• Tidak ada hasil yang ditemukan

BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONESIA: ulikan semantik formal jeung étnopedagogik.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONESIA: ulikan semantik formal jeung étnopedagogik."

Copied!
31
0
0

Teks penuh

(1)

BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONESIA

(Ulikan Semantik Formal jeung Étnopedagogik)

TÉSIS

PROGRAM STUDI PENDIDIKAN BAHASA DAN BUDAYA SUNDA

SEKOLAH PASCASARJANA

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

2015

diajukeun pikeun nyumponan sabagian sarat ngahontal gelar

Magister Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

ku

UMI KULSUM

(2)

Lembar Hak Cipta

BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONESIA

Kajian Semantik Formal dan Etnopedagogik

Oleh Umi Kulsum

S.Pd. STKIP Garut, 2012

Sebuah Tesis yang diajukan untuk memenuhi sebagian syarat dalam memperoleh gelar Magister Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda

© Umi Kulsum 2015 Universitas Pendidikan Indonesia

Juni 2015

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Tesis ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(3)

BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONESIA

(Ulikan Semantik Formal jeung Étnopedagogik)

UMI KULSUM

NIM 1302604

Disaluyuan ku: Pangaping,

Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP 196302101987031001

Kauninga ku:

Pupuhu Program Studi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Sekolah Pascasarjana UPI,

(4)

BABANDINGAN PARIBASA SUNDA JEUNG INDONÉSIA Ulikan Semantik Formal jeung Étnopédagogik1

UMI KULSUM2

ABSTRAK

Ieu panalungtikan boga tujuan pikeun (1) mikaweruh jeung ngadéskripsikeun semantik formal dina paribasa Sunda, (2) mikaweruh jeung ngadéskripsikeun semantik formal dina paribasa Indonésia, (3) ngabandingkeun aspék semantik formal paribasa Sunda jeung Indonésia dumasar kana tilu kriteria: sakecap saharti; beda kecap tapi saharti; jeung sakecap beda harti, jeung (4) nimukeun jeung ngadéskripsikeun étnopédagogik paribasa Sunda-Indonésia nu saharti. Dina ieu panalungtikan digunakeun métodeu deskriptif-analitis. Ku cara teknik studi pustaka, dicokot data nu jumlahna 273 paribasa Sunda jeung 182 paribasa Indonésia. Eta data teh diolah ngagunakeun Eta data teh diolah ngagunakeun analisis unsur langsung jeung hermeneutik. Hasil panalungtikan, kahiji, dina paribasa Sunda kapanggih 56 pola kalimah. Kadua, dina pribasa Indonésia kapanggih 30 pola kalimah. Kapaluruh yen paribasa Sunda jeung Indonésia miboga pola-pola struktur kalimah. Unggal pola miboga sub-pola, sub-pola ieu didasaran ku struktur kalimah, warna kecap, jeung wandana sarta pasipatan kekecapan atawa makna kategori kata nu ngawangun ieu paribasa, nu bisa nimukeun maksud. Katilu, 185 paribasa Sunda-Indonésia nu boga maksud nu sarua. dumasar kana kriteriana kapanggih 26 paribasa Sunda-Indonesia sakecap saharti, 157 paribasa Sunda-Indonesia beda kecap saharti, jeung dua paribasa Sunda-Indonesia sakecap beda harti. Kaopat, nurutkeun étnopédagogik kapanggih yén paribasa Sunda jeung Indonésia nu boga harti atawa maksud nu sarua ngandung ajen moral kamanusaan. Tina hasil analisis data kapanggih yén paribasa Sunda-Indonesia ngandung: (1) Moral manusa ka Pangéran/ Tuhan (MMT); (2) moral manusa ka dirina/ pribadi (MMP); (3) moral manusa ka manusa séjén (MMM); (4) moral manusa ka alam (MMA); (5) moral manusa ka waktu (MMW); jeung (6) moral manusa dina ngahontal kasugemaan lahir jeung batin (MMLB). Moral kamanusaan ngajadikeun jalma jadi jalma nu masagi nu boga sikep trisilas (silih asah, silih asih, jeung silih asuh) jeung karakter pancarawayan (cageur, bageur, bener, singer, jeung pinter). Panalungtikan ieu nunjukeun yén paribasa Sunda-Indonesia boga pola-pola jeung sub-sub pola nu bisa nimukeun maksud sacara formal. Salian ti eta, paribasa Sunda-Indonesia ngeunteungkeun ajén moral kamanusaan nu mangrupa orientasi étnopédagogik.

Kecap konci: paribasa, paribasa Sunda, paribasa Indonésia, babandingan, semantik formal, jeung étnopédagogik.

1

Ieu tésis diaping ku Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. 2

(5)

PERBANDINGAN PERIBAHASA SUNDA DAN INDONESIA (Kajian Semantik Formal dan Etnopedagogik)1

UMI KULSUM2

ABSTRAK

Penelitian ini bertujuan untuk (1) mengetahui dan mendeskripsikan semantik formal peribahasa Sunda, (2) mengetahui dan mendeskripsikan semantik formal peribahasa Indonesia, (3) membandingkan semantik formal peribahasa Sunda dan Indonesia berdasarkan tiga kriteria: sekata dan searti; berbeda kata tapi searti; dan sekata tapi berbeda arti, dan (4) menemukan dan mendeskripsikan nilai etnopedagogik peribahasa Sunda-Indonesia yang searti. Penelitian ini menggunakan metode deskriptif-analitis. Dengan menggunakan teknik studi pustaka, diperoleh data berjumlah 273 peribahasa Sunda dan 181 peribahasa Indonesia. Data tersebut diolah menggunakan analisis unsur langsung dan hermeneutik. Hasil penelitian ini, pertama, dalam peribahasa Sunda ditemukan 56 pola kalimat. Kedua, dalam peribahasa Indonesia ditemukan 30 pola kalimat. Dapat terlihat bahwa keduanya memiliki pola kalimat. Pola kalimat ini memiliki sub-sub pola yang didasarkan pada struktur kalimat, kata-kata yang membentuk peribahasa yang memiliki warna kata, sifat kata atau makna kategori khusus, yang dapat menemukan makna peribahasa. Ketiga, 185 peribahasa Sunda-Indonesia memiliki maksud yang sama. Berdasarkan kriterianya ditemukan 26 peribahasa Sunda-Indonesia sekata dan searti, 157 peribahasa Sunda-Indonesia berbeda kata searti, dan dua peribahasa sekata beda arti. Keempat, berdasarkan etnopedagogik ditemukan peribahasa Sunda-Indonesia yang memiliki arti atau maksud yang sama mengandung nilai moral kemanusiaan. Dari hasil analisis data ditemukan bahwa peribahasa Sunda‐Indonesia mengandung: (1) Moral manusia kepada Tuhan (MMT); (2) moral manusia kepada pribadinya (MMP); (3) moral manusia kepada manusia lainnya (MMM); (4) moral manusia kepada alam (MMA); (5) moral manusia kepada waktu (MMW); dan (6) moral manusia untuk memenuhi kepuasan lahir dan batin (MMLB). Moral kemanusiaan dapat membentuk manusia yang masagi, yang memiliki karakter trisilas (silih asah, silih asih, dan silih asuh) serta karakter panca rawayan (cageur, bageur, bener, singer, dan pinter). Penelitian ini menunjukkan bahwa peribahasa Sunda-Indonesia memiliki pola-pola dan sub-sub pola yang dapat menemukan makna peribahasa secara formal. Selain itu, peribahasa Sunda-Indonesia mencerminkan nilai moral kemanusiaan sebagai orientasi etnopedagogik.

Kata kunci: peribahasa, peribahasa Sunda, peribahasa Indonesia, perbandingan, semantik formal, dan etnopedagogik.

1

Ieu tésis diaping ku Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. 2

(6)

SUNDANESE AND INDONESIAN PROVERBS COMPARISON The Study of Formal Semantics and Etnopedagogi1

UMI KULSUM2

ABSTRACT

This research aims to (1) identify and describe the formal semantics of Sundanese proverb, (2) identify and describe the formal semantics of Indonesian proverb, (3) comparing the formal semantics of Sundanese‐Indonesian proverbs based on three criteria: an alliance and synonymous; different words but synonymous; and an alliance but a different meaning, and (4) Find and describe the value of Sundanese-Indonesian proverb etnopedagogi synonymous. This research uses descriptive-analytic method. By using the techniques of literature study, the data obtained amounted to 273 Sundanese proverbs and 181 Indonesian proverbs. The data is processed using direct elemental analysis and hermeneutics. Results of this study, firstly, in the Sunda proverbs found 56 sentence patterns. Secondly, the Indonesian proverb found 30 sentence patterns. It is noticeable that both have a pattern sentence. This sentence patterns have sub-sub patterns based on the structure of the sentence, the words that form the maxim that have color words, the nature of the meaning of words or special categories, which can find the meaning of a proverb. Thirdly, Sundanese-Indonesian proverbs 185 has the same purpose. Based on the criteria found 26 Sundanese-Indonesian proverbs alliance and synonymous, 157 Sundanese-Indonesian proverbs different synonymous words and proverbs alliance two different meanings. Fourthly, based etnopedagogik found Sundanese-Indonesian proverbs which has the same meaning or intent containing humanitarian moral values. From the analysis of the data found that the Sundanese-Indonesian proverbs contains: (1) Moral man to God (MMT); (2) people to his personal moral (MMP); (3) moral human to other humans (MMM); (4) the nature of human morality (MMA); (5) human moral to time (MMW); and (6) to satisfy man's moral and spiritual birth (MMLB). Human moral human masagi can form, which has the character

trisilas (silih asah, silih asih, and silih asuh) as well as the five characters of rawayan

(cageur, bageur, bener, singer, and pinter). This research shows that the Sundanese-Indonesian proverbs has patterns and sub-patterns that can find the meaning of the proverb formally. In addition, Sundanese-Indonesian proverbs reflects the moral values of humanity as etnopedagogi orientation.

Keywords: proverbs, Sundanese proverb, Indonesian proverb, comparison, formal semantics, and etnopedagogi.

1

Ieu tésis diaping ku Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. 2

(7)

DAPTAR EUSI

Kaca

KASALUYUAN ... i

PERNYATAAN ... ii

ABSTRAK (Basa Sunda) ... iii

ABSTRAK (Basa Indonésia) ... iv

ABSTRAK (Basa Inggris) ... v

PANGJAJAP ... vi

TAWIS NUHUN ... vii

DAPTAR EUSI ... ix

DAPTAR GAMBAR ... xiii

DAPTAR SINGGETAN ... xiv

DAPTAR LAMPIRAN ... xv

BAB 1 BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Rumusan Masalah ... 4

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 5

1.4 Mangpaat Pananlungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 6

1.5 Raraga Tulisan ... 7

BAB II ULIKAN PUSTAKAN 2.1 Tiori Paribasa Sunda, Paribasa Indonesia, Semantik Formal jeung Étnopedagogik ... 8

2.1.1 Paribasa Sunda ... 8

2.1.1.1Wangenan Paribasa Sunda ... 8

2.1.1.2Ciriciri Paribasa Sunda ... 11

(8)

2.1.2 Paribasa Indonésia ... 22

2.1.2.1Wangenan Paribasa Indonésia ... 22

2.1.2.2Wanda Paribasa Indonésia ... 23

2.1.3 Semantik Formal dina Paribasa ... 25

2.1.3.1Wangenan Semantik Formal... 25

2.1.3.2Leksikon dumasar Katégori Semantik ... 26

a. Kategori Nominal ... 26

b. Kategori Vérbal ... 28

c. Kategori Adjéktival ... 29

d. Katégori Pendamping [+Pd] ... 30

e. Katégori Penghubung [+Ph] ... 30

2.1.3.3Babandingan Semantik Formal... 31

2.1.4 Étnopedagogik dina Paribasa ... 31

2.1.4.1Wangenan Étnopedagogik ... 31

2.1.4.2Prinsip Étnopedagogik ... 32

2.1.4.3Paribasa salaku Sumber Étnopedagogik Sunda ... 32

2.1.4.4Moral Kamanusaan salaku Orientasi Étnopedagogik ... 33

2.2 Panalungtikan Saméméhna ... 34

2.3 Raraga Mikir ... 37

BAB III MÉTODEU PANALUNGTIKAN 3.1 Desain Panalungtikan ... 38

3.2 Sumber Data Panalungtikan ... 40

3.3 Ngumpulkeun Data ... 41

3.3.1 Téknik Ngumpulkeun Data... 41

3.3.2 Lengkah-lengkah Ngumpulkeun Data ... 41

3.3.3 Instrumén Ngumpulkeun data ... 42

3.4 Analisis Data ... 42

3.4.1 Teknik Analisis Data ... 42

3.4.2 Lengkah-lengkah Analisis Data ... 43

(9)

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAAN

4.1 Hasil Panalungtikan ... 45

4.1.1 Semantik Formal dina Paribasa Sunda ... 45

4.1.1.1Semantik Formal Paribasa Wangun Salancar ‐ Sampurna ... 45

4.1.1.2Semantik Formal Paribasa Wangun Rangkepan ‐ Sampurna ... 86

4.1.1.3Semantik Formal Paribasa Wangun Salancar ‐ Teu Sampurna ... 115

4.1.1.4Semantik Formal Paribasa Wangun Rangkepan ‐ Teu Sampurna ... 141

4.1.2 Semantik Formal dina Paribasa Indonesia ... 175

4.1.2.1Semantik Formal Paribasa Wangun Salancar ‐ Sampurna ... 175

4.1.2.2Semantik Formal Paribasa Wangun Rangkepan ‐ Sampurna ... 204

4.1.2.3Semantik Formal Paribasa Wangun Salancar Teu ‐ Sampurna ... 231

4.1.2.4Semantik Formal Paribasa Wangun Rangkepan Teu ‐ Sampurna ... 246

4.1.3 Babandingan Semantik Formal Paribasa Sunda ‐ jeung Indonesia ... 260

4.1.3.1Paribasa Sunda - Indonésia Saharti Sakecap ... 261

4.1.3.2Paribasa Sunda - Indonésia Saharti Béda Kecap ... 264

4.1.3.3Paribasa Sunda - Indonésia Béda Harti Sakecap ... 267

4.1.4 Étnopedagogik Paribasa Sunda - Indonésia nu Saharti ... 268

4.1.4.1Moral Manusa ka Pangeran/ Tuhan (MMT) ... 268

4.1.4.2Moral Manusa ka Alam (MMA)... 269

4.1.4.3 Moral Manusa ka Waktu (MMW) ... 270

4.1.4.4Moral Manusa ka Dirina/ Pribadi (MMP) ... 272

(10)

4.1.4.6Moral Manusa pikeun Nyumponan Kapuasan Lahir jeung

Batin (MMA) ... 286

4.2 Pedaran ... 291

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN 5.1 Kacindekan ... 300

5.2 Saran ... 301

DAPTAR PUSTAKA ... 303

LAMPIRAN ... 305

(11)

DAFTAR GAMBAR

Gambar 2.1 Raraga Mikir Panalungtikan... 37

Gambar 3.1 Desain Panalungtikan... 39

Gambar 3.2 Kartu Data Ngumpulkeun Data... 42

(12)

DAFTAR LAMPIRAN

Data Paribasa Sunda ... 305

Data Paribasa Indonesia ... 319

Data Paribasa Sunda-Indonesia Saharti ... 328

Data Paribasa Sakecap Saharti ... 347

Data Paribasa Sakecap Beda Harti ... 350

SK Pembimbing ... 351

(13)

BAB I

BUBUKA

1.1Kasang Tukang Masalah

Paribasa mangrupa salah sahiji kebeungharan masarakat utamana di masarakat Sunda. Ayana paribasa dina basa Sunda, salah sahijina diakibatkeun ku sipat umum urang Sunda anu tara wani nyarita langsung kana tujuan utamana (ceplak pahang). Hartina, lamun aya teu kapanuju atawa aya kahayang téh tara langsung diutarakeun sajalantrahna, tapi sok dibalibirkeun ngaliwatan paribasa. Maksudna mah ngaragangan sangkan jalma lian nu diajak nyarita atawa omongan nu ditepikeunana téh henteu nyéntug teuing kana haténa (Sudaryat, 2007, kc. 97). Hal ieu henteu waé kajadian di urang Sunda wungkul tapi umumna urang Indonésia maké paribasa pikeun ngungkapkeun hal nu dimaksud ku cara henteu langsung.

Dina paribasa Sunda maksud nu rék ditepikeun téh disumputkeun ku kekecapan nu lantip jeung rikip. Kitu deui dina paribasa Indonésia, maksud téh sok dibungkus ku kekecapan nu ngibaratkeun. Hal ieu nunjukkeun boh budaya urang Sunda nu mangrupa bagian ti budaya Indonésia nu boga sasaruaan dina ngungkapkeun naon anu dimaksud. Misalna, dina paribasa Sunda, uyah mah moal téés ka luhur jeung paribasa Indonésia buah jatuh tidak jauh dari pohonnya. Dua

paribasa ieu diwangun ku kekecapan nu béda tapi boga harti atawa maksud nu sarua, nya éta yén watek budak moal jauh ti watek kolotna.

(14)

Dina basa Sunda, paribasa téh boga kalungguhan salaku karsa atawa wujud ide manusa dina enggoning hirup kumbuh ngawangun kahirupan. Paribasa Sunda ogé bisa dijadikeun cecekelan hirup, lantaran nyidem ajén-inajén kahirupan saperti panyaram lampah salah atawa pangjurung lampah hadé anu kacida pentingna pikeun padoman hirup.

Tina hal luhur katitén yén paribasa dina kahirupan urang Sunda téh kacida pentingna, lian ti salaku bagian tina kabeungharan basa Sunda, ogé neundeun maksud anu bisa dijadikeun piluangeun, pieunteungeun, jeung picontoeun masarakat nu mikawanohna. Hal ieu bisa nunjukeun yén paribasa Sunda ngandung nilai atikan budaya Sunda. Ngeunaan hakékat atikan budaya masarakat Sunda sok disebut étnopédagogik. Istilah étnopédagogik ditétélakeun ku Alwasilah (2009) yén istilah étnopédagogik neundeun panitén kana local genous dan local widsom ku cara ngungkapkeun ajén-inajén budaya Sunda salaku model awal. Sedengkeun Rosidi (2009) nétélakeun yén ajén budaya Sunda nu modérn geus ngaakulturasi jeung budaya séjén. Wacana ngeunaan kaarifan lokal (istilah nu dipaké ku Rosidi), karék muncul di masarakat dina taun 1980-an, dina waktu budaya lokal nu aya di masarakat geus beuki luntur digerus ku modérnisasi.

(15)

(emotional quotient), nu dmasar kana moral manusa ka dirina/ pribadi (MMP) jeung ka manusa séjén (MMM); sarta (4) rancagé gawéna (actional quotient), nu dumasar kana moral manusa dina ngudag kapuasan lahir jeung batin (MMLB) (Suryalaga, 2009, kc. 10).

Nilik kana kamekaran jaman, kalunggguhan atawa pamor paribasa di jaman kiwari geus mimiti karasa nyirorot. Paribasa geus jarang dipaké deui ku urang Sunda sorangan, lantaran cenah dianggap basana hésé teuing jeung réa nu teu dipikawanoh. Antukna karya cipta nu dianggap linuhung téh teu katitén deui nyongcolangna. Masarakat nu baheula kungsi nyaho kana paribasa Sunda ogé jiga nu horéam pikeun ngajarkeun deui ka barudakna. Antukna entragan anyar, nu dianggap salaku generasi penerus, geus réa anu teu waranoheun atawa paham kana paribasa-paribasa Sunda.

Patali jeung panalungtikan ngeunaan paribasa nu ngabandingkeun paribasa Sunda jeung Indonésia sabenerna mah geus kungsi aya nu ngaguar, ngan puseur pasualanana can nyindekel ngabandingkeun paribasa Sunda jeung Indonésia nu ngulik tina segi semantik formal jeung étnopédagogik. Panalungtikan nu kungsi dilakukeun, judul skripsina “Babandingan Paribasa Sunda jeung Paribasa Indonésia Disawang tina Maksud anu Dikandung jeung Bahan anu Dibandingkeunana” (Demaswati, 2004). Ieu panalungtikan téh ngagunakeun métodeu déskriptif analitis komparatif pikeun ngadéskripsikeun, ngaanalisis, jeung ngabandingkeun paribasa Sunda dina buku 1000 Babasan jeung Paribasa Sunda karya Budi Rahayu Tamsyah jeung paribasa Indonésia buku 1700

Peribahasa Indonésia karya Amran Y.S. Chaniago. Hasil tina ieu panalungtikan kapaluruh yén saba’da ngabandingkeun antara paribasa Sunda jeung Indonésia ditilik tina maksud anu dikandungna lolobana sarua ngeunaan eusi tuladeunana, ari babandingan dumasar kana bahanna mah ngeunaan ngaran sasatoan. Dina paribasa Sunda mah nu saeutik téh ngagunakeun kaayaan alam, ari dina basa Indonésia mah paribasa anu ngagunakeun babagian awak.

(16)

Ungkapan Tradisional Sunda” (Sudaryat, spk., 2013), anu medar ngeunaan ungkapan tradisional nu dijerona medar ngeunaan paribasa Sunda. Hasilna ngadéskripsikeun ngeunaan ajén-ajén atikan karakter jeung moral nu linuhung.

Panalungtikan nu dilakukeun ku mahasiswa strata 2 nu judulna “Paribasa Sunda (Ulikan Struktur, Semantis, jeung Psikolinguistik)” nya éta Haris Santosa Nugraha taun 2013. Panalungtikan éta ngadéskripsikeun struktur paribasa ogé ma’na dumasar kana babandingan jeung maksudna ogé analisis psikolinguistik anu disawang tina tingkatan umur (jenjang sakola).

Salian ti éta, aya ogé skripsi nu dijudulan “Babasan jeung Paribasa Sunda dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot Karangan Karna Yudibrata” (Jéni Siswandi K., 2005) anu ngadéskripsikeun digunakeunana babasan jeung paribasa dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot ditilik tina jumlah babasan jeung paribasana, sumber babandingan paribasa, sumber babandingan babasan, jeung larapna babasan katut paribasa dina éta carpon dumasar kana suasana caritana. Skripsi nu judulna “Babasan jeung Paribasa Sunda (Tilikan Linguistik Antropologi)” anu ngadéskripsikeun babasan jeung paribasa Sunda nu nu aya patalina jeung unsur budaya, pakasaban, jeung pakakas tina tilikan unsur- unsur basa jeung harti, sarta nu némbongkeun budaya masarakatna.

Panalungtikan nu rék dilakukeun sarua ngaguar paribasa, kalungguhana panalungtikan ieu ngaguar babandingan paribasa Sunda jeung Indonésia nu ngulik tina segi semantik formal jeung étnopédagogik. Dumasar kana kasang tukang masalah di luhur, panalungtikan nu sacara husus ngulik jeung medar ngeunaan babandingan paribasa Sunda jeung Indonésia dumasar kana ulikan semantik formal jeung étnopédagogik. Ku kituna, panalungtikan nu dijudulan, “Babandingan Paribasa Sunda jeung Indonésia (Ulikan Semantik Formal jeung Étnopédagogik)”

1.2Rumusan Masalah

(17)

a. Kumaha aspék semantik formal nu aya dina paribasa Sunda? b. Kumaha aspék semantik formal nu aya dina paribasa Indonésia?

c. Kumaha babandingan aspék semantik formal paribasa Sunda jeung Indoneia? d. Kumaha ajén étnopédagogik dina paribasa Sunda-Indonésia nu saharti?

1.3Tujuan Panalungtikan

Sangkan ieu panalungtikan téh muser, ditangtukeun dua tujuan, nya éta tujuan umum jeung tujuan husus. Panalungtikan ieu secara umum dilaksanakeun pikeun ngulik paribasa BS-BI semantik formal, ngabandingkeun paribasa BS-BI jeung ajén étnopédagogik dina paribasa BS-BI. Leuwih spésifik tujuan husus dilaksanakeuna ieu panalungtikan nya éta pikeun mikaweruh jeung ngadéskripsikeun opat hal, nya éta:

a. aspék semantik formal dina paribasa Sunda; b. aspék semantik formal dina paribasa Indonésia;

c. babandingan aspék semantik formal paribasa Sunda jeung Indonésia; jeung

d. ajén étnopédagogik dina paribasa Sunda-Indonésia nu saharti.

1.4Mangpaat Panalungtikan

Ieu panalungtikan mibanda dua mangpaat nya eta mangpaat tioritis jeung praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis a. Pikeun Élmu Basa

(18)

manggihan tiori ngeunaan semantik formal dina paribasa Sunda jeung Indonésia ogé babandingana.

b. Pikeun Élmu Pangajaran

Mangpaat pikeun élmu pangajaran, dipiharep ieu panalungtikan méré kontribusi pikeun élmu pangajaran dina raraga ngajar barudak. Pangajaran ka barudak utamana di sabudeureun Jawa barat nu boga budaya Sunda tangtu kudu dumasar kana karakter budayana, hal ieu luyu jeung kurikulum ayeuna. Paribasa bisa jadi salah sahiji media dina ngadidik kusabab salian mangrupa budaya Sunda di jerona miboga ajén atikan nu linuhung nu kaitan jeung catur tunggal watak ogé catur tunggal moral kamanusaan.

1.4.2 Mangpaat praktis

Ku ayana panalungtikan ieu mangpaat praktis nu diharepkeun nya éta: a. Pikeun guru, méré salah sahiji média dina ngadidik dumasar kana budaya

Sunda nu boga ajén atikan salah sahijina nya éta paribasa. Salian ti éta guru bisa ngawanohkeun paribasa Sunda dumasar kana babandingana jeung paribasa Indonésia.

b. Pikeun siswa, ngagaronjatkeun karesep kana paribasa Sunda dumasar kana babandingana jeung paribasa Indonésia nu geus leuwih tiheula dipikawanoh siswa. Salian ti éta paribasa nu boga ajén étnopédagogik bisa jadi atikan teu langsung pikeun siswa.

c. Pikeun masarakat, méré karesep tur muka wawasan yén dina budaya nu dipibogana ngandung ajén-inajén nu luhur. Nu antukna masarakat leuwih mikacinta tur sadar sangkan nerapkeun atikan budaya Sunda kana kahirupana sapopoé.

(19)

1.5Raraga Tulisan

Tésis nu rék dijieun kabéhna aya genep bab. Eusina ngébréhkeun ngeunaan sistématika raraga tulisan dumasar kana judul bab nu dipedarna.

Bab I Bubuka, medar ngeunaan kasang tukang panalungtikan, idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan jeung raraga tulisan. Bab II Ulikan pustaka eusina medar ngeunaan kahiji, ulikan tiori (babandingan struktur paribasa Sunda jeung Indonésia, semantik dina paribasa Sunda-Indonésia, jeung étnopédagogik dina paribasa Sunda-Indonésia). Kadua, panalungtikan samemehna nu luyu jeung ieu judul, jeung katilu, kalungguhan teoritis panalungtikan atawa raraga mikir.

(20)

BAB III

MÉTODEU PANALUNGTIKAN

3.1Desain Panalungtikan

Ieu panalungtikan kagolong kana panalungtikan kualitatif tur maké métodeu déskriptif. Métodeu déskriptif teh nya éta métodeu nu ngagambarkeun tur méré pamahaman ngeunaan fakta-fakta nu nyampak dina objék panalungtikan. Dina ieu panalungtikan, éta métodeu téh digunakeun pikeun ngadéskripsikeun semantik formal paribasa Sunda jeung Indonésia tuluy dibandingkeun jeung ngadéskripsikeun ajén étnopédagogik nu dipibogana. Panalungtikan ieu mangrupa panalungtikan basa jeung budaya nu ngagunakeun métodeu kajian téks sabab objék panalungtikan nya éta paribasa nu aya dina buku kumpulan paribasa.

Dina panalungtikan diperlukeun desain panalungtikan nu mangrupa gemblengan prosés anu diperlukeun dina rarancang panalungtikan jeung prak-prakan panalungtikan nepi ka rumusan masalah anu aya bisa dijawab. Gemblengan rencana ieu panalungtikan téh dimimitian ku ngebréhkeun pasualan-pasualan nu ngadadasaran dilaksanakeunana ieu panalungtikan. Ieu panalungtikan téh didesain pikeun medar dua hal utama kahiji, medar semantik formal paribasa Sunda jeung Indonésia sarta ngabandingkeun semantik formal paribasa Sunda jeung Indonésia, kadua, medar ajén étnopédagogi paribasa Sunda- Indonésia nu saharti.

(21)

instrumén kartu data salaku alatna. Sanggeus kakumpul tuluy diolah kalawan ngagunakeun analisis tés langsung (konstituén) jeung métodeu hermeneutik pikeun napsirkeunana. Tujuan tina ieu analisis nya éta pikeun ngadéskripsikeun hasil data panalungtikan sangkan bisa ditafsirkeun (diinterprétasi) jadi hasil analisis. Hasil tina ieu analisis dipiharep bisa ngadéskripsikeun babandingan paribasa Sunda jeung Indonésia dumasar kana semantik formal sarta ajén étnopédagogikna. Bagian pamungkas kakara dicindekkeun salaku hasil tina panalungtikan. Pikeun leuwih jéntréna, ieu di handap digambarkeun désain panalungtikan saperti dina bagan di handap.

Gambar 3.1 Desain Panalungtikan

Pasualan Panalungtikan

1. Paribasa Sunda diwangun ku kekecapan nu aya hubunganana jeung ma’na.

2. Paribasa Indonésia diwangun ku kekecapan nu aya hubunganana jeung ma’na

3. Paribasa Sunda jeung Indonésia, sababaraha diantarana miboga ma’na nu sarua. Hal ieu katiten tina kekecapan sarua jeung harti nu sarua, kekecapan beda tapi harti nu sarua, sarta kekecapan sarua tapi hartina beda. 4. Perlu titafsirkeun ajén-inajén étnopédagogi nu aya dina paribasa Sunda-Indonesia nu boga harti/ maksud nu sarua.

Ngumpulkeun data

a. Semantik formal paribasa Sunda jeung Indonésia.

(22)

3.2Sumber Data Panalungtikan

Ieu panalungtikan téh pikeun ngulik babandingan paribasa Sunda jeung Indonésia ditingali tina struktur, semantik jeung étnopédagogi. Dumasar kana hal éta, digunakeun sumber data mangrupa tinulis atawa sumber data paper. Sumber data paper téh mangrupa tanda-tanda atawa simbol nu bisa mangrupa kertas atawa barang-barang nu digunakeun dina métodeu dokuméntasi.

Sumber data ieu panalungtikan nya éta sababaraha buku paribasa Sunda jeung Indonésia. Digunakeunna sumber data tinulis nu boga sababaraha kaleuwihan, di antarana: (a) ragam tinulis leuwih kapiara dibandingkeun ragam lisan nepi ka bisa méré gambaran basa anu terencana, mantap jeung baku; jeung (b) basa Sunda geus miboga sistem tulisan nu baku.

Buku-buku citak nu eusina paribasa Sunda jeung Indonésia nu kapaluruh tur dijadikeun sumber data dina ieu panalungtikan diantarana,

1) 700 Paribasa Sunda, karya R. Maskar Gandasudirdja (1979);

2) Babasan jeung Paribasa: Kabeungharan Basa Sunda, karya Ajip Rosidi (2005);

3) 1330 Babasan dan Peribasa Bahasa Sunda, karya Candra T Munawar (2010);

4) 5700 Peribahasa Indonésia, karya Amran Y.S. Chaniago jeung Bagas Pratama, (1988);

5) Kumpulan babasan jeung paribasa, karya Djajawiguna & Kadarisman, (1983) 6) 1400 Peribasa Indonésia, karya Novianto jeung Wenny.

Dumasar hal di luhur, pikeun ngagampangkeun dina prosés ngumpulkeun data, ditangtukeun heula buku anu dijadikeun sumber utama, nya éta buku 1330 Babasan dan Peribasa Bahasa Sunda, karya Candra T Munawar (2010); 1400 Peribasa Indonésia, Karya Novianto dan Wenny; jeung 5700 Peribahasa Indonésia, karya Amran Y.S. Chaniago.

(23)

Éta data-data di luhur téh satuluyna digolongkeun salaku populasi ieu panalungtikan. Tina populasi panalungtikan, dipilih paribasa anu dianggap répréséntatif pikeun dijadikeun sampel, ngagunakeun téknik purposif. Sampel purposif téh dilakukeun ku cara nyokot subjék nu lain didadasaran ku strata/tingkatan, random (acak), atawa daérah, tapi didadasaran ku ayana tujuan hiji panalungtikan. Anapon tujuan utama panalungtikan ieu nya éta ngabandingkeun paribasa Sunda jeung Indonésia ditingali tina segi struktur, nu boga ma’na jeung ajén étnopédagogi nu sarua atawa mirip. Hal ieu dilakukeun pikeun muserkeun panalungtikan sangkan leuwih babari dianalisis.

3.3Pangumpulan Data

3.3.1 Téknik Ngumpulkeun Data

Dina ngumpulkeun data, téknik nu digunakeun dina panalungtikan ieu nya éta téknik téks. Téknik téks anu ilahar disebut téknik ulikan pustaka (studi pustaka; bibliografi), biasana dipaké saumpama data dikumpulkeun tina sumber tinulis saperti koran, majalah, atawa buku. Téknik téks atawa studi ieu digunakeun pikeun ngumpulkeun informasi jeung maluruh data paribasa Sunda jeung Indonésia tina buku-buku sumber anu diidéntifikasi dina kartu data.

3.3.2 Lengkah-lengkah Ngumpulkeun Data

Ari léngkah-léngkah dina ngumpulkeun data téh kieu.

a. Studi pustaka jeung ngadata kana sajumlah buku paribasa Sunda jeung Indonésia nu kapaluruh.

b. Nangtukeun buku nu rék dijadikeun sumber data panalungtikan. c. Milih buku utama nu dijadikeun babon sumber data panalungtikan.

d. Nyirian paribasa nu boga harti sarua jeung kekecapana sarua jeung nu hartina sarua tapi kekecapana beda.

(24)

3.3.3 Instrumén Ngumpulkeun Data

Instrumén nu digunakeun dina ngumpulkeun data nya éta lambar kartu data. Kartu data dina ieu panalungtikan boga pungsi pikeun ngumpulkeun data nu mangrupa paribasa Sunda jeung Indonésia tina sumber data nu geus ditangtukeun. Kartu data nu digunakeun dina ngumpulkeun data katitén saperti gambar ieu dina gambar 3.2.

Gambar 3.2 Kartu Data Ngumpulkeun Data

3.4Analisis Data

3.4.1 Teknik Analisis Data

Ngaanalisis data paribasa dilakukeun ku cara téknik analisis unsur langsung (immediete constituent) jeung hermeneutik. Analisis unsur langsung nya éta analisis kalimah tina unsur-unsur anu leuwih leutik; unggal konstituén anu bisa dianalisis bisa dianalisis deui dumasar konstituén séjén, nepi ka éta kalimah téh bisa disawang salaku kajadian dumasar lapisan-lapisan konstituén. Analisis hermeneutik nya eta analisis ma’na atawa maksud paribasa nu sifatna filosofis pikeun nyungsi ajén étnopédagogik dina paribasa Sunda jeung Indonésia. Dina ieu analisis aya kagiatan nafsirkeun jeung interpretasi. Paribasa Sunda jeung Indonésia dibandingkeun dumasar kana tilu kritertia, naha paribasa nu dibandingkeun téh diwangun ku kekecapan nu sarua tur boga harti jeung maksud nu sarua, kekecapan nu béda tapi harti atawa maksudna sarua, atawa kekecapan nu sarua tapi maksudna beda. Analisis nu terahir nya éta dilakukeun pikeun ngaguar papasingan paribasa dumasar moral kamanusaan nu mangrupa orientasi

KARTU DATA

Ngumpulkeun Data

Sumber buku Kaca Paribasa

1330BPBS 158

Uyah mah moal tees ka luhur. (1300PI; 158) 1400PI

5700PI Watak anak moal jauh ti kolotna

(25)

étnopédagogik. Sakabéh hasil analisis data dicatet dina kartu data pikeun didéskripsikeun jeung dipedar sangkan jadi kacindekan panalungtikan.

3.4.2 Lengkah-lengkah Analisis Data

Lengkah panalungtikan nu paling penting nya éta analisis data nu dilaksanakeun numutkeun prosedur-prosedur analisis data. Prosedur analisis anu dilakukeun dina ieu panalungtikan nya éta maca, nafsirkeun, jeung ngainterprétasi kalawan taliti kana sampel panalungtikan. Data paribasa anu geus kapaluruh satuluyna diketik dina kartu data anu geus disadiakeun. Sampel panalungtikan satuluyna dianalisis ku cara ngarucat paribasa ngagunakeun tiori nu geus ditangtukeun. Ieu dihandap ditétélakeun lengkah-lengkah analisis data panalungtikan.

a. Nitenan deui data nu geus dikumpulkeun. b. Ngaruntuykeun data paribasa kana alfabetis. c. Paribasa-paribasa dibere nomer atawa kode data.

d. Data diklasifikasikeun paribasa Sunda jeung Indonésia dumasar kana makna jeung kekecapanna.

e. Ngaanalisis data dumasar kana ma’na, struktur, maksud jeung ajén

étnopédagogik.

f. Ngadéskripsikeun hasil analisis babandingan paribasa Sunda jeung Indonésia. g. Nafsirkeun babandingan paribasa Sunda jeung Indonésia dumasar kana

semantik formal jeung étnopédagogik.

h. Nyindekeun hasil panalungtikan dumasar kana hasil panalungtikan.

3.4.3 Instrumen Analisis Data

(26)

Kartu data digunakeun pikeun nganalisis semantik formal paribasa Sunda jeung Indonésia dumasar struktur kalimat, jeung katégori makna paribasa. salian ti eta, digunakeun ogé pikeun ngabandingkeun paribasa dumasar tilu kriteria: (1) saharti sakecap, (2) saharti beda kecap, jeung (3) beda harti sakecap. Bagian ahir nya eta nganalisis ajen etnopedagogik dumasar orientasina nya eta moral kamanusaan diantarana: (1) Moral manusa ka Pangéran/ Tuhan (MMT); (2) moral manusa ka dirina/ pribadi (MMP); (3) moral manusa ka manusa séjén

Kaca Paribasa Analisis semantik formal Analisis maksud Kategori ma’na

Moral manusa ka pangeran, tuhan (MMT) Moral manusa ka alam (MMA)

Moral manusa ka waktu (MMW)

Moral manusa ka dirina, pribadi (MMP)

Moral manusa ka manusa séjén (MMM)

Moral manusa pikeun nyumponan kapuasan lahir jeung batin (MMLB)

Catétan :

...

(27)

BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan boga tujuan pikeun mikweruh jeung ngadéskripsikeun semantik formal paribasa Sunda jeung paribasa Indonésia, ngabandingkeun dumasar kana kritéria sakecap saharti, beda kecap saharti, jeung sakecap beda harti, sarta nimukeun ajén étnopédagogik dumasar maksud paribasa Sunda-Indonésia nu sarua. Péso atawa tiori nu dipake pikeun medar paribasa Sunda jeung Indonésia nya éta semantik formal jeung étnopédagogik. Métodeu panalungtikan nu digunakeun nya éta déskriptif. Pikeun ngumpulkeun data ngagunakeun téknik studi pustaka, sedengkeun analisis data ngagunakeun analisis unsur langsung jeung hermeneutik.

Nurutkeun ieu panalungtikan hasil panalungtikan bisa dicindekeun kana opat hal. Kahiji, Tina hasil analisis nu dilakukeun kana 273 Paribasa Sunda nu kapanggih tina sumber data utama, kapanggih 135 paribasa nu boga wangun kalimah salancar sampurna. Kapanggih dalapan variasi pola kalimah salancar dina ieu panalungtikan. Paribasa wangun kalimah rangkepan sampurna kapanggih 47 paribasa. Variasi pola nu kapanggih nya éta aya 21 pola kalimah rangkepan wangun sampurna. Wangun salancar teu sampurna aya 68 paribasa. variasi pola nu kapanggih nya éta genep pola. Paribasa wangun kalimah rangkepan teu sampurna kapanggih 71 paribasa. Variasi pola nu kapanggih nya éta aya 21 pola kalimah rangkepan wangun sampurna. Unggal pola miboga sub-pola, sub-pola ieu didasarkeun kana struktur kalimah, warna kecap, jeung wandana sarta pasipatan kekecapan nu ngawangun ieu paribasa pikeun nimukeun maksud.

Kadua, paribasa Indonésia nu dijadikeun sumber data ieu nya éta 181

(28)

pola. Paribasa wangun kalimah rangkepan teu sampurna kapanggih 25 paribasa, variasi pola nu kapanggih nya éta aya 8 pola kalimah. Unggal pola miboga sub-pola, sub pola ieu didasarkeun kana struktur kalimah, warna kecap, jeung wandana sarta pasipatan kekecapan nu ngawangun ieu paribasa pikeun nimukeun maksudna.

Katilu, tina 185 paribasa SI dumasar kana hasil analisis tina sisi semantik formal nu geus dilakukeun, paribasa Sunda jeung Indonésia kapanggih 26 paribasa SI nu hartina sarua sarta diwangun ku kekecapan nu boga katégori maksud nu sarua. Salian ti éta, kapanggih ogé 157 paribasa SI nu hartina sarua sarta diwangun ku kekecapan nu béda. Aya dua paribasa nu boga kekecapan sarua tapi miboga harti nu béda.

Kaopat, nurutkeun étnopédagogik kapanggih yén paribasa Sunda jeung

Indonésia nu boga harti atawa maksud nu sarua ngandung ajen moral kamanusaan. Tina hasil analisis data kapanggih yén paribasa Sunda ngandung: (1) Moral manusa ka Pangéran/ Tuhan (MMT); (2) moral manusa ka dirina/ pribadi (MMP); (3) moral manusa ka manusa séjén (MMM); (4) moral manusa ka alam (MMA); (5) moral manusa ka waktu (MMW); jeung (6) moral manusa dina ngahontal kasugemaan lahir jeung batin (MMLB). Moral kamanusaan ngajadikeun jalma jadi jalma nu masagi nu boga sikep trisilas (silih asah, silih asih, jeung silih asuh) jeung karakter pancarawayan (cageur, bageur, bener, singer, jeung pinter).

Dumasar panalungtikan nu dilakukeun katitén yén maksud dina paribasa Sunda jeung Indonésia bisa katiten tina kekecapan nu ngawanguna. Tina maksud nu dipiboga ku paribasa Sunda jeung Indonésia ieu katitén ajén étnopédagogik di jerona.

5.2 Saran

(29)

nyuksruk leuwih jero ngeunaan basa hususna sémantik jeung budaya hususna paribasa.

Pikeun panalungtik satuluyna dipiharep aya nu naluntik ngagunakeun tiori semantik formal. Ieu tiori bisa dipaké pikeun nalungtik objék basa, sastra, ogé budaya boh nu téks atawa tuturam. Ku kituna para ahli basa kudu medar leuwih jero ngeunaan tiori semantik formal sangkan panalungtik bisa ngagunakeun tiori ieu dina panalungtikanana.

Salian ti eta, ieu panalungtikan bisa jadi rangsangan pikeun panalungtik séjén sangkan naliti hal-hal nu patali jeung kaarifan lokal. Hal ieu dimaksudkeun sangkan leuwih dikenal ku masarakat. Salian ti éta, tiori étnopédagogik bisa dipaké pikeun ngulik hal-hal nu patali jeung kabeungharan budaya Sunda, boh nu sifatna pamikiran masarakat ogé kabiasaan masarakat.

(30)

DAFTAR PUSTAKA

Alwasilah, C. (2009). Étnopédagogi. Bandung: Kiblat Buku Utama. Cann, R. (1993). Formal Sémantic: An Introduction. Camberdige.

Chaniago, A. Y.S. (1988). 5700 Peribahasa Indonésia. Jakarta: Pustaka Setia. Chaer, A. (2009). Pengantar Sémantik Bahasa Indonesia. Jakarta: Rineka Cipta. Chaerunisa. (2013). Babandingan Harti Paribasa Sunda jeung Indonésia pikeun

Bahan Ajar Idiom di SMA. (Skipsi). Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Danandjaya, J. (1997). Foklor Indonesia. Jakarta: Grafiti.

Demaswati. (2004). Babandingan Paribasa Sunda jeung Paribasa Indonésia Disawang tina Maksud anu Dikandungna jeung Bahan anu Dibandingkeunana. (Skipsi). Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Gandasudirdja, R. M. (1979). 700 Paribasa Sunda. Bandung: Fa. Ekonomi. Nugraha, H. S. (2013). Paribasa Sunda (Ulikan Struktur, Semantis jeung

Psikolinguistik). (Tesis) Prodi Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda SPS UPI Bandung.

Siswandi, J. K. (2005). Babasan jeung Paribasa Sunda dina Kumpulan Carpon Kanyaah Kolot Karangan Karna Yudibrata. (Skripsi). Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Kartadinata, S. (2010). Étnopédagogi: Sebuah Resureksi Ilmu Pendidikan (Pedagogik). Makalah disajikan pada seminar 2010. PGSD UPI, Bandung, 17 Mei 2010.

Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI). (2005). Disdik. Jakarta: Balai Bahasa.

Koentjaraningrat. (2009). Pengantar Ilmu Antropologi. Jakarta: Rineka Cipta. LBBS. (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

(31)

Novianti, N. (2012). Babasan jeung Paribasa Sunda (Tilikan Linguistik Antropologis). Skripsi Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI: Teu dipedalkeun.

Novianto dan Wenny. (2010). 1400 Peribahasa Indonésia. Surakarta: Beringin 55.

Patéda, M. (2010). Sémantik Leksikal. Jakarta: Rineka Cipta.

Prawirasumantri, A., spk. (1973). Idiomatik Sunda. Bandung: FKKS. Rosidi, A. (2009). Manusia Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

________. (2005). Babasan jeung Paribasa:Kabeungharan Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

________. (2005). Kearifan Lokal: dalam Préspéktif Budaya Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Rusyana, Y. (1982). Pedaran Paribasa Sunda. Bandung: Gunung Larang. Salmun, M.A.(1985). Kandaga Kasusastraan. Bandung: Ganaci N.V. Sudaryat, Y. (2003). Ulikan Sémantik Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten. _________ . (2007). Ulikan Sémantik Sunda. Bandung: Geger Sunten. _________ . (2009). Makna dalam Wacana.Bandung: Yrama Widya.

_________. (2013). “Nilai Pendidikan Karakter dan Moral Bangsa dalam Ungkapan Tradisional. Laporan Penelitian Penguatan Kompetensi. Bandung: FPBS UPI.

_________. (2015). Wawasan Kasundaan. Bandung: FPBS UPI.

Suryalaga, H.R. H. (2009). Kasundaan: Rawayan Jati. Bandung: Yayasan Nur Hidayah.

Tamsyah, B. R., Djuanda, D. jeung Purmawati, T. (2012). 1000 Babasan jeung Paribasa Sunda. Bandung: Pustaka Setia.

Gambar

Gambar 3.1 Desain Panalungtikan
gambar ieu dina gambar 3.2.
Gambar 3.3 Kartu Data Analisis Semantik Formal jeung Étnopédagogik

Referensi

Dokumen terkait

REPÚBLICA DEMOCRÁTICA

Dalam pengujian emisi gas buang didapat bahwa nilai Opacity, HC(Hidrocarbon), dan CO(Carbonmonoksida) semakin berkurang yang menunjukkan bahwa bahan bakar biodiesel biji

PENERAPAN PEMBELAJARAN KOOPERATIF TIPE TEAM GAME TOURNAMENT (TGT ) UNTUK MENINGKATKAN KEMAMPUAN PEMECAHAN MASALAH MATEMATIKA SISWA SD.. Universitas Pendidikan Indonesia

[r]

[r]

Terdapat kekurangan yang signifikan dalam jumlah tenaga dokter dan tempat tidur rumah sakit dibandingkan dengan permintaan calon pasien untuk mendapatkan perawatan sesuai

Membandingkan kesenjangan antara ketersediaan saat ini dengan proyeksi kebutuhan tertinggi, terdapat kekurangan kapasitas dokter di FKTP, perawat di FKTP dan FKTL, dan tempat

Hasil yang diperoleh dalam penulisan kertas karya ini adalah pengelolaan suatu objek wisata yang maksimal diserahkan kepada pemerintah setempat dan dikelola bersama masyarakat