• Tidak ada hasil yang ditemukan

BAB II TATAPAKAN TIORI. Kandaga kecap, kabeungharan kecap, kajembaran kecap atawa kosa kata

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2021

Membagikan "BAB II TATAPAKAN TIORI. Kandaga kecap, kabeungharan kecap, kajembaran kecap atawa kosa kata"

Copied!
36
0
0

Teks penuh

(1)

BAB II

TATAPAKAN TIORI

2.1 Kandaga Kecap

2.1.1 Wangenan Kandaga Kecap

Numutkeun KUBS, ‘kandaga’ nya éta ngaran wadah, sabangsaning peti leutik. Ari ‘kecap’ nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung harti nu tangtu.

Kandaga kecap, kabeungharan kecap, kajembaran kecap atawa kosa kata dina basa inggris disebut lexicon. Ari asalna mah tina basa Yunani: lexicon hartina ‘kecap’. Widang élmu basa anu maluruh selang surupna kandaga kecap, parobahan, katut kamekaranana disebut leksikologi. Kandaga kecap bisa dihartikeun: (1) sakumna kecap anu aya dina hiji basa, (2) kecap-kecap anu geus dipikanyaho jeung dipaké ku hiji jalma atawa kelompok jalma di hiji wewengkon, (3) daftar sapuratina kecap atawa ungkara anu disasar dumasar kana susunan aksara latén (alfabétis) tina hiji basa, biasana dilengkepan ku wangenan jeung katerangan (Adiwimarta spk., 1986: 7).

Numutkeun Chaer (2006:5) nu dimaksud kandaga kecap nya éta sakabéh kecap anu aya dina hiji basa anu mangrupa kabeungharan atawa khasanah tina éta sorangan.

Numutkeun Sudaryat (1991:111) nétélakeun yén kandaga kecap téh nya éta: a) sajumlahing kecap anu aya dina hiji basa;

(2)

jalma di hiji wewengkon;

c) sajumlahing morfém an aya dina hiji basa;

d) istilah; kecap-kecap anu dipaké dina élmu pangaweruh;

e) kamus; daftar sapuratina kecap anu disusun sacara alfabétis (dumasar abjad) tina hiji basa, biasana dilengkepan ku wangenan atawa katerangan.

Ari Kridalaksana (1993:127) nétélakeun yén léksikon téh nya éta:

a) komponén basa anu nyangking sakabéh informasi ngeunaan ma’na jeung cara makéna kecap dina basa;

b) kabeungharan kecap anu dipiboga ku salasaurang panyatur, panulis, atawa hiji basa; kosakata; perbendaharan kecap;

c) daftar kecap anu disusun saperti kamus, diwuwuhan ku katerangan anu singget tur praktis.

Tina sababaraha pamadegan anu geus ditétélakeun ku para ahli di luhur, bisa dicindekkeun yén anu dimaksud kandaga kecap téh nya éta sakumna kecap anu aya dina hiji basa tur dipaké ku masarakatna.

2.1.2 Kamekaran Kandaga Kecap

Kandaga kecap robah ti mangsa ka mangsa, henteu angger, mekar ngarekahan atawa ngurangan. Tumuwuh jeung mekarna kandaga kecap téh sok aya patalina jeung rembesna kecap atawa ungkara basa lian, boh wangunna boh hartina. Mun geus lila aya dina hiji basa, kecap-kecap tina basa deungeun téh sok teu karasa deui asingna (Prawirasumantri,1990:53).

(3)

kayaning: analogi, deteriorasi, ekstensi, elevasi, konkretisasi, metaforisasi, radiasi, spesialisasi, jste. Sumber kandaga kecap basa sunda téh rupa-rupa saperti tina: a. basa Jawa: adus, bisa, dusun, kulem, lali, lebaran, ngimpen, rega, sasih, jste. b. basa Arab: ajaib, gaib, hakim, hak, imam, jilid, kekal, paham, waktu, jste. c. basa Cina: cengkeh, lonceng, loteng, mie, panggung, tauco, jste.

d. basa Inggris: aktip, badminton, cek, gul, kapten, meter, sukses, jste.

e. basa Portugis: armada, bandera, kamer, biola, jandela, kameja, ronda, roda. f. basa Parsi: Bandar, gandrung, jam, kawin, pasar, tahta, laskar, jste.

g. basa Sanskerta: agama, cahaya, cakra, istana, rusiah, nista, widadari, jste. h. basa Tamil: cuka, martil, pinggan, tilam, jste.

i. basa Walanda: baki, bengkel, bor, elo, duit, kartu, pelesir, jste.

2.1.3 Kandaga Kecap Dasar

Kandaga kecap sok disebut ogé kabeungharan kecap, atawa kajembaran kecap (kosakata: vocabulary) basa sunda, bisa dijadikeun sumber pikeun ngawangun istilah saupama nyumponan pasaratan saperti ieu di handap.

1) Upama aya dua kecap atawa leuwih anu hartina sarua, pikeun istilah dipilih anu pangmerenahna, tur kecap teu ngahudang rupa-rupa tapsiran. Contona: ngurus, miara, jeung ngaraksa.

2) Upama aya dua kecap atawa leuwih anu sarua maksudna, pikeun istilah dipilih anu pngpondokna. Contona: tukang tani—patani

3) Upama aya dua kecap atawa leuwih anu sarua hartina tapi béda ajénna (konotasina), pikeun istilah dpilih kecap anu konotasina hadé tur ngeunah

(4)

kadéngéna. Contona: ungklukXtunasusila.

4) Kecap umum dibéré harti husus ku cara diheureutan atawa dilegaan harti asalna. Contona: carita pondok, tapak jalak, pangjejer, jeung sambutan.

Kandaga kecap dasar nya éta sajumlahing kecap anu asli dina hiji basa tur saeutik pisan kamungkinan diserep tina basa kosta, biasana rélatip angger. Anu kagolong kana kandaga kecap dasar, diantarana:

1) istilah pancakaki, contona: ema, bapa, uyut, bao, janggawareng, udeg-udeg, gantung siwur, karuhun, jste.

2) ngaran babagéan awak, contona: sirah, rambut, panon, cepil, jste. 3) kecap pagawéan dasar, contona: dahar, saré, hudang, mandi, jste. 4) kecap sipat dasar, contona: resep, gering, gumbira, jste.

