• Tidak ada hasil yang ditemukan

SISTEM NGAWARISKEUN AJÉN ATIKAN KULAWARGA JEUNG KAMASARAKATAN DI KAMPUNG NAGA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "SISTEM NGAWARISKEUN AJÉN ATIKAN KULAWARGA JEUNG KAMASARAKATAN DI KAMPUNG NAGA PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA."

Copied!
27
0
0

Teks penuh

(1)

Firman Fauzi, 2014

SISTEM NGAWARISKEUN AJÉN ATIKAN KULAWARGA JEUNG KAMASARAKATAN DI KAMPUNG NAGA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA

SKRIPSI

disusun pikeun nyumponan salah sahiji sarat ujian sidang sarjana pendidikan bahasa daerah

ku Firman Fauzi NIM 1009206

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA BANDUNG

(2)

SISTEM NGAWARISKEUN AJÉN ATIKAN

KULAWARGA JEUNG KAMASARAKATAN

DI KAMPUNG NAGA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

ARTIKEL BUDAYA DI SMA

Oleh Firman Fauzi

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Firman Fauzi 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)
(4)

i

SISTEM NGAWARISKEUN AJÉN ATIKAN KULAWARGA JEUNG KAMASARAKATAN DI KAMPUNG NAGA

PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA DI SMA1

Firman Fauzi 2 ABSTRAK

Penelitian ini dilatarbelakangi oleh kuatnya karakter yang dimiliki masyarakat Kampung Naga dalam menjungjung tinggi nilai-nilai kearifan budaya yang ada, di tengah arus modernisasi yang sangat kuat pula. Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan sistem pewarisan yang menyokong kepada pendidikan nilai dan karakter yang berlangsung di keluarga dan masyarakat Kampung Naga, serta bahan pembelajaran membaca artikel budaya di SMA. Metode yang digunakan dalam penelitian ini yaitu metode deskriptif analitik dengan menggunakan tekhnik studi pustaka, observasi, dokumentasi, dan wawancara. Hasil dari penelitian ini, (1) Kampung Naga memiliki dua bentuk sistem kemasyarakatan, yaitu sistem kekerabatan dan sistem pemerintahan atau sistem kepemimpinan yang mencangkup kepemimpinan formal dan informal (2) masyarakat Kampung Naga hidup pada suatu tatanan yang dikondisikan dalam suasana kesahajaan dan lingkungan kearifan tradisional yang lekat (3) nilai-nilai keluarga dan kemasyarakatan membentuk prilaku masyarakat yang berbudaya, hidup berkeluarga, solidaritas yang tinggi, religius, dsb. (4) pendidikan nilai dan karakter yang berlangsung di Kampung Naga dilakukan melalui peran keluarga dan masyarakat. Berdasarkan hasil penelitian, maka diperoleh kesimpulan bahwa hingga saat ini masyarakat Kampung Naga masih memegang teguh kepercayaan dan adat-istiadat yang diwariskan oleh leluhur mereka. Pewarisan nilai pendidikan yang terdapat dalam adat-istiadat mereka berlangsung melalui peran keluarga, masyarakat, dan kuncén Kampung Naga sebagai bagian dari organisasi kemasyarakatan mereka. Hasil penelitan ini dijadikan sebagai alternatif bahan pembelajaran membaca artikel budaya di SMA.

(5)

i Firman Fauzi, 2014

2. Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI Bandung Angkatan 2010

INHERITING SYSTEM EDUCATION VALUES OF FAMILY AND SOSIETY IN KAMPUNG NAGA

FOR MATERIALS READING CULTURAL ARTICLES

AT SENIOR HIGH SCHOOL1

Firman Fauzi 2 ABSTRACT

This research is based on the strong character belonging to Kampung Naga’s people to

highly esteem the values of cultural wisdom existing in the middle of rapid-developing modernity. This research aims to describe education system supporting the education of values and characters occuring in family, society, or social organization of Kampung Naga, and materials for reading cultural articles in senior high school utilizing modelling strategy. This research utilizes analytical descriptive method by using literary study, observation, documentation, and interview technique. The result of this research is

described in the form of thesis. This research concludes that Kampung Naga’s people still

strongly believe in the thought and culture inherited by their ancestors. Inheriting the culture occurs through the role of family, society, and respected community leader

(kuncen) as the part of their social organization. Four life principles of kampung Naga’s

(6)

i

(7)

vii Firman Fauzi, 2014

DAPTAR EUSI

kaca

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS PANUHUN ... vi

DAPTAR EUSI ...vii

DAPTAR SINGGETAN ... x

DAPTAR TABÉL ... xi

DAPTAR FOTO ...xii

DAPTAR GAMBAR... xiii

DAPTAR BAGAN... xiv

DAPTAR LAMPIRAN... xv

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1 Watesan Masalah ... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 5

1.3.1 Tujuan Umum ... 5

1.3.2 Tujuan Husus ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Teoritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis... 6

