AJÉN ATIKAN DINA FOLKLOR ASPÉK KAPAMALIAN ANU AYA DI DÉSA TANJUNGWANGI KECAMATAN CICALÉNGKA KABUPATÉN BANDUNG.

31  16 

Loading.... (view fulltext now)

Loading....

Loading....

Loading....

Loading....

Teks penuh

(1)

AJÉN ATIKAN DINA FOLKLOR ASPÉK KAPAMALIAN ANU AYA DI DÉSA TANJUNGWANGI KECAMATAN CICALÉNGKA

KABUPATÉN BANDUNG (Tilikan Semiotik)

SKRIPSI

Disusun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Ngahontal Gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku Diani Permasih

1006671

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

LEMBAR PENGESAHAN SKRIPSI

DIANI PERMASIH NIM 1006671

AJÉN ATIKAN DINA FOLKLOR ASPÉK KAPAMALIAN ANU AYA DI DÉSA TANJUNGWANGI KECAMATAN CICALÉNGKA

KABUPATÉN BANDUNG (TILIKAN SEMIOTIK)

Disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping I,

Dr. Dedi Koswara, M.Hum. NIP 195906141986011002

Pangaping II,

Drs. Dede Kosasih, M.Si NIP 196307261990011001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

(3)

PERNYATAAN

Dengan ini saya menyatakan bahwa skripsi dengan judul “Ajén Atikan dina Folklor Aspék Kapamalian anu Aya di Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka Kabupatén Bandung (Tilikan Semiotik)” ini beserta seluruh isinya adalah benar-benar karya saya sendiri, dan saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara yang tidak sesuai dengan etika keilmuan yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas pernyataan ini, saya siap menanggung risiko/sanksi yang dijatuhkan kepada saya apabila kemudian diketemukan adanya pelanggaran terhadap etika keilmuan dalam karya saya ini atau ada klaim dari pihak lain terhadap keaslian karya saya ini.

Bandung, 25 Maret 2014 Yang membuat pernyataan,

(4)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu ABSTRAK

AJÉN ATIKAN DINA FOLKLOR ASPÉK KAPAMALIAN ANU AYA DI DÉSA TANJUNGWANGI KECAMATAN CICALÉNGKA

KABUPATÉN BANDUNG (Tilikan Semiotik) 1)

Diani Permasih 2)

Latar belakang penelitian ini didasari oleh berkurangnya penggunaan kapamalian

sebagai alat untuk mendidik dan menjaga keselamatan diri oleh masyarakat. Skripsi ini merupakan penelitian yang bertujuan untuk menginventarisasi

kapamalian yang ada di Desa Tanjungwangi, Kecamatan Cicalengka, Kabupaten Bandung. Penelitian ini menggunakan metode deskriptif analitik dengan teknik observasi dan wawancara. Data yang berhasil dikumpulkan lalu dideskripsikan, dianalisis berdasarkan nilai pendidikan yang mencakup nilai moral, nilai sosial, nilai agama, dan analisis unsur semiotiknya. Sumber data diambil dari lima narasumber. Kapamalian yang terkumpul dari hasil wawancara dengan narasumber adalah sebanyak 94 kapamalian. Aneka kapamalian tersebut dideskripsikan berdasarkan hasil wawancara. Aspek-aspek yang dianalisis dalam penelitian ini adalah 1) deskripsi arti kapamalian, 2) analisis nilai pendidikan yang terdapat dalam kapamalian, serta 3) unsur semiotik yang terdapat dalam

kapamalian tersebut. Berdasarkan penelitian yang dilakukan, diharapkan adanya upaya pemerintah dalam meninventarisir aspek-aspek kapamalian yang tersebar di masyarakat, sehingga kapamalian tersebut masih dijadikan alat atau media dalam mendidik anak.

Kata kunci: ajén atikan, kapamalian, semiotik.

(5)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

This research is doing caused the rarely used of kapamalian as an tools for teaching and self awarness. This research goals is for collecting kapamalian in Tanjungwangi village, at cicalengka region in Bandung.

The research is using deskriptip analitik methode with observation and interview technique. The data that has been collected will be on description, on analyze due to education value, and the se iotic u sur . Fro o e village are took 5 sa ple, the kapamalian was collected are about 94 kapalian whis is that kapamalian will going to describe based on interview result.

The aspect that going to be analyze in this research are 1) describe meaning of kapamalian, 2) education value analyze on kapamalian, and 3) semiotic aspect on kapamalian its self. According to this research, that also a hope that government will

goi g to i ve tarisir aspects o kapa alia yang tersebar di masyarakat, sehingga

(6)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR EUSI

PERNYATAAN ... i

ABSTRAK ... ii

PANGJAJAP ... iii

CATUR NUHUN . ... iv

DAPTAR EUSI . ... vii

DAPTAR GAMBAR TABÉL ... x

DAPTAR SINGGETAN ... xi

DAPTAR LAMPIRAN . ... xii

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah . ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 5

