• Tidak ada hasil yang ditemukan

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA FLIPCHART PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SAJAK : Studi Kuasi Ékspérimén ka siswa kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung Taun Ajaran 2012/2013.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "ÉFÉKTIVITAS MÉDIA FLIPCHART PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SAJAK : Studi Kuasi Ékspérimén ka siswa kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung Taun Ajaran 2012/2013."

Copied!
33
0
0

Teks penuh

(1)

No. 632/FPBS/0251/2013

Taufik Al Rasyid, 2013

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA

FLIPCHART

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SAJAK

(Studi Kuasi Ekspérimén ka Siswa Kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung Taun Ajaran 2012/2013)

SKRIPSI

Diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat ngahontal Gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Taufik Al Rasyid NIM 0902507

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA

FLIPCHART

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH

NULIS SAJAK

(Studi Kuasi Ekspérimén ka Siswa Kelas

VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung

Taun Ajaran 2012/2013)

Oleh Taufik Al Rasyid

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Taufik Al Rasyid 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Juni 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

Taufik Al Rasyid, 2013

LEMBAR PENGESAHAN

TAUFIK AL RASYID NIM 0902507

“ÉFÉKTIVITAS MÉDIA FLIPCHART

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SAJAK” (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII.7

SMP Negeri 1 Kota Bandung Taun Ajaran 2012/2013)” Disaluyuan jeung disahkeun ku:

Pangaping I,

Dr. Ruhaliah, M.Hum. NIP 196411101989032002

Pangaping II,

Ade Sutisna, S.Pd. NIP 197607312001121001

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia,

(4)

ÉFÉKTIVITAS MÉDIA FLIPCHART

PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH NULIS SAJAK

(Studi Kuasi Ékspérimén ka siswa kelas VII.7

SMP Negeri 1 Kota Bandung Taun Ajaran 2012/2013) 1)

Taufik Al Rasyid 2) ABSTRAK

Skripsi ini berjudul “Éféktivitas Média Flipchart pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Sajak”. Penelitian ini dilatarbelakangi oleh pentingnya suatu media pembelajaran di dalam kegiatan belajar-mengajar, pentingnya kegiatan menulis di dalam pembelajaran bahasa dan kesulitan yang dihadapi siswa di dalam menulis sajak. Penelitian ini bertujuan untuk mengetahui efektivitas media

flipchart di dalam pembelajaran menulis sajak.

Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode kuasi eksperimen atau eksperimen semu dengan menggunakan pretest and postest

design. Media yang digunakan yaitu dengan menerapkan media flipchart pada

pembelajaran menulis sajak. Penelitian ini dilaksanakan di SMP Negeri 1 Kota Bandung di kelas VII.7. Sumber data dalam penelitian ini yaitu hasil belajar menulis sajak siswa kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung yang berjumlah 34 orang dengan komposisi laki-laki berjumlah 14 orang dan perempuan berjumlah 20 orang. Teknik yang digunakan dalam penelitian ini adalah teknik tes. Adapun instrumen yang digunakan yaitu flipchart dan lembar tes. Pelaksanaan tindakan yang dilakukan telah mengatasi masalah dalam penelitian yaitu mengetahui efektivitas media pembelajaran flipchart dalam pembelajaran menulis sajak.

Dari hasil penelitian dapat disimpulkan bahwa (1) adanya perbedaan kemampuan siswa dalam menulis sajak antara sebelum dan sesudah menggunakan media flipchart, (2) peningkatan dari hasil uji gain menunjukkan bahwa terdapat perbedaan yang signifikan antara kemampuan sebelum dengan kemampuan sesudah menggunakan media flipchart,yaitu meningkat dari 11,08 menjadi 15,94 dengan beda 4,85, dan (3) dari hasil uji hipotesis diperoleh titung (14,69) > ttabél

(2,46), hal ini menyatakan bahwa hipotesis kerja (Ha) diterima dan hipotesis nol

(H0) ditolak.

Dengan demikian, media pembelajaran flipchart efektif digunakan di dalam pembelajaran menulis sajak.

(5)

Taufik Al Rasyid, 2013

ABSTRACT

This study entitled “Efektivitas Media Flipchart pikeun Ngaronjatkeun

Kamampuh Nulis Sajak” was underlain by the importance of learning media in

learning and teaching activities, which showed the importance of the writing-activity particularly in a language learning and also certain issues faced by the students in writing verse. This study thus aimed to examine the effectiveness of flipchartmedia in the learning of writing verse.

