• Tidak ada hasil yang ditemukan

AJÉN KAAGAMAAN DINA NOVÉL MASYITOH KARANGAN AJIP ROSIDI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA DI SMA.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "AJÉN KAAGAMAAN DINA NOVÉL MASYITOH KARANGAN AJIP ROSIDI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA DI SMA."

Copied!
23
0
0

Teks penuh

(1)

64

DAFTAR PUSTAKA

Aminuddin. 2002. Pengantar Apresiasi Sastra. Bandung : Sinar Baru Algesindo.

Bartens, K. 2004. Etika. Jakarta: Gramedia.

Hidayat, Kosadi. 1987. Strategi Belajar Mengajar Bahasa Indonesia. Jakarta: PT. Rineka Cipta.

Iskandarwassid. 1992. Kamus Istilah Sastra. Bandung : Geger Sunten.

Jailani, Syaikh Abdul Kodir. 2001. Fiqih Tasawuf. Bandung: Pustaka Hidayah.

Kenneddy, X,J. 1983. Literature. Canada : Little Brown.

Koentjaraningrat. 1985. Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia.

K.M., Saini. 1994. Protes Sosial dalam Sastra. Bandung : Angkasa.

LBSS. 1992. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.

M.A.Salmun. 1961. Kandaga Kasusastraan Sunda. Bandung: CV Gonaco.

(2)

65

Rusamsi,Yus spk. 1985. Al Amin Al Qur’an Tarjamah Sunda. Bandung: CV Diponegoro.

Rusyana, Yus. 1992. Panyungsi Sastra. Bandung: Rahmat Cijulang.

Sudjana, Nana. 1992. Tuntunan Penyusunan Karya Ilmiah. Bandung: Sinar Baru.

Sudjiman, Panuti. 1992. Memahami Cerita Rékaan. Bandung : Sinar Baru.

Suharsimi, Arikunto. 1993. Prosedur Penelitian. Jakarta: PT Rineka Cipta.

Sumardjo, Yakob. 1984. Memahami Kesusastraan. Bandung : Angkasa.

(3)

1.1. Kasang Tukang

Sastra mangrupa hasil karancagéan manusa anu gelar tina pangalaman batin pangarang kalawan diungkarakeun ku média basa, boh lisan boh tulisan. Ku sabab gelarna dina kahirupan manusa, tangtu waé sastra bakal euyeub ku ajén-ajén kahirupan manusa. Lian ti éta, sastra bisa dijieun gambaran ngeunaan hiji sistem kamasarakatan anu luyu jeung kultur jamanna.

Mangpaat sastra téh salah sahijina nya éta salaku hiburan. Di sagigireun éta, sastra ogé mibanda mangpaat salaku média atikan, sabab dina sastra téh aya rupa-rupa ajén atikan boh anu sipatna positif boh anu négatif.

Eusi karya sastra aya anu patalina jeung filsafat, agama, politik, moral, atikan, sosial, boh ajén kahirupan séjénna.

Tumali jeung sawangan ajén kaagamaan (réligius), yén anu disebut karya sastra réligius téh nya éta karya sastra anu eusina nyangkaruk simbol-simbol tur ajén-inajén kaagamaan di masarakat.

(4)

sastra. Anu leuwih nyoko dina kaéndahan sastra jeung nyoko kana eusina, nya éta naon-naon anu ditepikeun minangka tarékah pikeun ngahontal bebeneran.

Salah sahiji wangun karya sastra nya éta novél. Sedengkeun anu disebut novél téh nya éta prosa rékaan (fiksi) anu naratif (ngawujud lalakon), umumna panjang sarta galur caritana atawa plotna kompléks (Iskandarwassid, 1992: 91). Eusi novél diwangun ku runtuyan kajadian anu ngajenggléng jadi hiji carita ku sabab aya unsur-unsur anu diwangunna. Unsur-unsur-unsur carita téh kudu silih rojong, silih lengkepan dina ngawangunna.

Dina novél dicaritakeun yén Masyitoh téh hiji emban urang Israil anu ngawulaan putrina Fir’aon anu ditibanan hukum pati, ku lantaran milih tumpur-lebur sapiri-umpi manan kudu mangéran ka Fir’aon papada jalma.

