SASTRA LISAN ANU AYA DI SAPANJANG SISI WALUNGAN CITANDUY KABUPATEN CIAMIS: Ulikan Struktur Jeung Ajén Atikan.

39  19 

Loading.... (view fulltext now)

Loading....

Loading....

Loading....

Loading....

Teks penuh

(1)

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur SASTRA LISAN ANU AYA DI SAPANJANG SISI WALUNGAN

CITANDUY KABUPATÉN CIAMIS

(ULIKAN STRUKTUR JEUNG AJÉN ATIKAN)

TESIS

Diajukeun pikeun nyumponan sarat nyangking Magister Pendidikan

Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

ku Evi Sulastri NIM. 1101566

PROGRAM MAGISTER PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA SEKOLAH PASCASARJANA

(2)

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur SASTRA LISAN ANU AYA DI SAPANJANG SISI WALUNGAN

CITANDUY KABUPATÉN CIAMIS

(ULIKAN STRUKTUR JEUNG AJÉN ATIKAN)

Oleh Evi Sulastri

S.Pd Universitas Pasundan, 1998

Sebuah tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan pada Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

© Evi Sulastri 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Agustus 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur LEMBAR PENGESAHAN

EVI SULASTRI 1101566

SASTRA LISAN NU AYA DI SAPANJANG SISI WALUNGAN CITANDUY KABUPATEN CIAMIS

(ULIKAN STRUKTUR JEUNG AJÉN ATIKAN)

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. Ruhaliah, M. Hum NIP 19641110 198903 2 002

Pangaping II,

Dr. Dedi Koswara, M. Hum NIP 19590614 198601 1 002

Kauninga ku,

Ketua Prodi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana Universitas Pendidikan Indonesia,

(4)

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur

ABSTRAK

SASTRA LISAN ANU AYA DI SAPANJANG SISI WALUNGAN CITANDUY KABUPATEN CIAMIS

(ULIKAN STRUKTUR JEUNG AJÉN ATIKAN) Evi Sulastri

Tesis ini merupakan hasil dari penelitian mengenai Sastra Lisan yang Ada di Sepanjang Pinggir Sungai Citanduy di Kabupaten Ciamis dilihat dari Ulikan Struktur dan Nilai Pendidikan. Tujuan penelitian ini untuk: 1) membuat deskripsi sastra lisan (dongeng) yang ada di sepanjang pinggir Sungai Citanduy Kabupaten Ciamis, 2) mengelompokkan sastra lisan (dongeng) yang ada di sepanjang pinggir Sungai Citanduy, 3) mendeskripsikan struktur sastra lisan yang ada di sepanjang pinggir Sungai Citanduy Kabupaten Ciamis, dan 4) mendeskripsikeun nilai pendidikan dalam sastra lisan (dongeng) yang ada di sepanjang Sungai Citanduy Kabupaten Ciamis. Untuk mencapai tujuan di atas, dalam penelitian ini digunakan pendekatan kualitatif. Metode yang digunakan yaitu metode deskriptif. Teknik yang digunakan adalah telaah pustaka, wawancara, studi dokumentasi, dan rekaman. Prosedur mengumpulkan data sastra lisan dengan cara rekaman. Prosedur analisis data dibagi tiga tahapan, yaitu 1) menggumpulkan data melalui rekaman, 2) mentransliterasi rekaman, 3) memilah-milah data berdasarkan golongannya, 4) menganalisis menggunakan teori. Dari 28 dongeng yang diteliti, setelah diklasifikasikan terdiri dari 10 dongeng sasakala, 8 dongeng mitos, dan 10 dongeng sage. Berdasarkan analisis, dongeng yang ada di sepanjang pinggir Sungai Citanduy Kabupaten Ciamis ada hubungannya dengan masalah keluarga, kekuasaan, kerajaan, unsur kekuatan gaib (jin dan makhluk halus lainnya), hubungannya dengan sesama makhluk hidup dan alam. Pelaku dalam dongeng ini terdiri dari manusia biasa, manusia sakti, raja, putri, jin (onom), ponggawa, dan prajurit. Latar tempat yang digunakan umumnya di hutan, sungai, pesisir, gunung, sawah, dan perkampungan. Latar waktu yang digunakan umumnya mengenai tanggal, tahun, hari, dan malam. Latar suasana yang digunakan umumnya gembira, khawatir, merasa tidak nyaman, tidak enak perasaan, merasa takut, dan adanya hubungan dengan kerajaan lain. Alur yang digunakan semuanya alur maju. Amanat yang disampaikan umumnya mengenai hidup di dunia yang harus sesuai dengan perilaku yang baik berdasarkan agama, adat, dan negara. Dongeng yang tersebar di sepanjang pinggir Sungai Citanduy Kabupaten Ciamis memiliki 28 nilai moral yang berhubungan dengan pribadi, 12 nilai sosial yang ada hubungannya dengan masyarakat, dan 13 nilai keagamaan yang berhubungan dengan kepercayaan.

(5)

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur

ABSTRACT

ORAL LITERATURE ALONG THE BANK OF CITANDUY RIVER CIAMIS REGENCY (STRUCTURE AND VALUE EDUCATION)

Evi Sulastri

This tesis is about the result of study on Oral Literature (stories) along the banks of Citanduy river which is located in Ciamis. The objective of this study are: 1) to describe oral literature (stories) which are found along the banks of the Citanduy river; 2) to classify the oral literature (stories) which are found along the banks of the Citanduy river based on story types, 3) to describe structure of oral literature (stories) which are found along the banks of the Citanduy river; and 4) to describe the moral value from the oral literature (stories) which are found along the banks of the Citanduy river. This survey is a quantitative study which aplied descriptive method and used technique of interview, book reviews, recording, and documentation study. The steps used in collecting datas are: collecting datas-choosing and classifying data and data analysing. Founds 28 oral namely. From the 28 oral literature (stories) which are found along the banks of the Citanduy river Ciamis there are 10 classified as legenda, 8 mithos,

and 10 are as ‘sage’ stories. Analysis result of the survey on oral literature

(stories) which are found along the banks of the Citanduy rives showen that the stories shows relationship between the problems of families, authorities, kingdoms, miracles, (genie, ghost), and human life, and nature as well. The characters on the stories commonly ordinary people, kings, magic-man, princes, queen, genie (onom), soldier, and governor. Whereas the commonly place are village, rivers, forest, beach, jungle, and field. Time setting in general used date, year, day and night, with happy, sad, worry, jealousy, dissatisfaction, bad feeling, disappointment, fear, horror, and swerving back and forth of trading, with commonly used advance-flow. The the learning value in common is about how human live and social interaction, and make good relationship between a person to any others; while the moral value spreading stories along the banks of Citanduy river Ciamis generally, have 28 moral value which has relationship to person, 12 moral value which relationship to society and 13 moral values have relationship to religion and believes.

