AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER.

22  15 

Loading.... (view fulltext now)

Loading....

Loading....

Loading....

Loading....

Teks penuh

(1)

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG

ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR

PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

TESIS

Diajukeun pikeun Nyumponan Salah Sahiji Sarat Nyangking Gelar Magister Pendidikan Bahasa jeung Budaya Sunda

ku

RATNA SHINTA SUKOWATI SUWARTO NIM 1201519

PRODI PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA (S-2)

SEKOLAH PASCASARJANA

(2)

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG

ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR

PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Oleh

Ratna Shinta Sukowati Suwarto

S.Pd UPI Bandung, 2012

Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Magister Pendidikan (M.Pd.) pada Prodi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

© Ratna Shinta Sukowati Suwarto 2014 Universitas Pendidikan Indonesia

Juni 2014

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

LEMBAR PENGESAHAN

RATNA SHINTA SUKOWATI SUWARTO NIM 1201519

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

disaluyuan tur disahkeun ku pangaping : Pangaping I,

Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd. NIP 19590119 198601 1 001

Pangaping II,

Prof. Dr. Iskandarwassid, M.Pd.

Kauninga ku

Ketua Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana UPI,

(4)

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER DI SMA

ABSTRAK

Suwarto, Ratna Shinta Sukowati. 2012. “Ajén Budaya dina Dongéng-Dongéng Anu Aya di Kabupatén Cianjur Pikeun Mekarkeun Atikan Karakter”. Tésis Prodi Pendidikan Bahasa jeung Budaya Sunda.

Kasang tukang panalungtikan ieu nya éta kurangna perhatian ti masarakat kana

dongéng anu miboga peran gedé pikeun nepikeun atikan. Ngulik ajén budaya dina

dongéng-dongéng bisa mekarkeun atikan karakter sabab dina dongéng tangtu waé jembar pisan pangajaran anu bisa dicokot tina caritana. Tujuan panalungtikan ieu nya éta pikeun ngadéskripsikeun struktur dongéng nu aya di Kabupatén Cianjur, ajén budaya anu aya dina dongéng-dongéng anu aya di Kabupatén Cianjur, ajén atikan karakter dina dongéng-dongéng anu aya di kabupatén Cianjur, prak-prakanana modél atikan karakter dina dongéng anu aya di Kabupatén Cianjur, jeung dongéng-dongéng anu ngandung model atikan karakter pikeun siswa SMA. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta dongéng dimeunangkeun tina hasil wawancara jeung studi dokuméntasi. Métode anu digunakeun dina panalungtikan ieu nya éta métode déskriptif. Dina hasil analisis panalungtikan bisa dicindekkeun (1) Tina 15 dongéng anu kakampulkeun di Kabupatén Cianjur 12 dongéng kaasup kana jenis dongéng sasakala, 2 dongéng sagé, jeung 1 dongéng mite, téma sajumlah 15 dongéng nu aya di Kabupatén Cianjur museur téma nu aya hubunganana jeung sajarah, karajaan, kaagamaan, jeung mahluk lianna sarta alam, palaku dina dongéng diantara manusa biasa, tokoh mitologi, tokoh sajarah, jeung sasatoan, galur dina dongéng maké galur mérélé, latar waktu anu digunakeun aya anu nuduhkeun titimangsa, tanggal, taun, baheula, jeung kapungkur, latar tempat nu dugunakeun umumna di Gunung, Walungan, Situ, jeung Karajaan, Latar suasana nu aya dina dongéng, diantarana bungah, sedih, reueus, héran, jeung karunya; (2) Ajén budaya dina dongéng-dongéng nu aya di Kabupatén Cianjur bisa dimeunangkeun sacara eksplisit (tersurat) atawa

sacara implisit (tersirat); (3) Ajén atikan karakter dina data dongéng nu aya di

Kabupatén Cianjur salapan karakter, diantarana religius, jujur, disiplin, kerja keras, kréatif, démokratis, peduli lingkungan, peduli sosial, jeung tanggung jawab; (4) Dongéng-dongéng anu jembar atikan karakter bisa dijadikeun model atikan karakter. Di antara lima belas dongéng aya salah sahiji dongéng anu leuwih jembar atikan karakter, nya éta dongéng “Babad Cianjur”; (5) Tina analisis data sakabéh dongéng mibanda atikan karakter anu bisa jadi muatan positif pikeun mekarkeun atikan siswa.