1.2.1 Watesan Masalah ... 5

1.2.2 Rumusan Masalah . ... 5

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 6

1.3.1. Tujuan Umum ... 6

1.3.2. Tujuan Husus ... 6

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 6

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 7

1.4.2. Mangpaat Praktis ... 7

1.5 Sistematika Penulisan ... 7

(7)

viii

2.1.1 Wangenan Kabudayaan ... 9

2.1.2 Wujud Kabudayaan ... 10

2.1.3 Unsur Kabudayaan ... 11

2.2 Folklor ... 13

2.2.1 Wangenan Folklor ... 13

2.2.2 Ciri-ciri Folklor ... 14

2.2.3 Mangpaat Folklor ... 15

2.2.4 Papasingan Folklor ... 15

2.2.4.1 Folklor Lisan ... 15

2.2.4.2 Folklor Sabagian Lisan ... 16

2.2.4.3 Folklor Non Lisan ... 16

2.3 Pamali ... 17

2.4 Ajén Atikan ... 18

2.4.1 Ajén ... 18

2.4.2 Atikan ... 18

2.4.3 Ajén Atikan . ... 19

2.5 Semiotik ... 20

2.5.1 Wangenan Semiotik ... 20

2.5.2 Unsur Semiotik ... 21

2.6 Anggapan Dasar ... 24

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1. Lokasi Panalungtikan . ... 25

3.2. Métode Panalungtikan ... 26

(8)

3.4. Desain Panalungtikan ... 27

3.5. Wangenan Operasional . ... 28

3.6. Instrumén Panalungtikan . ... 29

3.7. Téknik Ngumpulkeun Data . ... 30

3.8. Téknik Ngolah Data . ... 31

BAB IV ANALISIS AJÉN ATIKAN DINA FOLKLOR ASPÉK KAPAMALIAN TILIKAN SEMIOTIK 4.1 Kondisi Sosial Budaya Désa Tanjungwangi . ... 32

4.2 Déskripsi Kapamalian nu Aya di Désa Tanjungwangi . ... 35

4.3 Harti jeung Fungsi Kapamalian nu Aya di Désa Tanjungwangi ... 42

4.4 Analisis Ajén Atikan dina Kapamalian nu Aya di Désa Tanjungwangi . ... 66

4.4.1 Ajén Moral dina Folklor Aspék Kapamalian . ... 66

4.4.2 Ajén Sosial dina Folklor Aspék Kapamalian . ... 79

4.4.3 Ajén Agama dina Folklor Aspék Kapamalian . ... 84

4.5 Unsur Semiotik dina Aspék Kapamalian nu Aya di Désa Tanjungwangi ... 90

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1Kacindekan . ...104

5.2 Saran . ...107

DAPTAR PUSTAKA . ...108

LAMPIRAN ...110

(9)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I

BUBUKA

1.1. Kasang Tukang Masalah

Dina hirup kumbuh sapopoé, manusa hirup gulangkep jeung budayana. Manusa ngabogaan budaya lantaran boga akal jeung pikiran. Akal jeung pikiran nu dipiboga ku manusa téh minangka ciri anu ngabédakeun jeung mahluk séjénna. Éta kabudayaan téh diciptakeun sarta digunakeun ku manusa éta sorangan. Kabudayaan bakal terus tumuwuh bareng jeung kamekaran jaman.

Manusa téh mangrupa mahluk sosial, nu butuh ku jalma séjén dina nyanghareupan kahirupanana. Sakumaha anu kaunggel dina sempalan rumpaka

pupuh Pucung “utamana jalma kudu loba batur, keur silih tulungan, silih titipkeun nya diri, budi akal lantaran ti padajalma”. Ku kituna manusa hirup dina hiji kelompok nu bisa disebut ogé masarakat.

Numutkeun William A. Haviland (Sundjaya, 2008, kc.4), masarakat minangka sakelompok jalma anu nyicingan hiji daérah sarta miboga kabudayaan nu sarua, ogé numuwuhkeun interaksi sosial. Demi interaksi sosial minangka konci tina kahirupan sosial. Ilaharna, tina interaksi sosial bisa ngadatangkeun balukarna, boh balukar positif boh balukar négatif. Balukar négatif bisa mangaruhan jalma pikeun ngalakukeun hal-hal anu teu luyu jeung norma-norma agama ogé norma-norma sosial. Pikeun mageran pangaruh négatif nu aya di lingkungan, manusa butuh ku sistem pikeun ngurangan éta pangaruh négatif téh. Éta sistem pikeun ngungkulan pangaruh négatif téh mangrupa aturan norma, kaidah, hukum nu tinulis jeung teu tinulis.

(10)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

baheula nepikeun pikiran, rasa, kahayang dina wangun lisan ku cara dibalibirkeun sangkan masarakat teu ngarasa langsung dipapatahan.

Koentjaraningrat (2009, kc.144), nétélakeun yén kabudayaan nyaéta sistem gagasan, tindakan jeung hasil karya manusa dina kahirupan masarakat nu dipiboga manusa ku cara diajar. Kabudayaan kacida mangaruhan kana ajén atikan masarakatna, kitu ogé sabalikna atikan mangaruhan pisan kana kamekaran kabudayaan. Ku atikan urang bisa mekarkeun budaya-budaya nu geus aya sangkan teu kalindih ku kamekaran jaman, ogé ajén-inajén nu aya dina budaya bakal mangaruhan kana kamekaran atikan.

Dina kabudayaan, nyangkaruk ajén-inajén nu ngajanggélék dina wujud ideel anu sifatna abstrak, teu bisa ditempo, teu bisa di cabak, tapi tempatna aya dina alam pikiran masarakat dimana éta kabudayaan téh tumuwuh jeung mekar. Wujud ideel bisa disebut ogé jeung paripolah, ieu hal téh nuduhkeun yén wujud ideel téh fungsina pikeun ngatur sarta méré arahan kana paripolah manusa dina masarakat salaku tatakrama atawa sopan santun.