1.5 Anggapan Dasar ... 6

1.6 Raraga Nulis ... 7

BAB II BUDAYA, AJÉN ATIKAN, JEUNG PANGAJARAN MACA 2.1 Kabudayaan ... 8

(8)

viii

2.1.2 Wujud Budaya ... 9

2.1.3 Unsur-unsur Budaya...10

2.1.4 Pranata Budaya ...13

2.2 Ajen Atikan...15

2.2.1 Papasingan Atikan ...17

2.2.2 Atikan dumasar kana Ruang Lingupna ...18

2.2.3 Fungsi Atikan ...19

2.2.4 Pangaruh Atikan kana Kabudayaan ...19

2.3 Pangajaran Maca ...19

2.3.1 Wangenan Pangajaran Maca ...19

2.3.2 Prinsip Pangajaran Maca ...20

2.3.3 Tujuan Pangajaran Maca ...21

2.3.4 Bahan Pangajaran Maca ...21

BAB III MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data ...23

3.2 Désain Panalungtikan ...23

3.3 Métode Panalungtikan ...24

3.4 Wangenan Istilah ...25

3.5 Instrumén Panalungtikan ...25

3.6 Téhnik Panalungtikan ...26

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data...26

3.6.2 Téhnik Ngolah Data ...27

3.7 Prosedur Panalungtikan ...27

3.7.1 Léngkah-léngkah Tatahar ...28

3.7.2 Léngkah-léngkah Ngumpulkeun Data ...28

3.7.3 Léngkah-léngkah Ngolah Laporan ...28

(9)

ix Firman Fauzi, 2014

BAB IV ANALISIS JEUNG DÉSKRIPSI SISTEM NGAWARISKEUN

AJÉN ATIKAN KULAWARGA JEUNG KAMASARAKATAN DI

KAMPUNG NAGA

4.1 Gambaran Umum Kampung Naga ... ..30

4.1.1 Lokasi Kampung Naga ...30

4.1.2 Sajarah Kampung Naga ... ..32

4.1.3 Kaayaan Penduduk ... ..33

4.1.4 Pola Padumukan ... ..34

4.1.5 Atikan Penduduk ... ..37

4.1.6 Kearifan Budaya Kampung Naga ... ..38

4.2 Sistem Kamasarakatan di Kampung Naga ... ..40

4.3 Pola Kahirupan jeung Adat-istiadat Masarakat Kampung Naga di Kulawarga jeung Kamasarakatan...43

4.3.1 Kulawarga ... ..43

4.3.2 Masarakat... ..46

4.3.3 Lembaga Adat ... ..48

4.4 Ajén Atikan Kulawarga jeung Kamasarakatan di Kampung Naga...43

4.4.1 Ajén Atikan Kulawarga di Kampung Naga ... ..52

4.4.2 Ajén Atikan Kamasarakatan di Kampung Naga ... ..54

4.5 Sistem Ngawariskeun Ajén Atikan Kulawarga jeung Kamasarakatan ... ..60

4.6 Bahan Pangajaran Maca dina Wangun Artikel Budaya di SMA ... ..63

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... ..65

5.2 Saran ... ..66

DAPTAR PUSTAKA ... ..67

LAMPIRAN ... ..69

(10)

1

je mbar pikeun hirup kumbuh manusa. Numutkeun Koentjaraningrat (2000:

80)

Budaya adalah keseluruhan sistem gagasan, tindakkan dan hasil karya manusia dalam rangka kehidupan masyarakat yang dijadikan milik diri manusia dengan cara belajar.”

Manusa mangrupa mahluk nu ngabudaya. Ngaliwatan akalna, manusa

mikir nepi ka ngahasilkeun kabudayaan nu tumuwuh jeung mekar dina kahirupan

masarakat. Masarakat jeung kabudayaan mangrupa dua kecap nu béda tapi teu

bisa dipisahkeun, sabab antara masarakat jeung kabudayaan miboga hubungan nu

raket. Kabudayaan minangka hasil tina pamikiran jeung paripolah masarakat, kitu

ogé éksisténsi masarakat balukar tina ayana kabudayaan.

Dina enggoning hirup kumbuhna, manusa moal leupas tina kabudayaan.

Dina kahirupan sapopoé di masarakat, manusa sok ngalakonan hiji kabiasaan, boh

kabiasaaan nu hadé boh kabiasaan nu goréng. Sagala rupaning kabiasaan nu hadé

tuluy diaku, diturutan, jeung dilakonan ku unggal jalma nepi ka jadi hiji dadasar

dina patali marga jeung jalma réa. Ieu hal ngabalukarkeun ayana kaidah jeung

norma di masarakat nu tuluy disebut adat-istiadat.

Adat-istiadat hiji masarakat tangtu bakal béda jeung adat-istiadat

masarakat séjénna, ku sabab adat-istiadat ditangtukeun ku tujuan jeung

pangabutuh masarakatna gumantung kana kabiasaan nu disapukan di masarakatna

séwang-séwangan. Pangaruh masarakat kana éksisténsi adat-istiadat gé kacida

gedéna sabab salila aya pangrojong ti anggota masarakat nu makéna, éta

adat-istiadat bakal tuluy mekar jadi hiji kabeungharan budaya dina kahirupan

(11)

2

Firman Fauzi, 2014

tangtu bakal robah atawa tumpur. Patalina masarakat jeung adat-istiadat

numutkeun Koentjaraningrat (2009: 118) nya éta

Masyarakat adalah kesatuan hidup manusia yang berinteraksi menurut suatu sistem adat-istiadat tertentu yang bersifat kontinu, dan yang terikat oleh suatu rasa identitas bersama.”

Salah sahiji wewengkon di Jawa Barat nu masih kénéh kuat nyekel pageuh

adat-istiadat warisan ti luluhurna nya éta Kampung Naga. Masarakat Kampung

Naga mangrupa komunitas masarakat Sunda nu aya di Jawa Barat. Perenahna di

Désa Neglasari, Kacamatan Salawu, Kabupatén Tasikmalaya. Nu ngabédakeun

Kampung Naga jeung kampung-kampung séjénna nya éta pola kahirupanana.

Pola kahirupan masarakat Kampung Naga masih kénéh nyekel pageuh

kana tradisi jeung papagon hirup nu diwariskeun. Dina hirup kumbuh sapopoéna,

masarakat Kampung Naga turut tumut kana aturan nu ngajanggélék dina wangun

adat, nu ngawengku kabiasaan, kawajiban, jeung pantrangan-pantrangan atawa

pamali (tabu) nu mangrupa papagon hirup dina laku lampahna di masarakat. Éta

aturan téh dianggap sakral, sabab datangna ti luluhurna nu mangrupa warisan

titinggal karuhun nu memang kudu dijaga ogé dipaliré pikeun kasaimbangan hirup

jeung papadana ogé alam sabudeureunna.