5) kecap bilangan dasar, contona: hiji, dua, tilu, opat, lima, jste. 6) kecap barang universal, kayaning:

a) ngaran waktu: pajar, balébat, haneut moyan. b) ngaran poé: senén, salasa, rebo, kemis. c) ngaran bulan: januari, pebruari, maret.

d) ngaran kekembangan: olohok, ulated, mencéngés, jamotrot. e) ngaran anak-anakan: belo, begog, rarong, bilatung, eneng.

f) ngaran undagi (arsitéktur): camped, hontob, darurung, empér, sosompang. g) ngaran patukangan: anjun, legig, maranggi, panday, pamayang.

h) ngaran pakakas tani: pacul, koréd, étém, garpuh. i) ngaran usum: halodo, ngijih, katiga.

(5)

2.2 Istilah

2.2.1 Wangenan Istilah

Numutkeun Sudaryat (2003:117) yén Istilah nya éta kecap atawa kantétan kecap anu kalawan gemet ngagambarkeun harti hiji konsép, prosés, kahanan, atawa sipat anu husus dina hiji widang. Ngawangun atawa nyieun istilah dina hiji basa aya aturanana. Aturan nyieun atawa ngawangun istilah téh sok disebut tata istilah.

Istilah-istilah dina basa Sunda bisa mangrupa kandaga kecap umum jeung bisa mangrupa kecap injeuman tina basa séjén, saperti basa Indonesia, basa sadapuran, jeung basa kosta. Ari wangunna bisa mangrupa kecap asal, bisa oge mangrupa kecap rundayan atawa kecap turunan.

2.2.2 Bédana Istilah jeung Kecap

Saperti anu geus dipedar dina wangenan istilah yén ari istilah téh nya éta kecap atawa kantétan kecap anu kalawan gemet ngagambarkeun harti hiji konsép, prosés, kahanan, atawa sipat anu husus dina hiji widang. Ari kecap mah nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung harti nu tangtu.

Jadi, tétéla béda antara istilah jeung kecap sok sanajan sarua mangrupa unsur basa. Salaku unsur basa, kecap jeung istilah téh béda, ari bédana téh kieu.

(6)

sipatna monosemantis, hartina ngandung ma’na hiji. Istilah anu hade téh henteu aya sinonim jeung homonim tina istilah-istilah anu dipaké. Contona kecap asam (Basa Indonésia) bisa ngandung ma’na (a) haseum, saperti cuka; (b) boga rasa sedih; (c) ngaran tangkal, daunna laleutik jeung buahna haseum. Ari dina widang élmu kimia istilah kimia ngandung harti persenyawaan cair (cai) jeung oksidasi, saperti asam arang, asam amino, jsb.

2) Kecap sipatna kauger ku kontéks, hartina ma’nana gumantung kana kontéksna sarta bisa robah akibat éta kontéks, ari istilah sipatna bébas kontéks, hartina ma’na istilah henteu gumantung kana kontéks jeung henteu roba ma’nana akibat éta kontéks, atawa dina kalimah kumaha waé, istilah henteu robah ma’nana. Kecap akar ngandung ma’na anu ngawengku:

(a) bagian tutuwuhan anu asup kana jero taneuh, minangka bagian tina tutuwuhan anu pungsina pikeun nguatkeun jeung nyeuseup zat kadaharan;

(b) bibit buit, puhu, anu jadi sabab musababna. Istilah akar aya dina tilu widang élmu diantarana: (1) tata basa; (2) biologi; jeung (3) matématika.

3) Kecap kauger ku konotasi sosial, ari istilah mah bébas tina konotasi sosial. Contona saperti kecap: budak, bumi, jsb. kauger ku konotasi sosial. Ari istilah-istilah saperti: sinar X, frékwénsi, jsb. bébas tina konotasi sosial. 4) Istilah sipatna internasional, hartina ma’na hiji istilah dipikawanoh sacara

(7)

umum dina widang éta élmu, ari wawangun istilahna dina hiji basa sakurang-kurangna henteu pajauh jeung wangun istilahna dina basa séjén. Contona: biology (Basa Inggris)-biologi (Basa Sunda), positif (Basa Inggris)- positip (Basa Sunda).

2.3 Adegan Kecap

2.3.1. Wangenan Kecap

Numutkeun KUBS, kecap nya éta bagian tina kalimah anu bisa mandiri sarta ngandung harti nu tangtu. Sudaryat (1991:40) nétélakeun yén kecap mangrupa wangun katatabasaan bébas pangleutikna.

Nurutkeun péréléan di luhur bisa dicindekkeun yén kecap téh nya éta wangun katatabasaan bébas pangleutikna anu mibanda harti tur bisa madeg mandiri dina kalimah.

2.3.2 Wangun Kecap

Wangun kecap nya éta papasingan kecap disawang tina unsur pangwangunna. Prosés ngawangun kecap tina wangun liana nu jadi dasarna ku cara nepungkeun morfém nu hiji jeung morfém liana disebut prosés morfologis (Sudaryat, 1991:40).

(8)

b) biasana aya parobahan warna (kategori) kecap;

c) aya parobahan harti kecap tur ngahasilkeun harti gramatikal, jeung d) hasilna mangrupa kecap jembar.

Prosés morfologis mibanda dua fungsi utama, nya éta:

1) Fungsi Gramatikal (fungsi) nya éta fungsi anu aya patalina jeung robahna wangun gramatik tur ngahasilkeun warna (kategori anyar). Upamana parobahan kecap tani anu mangrupa kecap asal jeung kecap pagawéan jadi patani anu mangrupa kecap rundayan tur kagolong kana kecap barang.

2) Fungsi semantik (ma’na) nya éta fungsi anu aya patalina jeung robahna harti wangun gramatik tur ngahasilkeun harti anyar (harti gramatikal). Upamana parobahan kecap tani anu hartina ‘ngalakukeun’ jadi kecap patani anu hartina ‘palaku’.

Prosés morfologis téh rupa-rupa, anu biasa dina basa sunda aya tilu kayaning:

1) prosés ngararangkénan (afiksasi) nya éta prosés ngawangun kecap jembar ku cara nambahkeun rarangkén (afiks), hasilna disebut kecap rundayan;

2) prosés ngarajék (réduplikasi) nya éta prosés ngawangun kecap jembar ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna, hasilna disebut kecap rajékan; 3) prosés ngantétkeun (komposisi) nya éta prosés ngawangun kecap jembar ku

cara ngantétkeun dua cakal (kecap) atawa leuwih, hasilna disebut kecap kantétan.