Ajén ngandung harti pangaji, harga (LBSS, 1995, kc. 18). Ajén di dieu lain hartina harga nu bisa diukur ku angka, tapi nu patalina jeung norma kahirupan. Dina norma kahirupan tangtu nyangkaruk mangpirang-pirang aturan anu aya patalina jeung atikan, ngatik budak kana kahadéan sangkan ngajadikeun budak nu patuh kana norma norma kahirupan. Atikan numutkeun Danadibrata (2009, kc.39) nyaéta pangajaran kana jalan kahadéan, méré, malajarkeun, warah, ngabingbing.

Dina kahirupan masarakat, hususna dina atikan kahirupan mibanda rupaning cara pikeun ngaplikasikeun naon nu dimaksud atikan, boh métode boh bahanna. Salasahiji atikan anu aya di masarakat nyaéta ngawangun étika ku cara nepikeun hal-hal anu teu meunang dilakonan, sabab saupama dilakonan pasti bakal aya balukarna. Salasahiji hal anu sering dijadikeun alat dina ngadidik nyaéta ku ayana folklor anu ngébréhkeun ngeunaan aspék kapamalian anu dipaké ku masarakat.

(11)

3

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kituna, pamali téh mangrupa hal anu dianggap matih pikeun ngahulag naon nu teu meunang dilakonan ku urang.

Pamali mangrupa bagian tina folklor. Numutkeun Jan Harold Brunvand (Danandjaya, 2007, kc.21) folklor kabagi jadi tilu bagian, nyaéta folklor lisan, folklor sabagian lisan, jeung folklor non lisan. Folklor lisan nyaéta folklor anu wangunna murni lisan. Folklor sabagian lian nyaéta folklor anu wangunna mangrupa campuran unsur lisan jeung unsur non lisan. Folklor non lisan nyaéta folklor anu wangunna lain lisan, sanajan cara nyieunna ngaliwatan lisan. Tina éta papasingan diluhur téh jéntré pisan yén pamali kaasup kana folklor sabagian lisan anu kaasup kana genre kapercayaan rayat.

Unggal masarakat tangtu miboga kabudayaan séwang-séwangan, salasahijina anu mangrupa kapercayaan rayat. Kapercayaan rayat didieu nu mangrupa pamali atawa pantrangan. Kecap pamali téh digunakeun pikeun hal-hal anu sifatna tabu.

Dina kahirupan urang sunda, loba kapanggih pakeman basa, di antarana kapamalian. Cenah, kapamalian téh salah sahiji padika dina nepikeun atikan karuhun Sunda. Nurutkeun makna aslina, kecap pamali téh nyaéta sagala rupa anu ngotoran awak (mala=kokotor; mali=nu nyababkeun kokotor, leutak nu ngalimpudan awak). Kecap pamali, aya nu gampang dihartikeunana, najan ukur dilelebah, teu saeutik ogé anu bangga nepi ka hésé karampana ku akal waras. Lantaran teu apal nyurahanana, antukna sok kalah jadi kaheureuyan, majar pamali

téh “paman diali”. Taya bédana jeung dongéng anu sok diheureuykeun jadi

“ngabobodo budak céngéng”, tur padahal eusina kawilang leubeut ku ajén atikan (Ruhimat, 2006, kc.41).

Pamali numutkeun Danadibrata (2009, kc.489) nyaéta larangan sepuh urang anu maksudna teu meunang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok aya matakna.

Mulkan (2007) dina artikel nu judulna “Pamali, Tradisi Budaya Lisan Leluhur Sunda” nétélakeun yén pamali nyaéta larangan pikeun ngalaksanakeun

(12)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

sabudeureunana. Upama dipahing, biasana nu patali jeung rejeki, jodo, turunan jeung kasalametan.

Pamali, biasana patali jeung kecap mitos, nu dianggap ku sababaraha jalma minangka hal nu teu asup akal, sabab mitos mangrupa ungkara atawa hal-hal anu dipercaya sacara turun tinurun ku hiji masarakat. Ku kituna, mitos dianggap aya patula-patalina jeung kahirupan manusa di mangsa heubeul.

Kapamalian téh lain ngan saukur istilah anu diucapkeun sacara bébas, tapi éta kapamalian téh ngandung ajén-inajén pikeun ngadidik ku cara dibalibirkeun sangkan budak bisa nurut naon anu diucapkeun ku kolot, éta kapamalian téh teu ngandung harti anu saujratna, tapi éta kapamalian téh ngandung harti anu séjén atawa multitafsir.

Dina ieu panalungtikan digunakeun tilikan semiotik pikeun maluruh tanda anu aya dina éta kapamalian. Semiotik nyaéta élmu nu ngabahas ngeunaan tanda. Élmu anu nganggap yén fénoména sosial/masarakat jeung kabudayaanana mangrupa tanda-tanda. Semiotik ngaguar ngeunaan sistem-sistem, aturan-aturan, jeung konvensi-konvensi nu ngayakinkeun éta tanda-tanda téh ngabogaan harti. Jadi nu bisa dijadikeun tanda téh sabenerna mah lain ngan saukur basa hungkul, tapi sagala hal anu aya disabudeureun ieu kahirupan (Pradopo, 1995, kc. 119).