Masarakat Kampung Naga miboga sistem kamasarakatan atawa organisasi

sosial nu geus tangtu jeung lumangsung ti sababaraha taun ka tukang. Sistem anu

teu robah ti mangsa ka mangsa sarta masih dipaké nepi ka kiwari. Sistem

kamasarakatan nu aya di Kampung Naga nya éta sistem kekerabatan jeung sistem

pamaréntahan. Sistem kekerabatan nya éta sistem nu aya patalina jeung

kulawarga, nu ngawengku Bapa, Indung, jeung Budak, Ari sistem pamaréntahan

disebut ogé sistem kapamingpinan dina organisasi sosial nu aya di Kampung

Naga. Sistem pamaréntahana ngawengku sistem pamaréntahan formal jeung

informal. Sistem formal nu ngawengku RT (Rukun Tetangga) jeung RW (Rukun

Warga) nu pancénna pikeun ngungkulan sagala pasualan nu aya patalina jeung

administrasi ogé program pamaréntah, ari sistem informal anu disebut ogé sistem

kuncén atawa pupuhu adat Kampung Naga katut réngrénganana nu miboga

(12)

3

warisan titinggal luluhurna. Ayana ieu dua kapamingpinan, teu ngabalukarkeun

pagiling gisikna dina mancén gawé, sabab dina prak-prakanana miboga pancén

jeung tanggung jawab anu béda. Ngan miboga tanggung jawab nu sarua pikeun

ngamumulé tur ngawariskeun adat istiadatna ka generasi satuluyna di éta

patempatan.

Kabiasaan jeung aturan hirup nu dilakonan ku sakabéh warga masarakat

Kampung Naga teu leupas tina peran kolot jeung masarakat dina

ngawariskeunana. Mangrupa hiji bukti yén prosés pawarisan adat-istiadat di

masarakat masih kénéh lumangsung, boh ti kolot ka budakna boh ti masarakat ka

anggota masarakat séjénna. Kulawarga mangrupa unsur nu pangheulana dina

prosés tatalépa adat-istiadat, sabab kabudayaan lain hiji hal nu geus ngajadi tapi

balukar tina prosés diajar. Kitu ogé masarakat mangrupa agén pangwaris

kabudayaan nu gedé pangaruhna kana kahirupan masarakat séjénna. Sagala rupa

adat-istiadat nu diwariskeun miboga ajén atikan anu gedé mangpaatna pikeun

mekarkeun jiwa, ahlak, jeung moral sarta tumuwuhna kaparigelan, karancagéan,

jeung paripolah anu bakal ngawangun hiji sikep nu hadé dina mangsa nu bakal

datang. Ku kituna kudu aya tarékah ti kulawarga jeung masarakat pikeun

ngawariskeun tradisi nu aya dumasar kana ajén atikanana, sangkan barudakna

dina mangsa nu bakal datang ngarti tur surti yén sagala tradisi nu aya miboga ajén

atikan nu luhung pikeun kahirupanana.

Panalungtikan ngeunaan kumaha tarékah kulawarga, jeung masarakat,

ngawariskeun adat-istiadatna dumasar kana ajén atikan wewengkonna

séwang-séwangan mémang can aya nu kungsi nalungtik. Panalungtikan saméméhna nu

sarua medar ngeunaan Kampung Naga eusina ukur médar ajén éstétika wangun

imah anu aya di Kampung Naga anu dijudulan Ajén Éstétika dina Arsitéktur Imah

Adat Kampung Naga Désa Néglasari Kacamatan Salawu Kabupatén Tasikmalaya

pikeun Bahan Ajar Maca Artikel Budaya Kelas XII (Dewi Kania: 2013). Nilik

kana ieu hal, ngahudang kapanasaran nu nulis pikeun nalungtik kumaha prosés

ngawariskeun adat-istiadat ti kulawarga jeung masarakat di Kampung Naga.

Hususna ajén atikan nu nyoko kana nilai ogé karakter masarakatna. Dina ieu

(13)

4

Firman Fauzi, 2014

ngeunaan cara ngawariskeunana. Sabab kuatna karakter hiji bangsa pangaruh tina

kuatna ngarumat adat-istiadat nu diwariskeun.

Pentingna ieu panalungtikan pikeun tetep ngaraksa ogé ngariksa

adat-istiadat di Kampung Naga dumasar kana ajén atikanana, hususna di jaman kiwari

nu sarwa modérn. Pangaruh modérnisasi méh kuat mangaruhan kana nilai-nilai

tradisi nu dijaga ku luluhurna. Ku kituna, mikabutuh tarékah-tarékah anu

dilakukeun sacara tuluy-tumuluy, kaasup ngungkab kumaha tarékah kulawarga

jeung masarakat bisa mértahankeun adat-istiadat ti luluhurna ka turunanana atawa

ka generasi nu ngorana. Ieu panalungtikan jadi hiji tarékah pikeun ngarumat

ajén-ajén tradisi di Kampung Naga.

Dumasar kana pedaran di luhur ieu panalungtikan téh dijudulan “Sistem

Ngawariskeun Ajén Atikan Kulawarga jeung Kamasarakatan di Kampung Naga

Pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Watesan Masalah

Ajén-inajén anu nyangkaruk dina adat-istiadat di Kampung Naga loba

pisan. Ngawengku ajén atikan, ajén falsafah, ajén simbolis, ajén éstétis, jrrd.