Prosés morfologis téh ngawangun kecap jembar tina kecap asal. Ku kituna, wangun kecap téh gurat badagna kieu:

(9)

Bagan 2.1: Wangun Kecap WANGUN KECAP

Kecap Salancar Kecap Rekaan

Kecap Kecap Kecap Kecap

Rundayan Rajékan Kantétan Wancahan

2.3.2.1 Kecap Asal (Salancar)

Kecap asal nya éta kecap anu diwangun ku hiji morfém bébas, sipatna ékamorfém, sarta lain hasil tina ngareka atawa prosés morfologis. Contona: kuring, rék, dahar, sangu.

Disawang tina jumlah engangna, kecap asal dina basa sunda aya nu mibanda sipat:

a) Ekaengang : ah, ka, blug, jung, rék, jste. b) Dwiengang : lang, bapa, adi, atah, kuring, jste. c) Triengang : tiasa, awéwé, olohok, anjeucleu, jste. d) Caturengang : atanapi, amburadul, kukulutus, jste.

(10)

2.3.2.2 Kecap Rekaan (Jembar)

2.3.2.2.1 Kecap Rundayan

Kecap rundayan nya éta kecap anu diwangun ku cara ngawuwuhkeun rarangkén (afiks) kana wangun dasarna. Prosés ngawangun kecap rundayan disebutna ngararangkénan (afiksasi). Dumasar kana wanda rarangkénna, kecap rundayan bisa diwangun ku lima cara, nya éta (1) ngararangkénan hareup (préfiksasi), (2) ngararangkénan tengah (infiksasi), (3) ngararangkénan tukang (sufiksasi), (4) ngararangkénan barung (konfiksasi), jeung (5) ngararangkénan bareng (ambifiksasi). Contona:

baca + di- dibaca

tulis + -in- tinulis

karang + -an karangan

datar + pa-an padataran

2.3.2.2.2 Kecap Rajékan

Kecap rajékan nya éta kecap anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna, sabagian atawa sagemblengna, boh binarung jeung robahna sora atawa ngararangkénan boh henteu. Prosés ngawangun kecap rajékan téh disebutna ngarajék (Réduplikasi) (Sudaryat, 2007:60). Wanda kecap rajékan dina basa Sunda téh gurat badagna aya tilu rupa.

(11)

(a) Kecap rajékan gembleng nya éta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna kalawan gembleng, boh robah sorana boh henteu. Kecap rajékan gembleng aya dua rupa nya éta:

1) Dwilingga, nya éta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali sagemblengna wangun dasarna boh robah sorana boh henteu. Aya dua rupa dwilingga nya éta:

a) dwimurni, nya éta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali sagemblengna wangun dasarna bari teu robah sorana. Contona: buku-buku, kuda-kuda.

b) dwiréka, nya éta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali sagemblengna wangun dasarna bari robah sorana. Contona: gulang-guling, tulas-tulis.

2) Trilingga, nya éta kecap rajékan sagemblengna anu diwangun ku cara nyebut tilu kali wangun dasarna bari robah sorana. Wangun dasarna biasana mangrupa kecap anteuran jeung tiruan sora (onomatope) anu ngan saengang. Contona: dar-dér-dor, hah-héh-hoh.

(b) Kecap rajékan sabagian nya éta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali sabagian wangun dasarna, boh robah sorana boh henteu. Kecap rajékan sabagian aya dua rupa:

1) Dwipurwa, nya éta kecap rajékan sabagian anu diwangun ku cara nyebut dua kali engang mimiti wangun dasarna. Contona: tatajong, papaling. 2) Dwimadya, nya éta kecap rajékan sabagian anu diwangun ku cara nyebut

(12)

(c) Kecap rajékan binarung rarangkén nya éta kecap rajékan anu diwangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna, sabagian atawa sagemblengna, boh robah sorana boh henteu bari binarung jeung ngararangkénan. Contona:

1) Dwimurni (Dm) binarung ngararangkénan: - di- Dm : diawut-awut, diarep-arep - ka- Dm : katilep-tilep, katindih-tindih - pa- Dm : pahareup-hareup, patukang-tukang - sa- Dm : sabisa-bisa, saalus-alus

- di- Dm-keun : diaya-ayakeun, diawur-awurkeun - N- Dm-keun : nawar-nawarkeun

- Sa- Dm-na : saalus-alusna, samahal-mahalna 2) Dwiréka (Dr) binarung ngararangkénan:

- di- Dr : dimurah-maréh, dibuntang-banting - ka-Dr : katulap-tilep, kabuntang-banting - Dwipurwa (Dp) binarung ngararangkénan:

- Dp-an : babawaan, babarayaan - di-Dp : dibobodo, dibibita - N-Dp : ngalilieur, ninitah - di-Dp-keun : ditatanyakeun 3) Dwimadya (Dy) binarung ngararangkénan:

- sa-Dy : sapeupeuting, sadidinten - ti-Dy-ar- : tikakarait, tibabareubeut

(13)

- sa-Dy-eun : sakop-kopeun, sahos-hoseun - ka-Dy-an : kanyenyerian, kagegeringan - ka-Dy-i : kaleuleuwihi

Bagan 2.2 : Wanda Kecap Rajékan

dwimurni gembleng dwilingga dwiréka

trilingga Kecap Rajékan sabagian dwipurwa

dwimadya dirarangkénan -hareup -tengah -tukang -barung -bareng 2.3.2.2.3 Kecap Kantétan

Kecap kantétan nya éta kecap anu diwangun ku cara ngantétkeun dua wangun dasar, boh cakal jeung cakal boh kecap jeung kecap, atawa campuran duanana, sarta ngandung hiji harti mandiri. Prosés ngawangun kecap kantétan disebut ngantétkeun (komposisi) (Sudaryat, 2007:61).

