among society, general society and traditional society, in livelihood problem. Each person has his own way to fulfill their needs, both modern humans that living in the present with all the development of science and traditional humans who life a simple life with religious rules, customs and strong culture. This also applies to the people in Kampung Naga. Livelihood systems in the community are in a tradition that is studied in order customs and cultural rules that can support the needs of everyday life. This study aims to: (1) explore the types of livelihood are the core life and livelihood sideline at Kampung Naga society, (2) explore the livelihood systems based on local values Kampung Naga community as a cornerstone of social and cultural contexts of national education, and (3) explore the following values best experience Tasikmalaya Kampung Naga community in organizing the local culture-based education for generations. The method used in this research is descriptive analytic method. Techniques used to collect data literature, intuition, and elicitation. The data has been processed using case study techniques, observation, literature review, interviews and data analysis tknik. Presentation include (1) a culture of sustainability and cultural balance, (2) the livelihood systems of the indigenous peoples living Kampung Naga, and (3) sustainability values and culture of indigenous education in the family environment. The results showed that the livelihood system in Kampung Naga adapted to the characteristics of Kampung Naga community which has a value of environmental care, a clean and healthy lifestyle, religious, discipline, and high social care with a strong character, morals, moral, tolerant, and who all worked together to be passed on to heirs with modeling strategies.

(6)

DAFTAR EUSI

ABSTRAK...i

PANGJAJAP...ii

CATUR PANUHUN...iii

DAFTAR EUSI...vi

DAFTAR TABEL...ix

DAFTAR BAGAN...x

DAFTAR GAMBAR...xi

BAB I BUBUKA...………...………...1

1.1 Kasang Tukang Masalah…...1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah...3

1.2.1 Watesan Masalah...3

1.2.1 Rumusan Masalah...3

1.3 Tujuan Panalungtikan...4

1.3.1 Tujuan Umum...4

1.3.2 Tujuan Khusus...4

1.4 Mangpaat Panalungtikan...4

1.4.1 Mangpaat Teoritis...4

1.4.2 Mangpaat Praktis...4

1.5 Sistematika Tulisan...5

BAB II ULIKAN TIORI...7

2.1 Sistem Pakasaban...7

2.2 Deskripsi Profil Kampung Naga...9

2.3 Sistem Pakasaban salaku Unsur kabudayaan...10

2.3.1 Wangenan Budaya...10

2.3.2 Unsur-Unsur Kabudayaan...11

(7)

vii

2.3.4 Pranata kabudayaan...17

2.4 Kearifan Budaya Lokal...18

2.5 Pangaweruh lokal...21

2.6 Atikan Karakter...22

2.6.1 Wangenan Pendidikan...22

2.6.2 Wangenan Ajén...23

2.6.3 Pendidikan Karakter...23

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ...25

3.1 Lokasi Panalungtikan, Data jeung Sumber Data...26

3.1.1 Lokasi Panalungtikan...26

3.1.2 Data jeung Sumber Data...26

3.2 Desain Panalungtikan...26

3.3 Métode Panalungtikan...27

3.4 Wangenan Operasional...28

3.5 Instrumén Panalungtikan...28

3.5.1 Pedoman Observasi...29

3.5.2 Pedoman Wawancara...29

3.5.1 Pakakas Dokumentasi...30

3.6 Téhnik Panalungtikan...30

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data...31

3.6.2 Téhnik Ngolah Data...31

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN...31

4.1 Kaayaan Geografis Jeung Administratif Kampung Naga...32

(8)

viii

4.3 Prosés Ngawariskeun Ajén-ajén Atikan Sistem Pakasaban di Masarakat

Kampung Naga...48

4.4 Ajén-Ajén Lokal di Kampung Naga...52

4.4 Ajén-Ajén Lokal Kampung Naga minangka Tatapakan sosial Budaya jeung Pendidikan Nasional...57

4.5 Pedaran hasil Panalungtikan...61

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN…………...………..66

5.1.1 Kacindekan…...………...66

5.2 Saran….……...……….68

DAFTAR PUSTAKA….………...69

LAMPIRAN-LAMPIRAN...71

(9)

ix

DAFTAR TABEL

3.1Format Observasi...29

3.2Pedoman Wawancara...30

4.1Jenis Pakasaban Warga Kampung Naga Usia Produktif...36

4.2PendidikanWargaKampung Naga Taun 2013...48

(10)

