• Tidak ada hasil yang ditemukan

BASA SUNDA DIALÉK BEKASI DI KACAMATAN SÉTU PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "BASA SUNDA DIALÉK BEKASI DI KACAMATAN SÉTU PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA."

Copied!
32
0
0

Teks penuh

(1)

No. 639/FPBS/0251/2013 BASA SUNDA DIALÉK BEKASI DI KACAMATAN SÉTU

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

SKRIPSI

Diajengkeun pikeun Nyumponan Salah Sahiji Sarat pikeun Ngahontal Gelar Sarjana Pendidikan

ku

Ace Monika Murdiani 0904064

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

Ace Monika Murdiani, 2013

Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.eduAce Monika Murdiani, 2013

Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu Halaman Hak Cipta

Basa Sunda Dialék Bekasi di

Kacamatan Sétu pikeun Bahan

Pangajaran Maca di SMA

Oleh

Ace Monika Murdiani

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Ace Monika Murdiani 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Juli 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(3)
(4)

Ace Monika Murdiani, 2013

Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

BASA SUNDA DIALÉK BEKASI DI KACAMATAN SÉTU

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

ACE MONIKA MURDIANI 1)

ABSTRAK 2)

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh adanya gejala yang ada di masyarakat saat ini yang mulai jarang menghadirkan bahasa Sunda hususnya bahasa dialek dalam kesehariannya. Selain itu kejadian tersebut diperparah dengan kondisi masyarakat yang sering mencampuradukkan ragam bahasa dialeknya sendiri dengan bahasa dialek lain di luar pengetahuan mereka. Data bahasa yang diperoleh dalam penelitian ini kemudian dijadikan bahan pembelajaran untuk siswa di SMA, sebagai alternatif untuk mengenalkan kembali bahasa Sunda dialék kepada para peserta didik di dalamnya. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif. Adapun tekhnik pengumpulan data dilaksanakan melalui observasi langsung, wawancara secara intensiv dan pemberian kuésionér terhadap informan. Sedangkan hasil dari penelitian ini menunjukan 8 dari 11 desa yang ada di Kecamatan Sétu masih menggunakan bahasa Sunda dengan dialeknya tersendiri, sedangkan 3 desa lainnya menggunakan bahasa Melayu Toto. Selain itu jumlah variasi kata dalam bahasa Sunda dialek Bekasi didapat sebesar 357 kata dengan tingkat dialektometri mencapai 71, 25%. Kemudian kata-kata dalam bahasa Sunda dialek Bekasi tersebut dirancang menjadi bahan pembelajaran membaca dalam bentuk artikel budaya bagi siswa SMA. Simpulannya adalah jumlah kata yang ditemukan dalam bahasa Sunda dialek Bekasi sangat lah banyak dan vareatif. Selain itu keberagaman kata yang ada dalam bahasa Sunda dialek Bekasi layak dijadikan sebagai bahan pembelajaran membaca bagi siswa di sekolah.

Kata kunci: basa dialek, bahan pangajaran maca

1)Skripsi di bawah bimbingan Bapak Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. dan Ibu Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd.

(5)

BEKASI SUNDANESE DIALECT OF SÉTU’S SUBDISTRICT

FOR MATERIAL OF READING IN THE JUNIOR HIGH SCHOOL

ACE MONIKA MURDIANI

ABSTRACT

This research was caused by there are indication in the people’s life are seldom presenting sundanese language especialy dialectic language in their life. More than it, that phenomenon was complicated with people’s condition who mixed the variety of their languages with the varian of other languanges and it was happened under their knowladge. The language data from this research is become material of studying for senior high school student, which is used to reintroduce sundanese language to them. The methode from this research is description methode. Beside it, the technic for this research was implemented by direct observation, intensively interview and giving quesioner for informan. The result from this research is showing eight from eleven village from Sétu’s subdistric is still using sundanese language with own dialectic and the other villages are using Melayu Toto’s language. In the other hand, variant words’ totaly is 357 words by its dialectometry’s level is 71, 25%. More over, the words from sundanese language of bekasi dialect is formulated to be a material of reading. The material is become culture’s article for senior high school student. The conclution is the total of word which found from Bekasi Sundanese dialect is so many and vareatively. Beside it, the word’s vareaty which that exists in Bekasi Sundanese dialect is reasonable to become material of reading for Sundanese leason.

(6)

Ace Monika Murdiani, 2013

Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

Kaca

PERNYATAAN KEASLIAN ... i

PANGJAJAP ... ii

CATUR NUHUN ... iii

ABSTRAK ... v

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR SINGGETAN ... x

DAPTAR TABÉL ... xi

DAPTAR LAMPIRAN ... xii

BAB I BUBUKA 1.1Kasang Tukang ... 1

1.2Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1 Idéntifikasi Masalah ... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3Tujuan Panalungtikan ... 5

1.4Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.5Raraga Tulisan ... 5

(7)

2.1.1 Wangenan Dialék ... 7

2.1.2 Rupa-rupa Dialék ... 8

2.1.2.1Dialék Géografi ... 8

2.1.2.2Dialék Sosial ... 9

2.1.3 Ciri-ciri Dialék ... 9

2.1.3.1Bébédaan Fonétik ... 10

2.1.3.2Bébédaan Semantik ... 10

2.1.3.3Bébédaan Onomasiologis ... 11

2.1.3.4Bébédaan Semasiologis ... 11

2.1.3.5Bébédaan Morfologis ... 12

2.1.4 Pemetaan Dialék ... 12

2.1.5 Dialéktométri ... 13

2.2 Bébédaan Basa Sunda Dialék jeung Basa lulugu (baku, standar) ... 15

2.2.1 Wangenan Basa Lulugu (baku, standar) ... 15

2.2.2 Ciri-ciri Basa Lulugu (baku, standar) ... 16

2.2.3 Fungsi Basa Lulugu ... 17

2.3 Adegan kecap ... 18

2.3.1 Wangenan Kecap ... 19

2.3.2 Wangun kecap ... 20

2.3.2.1Kecap Asal ... 20

2.3.2.2Kecap Jembar ... 21

2.4 Kandaga Kecap dina Bahan pangajaran maca di SMA ... 24

2.4.1 Bahan Pangajaran ... 24

2.4.1.1Wangenan Bahan Ajar ... 24

2.4.1.2Kritéria Milih Bahan Ajar ... 24

2.4.1.3Wangun Bahan Ajar ... 25

2.4.2 Bahan Pangajaran Maca ... 25

2.4.2.1Wangenan Maca ... 25

2.4.2.2Warna Maca ... 26

2.4.2.3Ambahan Bahan Ajar Basa jeung Sastra Sunda ... 27

(8)