(5)

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

NILAI BUDAYA DALAM DONGENG-DONGENG YANG ADA DI KABUPATEN CIANJUR UNTUK MENGEMBANGKAN PENDIDIKAN KARAKTER

ABSTRAK

Suwarto, Ratna Shinta Sukowati. 2012. “Ajén Budaya dina Dongéng-Dongéng Anu Aya di Kabupatén Cianjur Pikeun Mekarkeun Atikan Karakter”. Tésis Prodi Pendidikan Bahasa jeung Budaya Sunda.

Penelitian ini dilatarbelakangi kurangnya perhatian dari masyarakat terhadap dongeng yang mempunyai peran besar untuk menyampaikan pendidikan.Analisis nilai budaya dalam dongeng bisa mengembangkan nilai katakter karena dalam dongeng terdapat pembelajaran yang bisa diambil. Tujuan penilitian ini adalah untuk mendeskripsikan cerita dongeng yang ada di Kabupaten Cianjur, mendeskripsikan struktur dongeng yang ada di Kabupaten Cianjur, nilai budaya dalam dongéng yang ada di Kabupaten Cianjur,nilai karakter dalam dongeng yang ada di Kabupaten Cianjur, dongeng-dongeng yang mengandung model nilai karakter, dan langkah-langkah pendidikan karakter dalam dongeng yang ada di Kabupaten Cianjur.Sumber data dalam penelitian ini adalah dongeng yang diperoleh dari hasil wawacara dan studi dokuméntasi. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif. Dalam hasil analisis penelitian bisa disimpulkan (1) Dalam 15 dongeng yang terkumpulkan di Kabupaten Cianjur, terdapat 12 dongeng legenda (sasakala), 2 dongeng sage, dan 1 dongeng mite, tema yang ada dalam dongeng di Kabupaten Cianjur mangarah kepada tema yang ada hubungannya dengan sejarah, kerajaan, keagamaan, dan makhluk lainnya serta alam, pelaku dalam dongeng diantaranya adalah manusia biasa ,tokoh mitologi, tokoh sejarah, dan hewan, alur dalam dongeng memakai alur maju, latar waktu yang digunakan ada yang menunjukkan tanggal, tahun, dan dahulu, latar tempat yang digunakan umumnya di Gunung, Sungai, Situ, dan Kerajaan, latar suasana yang ada dalam dongeng, diantaranya bahagia, sedih, bangga, aneh, dan kasihan. (2) Nilai budaya dalam dongeng-dongeng yang ada di Kabupaten Cianjur bisa diperolah secara eksplisit (tersurat) atawa sacara implisit (tersirat). (3) Nilai pendidikan karakter dalam data dongeng di Kabupaten Cianjur ada 9 karakter, diantaranya religius, jujur, disiplin, kerjakeras, kreatif, demokratis, peduli lingkungan, peduli sosial, dan tanggungjawab. (4) Dongeng-dongeng yang mempunyai banyak pendidikan karakter bisa dijadikan model pendidikan karakter. Diantara 15 dongeng ada salah satu dongeng yg lebih banyak pendidikan karakternya, yaitu dongeng“Babad Cianjur”. (5) Dalam analisis data semua dongeng mempunyai pendidikan karakter yang bisa jadi muatan positif untuk mengembangkan pendidikan karakter.

(6)

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

CULTURAL VALUES IN TALES THAT EXIST IN KABUPATEN CIANJUR TO DEVELOP CHARACTER EDUCATION

ABSTRACT

Suwarto, Ratna Shinta Sukowati. 2012. “Ajén Budaya dina Dongéng-Dongéng Anu Aya di Kabupatén Cianjur Pikeun Mekarkeun Atikan Karakter”. Tésis Prodi Pendidikan Bahasa jeung Budaya Sunda.