x

DAFTAR BAGAN

(11)

xi

DAFTAR GAMBAR

4.1 Perenahna Kampung Naga di Gawir anu Dilingkung ku Leuweung jeung

Sawah...33

4.2 Walungan Ciwulan, di Béh Kalér jeung Wétaneun Kampung Naga ...33

4.3 Rupa-rupa Jenis Paré anu Dipelak di SakotakanSawah...39

4.4 Paré Peuteuy...39

4.5 Paré SégonSalak...40

4.6 Proses Nutu Paré dina Lisung ...42

4.7 Prosés Saacan Nganyam...43

4.8Hasil Karajinan Dipajang di Tengah-tengah Kampung anu Dijadikeun Kios Dagang...44

4.9 Kandang jeung Ingon-ingon (domba jeung embé) Milik Warga Kampung Naga...45

4.10 Kang Ijad Salah Saurang Pramuwisata di Kampung Naga...47

4.11 Lawang Asup jeung Pola Pemukiman Kampung Naga...53

4.12Susunan Batu-batu Walungan...53

4.13 Foto Bumi Ageung...56

4.14 Wangunan Mesjid...56

4.15 Plang Hipana jeung Koperasi Sauyunan...63

(12)

BAB I BUBUKA

1.1.Kasang Tukang Masalah

Kamampuh ngagunakeun basa ngabédakeun antara manusa jeung sato. Basa nyaéta lambang sora nu arbitrér nu dipaké ku masarakat pikeun tujuan komunikasi (Sudaryat, 2011:2). Basa mangrupa ciptaan Pangéran nu kacida gedé pisan mangpaatna pikeun hirup kumbuh manusa dina ngalakonan hirup jeung

papada manusa di masarakat. Basa Sunda mangrupa basa indung nu dijadikeun tatali marga pikeun masarakat Sunda nu tumuwuh di wewengkon Jawa Barat.

Kiwari jaman geus ngalaman parobahan. Aya nu robah kana kahadéan, tapi teu saeutik anu robah kana kagoréngan. Parobahan jaman nu ngabalukarkeun sagala rupa hal alus jeung goréng, anu mangaruhan kana tata kalakuan masarakat Sunda khususna. Media-media informasi nu nyampak, ngabalukarkeun masarakat manggihan hal anyar nu asalna ti luar wilayah kasundaan. Ahirna masarakat ngan ukur bisa nurutan hal naon nu ditempo jeung didéngé bari jeung teu disaring mana nu hadé jeung mana anu goréng.

Manusa dina enas-enasna miboga dua fungsi nyaéta salaku mahluk individu jeung mahluk sosial, minangka mahluk individu hartina manusa téh mahluk nu mangrupa hiji beungkeutan nu teu bisa dipisahkeun nyaéta ngahijina jiwa jeung raga, sedengkeun manusa salaku mahluk sosial hartina manusa henteu bisa hirup sosoranganan, tapi butuh jalma séjén dina kahirupanana. Manusa hirup dina hiji kelompok nu disebut masarakat. Dina kahirupan masarakat bakal aya kabiasaan-kabiasaan dumasar kana akal budi nu dipiboga ku manusa. Saterusna ieu kabiasaan téh ngawengku cara mikir jeung tindak laku anu sok disebut kabudayaan. Tina kabudayaan nu aya di lingkungan éta masarakat, bisa

némbongkeun hiji ciri anu husus tina masarakat éta sorangan.

(13)

2

saupama dititénan bener-bener loba mangpaat jeung informasi budaya hasil kreaatifitas karuhun anu bisa diguar di jaman kiwari.

Koentjaraningrat ngébréhkeun yén kabudayaan nyaéta sakabéh sistem ide, tindakan, sarta hasil karya manusa dina raraga kahirupan masarakat anu dijadikeun milik diri manusa. Dina bukuna Ilmu Antropologi, Koentjaraningrat (2009:165) nyebutkeun tujuh unsur-unsur budaya anu sipatna universal anu salasahijina nyaéta basa.

Kabudayaan mangrupa hasil prosés mikir nu jero tur waktu nu panjang.