Dumasar kana kasang tukang di luhur, lega pisan masalah anu perlu ditalungtik

téh. Sangkan leuwih museur, ieu panalungtikan diwatesanan ngan rék

ngadéskripsikeun ngeunaan cara ngawariskeun ajén atikan kulawarga jeung

kamasarakatan nu aya di Kampung Naga.

1.2.2 Rumusan Masalah

Luyu jeung kasang tukang nu geus dipedar di luhur, sangkan masalah nu

dipedar leuwih museur, ieu di handap dijéntrékeun rumusan masalah nu

ditalungtik.

1) Kumaha Sistem Kamasarakatan nu aya di Kampung Naga?

2) Kumaha pola kahirupan jeung adat-istiadat di kulawarga jeung masarakat

Kampung Naga?

(14)

5

kahirupan masarakat Kampung Naga?

4) Kumaha sistem ngawariskeun ajén atikan kulawarga jeung kamasarakatan

di Kampung Naga?

5) Kumaha bahan pangajaran maca artikel budaya di SMA ngeunaan sistem

ngawariskeun ajén atikan kulawarga jeung kamasarakatan di Kampung

Naga?

1.3 Tujuan Panalungtikan

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum ieu panalungtikan nya éta maluruh katut meunangkeun

konsép hirup nu luyu jeung hadé ku cara neuleuman gaya hirup masarakat

Kampung Naga, utamana kana sistem ngawariskeun ajén atikan kulawarga jeung

kamasarakatan di Kampung Naga nu mangaruhan kana karakter masarakatna.

1.3.2 Tujuan Husus

Tujuan husus ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun:

1) sistem Kamasarakatan nu aya di Kampung Naga;

2) kumaha pola kahirupan jeung adat-istiadat di kulawarga jeung masarakat

Kampung Naga;

3) ajén atikan kulawarga jeung kamasarakatan nu aya dina kahirupan

masarakat Kampung Naga;

4) kumaha sistem ngawariskeun ajén atikan kulawarga jeung kamasarakatan

di Kampung Naga; jeung

5) nyieun alternatif bahan pangajaran maca artikel di SMA.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat ieu panalungtikan sacara tioritis, dipiharep bisa leuwih

ngeuyeuban jeung leuwih ngagambarkeun sacara jéntré ngeunaan tiori

kabudayaan, katut unsur-unsur kabudayaanana, ogé dipiharep bisa ngamotivasi

(15)

6

Firman Fauzi, 2014

hususna sistem ngawariskeun ajén atikan kulawarga jeung kamasarakatan di

Kampung Naga.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Mangpaat ieu panalungtikan sacara praktis, hususna pikeun nu nulis,

masarakat, lembaga, atawa pihak-pihak séjén nu aya kapéntingan kana ieu

panalungtikan, dipiharep bisa muka wawasan masarakat, bisa nambahan

pangaweruh ngeunaan kabudayaan, ngamotivasi masarakat sangkan ngamumulé

ogé ngarumat kana ajén-inajén nu nyangkaruk dina unsur-unsur kabudayaan, méré

kasadaran ka masarakat umum hususna generasi ngora ngeunaan pentingna

kabudayaan dipimilik ku sélér-sumélér bangsa pikeun hirup kumbuh di masarakat

sapopoé.

Kumaha tarékah kulawarga jeung masarakat ngatik sarta ngalarapkeun

adat-istiadat ka generasi nu rék datang dumasar kana ajén atikanana dina ieu

panalungtikan bisa dimangpaatkeun pikeun ngaronjatkeun kualitas kahirupan.

Lian ti éta, ieu panalungtikan ogé bisa jadi sumber diajar siswa di sakola pikeun

ngeuyeuban pangaweruhna ngeunaan kabudayaan, ku cara nambahan alternatif

bahan ajar ogé modél diajar maca artikel budaya di SMA.

1.5 Anggapan Dasar

Anu jadi anggapan dasar dina ieu panalungtikan ditataan saperti kieu.

1) Sistem kamasarakatan téh kaasup salah sahiji unsur-unsur kabudayaan.

2) Kahirupan masarakat adat kampung Naga Masih kénéh nyekel pageuh

kana adat-istiadat jeung budaya tradisi titinggal karuhun nu sifatna masih

tradisional.

3) Masarakat Kampung Naga ngabogaan sistem atawa carana sorangan dina

ngawariskeun ajén atikan kulawarga jeung kamasarakatan.

4) Perluna ngawaiskeun adat-istiadat dina ngawangun nilai jeung karakter

individu ti generasi kolot ka generasi ngora, boh ngaliwatan kulawarga

(16)

7

5) Pentingna ngawanohkeun adat-istiadat masarakat Kampung Naga ka

siswa.

1.6 Raraga Nulis

Sanggeus data réngsé dianalisis, tahap ahir dina ieu panalungtikan nya éta

nyusun hiji laporan dina wangun skripsi. Raraga nulisna kabagi jadi lima bab, nya

éta:

Bab I bubuka, anu eusina ngébréhkeun ngeunaan kasang tukang tina

masalah anu ditalungtik, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan,

mangpaat panalungtikan, anggapan dasar, jeung raraga nulis.

Bab II tatapakan tiori, anu eusina ngébréhkeun tiori-tiori ngeunaan

kabudayaan, ajén atikan, jeung bahan pangajaran maca.

Bab III métodologi panalungtikan, anu ngawengku sumber data, désain

panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan istilah, instrumént

panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan.

Bab IV ngadéskripsikeun hasil panalungtikan. Eusina ngawengku

prak-prakan panalungtikan, nganalisis data hasil panalungtikan jeung medar ngeunaan

sistem ngawariskeun ajén atikan kulawarga jeung kamasarakatan di Kampung

Naga pikeun bahan pangajaran artikel budaya di SMA.