Panalungtikan kana aspék kapamalian kawilang penting pikeun maluruh kumaha ajén atikan tina éta pamali mangaruhan kana sikep hiji masarakatna. Ajén-inajén dina éta pamali téh mawa pangaruh ka masarakatna. Ku kituna, pamali dijadikeun alat pikeun kolot ngatik ka budakna. Upama urang ngatik budak ku cara nyebut pamali atawa nyingsieunan ku hal anu matak ngarugikeun, budak tangtu bakal merhatikeun tuluy ngarasa sieun nu ahirna éta budak téh bisa nurut kumaha ceuk kolotna.

(13)

5

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kapamalian téh leubeut ku ajén-inajén ngeunaan atikan. Aya sababaraha panalungtikan anu aya patalina jeung ajén atikan di antarana:

(1) Sri Mulyani (0700444) anu judulna “Ajén Atikan dina Kaulinan Barudak

Lembur di Désa Sukamaju Kecamatan Cigudeg Kabupatén Bogor pikeun

Bahan Pangajaran di SD”.

(2) Ayu Mustika Mayashinta anu judulna “Ajén atikan dina sisindiran anu

aya di kampung Kiaralawang Désa Majasari Kecamatan Cibiuk

Kabupatén Garut pikeun bahan pangajaran di SMP”.

(3) Eros Rosmiati anu judulna “Ajén atikan puisi pupujian di Kecamatan

Ciparay Kabupatén Bandung”.

Sedengkeun panalungtikan husus ngeunaan aspék kapamalian mah can aya nu nalungtik. Ku kituna, perlu diayakeun panalungtikan kana éta hal nu dijudulan

“Ajén Atikan dina Folklor Aspék Kapamalian anu Aya di Désa Tanjungwangi

Kecamatan Cicaléngka Kabupatén Bandung (Tilikan Semiotik)”.

1.2. Watesan jeung Rumusan Masalah

Masalah panalungtikan nya éta masalah objéktif dina hiji panalungtikan. Ku kituna di handap ieu baris dijéntrékeun ngeunaan watesan jeung rumusan masalah panalungtikan.

1.2.1. Watesan Masalah

Ajén-inajén anu aya dina aspék kapamalian, hususna ajén atikanna anu ngawengku ajén moral, ajén sosial, jeung ajén agama (Setiyadi, 2011, kc. 29) nyaéta ngatik budak sangkan hadé ahlak jeung moralna. Dina kapamalian ogé, tangtu nyangkaruk unsur semiotik anu perlu ditalungtik sangkan bisa maham kana simbol éta kapamalian.

(14)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

sarta simbol-simbol dina aspék kapamalian anu aya di Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka Kabupatén Bandung.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana watesan masalah tadi, sangkan masalah-masalah dina ieu panalungtikan jéntré, anu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.

1) Aspék kapamalian naon waé nu aya di Désa Tanjungwangi, Kecamatan Cicalengka, Kabupatén Bandung?

2) Kumaha harti jeung fungsi éta aspék kapamalian pikeun ngatur jeung jadi padoman dina kahirupan masarakat di Désa Tanjungwangi, Kecamatan Cicaléngka, Kabupatén Bandung?

3) Ajén atikan naon waé nu nyampak dina aspék kapamalian di Désa Tanjungwangi, Kecamatan Cicalengka, Kabupatén Bandung?

4) Unsur semiotik naon waé nu nyangkaruk dina aspék kapamalian di Désa Tanjungwangi, Kecamatan Cicaléngka, Kabupatén Bandung?

1.3. Tujuan Panalungtikan

Saperti anu geus dipedar dina kasang tukang jeung rumusan masalah, ieu panalungtikan mibanda dua tujuan, nya éta tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1. Tujuan Umum

Tujuan umum dina ieu panalungtikan nyaéta maluruh ngeunaan ajén atikan dina aspék kapamalian anu aya di Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupatén Bandung.

1.3.2. Tujuan Husus

(15)

7

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) Aspék kapamalian nu aya di Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupatén Bandung

2) Harti jeung fungsi dina aspék kapamalian pikeun ngatur jeung jadi padoman dina kahirupan masarakat di Désa Tanjungwangi, Kecamatan Cicalengka, Kabupatén Bandung

3) Ajén atikan nu nyampak dina aspék kapamalian di Désa Tanjungwangi, Kecamatan Cicalengka, Kabupatén Bandung

4) Unsur semiotik nu nyangkaruk dina aspék kapamalian di Désa Tanjungwangi, Kecamatan Cicaléngka, Kabupatén Bandung

1.4. Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat ieu panalungtikan dijembarkeun kana dua bagian, nya éta mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan kabudayaan sunda, hususna dina widang aspék kapamalian.

1.4.2. Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan téh dipiharep sangkan bisa méré gambaran ngeunaan ajén atikan jeung ma’na simbol-simbol nu nyangkaruk dina aspék kapamalian anu aya hususna di masarakat Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka, umumna ka masarakat anu paduli kana kabudayaan.

1.5. Sistematika Penulisan

Sistematika penulisan dina ieu skripsi ngawengku lima bab, nyaéta:

(16)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2) Bab II ngeunaan kajian tiori tina ieu panalungtikan, medar kabudayaan, foklor aspék kapamalian, ajén atikan, jeung tilikan semiotik;

3) Bab III Métodologi Panalungtikan anu dipaké dina ieu skripsi nu medar ngeunaan métode panalungtikan, sumber data, desain panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung téhnik ngolah data;

4) Bab IV ngadeskripsikeun hasil tina panalungtikan, diantarana waé pembahasan ngeunaan kondisi sosial budaya Désa Tanjungwangi, déskripsi kapamalian di wilayah Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka, déskripsi harti jeung fungsi aspék kapamalian di wilayah Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka, analisis ajén atikan aspék kapamalian di wilayah Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka, sarta semiotik anu aya dina aspék kapamalian di wilayah Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka.