(14)

Kecap kantétan dibédakeun jadi dua rupa, nya éta:

a) Rakitan dalit, nya éta kecap kantétan anu sipatna éksoséntris, patali unsur-unsurna geus awor pisan nepi ka bener-bener mangrupa hiji kecap anu boga harti mandiri nu béda tina harti unsur-unsurna. Ku kituna, distribusina teu sarua jeung salasahiji atawa sakabéh unsurna. Contona: panonpoé, rajakaya. b) Rakitan anggang, nya éta kecap kantétan anu sipatna éndoséntris, patali unsur-unsurna can awor pisan, harti éta kecap kantétan masih katitén tina unsur-unsurna. Ku kituna, distribusina sok sarua jeung salasahiji atawa sakabéh unsurna. Contona: seuri konéng, panon hideung.

2.3.2.2.4 Kecap Wancahan

Kecap wancahan nya éta kecap anu diwangun ku cara mondokkeun kecap atawa kantétan kecap. Prosés ngawangun kecap wancahan disebutna ngawancah (abréviasi) (Sudaryat, 2007:63).

Aya sababaraha kecap wancahan, diantarna:

a) kecap tingkesan (akronim), anu mangrupa kantétan aksara atawa engang nu diucapkeun jadi hiji kecap, contona:

Diknas Pendidikan Nasional

b) kecap singgetan, anu mangrupa kantétan aksara atawa engang anu diéjah masing-masing, contona:

(15)

RRI Radio Républik Indonésia

c) kecap tangkesan, nu diwangun ku cara ngaleungitkeun sora atawa engang nu ngaruntuy babarengan, contona:

dékah déwék mah

d) kecap memet (réduksi), anu diwangun ku cara nyokot engang penting tina kantétan kecap, contona:

kirata dikira-kira sugan nyata

e) kecap sirnaan, anu diwangun ku cara miceun sawatara foném tina kantétan kecap bari teu ngarobah harti, anu ngawengku:

1) sirnapurwa (aférésis), anu ngaleungitkeun foném atawa engang mimiti tina hiji kecap, contona: umilu milu

2) sirnamadya (sinkope), anu ngaleungitkeun foném atawa engang tengah hiji kecap, contona: niyata nyata

3) sirnawekas (apokope), anu ngaleungitkeun foném atawa engang tungtung tina hiji kecap, contona: benzine bén(g)sin

2.3.3 Warna Kecap

Warna kecap nya éta papasingan kecap dumasar kana sipat, fungsi katut paripolah formalna dina kalimah (Sudaryat, 1991:64)

(16)

Sudaryat (1991:65) dina bukuna Pedaran Basa Sunda warna kecap bisa dipasing-pasing kieu:

Bagan 2.3: Warna Kecap

Kecap barang (nomina)

Kecap pagawéan (vérba)

Kecap lulugu

Kecap sifat (adjéktiva) Kecap bilangan (numeralia) Warna kecap

Kecap panambah (advérbia)

Kecap panyambung (konjungsi)

Kecap pancén

Kecap pangantét (préposisi) Kecap panyeluk (interjéksi)

(1) Kecap lulugu (utama) nya éta sajumlahing kecap anu mibanda harti léksikal, sipatna peka alam, peka budaya, peka tempat, tur umumna bisa robah wangunna. Kecap lulugu ngawengku:

a) Kecap barang (nomina), nya éta kecap anu nuduhkeun barang atawa ngaran nu dianggap barang, boh konkrit boh abstrak. Kecap barang nuduhkeun jalma, sasatoan, tutuwuhan, zat, ngaran, waktu, hal, jste. Contona: guru, hayam, cai, lembur, buku.

(17)

gawé jalma jeung mahluk séjénna saperti tutuwuhan jeung sasatoan. Contona: indit, nulis, saré.

c) Kecap sipat (adjéktiva), nya éta kecap anu nuduhkeun sipat atawa kaayaan barang katut gagantina. Contona: geulis, alus, rajin.

d) Kecap bilangan (numera), nya éta kecap anu nuduhkeun bilangan, jumlah, beungkeutan, urutan atawa tahapan tina hiji hal. Contona: hiji, dua, sarébu, duaan.

(2) Kecap pancén nya éta sajumlahing kecap anu gunana pikeun nuduhkeun tatali katatabasaan (gramatikal) atawa mibanda pancén pikeun ngajéntrékeun kalimah katut babagianana. Kecap pancén ngawengku:

a) Kecap panambah (advérbia), nya éta kecap pancén anu umumna jadi panambah (atribut) dina wangunan frasa atribut. Contona: deui, baé, teuing, rada, ogé, heula, téa, mah.

b) Kecap pangantét nya éta kecap pancén anu cicingna hareupeun warna kecap atawa frasa barang, gunana pikeun ngawangun frasa pangantét. Contona: tina beusi, dina méja, keur saré.

c) Kecap panyambung (konjungsi), nya éta kecap pancén anu gunana paranti nyambungkeun wangun katatabasaan (kecap, frasa, klausa, kalimah) jadi wangun katatabasaan anu leuwih jembar. Contona: jeung, atawa, tapi, sangkan.

d) Kecap panyeluk (interjéksi), nya éta kecap pancén anu gunana paranti ngébréhkeun sora bituna rasa panyaturna. Contona: ambuing, ey, euleuh.

(18)

2.4 Kasenian

2.4.1 Wangenan Kasenian

Kasenian asalna tina kecap Seni, tina kecap ars (Basa Latin) atawa art (Basa Inggris) anu hartina kamahéran. Aya ogé anu nyebutkeun yén seni téh asalna tina basa walanda anu hartina genius atawa jenius. Ari dina Basa Indonésia mah kecap seni téh asalna tina basa Sanskerta nu hartina pemujaan.

Numutkeun KBBI, ‘seni’ téh nya éta “kecakapan membuat ( menciptakan ) sesuatu yang elok-elok atau indah. Sesuatu karya yang dibuat (diciptakan) dengan kecakapan yang luar biasa seperti sajak, lukisan, ukir-ukiran dan sebagainya.” Ari numutkeun KUBS mah, seni téh nya éta kakuatan atawa kamampuh hiji jalma pikeun nyiptakeun kaéndahan. Kasenian nya éta naon-naon anu jadi seni jelema diantarana aya kasenian ngibing, penca, jsb. kecap kasenian dina basa Sunda disebut kabinangkitan.

Dumasar péréléan di luhur, bisa dicindekkeun yén anu dimaksud seni téh nya éta kamampuh atawa kamahéran hiji jalma pikeun nyiptakeun karya anu éndah, sedengkeun kasenian mangrupa naon-naon anu jadi seni jelema, bisa mangrupa karya sastra, patung, lukisan, seni pintonan, jsb.