Standar kompeténsi pangajaran basa jeung sastra mangrupa program pikeun ngembangkeun élmu pangaweruh, kaparigelan basa. Pangajaran sastra diajengkeun pikeun ningkatkeun kamampuh siswa dina menikmati, menghayati, dan memahami karya sastra. Matéri novél aya dina SKKD kelas 2 SMA seméster 2.

Pangajaran sastra ngaliwatan kagiatan aprésiasi jeung éksprési sastra mangrupa pangajaran anu museur dina méré pangalaman sarta méré ajén-ajén anu nyangkaruk dina karya sastra éta sorangan.

(5)

Ieu panalungtikan dilakukeun teu langsung ancrub ka lapangan, tapi kumaha larapna sangkan bisa dijadikeun bahan pangajaran sastra di SMA, sarta bisa luyu jeung pangajaran anu aya di SMA. Ku sabab dina pangajaran sastra kiwari, pangajaran sastra anu museur kana méré pangalaman sarta méré ajén-ajén anu nyangkaruk kana karya sastra téh kacida kurangna.

1.2. Rumusan jeung Watesan Masalah

1.2.1. Rumusan Masalah

Rumusan masalah dina ieu panalungtikan nya éta saperti kieu.

1) Ajén kaagamaan naon waé anu nyampak dina novél Masyitoh karangan Ajip Rosidi?

2) Kumaha struktur carita nu mangrupa téma, para tokoh, jeung latar (sétting) dina novél Masyitoh karangan Ajip Rosidi?

3) Maluruh luyu henteuna ajén kaagamaan dina novél Masyitoh karangan Ajip Rosidi dilarapkeun kana bahan pangajaran sastra di SMA?

1.2.2. Watesan Masalah

(6)

ieu judul panalungtikan, watesan masalah dina ieu panalungtikan nya éta saperti ieu di handap.

1) Ajén kaagamaan Aqidah dina novél Masyitoh karangan Ajip Rosidi;

2) Struktur carita nu mangrupa téma, para tokoh, latar (sétting) dina novél Masyitoh karangan Ajip Rosidi;

3) Dilarapkeun kana bahan pangajaran sastra di SMA dumasar kamampuh maca siswa dina ngaaprésiasi novél.

1.3. Tujuan jeung Mangpaat Panalungtikan

1.3.1. Tujuan Panalungtikan

Tujuan panalungtikan mangrupa acuan pikeun nangtukeun arah tina sagala kagiatan supaya tina éta kagiatan anu dilakukeun téh beunang hasil nu hadé.

Tujuan dina ieu panalungtikan téh nya éta saperti ieu di handap.

1) Ngadéskripsikeun ajén kaagamaan dina novél Masyitoh karangan Ajip Rosidi; 2) Ngadéskripsikeun struktur caritaan anu mangrupa téma, para tokoh, latar (sétting)

dina novél Masyitoh karangan Ajip Rosidi;

(7)

1.3.2. Mangpaat Panalungtikan

Mangpaat dina ieu panalungtikan, nya éta saperti ieu di handap.

1) Bisa méré gambaran ngeunaan ajén kaagamaan sarta struktur caritaan dina novél Masyitoh karangan Ajip Rosidi;

2) Bisa dijadikeun picontoeun sarta pieunteungeun dina kahirupan sapopoé; 3) Bisa jadi alternatif guru dina milih bahan pangajaran sastra di SMA;

4) Bisa méré sumbangan pikeun guru supaya leuwih kréatif dina pangajaran aprésiasi sastra di SMA.

1.4. Anggapan Dasar

Nu jadi anggapan dasar dina ieu panalungtikan nya éta saperti ieu di handap. 1) Karya sastra novél mangrupa salah sahiji karya sastra anu bisa ditalungtik sacara

ilmiah, ku sabab dina éta novél téh nyangkaruk kaidah-kaidah atawa norma pikeun jadi bahan panalungtikan;

2) Pangajaran sastra mangrupa salah sahiji tujuan pikeun bahan pangajaran anu aya dina kurikulum SMA dumasar kana SKKD.

1.5. Wangenan Operasional

Wangenan operasional perlu diterangkeun sangkan henteu salah dina méré tafsiran kana judul tur masalah panalungtikan.