(6)

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur ABSTRAK

SASTRA LISAN ANU AYA DI SAPANJANG SISI WALUNGAN CITANDUY KABUPATEN CIAMIS

(ULIKAN STRUKTUR JEUNG AJÉN ATIKAN) Evi Sulastri

Ieu tésis mangrupa hasil panalungtikan ngeunaan Sastra Lisan Anu Aya di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis ditingali tina Ulikan Struktur jeung Ajén Atikan. Tujuan ieu panalungtikan pikeun: 1) ngadéskripsikeun sastra lisan (dongéng) anu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis, 2) ngelompokkeun sastra lisan (dongéng) anu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis, 3) ngadéskripsikeun struktur lisan (dongéng) anu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis, jeung 4) ngadéskripsikeun ajén atikan dina sastra lisan (dongéng) anu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis. Pikeun ngahontal tujuan di luhur, ieu panalungtikan maké pamarekan kualitatif. Métode nu digunakeunana métode déskriptif. Téhnik nu digunakeunana nya éta telaah pustaka, wawancara, studi dokuméntasi, jeung rékaman. Prosédur ngumpulkeun data sastra lisan ku jalan rékaman. Prosédur analisis data ngawengku tilu tahapan, nya éta: 1) ngumpulkeun data ngaliwatan rékaman, 2) transkripsi rékaman, 3) milah-milah data dumasar kana golonganana, jeung 4) nganalisis ngagunakeun tiori. Tina 28 dongéng nu ditalungtik, sabada diklasifikasikeun di wangun ku 10 dongéng sasakala, 8 dongéng mitos, jeung 10 dongéng sagé. Dumasar analisis struktur, téma dongéng anu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis aya hubunganana jeung masalah kulawarga, kakawasaan, karajaan, unsur kakuatan gaib (jin jeung siluman-silemin), hubunganana jeung papada mahluk hirup, jeung alam. Palaku dina ieu dongéng rata-rata ngawakilan manusa biasa, manusa sakti, raja, putri, jin (onom), ponggawa, jeung prajurit. Latar tempat nu digunakeun umumna di leuweung, walungan, basisir, gunung, sawah, jeung lembur (kampung). Latar waktu nu digunakeun umumna ngeunaan tanggal, taun, baheula, poé, jeung peuting. Latar suasana nu digunakeun umumna bungah, kahariwang, tugenah, teu puguh rasa, keueung, jeung pagaliwotana dagang. Galur nu digunakeun tina 28 dongéng nya éta galur mérélé. Amanat nu ditepikeun rata-rata ngeunaan hirup kumbuh di dunya kudu saluyu jeung paripolah nu hadé dumasar nu geus ditangtukeun ku agama, adat, jeung nagara. Dongéng nu sumebar di sapanjang sisi Walungan Citanduy anu aya di Kabupatén Ciamis ngabogaan 28 ajén moral nu aya hubunganana jeung pribadi, 12 ajén sosial anu aya hunganana jeung masarakat, jeung 13 ajén kaagamaan anu aya hunganana kapercayaan.

(7)

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur

DAFTAR EUSI

kaca

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... iii

DAFTAR EUSI ... iv

DAFTAR TABÉL ... ix

DAFTAR GAMBAR ... -- BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.5 Sistematika Tulisan ... 6

BAB II FOLKLOR LISAN, STRUKTURAL, JEUNG AJÉN ATIKAN ... 8

2.1 Folklor Lisan ... 8

2.1.1 Ciri-Ciri Folklor Lisan ... 9

2.1.2 Carita Prosa Rayat (Dongéng) ... 10

2.2 Struktural ... 15

2.2.1 Téma ... 16

2.2.2 Palaku ... 17

2.2.3 Latar ... 18

2.2.4 Galur ... 18

2.2.5 Amanat ... 20

2.3 Ajén Atikan ... 20

(8)

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur

2.3.2 Tujuan, Fungsi, jeung Dasar Atikan ... 22

2.3.3 Ajén Atikan anu aya dina Dongéng ... 23

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 27

3.1 Data jeung Sumber Data Panalungtikan ... 27

3.2 Desain Panalungtikan... 29

3.3 Métode Panalungtikan... 31

3.4 Définisi Operasional ... 31

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 34

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data... 34

3.7 Téhnik Ngolah Data ... 35

BAB IV ANALISIS SASTRA LISAN NU AYA DI SAPANJANG SISI WALUNGAN CITANDUY KABUPATÉN CIAMIS 36

4.1 Analisis Sastra Lisan (Dongéng), Wanda, Struktur, jeung Ajén Atikan ... 36

4.1.1 Analisis Dongéng “Rawa Onom” ... 36

4.1.1.1 Téks Dongéng “Rawa Onom” ... 36

4.1.2 Analisis Dongéng “Sasakala Panoongan” ... 49

4.1.2.1 Téks Dongéng “Sasakala Panoongan” ... 49

4.1.3 Analisis Dongéng “Onom Mangrupa Ema” ... 56

4.1.3.1 Téks Dongéng “Onom Mangrupa Ema” ... 56

4.1.4 Analisis Dongeng “ Si Égom” ... 61

4.1.4.1 Téks Dongéng “Si Égom”... 61

4.1.5 Analisis Dongéng “Asal-usul Lembur Sukacai” ... 64

4.1.5.1 Téks Dongéng “Asal-usul Lembur Sukacai” ... 64

4.1.6 Analisis Dongéng “Oray Kalung” ... 69

4.1.6.1 Téks Dongéng “Oray Kalung” ... 69

4.1.7 Analisis Dongéng “Nyi Mas Mayang Sari... 75

(9)