Kasenian mangrupa salasahiji unsur tina kabudayaan. Luyu jeung anu diébréhkeun ku Danandjaja (2002:21) yén tujuh unsur kabudayaan universal diantarana nya éta sistem réligi, sistem pakakas hirup, sistem kamasarakatan/sosial, basa, kasenian, sistem élmu pangaweruh jeung sistem pakasaban.

(19)

2.4.2 Cabang Kasenian

Numutkeun sifatna, kasenian dibagi dua, nyaéta :

1) kasenian tradisional, nyaéta kasenian hasil cipta, karsa jeung rasa manusa nu sumberna tina aspék perasaan éstétis nu sifatna lokal, dina hartian ngan dipiharep ku sakelompok masarakat tur hirup di masarakat éta.

2) kasenian modern, nyaéta kasenian nu hirup dina jaman ayeuna nu ngagunakeun waditra-waditra modern.

Sedengkeun numutkeun genrena, kasenian dibagi jadi:

1) seni musik/seni sora, nya éta seni anu ditepikeun ngaliwatan media sora, saperti angklung, kacapi, jsb.

2) seni rupa, nya éta seni anu diwujudkeun ngaliwatan média panénjo sarta pangalaman batin anu ngagunakeun média warna, tékstur, garis, jsb. saperti lukisan, patung, jsb.

3) seni tari, nya éta seni anu diwujudkeun dina wangun gerakan ritmis jeung éndah sakabéh anggota awak sacara teratur anu dipirig ku musik. Saperti jaipongan, bajidoran, jsb.

4) seni drama, nya éta seni anu diwujudkeun ngaliwatan média gerak jeung akting.

5) seni sastra, nya éta seni anu diwujudkeun ngaliwatan média basa, saperti carpon, novel, guguritan, jsb.

(20)

2.4.3 Seni Bénjang

Ujungberung mangrupa hiji daérah tempat gumelarna kasenian Bénjang, salasahiji kasenian Sunda anu masih kénéh hirup di tengah kaayaan lingkungan nu sarwa modérn, masih dipiara ogé dipikaresep ku masarakatna. Wilayah Ujungberung jarakna kurang leuwih 12 Km ti puseur Kota Bandung kawétankeun. Aya sababaraha kacamatan di ujungberung kayaning Kac. Ujungberung, Kac. Rancasari, Kac. Arcamanik, Kac. Cibiru (kaasup wilayah Kota Bandung), Kac. Ciléngkrang, jeung Kac. Cileunyi (kaasup kana wilayah Kabupatén Bandung).

Numutkeun Widjaya (2006) nétélakeun yén teu aya nu apal persis iraha kasenian Bénjang ieu mimiti aya. Ngan diperkirakeun seni ieu mimiti mekar dina panungtung abad ka-19, anu saterusna pada mikawanoh taun 1920-an.

Dina kamekaranana, seni Bénjang ieu asalna tina wangun seni terebangan, anu saterusna mekar jadi seni béla diri, seni arak-arakan jeung seni pintonan. Sakabéh kasenian ieu mangrupa rangkaian pintonan anu dipagelarkeun salila sapoé sapeuting.

Numutkeun Widjaya dina bukuna Bénjang (2006), aya sababaraha vérsi ngeunaan asal muasal ngaran bénjang, diantarana:

a) bénjang asalna tina kecap bén jeung jang. Kecap bén pondokna tina kecap ambén (tepas hareupeun imah), jeung kecap jang pondokna tina kecap bujang. Lantaran kasenian bénjang ieu dilakukeun di hareupeun imah ku para bujang anu dipirig ku sora terebangan;

b) bénjang asalna tina kecap genyéng jeung pakenyang-kenyang anu disingget jadi genyang. Patali jeung robahna gerakan seni ieu tina gerakan silih dorong

(21)

kana gerakan pakenyang-kenyang. Kecap genyang robah jadi bénjang. Sacara umum seni Bénjang ieu dibagi jadi 3 bagian, nya éta:

1) Bénjang Arak-arakan/Helaran, nya éta hiji wangun seni arak-arakan pikeun ngarak budak hitanan. Seni ieu nyoko kana budaya islam jeung budaya mistis. Dua budaya anu patukangtonggong ieu ngahiji, nyipatakeun hiji wangun seni anu unik, pikasieuneun jeung pikaresepeun,

2) Topéng Bénjang, nya éta seni tari topéng anu dipagelarkeun dina panungtung pintonan bénjang arak-arakan.

3) Bénjang Gelut, nya éta seni béla diri anu miboga gerakan mirip gulat, yudo jeung pencak silat.

2.5 Bahan Pangajaran Basa Sunda

2.5.1 Bahan pangajaran

Bahan pangajaran mangrupa eusi anu ditepikeun ku guru ka murid dina lumangsungna prosés diajar, atawa salasahiji komponén tina sistem pangajaran anu salawasna gawé babarengan tur silih lengkepan jeung komponén lianna saperti tujuan, guru, murid, sarana, evaluasi sarta métode pangajaran.

Pikeun nangtukeun bahan pangajaran basa Sunda gumantung kana ajén inajén anu diébréhkeun dina tujuan, sarta bahan pangajaranana kudu nyoko kana rumusan tujuan anu aya dina KTSP.

(22)

ngawujudkeun tujuan pendidikan Nasional, nya éta:

1) nangtukeun ajén pangaweruh ngaliwatan kamandirian jeung inisiatif sakola anu ngamekarkeun kurikulum, ngolah jeung ngagunakeun sumber-sumber anu aya;

2) ningkatkeun kepedulian warga sakola jeung masarakat dina ngamekarkeun kurikulum ngaliwatan kaputusan balarea;

3) ningkatkeun kompeténsi anu sehat antar satuan pendidikan ngeunaan kualitas pendidikan anu rék dihontal.

KTSP mangrupa stratégi kamekaran kurikulum dina ngawujudkeun sakola anu éféktif, produktif, jeung miboga préstasi anu nyongcolang. Guru, kapala sakola, komite sakola, jeung dewan pendidikan miboga wewenang jeung tanggungjawab pikeun ngamajukeun jeung ningkatkeun kualitas sarta kuantitas sakolana.