Unggal wewengkon boga ciri has budayana séwang-séwangan. Koentjaraningrat (1985:2) nétélakeun yén sacara universal kabudayaan téh ngawengku tujuh unsur budaya, nyaéta; 1) sistem réligi jeung upacara kaagamaan, 2) sistem jeung organisasi kamasarakatan, 3) sistem élmu pangaweruh, 4) basa, 5) kasenian, 6) sistem pakasaban, 7) sistem téhnologi jeung pakakas.

Ku ayana kamekaran jaman jeung teknologi anu makin canggih, dibarengan ku ngaronjatna kamampuh manusa dina interaksi sosial. Kiwari suku-suku bangsa anu aya di Nusantara anu ngahiji dina budaya nasional, leuwih condong kana kabudayaan industri, lain kaarifan budaya lokal titinggal karuhun. Dina satukangeun ayana suku bangsa anu kapangaruhan ku budaya industri téh aya kénéh sawatara suku bangsa anu tetep mertahankeun budaya jeung adat tradisionalna sorangan, saperti Masarakat Kampung Naga contona anu perenahna di Desa Neglasari, Kacamatan Salawu, Kabupatén Tasikmalaya, Provinsi Jawa Barat.

Sakumaha anu geus loba katitén, yén Kampung Naga téh nyaéta kampung adat anu sacara husus geus jadi padumukan warga Kampung Naga. Kampung anu kawilang teu pati gedé tapi éndah, sejuk, asri, sakurilingna téh ngalir Walungan Ciwulan. Anu leuwih matak ngirutna deui téh Kampung Naga ngabogaan

(14)

3

Masarakat Kampung Naga lolobana jadi tukang tani jeung buruh di lahana masing-masing, anu gedena teu kawilang gede. Kusabab hasil tatanén kurang nyukupan, masarakat Kampung Naga nyiar pakasaban anu lianna saluareun tatanén. Saperti, jadi tukang karajinan anyaman tina awi, karajinan rumah tangga, jeung industri leutik sejenna. Hampir unggal pakasabanana ngokolakeun hasil alamna. Ku pakasaban saayana saperti anu ditétélakeun saméméhna, naha warga masarakat Kampung Naga bisa hirup rahaja jeung ngarasa kacukupan atawa masih kénéh kakurangan.

Ku ayana sistem jeung konsép hirup anu béda antara masarakat modern saperti umumna jeung masarakat kampung adat saperti di Kampung Naga ku kituna, perlu panalungtikan anu fokusna kana kaarifan budaya lokal di Masarakat Kampung Naga, hususna dina sitem pakasaban masarakat Kampung Naga. Ku ayana ieu panalungtikan dipiharep bisa méré informasi ngeunaan sistem pakasaban masarakat Kampung Naga anu raket jeung adat budayana.

1.2. Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1. Watesan Masalah

Dumasar kana kasang tukang nu geus diébréhkeun di luhur, sangkan bisa leuwih museur jeung puguh jujutanana, tur tangtu teu lega teuing ambahanana, ieu panalungtikan diwatesan museur kana perkara sistem pakasaban anu diwariskeun sacara turun tumurun di masarakat Kampung Naga.

1.2.2. Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah tadi, nu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskan dina kalimah pananya ieu di handap:

a. Kumaha kaayaan geografis jeung administratif Kampung Naga?

b. Kumaha sistem pakasaban masarakat Kampung Naga?

c. Kumaha prosés ngawariskeun ajén-ajén atikan sistem pakasaban di masarakat Kampung Naga?

(15)

4

e. Ajén-ajén lokal naon waé anu bisa dijadikeun landasan Sosial Budaya Pendidikan Nasional?

1.3. Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum ieu panalungtikan nyaeta pikeun numuwuhkeun rasa reueus kana titinggal budaya karuhun hususna jeung maluruh katut meunangkeun konsép hirup nu luyu jeung hadé ku cara neuleuman gaya hirupna masarakat Kampung

Naga anu katelah harmonis jeung lingkungan alamna, utamana ngeunaan sistem pakasaban atawa ekonomi masarakat Kampung Naga.