(8)

1) Ajén

Ajén nya éta pangaji, harga (LBSS, 1994: 4). Ajén anu dimaksud di dieu nya éta lain harga anu hartina bisa diukur ku angka, tapi ajén-inajén anu raket patalina jeung norma kahirupan anu bisa dijadikeun cecekelan hirup.

2) Kaagamaan

Kaagamaan asal kecap tina agama (Sansekerta), nya éta kapercayaan ka Nu Maha Suci jeung aturan-aturan ibadahna (LBSS, 1994: 5).

3) Novél

Novél téh nya éta prosa rékaan (fiksi) anu naratif (ngawujud lalakon), umumna panjang sarta galur caritaanana atawa plotna kompléks (Iskandarwassid, 1992: 91).

4) Novél Masyitoh karya Ajip Rosidi téh mangrupa salah sahiji karya sastra anu eusina medar kahirupan di nagara Mesir anu dipingpin ku raja Fir’aon anu jadi sesembahan rahayatna. Masyitoh téh hiji emban urang Israil anu ngawulaan putrina Fir’aon, anu ditibanan hukum pati lantaran embung nyembah Fir’aon. 5) Bahan Pangajaran

(9)

6) SMA

SMA nya éta salasahiji lembaga pendidikan formal, boh negri boh swasta, anu meunang panangtayungan ti Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. Lembaga formal anu mangrupa tuluyan ti pendidikan Sekolah Menengah Pertama (SMP).

1.6. Léngkah-léngkah Garapan

Rarancang garapananna nu rék dipigawé dina ieu panalungtikan téh runtuyanana saperti ieu di handap.

1) Tahap Tatahar

Léngkah-léngkah garapan dina ieu tahapan ngawengku: a) Ngayakeun ulikan pustaka;

b) Ngasongkeun rarancang panalungtikan; c) Nyieun rarancang panalungtikan;

d) Konsultasi ngeunaan garapan skripsi ka pangaping.

2) Tahap Ngumpulkeun Data

Léngkah-léngkah garapanana ngawengku:

a) Maca jeung neuleuman novél Masyitoh karangan Ajip Rosidi kalawan gemet; b) Nangtukeun struktur caritaan dina novél Masyitoh anu mangrupa téma, para

palaku, jeung latar (sétting);

c) Nganalisis ajén kaagamaan dina novél Masyitoh karangan Ajip Rosidi;

(10)

3) Tahap Ngolah Data

Data anu geus dikumpulkeun satuluyna diolah dumasar kana téhnik-téhnik ngolahna nu geus dipedar saméméhna. Léngkah-léngkah garapanana ngawengku: a) Mariksa deui data-data nu geus dikumpulkeun;

b) Unggal data dipasing-pasing dumasar kana rarancang nu geus ditangtukeun, luyu kana struktur caritaan novél anu mangrupa téma, palaku, jeung latar (sétting) sarta ajén kaagamaan dina éta novél;

c) Ngolah data;

d) Nyieun kacindekan tina nu geus diolah.

4) Tahap Nyusun Laporan

Tahap pamungkas tina hasil panalungtikan nya éta nyusun laporan. Data-data hasil panalungtikan nu geus diolah tuluy disusun sacara sistematis, dumasar kana aturan nu geus matok dina wangun skripsi.

Rarancang eusi skripsina ngawengku: BAB I BUBUKA

1.1. Kasang Tukang

1.2. Rumusan jeung Watesan Panalungtikan 1.2.1. Rumusan Panalungtikan 1.2.2. Watesan Panalungtikan 1.3. Tujuan jeung Mangpaat Panalungtikan

(11)

1.4. Anggapan Dasar 1.5. Wangenan Operasional 1.6. Léngkah-léngkah Garapan

BAB II TATAPAKAN TIORI 2.1. Panganteur 2.2. Novél

2.2.1. Wangenan Novél 2.2.2. Kamekaran Novél

2.2.3. Unsur-unsur Intrinsik Novél 2.3. Ajén Kaagamaan

2.3.1. Ajén

2.3.2. Ajén Kaagamaan

2.4. Wangenan jeung Fungsi Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda 2.4.1. Wangenan

2.4.2. Fungsi Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda 2.5. Tujuan Pangajaran

2.6. Ngalaksanakeun Kagiatan Diajar 2.7. Évaluasi Pembelajaran

(12)