2.5.2 Prinsip Nyusun Bahan Ajar

Dina nyusun bahan ajar basa Sunda didadasaran ku tilu prinsip, nya éta:

1) Prinsip Meulit (Spiral)

Prinsip meulit atawa spiral dilaksanakeun ku cara nimbang-nimbang bahan dumasar kana hal-hal nu beuki undak, nya éta ti mimiti hal-hal:

(23)

Bagan 2.4: Prinsip Meulit Spiral

2) Prinsip Tématis

Prinsip tématis dilaksanakeun ku cara milih-milih bahan dumasar kana (a) téma, (b) bahan gembleng, (c) racikan rupining widang bahan, (d) sumaér (fleksibel), (e) kamampuh dasar, sarta (f) karep (minat) jeung kabutuh siswa.

Ari anu disebut téma téh nya éta dasar atawa amanat utama caritaan. Téma bisa dimekarkeun jadi subtéma atawa anak téma, anu engkéna dimekarkeun deui jadi topik. Topik diheureutkeun deui jadi judul wacana.

Di handap ieu patalina téma, konsép jeung wacana. (a) nu deukeut (b) nu basajan (c) nu heureut (d) nu deukeut (e) nu nembrak (f) nu kauni (g) nu apal (h) nu wewengkon (i) nu régional Nu jauh Nu ruwed Nu lega Nu jauh Nu nyumput Nu nyamuni Nu teu apal Nu lulugu Nu nasional

(24)

Bagan 2.5:

Dadasar Bahan Ajar Basa Sunda

3) Prinsip Komunikatif

Prinsip komunikatif dilaksanakeun dumasar kana prinsip yén basa téh mangrupa pakakas komunikasi. Ari komunikasi téh dina enas-enasna mangrupa prosés panyatur nepikeun pesan (rasa, pikiran jeung kahayang) ka pamiarsa nepi ka jadi amanat ngaliwatan médium (basa atawa pepeta). Upama pesan ti panyatur teu nepi jadi amanat ka pamiarsa disebut pasalia atawa salah paham. Médium basa bisa mangrupa maca, nulis, nyarita jeung ngaregepkeun. Di handap ieu bagan kompeténsi komunikatif dina basa Sunda.

SOSIAL BUDAYA SUNDA

Judul Wacana Wacana Tulis Konsép Basa BAHAN AJAR Jejer Omongan Téma Sastra Topik Anak Téma Basa Omongan Konsép Sastra

(25)

Bagan 2.6:

Kompeténsi Komunikatif Basa

Internal Interpersonal

Réséptif

Tulisan Lisan

Éksprésif

4) Prinsip Gumulung (Integratif)

Prinsip gumulung (integratif) ngadumaniskeun rupining bahan (a) kaweruh basa (adegan basa, kandaga kecap), (b) kaparigelan basa (maca, nulis, nyarita, ngaregepkeun), (c) kaparigelan sastra (kaweruh, aprésiasi, jeung éksprési).

Pangajaran kaparigelan basa miboga dua sipat, nya éta:

(1) kaparigelan tunggal, nu mangrupa aspék ngaregepkeun, maca, nulis jeung nyarita;

(2) kaparigelan miganda, nu mangrupa campuran tina tina dua aspék atawa Komunikasi Adegan Basa Kontéks NULIS NYARITA NGAREGEPKEUN MACA Interaksi Sosial

(26)

(i) ngaregepkeun jeung nulis, (ii) ngaregepkeun jeung nyarita, (iii) maca jeung nulis,

(iv) maca jeung nyarita, (v) nulis jeung maca,

(vi) nulis jeung nyarita(keun), jeung (vii) nyarita jeung interaktif.

Bahan ajar kaweruh basa jeung sastra diadumaniskeun atawa diintegrasikeun kana kagiatan aspék makéna basa. Boh bahan ajar boh sastra duanana jadi dadasar dina kamahéran basa atawa aspék makéna basa.

2.5.3 Kritéria Milih Bahan Pangajaran

Kritéria milih bahan pangajaran téh kacida pentingna, lantaran bahan pangajaran anu saterusna moal bisa kahontal kalawan nyugemakeun, lamun sakumna bahan pangajaran teu diwatesanan. Ku kituna, bahan pangajaran anu baris diajarkeun kudu disaluyukeun jeung pangabutuh sarta kamampuh siswa sangkan bisa ngahontal tujuan pangajaran.

Rahman (2000:16) nétélakeun yén kritéria milih bahan pangajaran téh nya éta saperti ieu dihandap.

1) eusi bahan pangajaran kudu aya kaitanana jeung tujuan pangajaran, 2) eusi bahan jelas,

(27)

4) eusi bahan pangajaran bisa dipertanggungjawabkeun,

5) basa dina bahan pangajaran kudu disaluyukeun jeung bahan pangajaran anu rék ditepikeun,

6) runtuyan kagiatan pangajaran loyog jeung bahan anu rék diajarkeun, 7) bahan pangajaran anu ditepikeun kudu ngirut siswa,

8) ngarojong kana ngamekarkeun cara mikir siswa,

9) ngagunakeun pamarekan anu bisa ngarangsang alat indra (multy sensori stimulation approach), jeung

10) ngabogaan perpindahan nilai (transfer value).

2.5.4 Ambahan Bahan Ajar Basa jeung Sastra Sunda

Ambahan bahan ajar nya éta sakabéh matéri pangajaran jeung pangalaman anu rék dibikeun dina hiji widang studi atawa hiji pokok bahasan.

Bahan ajar (matéri pokok) basa jeung sastra Sunda ngawengku tilu widang utama, nya éta:

a. Pangaweruh basa, anu ngawengku: (1) adegan sora: ucapan, éjahan;

(2) adegan kecap: wangun kecap, warna kecap;

(3) adegan kalimah: wangun, warna, fungsi, jeung wanda kalimah;

(4) kandaga kecap: warna harti, robahna harti, patali harti, kecap serepan, kecap ulikan (istilah), pakeman basa, undak usuk basa, jeung gaya basa.

(28)

(1) Puisi (wangun ugeran): jangjawokan, kakawihan, sisindiran, pupujian, guguritan jeun wawacan;

(2) Prosa (wangun lancaran): unsur, warna (carita pantun, carita wayang, dongéng, carpon, novel);

(3) Drama: unsur, warna (purnadrama, gending karesmén).

c. Kaparigelan basa: maca(keun), nulis(keun), nyarita(keun), tur ngaregepkeun.