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur

4.1.8 Analisis Dongéng “Éyang Éjo jeung Pusaka Warisan’... 80

4.1.8.1 Téks Dongéng “Éyang Éjo jeung Pusaka Warisan” ... 80

4.1.9 Analisis Dongéng “Prabu Selang Kuning” ... 86

4.1.9.1 Téks Dongéng “Prabu Selang Kuning” ... 86

4.1.10 Analisis Dongéng “Ratu Permana Tatapa” ... 94

4.1.10.1 Téks Dongéng “Ratu Permana Tatapa” ... 94

4.1.11 Analisis Dongéng “Ki Wadah Sangkuy” ... 102

4.1.15 Analisis Dongéng “Citraresmi” ... 125

4.1.15.1 Téks Dongéng “Citraresmi” ... 125

4.1.16 Analisis Dongéng “Asal-usul Ronggéng Gunung” ... 131

4.1.16.1 Téks Dongéng “Asal-usul Ronggéng Gunung” ... 131

4.1.17 Analisis Dongéng “Karaton di Basisir Pananjung”... 137

4.1.17.1 Téks Dongéng “Karaton di Basisir Pananjung” ... 137

4.1.18 Analisis Dongéng “Batu Kaldé” ... 143

4.1.18.1 Téks Dongéng “Batu Kaldé” ... 143

4.1.19 Analisis Dongéng “Cirengganis” ... 146

4.1.19.1 Téks Dongéng “Cirengganis” ... 146

4.1.20 Analisis Dongéng “Dipati Imbanagara Ditugel Jangga Keuna Pitnah” ... 150

4.1.20.1 Téks Dongéng “Dipati Imbanagara Ditugel Jangga Keuna Pitnah” ... 150

(10)

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur 4.1.21.1 Téks Babad “Bupati Galuh Imbanagara Radén

Adipati Panji Jaya Nagara” ... 158

4.1.22 Analisis Dongéng “Hubungan Sunda-Majapahit Saméméh Kajadian Pasundan Bubat” ... 164

4.1.22.1 Téks Dongéng “Hubungan Sunda-Majapahit Saméméh Kajadian Pasundan Bubat” ... 164

4.1.23 Analisis Dongéng “Gajah Mada Ngalatih Prajurit”... 169

4.1.23.1 Téks Dongéng “Gajah Mada Ngalatih Prajurit” ... 169

4.1.24 Analisis Dongéng “Prabu Cipta Permana I” ... 173

4.1.24.1 Téks Dongéng “Prabu Cipta Permana I” ... 173

4.1.25 Analisis Dongéng “Cikawali” ... 178

4.1.25.1 Téks Dongéng “Cikawali” ... 178

4.1.26 Analisis Dongéng “Sikuraja jeung Leuwi Biuk” ... 182

4.1.26.1 Téks Dongéng “Sikuraja jeung Leuwi Biuk” ... 182

4.1.27 Analisis Dongéng “Rawa Lakbok” ... 188

4.1.27.1 Téks Dongéng “Rawa Lakbok” ... 188

4.1.28 Analisis Dongéng “Kampung Kuta” ... 193

4.1.28.1 Téks Dongéng “Kampung Kuta” ... 193

4.2 Pedaran Sastra Lisan ... 199

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 223

5.1 Kacindekan ... 223

5.2 Saran ... 227

DAFTAR PUSTAKA ... 230

LAMPIRAN ... 233

(11)

Evi Sulastri,2013

(12)

1

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Di Indonésia hususna, tradisi lisan mangrupa wujud kabudayaan nu geus aya ti jaman baheula. Ampir tiap daérah di Nusantara ngabogaan kabudayaan sorangan anu terus mekar sacara turun-tumurun ti generasi ka generasi.

Tradisi lisan anu aya di masarakat mangrupa gambaran ngeunaan kahirupan. Gumelarna karya sastra lisan diangkat tina padoman kahirupan masarakat, sabab pangarang téh bagian ti masarakat. Karya sastra anu dihasilkeunana ngandung ajén-inajén nu diagem ku masarakat di hiji wewengkon. Ku sabab kitu, pikeun mikaweruh kana hiji karya sastra bisa ditalungtik ku jalan maluruh kontéks sosial budaya kahirupan pangarangna, saperti disebutkeun ku Sumardjo (1981:31), yén ku jalan mikaweruh pangarang bisa mantuan neuleuman hiji karya sastra anu ngagambarkeun kanyataan masarakatna.

Tradisi lisan Sunda mangrupa wadah dina ngungkapkeun pikiran, sikep, jeung ajén-inajén budaya masarakatna. Carita nu nyampak di masarakat miboga fungsi salaku alat pikeun ngatik ngaliwatan carita. Koswara (2010:04) nétélakeun, “Karya sastra miboga fungsi ngahibur jeung méré pangajaran atawa pituduh”.

Carita rayat mangrupa salah sahiji bagian tina karya sastra. Carita anu nyebar di Nusantara loba rupana, kayaning legénda, fabel, mite, jeung parabel (Koswara, 2011:89). Carita rayat pinuh ku ajén-inajén anu méré pangaruh kana pamahaman ajén moral, kamekaran kacerdasan, jeung kamekaran émosional.

(13)

2

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur Dina tradisi masarakat tutur, sastra lisan beuki mekar. Ieu hal téh lumangsung lantaran masarakat jaman baheula can ngabogaan média pikeun hiburan ka anggota masarakat séjénna. Pikeun nyumponan éta hal diciptakeun carita-carita sastra pikeun ngirut panitén masarakat. Fungsi sastra lisan salian ti pikeun hiburan, bisa ogé jadi alat pikeun ngajarkeun atikan. Biasana dina sastra lisan mibanda ajén atikan nu dipercaya tur dijadikeun conto patokan ku masarakat. Ruhaliah (2011) nételakeun yén:

“Sastra lisan (dongéng) téh mangrupa bahan nu bisa dijadikeun kareueus ku para siswa, jadi kanyaah ka lemah caina, ngahudangkeun sumanget pikeun diajar, jeung rupa-rupa kaperluan séjénna. Dina dongéng réa pisan unsur atikan. Jadi ngadongéng ogé mangrupa média pikeun nepikeun étika, moral, pangaweruh, kaasih, jeung sagala hal nu patali jeung hadé goréng katut bener salah.”