Ace Monika Murdiani, 2013

Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan ... 29

3.1.1 Lokasi Panalungtikan ... 29

3.1.2 Subjék Panalungtikan ... 30

3.2 Desain Panalungtikan ... 31

3.3 Métode Panalungtikan ... 32

3.4 Wangenan Oprasional ... 32

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 34

3.6 Téhnik Panalungtikan ... 36

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 36

3.6.2 Téhnik Ngolah Data ... 38

BAB IV BASA SUNDA DIALÉK BEKASI DI KACAMATAN SÉTU PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA 4.1 Pamakéan Basa Sunda di Kacamatan Sétu Kabupatén Bekasi ... 40

4.2 Kandaga Kecap Basa Sunda Dialék Bekasi di Kacamatan Sétu ... 41

4.2.1 Basa Sunda Dialék Bekasi di Kacamatan Sétu ... 41

4.2.2 Ma’na Dasar Basa Sunda Dialék Bekasi di Kacamatan Sétu ... 45

4.2.3 Bébédaan Basa Sunda Dialék Bekasi di Kacamatan Sétu jeung Basa Sunda Lulugu ... 52

4.2.4 Analisis Wangun Kecap Basa Sunda Dialék Bekasi di Kacamatan Sétu ... 69

4.2.5 Dialéktométri Basa Sunda Dialék Bekasi di Kacamatan Sétu ... 81

4.2.6 Daérah Pamakéan Basa Sunda Dialék Bekasi di Kacamatan Sétu ... 82

4.2.7 Péta Wilayah Sebaran Dialék Géografis Basa Sunda Dialék Bekasi di Kacamatan Sétu ... 112

4.3 Basa Sunda Dialék Bekasi di Kacamatan Sétu dina Bahan Pangajaran Maca di SMA ... 149

(9)

5.2 Saran ... 159

DAPTAR PUSTAKA ... 160

LAMPIRAN ... 162

(10)

Ace Monika Murdiani, 2013

Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang

Basa Sunda lahir bareng jeung lahirna masarakat katut budaya Sunda. Dina hirup kumbuhna, basa Sunda téh mibanda anéka ragam basa. Ari ragam basa téh bisa disawang tina jihat nu makéna aya anu nyoko kana wewengkon, tahap atikan, jeung sikep panyaturna.

Nilik kana wewengkonna, tatar Priangan ti mimiti daérah Bandung, Garut, Cianjur, Ciamis, Tasik, jeung saterusna tangtu miboga kaunikan basa masing-masing sok sanajan sarua ngagunakeun basa Sunda. Kahasan jeung kaunikan basa di unggal daérah mangrupa bukti tina sipat basa nu disebut rinéka.

Numutkeun Anderson dina buku Élmuning Basa karya Sudaryat (2004:11), basa disebut rinéka ku sabab basa nu dipaké ku manusa téh rinéka warna atawa variatif. Dumasar kana pamakéna, variasi basa téh aya nu disebut idiolek jeung dialék atawa basa nu dipaké ku masarakat tangtu tur dina waktu & tempat nu tangtu. Ku sabab dialék didadasaran kana wilayah atawa enggon panyatur cicing, ku kituna nurutkeun Chaer (2010:63) dialék sok disebut ogé dialék areal, dialék regional, atawa dialék geografi. . Sedengkeun cabang élmu

linguistik anu ngulikna disebut dialéktologi.

(11)

2

jeung basa Sunda dialék Sunda Bandung, dialék Sunda Kuningan, dialék Sunda Ciamis ogé jeung basa Sunda dialék lainna.

Luyu jeung pasipatanana yén basa téh dinamis, basa baris robah ku ayana pangabutuh jaman jeung waktu. Réana istilah nu teu bisa dibasakeun kana basa Sunda nu aya jeung kurangna pangaweruh basa, nyieun masarakatna mulung basa séjén pikeun ngungkulan kawatesanan basa dina prosés komunikasi. Misalna saperti pamakéan kecap-kecap Malayu kayaning distribusi, lokasi, alternatif, posisi, jrrd. Balukarna masarakat maké basa-basa nu anyar dina kahirupan

sapopoé. Hal nu kudu dititénan di dieu nyaéta masarakat kudu angger miboga kasadaran ngawilah pamakéan basa anyar di sakurilingna jeung pamakéan basa asli nu aya saméméhna. Ulah nepi ka pamakéan basa-basa anyar ngagulung basa nu aya saméméhna saperti basa dialék. Komo nepi ka lastarina basa wewengkon nu aya di masarakatna lantaran kalindih ku basa nu anyar.

Dina kanyataanana, loba panyatur nu masih kénéh can mikaweruh watesan jeung peran dialék dina kahirupanna sapopoé. Loba di antara panyatur anu macorokeun dialék jeung variasi basa lain saperti basa malayu atawa betawi. Contona nyaéta kapanggihna babasaan dina hirup kumbuh masarakat Bekasi hususna di tingkatan barudak sakola saperti “elu mah”, “énakeun”, “bagén”, jrrd. Lian ti éta, panyatur ogé kurang maham yén geus aya pacampurna antara basa kahiji/indung (basa asli) jeung basa kadua (basa asing). Hal saperti éta baris nimbulkeun gejala yén basa daérah asli bakal ngamimitian tumpur balukar kalindih ku ayana pamakéan basa kadua.

