• Tidak ada hasil yang ditemukan

STRATÉGI QUESTIONING PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS BIOGRAFI SINGGET : Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-B SMP YAS Bandung Taun Ajaran 2013/2014.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "STRATÉGI QUESTIONING PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS BIOGRAFI SINGGET : Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-B SMP YAS Bandung Taun Ajaran 2013/2014."

Copied!
37
0
0

Teks penuh

(1)

No. 726/FPBS/0251/2014

STRATÉGI QUESTIONING PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS BIOGRAFI SINGGET

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-B SMP YAS Bandung

Taun Ajaran 2013/2014)

SKRIPSI

diajengkeun pikeun nyumponan salasahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Yuny Anggraini

NIM 1005991

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

(2)

Stratégi

Questioning

pikeun Ngaronjatkeun

Kamampuh Nulis Biografi Singget

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas

VII-B YAS VII-Bandung Taun Ajaran 2013/2014)

Oleh Yuny Anggraini

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Yuny Anggraini 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

LEMBAR PENGESAHAN

YUNY ANGGRAINI

STRATÉGI QUESTIONING PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS BIOGRAFI SINGGET

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-B SMP YAS Bandung Taun Ajaran 2013/2014)

Disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping I,

Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. NIP 195901191986011001

Pangaping II,

Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd. NIP 196707101991022001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

(4)
(5)

STRATÉGI QUESTIONING PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS BIOGRAFI SINGGET

(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII-B SMP YAS Bandung

Taun Ajaran 2013/2014)1)

Yuny Anggraini2)

ABSTRAK

Latar belakang penelitian ini adalah kurangnya kemampuan siswa dalam menulis biografi singkat. Oleh karena itu, dengan adanya stratégi questioning diharapkan siswa dapat mengatasi persoalan tersebut. Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan kemampuan siswa dalam pembelajaran menulis biografi singkat sebelum dan sesudah menggunakan strategi questioning, dan untuk mengetahui ada perbedaan yang signifikan antara kemampuan menulis biografi singkat sebelum dan sesudah menggunakan strategi questioning. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode kuasi eksperimen, dengan desain one-group pretest-posttest design. Teknik yang digunakan adalah teknik tes. Adapun instrumen yang digunakan yaitu lembar tes. Penelitian ini dilaksanakan di SMP YAS Bandung kelas VII-B yang berjumlah 47 siswa yang terdiri atas 21 siswa perempuan dan 26 siswa laki-laki. Hasil penelitiannya menunjukkan bahwa kemampuan menulis biografi singkat sebelum menggunakan stratégi questioning dengan rata-rata 55,25, kemampuan menulis biografi singkat sesudah menggunakan stratégi questioning dengan rata-rata 74,40, dan ada perbedaan yang signifikan antara pretest dan posttest menggunakan stratégi questioning berdasarkan hasil titung(16,55) ≥ ttabél (2,40). Dengan demikian, hasil penelitian ini menunjukkan bahwa strategi questioning bisa meningkatkan kemampuan menulis biografi singkat kepada siswa kelas VII-B SMP YAS Bandung tahun ajaran 2013/2014.

Kata Kunci: stratégi questioning, nulis biografi singget

1) Skripsi dibimbing oleh Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd dan Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd.

(6)

QUESTIONING STRATEGY IN IMPROVING WRITING SKILL OF SHORT BIOGRAPHY ABILITY

(Studi Quasi Eksperiment in Student Class VII-B SMP YAS Bandung Academic Year 2013/2014) 1)

Yuny Anggraini2)

ABSTRACT

The background of this research was the lack of students’ ability in writing a short biography. Therefore, with questioning strategy, the students are expected to be

able in overcoming the problem. This research attempts to describe students’

ability in writing a short biography before and after using questioning strategy and

the significant difference between students’ ability in writing a short biography

before and after using questioning strategy. The method used in this research was quasi-experimental method, with one-group pretest-posttest design and the technique used was test technique. The instrument used was worksheet. This research was conducted in SMP YAS Bandung class VII B which consisted of 47

students. The results were students’ ability in writing a short biography before

using questioning strategy with the mean score was 55,25, students’ ability in writing a short biography after using questioning strategy with the mean score was 77,40, and there was significant difference between pretest and posttest of using questioning strategy based on the result of titung (16,55) ≥ ttabél (2,40). Therefore, the hypotheses of this research shows that questioning strategy could improve

students’ ability in writing a short biography in class VII-B SMP YAS Bandung

2013/2014.

Keywords: questioning strategy, short biography ability

1) Skripsi dibimbing oleh Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd and Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd.

(7)

DAPTAR EUSI

ABSTRAK ...i

PANGJAJAP ...ii

TAWIS NUHUN ...iii

DAPTAR EUSI ... vi

DAPTAR TABÉL ...ix

DAPTAR GRAFIK ...x

DAPTAR GAMBAR ...xi

DAPTAR LAMPIRAN ...xii

DAPTAR SINGGETAN ...xiii

BAB 1 BUBUKA ...1

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ...1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ...3

1.2.1 Watesan Masalah ... 1.2.2 Rumusan Masalah ... 4 4 1.3 Tujuan Panalungtikan ...4

1.3.1 Tujuan Umum ...5

1.3.2 Tujuan Husus ...5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ...5

1.4.1 Mangpaat Tioritis...5

1.4.2 Mangpaat Praktis ...5

1.5 Raraga Tulisan ...6

BAB II RANGKAY TIORI, RARAGA MIKIR JEUNG HIPOTÉSIS ...7

2.1 Rangkay Tiori ...7

2.1.1 Stratégi Pangajaran ...7

2.1.2 Stratégi Questioning ...8

2.1.2.1 Wangenan Stratégi Questioning ...8

2.1.2.2 Tujuan jeung Mangpaat Questioning...9

(8)