3.1.1. Métode Panalungtikan 3.1.2. Téhnik Panalungtikan 3.2. Sumber Data

3.3. Populasi jeung Sampel 3.3.1. Populasi 3.3.2. Sampel

BAB IV ANALISIS AJÉN KAAGAMAAN NOVÉL MASYITOH KARANGAN AJIP ROSIDI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN SASTRA DI SMA 4.1. Struktur Carita Novél

4.1.1. Téma

4.1.2. Palaku / Tokoh 4.1.3. Latar (sétting)

4.2. Ajén Kaagamaan dina Novél Masyitoh

4.3. Bahan Pangajaran Ajén Kaagamaan Novél Masyitoh 4.3.1. Ambahan Bahan Pangajaran

4.3.2. Bahan Pangajaran Novél dina KTSP

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1. Kacindekan

(13)
(14)

BAB III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

3.1. Métode jeung Téhnik Panalungtikan

3.1.1. Métode Panalungtikan

Métode mangrupa salasahiji cara nu digunakeun pikeun ngahontal tujuan panalungtikan. Dumasar kana tinimbangan sabada nyawang tujuan jeung objék panalungtikanana, métode nu dipaké pikeun ngahontal ieu tujuan panalungtikan nya éta métode déskriptif, nya éta métode anu ngagambarkeun jeung ngajéntrékeun kaayaan atawa kajadian nu keur disanghareupan.

Dina ieu panalungtikan digunakeun métode déskriptif, maksudna sangkan meunang gambaran bisa jeung henteuna ajén kaagamaan dina novél Masyitoh karangan Ajip Rosidi. Lantaran data nu baris ditalungtik leuwih nyoko kana bahan sacara déskriptif, métode anu digunakeun pikeun ngaréngsékeun pasualan ku jalan nyieun papasingan sarta nganalisis jeung nafsirkeun data. Ku cara ngagunakeun métode déskriptif dipiharep bisa meunang gambaran nu saayana tur objéktif.

(15)

3.1.2. Téhnik Panalungtikan

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan ngawengku: 1) Téhnik Talaah Pustaka

Talaah Pustaka gunana pikeun ngumpulkeun data atawa bahan-bahan ku cara macaan, nalaah tur neuleuman sababaraha bahan pustaka (buku) nu raket patalina jeung masalah anu ditalungtik.

2) Téhnik Analisis Struktur

Téhnik analisis struktur digunakeun pikeun nganalisis struktur caritaan bahan, nya éta tina novél Masyitoh. Data-datana dikumpulkeun, dilenyepan, sarta diteuleuman eusina. Sakumna ajén kaagamaan anu aya dina novél Masyitoh karangan Ajip Rosidi dianalisis strukturna.

3.2. Sumber Data

Sumber data dina panalungtikan bisa méré data-data anu diperlukeun. Upamana, panalungtikan ngagunakeun dokuméntasi, éta dokumén atawa catetan-catetan (buku) téh mangrupa sumber data, sedengkeun eusi dokuménna disebut objék atawa variabel panalungtikan (Suharsimi Arikunto, 1987: 102).

(16)

3.3. Populasi jeung Sampel

3.3.1. Populasi

Arikunto (1998: 115) nétélakeun yén: Populasi adalah keseluruhan subjek

penelitian. Apabila seseorang ingin meneliti semua elemen yang ada dalam wilayah penelitian, maka penelitiannya merupakan penelitian populas.

Nurutkeun Surakhmad (1990: 93) populasi nya éta sajumlahing data nu baris ditalungtik sarta saeutikna mibanda sipat nu sarua.

Sujana (1989: 84) nétélakeun yén:

Populasi maknanya berkaitan dengan elemen. Yakni unit tempat diperolehnya informasi. Elemen tersebut bisa berupa individu, keluarga, rumah tangga, kelompok sosial, organisasi, dan lain-lain. Dengan kata lain populasi adalah kumpulan dari sejumlah elemen.