Saluyu jeung kamekaran jaman timbulna alat hiburan saperti televisi jeung radio, barudak jaman kiwari leuwih resep kana tokoh pantasi nu asalna ti Barat, saperti Batman jeung tokoh-tokoh kartun lianna. Nu antukna ninggalkeun carita rayat (dongéng) nu sok dicaritakeun ku kolot ka anakna. Balukarna moral barudak jadi goréng, loba kajadian nu pikahariwangeun kayaning tawuran, géng motor, jeung réa-réa deui. Mun tayangan dina TV teu dibarengan ku naséhat jeung pamahaman agama teu mustahil timbul sifat kasar jeung ngajago dina jiwa barudak.

Lembaga sakola, salaku tempat ngatik ngadidik kudu bisa ngawanohkeun deui sastra lisan (dongéng) ka anak didik. Kitu deui pihak pamaréntah gawé bareng jeung masarakat kudu bisa ngarumuskeun kawijakan dina ngamumulé carita rayat salaku kaaripan lokal.

(14)

3

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur dipiara. Ieu hal saluyu jeung Peraturan Daérah Propinsi Jawa Barat No. 5 ngeunaan basa, sastra, jeung aksara Sunda, jadi basa daérah téh dipiara ku nagara. Lian ti éta ogé aya rékoméndasi ti UNESCO, yén basa-basa indung nu aya di sakuliah dunya kudu dimumulé tur diriksa ku saréréa.

Salah sahiji cara miarana nya éta ngaliwatan panalungtikan sastra lisan ku jalan dirékam, ditranskripsikeun dina wangun tinulis. Kuayana hal ieu dipiharep sastra lisan teu leungit, hususna nu aya di sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis.

Panalungtikan kana sastra lisan (dongéng) kawilang penting pikeun maluruh rélévansi sastra lisan (dongéng) jeung kanyataan nu aya di masarakat. Ajén atikan nu aya dina sastra lisan (dongéng) ngagambarkeun réalita sosial nu mawa pangaruh ka masarakatna. Kukituna sastra lisan bisa dijadikeun medium pikeun mikanyaho réalitas sosial nu diolah kalawan kréatip ku pangarang.

Pamarekan struktural jeung ajén atikan mangrupa salah sahiji cara pikeun mikanyaho eusi sastra lisan. Unsur ajén atikan nu aya dina sastra lisan bisa jadi patokan dina kahirupan sapopoé jeung ngabeungharan batin masarakat.

Aya sawatara panalungtikan ngeunaan sastra lisan (dongéng) di Jawa Barat nu geus dilaksanakeun, boh dina basa Indonesia boh basa Sunda, di antarana: “Nilai Budaya, dan Konteks Cerita Rakyat Desa Panjalu, Kecamatan Panjalu Kabupaten Ciamis (Model Pelestarian Nilai Budaya untuk Masarakat Desa Panjalu” kénging Tiolintan Simanungkalit (2000), “Aspek Didaktis dalam Teks Cerita Sastra Lisan di Kabupaten Sumedang,” kénging Yeti Setianingsih

Spk. (2005), jeung “Ajén-Inajén Étnopédagogi dina Dongéng di Kota Tasikmalaya (Ulikan Struktural jeung Hermeneutik)” kénging Wiwin Widaniawati (2011).

(15)

4

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur Dumasar kana kasang tukang panalungtikan, ieu panalungtikan téh dijudulan “Sastra Lisan Anu Aya di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur jeung Ajén Atikan)”.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah

1.2.1 Watesan Masalah

Sangkan inti pedaran masalah museur kana masalah, puguh galurna, jeung babari nganalisisna, ieu panalungtikan téh diwatesanan. Panalungtikan ngeunaan struktur museur kana galur carita, palaku, latar, jeung téma. Sedengkeun ngeunaan ajén-inajén museur kana ajén atikan. Masalah anu dipedar dina ieu panalungtikan di sabudeureun sastra lisan (dongéng) anu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis.

1.2.2 Rumusan Masalah

Dumasar kana pedaran di luhur, aya sababaraha pasualan anu perlu dirumuskeun dina ieu panalungtikan, nya éta:

1) Kumaha déskripsi sastra lisan (dongéng) anu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis?

2) Kumaha struktur sastra lisan (dongéng) anu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis?

3) Kumaha warna sastra lisan (dongéng) anu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis?

(16)

5

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur 1.3 Tujuan Panalungtikan

Dumasar kana masalah anu geus dirumuskeun di luhur, ieu panalungtikan miboga dua tujuan, nya éta tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Sacara umum tujuan panalungtikan nya éta pikeun maluruh struktur jeung ajén atikan sastra lisan (dongéng) nu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis.

1.3.2 Tujuan Husus

1) Ngadéskripsikeun sastra lisan lisan (dongéng) anu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis;

2) Ngadéskripsikeun struktur sastra lisan (dongéng) anu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupaten Ciamis;

3) Ngelompokkeun sastra lisan (dongéng) anu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis; jeung

4) Ngadéskripsikeun ajén atikan dina sastra lisan (dongéng) anu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

(17)

6

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur 1.4.1 Mangpaat Tioritis

Panalungtikan ieu bisa ngajembaran élmu pangaweruh ngeunaan struktur jeung ajén atikan dina sastra lisan Sunda salaku kaaripan lokal anu perlu dimumulé.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Sacara praktis tina ieu panalungtikan dipiharep aya mangpaatna pikeun pamaréntah, guru, jeung panalungtik.

1) Pikeun pamaréntah, kawijakan dina miara budaya Sunda perlu diraksa tur dimekarkeun salaku kaaripan lokal ngeunaan sastra lisan nu nyebar di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis.

2) Pikeun guru, hasil ieu panalungtikan bisa dijadikeun répérensi dina rencana pangajaran sastra, hususna dina analisis struktur jeung ajén atikan sastra lisan Sunda.

3) Pikeun panalungtik, hasil panalungtikan ieu bisa méré gambaran ngeunaan struktur jeung ajén atikan. Hasil panalungtikan bisa dijadikeun dokumén ngeunaan karya sastra lisan Sunda anu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis.