Hal nu geus disebutkeun éta, mangrupa bangbaluh anu kudu buru-buru diungkulan. Salah sahiji cara pikeun ngungkulanana nya éta ngaliwatan kagiatan ngawanohkeun basana dina jalur formal kayaning sakola. Hal ieu perlu, sangkan ragam dialék basa Sunda Bekasi bisa dipikawanoh tur dilarapkeun deui ku masarakatna hususna kaum pelajar. Ngaliwatan ieu cara, bangbaluh kayaning pacorokna basa Sunda dialék Bekasi jeung basa tatanggana saperti dialék basa Malayu atawa Betawi atawa basa lianna dipiharep bisa disingkahan.

(12)

3

Ace Monika Murdiani, 2013

Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

nu séjén saperti nu geus ditétélakeun saméméhna. Sabab saupama ditilik tina segi geografisna, Kabupatén Bekasi mangrupa daérah anu deukeut pisan ka daérah ibu kota nu miboga budaya atawa adat Betawi. Balukarna bakal réa unsur-unsur kabudayaan anu silih pangaruhan ti mimiti kasenian, arsitektur bangunan, kadaharan, kaasup basana. Ku kituna, ieu panalungtikan téh dianggap perlu diayakeun sangkan mikanyaho unsur-unsur basa Sunda nu mana anu kapangaruhan jeung basa Sunda nu mana nu memang aya dina dialék Bekasi.

Nepi ka ayeuna, usaha geusan medar basa dialék nu aya di wewengkon urang Sunda memang geus aya. Hususna panalungtikan anu geus dilaksanakan di Jurusan Pendidikan Basa jeung Sastra Daérah. Di antarana ngeunaan Basa Sunda Dialék Cirebon di Kacamatan Pabedilan pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda

di SLTP (Saepudin, 2004), Basa Sunda Dialék Pandéglang di Kacamatan Pangajaran Basa Sunda di SMP (Yanti Damayanti, 2006), Basa Sunda Dialék di

Kacamatan Langensari Kota Banjar (Desi Maulina Rizq, 2007), Basa Sunda

Dialék Majaléngka di Kacamatan Sukahaji (Dedeh Nurfaridah, 2008), Geografi

Dialék Basa Sunda Suradé di Kabupatén Sukabumi pikeun Bahan Pangajaran

Maca di SMP (M. Resi Septian, 2012). Pikeun ngalengkepan studi kabasaan nu

aya, ngaliwatan ieu panalungtikan diguar jeung diwanohkeun basa Sunda dialék Bekasi. Lian ti éta, dina ieu panalungtikan didéskripsikeun ogé sajumlahing data tina hasil inventarisir dialék basa wewengkon nu aya di Kacamatan Sétu Kabupatén Bekasi.

(13)

4

panalungtikan bisa dijadikeun bahan pikeun mikawanoh basa Sunda dialék Bekasi jeung numuwuhkeun deui kasadaran makéna basa nu luyu jeung wewengkon masyarakatna husuna nu aya di daérah panalungtikan. Lian ti éta, sabada ayana ieu panalungtikan dipiharep ogé numuwuhkeun kasadaran ka para pakar kabasaan pikeun maluruh jeung ngainventarisir dialék nu aya di wewengkonna masing-masing. Dumasar kana sajumlahing katerangan nu geus dipedar saméméhna, ku kituna ieu panalungtikan dijudulan Basa Sunda Dialék Bekasi di Kacamatan Sétu pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA.

1.2Identifikasi jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Identifikasi Masalah

Sangkan ieu panalungtikan leuwih museur dumasar kana kasang tukangna, ku kituna ieu panalungtikan ngaidéntifikasi pamakéan basa Sunda nu aya di wilayah Kabupatén Bekasi nyaéta di Kacamatan Sétu. Lian ti éta, inventarisir dialék nu baris di guar nyaéta diidéntifikasikeun kana basa lulugu dina wangun (a) istilah panca kaki, (b) istilah gaganti sesebutan, (c) istilah imah jeung babagianna, (d) istilah pakakas, (e) istilah kadaharan jeung inuman, (f) istilah panyakit, (g) istilah pakasaban, (h) istilah tutuwuhan & bungbuahan, (i) istilah sasatoan (j) istilah budi parangi, kaayan barang, jeung pagawéan, (k) istilah usum jeung kaayan alam, (l) kahirupan désa jeung masarakat . Éta istilah dijadikeun sampel sabab réa dipaké dina kahirupan sapopoé. Lian ti éta ngaliwatan klasifikasi nu geus

didadarkeun, bakal kapanggih ogé kekecapan has tur rinéka anu memang ngan aya

dina dialék Bekasi.

1.2.2 Rumusan Masalah

Sajumlahing masalah anu diguar dina ieu panalungtikan nyaéta:

1) Kumaha pamakéan basa Sunda di wilayah Kacamatan Sétu Kabupatén Bekasi?

(14)

5

Ace Monika Murdiani, 2013

Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

3) Kumaha larapna basa Sunda Dialék Bekasi di Kacamatan Sétu saupama dipaké pikeun bahan pangajaran maca di SMA?

1.3Tujuan Panalungtikan

Tujuan nu baris dihontal dina ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngadéskripsikeun:

1) pamakéan basa Sunda di wilayah Kacamatan Sétu Kabupatén Bekasi, 2) kecap-kecap basa Sunda dialék nu dipaké di wilayah Kacamatan Sétu

Ngaliwatan ieu panalungtikan bisa nyangking sajumlahing varéasi basa nu anyar nu aya husus di daérah panalungtikan, ku kituna bisa ngajembaran kandaga kecap basa Sunda nu aya.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Salian ti bisa numuwuhkeun kasadaran masarakat husuna kaum pelajar pikeun ngalarapkeun jeung mikaweruh dialék basa Sunda nu dipimilikna, ogé bisa dijadikeun alternatif pikeun bahan pangajaran ku guru di sakola. Lian ti éta, bisa dijadikeun sarana panggeuing ka para panalungtik nu séjénna pikeun medar hal nu sarupa di daérah tatar Sunda séjénna.