This research is motivated by the lack of public attention to fairy tales, urban legend between society that has great role in deliver education. Analysis of cultural values in the story of a fairy tale could develop a character value because there are many lessons that can be taken. The purpose of this research was to describe the structure of a fairy tale,cultural values that exist in fairy tales,character value in a fairy tale,education measures in the fairy tale characters that exist,and the tales that contain the character value model for high school students. Sources of data in this research are fairy tale that obtained from interviews and documentation. The method used in this research is descriptive method. From result of this analysis research can be concluded (1) From the 15 fairy tale that were collected in Cianjur, there are 12 legend (sasakala), 2 sage tales,and 1 myth, mythical themes in Cianjur tales leads to the theme that has to do with history, kingdom, religious, other creatures and nature, actors in tales including human being, mythological figures, historical figures, and animal, plot in the tales use forward plot, the time that use in the tales is show date, year and yore, the place usually take in mountain, river, lake, and kingdom, the atmosphere in tales is usually happiness, sadness, proudness, weirdness, and poorness. (2) Cultural values in fairy tales exist in Cianjur can be obtained explicitly or implicitly. (3) There are 9 Character Educational value in the data of fairy tales including religious, honest, discipline, hard work, creativity, democracy, care for the environment, social care, and responsibility. (4) Tales that have a lot of character education can be used as a model of character education. Between 15 fairy tales there is one fairy tale that have more character education, that is "Babad Cianjur". (5) In the data analysis of all fairy tales have the character education that can be a positive charge to develop student's character education.

(7)

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

DAPTAR EUSI

ABSTRAK ...i

PANGJAJAP ...iv

KEDALING RASA SUKUR ...vi

DAPTAR EUSI ...vii

DAPTAR TABÉL ...xi

DAPTAR BAGAN ...xii

DAPTAR SINGGETAN ...xiii

DAPTAR LAMPIRAN ...xiv

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Pasualan ...1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ...5

1.2.1 Watesan Masalah ...5

1.2.2 Rumusan Masalah ...5

1.3 Tujuan Panalungtikan ...6

1.3.1 Tujuan Umum ...6

1.3.2 Tujuan Husus ...6

1.4 Mangpaat Panalungtikan ...6

1.4.1 Mangpaat Tioritis ...6

1.4.2 Mangpaat Praktis ...6

1.5 Sistematika Tulisan ...7

BAB II ULIKAN PUSTAKA, RARAGA MIKIR, JEUNG ANGGAPAN DASAR 2.1 Ulikan Pustaka ...8

2.1.1 Dongéng ...8

(8)

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2.1.1.2 Ciri-Ciri Dongéng ...9

2.1.1.3 Unsur Dongéng ...9

2.1.1.4 Wanda Dongéng ...10

2.1.2 Ajén Budaya ...11

2.1.2.1 Ajén ...11

2.1.2.2 Budaya ...12

2.1.2.3 Ajén Budaya ...12

2.1.2.4 Atikan jeung Kabudayaan ...15

2.1.3 Pamarekan Struktural ...15

2.1.4 Atikan Karakter ...18

2.1.4.1 Atikan ...18

2.1.4.2 Karakter ...19

2.1.4.3 Atikan Karakter ...19

2.1.5 Pangajaran Sastra. ...24

2.1.6 Bahan Ajar. ...25

2.2 Raraga Mikir . ...28

2.3 Anggapan Dasar . ...28

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Setting Panalungtikan ...32

3.1.1 Lokasi Panalungtikan ...32

3.1.2 Sumber Data ...32

3.1.3 Waktu Palaksanaan Panalungtikan ...33

3.2 Desain Panalungtikan ...33

3.3 Metode Panalungtikan ...34

3.4 Wangenan Operasional ...34

3.5 Instrumén Panalungtikan ...36

(9)