1.3.2. Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun:

a. Ngadéskripsikeun kaayaan geografis jeung administratif Kampung Naga. b. Ngadéskripsikeun sistem pakasaban masarakat Kampung Naga.

c. Ngadéskripsikeun prosés ngawariskeun ajén-ajén atikan sistem pakasaban di masarakat Kampung Naga.

d. Ngadéskripsikeun ajén-ajén lokal anu aya di Kampung Naga.

e. Ngadéskripsikeun ajén-ajén lokal anu bisa dijadikeun landasan Sosial Budaya Pendidikan Nasional

1.4. Mangpaat Panalungtikan 1.4.1. Mangpaat Teoritis

Mudah-mudahan ku ayana ieu panalungtikan dipiharep bisa leuwih ngeuyeuban jeung leuwih ngagambarkeun sacara jéntré ngeunaan tiori kabudayaan, katut unsur-unsur kabudayaanana, hususna ngeunaan sistem

pakasaban masarakat di Kampung Naga.

1.4.2. Mangpaat Praktis

(16)

5

pikeun panalungtik sorangan, siswa atawa mahasiswa, guru, sarta bisa jadi bahan bacaan pikeun khalayak umum nu boga kapentingan kana ieu panalungtikan.

a. Siswa/Mahasiswa:

1) bahan bacaan atawa referensi pikeun mahasiswa jurusan Budaya dina nyusun pancén ngeunaan sistem pakasaban;

2) bahan bacaan pikeun mahasiswa jurusan Sajarah, utamana ngeunaan sajarah Sunda;

3) bahan bacaan pikeun mahasiswa jurusan Antropologi dina nyieun

makalah atawa pancén ngeunaan unsur budaya. b. Guru:

1) pikeun bahan ajar budaya di sakola. c. Panalungtik/panulis:

1) nambah pangaweruh ngeunaan unsur-unsur budaya, hususna sistem pakasaban;

2) tafakur diri minangka makhluk Allah téh lain sakur nyiar dunyana hungkul tapi jeung ngariksa ciciptaanana kaasup ibadahna.

d. Umum:

1) bisa ngamotivasi masarakat sunda hususna sangkan ngamumulé jeung ngajaga ajén-ajén kaarifan budaya lokal.

2) méré gambaran ngeunaan sistem pakasaban masarakat Kampung Naga anu bisa dijadikeun pieunteungeun kana ngaraksa ngariksa kaarifan budaya lokalna.

3) méré kasadaran kana pentingna budaya anu dipimilik ku unggal sélér-sumélér bangsa anu mangrupa titinggal karuhun urang.

1.5. Sistematika Tulisan

(17)

6

Bab I mangrupa tahap bubuka atawa tahap munggaran dina ieu panalungtikan. Dina ieu bab dipedar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan jeung sistematika penulisan.

Bab II mangrupa bab anu medar ngeunaan tiori-tiori anu aya dina ieu panalungtikan, anu eusina ngawengku kabudayaan, kaarifan budaya lokal, déskripsi profilKampung Naga, jeung sistem pakasaban.

Bab III mangrupa bab anu medar ngeunaan metode panalungtikan. Ieu bab

mangrupa dadasar pikeun nyusun bab IV, lantaran pikeun medar bab IV, kudu aya dadasarna heula atawa strategi pikeun ngaréngsékeun pasualan nu aya dina ieu panalungtikan, pikeun dipedar dina bab IV. Ku kituna, salian ti metode panalungtikan, dina bab III dipedar data jeung sumber data dina ieu panalungtikan, ogé kumaha téhnik panalungtikan katut desain panalungtikanana, jeung cara ngumpulkeun sarta ngolah data hasil panalungtikan.

Bab IV mangrupa bab anu paling inti dina ieu panalungtikan, lantaran ieu bab anu ngadéskripsikeun hasil panalungtikan. Dina ieu bab bakal dipedar sacara gembleng hasil tina ngolah atawa nganalisis data dian panalungtikan. Ku kituna, hasil tina ieu panalungtikan bakal katitén dina ieu bab. Ngabahas jero ngeunaan sistem pakasaban masyarakat Kampung Naga, eusina ngawengku hasil analisis pakasaban masyarakat kampung naga anu eusina kaayaan geografis jeung administratif Kampung Naga, ajén-ajén, sistem pakasaban, prosés ngawariskeun sistem pakasaban masarakat Kampung Naga, kumaha ajén Sosial Budaya lokal Kampung Naga bisa méré kontribusi kana Pendidikan Nasional jeung pedaran hasil panalungtikan.