1.5Raraga Tulisan

Ieu panalungtikan mangrupa wangun karya tulis ilmiah anu diwangun ku sababaraha bab nu disusun kalayan sistematis. Dina masing-masing babna tangtu ngaguar hal-hal anu aya patalina jeung eusi dina ieu panalungtikan. Sagédéngeun ti éta, susunan tulisanana nyaéta saperti ieu di handap.

(15)

6

BAB II ngawengku kajian pustaka jeung raraga mikir. Dina kajian pustaka didadarkeun ogé sababaraha poin ngeunaan tiori-tiori anu aya patalina jeung ieu panalungtikan. Di antarana nyaéta tiori ngeunaan dialék, basa lulugu/standar, kandaga kecap, jeung tiori ngeunaan bahan pangajaran maca.

BAB III ngawengku lokasi jeung subjek populasi/sampel panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumen panalungtikan, tehnik ngumpulkeun data, jeung analisis data.

BAB IV ngawengku hasil panalungtikan dina wangun analisis data jeung pembahasan. Di antarana nyaéta pedaran basa Sunda dialék Bekasi di Kacamatan Sétu, analisis bébédaan basa Sunda dialék Bekasi di Kacamatan Sétu Jeung basa Sunda lulugu, analisis papasingan kecap basa Sunda dialék Bekasi di Kacamatan Sétu, metakeun kecap-kecap basa Sunda Dialék Bekasi di Kacamatan Sétu jeung nu pamungkas basa Sunda dialék Bekasi di Kacamatan Sétu dina bahan pangajaran maca di SMA.

(16)

Ace Monika Murdiani, 2013

Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

BAB III

METODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi jeung Subjék Panalungtikan

3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Kacamatan Sétu mangrupa salah sahiji ti 23 kacamatan nu aya di Kabupatén Bekasi. Ieu kacamatan mangrupa kacamatan nu keur ngalaman prosés kamekaran dina rupa-rupa widang. Lian ti éta ieu kacamatan téh miboga kamekaran penduduk nu kaitung gancang jeung hétérogén. Sumber pakasabanna ogé mimiti ngalaman parobahan ti séktor tani ka séktor industri. Wilayah padésaan geus loba nu robah statusna jadi wilayah perumahan. Ieu hal bisa dibuktikeun ku lobana pangwangunan perumahan di sababaraha désa nu aya di wilayah Kacamatan Sétu.

Sacara géografis wilayah Kacamatan Sétu legana nyaéta 5.457 Ha, nu ngawengku 1.871 Ha wilayahna mangrupa sawah jeung 3.586 Ha wilayahna mangrupa darat. Sedengkeun sacara démografis Kacamatan Sétu wilayahna aya di 40 m luhureun laut. Jumlah pendudukna nurutkeun data nepi ka Bulan Novémber 2012 aya 126.572 jiwa, ngawengku 64.307 urang lalaki jeung 62.265 urang awéwé. Sedengkeun jumlah kepala keluargana (KK) nyaéta 36.515 KK. Ngeunaan wates wilayahna, Kacamatan Sétu miboga wates nyaéta:

Beulah kalér : Kacamatan Tambun Selatan Kacamatan Cikarang Barat Beulah wétan: Kacamatan Cikarang Selatan Beulah kidul: Kacamatan Cileungsi/Kab. Bogor Beulah kulon: Kacamatan Bantar Gebang/Kota Bekasi

(17)

30

3.1.2 Subjék Panalungtikan

Lokasi tina ieu panalungtikan nyaéta Kacamatan Sétu nu aya di wilayah Kabupatén Bekasi. Pangna ieu daérah dijadikeun tempat minangka lokasi panalungtikan sabab ieu tempat mangrupa wates nu ngabalukarkeun ayana kamungkinan interaksi pamakéan basa antara masarakat nu aya di jerona jeung masarakat Kabupatén Bogor ogé masarakat Kota Bekasi. Ku kituna, bakal aya kecap-kecap tangtu tur has anu digunakeun nalika masarakatna ngayakeun komunikasi jeung masarakat di saluareun daérahna. Saperti halna dina pamakéan istilah-istilah kadaharan jeung inuman, sasatoan, bungbuahan, usum, jsté.

Sedengkeun ti éta populasi atawa universe mangrupa kagemblengan tina unit analisis anu kanyahoan ciri-cirina. Patali jeung populasina, boh manusa boh barang dina hiji panalungtikan miboga dua kamungkinan, ditalungtik sagemblengna atawa ngan sabagéan. Nalungtik kalayan gembleng téh geus tangtu hésé. Komo deui saupama objék nu ditalungtikna mangrupa populasi anu gedé. Ku kituna dina saban panalungtikan diayakeun pembatasan objek nu disebut sampel (Ratna, 2010:212).

(18)

31

Ace Monika Murdiani, 2013

Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu 3.2 Desain Panalungtikan

(19)

32

Desain panalungtikan di kaca saméméhna, mangrupa dasar tina sakabéh wangun panalungtikan. Ku kituna teu sakabéh léngkah nu aya dina bagan desain nu aya dilarapkeun kana ieu panalungtikan. Saperti léngkah 4a nyaéta nangtukeun hipotésis. Éta léngkah téh teu dipilampah sabab panalungtikan anu dikokolakeun téh mangrupa panalungtikan anu kaasup kualitatif. Ku kituna teu merlukeun ayana hipotésis.