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.5.2 Kartu Data ...37

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data . ...40

3.6.1 Studi Dokuméntasi . ...40

3.6.2 Wawancara . ...40

3.7 Téhnik Ngolah Data . ...40

3.8 Léngkah-Léngkah Panalungtikan ...41

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN 4.1 Analisis ...43

4.1.1 Déskripsi dongéng ...43

4.1.2 Struktur Dongéng di Kabupatén Cianjur...84

4.1.2.1 Wanda Dongéng ...84

4.1.2.2 Téma Dongéng. ...87

4.1.2.3 Palaku Dongéng ...92

4.1.2.4 Galur Dongéng ...111

4.1.2.5 Latar Dongéng ...119

4.1.2.6 Amanat Dongéng ...132

4.1.3 Analisis Ajén Budaya ...151

4.1.3.1 Pasualan Hakékat Manusa (MH). ...151

4.1.3.2 Pasualan Hakékat Manusa jeung Manusa (MM) ...156

4.1.3.3 Pasualan Hakékat Manusa jeung Alam (MA) ...161

4.1.4 Analisis Ajén Atikan Karakter ...167

4.1.4.1 Asal-Usul Désa Ménténgsari...168

4.1.4.2 Asal-Usulna Hayam Pelung. ...168

4.1.4.3 Babad Cianjur...169

4.1.4.4 Sasakala Gunung Padang. ...170

4.1.4.5 Jangari Nu Kalindih. ...170

(10)

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

4.1.4.7 Kasaktian Juragan Wira. ...170

4.1.4.8 Ki Rangga jeung Déwi Rengganis. ...171

4.1.4.9 Pajaratan Kabayan. ...171

4.1.4.10 Riwayat Kuda Kosong ...172

4.1.4.11Sasakala Cibulakan. ...172

4.1.4.12 Sasakala Gunung Putri. ...173

4.1.4.13 Sasakala Pangguyangan Badak Putih...173

4.1.4.14 Sasakala Talaga Warna. ...174

4.1.4.15 Sasakala Walungan Citarum. ...174

4.1.5 Analisis Dongéng Anu Mibanda Atikan Karakter. ...176

4.2 Hasil Analisis. ...177

4.3 Pedaran Hasil Analisis. ...177

BAB V RARANCANG MODEL ATIKAN DINA DONGÉNG DI LINGKUNGAN KULAWARGA 5.1 Atikan dina Dongéng anu Ngawangun Karakter di Lingkungan Kulawarga ...179

5.2 Rarancang Kagiatan ...180

5.2.1 Pamilon Kagiatan ...180

5.2.2 Rarancang Kagiatan ...180

5.3 Rarancang Modél Atikan dina Dongéng di Lingkungan Kulawarga ...180

BAB VI KACINDEKAN JEUNG SARAN 6.1 Kacindekan ...183

6.2 Saran ...186

DAPTAR PUSTAKA ...187

(11)

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(12)

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

Dina ieu bab dipedar métode panalungtikan anu ngawengku setting panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung léngkah-léngkah panalungtikan.

3.1 Setting Panalungtikan

Setting panalungtikan ngawengku lokasi panalungtikan, sumber data anu

dijerona aya subjék panalungtikan, jeung waktu panalungtikan.

3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Lokasi panalungtikan nya éta di Kabupatén Cianjur Provinsi Jawa Barat, anu diwengku ku tilu bagian tempat, nya éta Cianjur kaler, Cianjur tengah, jeung Cianjur kulon.

3.1.2 Sumber Data

(13)

33

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.1.3 Waktu Palaksanaan Panalungtikan

Waktu palaksanaan panalungtikan nya éta minggu kahiji jeung minggu kadua bulan Mei.

3.2 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nya éta prosés anu dirarancang ku panalungtik pikeun ngajawab atawa ngajelaskeun masalah-masalah anu geus dirumuskeun. Desain panalungtikan dibagankeun saperti ieu di handap:

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Nangtukeun masalah Ngawatesan jeung ngarumuskeun masalah

Ngarumuskeun anggapan dasar

Nangtukeun sumber data

Nangtukeun jeung nyusun instrumen

Ngumpulkeun data ku cara wawancara jeung

studi dokuméntasi

Nganalisis data ku cara maluruh ajén budaya, stuktur jeung ajén atikan

karakter dina dongéng-dongéng di kabupatén

Cianjur Nyieun kacindekan jeung

(14)

34

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3 Métode Panalungtikan

Métode panalungtikan minangka hiji cara ilmiah pikeun meunangkeun data nu miboga tujuan jeung mangpaat nu tangtu (Sugiyono, 2010:3). Métode panalungtikan ogé manrupa hiji cara ngaréngsékeun pasualan ku cara meunangkeun fakta jeung kacindekan pikeun maham, ngajelaskeun, ngaramalkeun, jeung ngadalikeun kaayaan (AR spk, 2009:14). Tina dua sawangan di luhur bisa dicindekkeun yén métode panalungtikan mangrupa cara nu dilakonan dina kagiatan ilmiah saperti panalungtikan pikeun meunangkeun hasil nu luyu jeung tujuan panalungtikan sangkan bisa kahontal.