The method used by this study was the quasi-experiment by applying the pre-test and post-test design. The media used was the media of flipchart in the learning of writing verse. This study was conducted in SMP Negeri 1 Bandung (class VII.7). The data source of this study was the results of the learning of writing verse particularly the students of class VII.7 SMP Negeri 1Bandung with the total number of students was 34 students, consist of 14 male students and 20 female students. Technique used by this study was the technique of test. The instruments used in this study were flipchart and test sheet. Considered actions done has solved the problem of the study which was to examine the effectiveness of flipchart learning media in the learning of writing verse.

The results showed that (1) there was differential of students’ skill in

writing verse in particular before and after using the flipchart media, (2) the

significant improvement of students’ skill through the results of gain test was shown specifically after using the flipchart media, from 11.08 to 15.94 with the distance of 4.85, and (3) through the hypotheses, it showed titung (14.69) > ttabél

(2.46), this demonstrated that the alternative hypothesis (Ha) was accepted and the

zero hypothesis (H0) was rejected.

(6)

DAPTAR EUSI

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 2

1.2.1 Watesan Masalah ... 2

1.2.2 Rumusan Masalah ... 3

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 3

1.3.1 Tujuan Umum ... 3

1.3.2 Tujuan Husus ... 3

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 4

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 4

1.5 Sistematika Penulisan ... 5

BAB II TATAPAKAN TIORI, ANGGAPAN DASAR JEUNG HIPOTÉSIS 2.1 Média Pangajaran ... 6

2.1.1 Wangenan Média Pangajaran ... 6

2.1.2 Fungsi Média Pangajaran ... 7

2.1.3 Mangpaat Média Pangajaran ... 8

2.1.4 Ciri-ciri Média Pangajaran ... 9

2.1.5 Cara Milih Média Pangajaran ... 10

2.1.6 Média Flipchart ... 11

2.1.7 Kaonjoyan jeung Kahéngkéran Média Flipchart ... 13

2.1.8 Cara Ngagunakeun Flipchart ... 14

2.2 Nulis ... 14

2.2.1 Wangenan Nulis ... 14

(7)

viii

Taufik Al Rasyid, 2013

2.2.3 Tujuan Nulis ... 15

2.2.4 Tujuan Pangajaran Nulis ... 16

2.3 Sajak ... 17

2.3.1 Wangenan Sajak ... 17

2.3.2 Babagian Sajak……….18

2.3.3 Unsur-Unsur Sajak ... 19

2.3.4 Struktur Sajak ... 19

2.3.4.1 Struktur Fisik Sajak ... 20

2.3.4.2 Struktur Batin Sajak……….22

2.4 Média Flipchart dina Pangajaran Nulis Sajak……….23

2.5 Anggapan Dasar jeung Hipotésis……….24

2.5.1 Anggapan Dasar………...24

2.5.2 Hipotésis………..24

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data Panalungtikan ... 25

3.2 Desain Panalungtikan ... 25

3.3 Métode Panalungtikan ... 25

3.4 Wangenan Operasional ... 26

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 26

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 30

3.7 Téhnik Nganalisis Data ... 31

3.7.1 Uji Sifat Data... 34

3.7.2 Uji Signifikan ... 37

3.7.2.1 Uji Homogénitas ... 37

3.7.2.2 Uji Gain ... 38

3.7.3 Uji Hipotésis ... 39

BAB IV DÉSKRIPSI JEUNG ANALISIS HASIL PANALUNGTIKAN 4.1 Kamampuh Nulis Sajak Siswa Kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung Taun Ajaran 2012/2013 Saméméh Ngagunakeun Média Flipchart ... 41

4.1.1 Présentase Data Pretés………42

4.1.2 Uji Normalitas Data Pretés……….46

4.2 Kamampuh Nulis Sajak Siswa Kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung Taun Ajaran 2012/2013 Sabada Ngagunakeun Média Flipchart ... 51

4.2.1 Présentase Data Postés ... 52

4.2.2 Uji Normalitas Data Postés ... 55

4.3.1 Ngaronjatna Kamampuh Siswa ... 60

4.3.1 Uji Homogénitas Data Pretés jeung Data Postés ... 60

4.3.2 Uji Gain ... 61

(8)

BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI

5.1 Kacindekan ... 69

5.2 Rékoméndasi ... 70

DAPTAR PUSTAKA ... 71

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 73

(9)

Taufik Al Rasyid, 2013 seureuhna (sistematis) tur ragem (konvénsional) antar anggota masarakatna pikeun tujuan patali marga atawa komunikasi.