3.3 Métode Panalungtikan

Métode mangrupa stratégi, prosedur, cara-cara pikeun ngumpulkeun, ngaanalisis, jeung midangkeun objék panalungtikan (Ratna, 2010:467). Sedengkeun metode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta metode deskriptif. Metode deskriptif nyaéta metode anu digunakeun pikeun ngadeskripsikeun hiji hal, tanpa nguji hipotesis. Ieu métode leuwih loba matalikeun kecap-kecap ti batan angka-angka atawa barang-barang budaya naon waé nu geus ditarjamahkeun kana wangun basa boh lisan boh tulisan (Ratna, 2010:337). Tujuan metode deskriptif nyaéta pikeun nyieun gambaran sacara sistematis, faktual, jeung akurat ngeunaan fakta-fakta. Hal anu baris di deskripsikeun dina ieu panalungtikan nyaéta ngeunaan basa Sunda dialék Bekasi nu aya di masarakat Kacamatan Sétu Kabupatén Bekasi.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan ieu panalungtikan leuwih jéntré, ku kituna baris dipedar wangenan operasionalna, di antarana nyaéta:

1) Basa Sunda

(20)

33

Ace Monika Murdiani, 2013

Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu 2) Dialék Bekasi

Nurutkeun Chaer (2010:63) dialék mangrupa varéasi basa ti kelompok panyatur nu jumlahna rélatif, aya di hiji tempat, wilayah, atawa aréa nu tangtu. Ku sabab dialék didadasaran ku wilayah atawa enggon cicing panyatur, ku kituna dialék sok disebut ogé dialék aréal, dialék regional atawa dialek geografi.

Sedengkeun Bekasi mangrupa salah sahiji wilayah nu aya di Jawa Barat atawa tatar Sunda nu sacara administratif kabagi kana wilayah kabupatén jeung kota. Wilayah Kabupatén Bekasi miboga wates wilayah beulah kalér Laut Jawa , beulah kidul Bogor, beulah wétanna karawang, jeung beulah kulonna Kota Bekasi jeung DKI Jakarta. Sedengkeun wilayah Kota Bekasi miboga wates beulah kalér jeung wétan nyaéta Kabupatén Bekasi, beulah kidul Kabupatén Bogor jeung beulah kulon nyaéta Jakarta Timur. Sedengkeun nu dijadikeun tempat minangka lokasi panalungtikanana nyaéta dipuseurkeun di daérah Kabupatén Bekasi

Jadi, anu dimaksud dialék Bekasi téh nyaéta varéasi basa dina basa Sunda nu dipaké ku masarakat Bekasi nu leuwih spesifikna nyaéta masarakat Kabupatén Bekasi.

3) Kacamatan Sétu

Mangrupa salasahiji ti 23 Kacamatan nu aya di Kabupatén Bekasi. Wilayahna diwangun ku 11 désa atawa kelurahan. Sacara administratif Kacamatan Sétu miboga wates wilayah nyaéta beulah kaler Kacamatan Cikarang Barat, beulah kidul Kabupatén Bogor (Kac. Cileungsi) , beulah kulon Kacamatan Kota Bekasi (Kac. Bantar Gebang), jeung beulah wetan Kacamatan Cikarang Selatan jeung Kac. Serang Baru. Sabagéan wilayahna 34% mangrupa padésaan. Kacamatan Sétu mangrupa daérah nu deukeut ka kawasan industri nyaéta kawasan MM 2100 (Pemerintah Kecamatan Setu, 2012:1).

4) Bahan Pangajaran

(21)

34

5) Maca

Mangrupa salah sahiji tina opat kaparigelan basa. Nurutkeun Hodgson dina Tarigan (2008:7) maca mangrupa hiji prosés nu dikokolakeun tur digunakeun ku nu maca pikeun meunangkeun pesen, nu rék ditepikeun ku nu nulis ngaliwatan média kecap-kecap atawa basa tinulis.

6) SMA

SMA mangrupa wangun jenjang atikan formal sabada ngaréngsékeun Sekolah Menengah Pertama (SMP). Dina éta jenjang diajarkeun mata pelajaran

Basa Sunda nu mangrupa mata pelajaran muatan lokal anu wajib pikeun diajarkeun, Saluyu jeung kurikulum. Dina ieu panalungtikan siswa SMA diperedih sangkan mampu jeung weruh kana pamakéan basa Sunda dialék Bekasi. Ku kituna, hasil tina ieu panalungtikan téh disarungsum jadi salah sahiji wangun bahan pangajaran maca salaku média pikeun siswa bisa mikawanoh jeung mikaweruh kana pamakéan basa Sunda dialék Bekasi nu aya.

Jadi anu dimaksud basa Sunda Dialék Bekasi di Kacamatan Sétu pikeun bahan pangajaran maca di SMA téh mangrupa panalungtikan anu dipuseurkeun kana analisis data basa dina wangun basa dialék nu aya di Kacamatan Sétu Kabupatén Bekasi anu hasilna dijadikeun salah sahiji alternatif nu bisa dipaké pikeun bahan pangajaran maca keur siswa di SMA

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén nyaéta rupa-rupa alat bantu nu digunakeun dina panalungtikan, saperti: kartu data, kuésionér, check list, pedoman wawancara, kaméra foto, alat-alat perekam, alat-alat-alat-alat tinulis, jeung sajabana (Ratna, 2010:246-247).

Sedengkeun instrumén dina ieu panalungtikan nyaéta kuésionér informan, pedoman wawancara (dumasar kana daftar kandaga kecap lulugu), sarta média-média pangrojong pikeun ngadokuméntasikeun hasil panalungtikan, nyaéta kaméra, Hp, jsb.

(22)

35

Ace Monika Murdiani, 2013

Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Kuésionér Informan

Kampung :... Désa :... Wasta informan : ... Jenis Kelamin: (L/P) Umur informan : ... Tempat/Ping Gumelar: ... (di jero/luar kampung/désa/Kacamatan/ieu kabupatén)

Pakasaban informan : ... di : ... Atikan informan : ... Status Kulawarga : Kawin/teu kawin

Pangalaman cicing di luar daérah :

a. Di mana : ... b. Sabaraha lila : ti ... nepi ka... Aktivitas ka luar daérah : (Sering/jarang/henteu) ka ...