Bab V mangrupa bab pamungkas dina ieu panalungtikan. Eusina medar ngeunaan kacindekan tina skabéh pedaran. Sangkan ieu panalungtikan bisa méré

(18)

BAB III

METODE PANALUNGTIKAN

3.1Lokasi Panalungtikan, Data jeung Sumber Data 3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Lokasi panalungtikan di lakukeun di Kampung Naga, Desa Neglasari, Kecamatan Salawu, Kabupaten Tasikmalaya, Provinsi Jawa Barat.

3.1.2 Data jeung Sumber Data

Data dina ieu panalungtikan nyaéta jenis-jenis pakasaban masarakat Kampung Naga jeung sistem pakasaban masarakat Kampung Naga. Sedengkeun sumber data ieu panalungtikan nyaéta masarakat Kampung Naga jeung kaayaan hirup kumbuh sapopoéna kaasup konsép hirupna masarakat Kampung Naga.

3.2 Desain Panalungtikan

Sangkan ieu panalungtikan bisa ngaguluyur kalayan lancar nepi ka ahir, tangtu waé nu nyusun nyieun hiji desain panalungtikan, di handap diébréhkeun desain panalungtikan ti mimiti masalah nu diangkat dina ieu panalungtikan nepi ka kacindekan.

(19)

27

Desain panalungtikan di luhur bisa diébréhkeun dina bagan ieu di handap:

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan nyaéta cara anu digunakeun ku nu nalungtik pikeun ngumpulkeun data panalungtikan.

Dina ieu panalungtikan métode nu baris dipaké nyaéta métode déskriptif analitik. Métode déskriptif analitik dilaksanakeun ku cara ngadéskripsikeun fakta-fakta nu satuluyna disusul ku analisis. Ieu métode dipiharep bisa ngaguar sacara

jero ngeunaan kaarifan lokal dina kahirupan masarakat Kampung Naga anu geus jadi tradisi ti karuhunna.

Analisis kualitataif dilakukeun pikeun meunangkeun fenoména sosial ti sudut pandang pelakuna. Ngumpulkeun data ngeunaan kaayaan lingkungan biotis jeung fisik bisa ngaliwatan wawancara anu inténs jeung kuncén atawa warga

Masalah

 Kumaha konsép hirup masarakat Kampung Naga?

 Naon waé pakasaban masarakat Kampung Naga?

 Kumaha sitem pakasaban masarakat Kampung Naga?

 Kumaha prosés ngawariskeun ajén-ajén lokal ngeunaan sistem pakasaban masarakat Kampung Naga?

Instrumen Panalungtikan:

(20)

28

kampung adat anu maham pisan jeung bisa méré informasi sajelas-jelasna. Hal éta dilakukeun pikeun ngaguar sabab jeung prosés kajadianana hiji peristiwa kaarifan budaya lokal, utamana kana sistem pakasaban masarakat Kampung Naga.

3.4 Wangenan Operasional

Wangenan operasional nyaéta tarjamahan tina unggal variabel luyu jeung kabutuhan observasi, keterukuran, manipulasi, kontrol jeung pengetesan unggal variabel (Suyatna, 2002:9).

Judul ieu panalungtikan nyaéta “Sistem pakasaban masarakat Kampung Naga. (Kajian ajén-inajén lokal masarakat Kampung Naga, Tasikmalaya minangka landasan sosial budaya pendidikan nasional)

Sangkan aya gambaran tina éta judul, perlu dijéntrékeun wangenan-wangenan istilah dina ieu panalungtikan, nyaéta:

1) Sistem pakasaban nyaéta cara prakna digawé atawa aturan digawé pikeun pagawéan anu ngahasilkeun

2) Masarakat Kampung Naga nyaéta golongan kampung adat di Jawa Barat anu dicicingan ku sakelompok masarakat anu pengkuh kana adat budaya titinggal karuhunna anu aya di Desa Neglasari, Kacamatan Salawu, Tasikmalaya. 3) Ajén Kaarifan lokal nyaéta nilai-nilai wangun pendidikan, kayakinan,

pamahaman atawa wawasan sarta adat kabiasaan atawa etika anu nungtut paripolah manusa dina kahirupan di jero komunitas ekologisna.

4) Sosial Budaya Pendidikan Nasional nyaéta pola kahirupan babarengan sacara sosial anu ngabogaan budayana séwang-séwangan jeung ngajadikeun tatapakan pikeun Pendidikan Nasional.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nyaéta alat-alat anu digunakeun pikeun ngumpulkeun, ngolah, jeung ngainterprétasi sagala informasi anu ditarima.