5) Bab V ngeunaan kacindekan tina hasil panalungtikan jeung saran ti panalungtik ngeunaan hal-hal nu aya pakuat-pakaitna salila panalungtikan pikeun panalungtik kahareupna.

(17)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1. Lokasi Panalungtikan

Désa Tanjungwangi mangrupa salasahiji désa di Kecamatan Cicaléngka nu kaasup wilayah Kabupaten Bandung. Ieu désa téh mangrupa pamekaran tina Désa Dampit, ayana di beulah wétaneun kota Bandung, jarakna 215 km ti pamaréntahan pusat Nagara, 49 km ti pusat pamaréntahan Provinsi Jawa Barat jeung 40 km ti puseur dayeuh Kabupatén Bandung sarta 9 km ti Kecamatan Cicaléngka.

Désa Tanjungwangi ngadeg minangka désa swakarya. Ditinggali tina topografi, kaayaan wilayah Désa Tanjungwangi téh mangrupa daérah pagunungan. Ieu désa téh minangka désa panungtung. Tapi sanajan kitu ieu désa téh kaasup désa anu boga daya irutna utamana kaayaan alamna tina objék wisatana nu kasohor nyaéta Curug Cindulang jeung KW (Kawasan Wisata).

Désa Tanjungwangi ngawengku 3 kadusunan, nu eusina diwangun ku 7 rw jeung 31 rt. Aya 16 wilayah kampung anu katulis sacara administratif, sarta 6 wilayah kampung anu ngadeg sacara tradisional. Ieu dihandap dijéntrékeun data statistik Désa Tanjungwangi.

K.S.D.A: Konservasi Sumber Daya Alam

1. Luas wilayah dumasar pegunungan:

Pemukimam 94 Ha/m2

(18)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Kebun/tegalan/ladang 434 Ha/ m2

Kuburan 3 Ha/ m2

Bentangan wilayah: Désa berbukit-bukit 637,625 Ha/ m2.

3.2. Métode Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode deskriptif analitik. Métode deskriptif analitik nyaéta métode anu ngadéskripsikeun sarta nganalisis. Ku cara ngagunakeun éta métode dipiharep objék anu ditalungtik bisa

dima’naan sacara maksimal (Ratna, 2010, kc. 334). Métode panalungtikan

déskriptif museurkeun panitén kana méréskeun masalah-masalah aktual nu nyampak nalika ngalaksanakeun panalungtikan. Arikunto (2010, kc. 3) nétélakeun yén métode déskriptif mangrupa métode anu digunakeun pikeun nalungtik kaayaan, kondisi, situasi, kajadian, kagiatan, jeung sajabana, anu satuluyna hasil panalungtikan téh disusun dina wangun laporan.

Suyatna (2002, kc. 14), nyebutkeun yén métode panalungtikan déskriptif nyaéta métode panalungtikan anu mangrupa akumulasi data dasar dina cara déskriptif wungkul, teu hiji hipotésis, teu nyieun ramalan atawa teu meunangkeun

ma’na implikasi. Dina maké ieu métode diusahakeun dina ngumpulkeun data,

luyu jeung waktu sarta kamampuan anu nyampak. Saterusna disusun jadi hiji runtuyan anu sagemblengna sarta analisis tina éta data anu geus kakumpulkeun.

(19)

27

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.3. Sumber Data

Numutkeun Arikunto (2010, kc.172) sumber data nyaéta subjék data-data panalungtikan anu dibeunangkeun ku panalungtik. Dina panalungtikan merlukeun sumber data pikeun ngahasilkeun data anu rék ditalungtik. Anapon sumber data anu diperlukeun dina panalungtikan nyaéta kapamalian anu masih kénéh aya sarta dipaké di masarakat Sunda.

Anu dijadikeun subjék dina ieu panalungtikan nyaéta warga Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka Kabupatén Bandung nu umurna 40 taun kaluhur, sarta hirup di éta désa ti leuleutik tug nepi ka kolotna. Tina éta sumber, data nu geus kakumpulkeun dianalisis fungsi jeung ajén atikanna ogé ditilik unsur-unsur semiotik nu nyampak dina éta kapamalian.

3.4. Desain Panalungtikan

(20)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.1 Desain Panalungtikan

Idéntifikasi Masalah

 Rumusan Masalah  Tujuan Panalungtikan  Anggapan Dasar

 Métodologi Panalungtikan

Analisis Masalah

 Harti jeung fungsi dina folklor aspék kapamalian nu aya di Désa Tanjungwangi

 Analisis ajén atikan nu nyampak dina folklor aspék kapamalian nu aya di Désa Tanjungwangi

 Unsur semiotik nu nyangkaruk dina folklor aspék kapamalian nu aya di Désa Tanjungwangi

Ngumpulkeun Data

 Observasi  Wawancara

(21)

29

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.5. Wangenan Operasional

Sangkan leuwih jéntré dina ngayakeun panalungtikan, ieu di handap baris dijéntrékeun wangenan operasional anu patali jeung ajén atikan dina folklor aspék kapamalian anu aya di Désa Tanjungwangi.

