No. 591/0251-FPBS/2013
KECAP RAJÉKAN DINA KUMPULAN CARITA PONDOK HALIS PASIR
KARYA US TIARSA R (Tilikan Struktur jeung Semantis)
SKRIPSI
Diajukeun pikeunNyumponan Salasahiji Sarat Ngahontal Gelar Sarjana Pendidikan Bahasa Daerah
ku
IRA MAWARNI NIM 0906920
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH
FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
No. 591/0251-FPBS/2013
PERNYATAAN
Dengan ini saya menyatakan bahwa skripsi dengan judul “Kecap Rajékan dina
Kumpulan Carita Pondok Halis Pasir Karya Us Tiarsa R (Tilikan Struktur jeung
Semantis)” ini dan seluruh isinya adalah benar-benar karya saya sendiri, dan saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara yang tidak sesuai dengan etika keilmuan yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas pernyataan ini, saya siap menanggung resiko atau sanksi yang dijatuhkan kepada saya apabila kemudian ditemukan adanya pelanggaran terhadap etika keilmuan dalam karya saya ini, atau ada klaim dari pihak lain terhadap keaslian karya saya.
Bandung, 20Maret 2013 Yang membuat pernyataan,
KECAP RAJÉKAN DINA KUMPULAN CARITA PONDOK HALIS PASIR KARYA US TIARSA R
(Tilikan Struktur jeung Semantis)1)
IRA MAWARNI2)
ABSTRAK
Penelitian ini bertujuan untuk menganalisis dan mendeskripsikan kata-kata ulang (kecap rajékan) yang terdapat dalam kumpulan cerita pendek Halis Pasir karya Us Tiarsa R.
Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif dengan tekhnik kajian pustaka dan analisis unsur langsung. Deskripsinya mencakup empat hal, yakni: (1) bentuk kata ulang (kecap rajékan) yang terdapat dalam kumpulan cerita pendek Halis Pasir karya Us Tiarsa R; (2) fungsi kata ulang (kecap rajékan) yang terdapat dalam kumpulan cerita pendek Halis Pasir karya Us Tiarsa R; dan (3) arti kata ulang (kecap rajékan) yang terdapat dalam kumpulan cerita pendek Halis Pasir karya Us Tiarsa R.
Dari hasil penelitian diperoleh data bahwa kata ulang (kecap rajékan) yang terdapat dalam buku kumpulan cerita pendek Halis Pasir karya Us Tiarsa R ada 349 kata dengan frékuénsi penggunaannya sebanyak 552 kali. Dari segi struktur, bentuk kata ulang yang paling banyak digunakan adalah kata ulang (kecap rajékan) dwipurwa binarung rarangkén tukang. Bentuk ini digunakan sebanyak 113 kali (20,47%). Fungsi kata ulang (kecap rajékan) yang ditemukan ada 6 jenis. Fungsi yang paling banyak digunakan adalah fungsi verbal, yang digunakan sebanyak 209 kali (32,57%). Secara semantik, arti kata ulang (kecap rajékan) yang telah ditemukan yaitu sebanyak 37 jenis. Arti kata ulang (kecap rajékan) yang paling banyak digunakan adalah arti inténsitas, yang digunakan sebanyak 72 kali (13,04%).
_________________________________________________________
1) Skripsi di bawah bimbingan Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum dan Hernawan, S.Pd, M. Pd.
DAPTAR EUSI
Kaca
ABSTRAK ... i
PANGJAJAP ... ii
TAWIS NUHUN ... iii
DAPTAR EUSI ... vi
DAPTAR TABÉL ... xi
DAPTAR BAGAN ... xiv
DAPTAR LAMPIRAN ... xv
DAPTAR SINGGETAN ... xvi
BAB I BUBUKA ... 1
1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1
1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah ... 3
1.2.1 Idéntifikasi Masalah ... 3
1.2.2 Rumusan Masalah ... 4
1.3 Tujuan Panalungtikan... 4
1.3.1 Tujuan Umum ... 4
1.3.2 Tujuan Husus ... 4
1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5
1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5
1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5
1.5 Raraga Tulisan ... 5
BAB II ULIKAN TÉORI JEUNG ANGGAPAN DASAR ... 7
2.1 Ulikan Tiori ... 7
2.1.1 Kecap... 7
2.1.1.1 Wangenan Kecap ... 7
2.1.1.2 Wangun Kecap ... 8
vii
2.1.2 Kecap Rajékan ... 11
2.1.2.1 Wangenan Kecap Rajékan ... 11
2.1.2.2 Wangun Kecap Rajékan ... 12
2.1.2.3 Fungsi Kecap Rajékan ... 13
2.1.2.4 Harti Kecap Rajékan ... 15
2.2 Anggapan Dasar ... 24
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 25
3.1 Sumber Data Panalungtikan ... 25
3.2 Desain Panalungtikan ... 25
3.3 Métode Panalungtikan ... 26
3.4 Wangenan Operasional ... 27
3.5 Instrumén Panalungtikan ... 27
3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 28