(21)

29

recorder. Format obsérvasi nu baris jadi acuan dina obsérvasi kawas di handap ieu.

3.5.1 Pedoman Observasi

Pedoman wawancara nu baris aya di antarana mangrupa patalékan-patalékan. Runtuyan patalékan-patalékan wawancara nu kasampak dina tabél ngan saukur gurat badag tina patalékan di lapangan. Di lapangan mah bisa leuwih ngalegaan deui éta patalékan téh gumantung kana kabutuhan. Pikeun nyiptakeun

suasana anu leuwih ngeunah, patalékan-patalékan téh henteu tuluy-tuluyan merekpek ngabébéak teuing, tapi ngahiji dina obrolan nu hampang.

Tabel 3.1 Format observasi

Format Obsérvasi

Téma obsérvasi :

Lokasi obsérvasi : tgl./jam :

Jenis obsérvasi :

Koding Data/hasil obsérvasi

3.5.2 Pedoman Wawancara

(22)

30

Format pedoman wawancara katut naon-naon waé patalékanana aya dina tabel pedoman wawancara ieu di handap:

Tabel 3.2

2. Kumaha sistem atawa cara produksina?

3. Kumaha hasilna?

4. Kumaha kayaan konsumena?

5. Kumaha cara ngadidik anak

ngeunaan sistem pakasaban atawa

ekonomi numutkeun adat

kabiasaan di Kampung Naga?

3.5.3 Pakakas Dokumentasi

Pakakas éléktronik anu dipaké pikeun ngadokumentasikeun gambar, kaayaan, jeung sora narasumber di antarana: Kamera pikeun moto ngadokuméntasikeun data anu dibutuhkeun, handycam pikeun ngarekam gambar jeung sora kaayaan suasana di Kampung Naga, tape recorder pikeun ngarékam sora narasumber dina waktu wawancara.

3.6 Téhnik Panalungtikan

(23)

31

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik panalungtikan nu dipaké pikeun ngumpulkeun data jeung nyusun bahan nyaéta, observasi, studi pustaka, wawancara jeung téhnik analisis data. Obsérvasi di dieu nyaéta pengamatan langsung ka lapangan pikeun meunangkeun data anu valid. Dina téhnik ieu ogé panalungtik ngagunakeun média nu bisa ngarojong prosés panalungtikan, di antarana kaméra, Hp, jeung sajabana. Wawancara dimaksudkeun pikeun meunangkeun data langsung ti informan atawa tokoh masarakat nu langsung mikawanoh data-data nu baris dikumpulkeun. Studi pustaka, maksudna meunangkeun data nu sipatna dokumén (data gambar-gambar atawa tinulis).

3.6.2 Téhnik Ngolah Data

Dina ieu panalungtikan, aya léngkah-léngkah ngolah data nu geus dikumpulkeun, di antarana:

a) Niténan deui data nu geus dikumpulkeun; b) Ngayakeun transkripsi rékaman;

c) Nyieun papasingan data; d) Nganalisis data;

e) Ngadéskripsikeun data;

(24)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar hasil panalungtikan nu dipedar dina Bab IV, panalungtikan ngeunaan sistem pakasaban masarakat Kampung Naga kacindekanana nyaéta, ieu di handap:

a. Kampung Naga nyaéta kampung adat anu sacara husus geus jadi padumukan

warga Kampung Naga. Kampung anu kawilang teu pati gedé tapi éndah, sejuk, asri, sakurilingna téh ngalir Walungan Ciwulan. Anu leuwih matak ngirutna deui téh Kampung Naga ngabogaan khazanah budaya jeung kaayaan lingkungan anu teu jauh béda kahélokanana jeung kampung adat lianna, saperti Kampung Dukuh jeung Kampung Pulo anu perenahna di Garut, Kampung Kuta di Ciamis, Kampung Mahmud di Kabupatén Bandung, Kampung Urug di Bogor, jeung Baduy di Kanekes Banten.