2.1.2.4 Wangun-wangun Patalékan ...11

2.1.2.5 Kritéria Questioning nu Hadé ...14

2.1.2.6 Stratégi-stratégi Questioning ...14

2.1.3 Nulis ... 16

2.1.3.1 Wangenan Nulis...16

2.1.3.2 Fungsi Nulis ...17

2.1.3.3 Tujuan Nulis ...17

2.1.3.4 Mangpaat Nulis ...18

2.1.3.5 Wangun Nulis ...19

2.1.3.6 Léngkah-léngkah anu Kudu Diperhatikeun dina Nulis ...20

2.1.4 Biografi Singget ...21

2.1.4.1 Wangenan Biografi ...21

2.1.4.2 Mangpaat Biografi ...22

2.1.4.3 Wangun-wangun Biografi ...22

2.1.4.4 Léngkah-léngkah Nulis Biografi ...24

2.1.5 Stratégi Questioning dina Ngalarapkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget ...24

2.2 Raraga Mikir ...25

2.3 Hipotésis ...26

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN ...27

3.1 Sumber Data ...27

3.2 Désain Panalungtikan ...27

3.3 Métode Panalungtikan ...28

3.4 Wangenan Operasional ...28

3.5 Instrumén Panalungtikan ...29

3.6 Téhnik Panalungtikan ...32

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data...32

3.6.2 Téhnik Ngolah data ...32

3.6.2.1 Mariksa jeung Meunteun Hasil Pretés jeung Postés ...32

3.6.2.2 Ngasupkeun Data Peunteun Pretés jeung Postés ...35

(9)

3.6.2.4 Uji Gain ...40

3.6.2.5 Uji Hipotésis ...41

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ...44

4.1 Hasil Panalungtikan ...44

4.1.1 Kamampuh Nulis Biografi Singget Saméméh Ngagunakeun Stratégi Questioning Siswa Kelas VII-B SMP YAS Bandung ...44

4.1.2 Kamampuh Nulis Biografi Singget Sabada Ngagunakeun Stratégi Questioning Siswa Kelas VII-B SMP YAS Bandung ...49

4.1.3 Analisis Béda anu Signifikan antara Kamampuh Nulis Biografi Singget Saméméh jeung Sabada Ngagunakeun Stratégi Questioning Siswa Kelas VII-B SMP YAS Bandung ...54

4.1.3.1 Uji Sipat Data ...56

4.1.3.2 Uji Gain ...65

4.1.3.3 Uji Hipotésis ...68

4.2 Pedaran Hasil Panalungtikan Stratégi Questioning pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget Siswa kelas VII-B SMP YAS Bandung ...71

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN...73

5.1 Kacindekan ...73

5.2 Saran ...74

DAPTAR PUSTAKA ...75

LAMPIRAN ...78

(10)

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Nulis mangrupa kaparigelan anu kudu kacangking ku siswa dina unggal pangajaran, boh eksak boh noneksak. Ku kituna, nulis dijadikeun salasahiji materi poko dina kurikulum pangajaran ti SD, SMP/MTs, SMA/MA, nepi ka Paguron Luhur. Utamana dina pangajaran basa Indonesia, basa Inggris, basa Sunda, jeung basa-basa séjén nu diajarkeun di sakola. Nurutkeun Gebhardt jeung Rodrigues (1989), nulis mangrupa salasahiji hal nu pangpentingna di tataran sakola.

Sudaryat (2009, kc. 99) nétélakeun yén nulis atawa ngarang mangrupa kamampuh makéna basa dina wangun tinulis pikeun nepikeun gagasan, eusi pikiran, kahayang, kereteg haté atawa informasi. Katitén dina SKKD Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda yén dipiharep siswa mampuh nulis pikeun ngébréhkeun amanat/pesen (pikiran, rasa, jeung kahayang) dina rupa-rupa wangun sarta jenis karangan (wacana tulis), kaparigelan nulis mangrupa salasahiji komponén tina kaparigelan basa. Nulis mangrupa hiji kagiatan nu produktif jeung ekspresif nu mibanda peranan anu kawilang penting pang-pangna dina wangun

atikan sabab ngahasilkeun karya karangan.

(11)

2

rasa, jeung kahayang dina wangun nulis pangalaman, biografi, sajak, jeung bahasan. Katut kompeténsi dasar 7.4.2 nulis biografi singget.

Dina prak-prakanana, pangajaran nulis di sakola hususna di SMP YAS Bandung, dumasar kana hasil survéy nu geus dilakonan ku panalungtik nalika PPL di éta sakola, kamampuh siswa dina pangajaran nulis hususna pangajaran nulis biografi singget basa sunda masih kénéh loba kahéngkéranana sarta loba bangbaluhna, boh bangbaluh ti siswana boh ti guruna. Sawatara bangbaluh anu karandapan téh tétéla pangajaran nulis biografi kurang dicangkem ku para siswa. Anapon hasil nulis biografi siswa téh kurang nyugemakeun, lantaran siswa kurang mampuh mekarkeun basa dina nulis jeung siswa can mampuh ngagunakeun éjahan tur kekecapan anu merenah. Ieu hal lantaran siswa kurang maham naon ari biografi téh jeung kumaha nyieun biografi anu nyumponan sarat-sarat biografi (rangkay karangan, kajadian penting, jeung kronologi kahirupan hiji jalma). Salian ti éta, kurangna minat siswa dina nulis lantaran guru anu kurang kreatif dina ngagunakeun stratégi pangajaran, sarta dina proses diajar pangajaran nulis anu monoton.

(12)

3

dina nulis biografi singget. Hal-hal éta baris dibuktikeun dina hiji tindakan, nya éta tindakan maluruh stratégi pangajaran anu hadé pikeun kagiatan nulis biografi singget. Salasahiji stratégi anu bisa ku guru diterapkeun nya éta stratégi questioning.

Stratégi questioning mangrupa bagéan atawa komponén pamarekan kontékstual. Prosés questioning dina pangajaran kontékstual minangka tarékah guru pikeun ngaronjatkeun pangaweruh siswa dina mikanyaho hiji hal, muserkeun siswa pikeun meunangkeun informasi, jeung mikanyaho kamampuh mikir siswa. Proses questioning dina pangajaran kontékstual mangrupa evaluasi pikeun kamampuh siswa dina nyangking matéri nu ditepikeun ku guru (Putra, 2013, kc. 74). Nurutkeun Brown & Edmondson (1984) yén questioning mangrupa patalékan anu ngulik atawa nyiptakeun élmu tina diri siswa. Proses questioning atawa ngajukeun patalékan dijadikeun tarékah ngaronjatkeun sumanget siswa pikeun nimukeun pangaweruh jeung matéri anu kudu diajar sacara mandiri. Ku kituna, questioning mangrupa aspék anu penting pisan. Ku ayana patalékan, guru bisa

ngabimbing jeung ngarahkeun siswa pikeun nimukeun konsep pangaweruhna sorangan. Dumasar pamadegan di luhur, yén stratégi questioning pikeun pangajaran nulis biografi singget payus pisan pikeun diterapkeun.