Pamakéan basa sapopoé :

a. Kulawarga : ... b. Masarakat : ... c. Di pakasaban : ... d. Nalika anjang-anjangan : ... Tanggal wawancara... Pewawancara

...

(23)

36

Pedoman wawancara nu baris digunakeun di antarana mangrupa patalékan-patalékan. Runtuyan patalékan-patalékan wawancara nu kasampak dina tabél ngan saukur gurat badag tina patalékan di lapangan. Di lapangan mah bisa leuwih ngalegaan.

Pedoman Wawancara

Ruang Lingkup Data Kategori Basa Kandaga

Kecap Dipikawanoh Dipaké

Kecap Séjén nu Dipaké

a. Pancakaki

b. Kadaharan ...

(Pedoman nu leuwih lengkep ilikan lampiran 4)

3.6 Téhnik Panalungtikan

Nurutkeun Ratna (2010:475-476) téhnik asal kecapna tina teknikos (Yunani) nu hartina alat atawa seni ngagunakeun alat. Lamun dibandingkeun jeung métode atawa tiori, téhnik mangrupa alat nu pangkongkritna, cara-cara nu bisa diindra. Téhnik miboga patali jeung instrumén jeung data primér. Sedengkeun téhnik nu aya dina ieu panalungtikan sacara gurat badag ngawengku dua téhnik, nyaéta téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

(24)

37

Ace Monika Murdiani, 2013

Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu 1) Observasi

Observasi mangrupa téhnik anu matalikeun antara dua hal nyaéta obsérver (panitén) jeung jalma séjén anu dititénan kalayan kalungguhanna salaku nu méré informasi (informan). Ku kituna panalungtik atawa obsérver dianggap salaku intrumén pangutamana, sabab dina prak-prakanna ieu téhnik matalikeun fungsi obsérver (panitén) salaku manusa anu mibanda alat pancaindra (panénjo, pangrungu, pangambeu, pangecap jeung pangrasa) dina nyatétkeun jeung ngarekam kalayan sistematis sakabéh data nu aya (Ratna, 2010:217-218).

Téhnik observasi dina ieu panalungtikan dilaksanakeun ngaliwatan niténan sakabéh paripolah informan dina ngagunakeun basa Sunda wewengkon atawa dialék nu dipaké dina kahirupan sapopoéna.

2) Wawancara

Wawancara (interview) mangrupa cara-cara pikeun meunangkeun data kalayan ngayakeun dialog langsung antara individu jeung individu séjén atawa individu jeung kelompok tangtu. Salaku mékanisme komunikasi, wawancara umumna dilaksankeun sabada observasi. Sedengkeun kagiatan niténan sakabéh objékna dibarengan ku aktivitas tangtu jeung ngagunakeun instrumen anu tangtu. Tapi dina kanyataan dilapangan, éta téhnik téh lumangsung kalayan silih lengkepan. Observasi moal bisa dilaksanakeun saupama teu ngayakeun wawancara, kitu ogé sabalikna (Ratna, 2010:222).

Sedengkeun sasaran wawancara dina ieu panalungtikan nyaéta informan anu nyumponan pasaratan kayaning lalaki atawa awéwé, umurna ± 30 nepi ka ± 60 taun, dibabarkeun jeung gedé di éta désa, bisa ngagunakeun basa Sunda, bisa ngagunakeun basa indonesia, jeung séhat rohani tur rohani (alat ucapna sampurna) (Zulaeha, 2010:53-54).

3) Kuésionér

(25)

38

kayaning: umur, jenis kelamin, pakasaban, jsb. Kadua ngeunaan ukuran hususna nu aya patalina jeung sikep kayaning: jarak sosial, kabébasan séks, kaamanan jeung katartiban lalu lintas, jsb. Sedengkeun wangun kuésionér anu dipaké dina ieu panalungtikan nyaéta nyoko kana déskripsi ngeunaan individu anu kalungguhanna salaku informan, kayaning: umur, jenis kelamin, pakasaban, jsb.

Dumasar kana téhnik-téhnik ngumpulkeun data nu geus dipedar, ku kituna prosés ngumpulkeun data dilaksanakeun ngaliwatan sababaraha léngkah, di antarana nyaéta:

1) Nyiapkeun sajumlahing intstrumén panalungtikan nu dijadikeun alat pikeun meunangkeun data panalungtikan dina wangun kecap-kecap,

2) Ngadatangan lokasi atawa tempat nu dijadikeun subjék panalungtikan,

3) Ngayakeun wawancara kalayan langsung jeung informan-informan nu aya di tempat panalungtikan,

4) Ngaregepkeun, nyatét, jeung ngarekam hasil wawancara nu dilaksanakeun jeung informan nu aya,

3.6.2 Téhnik Ngolah data

Dina ieu panalungtikan, analisis nu diayakeun nyaéta ngagunakeun téhnik padan. Padan sarua hartina jeung babandingan. Hartina hiji hal nu dibandingkeun

miboga makna nu aya patalina. Ku kituna padan dina ieu kontéks diartikeun kana hal patali-banding (Mahsun, 2005:117). Ieu téhnik dilarapkeun tujuanna nyaéta pikeun ngaanalisis ayana bébédaan unsur kabasaan basa Sunda dialék Bekasi di Kacamatan Sétu jeung basa Sunda anu standar atawa basa Sunda lulugu.