b. Sistem pakasaban di masarakat Kampung Naga ngan sakur jadi pangupa jiwa, lain dijadikeun ladang bisnis atawa investasi cara urang-urang dayeuh di jaman kiwari.Masarakat Kampung Naga mah popolahna téh ngan sakur nepi ka cukup bisa nedunan kabutuhan hirup. Teu sagala pakasaban dicabak supaya meunangkeun duit atawa kauntungan anu gedé. Sagala rupa pagawéanana téh teu ngan dileukeunan ku sorangan, tapi ku raketna duduluran di Kampung Naga ngajadikeun masrakatna silih bantuan antara nu hiji jeung nu lian. Sistem gotong royong masih kénéh sok dilakukeun ku masrakat kampung Naga boh dina ngagarap sawah, nyieun karajinan, atawa ngawangun imah. Pakasaban intina nyaéta tani. Pakasaban sajaba ti tani nyaéta mangrupa pakasaban tambahan séjén, sperti nyieun karajinan, dagang,

ngukut ingon-ingon jeung jadi pamandu wisata di Kampung Naga.

(25)

67

sangkan bisa dijadikeun pakasaban, ku lantaran masarakat kampung Naga lolobana sakolana tamatan SD. Ku kituna peran kulawarga téh penting pisan méré pangarti pikeun budakna sangkan boga kaahlian anu bisa dijadikeun pakasabanana. Aya sawatara tahap dina prosés ngawariskeun ajén-ajén sistem pakasaban di antarana: (1) tahap ngabandungan, (2) tahap replika atawa nurutan, (3) tahap nyobaan (diajar), (4) mantuan, (5) macakal, bisa sorangan. Ieu hal geus jadi tradisi dina ngawariskeun élmu jeung prak-prakananana kana pakasaban anu bisa dilakukeun ku kolotna anu tuluy diturunkeun ka

anakna.

d. Ajén-ajén lokal anu aya di Kampung Naga Sacara gurat badag dibagi kana dua kelompok nyaéta ajén-ajén nurani (values of being) jeung ajén-ajén méré

(values of giving). Ajén-ajén nurani nu aya dina diri manusa anu satuluyna jadi paripolah atawa tingkah laku manusa sarta cara urang ngajénan ka batur. Nu kaasup kana ajén-ajén nurani téh nyaéta kajujuran, wawanén, cinta damai, poténsi, disiplin, apal kana wates, kamurnian, jeung kasaluyuan. Ajén-ajén méré nyaéta ajén nu kudu dilakukeun, dipraktekkeun anu satuluyna aya babalesna sakumaha anu geus dibikeun ti urang. Nu kaasup kana kelompok ajén-ajén méré téh nyaéta satia, bisa dipercaya, hormat, kadeudeuh, peka, teu égois, béréhan, adil jeung handap asor.

e. Masarakat Kampung Naga miboga ajén peduli sosial, ngariksa jeung ngaraksa lingkungan, pola hirup bersih jeung sehat, religius, kréatif, ékonomis, ngabogaan karakter anu kuat, berakhlak mulia, moralna hadé, rasa toléransi ka sasamana jeung gawé bareng anu sakabéhna diturunkeun ka turunannana ngaliwatan strategi modelling kalayan méré conto anu hadé ti generasi saacanna. Ieu hal mangrupa ajén-ajén inti jeung karakter anu dipiharep ku Kemendiknas, 2011 dina Pedoman Pendidikan Karakter. Salian

(26)

68

5.2Saran

a. Cara hirup sauyunan babarengan saperti masarakat Kampung Naga kudu dijadikeun pieunteungeun jang urang salaku makhluk sosial di dunya. Supaya urang hirup didunya aman, damai jeung tingtrim, moal nepi ka aya kajadian silih serang kelompok anu hiji jeung kelompok anu lian, supaya urang bisa ngarasakeun kasusah kasenang hirup babarengan, loba pamuntangan ti sisi ti gigir, hirup teu ngajadikeun ayana kasenjangan sosial.

b. Upaya masarakat Kampung Naga bisa miara kana alam, hirup bersih jeung sehat téh perlu dijadikeun conto model pikeun urang saréréa, utamana pikeun pamaréntah dina merhatikeun lingkungan, jeung cara ngajaga leuweung. c. Pola ngawariskeun ajén-ajén atikan anu hadé perlu dijadikeun modél ku para

pendidik jeung pejabat, nyaéta strategi modeling anu méré conto suri tauladan anu bener tur hadé pikeun anak-anakna jeung masarakatna.

d. Pamaréntah perlu méré perhatian anu husus pikeun masarakat Kampung Naga, utamana kana masalah pakasaban. Béré fasilitas anu cocog tur merenah pikeun kalumangsungan hirup jeung pakasabanana anu dijadikeun sumber pangupa jiwa masarakat Kampung Naga.