a) Ajén atikan nyaéta ajén inajén ngeunaan hiji pangaweruh nu bakal méré mangpaat pikeun manusa sangkan hirup dina kahadéan. Ajén atikan ngawengku ajén moral, ajén sosial, jeung ajén agama.

b) Kapamalian nyaéta larangan sepuh urang anu maksudna teu meunang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok aya matakna.

c) Semiotik nyaéta élmu nu nalungtik tanda dina kahirupan manusa. Hartina, sakabéh anu aya dina kahirupan urang téh mangrupa tanda, nu

kudu ku urang dima’naan

3.6. Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan mangrupa alat nu dipaké pikeun meunangkeun data panalungtikan sarta nganalisis data panalungtikan. Instrumén panalungtikan nyaéta hiji alat nu dipaké pikeun ngukur fénoména alam atawa sosial nu ditalungtik. Sacara spésifik sakabéh fénoména éta téh disebut variabel panalungtikan (Sugiyono, 2008, kc.102).

Anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan téh nyaéta : 1) Alat pangrékam, anu dipaké pikeun ngumpulkeun data lisan ngeunaan folklor

aspék kapamalian anu aya di Désa Tanjungwangi.

2) Kaméra, anu dipaké dina prosés panalungtikan pikeun dokuméntasi. Di mana ieu kaméra dipaké pikeun nyokot foto narasumber dina panalungtikan.

3) Kartu panalungtikan, ieu kartu eusina ngawengku idéntitas narasumber jeung hasil panalungtikan. Conto kartu panalungtikan :

(22)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Wasta :

4) Daftar patalékan mangrupa naon anu dijadikeun patalékan dina prosés wawancara dina ieu panalungtikan. Patalékan anu baris diajukeun nyaéta:

a. Naon waé istilah pamali nu sok dipaké di ieu désa? (Life cycle: ngalahirkeun, sunatan/gusaran, kawinan, maot)

b. Naon fungsi pamali éta téh?

c. Keur kaayaan kumaha éta pamali diucapkeunana?

d. Keur saha jeung ka saha waé éta pamali téh dilarapkeunana? e. Naon waé sangsi/akibat/balukar lamun aya nu ngarempak pamali? f. Naha pernah aya kajadian nyata lamun ngarempak pamali?

5) Pedoman instrumén panalungtikan nyaéta:

1) Pedoman observasi, nyaéta patokan anu dipaké pikeun niténan anggota sampel.

2) Pedoman wawancara, nyaéta téknik nu dipaké pikeun nyangking informasi lisan.

Arikunto (1997, kc. 231) nétélakeun aya dua jenis pedoman wawancara nyaéta:

a) Pedoman wawancara terstruktur, nyaéta pedoman wawancara anu disusun sacara rinci nu hasilna mangrupa check list.

b) Pedoman wawancara tak terstruktur, nyaéta pedoman wawancara anu nanyakeun masalah ngan gurat badagna wungkul.

(23)

31

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan dipaké téhnik observasi jeung téhnik wawancara.

1) Téhnik observasi

Dina ieu panalungtikan, observasi dilakukeun pikeun niténan objék panalungtikan pikeun ngumpulkeun data diluareun kanyahona respondén. Ieu panalungtikan téh bisa lumangsung dina kaayaan loma, bari ngobrol, sabab observasi mangrupa tahap munggaran dina panalungtikan.

2) Téhnik wawancara

Wawancara nyaéta meunangkeun data ku cara papanggih langsung, bari ngobrol, boh individu jeung individu, boh individu jeung kelompok (Ratna, 2010, kc. 222).

Ari léngkah-léngkahna nyaéta:

1. Néangan data statistika kantor Kecamatan Cicaléngka 2. Néangan data monografi ka kantor Désa Tanjungwangi

3. Néangan Folklor aspék kapamalian anu aya di Désa Tanjungwangi ku cara wawancara ka narasumber (informan) di unggal kampung.

3.8. Téknik Ngolah Data

Dina ngolah data dipaké téhnik analisis. Sanggeus folklor aspék kapamalian dikumpulkeun, tuluy diolah ngaliwatan léngkah-léngkah saperti di handap ieu :

1. Mariksa sarta niténan folklor aspék kapamalian anu geus dikumpulkeun. 2. Ngadéskripsikeun jeung nganalisis folklor aspék kapamalian.

(24)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Kapamalian mangrupa salasahiji folklor sabagian lisan anu masih kénéh hirup di masarakat. Ieu kapamalian téh sok dipaké alat ku kolot pikeun ngatik budak. Kolot baheula mah ngabéjaan atawa nyaram téh cukup ku dibalibirkeun, teu togmol. Cukup ku nyebut pamali éta kolot téh ngatikna, upama kedal kecap pamali téh, timbul kasieun anu gedé, tara ieuh protés sok nurut baé. Kapamalian anu aya di Désa Tanjungwangi, Kecamatan Cicaléngka, Kabupatén Bandung, sabagian masih kénéh sok diparaké. Kabuktian masih loba kénéh anu percaya sarta tumut kana naon anu disebutkeun pamali téa.

Kapamalian anu dikumpulkeun ngaliwatan wawancara ka 5 narasumber anu aya di Désa Tanjungwangi téh aya 88 kapamalian. Éta kapamalian anu aya téh didéskripsikeun harti jeung fungsina, dianalisis ajén atikan anu ngawengku ajén moral, ajén sosial, jeung ajén agama, sarta dianalisis ogé unsur semiotik anu nyangkaruk dina éta kapamalian.