Salila panalungtik maluruh kajian panalungtikan nu geus aya, hususna di perpustakaan Pendidikan Bahasa Daerah. Panalungtikan anu ngagunakeun stratégi questioning pikeun stratégi pangajaran saméméhna can kungsi aya. Anapon

skripsi anu kapanggih ku panalungtik nya éta skripsi anu geus nalungtik ngeunaan

nulis biografi, nya éta kalawan judul “Éféktivitas Média Majalah Dingding

(Mading) dina Pangajaran Nulis Biografi (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X Multimédia-1 SMK Pasundan 3 Kota Bandung)” anu ditalungtik ku

Rahayu (2010). “Teknik Wawancara Pikeun Ningkatkeun Kamampuh Nulis Biografi (Panalungtikan Tindakan Kelas ka Siswa Kelas X-E SMA Pasundan 1 Bandung Taun Ajar 2010/2011)” anu ditalungtik ku Satriadi (2011). “Stratégi Modeling Berbasis Teks (SMBT) pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis

(13)

4

Dumasar kana pedaran di luhur, panulis nalungtik “Stratégi Questioning pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Biografi Singget (Studi Kuasi Ekspérimén ka Siswa Kelas VII-B SMP YAS Bandung Taun Ajaran 2013/2014)”. perlu dilaksanakeun.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Watesan Masalah

Dumasar kana kasang tukang di luhur, sangkan masalah dina ieu panalungtikan teu lega teuing ambahanana tur ieu panalungtikan anu dilaksanakeun téh bisa museur. Ku kituna, panalungtik ngawatesanan ieu panalungtikan kana stratégi questioning pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget siswa kelas VII-B SMP YAS Bandung taun ajaran 2013/2014 ditilik tina aspék kualitas jeung lingkup eusi, organisasi jeung tampilan eusi, tata basa, gaya basa, ejaan sarta karapihan tulisan.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana identifikasi di luhur, rumusan anu jadi masalah dina ieu panalungtikan nya éta:

1) kumaha kamampuh nulis biografi singget saméméh ngagunakeun stratégi questioning siswa kelas VII-B SMP YAS Bandung?

2) kumaha kamampuh siswa nulis biografi singget sanggeus ngagunakeun stratégi questioning siswa kelas VII-B SMP YAS Bandung?

3) naha aya bédana anu signifikansi antara kamampuh nulis biografi singget saméméh jeung sanggeus ngagunakeun stratégi questioning siswa kelas VII-B YAS Bandung?

1.3 Tujuan Panalungtikan

(14)

5

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum ieu panalungikan nya éta nguji cocog henteuna stratégi questioning dina ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun: 1) kamampuh awal nulis biografi singget saméméh ngagunakeun stratégi

questioning siswa kelas VII-B YAS Bandung.

2) kamampuh ahir nulis biografi singget sabada ngagunakeun stratégi questioning siswa kelas VII-B YAS Bandung.

3) béda anu signifikan antara kamampuh nulis biografi singget saméméh jeung sabada ngagunakeun stratégi questioning siswa kelas VII-B SMP YAS Bandung.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat tina ieu panalungtikan ngawengku mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis, sakumaha anu dipedar ieu di handap:

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep aya mangpaat pikeun mekarkeun tiori pangajaran nulis, utamana dina milih stratégi pangajaran nu cocog pikeun dilarapkeun sangkan bisa ngahontal tujuan pangajaran.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis, ieu panalungtikan miboga mangpaat pikeun guru, siswa, jeung nu nalungtik:

1) Mangpaat pikeun guru

(15)

6

2) Mangpaat pikeun siswa

Ieu panalungtikan bisa ngaronjatkeun kaparigelan kamampuh nulis biografi singget jeung siswa mikaweruh cara nulis nu hadé ogé luyu jeung kanyataan. 3) Mangpaat pikeun nu nalungtik séjén

Ieu panalungtikan bisa dijadikeun dadasar pikeun nyieun panalungtikan nu sarupa.

1.5 Raraga Tulisan

(16)

BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

Dina bab tilu dipedar sababaraha hal, nya éta (1) sumber data, (2) désain panalungtikan, (3) métode panalungtikan, (4) wangenan operasional, (5) instrumén panalungtikan, jeung (6) téhnik panalungtikan.

3.1 Sumber Data

Sumber data panalungtikan mangrupa subjék anu ngahasilkeun éta data (Arikunto, 2010, kc. 172). Hiji panalungtikan dina nangtukeun objékna aya anu langsung ditangtukeun jeung aya ogé anu kudu nangtukeun populasi jeung sampelna heula. Dina ieu panalungtikan objék datana langsung ditangtukeun lantaran métode anu digunakeunna nya éta kuasi ékspérimen ka hiji kelas.

Sumber data ieu panalungtikan nya éta kelas VII-B SMP YAS Bandung taun ajaran 2013/2014 anu jumlah siswana 47 siswa. Sangkan leuwih jéntré ngeunaan kaayaan siswa kelas VII-B di SMP YAS Bandung, bisa katitén dina tabél ieu dihandap:

Tabél 3.1 Sumber Data

Kelas Siswa Jumlah

Awéwé Lalaki

VII-B 21 26 47

3.2 Désain Panalungtikan

Nurutkeun Sugiyono (2009, kc. 74) dina métode pre-ekperimental aya tilu desain, nya éta (1) one-shot case study, (2) one-group pretest-posttest design, (3) intact-group comparison. Ku kituna, desain panalungtikan anu digunakeun nya

éta one-group pretest-posttest design. Pretés dilaksanakeun pikeun ngukur kamampuh awal siswa saméméh dilaksanakeun treatment. Postés dilaksanakeun pikeun ngukur kamampuh siswa sabada dilaksanakeun treatment (stratégi questioning). Sangkan leuwih jéntré desain panalungtikan pre-ekperimental nu

(17)

28

di handap:

Tabél 3.2

Desain Panalungtikan one-group pretest-posttest design

O1 X O2

Katerangan:

O1 nya éta tés awal anu dilaksanakeun saméméh dibéré perlakuan. O2 nya éta tés ahir anu dilaksanakeun sabada dibéré perlakuan.