Dumasar pamadegan para ahli di luhur, anu dijadikeun populasi dina ieu panalungtikan nya éta sakumna anu aya dina novél Masyitoh karangan Ajip Rosidi. 3.3.2. Sampel

Nurutkeun Surakhmad (1982: 92), sampel nya éta sabagian atawa sakabéh populasi anu baris ditalungtik sarta anu dianggap répréséntatif tina populasi.

Arikunto (1998: 117) netélakeun yén sampel nya éta sabagian atawa wakil populasi anu ditalungtik. Disebut panalungtikan sampel lamun dipimaksud pikeun ngageneralisasikeun hasil panalungtikan sampel.

Sujana (1995: 72) netélakeun yén:

(17)

Dumasar pamadegan para ahli di luhur, sampel nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta sakumna ajén kaagamaan dina novél Masyitoh.

(18)

60 BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1. Kacindekan

Dumasar kana masalah jeung tujuan nu rék dihontal, ieu pedaran téh eusina mangrupa analisis kana struktur caritaan novél Masyitoh, anu ngawengku téma, para palaku, jeung latar (sétting) sarta ajén kaagamaan dina éta novél. Anu satuluyna, éta hasil analisis téh diadumaniskeun, ku cara disawang tina kandungan pangajaran di SMA dumasar kana SKKD. Anu jadi bahan panalungtikan nya éta ngadéskripsikeun luyu henteuna ajén kaagamaan dina novél Masyitoh karangan Ajip Rosidi pikeun bahan pangajaran sastra di SMA.

a) Ajén Kaagamaan

Dumasar kana hasil analisis data, kacindekan tina hasil panalungtikan tina ajén kaagamaan nu nyangkeruk dina novél Masyitoh karangan Ajip Rosidi nya éta aqidah anu mangrupa hiji dasar dina nangtukeun kaimanan hiji jalma. Tingkat kaimanan manusa nu panghadé-hadéna nya éta manusa nu geus boga kayakinan yén:

1) Sagala mahluk nu aya di langit jeung di bumi ngan saukur wujud anyar, nu langgeng mah ngan wujud Allah nu tunggal.

2) Sagala qodo jeung qodar éta gumantung kana aturan Allah.

(19)

61 b) Struktur Carita

Hasil analisis struktur carita anu mangrupa téma, para palaku, jeung latar (sétting), sarta ajén kaagaman dina novél Masyitoh péréléanana saperti ieu di handap. 1) Téma anu kapaluruh dina novél Masyitoh, nya éta téma kaagamaan. Anu eusina

ngeunaan caritaan hiji emban urang Israil anu ngawulan putrina Fir’aon geus ditibanan hukum pati ku lantaran embung nyembah ka Fir’aon. Dina ieu téma geus kagambar yén kayakinan anu geus kuat ka Allah SWT pikeun Pangéran Nu Mahaesa teu aya nu nendéng.

2) Palaku dina novél Masyitoh ngawengku palaku utama atawa palaku protagonis, palaku antagonis atawa anu jadi lawan caritana, jeung palaku panglengkep atawa palaku figuran. Palaku utama dina ieu carita nya éta Masyitoh.

(20)

62 c) Bahan Pangajaran

Ieu panalungtikan téh salasahiji tujuanana nya éta maluruh luyu henteuna ajén kaagamaan dina novél Masyitoh karangan Ajip Rosidi pikeun bahan pangajaran sastra di SMA. Ajén kaagmaan anu dina novél Masyitoh disawang tina standar kompenténsi sarta kompeténsi dasar, kacindekanana bisa dipaké pikeun bahan pangajaran aprésiasi sastra, hususna aprésiasi novél di SMA. Kalawan didasaran ku tinimbangan dina nyusun bahan pangajaranana.

5.2. Saran-saran

Tina hasil ieu panalungtikan, aya sababaraha saran nu rék ditepikeun, nya éta saperti ieu di handap.

a) Buku novél nu aya di masarakat kudu ditalungtik leuwih anteb, sangkan leuwih jero nyangkem eusi caritaan jeung mangpaat novél.

b) Perlu ayana tarékah pikeun leuwih maham kana karya sastra novél, nya éta panalungtikan ngaguar ajé-ajén nu nyangkaruk dina éta karya sangkan bisa ngarojong kana dunya atikan.