Dina ieu panalungtikan, métode anu dipaké nya éta déskriptif analisis, nya éta ngadéskripsikeun fakta-fakta tuluy dianalisis. Salian ti kitu, méré pamahaman jeung panjelasan sacukupna (Ratna, 2007:53). Data didéskripsikeun pikeun manggihan unsur-unsurna. Analisis nu dipaké ogé nya éta analisis ajén budaya sarta atikan karakter anu bisa dijadikeun minangka model atikan karakter siswa. Ku sabab kitu, métode anu luyu pikeun ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif analisis. Sabab salian ngadéskripsikeun fakta-fakta, ogé méré pamahaman tina hasil analisis data nu dilakukeun.

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan leuwih jéntré tur écés, istilah nu aya patalina jeung judul ieu panalungtikan didéfinisikeun sacara operasional di ieu handap :

1) Ajén Budaya

Ajén budaya mangrupa hiji hal nu dianggap hadé ku hiji kelompok atawa suku bangsa anu can tangtu dianggap hade ku kelompok masarakat atawa suku bangsa lian, sabab ajén budaya ngawatesan jeung mérékeun karakteristik dina hiji masarakat jeung kabudayaanna. Ajén budaya mangrupa tingkat nu paling abstrak tina adat, hirup jeung ngakar dina alam pikiran masarakat, jeung hésé diganti ku ajén budaya lian dina waktu singget. Ajén budaya dina ieu panalungtikan mangrupa nilai-nilai keseluruhan sistem berfikir, religi,

(15)

35

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

pilar utama nya éta hubungan : manusa jeung nu Nyiptakeunna; sasama manusa; manusa jeung karyana; manusa jeung alam; manusa jeung waktu. Contona dina dongéng sasakala pangguyangan badak putih aya ajén budaya nulungan anu keur mikabutuh bantuan nya éta nalika monyét nulungan ka maung lodaya anu keur hanaang hayang nginum. Hal éta mangrupa salah sahiji tina lima pilar utama ajén budaya nya éta hubungan sasama manusa.

2) Struktur

Sacara étimologis, strukturalisme asal kecapna “stuktur, hartina nya éta ayana hubungan nu tetep antara kelompok-kelompok gejala atawa unsur (élémén), éta hubungan téh digelar ku panalungtik hasil tina pangamatan. Éta kaitanana atawa hubungan saéstuna anu nangtukeun sarta ngécéskeun saban-saban objék nu ditalungtil. Éta objék panalungtikan mungkin baé mangrupa badan manusa, minat manusa, masarakat, matématika, métodologi, alam, bahasa, atawa sastra kaitanana jeung gejala, dua hal penting anu sok disebut tadi téa mangrupa sipat nu abstrak.

Strukturalisme téh mangrupa hiji pergerakan inteléktual, nu gelar di Prancis. Dina praktékna strukturalisme téh leuwih umum dianggap minangka hiji kaédah atawa métode anu tujuan utamana mah nya éta pikeun ngalelempeng atawa méré pangajén ka para panalungtol dina ngalaksanakeun panalungtikan nu leuwih nyosok jero ngeunaan hiji objék kajian. Nu kaasup kana stuktur karya sastra téh nya éta galur, palaku, latar, jeung téma.

3) Atikan karakter dina ieu panalungtikan nya éta nilai-nilai karakter nu ngabiasakeun siswa (dengan sadar, sistematis, jeung terencana) milampah nu

hadé boh tina ucapan boh tina paripolah. Analisis atikan karakter dina ieu dongéng nya éta 18 atikan karakter anu dumasar tina hasil kajian empiric

(16)

36

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

sosobatan/komunikatif, (14) cinta damai, (15) resep maca, (16) miduli lingkungan, (17) miduli sosial, (18) Tanggung Jawab.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén diperlukeun pikeun meunangkeun data. Numutkeun Arikunto (2010, kc. 203) instrumén nyaéta pakakas nu digunakeun ku panalungtik dina ngumpulkeun data sangkan pagaweanana leuwih gampang jeung meunangkeun hasil nu hadé, dina harti taliti, lengkep, jeung sistematis sangkan leuwih gampang ngolahna. Sedengkeun Ratna (2010:247) nételakeun yén instrumén utama dina hiji panalungtikan nya éta panalungtik.