(26)

39

Ace Monika Murdiani, 2013

Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Saméméh data nu aya dianalisis tur dipidangkeun, data-data panalungtikan nu aya ngalaman prosés diolah heula. Anapon léngkah-léngkah ngolah datana nyaéta saperti di handap ieu:

1) Ngabandingkeun data basa dina wangun kecap–kecap basa Sunda wewengkon jeung basa Sunda lulugu/baku/standar,

2) Misahkeun data basa nu dianggap salaku kecap-kecap basa Sunda dialék di daérah panalungtikan,

3) Nyieun papasingan data basa di daérah panalungtikan dumasar kana rupa-rupa istilah nu sok digunakeun dina kahirupa-rupan sapopoé,

4) Nangtukeun klasifikasi bébédaan antara basa Sunda dialék Bekasi nu aya di Kacamatan Sétu jeung basa Sunda lulugu,

5) Nyieun papasingan data basa nu dianggap kecap-kecap basa Sunda wewengkon dumasar kana klasifikasi wangun kecapna,

6) Nangtukeun jumlah perséntasi dialéktométri tina kecap-kecap nu dianggap basa Sunda dialék di daérah panalungtikan,

7) Metakeun kecap-kecap basa Sunda dialék Bekasi dumasar kana sebaran pamakéan istilah basa nu aya di daérah panalungtikan.

(27)

156

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan jeung analisis basa Sunda dialék Bekasi di Kacamatan Sétu pikeun bahan pangajaran maca di SMA, bisa dicokot kacindekan saperti ieu di handap.

5.1.1 Daérah paké basa Sunda nu aya di Kacamatan Sétu Kabupatén Bekasi aya 8 désa di antarana nyaéta Désa Ciledug, Cibening, Cikarageman, Burangkeng, Muktijaya, Ragemanunggal, Tamansari, jeung désa Tamanrahayu. Sedengkeun 3 désa sésana mangrupa daérah paké basa Melayu (toto) nyaéta di Désa Cijengkol, Kertarahayu, jeung Lubang Buaya.

5.1.2 Pidangan kecap-kecap BSDB di Kacamatan Sétu aya dina wangun pedaran kecap-kecap BSDB, papasingan kecap-kecap BSDB dumasar kana makna dasar, analisis bébédaan antara BSDB jeung BSL, analisis wangun kecap BSDB, jeung metakeun kecap-kecap BSDB.

(28)

157

Ace Monika Murdiani, 2013

Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

kikirik, (10) Istilah budi parangi, kaayaan barang & pagawéan aya 39

kecap (10,9 %) contona kecap (449) seseleké, (11) Istilah usum & kaayaan alam aya 17 kecap (4,8 %) contona kecap (477) usum mijih, (12) Kahirupan désa & masarakat aya 19 kecap (5,3 %) contona kecap (487) kemasen.

5.1.2.2Analisis bébédaan antara BSDB di Kacamatan Sétu jeung BSL nu kapanggih aya dina lima wangun bébédaan nyaéta bébédaan fonétik, semantik, onomasiologis, semasiologis jeung morfologis. Kahiji, bébédaan fonétik anu ngawengku tilu jihat bébédaan nyaéta jihat vokal, konsonan jeung vokal-konsonan. Tina jihat vokalna kapanggih 49 kecap kalayan pola vokalna nyaéta 21 pola. Contona kecap (487) kemasen dina BSDB jeung kamasan dina BSL kalayan pola vokal /e//a/, tina jihat konsonan kapanggih 44 kecap kalayan pola konsonanna nyaéta 34 pola. Contona kecap (107) gendang dina BSDB jeung kecap kendang dina BSL kalayan pola kosonan /g//k/. Pamungkas tina jihat vokal-konsonan atawa nu teu kaasup kana jihat vokal atawa konsonan kapanggih aya 28 kecap. Contona kecap (313) kecemek dina BSDB jeung kecap kasemek dina BSL. Kadua, bébédaan semantik anu ngawengku dua jihat bébédaan

nyaéta bébédaan sinonimi jeung homonimi. Tina jihat sinonimina aya 357 kecap contona nyaéta kecap (3) engkong dina BSDB jeung kecap aki dina BSL. Sedengkeun tina jihat homonimina aya 21 kecap. Contona nyaéta kecap salang, dina BSDB (60) salang mangrupa wawadahan tina awi nu digantungkeun luhureun hawu pikeun neundeun dahareun ngarah teu ku sireum. Sedengkeun dina BSL (143) salang mangrupa tali meunang nganyam paragi mawa sumbul atawa elang.

Katilu, bébédaan onomasiologisna kapanggih 7 kecap. Contona

nyaéta kecap (111) pancong (BSDB) nu nuduhkeun harti pacul leutik nu cara makéna digeclukeun saeutik-saeutik (dipancong) jeung kecap (111) koréd (BSL) nu nuduhkeun harti pacul leutik nu cara makéna di

(29)

158

Kaopat, bébédaan semasiologis. Kapanggih 4 kecap. Contona nyaéta

kecap (53/115) lampit dina BSDB nu miboga harti (1) samak lipet, (2) alat paragi ngala lauk (sabangsa waring).

Kalima, bébédaan morfologis. Kapanggih aya 16 wangun bébédaan

kecap. Contona nyaéta kecap (156) ténong (wangun kecap asal) dina BSDB jeung kecap (156) téténong (wangun kecap jembar = Rdp + ténong) dina BSL.

5.1.2.3Analisis papasingan wangun kecap nu kapanggih dina BSDB di Kacamatan Sétu ngawengku dua rupa wangun, nyaéta wangun kecap asal jeung kecap jembar. Kahiji, wangun kecap asal kapanggih aya 274 kecap contona nyaéta kecap (19) oyot, (21) amang, jeung (14) emi. Kadua, kecap jembar anu dibagi deui kana tilu rupa wangun kecap nyaéta kecap rundayan, rajékan jeung kantétan. (1) Kecap rundayan nu kapanggih aya 59 kecap, contona nyéta kecap (415) delitan, (126) parukuyan jeung (122) pandaringan. (2) Kecap rajékan nu kapanggih aya 30 kecap, contona nyéta

kecap (371) onyong-onyong, (449) seleka-seleké jeung (235) sésékéleun. (3) Kecap kantétan nu kapanggih aya 66 kecap, contona nyaéta kecap

(419) cemi beuki, (105) selop jungkung jeung (477) usum mijih.