X nya éta perlakuan anu dilakukeun tur ditingali pangaruhna dina éta eksperimén. Perlakuan nu dimaksud nya éta stratégi questioning (Sugiyono, 2009, kc. 74).

3.3 Métode Panalungtikan

Nurutkeun Sugiyono (2009, kc. 2) métode panalungtikan mangrupa hiji cara ilmiah pikeun meunangkeun data nu valid kalayan tujuan jeung kagunaan anu tangtu. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi eksperimen, ieu métode digunakeun pikeun ngukur éféktivitas jeung maluruh pangaruh stratégi questioning kana kamampuh nulis biografi singget siswa kelas VII-B SMP YAS Bandung.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan ieu panalungtikan téh leuwih jéntré sarta henteu nimbulkeun persépsi anu béda-béda kana judul panalungtikanna, baris ditataan heula istilah-istilah anu aya patalina jeung ieu panalungtikan nya éta:

(18)

29

siswa bisa maham kana matéri pangajaran anu dipedar pikeun ngahontal tujuan pangajaran anu geus ditangtukeun jeung ngarojong siswa dina kamampuh mikir.

2) Kamampuh nulis biografi singget nya éta tolak ukur tina kaparigelan siswa dina hiji kagiatan makéna basa dina wangun tinulis pikeun nepikeun gagasan, eusi pikiran, atawa informasi ngeunaan fakta-fakta lalampahan hirup hiji jalma anu dilakukeun ku siswa pikeun ngébréhkeun pola mikir siswa. Nulis biografi singget nya éta salasahiji kompetensi dasar anu diajarkeun ka kelas VII.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta pakakas/alat bantu anu digunakeun pikeun panalungtikan. Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta lembar soal tés atawa tés tulis. Nurutkeun Subana (2000, kc. 28) tés minangka instrumén ngumpulkeun data nya éta runtuyan patalékan atawa latihan nu digunakeun pikeun ngukur kaparigelan, pangaweruh, inteligensi, kamampuh atawa bakat anu dipiboga ku individu atawa kelompok. Tés anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta lembar soal tés anu mangrupa tés subjéktif dina wangun paréntah jeung hasil tés anu mangrupa uraian. Hasil tés anu diniléy nya éta dumasar kana kritéria meunteun anu ngawengku genep aspék, ditilik tina aspek kualitas jeung lingkup eusi; organisasi jeung tampilan eusi; aspék tata basa; aspék gaya basa; jeung aspék karapihan tulisan.

(19)

30

Instrumén Pretés

Gambar 3.1 Lembar Soal Tés Awal Soal Tés Awal

Wasta : ____________________________

No Absen : ____________________________

Ping : ____________________________

Jieun hiji karangan biografi singget, kalawan niténan

katangtuan ieu di handap.

1) Pilih salasahiji téma ieu di handap a. Indung,

b. Bapa, c. Guru,

d. Babaturan, atawa

e. Tokoh idola sewang-séwangan. 2) Ngagunakeun basa tur éjaan anu merenah 3) Panjang karangan minimal 3 paragraf.

__________________________

(20)

31

Instrumén Postes

Gambar 3.2 Lembar Soal Tés Ahir Soal Tés Ahir

Wasta : ____________________________

No Absen : ____________________________

Ping : ____________________________

Jieun hiji karangan biografi singget, kalawan niténan

katangtuan ieu di handap.

1) Pilih salasahiji téma ieu di handap; a. babaturan sabangku, atawa b. guru

2) Ngagunakeun rangkay karangan ku cara hidep tumanya (questioning) ka hiji jalam luyu jeung katangtuan tema anu di luhur, ti mimiti dibabarkeunana iraha jeung dimana, putra saha, riwayat sakolana, hobina, jeung prestasina. Tanyakeun ogé pangalaman anu istimewa anjeunna;

3) Ngagunakeun basa tur éjaan anu merenah; 4) Panjang karangan minimal 3 paragraf.

__________________________

(21)

32

3.6 Téhnik Panalungtikan

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés. Nurutkeun Subana (2000, kc. 28) tés minangka instrumén ngumpulkeun data nya éta runtuyan patalékan atawa latihan anu digunakeun pikeun ngukur kaparigelan, pangaweruh, inteligensi, kamampuh atawa bakat anu dipiboga ku individu atawa kelompok. Jadi téhnik tés digunakeun pikeun ngumpulkeun data kamampuh nulis biografi singget siswa kelas VII-B di SMP YAS Bandung. Ku kituna, panalungtik meunangkeun data panalungtikan tina hasil proses diajar siswa, ieu data ku cara méré soal tés pretés jeung postés ka siswa. Pretés dilaksanakeun pikeun meunangkeun data kamampuh awal dina nulis biografi singget siswa kelas VII-B SMP YAS Bandung, sedengkeun postés dilaksanakeun pikeun meunangkeun data kamampuh ahir siswa kelas VII-B SMP YAS Bandung, ngeunaan kamampuh nulis biografi singget sabada ngagunakeun stratégi questioning.

3.6.2 Téhnik Ngolah Data

Téhnik ngolah data mangrupa kagiatan nganalisis jeung ngolah data anu geus kakumpulkeun. Aya sawatara léngkah-léngkah anu kudu dilaksanakeun ngaliwatan tahap-tahap saperti ieu.