Bab V panutup, anu eusina kacindekan hasil panalungtikan sarta saran

(17)

23 Firman Fauzi, 2014

BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1 Sumber Data

Nu dimaksud sumber data dina panalungtikan nya éta subjék timana data

dibeunangkeun. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta masarakat Kampung

Naga usia produktif salaku réspondén ogé pola kahirupanana, cara dina

ngumpulkeun datana ku cara wawancara ogé tina dokumén hasil obsérvasi.

3.2 Désain Panalungtikan

Léngkah-léngkah dina nyusun ieu panalungtikan bisa katitén dina

bagan ieu di handap:

Bagan 3.1

Désain Panalungtikan Ngumpulkeun Data

Nganalisis tur Ngolah Data

Nyusun Laporan/Déskripsi

Narik Kacindekan Tatahar/Identifikasi

(18)

24

3.3 Métode Panalungtikan

Métode asal kecapna tina basa Yunani nya éta methodos nu ngandung harti

jalan nu dipaké. Jadi, métode panalungtikan mangrupa salah sahiji cara nu

digunakeun pikeun meunangkeun data tina tujuan panalungtikan, (Arikunto, 2010:

192). Sedeng numutkeun Sugiyono (2013: 3) dihartikeun minangka cara ilmiah

pikeun meunangkeun data kalawan tujuan jeung kagunaan anu tangtu. Dumasar

kana tujuan nu hayang dihontal, ieu panalungtikan ngagunakeun métode

déskriptif.

Kecap déskriptif asalna tina basa Inggris to describe nu hartina

ngajelaskeun atawa ngagambarkeun hiji hal, misalna kaayaan, kondisi, situasi,

peristiwa, kagiatan, jsb. Ku kituna nu dimaksud panalungtikan déskriptif nya éta

panalungtikan nu miboga tujuan pikeun nalungtik kaayaan atawa kondisi hiji hal

nu digambarkeun dina wangun laporan panalungtikan, (Arikunto, 2010: 3).

Panalungtikan déskriptif disebut ogé panalungtikan nu basajan dibanding

panalungtikan-panalungtikan séjénna. Ku sabab, ieu panalungtik teu ngarobah,

nambahan, atawa ngamanipulasi data kana objék nu ditalungtik. Digambarkeun

sacara lugas, sakumaha ayana. Luyu jeung pamanggih Suyatna (2002: 14) nu

nétélakeun yén métode panalungtikan déskriptif téh nya éta panalungtikan anu

mangrupa akumulasi data dina cara ngagambarkeun hungkul, teu nguji hipotésis, teu nyieun ramalan, atawa teu meunangkeun ma’na implikasi.

Anu jadi dadasar panalungtik ngagunakeun ieu métode, nya éta pikeun

ngungkab sacara jero Kearifan lokal kahirupan masarakat Kampung Naga,

minangka tradisi nu diwariskeun ku luluhurna. Utamana dina sistem pendidikan

kulawarga, kamasarakatan, atawa organisasi sosialna. Analisis kualitatif

dilakukeun pikeun maluruh fenoména sosial, meunangkeun informasi ngeunaan

peran kulawarga, masarakat, atawa organisasi sosial dina numuwuhkeun jeung

ngawariskeun tradisi ti sesepuhna ka generasi nu ngorana. Nu mangrupa adat

istiadat nu lumangsung ti sababaraha taun katukang nu kiwari masih dijaga

éksisténsina.

Dumasar kana tujuan nu hayang dihontal, métode déskriptif dina ieu

(19)

25

Firman Fauzi, 2014

pendidikan kulawarga, kamasarakatan, atawa organisasi sosial masarakat

Kampung Naga.

3.4 Wangenan Istilah

Sangkan teu nimbulkeun pamahaman séjén, di handap ieu dipedar

wangenan ngeunaan kecap-kecap nu dijadikeun judul panalungtikan:

a) sistem ngawariskeun nya éta cara nu dipaké pikeun nepikeun atawa

ngajarkeun sagala rupaning nu jadi kabiasaan-kabiasaan nu dilakonan ku

sakumna masarakat, utamana ti kolot ka generasi satuluyna;

b) ajén atikan nya éta ajén-inajén ngeunaan hiji pangaweruh nu bakal méré

mangpaat pikeun manusa sangkan hirup dina kahadéan atawa ajén-inajén

anu dibeunangkeun ngaliwatan pangajaran pikeun kahadéan;

c) kulawarga nya éta Kulawarga nya éta anak-pamajikan batur saimah katut

baraya nu milu cicing (Kamus Basa Sunda, 2006: 371);

d) kamasarakatan nya éta masarakat numutkeun Koentjaraningrat (2009: 118) “Masyarakat adalah kesatuan hidup manusia yang berinteraksi menurut suatu sistem adat-istiadat tertentu yang bersifat kontinu, dan yang terikat oleh suatu rasa identitas bersama.”;

e) Kampung Naga Kampung Naga mangrupa kampung adat nu aya di hiji

léngkob. Kampung Naga perenahna di Desa Neglasari, Kecamatan

Salawu, Kabupatén Tasikmalaya. Asalna tina kecap “nagawir” dumasar

kana lokasina nu aya di gawir, disingget jadi naga nepi ka kiwari.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta alat nu digunakeun dina waktu

panalungtikan nu nyoko kana métode jeung téhnik panalungtikan nu digunakeun

(Arikunto, 2010: 192). Instrumén Panalungtikan nu digunakeun pikeun

ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta:

a. handycam atawa alat perekam gambar

Ieu alat digunakeun pikeun ngarekam lumangsungna prosés wawancara ka

sababaraha narasumber, pikeun ngagampangkeun dina ngolah data hasil

(20)

26

b. kaméra foto

Ieu alat digunakeun pikeun ngadokuméntasikeun sakabéh kagiatan

panalungtikan, ti mimiti obsérvasi nepi ka wawancara. Hasil ieu instrumén

nya éta mangrupa gambar dua diménsi atawa visual.

c. pedoman wawancara

Pedoman wawancara digunakeun pikeun ngawawancara masarakat

Kampung Naga, meunangkeun data dumasar kana masalah nu ditalungtik.

