• Tidak ada hasil yang ditemukan

KASENIAN BEBEGIG SUKAMANTRI DI KECAMATAN SUKAMANTRI KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "KASENIAN BEBEGIG SUKAMANTRI DI KECAMATAN SUKAMANTRI KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA."

Copied!
30
0
0

Teks penuh

(1)

No. 652/FPBS/0251/2013

KASENIAN BEBEGIG SUKAMANTRI

DI KECAMATAN SUKAMANTRI KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

(Tilikan Struktural jeung Sémiotik)

SKRIPSI

Disusun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Ngahontal Gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah

ku Ade Sundara

0902566

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI

(2)

No. 652/FPBS/0251/2013

Ade Sundara, 2013

KASENIAN BEBEGIG SUKAMANTRI

DI KECAMATAN SUKAMANTRI KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

(Tilikan Struktural jeung Sémiotik)

Oleh Ade Sundara

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

© Ade Sundara 2013 Universitas Pendidikan Indonesia

Agustus 2013

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

(3)

No. 652/FPBS/0251/2013

LEMBAR PENGESAHAN

ADE SUNDARA NIM 0902566

KASENIAN BEBEGIG SUKAMANTRI

DI KECAMATAN SUKAMANTRI KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMA

(Tilikan Struktural jeung Sémiotik)

Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,

Dr. Dedi Koswara, M.Hum. NIP 195906141986011002

Pangaping II,

Dr. Ruhaliah, M.Hum. NIP 196411101989032002

Kauninga ku

Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni

Universitas Pendidikan Indonesia

(4)

Ade Sundara, 2013

KASENIAN BEBEGIG SUKAMANTRI

DI KECAMATAN SUKAMANTRI KABUPATEN CIAMIS PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA

(Tilikan Struktural jeung Sémiotika)1)

Ade Sundara2)

ABSTRAK

Skripsi ini berjudul Kasenian Bebegig Sukamantri di Kecamatan

Sukamantri Kabupaten Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca (Tilikan Struktural jeung Sémiotika) menjelaskan tentang kesenian khas daerah

Sukamantri yang pementasannya disajikan dalam bentuk arak-arakan, ditampilkan beberapa orang yang memakai topeng besar, bentuknya menyeramkan, dan memang fungsinya juga untuk menakut-nakuti manusia. Penelitian ini bertujuan untuk mendeskripsikan: (1) sejarah kesenian Bebegig Sukamantri di Kecamatan Sukamantri Kabupaten Ciamis; (2) struktur yang ada dalam kesenian tersebut; (3) simbol-simbol budaya yang terkandung di dalamnya; (4) implikasi terhadap bahan pembejaran membaca artikel budaya di SMA kelas XII. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah deskriptif-kualitatif, dengan menggunakan tekhnik observasi, wawancara, dan dokumentasi. Instrumen yang digunakan dalam mengumpulkan data adalah mengunakan handphone, kamera digital, dan pedoman wawancara. Hasil penelitian yang diperoleh adalah: sejarah kesenian Bebegig Sukamantri terbagi ke dalam tiga periode, yaitu periode Prabu Sampulur, Margadati, dan Eyang Emuh Muhrodi. Struktur dalam kesenian bebegig ini meliputi: pelaksanaan acara arak-arakan, grup seni “Baladdewa”, peralatan yang digunakan, dan lagu yang dinyanyikan dalam acara arak-arakan kesenian tersebut. Hasil dari penelitian ini ditemukan adanya 13 simbol beserta 6 ikon dan 7 indeks dari hasil analisis semiotik Pierce. Penelitian ini bermanfaat bagi masyarakat Sunda, khususnya bagi masyarakat Sukamantri dan Disbudpar Kabupatén Ciamis untuk terus menjaga kesenian Bebegig Sukamantri ini, serta penelitian ini juga bisa dijadikan alternatif bahan pembelajaran membaca artikel budaya di SMA kelas XII.

Kata Kunci: simbol-simbol budaya, kasenian Bebegig Sukamantri, jeung alternatif bahan pangajaran maca artikel budaya di SMA kelas XII.

1) Penyusunan skripsi ini di bawah bimbingan Dr. Dedi Koswara, M.Hum. dan Dr. Ruhaliah, M.Hum.

(5)

THE ART OF BEBEGIG SUKAMANTRI

IN THE SUBDRISTRICT OF SUKAMANTRI, CIAMIS FOR READING MATERIAL

(Structural and Semiotics Study)1)

Ade Sundara2)

ABSTRACT

The title of this research paper is the art of Bebegig Sukamantri in the subdristrict of Sukamantri, Ciamis for reading material (structural and semiotics study). It explains the special traditional art of Sukamantri which the play presented in the form of procession, people featured with a creepy big mask, it functions to scare people. The aims of this study are to describe: (1) the history of the Bebegig Sukamantri art; (2) structures of Bebegig Sukamantri art; (3) cultural symbols in that art; the implication of the material of reading a culture article for Senior High School Students grade that art XII. The method used in this study is descriptive-qualitative, using techniques of observation, interviews, and documentation. The instrument used in collecting the data by using mobile phone, digital camera, and interview guidance. From that study, the result which is acquired is the history of the art of Bebegig Sukamantri is divided into three periods; namely: period of Prabu Sampulur, Margadati, and Eyang Emuh Muhrodi. The structures in the art of bebegig include: the implementation of pageantry performance, art group “Baladdewa”, the equipment used, and the song sung in the pageantry arts. Therefore, from this study, the writer found that there are 13 symbols included 6 icons and 7 index from the result analysis of semiotic Pierce. This study is expected to give benefits for the Sundanese society, particularly for Sukamantri society and the Ministry of Culture and Tourism of Ciamis District to maintain the art of Bebegig Sukamatri, and this study is expected to be alternative material for reading the culturalarticle for Senior High School students grade XII.

Keywords: cultural symbols, the art of Bebegig Sukamantri, the alternatives of reading material, cultural article

3) The completion of this research paper isunder guidance of Dr. Dedi Koswara, M.Hum. and Dr. Ruhaliah, M.Hum.

(6)

Ade Sundara, 2013

DAPTAR EUSI

Kaca

ABSTRAK ... i

PANGJAJAP ... ii

TAWIS NUHUN ... iii

DAPTAR EUSI ... vii

DAPTAR SINGGETAN ... xi

DAPTAR BAGAN ... xiii

DAPTAR GAMBAR ... xiv

DAPTAR TABÉL ... xvi

DAPTAR LAMPIRAN ... xvii

BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 4

1.2.1 Watesan Masalah ... 4

1.2.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 5

1.3.1 Tujuan Umum ... 5

1.3.2 Tujuan Husus ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.2 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 6

1.5 Raraga Tulisan ... 6

BAB II ULIKAN STRUKTURAL JEUNG SÉMIOTIK DINA KASENIAN BEBEGIG KATUT BAHAN PANGAJARANNA 2.1 Kabudayaan ... 7

(7)

viii

2.1.2 Wujud Budaya ... 8

2.1.3 Unsur Universal dina Kabudayaan... 9

2.2 Kasenian Bebegig Sukamantri ... 11

2.2.1 Wangenan Kasenian...11

2.2.2 Tujuan Kasenian... 12

2.2.3 Bebegig Sukamantri ... 13

2.3 Struktural ... 14

2.4 Sémiotik ... 16

2.4.1 Wangenan Sémiotika ... 16

2.4.2 Kamekaran Sémiotika ... 18

2.4.3 Téori Sémiotika Charles Sander Pierce ... 18

2.5 Bahan Pangajaran Maca ... 20

2.5.1 Wangenan Bahan Pangajaran ... 20

2.5.2 Tujuan Pangajaran ... 21

2.5.3 Métode Pangajaran ... 21

2.5.4 Wangenan Maca ... 22

2.5.5 Tujuan Maca... 23

2.5.6 Téhnik Maca... 23

2.5.7 Pangajaran Maca dina SKKD Basa jeung Sastra Sunda ... 24

2.5.8 Artikel Budaya ... 26

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi Panalungtikan jeung Sumber Data ... 27

3.1.1 Lokasi Panalungtikan ... 27

3.1.2 Sumber Data ... 28

3.2 Desain Panalungtikan ... 29

3.3 Métode Panalungtikan ... 31

3.4 Wangenan Oprasional ... 32

3.5 Instrumén Panalungtikan ... 32

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 34

(8)

ix

Ade Sundara, 2013

BAB IV ANALISIS JEUNG DÉSKRIPSI DINA KASENIAN BEBEGIG

4.1 Sajarah Kasenian Bebegig Sukamantri ... 36

4.1.1 Sajarah Kasenian Bebegig Sukamantri ... 36

4.1.2 Kasenian Bebegig Sukamantri ... 39

4.2 Struktur Acara Helaran dina Kasenian Bebegig Sukamantri ... 41

4.2.1 Pakakas nu Digunakeun dina Acara Helaran Kasenian Bebegig Sukamantri ... 41

4.2.1.1 Pakakas dina Bahan Nyieun Bebegig Sukamantri ... 41

4.2.1.2 Pakakas dina Pakéan Sesepuh Bebegig Sukamantri ... 45

4.2.1.3 Pakakas dina Waditra Pamirig Bebegig Sukamantri ... 47

4.2.2 Grup Seni Bebegig Sukamantri (Baladdewa) ... 52

4.2.3 Prak-prakan Acara Helaran dina Kasenian Bebegig Sukamantri ... 53

4.2.3.1 Prak-prakan Saméméh Lumangsungna Acara Helaran... 53

4.2.3.2 Prak-prakan Lumangsungna Acara Helaran ... 55

4.2.3.3 Prak-prakan Sanggeus Lumangsungna Acara Helaran ... 56

4.2.4 Rumpaka Lagu dina Acara Helaran Kasenian Bebegig Sukamantri ... 57

4.3 Unsur Sémiotik dina Kasenian Bebegig Sukamantri ... 61

4.3.1 Ikon dina Kasenian Bebegig Sukamantri ... 61

4.3.2 Indéks dina Kasenian Bebegig Sukamantri... 64

4.3.3 Simbol dina Kasenian Bebegig Sukamantri...68

4.3.4 Simbol Budaya Nurutkeun Narasumber...74

4.4 Implikasi Simbol-simbol Budaya dina Kasenian Bebegig Sukamantri pikeun Bahan Pangajaran Maca Artikel Budaya di SMA ... 77

4.4.1 Bahan Pangajaran”Maca Artikel Budaya” ... 77

4.4.2 Matéri Bahan Pangajaran Maca ... 79

4.4.3 Uraian Bahan Ajar... 83

(9)

x

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan ... 87

5.2 Saran ... 88

DAPTAR PUSTAKA ... 90

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 93

(10)

Ade Sundara, 2013

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Kabudayaan mangrupa salasahiji hal anu ngabédakeun manusa jeung mahluk séjénna, ku sabab kabudayaan téh hasil tina cipta, daya, jeung karsa manusa anu disapukan jeung sok dilaksanakeun di éta daérah sacara turun- tumurun. Kabudayaan tangtuna waé ngabogaan ajén-inajén anu luhung pikeun kahirupan manusa, lain ngan saukur tata cara anu matok jeung percaya kana hal-hal magis.

Saluyu jeung anu diébréhkeun ku sababaraha ahli kabudayaan, di antarana Koentjaraningrat (1985: 1), kabudayaan dina harti nu jembar nya éta sakabéh hasil tina mikir, karya, jeung hasil karya manusa anu teu ngindung kana nalurina. Éta hal bisa dihontal ku manusa sanggeus ngaliwatan prosés diajar. Ralph Linton dina Ihromi (2006: 18), nétélakeun définisi kabudayaan dina kahirupan sapopoé,

‘kebudayaan adalah seluruh cara kehidupan dari masyarakat yang manapun dan tidak hanya mengenai sebagai dari cara hidup itu yaitu bagian yang oleh masyarakat dianggap lebih tinggi atau lebih diinginkan’.

Nurutkeun Ihromi (2006: 18), kabudayaan téh dumasar kana rupa-rupa aspék kahirupan anu ngawengku paripolah, kapercayaan, jeung sikep, ogé hasil tina kagiatan manusa anu has pikeun hiji masarakat atawa kelompok masarakat anu tangtu.

Dumasar kana pamadegan para ahli di luhur, wangenan kabudayaan bisa dicindekkeun, nya éta salasahiji hasil tina mikir manusa anu bisa dihontal ku cara diajar jeung ngabogaan sababaraha aspék kahirupan nu ngawengku tata cara kahirupan jeung sasamana sarta ka Nu Maha Kawasa.

(11)

2

jeung pakakas hirup. Luyu jeung éta hal, jéntré pisan yén kasenian téh mangrupa salasahiji unsur kabudayaan.

Kabudayaan ogé mangrupa cicirén bangsa. Bangsa Indonesia diwengku ku sababaraha wewengkon nu tangtuna miboga kabudayaan anu béda-béda. Salasahiji wewengkon nu aya di Indonesia nya éta Jawa Barat anu mayoritas sekésélér Sunda. Jawa Barat mangrupa salasahiji wewengkon anu euyeub pisan ku kabudayaan. Salasahiji kabudayaan di Jawa Barat nya éta kasenian Bebegig Sukamantri.

Kasenian Bebegig Sukamantri mangrupa salasahiji kasenian daérah has Ciamis anu masih bisa disebut aya kénéh, dipaliré jeung dimumulé ku masarakatna. Kasenian Bebegig Sukamantri pernahna aya di Desa Cempaka, Kecamatan Sukamantri, Kabupaten Ciamis. Ieu kasenian mimiti diwanohkeun ku para palaku seni di Ciamis jeung ku masarakat Sukamantri dina taun 1950-an. Kasenian ieu biasa rutin dipintonkeun dina acara Agustusan, acara ruatan, jeung hiburan dina acara khitanan saupama aya nu ngondang.

Kasenian Bebegig di dieu lain bebegig anu sok aya di sawah, tapi hiji kasenian nu biasa sok dipintonkeun ka jalma réa atawa disebut ogé helaran. Jalmana maké kedok badag anu rupana pikasieuneun, buukna ogé cawigwig dijieun tina bubuay (kembang hoé). Ari sakabéh awakna mah dikurubunan ku injuk kawung. Ieu kasenian Bebegig ngagunakeun waditra pamirig anu basajan pisan, biasana sok maké kolotok jeung bedug marung. Tapi kaayeunakeun sok ditambahan maké angklung ogé (http://galuhrahayujogja. wordpress. com/ category/ seni-budaya /page/12, 3 februari 2013).

Kasenian daérah bisa dijadikeun asét kabudayaan daérah. Kitu deui kasenian Bebegig Sukamantri, mangrupa salasahiji asét kabudayaan di Kabupaten Ciamis. Nepi ka kiwari, éta kasenian masih dipaliré sanajan teu sakabéh warga di Kabupaten Ciamis mikanyaho kana éta kasenian.

(12)

3

Ade Sundara, 2013

bisa ngahontal kana éta hal, urang Sunda, hususna urang Ciamis lain ngan saukur apal kana éta kasenian Bebegig Sukamantri, tapi bari ngarti kana naon-naon anu nyangkaruk dina éta kasenian.

Patali jeung simbol, tangtu moal leupas tina élmu sémiotik. Ari istilah sémiotik asal kecapna tina semeion nu ngandung harti tanda. Jadi semiotik nya éta élmu anu maluruh kana sagala hal nu nyicingan hiji posisi salaku wawakil tina hal séjén (Isnéndés, 2009: 39). Téori sémiotik nu medar ngeunaan simbol nya éta téori semiotik Pierce, nu nétélakeun yén aya tilu rupa tanda dumasar sipat patalina tanda jeung denotatumna, nya éta (1) ikon, (2) indéks, jeung (3) simbol.

Salian ti éta, kabudayaan anu salasahiji unsurna kasenian, mangrupa hiji

hal anu terstruktur jeung abstrak. Maksudna, sababaraha “réalitas” sabenerna bisa

ditempo strukturna. Ieu struktur sipatna abstrak jeung aya dina jero kognisi manusa, Jean Piaget dina Hoed (2007: 35). Nurutkeun Hoed (2007: 27), struktur nya éta hiji wangun abstrak anu kawangun tina sajumlahing komponén nu aya patalina jeung nu liana dina wangun struktur. Éta komponén-komponén téh aya dina hiji susunan nu tangtu, kaitan éta disebutna rélasi.

Dipedarna simbol-simbol nu nyangkaruk dina kasenian Bebegig Sukamantri, bisa dipaké pikeun bahan ajar anu aya patalina jeung kabudayaan daérah, hususna dina pangajaran Basa Daérah (Sunda). Bahan ajar nu patali jeung ieu hal nya éta dina pangajaran maca artikel ngeunaan budaya anu ditepikeun di kelas XII SMA/SMK/MA, éta hal luyu jeung SKKD mata pelajaran basa jeung sastra Sunda.

Panalungtikan nu medar ngeunaan simbol-simbol dina kabudayaan anu saméméhna geus dilaksanakeun di antarana: (1) Ajén Simbolis dina Upacara

Nadran di Désa Blanakan Kecamatan Blanakan Kabupatén Subang pikeun

Salahsahiji Alternatif Bahan Ajar di SMP Kelas VII (Ulikan Struktural-Sémiotika)

ku Ayu Wahyuni taun 2012, (2) Simbol-Simbol Budaya dina Kasenian Ronggéng

Gunung di Kecamatan Padahérang Kabupatén Ciamis pikeun Bahan Pangajaran

di SMA ku Ati Nursifa taun 2012, jeung (3) Studi Komparatif dan Makna Simbolik

Topeng pada Pertunjukan Seni Bangbarongan Ujung Berung dan Bebegig

(13)

4

Tina sababaraha judul panalungtikan di luhur, can aya nu medar ngeunaan simbol-simbol budaya dina kasenian Bebegig Sukamantri di Kecamatan Sukamantri Kabupaten Ciamis, dina hal makaitkeun kana simbol-simbol kabudayaan dina pangajaran.

Dumasar kana kasang tukang anu geus dipedar di luhur, simbol-simbol budaya nu aya dina kasenian Bebegig Sukamantri penting pisan ditalungtik. Ku

kituna, ieu panalungtikan dijudulan “Kasenian Bebegig Sukamantri di Kecamatan Sukamantri Kabupatén Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA (Tilikan

Struktural jeung Sémiotik)”.

1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Watesan Masalah

Dina kasenian Bebegig Sukamantri, aya unsur sémiotik anu nyangkaruk jeung perlu ditalungtik sangkan bisa maham kana éta kasenian sagemblengna. Anu geus dipikanyaho ku balaréa ngeunaan téori sémiotik nya éta téori sémiotik Pierce, nu nétélakeun yén aya tilu rupa tanda dumasar sipat patalina tanda jeung denotatumna, nya éta (1) ikon, (2) indéks, jeung (3) simbol.

Sangkan pedaranana teu lega teuing, ieu panalungtikan diwatesanan kana ngadéskripsikeun sajarah, struktur dina acara helaran, jeung simbol-simbol anu aya dina kasenian Bebegig Sukamantri di Kecamatan Sukamantri Kabupaten Ciamis, sarta ngalarapkeun kana bahan pangajaran basa Sunda, nya éta pikeun bahan pangajaran maca artikel ngeunaan budaya di SMA kelas XII.

1.2.2 Rumusan Masalah

Luyu jeung kasang tukang sarta watesan masalah nu geus diébréhkeun di luhur, ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya saperti ieu di handap. 1) Kumaha sajarah kasenian Bebegig Sukamantri di Kecamatan Sukamantri

Kabupaten Ciamis?

(14)

5

Ade Sundara, 2013

3) Unsur sémiotik naon waé nu nyangkaruk dina kasenian Bebegig Sukamantri di Kecamatan Sukamantri Kabupaten Ciamis?

4) Kumaha implikasi simbol-simbol budaya dina kasenian Bebegig Sukamantri

di Kecamatan Sukamantri Kabupaten Ciamis pikeun bahan pangajaran “maca

artikel ngeunaan budaya” di kelas XII?

1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum

Sacara umum, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun maluruh kasenian Bebegig Sukamantri di Kecamatan Sukamantri Kabupaten Ciamis, sarta pikeun ngajembaran pangaweruh ngeunaan kabudayaan.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus, tujuan anu dipiharep bisa dihontal dina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun:

1) sajarah kasenian Bebegig Sukamantri di Kecamatan Sukamantri Kabupaten Ciamis;

2) struktur helaran kasenian Bebegig Sukamantri di Kecamatan Sukamantri Kabupaten Ciamis;

3) unsur sémiotik nu nyangkaruk dina kasenian Bebegig Sukamantri di Kecamatan Sukamantri Kabupaten Ciamis;

4) implikasi simbol-simbol budaya dina kasenian Bebegig Sukamantri di

Kecamatan Sukamantri Kabupaten Ciamis pikeun bahan pangajaran “artikel

ngeunaan budaya” di kelas XII.

1.4 Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis

(15)

6

1.4.2 Mangpaat Praktis

Aya ogé mangpaat sacara praktis nu hayang dihontal tina ieu panalungtikan, nya éta:

1) pikeun nambahan pangaweruh jeung wawasan kana kasenian Bebegig Sukamantri di Kecamatan Sukamantri Kabupaten Ciamis;

2) pikeun nambahan bahan pangajaran basa Sunda nu patali jeung kabudayaan

atawa kasenian daérah, hususna dina pangajaran “maca artikel ngeunaan budaya” di kelas XI.

1.5 Raraga Tulisan

BAB I Bubuka, nya éta nu ngawengku kasang tukang masalah, watesan, jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, jeung raraga tulisan.

BAB II Ulikan Struktural jeung Sémiotik dina Kasenian Bebegig Katut Bahan Pangajaran,landasan tiori nya éta nu ngawengku simbol budaya, sémiotik, kabudayaan, kasenian, kasenian Bebegig Sukamantri, jeung bahan pangajaran.

BAB III Métodologi Panalungtikan, nya éta nu ngawengku sumber panalungtikan, desain panalungtikan, métodologi panalungtikan, definisi oprasional, instrumén panalungtikan, téhnik ngumpulkeun data, jeung analisis data.

BAB IV Analisis jeung Déskripsi dina Kasenian Bebegig, nu ngawengku kanangadéskripsikeun sajarah, struktur dina acara helaran, jeung simbol-simbol anu aya dina kasenian Bebegig Sukamantri di Kecamatan Sukamantri Kabupaten Ciamis, sarta implikasina dina bahan pangajaran maca.

BAB V Panutup, nu ngawengku kacindekan jeung saran. Dina ieu bab, eusina mangrupa kacindekan tina panalungtikan nu geus dilaksanakeun, sarta harepan panalungtik pikeun lajuning laku kana ieu panalungtikan.

(16)

Ade Sundara, 2013

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Lokasi Panalungtikan jeung Sumber Data 3.1.1 Lokasi Panalungtikan

Lokasi panalungtikan pikeun meunangkeun data ngeunaan kasenian Bebegig Sukamantri nya éta di Kecamatan Sukamantri Kabupaten Ciamis. Sukamantri nya éta hiji kecamatan nu ayana di belah kaléreun pusat pamaréntahan Kabupaten Ciamis, Provinsi Jawa Barat, Indonesia. Kecamatan Sukamantri ngadeg dina tanggal 23 Januari 2004, dumasar Peraturan Daérah Nomer 21 Taun 2004/Tanggal 02 Agustus 2004. Legana ieu kecamatan kira-kira 4.790,682 ha jeung sacara administratif dirojong ku lima désa, 30 dusun, 61 RW, sarta 164 RT.

Sukamantri kaasup kecamatan nu anyar di Kabupaten Ciamis. Tadina Sukamantri téh kaasup kana Kecamatan Panjalu, tapi dina taun 2004 Sukamantri ngabogaan pamaréntahan sorangan. Wates Kecamatan Sukamantri di belah kalér nya éta Kabupaten Majalengka, di belah kulon Kecamatan Panumbangan, di belah wétan Kecamatan Panawangan, jeung wates di belah kidul nya éta Kecamatan Panjalu. Kantor Kecamatan Sukamantri pernahna di Jalan Raya Barat Nomor 97 Sukamantri, kode pos 46264.

Daérah Sukamantri mangrupa daérah anu loba pasawahanana jeung diriung ku gunung, sabab karakteristik taneuh di Sukamantri mah cekung jiga mangkok. Dataran Sukamantri aya dina 775.21 m (dpl), jeung inténsitas hujan di Sukamantri nya éta 2,588 mm/taun. Jumlah jalma di dinya aya kana 23.996 jalma. Masarakatna kabéh ngagem agama Islam, di dinya aya 39 masjid jeung 12 mushola salaku sarana pikeun ngalaksanakeun ibadah.

(17)
[image:17.595.116.509.113.496.2]

28

Gambar 3.1 Peta Wilayah

3.1.2 Sumber Data

Nurutkeun Arikunto (2010:172), sumber data dina panalungtikan nya éta subjék nu bisa dipaké dina meunangkeun data. Sumber data nu dipaké dina ieu panalungtikannya éta saperti ieu di handap.

1) Data ti sesepuhkasenian Bebegig Sukamantri “Baladdéwa”, anu leuwih apal kana kasenian Bebegig Sukamantri.

2) Data ti Kecamatan Sukamantri, pikeun meunangkeun data ngeunaan kaayaan di Kecamatan Sukamantri.

(18)

29

Ade Sundara, 2013

Format data informan anu diasongkeun waktu lumangsungna kagiatan wawancara nya éta:

Tabél 3.1 Format Data Informan

Data Informan

1. Wasta :

2. Jenis Kelamin :

3. Yuswa :

4. Alamat :

5. Pakasaban :

6. Atikan :

7. Kalungguhan :

3.2 Desain Panalungtikan

Desain panalungtikan nya éta sakabéh prosés anu diperlukeun dina rarancang panalungtikan jeung prakna panalungtikan nepi ka pananyabisa dijawab ku informan.

Ieu desain dipaké pikeun ngadéskripsikeun (1) wangenan kasenian Bebegig Sukamantri, (2) sejarah kasenian Bebegig Sukamantri, (3) struktur prak-prakan dina kasenian Bebegig Sukamantri, (4)unsur sémiotik nu nyampak dina kasenian Bebegig Sukamantri, jeung (5) matalikeun simbol budaya anu nyampak dina kasenian Bebegig Sukamantri pikeun pangajaran maca di kelas XII.

Dina ieu panalungtikan, aya sababaraha léngkah panalungtikan, nya éta (1) nangtukeun masalah, (2) ngarumuskeun masalah, (3) nangtukeun métode jeung téhnik panalungtikan, (4) ngumpulkeun data, (5) ngolah data, (6) nyieun kacindekan, jeung (7) nyusun laporan panalungtikan.

(19)

30

Desain panalungtikan digambarkeun dina bagan ieu di handap. Bagan 3.1

Desain Panalungtikan

Nangtukeun masalah

Ngarumuskeun masalah

Nangtukeun métode jeung téhnik panalungtikan

Ngumpulkeun data

Ngolah data

Nyieun kacindekan TUJUAN PANALUNGTIKAN

Ngadéskripsikeun:

1. Wangenan kasenian Bebegig Sukamantri 2. Sajarah kasenian Bebegig Sukamantri 3. Struktur prak-prakan dina kasenian Bebegig

Sukamantri

4. Unsur sémiotik nu nyampak dina kasenian Bebegig Sukamantri

5. Matalikeun simbol budaya anu nyampak dina

kasenian Bebegig Sukamantri pikeun pangajara maca di kelas XII

(20)

31

Ade Sundara, 2013

3.3 Métode Panalungtikan

Panalungtikan asal kecapna tina basa Inggris “research”, anu hartina tarékah atawa pagawéan pikeun néangan hal anu dilakukeun. Ngaliwatan métode nu tangtu, sistematis, sarta dina nyanghareupan pasualan, bisa dipaké pikeun ngaréngsékeun jeung ngajawab sagala pananya tina pasualan éta. Jadi, métode panalungtikan nya éta salasahiji cara atawa jalan pikeun meunangkeun data tina sakabéh pasualan nu aya (Subagyo, 2006: 2).

Nurutkeun Arikunto (1992: 351), métode panalungtikan nya éta hiji cara pikeun meunangkeun pangaweruh atawa jalan pikeun ngaréngsékeun pasualan nu disanghareupan, sarta dilakukeun sacara ilmiah, sistematis, jeung logis.

Ieu panalungtikan matok kana panalungtikan lapangan, ku kituna métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif nu ngagunakeun pamarekan kualitatif.

Kecap “déskriptif” asalna tina basa Inggris “to describe”, anu ngabogaan

harti ngébréhkeun jeung ngagambarkeun ngeunaan hiji hal, bisa ogé mangrupa kaayaan, kondisi, situasi, peristiwa, kagiatan, jrrd. Ku kituna métode déskriptif nya éta panalungtikan anu ngabogaan maksud pikeun nalungtik kaayaan, kondisi, jeung anu aya patalina kana éta hal, anu hasilna bisa diébréhkeun kana laporan panalungtikan (Arikunto, 2010:3).

Pamarekan kualitatif nurutkeun Bogdan jeung Taylor dina Basrowi jeung Suwandi (2008:21), nya éta prosedur panalungtikan anu ngahasilkeun data déskriptif nu mangrupa kekecapan anu ditulis atawa sacara lisan mangrupa omongan ti jalma-jalma jeung kalakuan anu bisa ditempo jeung ditaliti.

(21)

32

3.4 Wangenan Operasional

Sangkan aya gambaran ngeunaan ieu panalungtikan, perlu dijéntrékeun wangenan istilah nu aya dina ieu judul panalungtikan.

1) Kasenian Bebegig Sukamantri nya éta kasenian has Kabupaten Ciamis nu dipintonkeun ka jalma réa atawa sok disebut ogé helaran. Jalmana maraké kedok badag anu rupana pikasieuneun, buukna ogé cawigwig dijieun tina bubuay (kembang hoé),jeung sakabéh awakna dikurubunan ku injuk kawung. 2) Bahan pangajaran maca di SMA nya éta salasahiji komponén pangajaran anu

aya dina SKKD basa daérah (Sunda), nu miboga tujuan sangkan siswa bisa maham jeung nyangkem wacana nu jadi bahan pangajaranana.Udagan ieu pangajaran maca téh pikeunsiswa SMA kelas XII, nya éta dina pangajaran maca artikel ngeunaan kabudayaan anu matérina tina hasil panalungtikan simbol-simbol budaya dina kasenian Bebegig Sukamantri di Kecamatan Sukamantri Kabupaten Ciamis.

Jadi maksud tina judul “Kasenian Bebegig Sukamantri di Kecamatan Sukamantri Kabupaten Ciamis pikeun Bahan Pangajaran Maca di SMA (Tilikan Struktural jeung Sémiotik)”, nya éta tarékah pikeun ngadéskripsikeun sarta nganalisis simbol budaya nu nyampak dina kasenian Bebegig Sukamantri anu salila ieu can kapaluruh, sarta ngalarapkeunana dina bahan pangajaran maca artikel ngeunaan kabudayaan di SMA kelas XII.

3.5 Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta sakabéh alat anu dipaké pikeun ngumpulkeun data. Instrumén anu dipaké nya éta handphone, camera digital, jeung pedoman wawancara.

1) Handphone

Handphonedipaké pikeun ngarékam dina prosés ngawawancara ka

(22)

33

Ade Sundara, 2013

Caméra digitaldipaké pikeun ngadokuméntasikeun kagiatan observasi

jeung wawancara dina ieu panalungtikan, bisa mangrupa gambar atawa poto. 3) Pedoman wawancara

Pedoman wawancara dipaké pikeun nungtun panalungtik dina ngalaksanakeun wawancara supaya teu kaluar tina tujuan anu hayang dihontal, jeung dipaké pikeun ngawawancara sesepuh kasenian Bebegig Sukamantri

“Baladdewa”, sarta ka sababaraha jalma nu apal kana ieu kasenian. Format

wawancara anu diasongkeun waktu lumangsungna kagiatan wawancara nya éta saperti ieu di handap.

1) Naon anu dimaksud kasenian Bebegig Sukamantri?

2) Kumaha sajarah ayana kasenian Bebegig Sukamantri, naha pang bisa aya di Sukamantri?

3) Ti iraha ngadegna kasenian Bebegig Sukamantri? 4) Iraha diayakeunana ieu kasenian?

5) Saha nu biasa nanggap kana ieu kasenian? 6) Saha nu biasa lalajo kana ieu kasenian?

7) Kumaha prak-prakan dina kasenian Bebegig Sukamantri (saméméhna, lumangsungna, jeung sanggeusna)?

8) Saacan ngalaksanakeun kagiatan, naha aya persiapan atawa ritual husus? 9) Aya gerakan naon waé dina kasenian Bebegig Sukamantri?

10) Naha anu jadi sesepuh kasenian bebegig Sukamantri téh kudu lalaki? 11) Aya kidung/pupujian/jampé naon waé dina kasenian Bebegig Sukamantri? 12) Naon ngaran komunitas/paguyuban kasenian Bebegig Sukamantri nu aya di

éta lembur?

13) Saha ngaran sesepuh jeung ti iraha ayana komunitas/paguyuban kasenian bebegig ieu?

14) Pakakas naon waé anu dipaké dina kasenian Bebegig Sukamantri?

15) Naon fungsi tina pakakas anu dipaké dina éta kasenian Bebegig Sukamantri? 16) Bahan naon waé anu dipaké dina nyieun Bebegig Sukamantri?

(23)

34

18) Kumaha kaayaan kasenian Bebegig Sukamantri dina jaman kiwari, aya nu ngabédakeun teu jeung jaman baheula?

19) Naon waé waditra anu dipaké dina kasenian Bebegig Sukamantri?

20) Naon waéunsur sémiotiknu nyampak dina kasenian Bebegig Sukamantri, sarta naon hartina?

21) Kumaha carana sangkan ieu kasenian tetep nanjeur sarta dimumulé ku masarakat Sukamantri hususna Kabupaten Ciamis?

3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan nya éta téhnik obsérvasi, téhnik wawancara, jeung téhnik dokuméntasi.

1) Téhnik Obsérvasi

Téhnik obsérvasi nya éta hiji cara pikeun nganalisis jeung nyatetkeun sacara sistematis, kagiatan, jeung hal-hal anu dilakukeun ku individu atawa kelompok éta masarakat, ku cara nempo jeung museurkeun panitén sacara langsung (Basrowi jeung Suwandi, 2008:21). Obsérvasi digunakeun sangkan meunangkeun data anu akurat ngeunaanstruktur,prak-prakan, jeung unsur sémiotik dina kasenian Bebegig Sukamantri di Kecamatan Sukamantri Kabupaten Ciamis.

2) Téhnik Wawancara

Téhnik wawancara nya éta téhnik pikeun nyangkem bahan lisan ti narasumber anu nyaho kana éta kasenian ku cara méré pananya. Wawancara digunakeun sangkan meunangkeun data anu akurat ngeunaan Bebegig Sukamantri, sajarah, struktur prak-prakanna, jeung unsur sémiotik dina éta kasenian ngaliwatan sesepuh kasenian Bebegig Sukamantri jeung ka saha waé nu apal kana éta kesenian.

3) Téhnik Dokuméntasi

(24)

35

Ade Sundara, 2013

angklung, dog-dog, jrrd. Sarta salaku bukti geus dilaksanakeunna ieu panalungtikan.

3.7 Analisis Data

Sanggeus data hasil panalungtikan bisa dikumpulkeun, satuluyna dilakukeun kagiatan ngolah data. Téhnik ngolah data nu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta ku cara:

1) mariksa deui data-data hasil panalungtikan anu geus kakumpul ngeunaan kasenian Bebegig Sukamantri di Kecamatan Sukamantri Kabupatén Ciamis. 2) Tina data panalungtikan dipasing-pasing saluyu jeung kaperluan, terus

didéskripsikeun sarta dilarapkeun dina bahan pangajaran maca artikel ngeunaan kabudayaan di SMA kelas XII.

3) Saterusna data kasenian Bebegig Sukamantri anu geus didéskripsikeun dianalisis maké tilikan struktural jeung sémiotik Pierce (ikon, indéks jeung simbol).

(25)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan ngeunaan simbol-simbol budaya nu aya dina kasenian Bebegig Sukamantri di Kecamatan Sukamantri Kabupaten Ciamis pikeun bahan pangajaran maca di SMA, bisa dicindekkeun saperti ieu di handap.

(26)

88

Ade Sundara, 2013

sabab ieu kasenian téh geus aya ti sababaraha generasi ka tukang, euweuh bukti nu konkret ngan ukur carita lisan anu diwariskeun sacara tatalépa.

Struktur dina kasenian Bebegig Sukamantri kabagi kana opat bagian nya éta (1) pakakas anu digunakeun dina acara helaran kasenian Bebegig Sukamantri nu ngawengku pakakas dina bahan nyieun bebegig, pakakas dina pakéan sesepuh bebegig Sukamantri, jeung pakakas dina waditra pamirig kasenian Bebegig Sukamantri, (2) Grup seni Bebegig Sukamantri “Baladdewa”, (3) prak-prakan acara helaran dina kasenian Bebegig Sukamantri anu ngawengku kana prak-prakan saméméh, lumangsung, jeung sanggeus lumangsungna acara helaran kasenian Bebegig Sukamantri, sarta (4) rumpaka lagu dina kasenian Bebegig Sukamantri (“Papalayon”, “Wawaledan”, “Banjaran”, “Palangsiang”, “Kembang beureum”, “Deungkleung déngdék, “Kembang tanjung”, jeung “Rayak-rayak”).

Simbol-simbol budaya dina kasenian Bebegig Sukamantri dianalisis maké téori sémiotik Charles Sander Pierce anu ngabagi sémiotik jadi tilu bagian nya éta ikon, indéks, sarta simbol. Tina hasil nganalisis, kapaluruh aya genep ikon anu ngawengku (Bebegig Sukamantri, kembang hahapaan, daun pipicisan, kadaka, buah kalayar, jeung pepedangan), indéks aya tujuh anu ngawengku (kai, injuk kawung, bubuay, daun waregu, kolotok, pecut, jeung sesepuh), simbol aya 13 anu ngawengku (iket barangbang semplak, pangsi, bedug, angklung, tarompét, kendang, calung, kecrék, rebab, goong, dog-dog, sindén, jeung alok).

Simbol-simbol budaya dina kasenian Bebegig Sukamantri di Kecamatan Sukamantri Kabupaten Ciamis bisa jadi salasahiji alternatif bahan pangajaran basa

Sunda hususna di SMA kelas XII, matéri ngeunaan budaya nya éta “maca artikel budaya”. Matéri ngeunaan simbol-simbol budaya dina kasenian Bebegig Sukamantri di Kecamatan Sukamantri Kabupaten Ciamis bisa dilarapkeun dina éta pangajaran.

5.2 Saran

(27)

89

Sukamantri, panyusun ogé bisa apal kana simbol-simbol sarta prak-prakan acara helaran kasenian Bebegig Sukamantri kalawan leuwih jembar deui.

Hasil tina ieu panalungtikan sangkan leuwih mangpaat jeung karasa ku balaréa, nu nyusun nyarankeun ka pihak Disbudpar, lembaga pendidikan, akademisi, siswa, jeung masarakat sangkan bisa ngamumulé kana ieu kasenian. 1) Pihak Disbudpar

Disbudpar salaku instansi pamaréntahan dina widang pariwisata jeung kabudayaan di unggal daérah, kudu leuwih merhatikeun jeung ngarojong kana ieu kasenian sangkan henteu tumpur, sabab kasenian mangrupa salasahiji unsur tina kabudayaan anu jadi cicirén tina hiji bangsa jeung bisa dijadikeun salaku asét budaya anu nguntungkeun pikeun éta daérah.

2) Pihak lembaga pendidikan

Ieu hasil panalungtikan bisa dijadikeun alternatif bahan ajar, hususna dina

pangajaran “maca artikel budaya” di SMA kelas XII. Sabab hasil tina ieu panalungtikan aya ajén budaya jeung simbol-simbol budaya anu bisa ditepikeun ka siswa.

3) Pihak akademisi

Dina ieu kasenian aya kénéh hal-hal anu bisa ditalungtik nya éta dina widang budaya, nalungtik ngeunaan sajarah nu pasti tina ieu kasenian. Jeung bisa ogé nalungtik kana sastrana, hususna nalungtik jeung nganalisis leuwih nyosok jero kana lagu dina ieu kasenian anu wangunna téh sisindiran.

4) Pihak siswa

Siswa salaku generasi penerus bangsa kudu wanoh jeung reueus kana kabudayaan nu aya di wewengkonna, hususna dina ieu kasenian ku ngaliwatan maca artikel ngeunaan kasenian bebegig.

5) Pihak masarakat

(28)

Ade Sundara, 2013

DAPTAR PUSTAKA

Ahimsa-Putra, Heddy, S. (2001). Strukturalisme Levi-Straus Mitos dan Karya

Sastra. Yogyakarta: Galang Press.

Amir., spk. (2007). Apresiasi Bahasa dan Seni (Sebuah Pengantar). Bandung: Basen Press.

Arikunto, S. (2002). Prosedur Penelitian Kebudayaan. Jakarta: Bina Cipta.

Asisah, N. (2010). Ajén-Inajén dina Kasenian Burok di Désa Pabedilan Wétan

Kacamatan Pabedilan Kabupatén Cirebon pikeun Bahan Ajar di SMP.

Skripsi di JPBD FPBS UPI Bandung: teu diterbitkeun.

Danadibrata. (2006). Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata. Bandung: Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda gawé bareng PT Kiblat Buku Utama.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). SKKD Mata Pelajaran Bahasa

dan Sastra Sunda. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

H-Hoed, B. (2008). Semiotika dan Dinamika Sosial Budaya. Depok: Fakultas Ilmu Pengetahuan Budaya (FIB) UI.

Henrry-Tarigan, G. (2008). Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Ihromi, T.O. (2006). Pokok-pokok Antropologi Budaya. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia.

Iskandar, D. (2009). Sajarah Simbol-Simbol dina Kasenian Dépok Lingkung Seni

Jaya Putih Desa Margasari Kacamatan Dauan Kabupaten Subang.

Skripsi di JPBD FPBS UPI Bandung: teu diterbitkeun.

Isnendes, R. (2009). Panyawangan Sastra: Hand Out Teori Sastra. Bandung: JPBD FPBS UPI.

Kecamatan Sukamantri. (2012). Monografi Kecamatan Sukamantri Tahun 2012. Sukamantri: Ciamis.

Koenjtaraningrat. (2002). Pengantar Antropologi II. Jakarta: PT. Rhineka Cipta. ---.(2009). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: PT. Rhineka Cipta.

(29)

91

Koswara, D. (2011). Racikan Sastra, Bandung: JPBD UPI

Menari, N. (2009). Si Penjaga Alam dari Ciamis Jawa Barat, [Online]. Tersedia di http://galuhrahayujogja.wordpress.com/category/seni-budaya/page/12/ (3 februari 2013/8.30).

Nuning-Winarti, R. (2010). Simbol-Simbol nu Nyampak Dina Upacara Adat Sérén Taun Désa Sirna Resmi Kecamatan Cisolok Kabupatén

Sukabumi.Skripsi di JPBD FPBS UPI Bandung: teu diterbitkeun.

Nursifa, A. (2011). Simbol-Simbol Budaya dina Kasenian Ronggéng Gunung di

Kecamatan Padahérang Kabupatén Ciamis pikeun Bahan Pangajaran diSMA. Skripsi di JPBD FPBS UPI Bandung: teu diterbitkeun.

P-Subagyo, Joko. (2006). Penelitian dalam Teori dan Praktek. Jakarta: PT Asdi Mahasatya.

Ranjabar, J. (2006). Sistem Sosial Budaya Indonesia. Bogor: Ghalia Indonesia. Ricco, A. (2011). Studi Komparatif dan Makna Simbolik Topeng pada

Pertunjukan Seni Bangbarongan Ujung Berung dan Bebegig Sukamantri di Jawa Barat. Tesis di Pasca Sarjana UPI Bandung: teu diterbitkeun.

Sanjaya, W. (2006). Strategi Pembelajaran Berorientasi Standar Proses

Pendidikan. Jakarta: Prenada Media Group.

Sobur, A.(2009). Semiotika Komunikasi. Bandung: PT. Remaja Rosdakarya. Solehudin, O. (2009). Teori Membaca. Bandung: JPBD UPI.

Sudaryat, Y. (2004). Élmuning Basa. Bandung: CV. Walatra.

Sudaryat, Y jeung Lilis Nur Ruhayati. (2006). Waruga Basa. Bandung: CV. Karya Iptek Bandung.

Sudjiman, Panuti & Art Van Zoest. (1991). Serba-Serbi Semiotika. Jakarta: PT. Gramedia Pustaka.

Suwandi jeung Basrowi. (2008). Memahami Penelitian Kualitatif. Jakarta: Rineka Cipta.

TIM Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran. (2009). Kurikulum &

Pembelajaran. Bandung.

Universitas Pendidikan Indonesia. (2012). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah

(30)

92

Ade Sundara, 2013

Wahyuni, A. (2012). Ajén Simbolis dina Upacara Nadran di Désa Blanakan

Kecamatan Blanakan Kabupatén Subang pikeun Salahsahiji Alternatif Bahan Ajar di SMP Kelas VII (Ulikan Struktural-Sémiotika). Skripsi di

Gambar

Gambar 3.1

Referensi

Dokumen terkait

Sangkan ieu panalungtikan leuwih museur jeung teu lega teuing ambahanna, dina ieu panalungtikan dianalisis wanda pakeman basa nu ngawengku paribasa, babasan, gaya basa,

faktual, jeung akurat ngeunaan fakta-fakta. Hal anu didéskriptifkeun dina ieu panalungtikan nya éta istilah-istilah kasenian penca silat anu aya di Kacamatan

BAB II: kajian pustaka eusina pedaran tiori-tiori atawa bahasan ngeunaan hal anu aya pakuat-pakaitna jeung panalungtikan anu dilaksanakeun nu ngawengku: wangenan puisi,

Hidayat Suryalaga Pikeun Bahan Pangajaran di SMA/MA/SMK (Ulikan Struktural-Sémiotik) ” , anu jadi kasang tukang dina ieu panalungtikan nya éta kamekaran longsér anu jarang

Brannen, Julia 2008 nétélakeun yén téhnik analisis data nya éta runtuyan kagiatan panalungtikan, dikelompokkeun, sistematisasi, ditalaah jeung verifikasi data

(3) Sasjén dina kasenian Goong Rénténg nu aya di Désa Cisarua kabagi jadi dua rupa, nya éta sasajén nu mangrupa kadaharan jeung sasajén non- kadaharan. 4) Sabada

Raraga tulisan dina ieu panalungtikan ngawengku lima bab, nyaéta: Bab I bubuka, medar ngeunaan kasang tukang masalah, idéntifikasi masalah, rumusan masalah,

Bab 1 mangrupa bagian awal atawa munggaran dina ieu karya tulis wangun skripsi anu eusina ngawengku kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi jeung rumusan masalah,