2.5.5 Métodologi Pangajaran Basa

Numutkeun Sudaryat (2004:37) métodologi pangajaran basa mangrupa ulikan atawa pedaran ngeunaan prinsip-prinsip katut prosedur dina kagiatan diajar-ngajar basa atawa kagiatan ngondisikeun siswa diajar basa.

Aya tilu perkara anu patula-patali jeung métodologi pangajaran basa, nya éta:

(1) Pamarekan (approach), nu mangrupa prinsip-prinsip, tiori, atawa tangtungan, ayana dina tahap aksioma;

(2) Métode (method), anu mangrupa strategi atawa rarancang gembleng ngeunaan pangajaran, ayana dina tahap prosedural; jeung

(3) Téhnik (technique), nu mangrupa cara-cara praktékna pangajaran basa, ayana dina tahap operasional.

Ari dina KTSP mulok basa jeung sastra Sunda kurikulum 2006 nyebutkeun yén métode téh mangrupa bagian tina aktifitas dina ngawujudkeun pamarekan anu

(29)

dipaké.

Jadi, métode téh nya éta hiji rarancang dina kagiatan diajar boh aplikasina boh téorina. Métode pangajaran dipilih jeung dilaksanakeun ku guru. Dina milih jeung nangtukeun métode diluyukeun jeung (1) tujuan pangajaran, (2) bahan pangajaran, (3) sarana anu aya di sakola.

Pamarekan dina pangajaran basa, diantarana nya éta (1) Pamarekan kompeténsi komunikatif, jeung (2) Pamarekan kontékstual.

Dina pangajaran basa jeung sastra Sunda aya sababaraha métode pangajaran anu bisa dipaké, nya éta:

(1) métode langsung, (2) métode teu langsung, (3) métode kontrol basa, (4) métode linguistik, (5) métode tata basa,

(6) métode mimik-mémorasi (mim-mém), (7) métode maca,

(8) métode tarjamahan, (9) métode unit, jeung (10) métode éléktik.

Dina prakna pangajaran basa, métode téh bisa dipraktékkeun maké rupa-rupa téhnik, nya éta:

(1) téhnik papancén (resitasi), (2) téhnik tanya jawab,

(30)

(3) téhnik diskusi,

(4) téhnik ngararagakeun (simulasi, sosiodrama), (5) téhnik latihan,

(6) téhnik ceramah,

(7) téhnik survéy jeung widyawisata.

2.5.6 Model Pangajaran Basa

Sudaryat (2004:57) nétélakeun yén modél pangajaran téh nya éta pola atawa conto dina prosés diajar ngajar. Dina modél pangajaran kudu kagambar rencana atawa skénario pangajaran. Eusina nyoko kana opat hal nya éta silabus, kagiatan diajar-ngajar, bahan, jeung évaluasi.

Silabus eusina ngawengku dua hal, nya éta:

(1) idéntitas silabus (mata pelajaran, satuan pendidikan, kelas/seméster, alokasi waktu); jeung

(2) unsur silabus (kompeténsi dasar, matéri pokok, hasil diajar, indikator, jeung pembelajaran)

Kagiatan diajar siswa ngurung lima aspék, nya éta latihan (1) ngagunakeun kaweruh atawa kabisa, (2) mikir, (3) indrawi, (4) metakeun, jeung (5) ngagunakeun alat. Siswa leuwih aktif kréatif, guru ngan ngalelempeng tur ngaping kagiatan siswa.

Bahan ajar basa Sunda, kaasup sastrana, ngamuara kana opat aspék kamahéran, nya éta nyarita, ngaregepkeun, maca, jeung nulis. Bahan ajar kaweruh basa (adegan basa jeung kandaga kecap) diadumaniskeun kana bahan ajar aspék

(31)

kaparigelan basa.

2.5.7 Mekarkeun Silabus Jeung Sistem Évaluasi

2.5.7.1 Silabus

Sudaryat (2004:47) nétélakeun yén anu dimaksud silabus téh nya éta beungkeutan rarancang jeung susunan kagiatan pangajaran, ngolah kelas, jeung meunteun hasil diajar. Silabus mangrupa wujud operasionalisasi kompeténsi dasar, pedaran matéri poko anu leuwih spésifik, kagiatan diajar, évaluasi, jeung alokasi waktu. Ari gunana mangrupa padoman guru dina ngararancang, ngalaksanakeun jeung ngolah pangajaran.

Dina nyusun silabus aya sababaraha tahap anu kudu dipilampah, nya éta:

(1) idéntifikasi (idéntitas/jatidiri sakola, mata pelajaran, kelas, seméster); (2) ngaruntuykeun standar kompeténsi jeung kompeténsi dasar;

(3) nangtukeun bahan utama (matéri pokok) katut wincikanana;

(4) milih pangalaman diajar (kagiatan fisik-méntal siswa patali jeung bahan); (5) ngawincik kompeténsi dasar kana cicirén (indikator) hontalan hasil diajar; (6) ngawincik indikator kana penilaian (warna tagihan, wangun instrumén jeung

soal);

(7) nangtukeun alokasi waktu; jeung (8) milih sumber/alat/bahan.

(32)

2.5.7.2 Standar Kompeténsi (SK) jeung Kompeténsi Dasar (KD)

Dina Standar Kompeténsi (SK) jeung Kompeténsi Dasar (KD) Mata Pelajaran Bahasa jeung Sastra Sunda (2007:91-92), dijéntrékeun yén standar kompeténsi lulusan SMP/MTs dina mata pelajaran Basa jeung Sastra Sunda ngawengku opat aspék, nya éta:

1) Menyimak (Ngaregepkeun),

Mampu menyimak untuk memahami dan menanggapi beragam wacana lisan yang berupa percakapan, pidato, pembacaan atau pelantunan puisi (sajak, pupujian, guguritan), dan pembacaan prosa (dongéng, cerpen, novel, berita, biografi, bahasan dan artikel).

2) Berbicara (Nyarita),

Mampu berbicara untuk mengungkapkan pikiran, perasaan dan keinginan

yang berupa percakapan, wawancara, bercerita, menceritakan,

mengumumkan, menelpon, menjelaskan, berdiskusi, pidato, dan bermain peran.