Dina ieu panalungtikan maké sistem wawancara terstruktur.

3.6 Téhnik Panalungtikan

Téhnik nya éta salah sahiji usaha kumaha cara (prosedur) nu kudu

dilakukeun kalawan ngagunakeun métode nu tangtu, sangkan tujuan sasaran nu

dipiharep dina hiji panalungtikan bisa kahontal (Suyatna, 2002: 19).

3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data mangrupa téhnik nu digunakeun ku panalungtik

pikeun meunangkeun jeung ngumpulkeun data panalungtikan. Dina ieu

panalungtikan digunakeun téhnik ulikan pustaka, obsérvasi, wawancara, jeung

dokuméntasi.

Téhnik ulikan pustaka disebut ogé panalungtikan maca, ieu téhnik gunana

pikeun nangtukeun dasar-dasar téoritis nu aya patalina jeung masalah anu rék

ditalungtik ku cara néangan ogé neuleuman buku-buku nu jadi sumber pustaka

dina ieu panalungtikan.

Téhnik obsérvasi nya éta hiji kagiatan atawa survéy nu langsung

dilakukeun ka lapangan. Digunakeun pikeun niténan paripolah masarakat

Kampung Naga, tujuanna pikeun néangan informasi jeung kajadian-kajadian nu

ditalungtik luyu jeung masalah dina ieu panalungtikan. Alesan panalungtik milih

téhnik obsérvasi sabab dina ieu téhnik nalungtikna ngagunakeun sakabéh alat

indera manusa. Nu guna pikeun nalungtik, niténan, néangan informasi jeung data,

kajadian-kajadian, ogé kumaha perosés ngawariskeun ajén atikan kulawarga jeung

(21)

27

Firman Fauzi, 2014

Téhnik wawancara nya éta téhnik nu digunakeun pikeun meunangkeun

informasi jeung maluruh data ngaliwatan kagiatan komunikasi dua arah, antara

panalungtik jeung informan. Data nu dikumpulkeun tina téhnik wawancara

disebut data primér, nu ngagunakeun daptar patalékan nu geus disiapkeun.

Wawancara dina ieu panalungtikan dilakukeun ku cara ngawawancara sababaraha

réspondén atawa nu kaasup masarakat usia produktif.

Tehnik dokuméntasi digunakeun pikeun ngumpulkeun data nu mangrupa

gambar, video, rékaman sora, atawa dokuméntasi penting lianna pikeun ngarojong

kana ieu panalungtikan.

3.6.2 Téhnik Ngolah Data

Téhnik ngolah data nya éta téhnik nu dilakukeun ku panalungtik sanggeus

data dikumpulkeun. Dina ieu téhnik data nu geus dikumpulkeun dipaluruh tuluy

dipasing-pasing dijieun hiji kacindekan. Numutkeun Arikunto (2010: 53), ngolah

data nya éta mikir patalina data jeung kasang tukang nu ngabalukarkeun ayana

sasaruaan atawa bedana eta data, nu tuluy bisa dijieun hiji kacindekan

panalungtikan.

Léngkah-léngkah dina ngolah data nya éta:

1) niténan deui data nu geus dikumpulkeun;

2) nongton jeung ngadéngékeun hasil rékaman wawancara;

3) milah-milih data nu rék didéskripsikeun;

4) ngadéskripsikeun data; jeung

5) nyieun kacindekan tina data nu dipaluruh.

\

3.7 Prosedur panalungtikan

Léngkah-léngkah atawa prosedur dina ieu panalungtikan ngaliwatan

sababaraha léngkah nya éta:

1) tahap tatahar;

2) tahap ngumpulkeun data;

3) tahap ngolah data; jeung

(22)

28

3.7.1 Léngkah-léngkah Tatahar

Léngkah-léngkah nu dilakukeun ku panalungtik nya éta:

1) ngajukeun judul panalungtikan;

2) ngajukeun proposal panalungtikan; jeung

3) méréskeun surat ijin panalungtikan ka lapangan.

3.7.2 Léngkah-léngkah Ngumpulkeun Data

Léngkah-léngkah dina ngumpulkeun data nya éta:

1) obsérvasi ka lapangan;

2) wawancara ka sababaraha réspondén;

3) ngadokuméntasikeun hasil obsérvasi jeung wawancara nu mangrupa

gambar jeung vidéo; jeung

4) macaan jeung maluruh sumber séjén nu mangrupa studi pustaka, nu luyu

jeung masalah dina panalungtikan pikeun ngarojong kana hasil

panalungtikan ogé meunangkeun dasar-dasar tiori nu aya pakuat-pakaitna

jeung panalungtikan.

3.7.3 Léngkah-léngkah Ngolah Data

Léngkah-léngkah dina ngolah data nya éta:

1) niténan deui data nu geus dikumpulkeun;

2) nongton jeung ngadéngékeun hasil rékaman wawancara;

3) milah-milih data nu rék didéskripsikeun;

4) ngadéskripsikeun data; jeung

5) nyieun kacindekan tina data nu dipaluruh.