3.6.2.1 Mariksa jeung meunteun hasil pretés jeung postés

Hasil pretés jeung postés dipariksa jeung dianalisis anu satuluyna ditabulasikeun, tujuanna pikeun mikanyaho rata-rata peunteun siswa. Pikeun meunangkeun hiji data, aya sababaraha kritéria anu bakal diajén tina hasil nulis biografi singget. Hasil nulis biografi singget siswa diajén dumasar kana aspék-aspék ieu di handap.

a. Kualitas jeung lingkup eusi, nya éta mariksa gagasan dina tulisan anu disusun ku murid.

(22)

33

c. Tata basa, nya éta kalimah anu ditulis ku murid. Fungsi kalimah ngawengku jejer (subjék), carita (prédikat), salaku unsur anu wajib aya, sarta udagan (obyék), panglengkep, jeung katerangan.

d. Gaya basa, nya éta milih gaya sarta tulisan anu merenah, katitén tina ngagunakeun kalimah anu éféktif sarta ngagunakeun basa anu bener.

e. Éjahan, nya éta dipuseurkeun dina ngagunakeun hurup capital, ngamimitian dina nulis, ngagunakeun rarangkén hareup, jeung dina makéna tanda baca. f. Karapihan tulisan, mangrupa tampilan luar nya éta tulisan hasil murid anu

bisa dibaca kalayan ngagunakeun hurup anu jelas.

Sangkan cara meunteun leuwih babari, aspék-aspék anu dipeunteun aya dina ieu tabél di handap.

Tabél 3.3

Kriteria Meunteun Nulis Biografi Singget

Kamampuh

Nulis Skor Tingkat Kritéria

(1) (2) (3) (4)

Kualitas jeung Lingkup Eusi 5 4 3 2 1 Hadé Pisan Hadé Sedeng Kurang Kurang pisan

Ngarti pisan, pinuh ku gagasan, luyu pisan jeung topik, jéntré pisan

Ngarti, pinuh ku gagasan nu alus, luyu jeung topik, jéntré

Ngarti kalawan ngawates, gagasan ngawates, jéntré kalawan ngawates Kurang ngarti, kurang gagasan, kurang jéntré

Teu ngarti, miskin gagasan, teu keuna jeung jejer Organisasi jeung Tampilan Eusi 5 4 3 2 1 Hadé pisan Hadé Sedeng Kurang Kurang pisan

Eusi lengkep pisan, rinci pisan, logis, kohési luhur pisan

Eusi lengkep, rinci, urutan logis, kohesi kurang luhur

Eusi lengkep, kurang rinci, urutan logis, kohési kurang luhur

Eusi teu lengkep, kurang rinci, kurang logis, kohési teu luhur

(23)

34

(1) (2) (3) (4)

Tata Basa 5

4 3 2 1 Hadé pisan Hadé Sedeng Kurang Kurang pisan

Nyusun kalimah komplék, ngawasa pisan tatabasa

Nyusun kalimah basajan, saeutik

kasalahan tata basa, kurang ma’na

Nyusun kalimah basajan, loba kasalahan tatabasa

Hésé nyusun kalimah basajan, loba

kasalahan tata basa ngawurkeun ma’na

Teu ngawasa nyusun kalimah, teu komunikatif, teu cukup dipeunteun

Gaya Basa 5

4 3 2 1 Hadé pisan Hadé Sedeng Kurang Kurang pisan

Merenah pisan, éféktif pisan, ngawasa pisan milih kecap anu merenah

Merenah, éféktif, milih kecap merenah saeutik salahna

Merenah kalawan ngawates, éféktif, milih kecap merenah, aya kasalahan Kurang merenah, kurang éféktif, kurang ngawasa milih kecap, loba kasalahan Teu merenah, teu éféktif, teu paham milih kecap. Loba pisan kasalahan.

Éjahan 5

4 3 2 1 Hadé pisan Hadé Sedeng Kurang Kurang pisan

Ngawasa pisan kaédah dina nulis kecap, teu aya kasalahan

Ngawasa kaédah dina nulis kecap, saeutik aya kasalahan

Ngawasa kaédah dina nulis kecap, kasalahan teu loba pisan

Kurang ngawasa kana kaédah dina nulis kecap, loba pisan kasalahan

Teu ngawasa kana kaédah nulis, teu cukup pikeun dipeunteun

Karapihan Tulisan 5 4 3 2 1 Hadé pisan Hadé Sedeng Kurang Kurang pisan

Alus pisan, rapih, babari kabaca, beresih Rapih, kabaca, saeutik corétan

Kurang rapih, kabaca, loba corétan Teu rapih, loba anu teu kabaca, loba corétan, kotor

Teu rapih, tulisan teu kabaca

Jumlah Skor 6-30

(24)

35

Skala Likert (Riduwan & Sunarto, 2013, kc. 20) Kritéria Skor

Hadé pisan : 30-27 Hadé : 26-23 Sedeng : 22-18 Kurang : 17-12 Kurang pisan : 11-6

Sabada kapanggih skorna dumasar kana aspék anu aya dina tabél di luhur, pikeun nangtukeun peunteun ahir karangan biografi singget siswa, tuluy dipeunteun dumasar kana rumus:

Katerangan:

P = peunteun

∑ Skor siswa = jumlah peunteun siswa

∑ Skor maksimal = jumlah peunteun maksimal Tabél 3.4

Katégori Peunteun Kaparigelan Nulis Biografi Singget

No Katégori Peunteun

1 Mampuh ≥ 70

2 Can Mampuh ≤ 70

3.6.2.2 Ngasupkeun Data Peunteun Pretés jeung Postés

Pikeun ngasupkeun data peunteun hasil pretés jeung postés nya éta kana tabél ieu di handap.

Tabél 3.5

Format Skor Pretés Jeung Postés Nulis Biografi Singget

No Ngaran

Siswa A B C D E F P % Katégori

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10) (11) (12) 1

2

….

(25)

36

Katerangan:

A = Kualitas jeung Lingkup Eusi B = Organisasi jeung Tampilan Eusi C = Tata Basa

D = Gaya Basa E = Éjahan

F = Karapihan Tulisan

∑ = Jumlah skor P = Peunteun

% = Peunteun dina Persen

3.6.2.3 Uji Sipat Data

Pikeun nguji sipat data dilakukeun ku cara uji normalitas jeung uji homogénitas.