1.5 Sistematika Tulisan

(18)

7

Evi Sulastri,2013

(19)

27

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur Jeung Ajén Atikan)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Data jeung Sumber Data Panalungtikan

Data dina ieu panalungtikan nya éta sastra lisan (dongéng) anu aya di sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis Provinsi Jawa Barat, nu sabada ditalungtik jumlahna 28 dongéng. Dongéng nu dimaksud nya éta dongéng “Rawa Onom”, “Sasakala Panoongan”, “Onom Mangrupa Ema”, “Si Égom”, “Asal-usul

Sukacai”, “Oray Kalung”, “Nyi Mas Mayang Sari”, “Éyang Éjo jeung Pusaka Warisan”, “Prabu Selang Kuning”, “Prabu Permana Tatapa”, “Ki Wadah Sangkuy”, “Sasakala Banjar”, “Ciung Wanara”, “Karang Nini”, “Citraresmi”, “Asal-usul Ronggéng Gunung”, “Karaton di Basisir Pananjung”, “Batu Kaldé”, “Ciréngganis”, “Dipati Imbanagara Ditugel Jangga Keuna ku Pitnah”, “Bupati Galuh Imbanagara Radén Adipati Jayanagara”, “Hubungan Sunda-Majapait

Saméméh Kajadian Pasundan Bubat”, “Gajah Mada Ngalatih Prajurit”, “Prabu

Cipta Permana”, “Cikawali”, “Sikuraja jeung Leuwi Biuk”, “Rawa Lakbok”, jeung “Kampung Kuta.”

Sumber panalungtikan nya éta para sepuh nu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis. Sumber data dina tabél ieu di handap.

Tabél. 3.1

Data Informan jeung Dongéng anu Kakumpulkeun

No Wasta Informan Umur Alamat Judul Dongéng

(1) (2) (3) (4) (5)

1 Bapa Sukarno 72 Lakbok  Rawa Onom

(20)

28

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur Jeung Ajén Atikan)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2 Bi Rasti 60 Banjarsari  Asal-usul

45 Karangkamulyan  Ciung Wanara

(21)

29

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur Jeung Ajén Atikan)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

 Hubungan Dagang

(22)

30

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur Jeung Ajén Atikan)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(23)

31

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur Jeung Ajén Atikan)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Tabel 3.1

Desain Panalungtikan

Jejer Panalungtikan :

Sastra Lisan Anu Aya di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis

(Ulikan Struktur jeung Ajén Atikan)

Rumusan Masalah

(1)Kumaha déskripsi sastra

lisan (dongéng) anu aya di sapanjang sisi Walungan

Citanduy Kabupatén

Ciamis?

(2)Kumaha struktur sastra

(24)

32

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur Jeung Ajén Atikan)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.3 Métode Panalungtikan

Metode mangrupa salah sahiji cara nu digunakeun pikeun ngahontal tujuan panalungtikan, dumasar kana tinimangan sabada nyawang tujuan jeung objék panalungtikan. Metodé nu dipaké pikeun ngahontal ieu tujuan panalungtikan, nya éta motodé déskriptif. Métode déskriptif nya éta ngagambarkeun jeung ngajéntrékeun kaayaan atawa kajadian nu keur disanghareupan.

Saluyu jeung tujuan déskriptif di luhur, tujuan nu hayang dihontal ku panalungtik dina panalungtikan ieu pikeun ngadéskripsikeun, ngagambarkeun, analisis ulikan struktur jeung ajén atikan sastra lisan (dongéng) anu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis.

3.3Definisi Operasional

Sangkan henteu nimbulkeun salah tapsir ka nu maca, ieu di handap dijelaskeun ngeunaan wangenan operasional anu digunakeun dina panalungtikan. 1) Struktur

Sacara étimologis, strukturalisme asal kecapna “struktur”, hartina nya éta ayana hubungan nu tetep antara kelompok-kelompok gejala atawa unsur

(éleméns), éta hubungan téh digelar ku panalungtik hasil tina pangamatan. Éta kaitanana atawa hubungan saéstuna anu nangtukeun sarta ngecéskeun saban-saban objék nu ditalungtik. Éta objék panalungtikan mungkin baé mangrupa badan manusa, minat manusa, masarakat, matématika, métodologi, alam, bahasa atawa sastra kaitanana jeung gejala, dua hal penting anu sok disebut tadi téa mangrupa anu sifatna abstrak.

(25)

33

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur Jeung Ajén Atikan)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

leuwih nyosok jero ngenaan hiji objék kajian. Numutkeun Koswara (2012:13), stukturalisme lahir ngabedah kaitanana-kaitanana atawa unsur dina hiji objék. Tina hubungan kasebut téh tumuwuh sawatara rupa tanda “bahasa” anu

ngécéskeun wangun jeung fungsina. Ku sabab kitu, strukturalisme ogé hiji kaédah modérn anu intina élmu sains tanda (semiotics). Strukturalisme téh enas-enasna mah miboga harti yén hiji karya sastra di masarakat mangrupa hiji kagemblengan lantaran aya réaksi anu timbal balik antara bagian-bagianana jeung antara bagian jeung kagemblenganana. Ieu hubungan téh lain ukur miboga sifat anu positif, saperti ayana kamiripan atawa aya hubungan, tapi miboga sifat anu négatif deui, saperti aya pertentangan jeung konflik. Lian ti éta, di tasdeskeun yén hiji kasatuan struktur ngawengku satiap bagian jeung sabalikna (yén satiap bagéan téh ngarupakeun kagemblengan). Éta harti struktur téh ngabalukarkeun kaom strukturalis ngutamakeun rélasi-rélasina aya antara sawatara lapisan nu nyampak

dina hiji karya sastra. Jigana baé nu di maksud ku istilah “bagian atawa unsur

(elements)”, nu kaasup kana struktur karya sastra téh nya éta alur, palaku, latar, jeung téma (Rusyana, 1979:5) atawa anu ku Stanton (Pradopo, Spk: 1995) mah disebut (a) téma jeung masalah, (b) fakta carita, jeung (c) sarana carita téa.

Dumasar kana sawatara pamadégan di luhur bisa dicindekeun yén nu dipaké alat pikeun ngarakrak struktur karya sastra anu dumasar kana sawangan strukturalisme mah sacara gurat badagna ngawengku unsur-unsur (1) téma, (2) plot/alur, (3) palaku, jeung (4) latar.