Instrumén dina ieu panalungtikan ngawengku pedoman wawancara jeung kartu data.

3.5.1 Pedoman Wawancara

Pedoman wawancara dipaké pikeun ngumpulkeun dongéng anu aya di Kabupatén Cianjur anu masih sumebar sacara lisan ti informan. Pedoman wawancara dina ieu panalungtikan nya éta pedoman wawancara henteu

berstruktur di mana informan teu kawatesanan dina ngébréhkeun pamadegan

jeung pangaweruh ngeunaan dongéng. Ieu di handap mangrupa pedoman wawancara anu dipaké dina ieu panalungtikan.

Pedoman Wawancara Dongéng nu aya di Kabupatén Cianjur

1. Idéntitas Narasumber a. Ngaran:

b. Umur: c. Warna Jinis: d. Pakasaban: e. Atikan :

f. Basa nu dipaké sapopoé: g. Padumukan:

(17)

37

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3. Eusi Dongéng :

3.5.2 Kartu Data

Kartu data digunakeun sangkan panalungtik leuwih gampang ngolah data. Kartu data dina ieu panalungtikan aya dua nya éta nu kahiji kartu data pikeun maluruh struktur instrinsik dongéng jeung ajén budya, nu kadua kartu data pikeun maluruh atikan karakter.

1) Kartu data Struktur

Kartu Data maluruh Stuktur Intrinsik Dongéng Waktu Observasi :

Tempat :

Kode : Sumber :

Kalimah : Kode :

Katerangan :

Tabél 3.1 Kode Judul Dongéng

Judul Dongéng Kode

(1) (2)

1. Asal Usul Désa Ménténgsari (1)

2. Asal Usul Hayam Pelung (2)

3. Asal Usul Silat Jurus Cimandé (3)

4. Carita Kuda Kosong (4)

(18)

38

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

(1) (2)

6. Dongéng Sasakala Gunung Padang (6)

7. Dongéng Sasakala Gunung Putri (7)

8. Jangari nu Kalindih (8)

9. Jayasana Medal Sila (9)

10.Kasaktian Juragan Wira (10)

11.Ki Rangga jeung Dewi Rengganis (11)

12.Sasakala Cibulakan (12)

13. Sasakala Pangguyangan Badak Putih (13)

14.Sasakala Talaga Warna (14)

15.Sasakala Walungan Citarum (15)

16.Pajaratan Kabayan (16)

Tabél 3.2

Kode Struktur Dongéng

Stuktur Kode

1. Téma a

2. Palaku b

3. Galur c

4. Setting d

5. Amanat e

Lian ti instrumén di luhur, pikeun ngagampangkeun dina ngolah datana, ieu panalungtikan ogé ngagunakeun instrumén tabulasi.

Tabel 3.3

Interpretasi kana Struktur Dongéng

(19)

39

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2) Kartu data Ajén Budaya Kartu Data maluruh Ajén Budaya Kode :

Sumber :

Kalimah : Kode :

Katerangan :

Tabél 3.4 Kode Ajén Budaya

Ajén Budaya Kode

1. Pasualan ngeunaan Hakékat manusa MH

2. Pasualan ngeumaan Manusa jeung alam sabudeureunna MA

3. Pasualan ngeunaan Manusa jeung manusa MM

Lian ti instrumén di luhur, pikeun ngagampangkeun dina ngolah datana, ieu panalungtikan ogé ngagunakeun instrumén tabulasi, anu dipatalikeun jeung atikan karakter.

Tabél 3.5

Interprétasi tina Ajén Budaya kana Atikan Karakter

Kode Kalimah Kode Ajén Budaya

(20)

40

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta prosedur anu sistematis pikeun meunangkeun data anu diperlukeun (Satori, 2009:103). Panalungtikan nu dilakukeun ngaliwatan sumber-sumber lisan jeung tinulis. Ku sabab kitu, sangkan data maksimal, aya sababaraha léngkah dina ieu panalungtikan, nya éta :

3.6.1 Studi Dokuméntasi

Téhnik dokuméntasi mangrupa téhnik ngumpulkeun data nu mangrupa catetan, transkrip, buku, jsb (Arikunto, 2010:231). Téhnik dokuméntasi digunakeun ogé pikeun analisis struktur intrinsik dongéng.