Kapamalian anu ngatur jeung jadi padoman dina kahirupan masarakat di Désa Tanjungwangi kawengku ku istilah daur hidup (life cycle), di antarana kawin, kelahiran, sunat jeung maot. Sakabéh kapamalian éta kapasing-pasing numutkeun kagunaan katut saha nu makéna. Ieu di handap mangrupa hasil tina papasingan éta kapamalian:

1) Dina kapamalian anu aya patalina jeung urusan kawin, aya 9 (10.2%) kapamalian anu eusina husus jang nu arék jeung nu geus kawin.

Sababaraha kapamalian anu kaasup kana aspék kawin nyaéta “Nu rék

kawin teu meunang udar-ider, bisi diganggu ku mahluk jahat”, “Nu geus kawin teu meunang ngobrol duaan di jero kamar, bisi paséa”,

(25)

105

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2) Dina kapamalian anu patali jeung urusan kelahiran, aya 39 (44.3%) kapamalian anu eusina ngeunaan kapamalian-kapamalian husus ditujulkeun nu kakandungan. Sababaraha kapamalian anu asup kana

aspék kelahiran nyaéta “Teu meunang dahar dina piring gedé, ngarah

santenna leutik”, “Teu meunang loba teuing ngadahar lada, matak

galak budakna”, jeung “Teu meunang diuk bari ucang-ucangan dina

golodog jangkung, matak hésé dina ngalahirkeun”.

3) Dina kapamalian anu patali jeung urusan sunat, aya 2 (2.3%) kapamalian anu eusina aya patula-patalina jeung nu disunatan.

Kapamalian anu asup kana aspék sunat nyaéta “Pamali lamun orok

awéwé teu digusaran, sok hésé manggih jodo” jeung “Nu karék di sunat teu meunang ngaléngkahan tai séro, bisi hésé cageurna”.

4) Dina kapamalian anu patali jeung urusan maot, aya 2 (2.3%) kapamalian anu eusina aya patula-patalina jeung nu maot. Kapamalian anu kaasup kana aspék maot nyaéta “Lamun aya nu maot, teu meunang

kuramas, matak ngajakan maot” jeung “Teu meunang kuramas

sareupna, matak maot salamangsa”.

Salian ti éta aya ogé kapamalian anu sipatna umum, di mana éta kapamalian dipaké ku sakumna masarakat di sagédéngeun hal-hal anu aya patalina jeung life cycle, nyaéta 36 (40.9%) kapamalian. Sababaraha kapamalian anu kaasup kana

aspék kapamalian umum nyaéta “Teu meunang nodong dahar dina kastrol, matak

rewog barangdahar”, “Teu meunang ngadahar tiwu jeung cangkangna, matak

suing”, “Ulah nyiuk béas bari cingogo, matak harkat darajatna handap”, jeung “Parawan teu meunang ngadahar ganas, bisi combong”.

(26)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kana ajén sosial saperti kapamalian “Teu meunang nodong dahar dina kastrol,

matak rewog barangdahar” jeung “Ulah ngowah coét, matak meunangkeun salaki

ka aki-aki”. Sedengkeun anu kaasup kana ajén agama aya 13 kapamalian saperti kapamalian “Ulah sok nyésakeun sangu dina piring, matak nyésakeun rejeki jang batur” jeung “Ulah sasapu ti peuting, matak ngajauhkeun rijki”. Dina éta kapamalian aya 2 kapamalian anu asup kana ajén moral jeung agama diantarana

“Teu meunang liar ti magrib/salamangsa, bisi dirawu kélong”, jeung “Teu meunang susulumputan ti burit/salamangsa, bisi disumputkeun ku kélong wéwé”.

Sedengkeun kapamalian anu teu asup kana ajén atikan nyaéta aya 19 kapamalian. Hasil analisis semiotik kapanggih aya 28 unsur ikon, unsur ikon nyaéta tanda anu nyoko kana obyékna dumasar hubungan faktual jeung éksisténsial antara penanda jeung petandana, salasahijina nu aya dina kapamalian “Teu meunang nodong dahar dina kastrol, matak rewog barangdahar”, dina ieu kontéks kastrol ikon tina wadah paranti ngaliwet, nu bisa nyababkeun rewog barangdahar sabab ku teu kaukur téa sakumaha daharna.

Lian ti éta aya 35 kapamalian anu ngandung kana unsur indéks, unsur indéks nyaéta tanda anu ngébréhkeun ayana hubungan kausal/sabab-akibat, salasahiji contona dina kapamalian “Nu boga hajat teu meunang mandi, matak

hujan badag”, dina ieu kontéks teu meunang mandi mangrupa indéksikal tina

upama lamun urang mandi sarua hartina jeung beberesih sanggeus réngséna pagawéan. Jadi saupama urang geus mandi moal bisa migawé deui pagawéan (hajat) sabab geus ngaréngsékeun waktu pagawéanana ku cara beberesih tadi. Lian ti éta nalika urang mandi, hartina urang ninggalkeun éta hajat. Nalika ditinggalkeun éta bisi dina prak-prakanana aya mamala (hujan badag), tuluy teu kanyahoan ku urang (nu boga hajat), moal aya anu bisa ngaréngsékeun atawa tanggung jawab kana sagala mamalana.