(26)

34

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur Jeung Ajén Atikan)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2) Ajén Atikan

Sacara étimologis, atikan asalna tina basa Yunani “pedagogics” anu ngawengku kecap “pais” anu hartina “budak” jeung tina kecap “again” anu hartina “kuring ngabingbing” (Sagala, 2009:2). Ajén téh tina kecap ajian hartina

aya ajianana, boga ajian, jampé pikeun supaya dihormat (Danadibrata, 2006:9). Atikan asal kecap tina atik, nya éta hal ngatik atawa nu ngatik (LBSS, 1995:27). Nurutkeun Danadibrata (2006:39), atikan nya éta pangajaran kana jalan kahadéan, méré, ngajarkeun, ngawarah, ngabimbing. Cindekna, ajén atikan nya éta ajén anu dicangking ngaliwatan atikan atawa pengajaran pikeun jalan kana kahadéan.

Ajén atikan, nya éta prosés ngarobah sikep jeung paripolah hiji jalma atawa masarakat dina usaha ngadéwasakeun manusa ngaliwatan upaya pangajaran jeung latihan, prosés paripolah, cara ngadidik. Dumasar tina éta wangenan bisa dihartikeun yén ajén atikan dina ieu panalungtikan nya éta prosés ngadéwasakeun manusa ngaliwatan tarékah jeung latihan.

Numutkeun Loree (dina Nurgiyantoro, 2010:321), ajén atikan ngawengku ajén moral, ajén sosial, jeung ajén agama

3) Déskripsi sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis

Walungan Citanduy ayana di Kabupatén Ciamis Propinsi Jawa Barat nu ngujur ti kulon ka wétankeun sapanjang kurang leuwih 40 km. Meulah wates antara Kabupatén Ciamis jeung Kabupatén Tasikmalaya. Lebah tengah panjangna kurang leuwih 60 km ngaliwatan Kabupatén Ciamis jeung Banjar (Mediabanjarpatroman, Hogspot. Com,2013).

(27)

35

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur Jeung Ajén Atikan)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.4Instrumén Panalungtikan

Instrumén anu digunakeun dina ieu panalungtikan ngagunakeun padoman analisis. Tujuanana pikeun nganalisis sastra lisan (dongéng) nu aya di sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis. Padoman analisis dipedar dina tabél ieu di handap.

Tabél 3.2 Padoman Analisis No Poko Analisis Unsur-Unsur

Pangwangun Tujuan

1 Analisis Struktur 1. Galur (plot)

(28)

36

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur Jeung Ajén Atikan)

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Rékaman sastra lisan ngagunakeun foto jeung tape recorder. Ieu alat mantuan pikeun ngumpulkeun data di lapangan. Di sagigireun dirékam ogé dicatet sagala hal nu kapanggih di lapangan. Hasil rékaman didokuméntasikeun jeung catetan lapangan diarsipkeun. Hasil rékaman saterusna ditranskrip kana wangun tinulis (téks).

Hasil rékaman masih perlu ditambah ku jalan wawancara jeung talaah pustaka. Talaah pustaka penting pikeun néangan rupa-rupa tiori anu dijadikeun acuan dina hiji panalungtikan. Sedengkeun wawancara tujuanana pikeun meunangkeun data anu can karékam di lapangan.

3.7 Téhnik Ngolah Data

Data hasil wawancara, dokuméntasi, jeung transkip audio atawa video dianalisis. Numutkeun Endraswara (2003:154), panalungtikan sastra lisan ngawengku tilu tahapan, nya éta: 1) milah-milah data dumasar kana golonganana, jeung 2) nganalisis dumasar tiori nu geus ditangtukeun.

Dumasar pamadegan di luhur prosédur analisis data dina ieu panalungtikan nya éta:

1) maluruh sastra lisan (dongéng) anu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis ngaliwatan rékaman, wawancara, jeung dokuméntasi; 2) maca, ngaregepkeun, jeung lalajo carita sastra nu dikumpulkeun ku cara

dirékam atawa mangrupa carita nu ditulis, anu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis;

3) ngelompokkeun sastra lisan (dongéng) anu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis dumasar klasifikasina;

4) ngaidéntifikasi struktur anu ngawangun masing-masing dina sastra lisan (dongéng) anu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis; 5) nganalisis ajén atikan anu aya dina sastra lisan Sunda (dongéng) anu aya di

(29)

37

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur Jeung Ajén Atikan)

(30)

223

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan méré informasi ngeunaan sabagian sastra lisan anu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis.

Umumna masarakat di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis geus teu pati wanoh jeung teu pati maliré kana kamekaran carita rayat anu aya di wewengkona. Ieu hal katitén yén anak nu boga carita teu wanoh kana carita rayat nu dipibanda ku bapana, padahal upama nurutkeun cara sumebarna sacara lisan, saméméh nu séjén nyaho tangtu ari anakna mah pangheulana nyaho ti bapana.

Sabada panalungtikan dongéng anu kakumpul di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis aya 28 dongéng nya éta: “Rawa Onom”, “Sasakala Panoongan”, “Onom Mangrupa Ema”, “Si Égom”, “Asal-usul Sukacai”, “Oray Kalung”, “Nyi Mas Mayang Sari”, “Éyang Éjo jeung Pusaka Warisan”, “Prabu Selang Kuning”, “Prabu Permana Tatapa”, “Ki Wadah Sangkuy”, “Sasakala Banjar”, “Ciung Wanara”, “Karang Nini”, “Citraresmi”, “Asal-usul Ronggéng Gunung”, “Karaton di Basisir Pananjung”, “Batu Kaldé”, “Cirengganis”, “Dipati Imbanagara Ditugel Jangga Keuna ku Pitnah”, “Bupati Galuh Imbanagara Radén Adipati Jayanagara”, “Hubungan Sunda-Majapait Saméméh Kajadian Pasundan Bubat”, “Gajah Mada Ngalatih Prajurit”, “Prabu Cipta Permana”, “Cikawali”, “Sikuraja jeung Leuwi Biuk”, “Rawa Lakbok”, jeung “KampungKuta.”

(31)

224

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur Tina 28 dongéng anu kakumpulkeun di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis 10 dongéng kaasup kana wanda dongéng sasakala, 8 dongéng mite, jeung 10 dongéng sagé. Dumasar data di luhur, wanda-wanda dongéng anu kakumpulkeun di sapanjang sisi Walungan Citanduy anu sajumlah 28 bisa diperséntasikeun 35,70% dongéng sasakala, 28,50% kaasup dongéng mite, jeung 35,70% kaasup dongéng sagé.