1) Uji Normalitas

Uji normalitas tujuanna pikeun ngayakinkeun yén kamampuh siswa mibanda distribusi anu normal. Salaku sarat anu kudu dicumponan pikeun nguji kamampuah rata-rata, pikeun nangtukeun yén data téh mibanda sifat nu normal atawa teu normal. Ngagunakeun rumus Chi Kuadrat (X²). Saméméh ngagunakeun rumus Chi Kuadrat (X²), aya sawatara léngkah anu kudu dilakukeun. Éta léngkah-léngkah téh baris dipedar ieu di handap.

a. Nangtukeun nilai panggedéna jeung pangleutikna

b. Ngitung rentang r (range). Daérah jangkauan data atawa range nya éta selisih data anu panggedéna (maksimum) jeung data anu pangleutikna (minimal), anu dinotasikeun dina rumus ieu di handap:

Katerangan:

R : rentang/range (jangkauan) Xmaks : skor panggedéna

Xmin : skor pangleutikna (Subana, 2005, kc. 38)

(26)

37

c. Nangtukeun jumlah kelas interval (k), kalawan rumus:

Katerangan:

k : lobana kelas

n : lobana data (frekuensi) 3,3 : bilangan konstan

(Subana, 2005, kc. 39) d. Nangtukeun panjang kelas interval (p), kalawan rumus:

Katerangan:

p : panjang kelas (interval kelas) r : rentang (jangkauan)

k : lobana kelas

(Subana, 2005, kc. 40) e. Nyieun tabél frekuensi peunteun tés awal jeung tés ahir, kalayan

ngagunakeun tabél ieu di handap:

Tabél 3.6

Format Frékuénsi Peunteun Pretés jeung Postés

No Kelas Interval

f

x

x

²

f

x

f

x

²

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7)

1 2

Σ

f. Ngitung rata-rata (méan) peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan ngagunakeun rumus ieu di handap:

k = 1 + 3,3 Log n

(27)

38

Katerangan:

̅

= rata-rata (méan)

= jumlah (sigma)

= jumlah data

= nilai tengah

(Subana, 2005, kc. 63)

g. Ngitung standar deviasi (sd), carana nya éta:

h. Ngitung frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi. Carana nya éta: (1) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi

Tabél 3.7

Format Frékuénsi Observasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi

Kelas

Interval O

Bk Handap

BK

Luhur Z Ztabel L E

(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9)

1 2

… ∑

Katerangan:

KI : lobana kelas interval ngagunakeun aturan Struges Oᵢ : frékuénsi obsérvasi

Bk : batas kelas

Z : transformasi normal standar bébas kelas Ztabél : nilai Z tina tabél distribusi data normal

L : lega kelas interval

Eᵢ : frékuénsi ékspéktasi (n x luas Ztabél)

(Subana, 2005, kc. 125) (2) Nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi)

(3) Nangtukeun batas kelas interval (bk)

(28)

39

(4) Ngitung (transformasi normal standar bébas kelas)

(5) Nangtukeun Ztabel

(6) Ngitung lega kelas interval (L)

(7) Ngitung frékuénsi ékspéktasi, ku cara:

(8) Nangtukeun nilai X² (Chi Kuadrat)

(Sudjana, 2005, kc. 273) (9) Nangtukeun darajat kabébasan (dk)

(Sudjana, 2005, kc. 293) (10) Nangtukeun harga X² tabél

(11) Nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria ieu di handap:

(a) Lamun X2itung ≤ X2tabél, hartina data atawa populasi distribusina normal.

(b) Lamun X2itung ≥ X2tabél, hartina data atawa populasi distribusina teu normal.

2) Uji Homogénitas

Uji homogénitas nya éta pikeun mikanyaho homogén atawa henteuna populasi data anu diujikeun. Léngkah-léngkah pikeun nangtukeun homogénitas nya éta:

̅

L = Z

tabél2

- Z

tabél1

E

= n x L

ᵢ ᵢ

(29)

40

a. Ngitung variansi masing-masing kelompok Variansi tés awal

Variansi tés ahir

(Sudjana, 2005, kc. 95) b. Ngitung harga variasi (F)

c. Ngitung derajat kabébasan (dk)

d. Nangtukeun harga Ftabél

e. Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria ieu di handap. Saupama Fitung≤ Ftabél hartina variansi sampel homogén.

Saupama Fitung≥ Ftabél hartina variansi sampel teu homogén.

(Sudjana, 2005, kc. 250)

3.6.2.4 Uji Gain

Uji gain miboga tujuan pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan antara hasil pretés jeung postés. Hasil tina uji gain, dipaké salaku gambaran ngeunaan éféktivitas stratégi questioning pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget siswa kelas VII-B SMP YAS Bandung taun ajaran 2013/2014.

Léngkah-léngkah dina uji gain nya éta ngagunakeun tabél ieu di handap.

∑ ᵢ ᵢ ᵢ ᵢ

∑ ᵢ ᵢ ᵢ ᵢ

(30)

41

Tabél 3.8

Format Uji Jumlah Rata-rata Peunteun

No Ngaran

Siswa

Peunteun Pretés (x)

Peunteun Postés (y)

Gain (d)

y-x

(1) (2) (3) (4) (5) (6)

1 2

… ∑

(Subana, 2000, kc. 131)

3.6.2.5 Uji Hipotésis

Dina nagtukeun uji hipotésis aya dua cara nya éta nu kahiji, saupama data hasil uji normalitas nuduhkeun yén éta data miboga distribusi data anu normal, dina nguji éta data hipotésisna ngagunakeun statistik paramétris kalawan ngagunakeun uji t-tés. Kadua, saupama data hasil uji normalitas téh nuduhkeun yén data miboga distribusi data anu teu normal, dina nguji éta data hipotésisna ngagunakeun statistik non paramétris kalawan ngagunakeun uji Wilcoxon.