3.7.4 Léngkah-léngkah Nyusun Laporan

Léngkah pamungkas dina ieu panalungtikan nya éta nyusun laporan nu

sacara sistematis dina wangun skripsi, nepi ka jadi hiji informasi nu bisa disusun

(23)

29

Firman Fauzi, 2014

Dihandap dijelaskeun kumaha sistematis runtuyan skripsi, nya éta:

Bab I Bubuka, eusina ngawengku kasang tukang, watesan jeung rumusan

masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, anggapan dasar, jeung

raraga nulis.

Bab II Tatapakan Tiori, eusina ngawengku kabudayaan, wangenan budaya,

wujud budaya, unsur-unsur budaya, pranata budaya, ajén atikan, rupa-rupa atikan,

ruang lingkup atikan, fungsi atikan, pangaruh atikan kana kabudayaan, pangajaran

maca, wangenan pangajaran maca, prinsip pangajaran maca, tujuan pangajaran

maca, jeung bahan pangajaran maca.

Bab III Métode Panalungtikan, eusina ngawengku lokasi panalungtikan,

sumber data, désain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional,

instrumén panalungtikan, téhnik panalungtikan, jeung prosedur panalungtikan.

Bab IV Analisis jeung Pedaran, nu eusina ngawengku Gambaran umum

Kampung Naga, sistem kamasarakatan Kampung Naga, pola kahirupan jeung

adat-istiadat masarakat Kampung Naga di kulawarga jeung kamasarakatan, ajén

atikan kulawarga jeung kamasarakatan di Kampung Naga, sistem ngawariskeun

ajén atikan kulawarga jeung kamasarakatan, bahan pangajaran maca dina wangun

artikel budaya di SMA.

Bab V Panutup, nu eusina ngawengku kacindekan jeung saran.

(24)

65 BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar pedaran anu geus ditepikeun dina bab saméméhna, ieu

panalungtikan ngahasilkeun kacindekan saperti ieu di handap.

1) Kampung Naga minangka salasahiji kampung adat di Jawa Barat miboga dua

sistem kamasarakatan atawa organisasi sosial nu geus tangtu jeung

lumangsung ti sababaraha taun ka tukang. Sistem anu teu robah ti mangsa ka

mangsa sarta masih dipaké nepi ka kiwari. Sistem kamasarakatan nu aya di

Kampung Naga nya éta sistem kekerabatan jeung sistem pamaréntahan.

Sistem kekerabatan nya éta sistem nu aya patalina jeung kulawarga, nu

ngawengku Bapa, Indung, jeung Budak, Ari sistem pamaréntahan disebut ogé

sistem kapamingpinan dina organisasi sosial nu aya di Kampung Naga.

Sistem kapamingpinan ngawengku kapamingpinan formal jeung informal

(kapamingpinan adat).

2) Pola kahirupan masarakat Kampung Naga masih kénéh nyekel pageuh

adat-istiadat titinggal karuhunna. Ieu hal bisa katingali jelas bédana lamun

dibandingkeun jeung masarakat séjén anu hirup kumbuh di saluareun

Kampung Naga. Masarakat Kampung Naga hirup dina hiji pola nu diatur dina

suasana anu basajan, dibarung ku norma jeung nilai nu aya kalawan

lingkungan kearifan tradisional nu leket.

3) Ajén-inajén anu nyangkaruk di kulawarga jeung kamasarakatan di Kampung

Naga nya éta ngajadikeun budak atawa anggota masarakat nu miboga sikep

jeung karakter nu ngabudaya, aya dina kahirupan nu basajan, nurut jeung tuhu

kana aturan, tanggung jawab kalawan dibarung ku étika nu hadé. Tangtu dina

hirup kumbuh sapopoéna ogé dibekelan ku sikep hirup sauyunan, silih

hargaan, silih mikanyaah, paduli sosial, jeung solidaritas anu linuhung. Budak

ogé diajar jadi jalma nu miboga ahlak nu hadé jeung réligius, saperti

numuwuhkeun sikep nu teu ngabéda-bédakeun, ngajaga silaturahmi, jembar

(25)

66

Firman Fauzi, 2014

4) Sistem dina ngawariskeun ajén atikan nu ngawengku ajén moral, ajén sosial,

ajén agama kulawarga jeung kamasarakatan di Kampung Naga dilakukeun

sacara turun-tumurun ngaliwatan paripolah sapopoé ogé basa lisan dina

ngawariskeunana, nu nepi ka kiwari masih dipertahankeun nu ngajanggélék

dina sikep jeung karakter masarakat dina laku lampah sapopoéna.

5) Hasil panalungtikan ngeunaan sistem ngawariskeun ajén atikan kulawarga

jeung kamasarakatan di Kampung Naga bisa dijadikeun alternatif bahan ajar,

misalna dina wangun modél pangajaran ka siswa SMA kelas XII.

5.2 Saran

Saréngséna ieu panalungtikan, minangkan bagian ahir tina ieu pedaran aya

sababaraha saran anu ditepikeun nya éta.

1) Sistem kamasarakatan mangrupa bagian tina unsur budaya. Nu tangtu kudu

tetep dimumulé ogé diajénan minangka salah sahiji kabeungharan budaya.

2) Kudu ayana pawarisan adat istiadat ti generasi saméméhna ka generasi

satuluyna minangka salah sahiji cara dina ngajaga tradisi-tradisi luluhurna.

Nu guna pikeun ngawangun sikep jeung karakterna utamana dina ajén

atikanana nu ngawengku ajén moral, ajén sosial, jeung ajén agama.

3) Ieu panalungtikan dipiharep bisa nambahan élmu pangaweruh siswa sarta

masarakat umum, hususna pikeun mikawanoh salah sahiji unsur budaya.