Nulis mangrupa salah sahiji kagiatan ngébréhkeun ide, pikiran, jeung gagasan kana wangun tulisan. Nurutkeun Tarigan (2008: 1) kaparigelan nulis bisa dipibanda jeung dicangkem ku jalan prakték jeung latihan. Ngaliwatan prosés nulis, kamampuh siswa dina pangajaran nulis bisa dimekarkeun daya kréativitasna sarta diperedih pikeun ngawanikeun dirina dina ngaéksprésikeun ide atawa gagasan nu aya dina pikiranana.

Pangajaran nulis sajak kaunggel dina Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda (2007: 94) anu unina:

“Mampu menulis untuk mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan dalam

bentuk menulis pengalaman, biografi, sajak, dan bahasan”.

Pangajaran nulis sajak di sakola kawilang penting pikeun ngamekarkeun daya imajinasi jeung kréativitas siswa dina ngedalkeun pangrasa jeung pamikiran anu diébréhkeun kana wangun tinulis. Tapi, dina kanyataanana loba siswa anu ngarasa bingung dina waktu nulis sajak. Salah sahiji faktor anu jadi sabab, nya éta lantaran sajak mangrupa wangun puisi anu wujudna karya sastra kauger sarta basa anu digunakeun dina sajak lain basa anu umum digunakeun dina kahirupan sapopoé. Salian ti éta, siswa kurang paham kana matéri sajak anu ngabalukarkeun siswa horéam jeung teu boga niat kana diajar sajak katambah média anu digunakeun ku guru dina ngajarkeun sajak kurang inovatif jeung kréatif lantaran masih maké cara konvénsional.

(10)

sahijina nya éta média flipchart. Média flipchart nya éta média visual anu kaasup kana wanda média grafis. Dina enas-enasna mah, média flipchart téh ngagunakeun bagan atawa gambar pikeun nepikeun matéri pangajaran sangkan siswa kataji jeung resep. Lantaran gambar anu dipidangkeun dipikawanoh ku siswa.

Panalungtikan ngeunaan média flipchart mangrupa panalungtikan anu munggaran dilaksanakeun. ku sabab saméméhna can kungsi aya nu nalungtik ngeunaan média flipchart. Ku kituna, panalungtik ngarasa perlu pikeun ngalaksanakeun panalungtikan sangkan bisa ngeuyeuban bahan tinimbangan guru-guru dina milih média pangajaran hususna dina pangajaran nulis sajak.

Niténan sawatara masalah di luhur, perlu diayakeun panalungtikan ngeunaan média flipchart pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak. Tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho tingkat éféktivitas média flipchart

pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak. Ku kituna, ieu panalungtikan dibéré judul “Éféktivitas Média Flipchart pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Sajak (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung Taun Ajaran 2012/2013)” .

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Dumasar kana kasang tukang masalah di luhur, dina ieu panalungtikan dipedar ngeunaan éféktivitas média flipchart pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak. Sangkan teu lega teuing ambahanana sarta ieu panalungtikan anu dilaksanakeun bisa museur, mangka diperlukeun hiji watesan masalah. Ku kituna, ieu panalungtikan leuwih museurkeun objék panalungtikanana kana éféktivitas média flipchart pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak

1.2.2 Rumusan Masalah

(11)

3

Taufik Al Rasyid, 2013

a) Kumaha kamampuh siswa kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung taun ajaran 2012/2013 dina nulis sajak saméméh ngagunakeun média flipchart? b) Kumaha kamampuh siswa kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung taun

ajaran 2012/2013 dina nulis sajak sabada ngagunakeun média flipchart? c) Kumaha ngaronjatna kamampuh siswa dina nulis sajak antara saméméh jeung

sabada ngagunakeun média flipchart?

d) Naha média flipchart éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung taun ajaran 2012/2013?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum dina ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho tingkat éféktivitas média flipchart pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak di kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung Taun Ajaran 2012/2013.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: a) Kamampuh nulis sajak saméméh ngagunakeun média flipchart di kelas VII.7

SMP Negeri 1 Kota Bandung taun ajaran 2012/2013.

b) Kamampuh nulis sajak sabada ngagunakeun média flipchart di kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung taun ajaran 2012/2013.

c) Ngaronjat-henteuna kamampuh siswa dina nulis sajak antara saméméh jeung sabada ngagunakeun média flipchart.

d) Éféktif-henteuna média flipchart pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung taun ajaran 2012/2013.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

(12)

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis anu dipiharep tina ieu panalungtikan nya éta pikeun nambahan jeung ngeuyeuban média pangajaran sarta bisa dijadikeun salaku informasi ngeunaan éféktivitas média flipchart pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa SMP kelas VII sarta ngeuyeuban pangaweruh ngeunaan prosés nulis sajak pikeun siswa SMP atawa satata.