Tina jihat unsur intrinsik nu ngawengku téma, palaku, galur, latar, jeung amanat. Téma sajumlah 28 dongéng nu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis muser téma nu aya hubunganana jeung kulawarga, kakawasaan, karajaan, unsur kakuatan gaib (jin jeung siluman), hubungan jeung mahluk liana sarta alam, jeung ngenaan téma kaagamaan.

Palaku dina dongéng nu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis aya nu dijadikeun korpus data panalungtikan ngawengku palaku utama jeung palaku tambahan. Palaku utama aya nu disebutkeun ngaranna saperti dina téks dongéng “Citraresmi”, téks dongéng “Nyi Mas Mayang Sari”, téks dongéng “Prabu Selang Kuning”, téks dongéng “Si Égom”, téks dongéng “Prabu Permana Tatapa”, téks dongéng “Ki Wadah Sangkuy”, téks dongéng “Cirengganis”, téks dongéng “Dipati Imbanagara Ditugel Jangga Keuna ku Pitnah”, téks dongéng “Bupati Galuh Imbanagara Radén Adipati Jayanagara”, téks dongéng “Gajah Mada Ngalatih Prajurit”, téks dongéng “Prabu Cipta Permana I”, téks dongéng “Ciung Wanara”, téks dongéng “Sasakala Panoongan”, téks dongéng “Onom Mangrupa Ema”, téks dongéng “Sasakala Banjar”, téks dongéng “Karang Nini”, téks dongéng “Asal-usul Ronggéng Gunung”, téks dongéng “Karaton di Basisir Pananjung”, téks dongéng “Batu Kaldé”, téks dongéng “Hubungan Sunda-Majapait Saméméh Kajadian Pasundan Bubat”, téks dongéng “Cikawali”, téks dongéng “Sikuraja jeung Leuwi Biuk”, téks dongéng “Rawa Lakbok”, téks dongéng “Kampung Kuta”, téks dongéng “Asal-usul Lembur Sukacai”, jeung téks dongéng “Oray Kalung.”

(32)

225

Evi Sulastri,2013

(33)

226

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur sawah dina téks dongéng “Asal-usul Lembur Sukacai”; karaton dina téks dongéng “Ciung Wanara”, dina téks dongéng “Rawa Onom”, dina téks dongéng “Nyi Mas Mayang Sari”, dina téks dongéng “Citraesmi”, dina téks dongéng “Asal-usul Ronggéng Gunung”, dina téks dongéng “Karaton di Basisir Pananjung”, jeung dina téks dongéng “Gajah Mada Ngalatih Prajurit”; jeung lembur atawa kampung dina téks dongéng “Sasakala Panoongan” jeung dina téks dongéng “Kampung Kuta.” Latar waktu dina sastra lisan (dongéng) aya anu nuduhkeun umumna ngeunaan titimangsa, tanggal, taun, baheula, poé, abad jeung peuting saperti diantarana dina dongéng “Rawa Onom”, “Sasakala Panoongan”, “Si Égom”, “Éyang Éjo jeung Pusaka Warisan”, “Prabu Selang Kuning”, “Sasakala Banjar”, “Ciung Wanara”, “Karang Nini”, jeung “Citraresmi”. Latar suasana nu digunakeun umumna bungah dina téks dongéng “Ciung Wanara”, dina téks dongéng “Karaton di Basisir Pananjung”, dina téks dongéng “Batu Kaldé”; hariwang dina téks dongéng “Rawa Onom”, dina téks dongéng “Onom Mangrupa Ema”, jeung dina téks dongéng “Si Égom”; tugenah, teu puguh rasa dina téks dongéng “Oray Kalung”, dina téks dongéng “Nyi Mas Mayang Sari”, dina téks dongéng “Karang Nini”, dina téks dongéng “Dipati Imbanagara Ditugel Kena Ku Pitnah”, dina téks dongéng “Bupati Galuh Imbanagara Radén Adipati Jayanagara”, dina téks dongéng “Hubungan Sunda-Majapait Saméméh Kajadian Pasundan Bubat”, jeung dina téks dongéng “Prabu Cipta Permana”; keueung dina téks dongéng “Oray Kalung”; jeung pagaliwotana dagang dina téks dongéng “Ki Wadah Sangkuy”, dina téks dongéng “Sasakala Banjar”, jeung dina téks dongéng “Hubungan Sunda-Majapahit Saméméh Kajadian Bubat”. Amanat dina 28 dongéng anu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis, eusina mangrupa pituduh jeung pépéling pikeun manusa sangkan leuwih tarapti dina ngajalankeun kahirupan di dunya kudu saluyu jeung paripolah nu hadé dumasar katangtuan ku agama, adat, jeung nagara.

(34)

227

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur nurut kana paréntah kolot, kalakuan nu goréng baris meunang wawales saluyu jeung anu dilakukeunana, béréhan, satia jeung kanyaah hiji salaki ka pamajikanana, jiwa nu teu serah bongkokan, ajeg dina mertahankeun ajén dirina, sikap satria, ngajaga katertiban jeung kaamanan, kalakuan nu hadé, jeung asak tinimbangan.

Tina 28 dongéng ajén sosialna aya 12, rata-rata ngeunaan ngurus kaperluan hirupna, kasatian jeung sauyunan dina nyanghareupan musibah, ngurus layon, jeung sikep silih bantuan di antara papada jalma.

Ajén kaagamaan nu nyampak dina 28 aya 13 dongéng ngawengku manusa percaya kana alam gaib, kawajiban ngurebkeun layon, éling ka Nu Maha Kawasa kalawan ngucapkeun istigfar, ngucapkeun sukur ka Nu Maha Kawasa lantaran meunang salemat tina pancabaya. Bisa diperséntasikeun 100% ajén moral, ngeunaan manusa nu ngalakukeun kajahatan tinangtu menang wawales, pon kitu deui sabalikna manusa ngalakukeun kahadéan menang kabagjaan. 42,80% ajén sosial, ngeunaan ayana hubungan jeung manusa lian dina hirup kumbuh di dunya. 46,40% ajén kaagamaan, ngeunaan ayana hubungan manusa jeung Nu Maha Kawasa.