3) Membaca (Maca),

Mampu membaca untuk memahami dan menanggapi beragam teks yang berupa percakapan, prosa (sejarah, bahasan, biografi, carita pondok, dongeng, novel), dan puisi (sawer, sajak, guguritan, wawacan)

(33)

Mampu menulis untuk mengungkapkan berbagai pesan (pikiran, perasaan dan keinginan) secara tertulis dalam beragam karangan yang berupa pedoman wawancara, prosa (pengalaman, biografi, bahasan, berita, esai, surat, carita pondok, laporan, bahasan), dan puisi (sajak, guguritan, sisindiran)

2.5.7.3 Sistem Évaluasi

Pikeun mikanyaho hasil henteuna kagiatan diajar siswa atawa préstasi diajar siswa kudu diayakeun évaluasi atawa peniléyan. Évaluasi dilaksanakeun pikeun nyumponan rupa-rupa tujuan, diantarana:

(1) mikanyaho tahap kahontalna kompeténsi siswa, (2) ngukur tumuwuh jeung kamekaran siswa, (3) nangtukeun atawa ngadiagnosis kasulitan diajar, (4) mikanyaho hasil pangajaran,

(5) mikanyaho kahontalna kurikulum, (6) ngadorong siswa diajar, jeung

(7) ngadorong guru sangkan ngajar leuwih alus.

Aya sababaraha léngkah dina nyusun alat évaluasi diantarana nya éta (1) nangtukeun tujuan, (2) nyusun kisi-kisi, (3) milih wangun alat évaluasi, (4) nangtukeun panjangna alat ngajén (meunteun, évaluasi).

(34)

bahan atawa kagiatan anu diujikeun, anu disebut tagihan. Aya sababaraha warna tagihan, nya éta (1) kuis, (2) pertanyaan lisan, (3) ulangan poéan, (4) ulangan blok, (5) tugas individu, (6) tugas kelompok, (7) résponsi (ujian prakték), jeung (8) laporan kagiatan (praktikum, widyawisata,jste.)

Anapon wangun tagihan dina évaluasi, bisa mangrupa tés jeung bisa mangrupa non-tés. Wangun tés bisa mangrupa (1) pilihan ganda, (2) uraian obyéktif, (3) uraian non obyéktif, (4) jawaban singget atawa ngalengkepan, jeung (5) ngajodokeun.

Ari wangun non-tés bisa mangrupa (1) ngararagakeun (unjuk kerja atawa performans), jeung (2) portofolio (kumpulan tugas-tugas jeung karya siswa katut kamekaranana).

Évaluasi pangajaran evaluasi dina pangajaran teh nya eta pikeun ngjugjugan nepi kamana materi atawa bahan pangajaran kacangking ku siswa. Naha tujuan anu geus dirumuskeun dina tujuan pangajaran teh kahontal atawa acan.

2.5.8 Maca

Maca téh salasahiji kaparigelan tina opat kaparigelan makéna basa. Maca mangrupa hiji prosés ngawanohkeun simbul-simbul tinulis, dina ieu prosés kaasaup prosés ngawanohkeun kecap-kecap sacara taliti. Dina maca ogé ngawengku kana masalah mekanismena maca, prosés ngawanohkeun kecap-kecap jeung frasa bacaan kalawan prosés pemandu jeung nataan sajumlahing unsur harti, nepi ka mangrupa hiji beungkeutan ide anu ngaguluyur tur mibanda harti. Ieu hal luyu jeung pamadegan Tarigan (1979:7) dina bukuna Membaca Sebagai Suatu

(35)

Keterampilan Berbahasa, anu nétélakeun yén maca nya éta prosés nu dilaksanakeun tur digunakeun ku nu maca pikeun nyangking informasi nu ditepikeun ku nu nulis ngaliwatan média kecap-kecap/basa tinulis.

Maca mangrupa kagiatan maham jeung nyangkem kana wacana tinulis atawa bacaan. Maca bisa dipasing-pasing jadi:

1) Maca munggaran, nya éta pangajaran maca anu ditepikeun ka barudak sakola dasar atawa barudak anu kakara dialajar maca. Tujuanana pikeun ngabina mékanismena maca,

2) Maca nyoara, nya éta pangajaran maca anu mangrupa léngkah saterusna tina maca munggaran atawa bisa disebut maca tingkat lanjut, upamana maca hiji wacana kalawan sorana ditarikkeun,

3) Maca ngilo/maca di jero haté, tujuanana ngabina siswa sangkan maranéhna bisa maca kalawan teu nyoara, jeung mampuh nyangkem eusi wacana, boh nu tinulis atawa nu kaunggel,

4) Maca pemahaman, dina prinsipna mah sarua jeung maca dina jero haté, 5) Maca basa, ieu pangajaran maca téh dina seuh-seuhanana mah mangrupa

strategi pangajaran basa, kusabab dijerona ngawengku nalaah basa,

6) Maca téhnik, ngabina siswa dina hal téhnik maca, pikeun latihan intonasi, lafal kecap, jeung fungtuasi, biasana babarengan jeung maca nyoara,

7) Maca inténsif, jeung 8) Maca éksténsif.

(36)

Referensi

Dokumen terkait

Polimer sintetis yang pertama kali yang dikenal adalah bakelit yaitu hasil kondensasi fenol dengan formaldehida, yang ditemukan oleh kimiawan kelahiran Belgia

Panitia Seleksi Nasional Masuk perguruan Tinggi Neged (SNMPTN). Universitas Negeri Yogyakarta memberikan penghargaan

UNIVERSITAS GADJAH MADA

Atas parliipasirya .rebagai peserta

merujuk pada representasi religiusitas Hisanori Kato yang terkait dengan cara berpikir orang Jepang menurut Nakamura (1991), yang meliputi: 1) dunia fenomena dan

PENERAPAN METODE ROLE PLAYING DALAM MATERI PERJUANGAN PARA TOKOH DALAM MEMPERSIAPKAN KEMERDEKAAN INDONESIA UNTUK MENINGKATKAN KEAKTIFAN BELAJAR SISWA. Universitas Pendidikan

FRISKA SIMATUPANG: Pengaruh Ukuran Partikel dan Kadar Perekat Terhadap Sifat Fisis dan Mekanis Papan Partikel dari Limbah Batang Kelapa Sawit dengan Perekat Urea

Penulisan Ilmiah ini berjudul Analisis Kepuasan Pelanggan Terhadap Pelayanan Pada Panji Cell.Dimana Dalam analisis ini dibahas lima dimensi penentu kualitas jasa yang