3.6.2 Wawancara

Wawancara mangrupa lawungan antara dua orang atawa leuwih pikeun tukeur informasi jeung ide ngaliwatan tanya jawab sangkan bisa dikontruksikeun dina hiji topik nu tangtu. Wawancara mangrupa alat pikeun pambuktian kana informasi atawa katerangan anu geus dimeunangkeun saacanna jeung magrupa téhnik komunikasi langsung antara panalungtik jeung sampel.

Data dongéng nu didongéngkeun bisa direkam tuluy ditulis, tapi kudu sakanyaho informan. Dina ieu panalungtikan, panulis nya éta instrumén utama. Tapi, tetep dibantuan ku instrumén séjénna.

Instrumén dina ieu panalungtikan nya éta panalungtik éta sorangan, sabab ieu panalungtikan mangrupa panalungtikan kualitatif (Sugiono, 2010:305). Tapi panalungtik ogé dibantuan ku instrumén séjénna saperti alat rekam, buku catetan, jeung pedoman wawancara, nu digunakeun dina pangumpulan data.

3.7 Téhnik Ngolah Data

(21)

41

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) Data analisis struktur instrinsik dongéng

Pikeun ngolah ieu data, panalungtik ngalakukeun sababarah léngkah nya éta: (1) panalungtik nganalisis kartu data ;

(2) hasil analisis dibaca jeung dibéré tanda;

(3) hasil maca dianalisis tur diklasifikasikeun dumasar strukturna; (4) hasil analisis ditulis dina kartu data;

(5) kartu data disusun dina tabél; jeung

(6) nyieun kacindekan tina data anu geus diolah dina wangun perséntase. 2) Data hasil wawancara

Pikeun mikanyaho dongéng, panalungtik ngayakeun wawancara ka tokoh. Anu jadi réspondén dina ieu panalungtikan nya éta tokoh anu dianggap weruh boh anu aya di lingkungan formal saperti guru boh di lingkungan informal saperti jalma anu jadi tokoh di lingkungan sabudeureunna.

Léngkah anu dilakukeun nya éta:

(1) panalungtik ngawawancara narasumber; (2) hasil wawancara dianalisis; jeung (3) nyieun kacindekan.

3.8 Léngkah-léngkah Panalungtikan

Ieu panalungtikan disusun ngaliwatan opat léngkah, nya éta: (1) tahap tatahar, (2) tahap ngumpulkeun data, (3) tahap ngolah data, jeung (4) tahap nyusun laporan. Léngkah-léngkah panalungtikan dijéntrékeun ieu di handap: 1) Tahap Tatahar

Léngkah-léngkah anu dilakukeun dina tahap tatahar, nya éta (1) obsérvasi awal, (2) ngajukeun judul panalungtikan, (3) nyusun rarancang panalungtikan, jeung (4) konsultasi jeung dosén pangaping.

2) Tahap Ngumpulkeun Data

(22)

42

Ratna Shinta Sukowati Suwat, 2014

AJÉN BUDAYA DINA DONGÉNG-DONGÉNG ANU AYA DI KABUPATÉN CIANJUR PIKEUN MEKARKEUN ATIKAN KARAKTER

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3) Tahap Ngolah Data

Léngkah-léngkah dina ngolah data, nya éta: (1) data dongéng dipasing-pasing, (2) data dianalisis tuluy diklasifikasi, (3) nyieun kacindekan tina hasil analisis data dina wangun déskripsi, (4) data ngeunaan dongéng disusun, (5) nyieun kacindekan tina data wawancara dina wangun déskripsi, (6) ngabandingkeun dua data, (7) nyieun kacindekan.

4) Tahap Nyusun Laporan

Figur

Tabel 3.3 Interpretasi kana Struktur Dongéng
Tabel 3 3 Interpretasi kana Struktur Dong ng . View in document p.18

Referensi

Memperbarui...