(27)

DAFTAR PUSTAKA

Danadibrata, R.A. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. Effendi, R. dan Elly M. (2011). Panduan Kuliah Pendidikan Lingkungan Sosial

Budaya Dan Teknologi (PLSBT). Bandung: CV. Maulana Media Grafika Elmubarok, Z. (2008). Membumikan Pendidikan Nilai Mengumpulkan Yang

Terserak Menyambung Yang Terputus Dan Menyatukan Yang Tercerai.

Jakarta: ALFABETA, cv.

Iskandar, J. dan Budiawati S.I. (2011). Agroekosistem Orang Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama.

Kemendiknas. (2011). Pedoman Pelaksanaan Pendidikan Karakter. Jakarta: Pusat kurikulum dan perbukuan.

Kemendiknas. (2011). Undang-undang Nomor 20 Tahun 2003 tentang Sistem Pendidikan Nasional (Lembaran Negara Republik Indonesia Tahun 2003 Nomor 78, Tambahan Lembaran Negara Republik Indonesia Nomor 4301).

Koentjaraningrat. (2009). Pengantar ilmu Antropologi. Jakarta: Rineka Cipta. Koentjaraningrat. (1985). Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta:

PT. Gramedia

Mulyana. dan Rohmat. (2013). MODEL PEMBELAJARAN NILAI melalui pendidikan Agama Islam. Jakarta: PT.saadah Pustaka Mandiri

Suryani, E. dan Anton, C. (2010). Menguak Tabir Kampung Naga. Tasikmalaya: CV Danan Jaya.

Padma, A (ed.). (2000). Kampung Naga Permukiman Karuhun. Bandung: Moris. Parsudi, S. (1984). Manusia, Kebudayaan dan Lingkungan. Jakarta: CV. Rojauli Rifa’ti, H.F. dan Toto S. (2002). Kampung Adat dan Rumah Adat di Jawa Barat.

Bandung: Dinas Kebudayaan dan Pariwisata.

Sanghyang Siksakanda Ng Karesian. Mangle edisi 892-903.

Sudaryat, Y. (2011). Makna dalam Wacana. Bandung: CV. Yrama Widya.

(28)

70

Sumardjo, J. (2011). Pola Rasionalitas Budaya. Bandung: Kelir.

Sutarya, O. (2005). Kearifan dan Pelestarian Hidup di Kampung Naga Tasikmalaya. Yogyakarta: Universitan Gadjah Mada.

Sutitno, I. (2011). Karya Tulis Ilmiah (KTI) Panduan, teori, Perlatihan, dan contoh. Bandung: PT Refika Aditama.

Sukyadi, D. dkk. (2007). Kewirausahaan (Untuk Pembelajar Bahasa dan Seni).

Gambar

Tabel 3.1 Format observasi
Tabel 3.2

Referensi

Dokumen terkait

Unit analisis dari penelitian ini adalah pengunjung yang menjadi wisatawan di Kampung Naga Tasikmalaya, kemudian pramuwisata sebagai operator yang memberikan

Hasil penelitian ini diharapkan sebagai upaya untuk mengungkap dan mendokumentasikan khasanah budaya di masyarakat Kampung Naga terkait matematika yang dapat digunakan sebagai

Kemudian untuk melihat Nilai-nilai pendidikan Islam yang terknadung pada budaya yang sudah mengakar di tengah-tengah masyarakat Kampung Naga ,termasuk upacara hajat sasih,

Koentjaraningrat (1985:2) nétélakeun yén sacara universal kabudayaan téh ngawengku tujuh unsur budaya, nyaéta; 1) sistem réligi jeung upacara kaagamaan, 2) sistem jeung

Hasil penelitian menunjukkan bahwa masyarakat Kampung Naga sangat menjaga apa yang menjadi kata “Pamali” yang di turunkan dari leluhurnya, sehingga dalam pemanfaatan sumber daya alam

Memperkuat tali persaudaraan dengan kebersamaan yang diciptakan Kesimpulan Terdapat 18 nilai karakter yang didapat pada kearifan local Kampung Naga yaitu nilai kejujuran, nilai