Dina unsur simbol kapanggih 24 kapamalian anu ngahubungkeun yén antara tanda jeung denotatumna téh disapukan ku balaréa. Salasahijina saperti

(27)

107

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

batur”, dina ieu kontéks gadis ngalambangkeun awéwé anu can laki-rabi, anu can

aya jodoan, nu masih hirup jeung kolotna. Ari gadis lamun ngéndong dimana waé mangrupa paripolah anu goréng, nu matak éta pijodoeun téh sok di rebut ku batur.

Kapamalian téh lain ngan saukur istilah anu diucapkeun sacara bébas, tapi éta kapamalian téh ngandung ajén-inajén pikeun ngadidik ku cara dibalibirkeun sangkan budak bisa nurut naon anu diucapkeun ku kolot. Éta kapamalian téh teu ngandung harti anu saujratna, tapi éta kapamalian téh ngandung harti anu séjén mikaweruh kana kapamalian-kapamalian anu masih kénéh tumuwuh sarta dipaké kénéh ku masarakat, ulah nepika tumpur teu aya tapakna, sabab kapamalian téh mangrupa titinggal karuhun urang baheula, anu kudu dimumulé ku urang salaku masarakat anu nyicingan tatar Sunda sangkan teu tumpur ku kamajuan jaman anu sarwa modern.

2) Ieu kapamalian nu aya di Désa Tanjungwangi Kecamatan Cicaléngka téh mangrupa salasahiji folklor sabagian lisan anu mangrupa titinggal karuhun urang sararéa. Kapamalian téh mangrupa alat pikeun ngatik, ngadidik ti kolot ka budakna, ogé ngajauhkeun tina sagala rupa marabahaya, ku cara dibalibirkeun téa, teu togmol. Ku kituna, sangkan ieu kapamalian téh teu tumpur taya tapakna, urang salaku masarakat Sunda kudu ngajaga sarta ngamumulé ieu kapamalian.

(28)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

(29)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. (1997). Metodologi Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta

Bertens, K. (1994). Etika. Jakarta: Gramedia.

Danadibrata, R.A. (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama. Danandjaja, J. (2007). Folklor Indonesia: Ilmu Gosip, Dongeng dan lain-lain.

Jakarta: Pustaka Utama Grafiti.

Hoed, B. H. (2011). Semiotik & Dinamika Sosial Budaya. Jakarta: Komunitas Bambu.

Isnendes, R. (2010). Panyawangan Sastra (Handout Teori Sastra). Bandung: JPBD.

Koentjaraningrat. (2009). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: PT. Rineka Cipta.

LBSS. (1995). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate Bandung.

Maran, R. R. (2007). Manusia dan Kebudayaan dalam Perspektif Ilmu Budaya Dasar. Jakarta: Rineka Cipta.

MKDP Landasan Pendidikan. (2010). Landasan Pendidikan. Bandung: MKDP UPI.

Mulkan, D. (2007). Pamali, Tradisi Budaya Lisan Leluhur Sunda. [Online]. Tersedia di: http://www.fikom.unpad.ac.id/?page=detailartikel&id=88

[Diaksés tanggal 26 Méi 2013]

Nurgiantoro, B. (2010). Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.

Pradopo, R. D. (1995). Beberapa Teori Sastra, Metode Kritik, dan Penerapannya.

(30)

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Ratna, N. K. (2010). Metodologi Penelitian Kajian Budaya dan Ilmu Sosial Humaniora Pada Umumnya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Ruhamdani, A. (2012). Ulikan Struktur jeung Semiotik Upacara Adat Nikah Sunda. (Tesis). Sekolah Pascasarjana, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung

Ruhimat, A. (2006). Sambel Jaér (Tali Paranti, Palakiah, Kaolahan & Pantangan Urang Sunda). Bandung: PT. Puspawarna

Santosa, F. (1993). Ancangan Semiotika dan Pengkajian Susastra. Bandung: Angkasa.

Setiyadi, A. (2011). Ajén Atikan dina Sisindiran nu Aya di Désa Parumasan Kecamatan Sodonghilir Kabupatén Tasikmalaya pikeun Bahan Pangajaran Nulis di SMP. (Skripsi). FPBS, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung Sudaryat, Y. (2004). Élmuning Basa. Bandung: CV. Walatra

Sudjiman, P jeung Zoest, A.V. (1992). Serba-serbi Semiotika. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama

Sugiyono. (2008). Metode Penelitian Kuantitatif, Kualitatif dan R&D. Bandung: Alfabeta

Sukyadi, D. (2011). Teori dan Analisis Semiotika. Bandung: Rizqi Press. Sundjaya. (2008). Dinamika Kebudayaan. Jakarta: Nobel Edumedia.

Suyatna, A. (2002). Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan Pengajaran Bahasa. Bandung: UPI.

Syamsuddin. (2007). Psikologi Kependidikan. Bandung: PT Remaja Rosdakarya. Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah.

Bandung: UPI.

(31)

110

Diani Permasih, 2014

Ajen Atikan Dina Folklor Aspek Kapamalian Anu Aya Di Desa Tanjungwangi Kecamatan Cicalengka Kabupaten Bandung

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Figur

Tabel 3.1 Batas géografis Désa Tanjungwangi
Tabel 3 1 Batas g ografis D sa Tanjungwangi . View in document p.17

Referensi

Memperbarui...