5.2 Saran

Dumasar kana hasil panalungtikan, panalungtik ngarékomendasikeun sababaraha saran saperti, di handap.

1) Pikeun Pamaréntah Kabupatén Ciamis

(35)

228

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur

file computer, sabab sababaraha waktu ka tukang progress report anu eusina mangrupa informasi ngeunaan profil désa jeung sajarah désa aya anu dibeundeul mangrupa progress report, leungit. Padahal numutkeun nu nyusuna nya éta Kuncén (Juru Kunci), néangan data, ngumpulkeun data, jeung nyusun data nepi ka mangrupa progress report téh, prosésna lila pisan.

2) Pikeun Masarakat di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis

Saran pikeun masarakat, nya éta ngamumulé jeung lamun bisa mah di dokuméntasikeun dongéng-dongéng anu aya di wewengkon séwang-séwangan. Hususna daérah anu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy. Panalungtik ngarasa, kokolot jeung tokoh-tokoh masarakat, beuki dieu, beuki ngurangan, padahal informan téh saeutik gedéna mangrupa panumbu catur atawa jalma anu bisa jadi nara sumber ngeunaan dongéng-dongéng anu aya di sapanjang sisi Walungan Citanduy. Ku kituna, sabisa-bisa kudu di mumulé rék ku cara naon waé sangkan dongéng-dongéng teu leungit.

3) Pikeun Mahasiswa

Saran pikeun mahasiswa, nya éta dipihareup loba mahasiswa anu nalungtik dongéng-dongéng atawa carita rayat hususna di wilayah Jawa Barat, sabab hal éta salian ti bisa pikeun ngaréngsékeun tugas ahir, tapi ogé bisa jadi tarékah pikeun ngamumulé jeung ngamekarkeun dongéng-dongéng anu aya di wilayah séwang-séwangan.

(36)

229

Evi Sulastri,2013

(37)

230

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur DAFTAR PUSTAKA

Abrams, M.H. 1981. A Glosary of Literaty Teams. New York: Holt Rinehart and Winston.

Aminudin. 1991. Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru..

Danandjaya, James. 2002. Folklor Indonesia. Ilmu Gosip, dan lain-lain. Jakarta: PT Pustaka Utama Grafiti.

Danadibrata. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat

Endraswara, Suwardi. 2003. Metodologi Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Widyatama.

Faturohman, Taufik. 1983.Ulikan Sastra. Bandung: Djatnika

Hutomo, S. 1993. Mutiara yang Terlupakan Pengantar Studi Sastra Lisan. Komisariat Jawa Timur: HISKI

Iskandarwassid. 2010. Kamus Istilah Sastra. Bandung: CV Geger Sunten.

Isnendes, Retty.2010.Teori Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Koswara, Dedi. 2011. Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS. UPI

Koswara, Dedi, 2012. Racikan Sastra (Pangdeudeul Bahan Perkuliahan Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah dan PGSD UPI.

(38)

231

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur Nurgiyantoro, Burhan. 1994. “Teori Semiotik dalam Kajian Kesastraan”,

Cakrawala Pendidikan. No.1, th XIII, hlm.51-66. .

Nurgiyantoro, Burhan. 2010. Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gajah Mada. University Press.

Mediabanjarpatroman, Hotspot. Com, 2013

Poespoprodja, W. 1999. Filsafat Moral. Bandung: CV Pustaka Grafika.

Pradopo, Djoko Rahmat. 1995. Beberapa Teori Sastra, Metode Kritik dan Penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Randi. 2011. StrukturDongéng di Kacamatan Cikalong Wétan KabupaténBandung Barat. Skripsi UPI: Tidak Diterbitkan.

Rosidi, Ajid. 1995.Sastera dan Budaya Kedaerahan dalam Keindonesiaan. Jakarta: Dunia Pustaka Jaya.

Ruhaliah. 2010. Sajarah Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Ruhaliah, S.Pk. 2011. Nilai-Nilai Kearifan Lokal dalam Naskah Sunda Buhun (Wawacan) sebagai Dasar Orientasi Pendidikan Karakter Bagi Mahasiswa. Bandung: UPI.

Rusyana, Yus. 1978. Payungsi Sastra. Bandung: Gunung larang.

Rusyana, Yus. 1979.Novel Sunda Sebelum Perang. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa.

Rusyana, Yus. (2000), “Memperlakukan Sastra Berbahasa Indonesia dan Sastra

Berbahasa Daerah sebagai Sastra Milik Nasional”. Makalah pada

Pertemuan Ilmiah Nasional XI Hiski Solo.

(39)

232

Evi Sulastri,2013

Sastra Lisan Anu Aya Di Sapanjang Sisi Walungan Citanduy Kabupatén Ciamis (Ulikan Struktur Sagala, Syaiful. 2009. Konsep dan Makna Pembelajaran. Bandung: Alfabeta. .

Salmun, M. A. 1963. Kandaga Kesusasteraan Sunda. Bandung: Tarate

Semi, Atar. 1993. Metode Penelitian Sastra. Bandung: Angkasa.

Setianingsih, Yeti. 2005. Aspek Didaktis dalam Teks Cerita Sastra Lisan di Kabupaten Sumedang. Tesis UPI: Tidak Diterbitkan.

Simanungkalit, L. 2000. Nilai Budaya, dan Konteks Cerita Rakyat Desa Panjalu, Kecamatan Panjalu Kabupaten Ciamis (Model Pelestarian Nilai Budaya untuk Masyarakat Desa Panjalu. Tesis UPI: Tidak Diterbitkan

Sukardja, Djaja. 2001. SejarahGaluh Ciamis (Inventarisasi dan DokumentasiSumber). Ciamis: Kasi Kebudayaan Kandep Kabupaten Ciamis.

Sumardjo, Yakub. 1981. Sosiologis Novel Indonesia. Bandung: Pustaka Jaya.

Sjamsulbachri, Asep. 2011. Strategi Pengembangan Karakter Mahasiswa. Sumedang: Diklat Karakter.

.

Teeuw,A.1984. Sastra dan Ilmu Sastra. Jakarta: Pustaka Jaya.

Tim UPI. 2011. Pedoman Karya Ilmiah Universitas Pendidikan Indonesia 2011. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.

Figur

Tabel 3.1 Desain Panalungtikan
Tabel 3 1 Desain Panalungtikan . View in document p.23

Referensi

Memperbarui...