1.4.2 Mangpaat Praktis

Ieu panalungtikan miboga mangpaat praktis di antarana: a) Pikeun Siswa

Ku digunakeuna média flipchart dina pangajaran nulis sajak, dipiharep siswa miboga karesep tur kataji antukna ngahudang imajinasi dina nulis sajak. b) Pikeun Guru

Ieu panalungtikan bisa méré alternatif dina hal milih média pangajaran sangkan aya variasi dina ngajar jeung siswa jadi leuwih sumanget deui dina diajar nulis utamana nulis sajak.

c) Pikeun Panalungtik

Panalungtik bisa mikanyaho kana salah sahiji kaéféktifan média pangajaran nya éta média flipchart dina pangajaran nulis sajak.

1.5 Sistematika Penulisan

Bab I eusina ngeunaan bubuka, nu ngawengku judul panalungtikan, kasang tukang panalungtikan, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan sacara tioritis jeung praktis, jeung sistematika penulisan.

Bab II eusina ngeunaan tatapakan tiori, anu medar ngeunaan tiori anu aya patalina jeung masalah anu ditalungtik, di antarana medar ngeunaan média pangajaran flipchart, nulis, sajak, anggapan dasar jeung hipotésis.

(13)

5

Taufik Al Rasyid, 2013

Bab IV eusina ngeunaan déskripsi jeung analisis hasil panalungtikan, anu ngawengku kamampuh nulis sajak siswa kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung saméméh ngagunakeun média flipchart, kamampuh nulis sajak siswa kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung sabada ngagunakeun média flipchart, uji signifikan anu medar uji homogénitas jeung uji gain, jeung éféktivitas média flipchart

pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung.

Bab V eusina ngeunaan kacindekan jeung rékoméndasi. Dina ieu bab, panalungtik nepikeun kacindekan tina hasil panalungtikan anu geus dilaksanakeun, sarta harepan panalungtik pikeun kamajuan panalungtik ka hareupna.

(14)

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Sumber Data

Cara nangtukeun sumber data dina ieu panalungtikan nya éta ku téhnik

random. Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta siswa kelas VII.7 SMP

Negeri 1 Kota Bandung, kalawan jumlah 34 siswa, anu ngawengku 14 urang siswa lalaki jeung 20 urang siswa awéwé. Anapon alesan dipilihna éta kelas lantaran siswa di éta kelas dianggap mibanda kahéngkéran anu patali jeung pangajaran nulis sajak.

3.2 Desain Panalungtikan

Nurutkeun Arikunto (2010: 123) desain kuasi ékspérimén aya tilu rupa nya

éta (1) one shot study, (2) pretest-postes, jeung (3) static group comparison. Dina

ieu panalungtikan, desain anu digunakeun nya éta pretest-postest. Mékanisme panalungtikanna digambarkeun dina bagan di handap:

O1 X O2

Katerangan:

O1: pretest (saméméh perlakuan)

O2: postest (sabada perlakuan)

X : treatment (diajar nulis sajak ngagunakeun média flipchart 3.3 Métode Panalungtikan

Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi ékspérimén. Métode kuasi ékspérimén atawa disebut ogé ékspérimén semu, nya éta hiji panalungtikan ngagunakeun kelas ékspérimén kalawan henteu maké kelas kontrol. Kamampuh siswa diukur dua kali, nya éta saméméh perlakuan (pretés) jeung sanggeus perlakuan (postés).

(15)

26

Taufik Al Rasyid, 2013

3.4 Wangenan Operasional

Dumasar kana pedaran panalungtikan anu sipatna leuwih tioritis, ieu di handap dijéntrékeun deui wangenan panalungtikan dina wangun anu leuwih operasional, di antarana:

1) média pangajaran anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta flipchart anu bisa dijadikeun stimulus dina pangajaran nulis sajak sarta bisa méré inspirasi pikeun siswa, boh pikeun nulis sajak boh pikeun mikaresep pangajaran basa jeung sastra Sunda sacara umum.

2) pangajaran nulis sajak dina ieu panalungtikan mangrupa pangajaran nulis hiji karya sastra, anu wangunna puisi jeung teu kauger ku patokanna, sarta ngébréhkeun eusi atawa hasil tina éta bagan jeung gambar-gambar anu dipintonkeun di hareupeun kelas jadi paragrap dina wangun sajak.

Jadi, anu dimaksud média flipchart dina pangajaran nulis sajak nya éta média pangajaran anu digunakeun pikeun ngagampangkeun siswa dina nulis sajak.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan mangrupa hal anu kawilang penting dina prosés panalungtikan, sabab kahontal henteuna tujuan panalungtikan nu dipiharep ditangtukeun ku alus-henteuna instrumén. Instrumén atawa alat anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta Flipchart jeung Tés.

1) Flipchart

Flipchart dina ieu panalungtikan mangrupa instrumén anu utama, lantaran

nganteur siswa pikeun nyieun sajak, sarta mantuan panalungtik pikeun nepikeun matéri dina waktu siswa nyieun sajak. Flipchart mangrupa keretas anu eusina matéri panganteur pikeun nyieun sajak, dina ieu panalungtikan keretas anu dipaké aya 10 keretas, eusi keretasna aya anu mangrupa bagan jeung gambar.

2) Tés

Tés dilakukeun dua kali, nya éta saméméh jeung sabada meunangkeun perlakuan. Tés kahiji dilakukeun pikeun ngukur kamampuh awal siswa, sedengkeun tés kadua dilakukeun pikeun ngukur pangaruh perlakuan (média

(16)

Ieu di handap gambar anu dipaké dina panalungtikan.

Gambar 3.1

Téma: Kaéndahan Alam

(17)

28

Taufik Al Rasyid, 2013

Téma: Sakola Téma: Kaagamaan

Téma Kanyaah Kolot Téma: Taman

(18)

Téma: Idola

Téma: Lamunan

(19)

30

Taufik Al Rasyid, 2013

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés. Téhnik tés dina ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun meunangkeun data boh saméméh boh sanggeus dibéré stimulus ka siswa dina prosés diajar-ngajar nulis sajak. Ieu tés dilakukeun ku sabab data utama nu dibutuhkeun nya éta data ngeunaan kamampuh siswa dina nulis sajak. Ieu data bisa dicangking ngaliwatan hiji ukuran kalawan ngagunakeun téhnik tés.

Léngkah-léngkah dina téhnik ngumpulkeun data ngawengku sababaraha tahapan ieu di handap.

1) Siswa migawé pancén anu mangrupa pretés nulis sajak pikeun mikanyaho pangaweruh awal siswa kana nulis sajak.

2) Sanggeus mikanyaho pangaweruh siswa kana nulis sajak ngaliwatan pretés anu geus dilaksanakeun, panalungtik nangtukeun pakakas-pakakas anu digunakeun pikeun nerapkeun média flipchart. Saperti nyiapkeun matéri pangajaran jeung média pangajaran flipchart.

3) Ngalaksanakeun prosés diajar-ngajar ngagunakeun média pangajaran flipchart

kana matéri nulis sajak.

4) Sanggeus ngalaksanakeun pangajaran ngagunakeun média flipchart saterusna dilaksanakeun postés pikeun mikanyaho kamampuh siswa sanggeus dibéré

treatment naha ngaronjat atawa henteu.

Bédana kamampuh anu dipimilik ku sumber data samémeh jeung sabada perlakuan bisa ditempo dina perbandingan skor pretés jeung postés.

3.7 Téhnik Nganalisis Data

Téhnik nganalisis data mangrupa kagiatan nganalisis jeung ngolah data. Kagiatan nganalisis jeung ngolah data minangka cara anu digunakeun pikeun nyangking jawaban tina pasualan dina ieu panalungtikan. Data dina ieu panalungtikan dicangking ngaliwatan téhnik tés, ngawengku pretés jeung postés.

Analisis data ieu panalungtikan dilakukeun ngaliwatan tahapan-tahapan saperti ieu di handap:

(20)

2. Méré peunteun kana hasil sajak siswa kalawan ngagunakeun Pedoman Menteun Karangan (il. Tabél 3.3). Skor ahir siswa maksimal nya éta 20, sarta minimalna 4. Skor anu kahontal téh dirobah jadi peunteun siswa anu dikalikeun kana 100 (peunteun idéal), kalawan rumus:

Sangkan leuwih écés, peunteun ahir siswa ditabulasikeun dina tabél ieu di handap:

Tabél 3.1

Peunteun Tés Nulis Sajak Siswa

No A B C D P % Kategori

%

Katerangan:

A = Eusi anu diébréhkeun

B = Organisasi jeung penyajian eusi C = Nyumponan sarat-sarat sajak D = Ejahan

= Jumlah Skor (A+B+C+D) P = Peunteun

% = Peunteun dina persén

(21)

32

Taufik Al Rasyid, 2013

3. Ngasupkeun data peunteun pretés jeung postés kana tabél ieu di handap. Tabél 3.2

Daptar Peunteun Pretés jeung Postés

No. Ngaran Siswa Peunteun Pretés Peunteun Postés

Tabel 3.3

Pedoman Meunteun Nulis Sajak

No Aspék anu dipeunteun Skala Peunteun

1 Eusi anu diébréhkeun 1 2 3 4 5

Eusi luyu jeung téma, nepikeun informasi anu lengkep.

Eusi luyu jeung téma, nepikeun informasi anu cukup sarta bisa ngamekarkeun. Eusi luyu jeung téma, nepikeun informasi kurang lengkep sarta kurang ngamekarkeun.

Eusi luyu jeung téma tapi teu nepikeun informasi.

(22)

Organisasi

Eusi dimekarkeun sacara jéntré, paragraf dimekarkeun, antar paragraf mibanda hubungan anu raket.

Eusi dimekarkeun sacara jéntré, luyu jeung rangkay karangan, paragraf kurang dimekarkeun, antar paragraf mibanda hubungan anu raket.

Eusi kurang dimekarkeun, paragraf kurang dimekarkeun, hubungan antar paragraf kurang.

Eusi teu luyu jeung téma, paragraf kurang dimekarkeun, hubungan antar paragraf kurang.

Eusi teu luyu jeung téma, paragraf kurang dimekarkeun, teu aya hubungan antar paragraf (teu nyambung).

Henteu aya kasalahan dina nuliskeun éjahan.

Aya kasalahan éjahan (1-5), tapi teu ngarobah harti.

Aya kasalahan (5-15), tapi teu ngarobah harti.

Aya kasalahan éjahan (15 leuwih), harti teu jelas.

Ngandung pilihan kecap, gaya basa jeung purwakanti anu merenah, nimbulkeun wirahma.

(23)

34

Ngandung pilihan kecap, gaya basa jeung purwakanti tapi kurang merenah tur teu nimbulkeun wirahma.

Ngandung pilihan kecap, gaya basa jeung purwakanti anu kurang merenah tur teu ngayakinkeun yén kamampuh siswa miboga distribusi anu normal. Pikeun nangtukeun yén éta data miboga sipat normal atawa henteu bisa ngagunakeun rumus chi kuadrat (X2).

Dina ieu panalungtikan, uji normalitas ngaliwatan sababaraha léngkah, nya éta:

1) Nangtukeun nilai panggedéna jeung pangleutikna 2) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus ieu di handap:

3) Nangtukeun jumlah kelas interval, kalawan rumus:

4) Nangtukeun panjang kelas interval

r = peunteun panggedéna – peunteun pangleutikna

k = 1 + 3,3 log

(24)

5) Nyieun tabél frekuensi peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan ngagunakeun tabél ieu di handap:

Tabél 3.5

Format Frékuensi Peunteun Pretés jeung Postés

No Kelas Interval fixi 2

1 2

6) Ngitung rata-rata (mean) peunteun tés awal jeung tés ahir kalayan ngagunakeun rumus ieu di handap:

Katerangan:

̅ = rata-rata (mean)

∑ = jumlah Fi = jumlah data Xi = nilai tengah

(Sudjana, 2005: 70) 7) Ngitung standar deviasi, carana nya éta:

8) Ngitung frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi. Carana nya éta: (1) Nyieun tabél frékuénsi obsérvasi jeung frékuénsi ékspéktasi

̅

(25)

36

Taufik Al Rasyid, 2013

Tabél 3.6

Format Frékuénsi Obsérvasi jeung Frékuénsi Ékspéktasi Pretés

Interval Oi BK Handap

BK

Luhur Z1 Z2 L Ei X

2

(2) Nangtukeun Oi (frékuénsi obsérvasi) (3) Nangtukeun batas kelas interval (bk)

(4) Ngitung (transformasi normal standar bébas kelas)

(5) Nangtukeun Ztabel

(6) Ngitung lega kelas interval (L)

(7)Ngitung frékuénsi ékspéktasi, ku cara:

(8) Nangtukeun nilai X2 (chi kuadrat)

(Sudjana, 2005: 273) L = Ztabél2–Ztabél1

̅

Ei = n x L

(26)

(9) Nangtukeun darajat kabébasan (dk)

(Sudjana, 2005: 293) (10) Nangtukeun harga X2tabél

(11) Nangtukeun normalitas ngagunakeun kritéria ieu di handap:

(1)Lamun X²itung < X²tabél, hartina data atawa populasi distribusina normal.

(2)Lamun X²itung > X²tabél, hartina data atawa populasi distribusina teu

normal.

Sanggeus dilaksanakeun uji normalitas, sarta data nu dihasilkeunana normal, hal anu kudu dilakukeun satuluyna nya éta uji homogénitas varian nu fungsina pikeun nangtukeun uji paramétrik nu luyu.

3.7.2 Uji Signifikan

Dina uji signifikan, bakal dipedar uji homogénitas jeung uji gain. 3.7.2.1 Uji Homogénitas

Uji homogénitas nya éta uji sipat data nu miboga tujuan pikeun mikanyaho homogén henteuna sampel tina populasi anu sarua.

Léngkah-léngkah pikeun nangtukeun homogénitas nya éta: 1) Ngitung variansi masing-masing kelompok

Variansi tés awal

Variansi tés ahir

(Sudjana, 2005: 95) dk = k - 3

S1 =

S2 =

(27)

38

Taufik Al Rasyid, 2013

2) Ngitung harga variasi (F)

3) Ngitung derajat kabébasan (dk)

4) Nangtukeun harga

5) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana kritéria ieu di handap. Saupama Fitung < Ftabél hartina variansi sampel homogén.

Saupama Fitung > Ftabél hartina variansi sampel teu homogén.

(Sudjana, 2005: 250)

3.7.2.2Uji Gain

Uji gain miboga tujuan pikeun nangtukeun naha aya béda anu signifikan antara hasil pretés jeung postés. Hasil tina uji gain, dipaké salaku gambaran ngeunaan éféktivitas média Flipchart pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung taun ajaran 2012/2013.

Léngkah-léngkah dina uji gain nya éta ngagunakeun tabél ieu di handap.

Tabél 3.7

Uji Gain (d) Tingkat Kamampuh Nulis Sajak

No Hasil Pretés Hasil Postés d d2 A B C D Σ A B C D Σ

1 2

Σ

X

(28)

3.7.3 Uji Hipotésis

Uji hipotésis dilaksanakeun ngaliwatan sababarah léngkah, nya éta: 1) Nyieun tabél jumlah rata-rata pretés jeung postés:

Tabél 3.8

Uji Jumlah Rata-rata Pretés jeung Postés No Prétés Postés D d2 Xd=(d-Md)

1 2

Σ

X

2) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun tés awal jeung peunteun tés ahir. Rumusna nya éta:

3) Ngitung darajat kabébasan (dk), rumusna nya éta:

4) Ngitung jumlah kuadrat déviasi, rumusna nya éta:

5) Ngitung t, rumusna nya éta:

dk= n-1

(29)

40

Taufik Al Rasyid, 2013

Katerangan:

t = tés signifikansi

Md = rata-rata (mean) tina béda antara hasil tés awal jeung tés ahir

∑x²d = jumlah kuadrat déviasi n = jumlah subyék dina sampel

6) Ditarima henteuna hipotésis dumasar kana kritéria ieu di handap.

(1) Lamun > hartina hipotésis ditarima, yén média Flipchart

éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung taun ajaran 2012/2013.

(2) Lamun < hartina hipotésis ditolak, yén média Flipchart

(30)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI 5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan, jeung analisis data ngeunaan éféktivitas média flipchart pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak, bisa dicindekkeun yén:

a. Kamampuh nulis sajak siswa kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung taun ajaran 2012/2013 saméméh ngagunakeun média flipchart kapaluruh skor hasil pretés siswa nya éta 11,08 kalawan peunteun rata-ratana 5,54.

b. Sedengkeun kamampuh nulis sajak siswa kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung taun ajaran 2012/2013 sabada ngagunakeun média flipchart

kapaluruh skor hasil postés nya éta 15,94 kalawan peunteun rata-ratana 7,97. c. Tina uji gain bisa katitén ngaronjatna kamampuh nulis sajak antara saméméh

jeung sabada ngagunakeun média flipchart. Anu asalna skor hasil pretés siswa 11,08 ngaronjat jadi 15,94 jeung peunteun anu asalna 5,54 ngaronjat jadi 7,97. Sarta bisa katitén ogé uji gain pretés jeung postés rata-rata gainna nya éta 4,85. Jadi, gedéna pangaruh média flipchart pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak nya éta 4,85.

d. Tina uji hipotésis anu ngahasilkeun titung ttabél nya éta 14,69 2,46. Ku

kituna, bisa dicindekkeun yén hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung Hipotésis nol (Ho) ditolak. Hal ieu nuduhkeun yén média flipchart éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak siswa kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung.

(31)

70

Taufik Al Rasyid, 2013 5.2 Rékoméndasi

Sabada dilaksanakeun panalungtikan ngeunaan éféktivitas média flipchart

pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak di kelas VII.7 SMP Negeri 1 Kota Bandung taun ajaran 2012/2013, aya sababaraha rékoméndasi saperti ieu di handap.

a. Média Flipchart éféktif pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis sajak. Ieu hal bisa dijadikeun salah sahiji pilihan pikeun guru dina milih média pangajaran pikeun pangajaran séjénna.

b. Ayana panalungtikan nu leuwih ngeunaan média Flipchart pikeun matéri pangajaran nu lianna bisa leuwih ngabuktikeun kaéféktifan éta média.

(32)

DAPTAR PUSTAKA Buku

Aminuddin. (2009). Pengantar Apresiasi Karya Sastra. Bandung: Sinar Baru Algensindo.

Arikunto, Suharsimi. (2006). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Arsyad Azhar (2011). Media Pembelajaran. Jakarta: RajaGrafindo Persada. Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama

& Universitas Padjajaran.

Daryanto. (2010). Media Pembelajaran Peranannya Sangat Penting Dalam

Mencapai Tujuan Pembelajaran. Yogyakarta: Gava Media

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2006) Standar Kompetensi dan

Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung:

Disdik Jabar.

Koswara, Dedi. (2009). Racikan Sastra Pangdeudeul Bahan Perkuliahan Sastra

Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Kustandi, Cecep jeung Sutjipto, Bambang. (2011). Media Pembelajaran Manual

dan Digital. Bogor: Ghalia Indonesia.

Mustappa, Abdullah. (1985). Wirahma Sajak Panganteur Apresiasi Sajak Sunda

Pikeun Murid Sakola Lanjutan. Bandung: Medal Agung.

Riduan, jeung Sunarto. (2012). Pengantar Statistika : Untuk Penelitian

Pendidikan, Sosial, Ekonomi, Komunikasi dan Bisnis. Bandung:

Alfabeta.

Sadiman, Arief S, spk. (2008). Media Pendidikan Pengertian, Pengembangan,

(33)

72

Taufik Al Rasyid, 2013

Sudaryat, Yayat. (2004). Élmuning Basa. Bandung: Walatra Sudjana. (2005). Metoda Statistika. Bandung: Tarsito.

Sudjana, Nana jeung Rivai, Ahmad. (2011). Media Pengajaran. Bandung: Sinar Baru Algensindo.

Sukiman. (2012). Pengembangan Media Pembelajaran. Yogyakarta: PT Pustaka Insan Madani, anggota IKAPI.

Susilana, Rudi jeung Riyana, Cepi. (2008). Media Pembelajaran Hakikat,

Pengembangan, Pemanfaatan, dan Penilaian. Bandung: Jurusan

Kurtekpend FIP UPI.

Tarigan, Henry Guntur. (2008). Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI.

Waluyo, Herman J. (1995). Teori dan Apresiasi Puisi. Jakarta: PT. Gelora Aksara Pratama.

WS, Hasanuddin. (2002). Membaca dan Menilai Sajak Pengantar Pengkajian dan Interpretasi. Bandung: Angkasa.

Karya Ilmiah

Gambar

Tabel 3.3 Pedoman Meunteun Nulis Sajak

Referensi

Dokumen terkait

Ruang laboratorium komputer harus ditata dengan sebagaimana mestinya supaya siswa memiliki keleluasaan dan kenyamanan saat pembelajaran di laboratorium komputer. Menurut

Tujuan : Untuk mengetahui pelaksanaan fisioterapi static contraction dapat mengurangi nyeri dan oedema, memelihara lingkup gerak sendi (LGS) dan kekuatan otot dan

and Mongolia provide almost universal pension coverage through a mix of social and contributory pensions; East Timor has in place asocial pension for everyone over 60 years;

Penyisipan humor digunakan dalam empat pembelajaran keterampilan berbahasa Inggris yaitu pembelajaran mendengarkan bahasa Inggris (listening) jenis verbal humor berupa

Website Taman Nasional Gunung Gede Pangrango dibuat dengan maksud untuk memberikan informasi mengenai Sejarah, Geografi fisik, Satwa, Vegetasi, Peta, Rute pendakian, Pusat

PUISI, GURINDAM DUA BELAS, KAJIAN SEMIOTIK, DAN PENGAJARAN SASTRA A.. Pengertian

Hasil penelitian ini menunjukkan adanya pengaruh pola asuh orang tua terhadap karakter a nak kelas B di PAUD Nurul Qur’ani Jalan Otonom Gorda Bandung terlihat dari

Berdasarkan hasil penelitian yang dilakukan, sistem penyelesaian masalah yang dilakukan di Mukim Ladang Lemisik berpedoman pada Qanun (Peraturan Pemerintah Provinsi Aceh) Nomor