1) Statistik paramétris

Ieu statistik digunakeun nalika data miboga distribusi anu normal. Léngkah-léngkah dina statistik paramétris nya éta saperti ieu di handap.

a. Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun tés awal jeung peunteun tés ahir. Rumusna nya éta:

b. Ngitung darajat kabébasan (dk), rumusna nya éta:

c. Ngitung jumlah kuadrat déviasi, rumusna nya éta:

dk= n-1

(31)

42

d. Ngitung t, rumusna nya éta:

Katerangan:

t = tés signifikansi

Md = rata-rata (mean) tina béda antara hasil tés awal jeung tés ahir

Σx²d = jumlah kuadrat déviasi n = jumlah subyék dina sampel

e. Ditarima henteuna hipotésis dumasar kana kritéria ieu di handap.

(1) Saupama

t

itung

t

tabél, hartina hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis

nol (Ho) ditolak, nya éta stratégi questioning éféktif dipaké dina pangajaran nulis biografi singget siswa kelas VII-B SMP YAS Bandung taun ajaran 2013/2014.

(2) Saupama

t

itung

t

tabél, hartina hipotésis nol (Ho) ditarima jeung hipotésis

kerja (Ha) ditolak, nya éta stratégi questioning teu éféktif dipaké dina pangajaran nulis biografi singget siswa kelas VII-B SMP YAS Bandung taun ajaran 2013/2014.

(Arikunto, 2010, kc. 349-351) 2) Statistik Non-Parametris

Statistik Non-Paramétris digunakeun saupama data hasil uji normalitas téh nuduhkeun yén data miboga distribusi data anu teu normal, dina nguji éta data kalawan ngagunakeun uji Wilcoxon. Numutkeun Sudjana (2005, kc. 450) léngkah- léngkah uji Wilcoxon, di antarana nya éta:

a. asupkeun peunteun pretés siswa kana kolom ka-2 (XA1); b. asupkeun peunteun pascatés siswa kana kolom ka-3 (XB1);

c. itung bédana antara pretés jeung pascatés ku cara XB1-XB1 tuluy asupkeun hasilna kana kolom ka-4;

(32)

43

d. nangtukeun jenjang ku cara ngurutkeun hasil béda tina kolom ka-4 ti mimiti nilai béda anu pangleutikna nepi anu panggedéna;

e. nilai tina hasil ngabagi téh mangrupa hasil jenjangna; f. sabada diurutkeun, asupkeun nilai jenjang kana kolom ka-5;

g. asupkeun nilai jenjang anu positif kana kolom ka-6, misalna aya nilai béda anu négatif asupkeun kana kolom ka-7;

h. ningali kana tabél harga-harga kritis uji wilcoxon, misal n = 47 kalayan ngagunakeun taraf kasalahan 5% Wtabél = 73;

i. data anu geus diitung tuluy diasupkeun kana tabél uji wilcoxon ieu di handap. Tabél 3.9

Tabél Uji Wilcoxon

NO XA1 XB1 Béda Tanda Jenjang

XA1-XB1 Jenjang + -

(1) (2) (3) (4) (6) (7) (8)

1 2

Katerangan:

XA1 : Peunteun pretés XB1 : Peunteun postés

j. ditarima henteuna hipotésis dina uji Wilcoxon ngagunakeun kritéria ieu di handap.

(1) Saupama Witung (-) ≤ Wtabél dumasar taraf nyata nu ditangtukeun, hartina Ha

ditarima, yén stratégi questioning miboga pangaruh dina ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget siswa kelas VII-B YAS Bandung taun ajaran 2013/2014.

(33)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan jeung analisis data dina bab opat ngeunaan beda anu signifikan dina ngagunakeun stratégi questioning pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget siswa kelas VII-B SMP YAS Bandung taun ajaran 2013/2014, bisa dicindekkeun yén kamampuh siswa dina nulis biografi singget saméméh ngagunakeun stratégi questioning kagolong can mampuh, kalayan rata-ratana 55,25. Kitu ogé tina hasil rata-rata unggal aspek nya éta aspék kualitas jeung lingkup eusi kagolong kana katégori sedeng, rata-ratana 3,02; aspék organisasi jeung tampilan eusi kagolong kana katégori sedeng, rata-ratana 3,00; aspék tata basa kagolong kana katégori kurang, rata-ratana 2,45; aspék éjahan kagolong kana katégori kurang, rata-ratana 2,40; jeung aspék karapihan tulisan kagolong kana katégori sedeng, rata-ratana 3,23. Jadi, skor rata-rata ahir tina sakabéh aspék nya éta 16,57 kalayan rata-rata peunteun 55,25.

Kamampuh siswa dina nulis biografi singget sabada ngagunakeun stratégi questioning kagolong mampuh, kalayan ratana 74,40. Kitu ogé tina hasil

rata-rata unggal aspék nya éta aspék kualitas jeung lingkup eusi kagolong kana katégori hadé, rata-ratana 4,02; aspék organisasi jeung tampilan eusi kagolong kana katégori hadé, rata-ratana 3,85; aspék tata basa kagolong kana katégori hadé, rata-ratana 3,47; gaya basa kagolong kana katégori hadé, rata-ratana 3,55; éjahan kagolong kana katégori sedeng, rata-ratana 3,32; jeung karapihan tulisan kagolong kana katégori hadé pisan, rata-ratana 4,11.

Aya ningkatna antara kamampuh nulis biografi singget saméméh jeung sabada ngagunakeun stratégi questioning, katitén tina hasil rata-rata pretés sakabéh aspékna nya éta 16,57 kalawan rata-rata peunteun 55,25 jeung hasil rata-rata postés sakabéh aspékna nya éta 22,32 kalawan rata-rata-rata-rata peunteun 74,40.

(34)

74

pretés nya éta 55,25 sedengkeun uji gain postés nya éta 74,40. Jadi rata-rata gainna nya éta 19,15. Uji hipotésis ngahasilkeun titung ≥ ttabél nya éta 16,55 ≥ 2,40, hartina yén hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis nol (Ho) ditolak. Ieu hal nuduhkeun yén stratégi questioning éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget ka siswa kelas VII-B YAS Bandung.