(21)

63

1) Pikeun guru-guru basa Sunda kudu boga karep nu daria tur parigel dina milih jeung ngararancang bahan pangajaran, hususna pangajaran aprésiasi novél pikeun siswa di tingkat SMA.

2) Bahan pangajaran aprésiasi novél anu dipidangkeun téh kudu luyu jeung kasang tukang, karep, ogé kahayang siswa, sangkan tuijuan bisa kahontal.

3) Unsur-unsur anu kakandung dina carita rékaan wangun novél dipilih luyu jeung tahapan kamekaran jiwa siswa.

4) Dina milih jeung nyusun bahan pangajaran dieuyeuban tina sababaraha sumber buku.

5) Ieu panalungtikan kana ajén kaagamaan dina novél Masyitoh karangan Ajip Rosidi téh ukur mangrupa sawangan wungkul, hadé goréngna mah can bisa kaukur, lantaran henteu diuji cobakeun. Hususna dina ngukur kamampuh siswa dina ngaprésiasi carita ieu novél.

(22)

64

DAFTAR PUSTAKA

Aminuddin. 2002. Pengantar Apresiasi Sastra. Bandung : Sinar Baru Algesindo.

Bartens, K. 2004. Etika. Jakarta: Gramedia.

Hidayat, Kosadi. 1987. Strategi Belajar Mengajar Bahasa Indonesia. Jakarta: PT. Rineka Cipta.

Iskandarwassid. 1992. Kamus Istilah Sastra. Bandung : Geger Sunten.

Jailani, Syaikh Abdul Kodir. 2001. Fiqih Tasawuf. Bandung: Pustaka Hidayah.

Kenneddy, X,J. 1983. Literature. Canada : Little Brown.

Koentjaraningrat. 1985. Kebudayaan Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: Gramedia.

K.M., Saini. 1994. Protes Sosial dalam Sastra. Bandung : Angkasa.

LBSS. 1992. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.

M.A.Salmun. 1961. Kandaga Kasusastraan Sunda. Bandung: CV Gonaco.

(23)

65

Rusamsi,Yus spk. 1985. Al Amin Al Qur’an Tarjamah Sunda. Bandung: CV Diponegoro.

Rusyana, Yus. 1992. Panyungsi Sastra. Bandung: Rahmat Cijulang.

Sudjana, Nana. 1992. Tuntunan Penyusunan Karya Ilmiah. Bandung: Sinar Baru.

Sudjiman, Panuti. 1992. Memahami Cerita Rékaan. Bandung : Sinar Baru.

Suharsimi, Arikunto. 1993. Prosedur Penelitian. Jakarta: PT Rineka Cipta.

Sumardjo, Yakob. 1984. Memahami Kesusastraan. Bandung : Angkasa.

Referensi

Dokumen terkait

Perkebunan Nusantara III (Persero) PKS Rambutan Tebing-tinggi selalu ingin berusaha memberikan pendidikan dan pelatihan karyawan untuk menambah pengetahuan dan kemampuan dalam

Pengaruh Iklim Sekolah dan Motivasi Kerja terhadap Kinerja Mengajar Guru SMK di Kota Bandung.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu|

Mahasiswa yang tidak hadir karena alasan yang dibenarkan menurut peraturan menyerahkan surat ijin tidak mengikuti perkuliahan dari Jurusan kepada Dosen

STUDI KOMPARATIF KEMAMPUAN MANAJEMEN STRATEGIK KEPALA SEKOLAH DI SEKOLAH PENYELENGGARA PENDIDIKAN INKLUSIF SMA NEGERI 6 DAN SMA MUTIARA BUNDA BANDUNG.. Universitas Pendidikan

IMPLEMENTASI PEMBELAJARAN SEJARAH BERBASIS NILAI PERJUANGAN K.H.. SJAM’UN Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

MENUMBUHKAN SIKAP EMPATI DENGAN MENGGUNAKAN METODE ROLE MODEL DALAM PEMBELAJARAN IPS.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Some system suitability tests or quality control Finally, it is desirable that manufacturers and vendors checks that are performed concurrently with the test sam- should notify

PENGEMBANGAN BAHAN AJAR EKOSISTEM MANGROVE BERBASIS POTENSI LOKAL UNTUK MENINGKATKAN HASIL BELAJAR SISWA SMA.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |