• Tidak ada hasil yang ditemukan

UNSUR PANGGENTRA (VOKATIF) KALIMAH BASA SUNDA DINA NOVEL PAYUNG BUTUT KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BHAN PANGAJARAN DI SMA.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "UNSUR PANGGENTRA (VOKATIF) KALIMAH BASA SUNDA DINA NOVEL PAYUNG BUTUT KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BHAN PANGAJARAN DI SMA."

Copied!
19
0
0

Teks penuh

(1)

DAPTAR EUSI

PANGJAJAP ... i

ABSTRAK ... iv

DAPTAR EUSI ... v

DAPTAR TABEL ... ix

DAPTAR BAGAN ... x

DAPTAR SINGGETAN ... xi

DAPTAR LAMPIRAN ... xii

BAB I BUBUKA ... 1

1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 3

1.2.1 Watesan Masalah ... 3

1.2.2 Rumusan Masalah ... 3

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.5 Anggapan Dasar ... 5

1.6 Wangenan Operasional ... 5

BAB II UNSUR PANGGENTRA JEUNG PANGAJARANA 2.1 Wangenan Kalimah ... 7

2.2 Papasingan Kalimah ... 8

2.3 Unsur Fungsional Kalimah ... 12

2.4 Fungsi Kalimah ... 14

2.5 Unsur Panggentra dina Kalimah ... 15

2.5.1 Wangenan Unsur Panggentra ... 15

2.5.2 Wujud Unsur Panggentra ... 16

(2)

2.6 Bahan Pangajaran Unsur Panggentra ... 19

2.6.1 Wangenan Bahan Pangajaran ... 19

2.6.2 Cara Nangtukeun jeung Milih Bahan Pangajaran ... 21

2.6.3 Métodologi Pangajaran Basa ... 25

2.6.4 Évaluasi Pangajaran ... 26

2.6.5 Bahan Pangajaran Kalimah dina Kurikulum ... 27

2.6.5.1 Fungsi jeung Tujuan Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda ... 27

2.6.5.2 Standar Kompeténsi Lulusan SMA/SMK/MA ... 29

2.6.5.3 Ambahan Pangajaran Unsur Panggentra ... 30

2.6.5.4 Wangenan Silabus ... 31

2.6.5.4.1 Lengkah-lengkah Nyusun Silabus ... 32

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 33

3.1 Wangenan Operasional ... 33

3.2 Sumber Data ... 34

3.3 Instrumén Panalungtikan ... 34

3.4 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 35

3.5 Téhnik Ngolah Data ... 35

BAB IV ANALISIS UNSUR PANGGENTRA KALIMAH BASA SUNDA DINA NOVÉL PAYUNG BUTUT KARANGAN AHMAD BAKRI PIKEUN BAHAN PANGAJARAN DI SMA ... 37

4.1 Data Unsur Panggentra Kalimah dina Novél Payung Butut ... 37

4.2 Posisi Unsur Panggentra ... 39

4.2.1 Unsur Panggentra di Awal Kalimah ... 39

4.2.2 Unsur Panggentra di Tengah Kalimah ... 40

(3)

4.2.4 Unsur Panggentra di Tengah jeung Ahir Kalimah ... 42

4.3 Wujud Unsur Panggentra ... 43

4.3.1 Unsur Panggentra Ngawujud Kecap ... 43

4.3.1.1 Unsur Panggentra Ngawujud Kecap Ngaran Jalma ... 43

4.3.1.2 Unsur Panggentra Ngawujud Kecap Gaganti Ngaran ... 44

4.3.1.3 Unsur Panggentra Ngawujud Kecap Lalandian ... 47

4.3.2 Unsur Panggentra Ngawujud Frasa ... 47

4.3.2.1 Pola ka-1 Seb.Pk+Seb.Gel.Ag ... 48

4.3.2.2 Pola ka -2 Seb.Pk+Seb.NJ ... 48

4.3.2.3 Pola ka-3 Seb.Pk+Seb.Jab ... 49

4.3.2.4 Pola ka-4 Seb.Kany+Seb.NJ ... 49

4.3.2.5 Pola ka-5 Seb.Kany+Seb.Jab ... 50

4.3.2.6 Pola ka-6 Seb.Kany+Seb.Gel.Ag ... 50

4.3.2.7 Pola ka-7 Seb.Gel.Ag+Seb.Lan ... 51

4.4 Ma’na Unsur Panggentra dina Kalimah ... 51

4.4.1 Ma’na Ngagentraan ... 52

4.4.2 Ma’na Tumanya ... 53

4.4.3 Ma’na Paréntah ... 54

4.4.4 Ma’na Negeskeun ... 55

4.5 Ciri Unsur Panggentra dina Kalimah ... 56

4.6 Bahan Pangajaran Unsur Panggentra dina Kalimah Basa Sunda Pikeun Siswa SMA ... 58

4.6.1 Ambahan jeung Runtuyan Bahan Pangajaran Unsur Panggentra ... 59

4.6.1.1 Wacana Paguneman ... 60

4.6.1.2 Wangenan Unsur Panggentra ... 61

(4)

4.6.1.4 Wujud Unsur Panggentra ... 62

4.6.1.5 Ma’na Unsur Panggentra ... 64

4.6.1.6 Ciri Unsur Panggentra ... 65

4.6.2 Silabus jeung RPP Bahan Pangajaran Unsur Panggentra .... 67

4.6.2.1 Silabus Bahan Pangajaran Unsur Panggentra ... 68

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 69

5.1 Kacindekan ... 69

5.2 Saran ... 72

DAPTAR PUSTAKA ... 73

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 74

(5)

1 BAB I

BUBUKA

1.1. Kasang Tukang Masalah

Basa nya éta salah sahiji alat komunikasi pikeun nepikeun gagasan panyatur ka pamiarsa atawa ti hiji jalma ka jalma séjén ngaliwatan hiji sistem simbol vokal anu ngabogaan harti arbirtér jeung konvénsional.

Dina prakna komunikasi, basa téh mangrupa wujud kedalna eusi pikiran, kahayang, rasa, jeung rupa-rupa pamaksudan ti diri panyatur sangkan kacangkem maksudna, bisa ngaliwatan basa lisan atawa basa tinulis. Basa lisan nya éta basa anu ditepikeun ngaliwatan omongan, ari basa tinulis nya éta basa anu ditepikeun ngaliwatan média tulis.

Sudaryat (2003:5) nétélakeun yén basa téh diwangun ku dua lapisan, nya éta wangun jeung eusi. Lapisan wangun ngawengku dua tahapan nya éta wangun gramatik (katatabasaan) ngawengku wacana, kalimah, klausa, frasa, kecap jeung morfem. Wangun fonologi ngawengku engang, foném, jeung sora. Lapisan eusi mangrupa harti atawa ma’na wangun katatabasan dipaluruh ku tata basa ngawengku: (1) sintaksis nu maluruh adegan wacana, kalimah, klausa, frasa, jeung; (2) morfologi anu maluruh adegan morfém jeung kecap. Wangun fonologis dipaluruh ku semantik.

(6)

2

paréntah, jeung kalimah panyeluk. Ieu panalungtikan patali jeung kalimah panggero, pananya, jeung paréntah, utamana unsur nu jadi cirina, nya éta unsur panggentra (vokatif), upamana waé kecap Néng, dina kalimah “Néng, bade angkat ka mana?”

Minangka salasahiji unsur basa, unsur panggentra dina kalimah basa Sunda bisa dijadikeun bahan pangajaran, ari bahan pangajaran téh kaasup salasahiji komponén dina sistem pangajaran. Biasana sistem pangajaran ngawengku, tujuan, bahan, métode, guru, siswa, sarana prasarana sarta évaluasi. Éta komponén-komponén téh kudu silih lengkepan, sangkan bisa ngahontal tujuan anu geus ditangtukeun.

Salasahiji komponén pangajaran téh nya éta bahan atawa matéri pangajaran. Dina milih jeung nepikeun bahan pangajaran, hususna pangajaran basa Sunda, guru kudu mibanda kamampuh jeung pangaweruh nu lega ngeunaan basa Sunda, sangkan bisa ngaronjatkeun kualitas siswa dina diajarna.

Bahan atawa matéri pangajaran nu diajarkeun di SMA salasahijina nya éta kecap panyeluk. Dina kalimah lisan sok aya unsur anu mirip kecap panyeluk, disebutna panggentra (vokatif). Ari panggentra téh nya éta unsur tambahan atawa

sélér (satelit) tina kalimah, anu mangrupa kecap atawa frasa barang anu nuduhkeun jalma nu diajak nyarita. Sipatna manasuka, bisa aya bisa henteu, sarta cicingna bisa hareupeun, tengah kalimah, jeung di tungtung kalimah.

(7)

3

kalimah mah acan aya. Ku kituna, panalungtikan ngeunaan Unsur Panggentra

(vokatif) Kalimah Basa Sunda dina Novél Payung Butut karangan Ahmad Bakri

pikeun Bahan Pangajaran di SMA perlu dilaksanakeun.

1.2. Watesan jeung Rumusan Masalah

1.2.1. Watesan Masalah

Ulikan kalimah bisa dipedar tina rupa-rupa segi boh segi wangun, wanda, boh tina segi warna kalimahna. Salasahiji papasingan kalimah di antarana waé dumasar kana kontéks jeung jawaban anu ditepikeun. Disawang tina éta hal, aya kalimah paréntah, panggero, jeung pananya anu ngandung unsur panggentra.

Ieu panalungtikan téh ngan medar ngeunaan kecap panggentra anu kapanggih dina novél Payung Butut karangan Ahmad Bakri dumasar kana

wangun, ciri, fungsi, jeung harti kecap panggentrana.

1.2.2. Rumusan Masalah

Sangkan ieu masalah dina panalungtikan jéntré, dirumuskeun dina wangun pananya sakumaha ieu di handap:

1. Unsur panggentra naon waé anu aya dina novél Payung Butut karangan

Ahmad Bakri?

2. Kumaha posisi unsur panggentra dina kalimah nu aya dina éta novél? 3. Kumaha wujud unsur panggentra dina kalimah?

(8)

4

6. Kumaha unsur panggentra mun dijadikeun bahan pangajaran basa Sunda di SMA?

1.3. Tujuan Panalungtikan

Ieu panalungtikan ngabogaan tujuan pikeun ngadéskripsikeun unsur panggentra nu kapanggih dina novél Payung Butut karangan Ahmad Bakri. Ari

déskripsina ngawengku:

a. Unsur panggentra dina kalimah; b. Posisi unsur panggentra dina kalimah; c. Wujud unsur panggentra dina kalimah; d. Ma’na unsur panggentra nu aya dina kalimah; e. Ciri unsur panggentra nu aya dina kalimah; jeung f. Bahan pangajaran unsur panggentra di SMA.

1.4. Mangpaat Panalungtikan

Aya sababaraha mangpaat dina ieu panalungtikan, nya éta:

a. Pikeun paélmuan tatabasa Sunda, ieu panalungtikan pikeun ngaguar salasahiji wangun élmu katatabasaan, sabab sok sanajan dina sawatara buku tatabasa Sunda aya anu medar ngeunaan unsur panggentra tapi pedaran henteu husus;

(9)

5

c. Pikeun panalungtik séjén, panalungtikan bisa dipaké bahan babandingan antara kalimah panggentra dina basa Sunda jeung basa Indonésia atawa basa-basa séjénna.

1.5. Anggapan Dasar

Anggapan dasar nya éta salasahiji bebeneran téori atawa pamadegan anu dijadikeun tatapakan dina panalungtikan anu geus henteu kudu dipasualkeun deui bener atawa salahna, dina prinsipna bisa katarima ku sakumna jalma kalawan henteu kudu diuji deui (Suyatna, 2000:7). Ieu panalungtikan mibanda anggapan dasar saperti dipérélékeun ieu di handap:

a. Kalimah mangrupa unsur basa nu bisa dipaké alat komunikasi;

b. Kalimah bisa dipasing-pasing dumasar kana kontéks jeung jawaban anu ditepikeun, di antarana aya kalimah panggentra;

c. Unsur panggentra dina kalimah bisa kapanggih dina rupa-rupa wacana saperti dina novél Payung Butut karangan Ahmad Bakri.

1.6. Wangenan Operasional

Panalungtikan ngeunaan unsur panggentra (vokatif) kalimah basa Sunda dina novél Payung Butut diwangun ku sababaraha istilah. Sangkan leuwih jéntré

(10)

6

a. Adegan basa mangrupa wangunan atawa susunan unsur-unsur basa anu dumuk polana tur puguh entép seureuhna;

b. Kalimah nya éta wangun basa miwujud kecap atawa runtuyan kecap anu puguh adeganana pikeun ngébréhkeun pikiran kalawan gembleng diwatesan ku randegan panjang nu binarung jeung wirahma ahir turun atawa naék;

c. Unsur panggentra nya éta kecap anu dipaké pikeun kalimah panggero, kalimah pananya, jeung kalimah panitah;

d. Novél nya éta carita rékaan (fiksi) panjang dina wangun basa lancaran nu miwujud lalakon, sarta palaku, latar, jeung leunjeuran caritana ngarancabang, tapi angger gumulung dina leunjeuran carita.

(11)

33 BAB III

METODE PANALUNGTIKAN

3.1 Wangenan Operasional

Panalungtikan ngeunaan unsur panggentra (vokatif) kalimah basa Sunda dina novél Payung Butut diwangun ku sababaraha istilah. Sangkan leuwih jéntré

jeung teu ngabalukarkeun ayana anggapan nu salah ngeunaan ieu judul panalungtikan, aya sababaraha istilah anu perlu diécéskeun. Istilah-istilah anu patali jeung ieu panalungtikan diantarana waé adegan, kalimah, unsur kalimah panggentra, novél jeung adegan unsur kalimah panggentra.

a. Adegan basa mangrupa wangunan atawa susunan unsur-unsur basa anu dumuk polana tur ngéntép seureuh;

b. Kalimah nya éta wangun basa miwujud kecap atawa runtuyan kecap anu puguh adeganana pikeun ngébréhkeun pikiran kalawan gembleng diwatesan ku randegan panjang nu binarung jeung wirahma ahir turun atawa naék;

c. Unsur panggentra nya éta kecap anu dipaké pikeun kalimah panggero, kalimah pananya, jeung kalimah paréntah;

d. Novél nya éta carita rékaan (fiksi) panjang dina wangun basa lancaran nu miwujud lalakon, sarta palaku, sarta palaku, latar, jeung leunjeuran caritana ngarancabang, tapi angger gumulung dina leunjeuran carita; jeung e. Ma’na nya éta peran semantis unsur basa nu muncul balukar patali jeung

(12)

34

3.2 Sumber Data

Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan téh nya éta novél Payung

Butut karangan Ahmad Bakri, kandelna aya 97 kaca. Ukuran buku 17,5cm x

12cm, penerbit Rahmat Cijulang, taun terbit citakan I (1968), citakan II (1984), citakan III (1991).

Dina novél Payung Butut eusi caritana aya genep épisode nya éta, (1)

“Naib Anyar”, (2) “Pakait Pikir”, (3) “Cécéndét Mandé Kiara”, (4) “Jago Anyar”, (5) “Getih”, jeung (6) “Kapeupeuh Puhu Ceuli”.

Tina éta sumber data dicokot sakabéh unsur panggentra kalimah minangka populasi. Sakabéh unsur panggentra kalimah dina populasi dijadikeun sampel Ku kituna, ieu panalungtikan ngagunakeun sampel total.

3.3 Instrumén Panalungtikan

Pikeun ngumpulkeun data unsur kalimah panggentra tina novél Payung

Butut karangan Ahmad Bakri,digunakeun pakakas nu mangrupa kartu data.

Conto:

Kartu Data Unsur Kalimah Panggentra dina Novél Payung Butut

(PB/13/5/22)

Wangun : “Har, ari Kang Haji, pan ti Banjar.”

Wujud : Frasa barang

Fungsi : Kecap barang

(13)

35

3.4 Téhnik Ngumpulkeun Data

Dina ieu panalungtikan digunakeun téhnik ulikan pustaka (studi bibliografi) atawa téhnik téks. Ieu téhnik digunakeun pikeun ngumpulkeun data tina sumber tinulis, nya éta novél Payung Butut karangan Ahmad Bakri.

Dina ngumpulkeun data dilaksanakeun maké léngkah-léngkah saperti ieu di handap:

a. Nangtukeun sumber data anu mangrupa basa Sunda ragam tinulis nya éta novél Payung Butut karangan Ahmad Bakri;

b. Maca novél Payung Butut karangan Ahmad Bakri;

c. Nyirian kalimah-kalimah anu aya unsur kalimah panggentra;

d. Nyalin data anu kapanggih (sakabéh unsur panggentra) kana kartu data sakalian nangtukeun idéntitasna; jeung

e. Nganomeran korpus jeung ngodean kartu data.

3.5 Téhnik Ngolah Data

Sanggeus kumpul terus data téh diolah. Ari ngolah datana maké téhnik distribusional, anu léngkah-léngkahna saperti ieu di handap:

a. Mariksa sakabéh data kalimah panggentra basa Sunda anu kapanggih dina novél Payung Butut;

b. Ngadaptarkeun sakabéh data dina kalimah panggentra; c. Nganomeran sakabéh kalimah panggentra;

(14)

36

e. Nganalisis jeung ngadéskripsikeun kalimah panggentra dumasar kana (1) unsur panggentra dina kalimah; (2) posisi unsur panggentra dina kalimah; (3) wujud unsur panggentra dina kalimah; (4) ma’na panggentra dina kalimah; jeung (5) ciri panggentra nu aya dina kalimah; sarta

(15)

69 BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Luyu jeung tujuan nu hayang dihontal sarta pedaran tina bab IV, ieu panalungtikan téh boga tujuan pikeun ngadéskripsikeun unsur panggentra dina novél Payung Butut karangan Ahmad Bakri. Tina hasil analisis data unsur

panggentra dina kalimah basa Sunda, bisa dirangkum saperti kieu.

a. Unsur panggentra (vokatif) nya éta unsur tambahan atawa sélér (satelit) tina kalimah, anu mangrupa kecap atawa frasa barang anu nuduhkeun jalma anu diajak nyarita. Sipatna manasuka, bisa aya bisa henteu, sarta cicingna bisa di hareupeun, tengah kalimah, jeung tungtung kalimah. Salian ti éta aya nu nyebutkeun yén vokatif téh nya éta bentuk seru keur ngaran, gelar, atawa ungkapan-ungkapan séjén. Vokatif ngabogaan fungsi keur nanya batur anu ku urang diajak ngomong jeung digunakeun di awal, tengah, atawa ahir kalimah. Vokatif biasana ditandaan ku tanda (,) koma. b. Data unsur panggentra dina kalimah anu kapanggih tina novél Payung

Butut téh aya 109 kalimah. Tina 109 kalimah téh kapanggih aya 14

(16)

70

c. Wujud unsur panggentra bisa mangrupa kecap, bisa mangrupa frasa. Jadi, aya dua wujud unsur panggentra dina kalimah nya éta (1) unsur panggentra ngawujud kecap; jeung (2) unsur panggentra ngawujud frasa. Data nu kapanggih aya 22 (64,7%) unsur panggentra ngawujud kecap jeung 12 (35,3) unsur panggentra ngawujud frasa.

d. Unsur panggentra ngawujud kecap kapanggih aya tilu wujud, sedengkeun unsur panggentra ngawujud frasa kapanggih aya tujuh pola unsur panggentra. Bisa ditempo dina bagan 5.1 ieu di handap.

Bagan 5.1

Wujud Unsur Panggentra

Ngaran jalma

Kecap Gaganti ngaran

Lalandian

Unsur Panggentra

Seb.Pk + Seb.Gel.Ag

Seb.Pk + Seb.NJ

Seb.Pk + Seb.Jab

Frasa Seb.Kany + Seb.NJ

Seb.Kany + Seb.Jab

Seb.Kany + Seb.Gel.Ag

Seb.Gel.Ag + Seb.Lan

(17)

71

panggentra dina kalimah nu ngandung ma’na ngagentraan, 46 (42,2%) unsur panggentra dina kalimah nu ngandung ma’na tumanya, 14 (12,84%) unsur panggentra dina kalimah nu ngandung ma’na paréntah, jeung 32 (29,35%) unsur panggentra dina kalimah nu ngandung ma’na negeskeun. f. Ciri unsur pangggentra nu kapanggih tina novél Payung Butut nya éta (1)

Unsur panggentrana dicirian ku ayana tanda koma (,); (2) Unsur panggentra diwujudkeun ku kecap ngaran jalma; (3) Unsur panggentra diwujudkeun ku kecap gaganti ngaran (pancakaki); (4) Unsur panggentra diwujudkeun ku kecap gaganti ngaran (landian); (5) Diwujudkeun ku frasa sesebutan; (6) Umumna ngandung harti ngagentraan, tumanya, paréntah, jeung negeskeun; (7) Sipatna manasuka, cicingna bisa di awal, tengah, jeung ahir kalimah.

Dumasar kana rangkuman di luhur, bisa dicindekkeun yén unsur panggentra kalimah basa Sunda dina novél Payung Butut karangan Ahmad Bakri

(18)

72

5.2 Saran

Aya sawatara saran anu perlu ditepikeun dina ieu panalungtikan.

a. Ieu panalungtikan téh ngan medar ngeunaan unsur panggentra nu kapanggih, posisi unsur panggentra, wujud unsur panggentra, ma’na unsur panggentra, jeung ciri unsur panggentra tina wacana tulis. Ku kituna, perlu aya panalungtikan séjén anu sumberna tina wacana paguneman lisan.

(19)

73

DAFTAR PUSTAKA

Bakri, A. (1991). Payung Butut. Bandung: Rahmat Cijulang.

Chaer, A. (2003). Linguistik Umum. Jakarta: Rineka Cipta.

Depdikbud (2002). Pedoman Karya Ilmiah.Bandung: UPI.

Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra.Bandung: Geger Sunten.

Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. (1992). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung:

Tarate.

Pateda, M. (1994). Linguistik (Sebuah Pengantar). Bandung: Angkasa.

Prawirasumantri, A. (2000). “Sintaksis Basa Sunda (Analisis Tagmenik Tingkat Kalimah, Klausa, jeung Frasa)”. Bandung: FPBS UPI.

Ramlan. (1996). Sintaksis. Yogyakarta: CV. Karyono.

Sudaryat, Y. (2003). Pedaran Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

. (2005). Kamus Istilah Elmuning Basa. Bandung: CV. Karya

Iptek.

. (2003). Tata Basa Kiwari. Bandung: Yrama Widya

. (2003). Modél Pengajaran Kompeténsi Basa Sunda. Tangerang:

Pamulang.

Suyatna, A. (2002). Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan Pengajaran Bahasa. Bandung: FPBS UPI.

Tamsyah, B.R. (1998). Kamus Lengkap Sunda-Indonesia, Indonesia-Sunda, Sunda-sunda. Bandung: Pustaka Setia.

. (2001). Galuring Basa Sunda. Bandung: Pustaka Setia.

Referensi

Dokumen terkait

Sangkan ieu panalungtikan leuwih museur jeung teu lega teuing ambahanna, dina ieu panalungtikan dianalisis wanda pakeman basa nu ngawengku paribasa, babasan, gaya basa,

Bab IV ngawengku hasil panalungtikan ngeunaan kecap pagawéan dina fiksimini basa Sunda tina sumber data fiksimini nu aya dina fikminsunda.com, jeung dina bab

Skripsi ini berjudul “Struktur Carita dina Kumpulan Carpon Ma Inung Néwak Cahaya Karangan Mamat Sasmita pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMP”. Tujuan dari

Novél Tanjeur na Juritan Jaya di Buana bisa dianalisis struktur intrinsik sarta unsur budayana pikeun dijadikeun bahan pangajaran aprésiasi sastra di SMA.

lingkungan dina babasan jeung paribasa Sunda pikeun bahan pangajaran pakeman. basa di kelas XI SMA. Ari anu didéskripsikeunna

DINA NOVÉL KAKARÉN RÉVOLUSI KARYA TATANG SUMARSONO PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI KELAS XI

ANALISIS STRUKTURAL JEUNG SEMIOTIK DINA NOVÉL SAÉNI KARANGAN HADI AKS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA NOVÉL DI

Patalina jeung upaya mekarkeun bahan pangajaran Basa jeung Sastra Sunda berbasis karakter nu sumberna tina ajén-inajén karakter nu kakandung dina paribasa Sunda,