5.2 Saran

Dumasar kana hasil panalungtikan anu geus dilaksanakeun, aya sababaraha saran anu diébréhkeun ku panalungtik pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis biografi singget, nya éta:

1) Stratégi questioning bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa dina nulis biografi singget. Ku kituna, stratégi questioning bisa dijadikeun alternatif stratégi pangajaran dina pangajaran nulis, hususna dina pangajaran nulis biografi singget;

2) Dina panalungtikan nulis biografi singget ngagunakeun stratégi questioning aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun, nya éta nangtukeun stratégi pangajaran anu cocog pikeun nepikeun matéri, maham kana stratégi-stratégi questioning, ngararancang pangajaran kalayan bener jeung bisa nyiptakeun

suasana kelas anu ngirut; sarta

(35)

DAPTAR PUSTAKA

Alwasilah, C & Alwasilah, S. (2007). Pokoknya Menulis. Bandung. PT Kiblat Buku Utama.

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Brown, G. A & Edmondson, R. (1984). Wangenan Questioning. [online]. Aya dina: http://irdahendro.blogspot.com/2012/03/teknik-bertanya.html [diunduh 11 januari 2014]

Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa barat. (2007). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung.

Ernest (2009). Materi Biografi. [online]. Aya dina: http://search.4shared.com/postDownload/QHT4Llu0/materi_biografi.html [diunduh 3 februari 2014]

Gebhardt & Rodrigues. (1989). Pengertian Menulis. [online]. Aya dina: http://duniabaca.com/pengertian-menulis-menurut-para-ahli.html

[diunduh 14 januari 2014]

Hasibun & Moedjioni. (1995). Proses Belajar Mengajar. Bandung: PT Remaja Rosdakarya.

Indrawati. (2005). Tehnik Bertanya. Bandung. Departemen Pendidikan nasional. Jauhari, H. (2013). Terampil Mengarang. Bandung: Nuansa Cendekia.

Jocabsen, D.A, spk. (2009). Metode For Teaching: Metode-metode Pengajaran Meningkatkan belajar siswa TK-SMA. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

(36)

76

Maharani, N. (2013). Materi Bahasa Indonesia: Biografi. [online]. Aya dina: http://www.slideshare.net/nindyaagassi/materi-bahasa-indonesia-biografi [diunduh 3 februari 2014]

Marno & Idris. (2010). Strategi & Metode pangajaran Menciptakan Keterampilan Mengajar yang Efektif dan Edukatif. Jogjakarta: AR-RUZZ GROUP

Nur, S.Y & Hazma. (2009). Kiat Penulisan Laporan Ilmiah Untuk Program Diploma. Bandung: Politehnik Negeri Bandung.

Nurjanah, N. (2009). Teori Nulis. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Poerwadarminata. (1984). ABC Karang-Mengarang. Yogyakarta: CV “Karyono” Putra, J.D. (2013). Inspirasi Mengajar Harvard University. Jogjakarta. Diva

Press.

Rahayu, M. (2010). Éféktivitas Média Majalah Dingding (Mading) dina Pangajaran Nulis Biografi (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X

Multimédia-1 SMK Pasundan 3 Kota Bandung). Skripsi. JPBD FPBS UPI

BDG.

Rahman. (2006). Teori Belajar dan Pembelajaran. Bandung: FPBS UPI

Riduan & Sunarto. (2013). Pengantar Statistika untuk penelitian pendidikan, sosial, ekonomi, komunikasi, dan bisnis. Bandung: Alfabeta.

Rusman. (2012). Model-model Pembelajaran. Jakarta: PT Rajagrapindo Persada. Sanjaya, W. (2009). Strategi Pembelajaran Berorientasi Standar Proses

Pendidikan. Jakarta: Kencana Prenada Media Group.

Subana, Rahadi, & Sudrajat. (2000). Statistik Pendidikan. CV Pustaka Setia. Sudaryat, Y. (2009). Pamekar Kaparigelan basa Sunda. Bandung: Pustaka Luang. Sudjana, N. (2000). Dasar-dasar Proses Belajar Mengajar. Bandung: PT Sinar

(37)

77

Sudjana, S. (2000). Strategi Pembelajaran (pendidikan luar sekolah). Bandung: Falah Production.

Sudjana. (2005). Metoda Statistik. Bandung: PT Tarsito Bandung.

Sugiyono. (2009). Metode Penelitian Kuantitatif Kualitatif dan R&D. Bandung: Alfabeta.

Sukirman, D. (2012). Micro Teaching. Jakarta: Direktorat Jenderal Pendidikan Islam Kementrian agama.

Susiwi (2010). [online]. Aya dina:

http://file.upi.edu/Direktori/FPMIPA/JUR._PEND._KIMIA/19510919198 0032-SUSIWI/SUSIWI-20)._TEKNIK_BERTANYA.pdf. [diunduh 22 September 2013]

Tarigan, H.G. (2008). Menulis Sebagai suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Trianto, A. (2007). Pasti bisa Pembahasan Tuntas Kompetensi Bahasa Indonesia untuk SMP dan MTs kelas VII. Jakarta: Esis.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI

Referensi

Dokumen terkait

Berdasarkan hasil evaluasi administrasi, teknis, biaya dan kualifikasi pada paket pekerjaan Pembangunan/peningkatan jalan usaha tani, Bersama ini kami mengundang

[r]

PENGARUH MODIFIKASI BOLA TERHADAP HASIL KETERAMPILAN BERMAIN SEPAKBOLA SISWA DI SMPN 1 LEMBANG.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Berdasarkan hal diatas perlu dilakukan penelitian terhadap penilaian higiene penjualan dan perilaku penjual sate asongan di pusat jajan pasar bengkel, Serdang Bedagai Tahun

LOGISTIC statusgizi = didikayah didikibu ekonomi freksidiare frekuensiispa kecacingan pama papa pemberianasi usiasapi MATCHVAR = matc PVALUE=95%.

Pelaksanaan Anggaran Belanja Pemerintah Pusat dan Daerah butuh partisipasi dan sinergi antar pemangku kepentingan .... UU 25/2004

Défice Fiscal financiado através

Website Taman Nasional Gunung Gede Pangrango dibuat dengan maksud untuk memberikan informasi mengenai Sejarah, Geografi fisik, Satwa, Vegetasi, Peta, Rute pendakian, Pusat