4) Hasil panalungtikan ngeunaan sistem ngawariskeun ajén atikan kulawarga

jeung kamasarakatan di Kampung Naga bisa dijadikeun alternatif bahan ajar

pikeun guru-guru di sakola. Contona nu ngajenggélék dina wangun modél

pangajaran pikeun bahan pangajaran di SMA. Lian ti éta bisa ogé

dimekarkeun pikeun bahan pangajaran séjénna.

5) Dina ieu panalungtikan masih réa kénéh kakurangan sarta kahéngkéran, ku

kituna, dipiharep aya panalungtik séjén nu nalungtik ieu pasualan sacara

(26)

67

DAPTAR PUSTAKA

BUKU

Arikunto, Suharsimi. 2010 Prosedur Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

Danandjaja, James. 2007. Folklor Indonesia (Ilmu Gosip, Dongéng, dan lain-lain). Jakarta: Pustaka Utama Grafiti.

Danadibrata, R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama.

Effendi, Spk. 2007. Pendidikan Lingkungan Sosial, Budaya, dan Teknologi. Subang: CV. YASINDO MULTI ASPEK.

Elmubarok, Zaim. 2008. Membumikan Pendidikan Nilai Mengumpulkan yang Terserak Menyambung yang Terputus dan Menyatukan yang Tercerai. Jakarta: ALFABETA.

Haerudin, Dingding dan Kosim Kardana. 2013. Panganteur Telaah Buku Ajar. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Hermanto, Idan. 2010. Pintar Antropologi. Jojakarta: Tunas Publishing.

JPBD. 2008. Palanggeran Éjahan Basa Sunda. Bandung: Sonagar Press.

Keraf, Gorys. 1989. Komposisi. Jakarta: Nusa Indah.

Kesuma, Dharma, dkk. 2012. Pendidikan Karakter Kajian Teori dan Praktik Sekolah. Bandung: Rosda

Koentjaraningrat. 2000. Kebudayaan, Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

Koentjaraningrat. 2009. Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Rineka Cipta.

LBSS. 1995. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate Bandung.

Purnama, Yuzar., Drs., Drs. Aam Masduki, dkk. Peranan Keluarga Dalam Penanaman Nilai-Nilai Budaya Di Kota Madya Cilegon (Banten) Jawa Barat. Bandung: CV. Manfada Utama

Purwanto, Ngalim. 2009. Ilmu Pendidikan Teoritis dan Praktis. Bandung: Rosda.

(27)

68

Firman Fauzi, 2014

Rif’ati, Heni F., Dra., Drs. Toto Sucipto, dkk. 2002. Kampung Adat dan Rumah

Adat di Jawa Barat. Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Propinsi Jawa Barat.

Rosidi, Ajip. 2011. Kearifan Lokal. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama.

Syamsuddin. 2007. Psikologi Kependidikan. Bandung: PT. REMAJA ROSDAKARYA

Sibarani, Robert. 2004. Antropolinguistik Linguistik Antropologi. Medan: Poda

Sudaryat,Yayat. 2005.Murba Basa. Bandung: CV.Karya IPTEK Bandung

Sudjana, Nana. 2011. Tuntunan Penyusunan Karya Ilmiah. Bandung: Sinar Baru Algesindo.

Suganda, Her. 2006. Kampung Naga Mempertahankan Tradisi. Bandung: Kiblat.

Sugiyono. 2013. Metode Penelitian Pendidikan. Bandung: Alfabeta

Suparlan, Parsudi. 1980. Manusia, Kebudayaan, dan Lingkungan. Jakarta: CV. Rajawali

Suryani, Elis, Anton Charliyan. 2010. Menguak Tabir Kampung Naga. Tasikmalaya: CV. Dananjaya.

Sutarya, Oyon. 2005. Kearifan Lokal dan Pelestarian Lingkungan Hidup di Kampung Naga Tasikmalaya. Tesis. Yogyakarta: Pascasarjana UGM.

Suyatna, Amir. 2002. Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan Pengajaran Bahasa. Jurusan Pendidikan Bahasa Indonesia FPBS UPI.

Tarigan, Henry Guntur. 1985. Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Universitas Pendidikan Indonesia. 2011. Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.

Widaghdo, Joko, dkk. 2010. Ilmu Budaya Dasar. Jakarta: Budaya Aksara.

SKRIPSI

Gambar

gambar, video, rékaman sora, atawa dokuméntasi penting lianna pikeun ngarojong
gambar jeung vidéo; jeung

Referensi

Dokumen terkait

[r]

Table 3.2 Kriteria Norma Penilaian Operan Basket

Agama sebagai sistem keyakinan dapat menjadi inti dari sistem-sistem nilai yang ada dalam kebudayaan suatu masyarakat bahkan bisa menjadi pendorong bahkan penggerak serta

Sumber : Dinas Kependudukan dan Pencatatan Sipil Kabupaten/Kota se Provinsi DIY, diolah Bagian Kependudukan Biro Tata Pemerintahan Setda Provinsi DIY.. LAKI-LAKI PEREMPUAN L

Penera pan Model “Cooperative Learning” Dalam Pembelajaran Aktivitas Permainan Bolavoli.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

Metodologi Penelitian Bisnis untuk Akuntansi dan Manajemen , Edisi Kedua, USU press, Medan.. “ Aplikasi Analisis Multivariate dengan

1. Bahwa teknik pengamatan ini didasarkan atas pengalaman secara langsung. Tampaknya pengalaman langsung merupakan alat yang ampuh untuk mengetes suatu

Wahyuni Yusuf, Sri. “Penerapan Prinsip World Trade Organization dalan Undang-Undang Nomor 7 Tahun 2014 Tentang Perdagangan”. Makassar: Universitas Hasanuddin, 2015. “Kebijakan