5.1.2.4Peta sebaran makéna kecap BSDB di Kacamatan Sétu aya 356 peta. Contona nyaéta peta 70 pikeun kecap kacapi. Dina BSDB éta kecap téh jadi kecap kecapi di Désa no. 4 (Cijéngkol), jadi kecap pantun di désa no. 9 (Ragemanunggal), jeung jadi kecap siter di désa no. 1 (Cibening), 2 (Ciledug), 3 (Cikarageman), 5 (Burangkéng), 6 (Kertarahayu), 7 (Lubang Buaya), 8 (Muktijaya), 10 (Tamanrahayu) jeung 11 (Tamansari).

(30)

159

Ace Monika Murdiani, 2013

Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

5.2Saran

Bahan pangajaran dina ieu panalungtikan ngan saukur nepi kana wangun rarancang. Can nepi kana prosés di larapkeun di lembaga pendidikan nu aya di daérah Bekasi, hususna Kabupatén Bekasi. Ku kituna, leuwih punjul deui saupama aya panalungtikan séjén anu ngalarapkeun bahan pangajaran dina ieu panalungtikan kana prosés diajar siswa-siswi di lembaga pendidikan nu aya di wilayah Bekasi. Ieu hal perlu sangkan masarakat Bekasi hususna siswa-siswi di sakola apal nu kumaha saéstuna basa Wewengkon atawa basa Dialék Bekasina sorangan. Ngaliwatan éta prosés, dipiharep siswa-siswi di sakola miboga kareueus maké basa Sunda dialékna deui. Séjén ti éta bisa méré bongbolongan keur guru di sakola pikeun dijadikeun média alternatif ngawanohkeun jeung ngamekarkeun basa Sunda dialék Bekasi.

(31)

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, S. 2010. Prosedur Penelitian: Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: PT. Rineka Cipta.

Chaer, A. & Leonie Agustina. 2010. Sosiolinguistik: Perkenalan Awal. Jakarta: PT.Rineka Cipta.

Danadibrata, RA. 2009. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2007. Standar Kompetensi dan Kompetensi

Dasar Serta Panduan Penyusunan Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Faturohman, T. 1982. Tata Basa Sunda. Bandung: CV. Djatnika.

Hadi, A., Ade Wikaya, Taufik Faturohman. 2009. Peperenian: Kandaga, Unak-Anik, Tutungkusan Jeung Rusiah Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.

Husen, A. & Rahman. 1996. Perencanaan Pengajaran Bahasa. Jakarta: Depdikbud. Iskandarwassid, Spk. 2010. Strategi Pembelajaran Bahasa. Bandung: Sekolah Pasca

Sarjana UPI & PT. Remaja Rosdakarya.

Keraf, G. 1996. Linguistik Bandingan Historis. Jakarta: PT. Gramedia Pustaka Utama.

Mahsun. 2007. Metode Penelitian Bahasa: Tahapan, Starategi, dan téhniknya. Jakarta: PT. RajaGrafindo Persada.

Majid, A. 2012. Perencanaan Pembelajaran. Bandung: PT. Remaja Rosdakarya. Parera, J. D. 1988. Morfologi. Jakarta: PT. Gramedia Pustaka Utama.

Ratna, N. K. 2010. Metodologi Penelitian: Kajian Budaya dan Ilmu-ilmu Sosial Humaniora Pada Umumnya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

(32)

Ace Monika Murdiani, 2013

Basa Sunda Dialék Bekasi Di Kacamatan Sétu Pikeun Bahan Pangajaran Maca Di SMA Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu| perpustakaan.upi.edu

Sudrayat, Y. 2004. Modél Pangajaran Kompeténsi Basa Sunda. Tanggerang: CV. Pamulang.

Sudaryat, Y. 2010. Pedaran Basa Sunda: Pangajaran Basa Sunda pikeun SMU, Mahasiswa PGSD, jeung Guru Basa Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.

Sudaryat, Y., Abud Prawira Sumantri, Karna Yudibrata. 2009. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.

Sudrayat, Y., Iyos Ana Rosmana, Abud Prawira Sumantri. 1993. Wacana, Adegan Kecap, Prase, jeung Klausa Bahasa Sunda. Bandung: CV. Andira Bandung.

Suriamiharja, A., Spk. 1984. Geografi dialek Sunda Kabupaten Bogor. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Suriamiharja, A., Hidayat, Yoyo Mulyana. 1981. Geografi dialek Sunda di Kabupaten Serang. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Tarigan, H. G. 2008. Membaca sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Tim Penyusun UPI. 2012. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Wiryodijoyo, S. 1989. Membaca Strategi Pengantar dan Tekhniknya. Jakarta: Proyek Pengembangan Lembaga Pendidikan Tenaga Kependidikan.

Gambar

tabel jeung peta sebaran kandaga kecap dialék basa Sunda dialék Bekasi nu aya di

Referensi

Dokumen terkait

Menurut Sukmadinata (2011:54) menyatakan bahwa peneltian deskriptif adalah “Suatu metode peneltian yang ditujukan untuk menggambarkan fenomena- fenomena yang ada,

[r]

membuat keputusan untuk melakukan pembelian terhadap produk yang ditawarkan. oleh

Pemerintahan Desa/ Marga Berdasarkan Undang- Undang Nomor 1999 Tentang Pemerintahan Daerah. Jakarta: PT Raja

Pengaruh Penerapan Pendekatan Problem Centered Learning (PCL) Terhadap Peningkatan Kemampuan Penalaran Adaptif Siswa SMP.. Universitas Pendidikan Indonesia |

Studi ini memfokuskan pada permasalahan bagaimana posisi perusahaan terhadap lingkungan internal dan lingkungan eksternal serta strategi pemasaran apa yang tepat diterapkan

Hasil uji koefisien determinasi R Square = 0,706, berarti 70,6% prestasi kerja karyawan dapat dijelaskan oleh kesehatan, keselamatan dan motivasi, sedangkan sisanya 29,4%

Dalam penulisan ilmiah ini, penulis membuat program animasi dengan menggunakan Macromedia Flash MX karena pemakaiannya yang relatif lebih mudah serta kemampuannya yang mengagumkan