3.7 Téhnik Analisis Data ... 29
BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN KECAP RAJEKAN DINA KUMPULAN CARITA PONDOK HALIS PASIR KARYA US TIARSA R PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA DI SMP ... 42
4.1 Data Wangun Kecap Rajékan ... 30
4.1.1 Dwimurni ... 31
4.1.2 Dwiréka ... 34
4.1.3 Dwilingga Binarung Rarangkén ... 35
4.1.3.1 Dwimurni Binarung Rarangkén ... 35
4.1.3.2 Dwiréka Binarung Rarangkén ... 59
4.1.4 Trilingga ... 61
4.1.5 Dwipurwa ... 62
4.1.6 Dwipurwa Binarung Rarangkén ... 63
viii
4.1.8 Dwimadya Binarung Rarangkén ... 78
4.2 Fungsi Kecap Rajékan... 85
4.2.1 Fungsi Nominal ... 85
4.3.1.1 Harti Ajéktival/Statif ... 99
4.3.1.2 Harti Diversitas ... 100
4.3.1.3 Harti Diminutif ... 101
4.3.1.4 Harti Distributif ... 101
4.3.1.5 Harti Éksésif (Padahal) ... 102
4.3.1.6 Harti Éksésif (Kaleuleuwihi)... 103
4.3.1.7 Harti Éksésif Négatif ... 103
4.3.1.8 Harti Frékuéntatif ... 104
4.3.1.9 Harti Inténsitas ... 105
4.3.1.10 Harti Inténsitas Prohibitif ... 107
4.3.1.11 Harti Inténsitas Négatif ... 108
4.3.1.12 Harti Imitatif... 109
4.3.1.13 Harti Indeterminatif ... 110
4.3.1.14 Harti Plural Indeterminatif ... 111
4.3.1.15 Harti Indeterminatif Pasif ... 112
4.3.1.16 Harti Indeterminatif Frékuéntatif ... 113
4.3.1.17 Harti Komperatif Résiprokatif ... 114
4.3.1.18 Harti Kontinuitas ... 114
4.3.1.19 Harti Limitaitif ... 115
4.3.1.20 Harti Plural ... 116
ix
4.3.1.22 Harti Perfektif... 117
4.3.1.23 Harti Inténsitas Perfektif Futuratif ... 118
4.3.1.24 Harti Partitif ... 119
4.3.1.25 Harti Résiprokatif ... 119
4.3.1.26 Harti Superlatif ... 120
4.3.1.27 Harti “Ngadadak” ... 121
4.3.1.28 Harti Konsésif ... 121
4.3.1.29 Harti Sapanjang ... 122
4.3.1.30 Harti Inklusif ... 123
4.3.1.31 Harti “Dianggap” ... 123
4.3.1.32 Harti “Terus-terusan Teu Dihaja” ... 124
4.3.1.33 Harti “Nuduhkeun Rasa” ... 125
4.3.1.34 Harti “Panyakit” ... 125
4.3.1.35 Harti “Ngalakukeun” ... 126
4.3.1.36 Harti Duratif ... 127
4.3.1.37 Harti Fakultatif ... 127
BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI ... 133
5.1 Kacindekan ... 133
5.2 Rékoméndasi ... 134
DAPTAR PUSTAKA ... 135
LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 136
BAB I BUBUKA
1.1Kasang Tukang Masalah
Manusa ngagunakeun basa salaku alat komunikasi dina hirup kumbuh sapopoé. Basa téh salaku média komunikasi anu bisa dipaké nalika nepikeun jeung narima informasi. Dina widang sastra, basa diréka-réka jadi hiji runtuyan basa anu éndah sarta dijadikeun média nepikeun amanat carita ti pangarang ka nu maca. Kitu deui dina widang atikan, hususna di sakola-sakola, basa dipaké pikeun nepikeun pangajaran ti guru ka siswa.
Basa téh mangrupa hiji sistem. Sudaryat (2004: 7) nétélakeun yén sistem téh nya éta beungkeutan unsur-unsur anu silih deudeul jeung silih lengkepan dumasar kana aturan anu tangtu pikeun ngahontal hiji tujuan. Minangka hiji sistem basa miboga dua sipat nya éta sistematis jeung sistemis. Disebut sistematis lantaran basa miboga unsur-unsur anu dumuk pola-polana tur bisa diramalkeun. Sedengkeun disebut sistemis lantaran basa téh mibanda subsistem kayaning fonologi, gramatika, léksikon, jeung semantik.
Lian ti éta basa téh miboga sipat anu variatif, ku kituna basa téh rupa-rupa, aya nu disebut basa internasional, basa nasional, jeung basa daérah. Basa daérah anu dipaké ku masarakat di daérah Jawa Barat ilaharna disebut basa Sunda.
2
pangantgeur di Sakola Dasar (SD) di kelas-kelas munggrana pikeun ngalancarkeun pangajaran basa Indonésia jeung pangajaran lianna, sarta (6) alat pamekar jeung pangdeudeul buadaya Sunda.
Basa Sunda téh bisa disebut basa anu unik tur éndah. Basa Sunda anu unik katitén ku ayana undak usuk basa Sunda anu ngatur kumaha cara nyarita ka saluhureun atawa sahandapeun. Ieu hal patali pisan jeung norma kasopanan anu aya di masarakat Sunda. Basa Sunda anu éndah katitén tina kekecapan anu dipaké dina karya-karya sastra kayaning sajak, pupuh, guguritan, mantra, dongéng, carpon jeung sajabana. Kekecapan anu dipakéana loba anu murwakanti utamana mah dina sajak jeung guguritan. Ku kituna basa Sunda miboga kabeungharan kecap anu luhung pisan.
Patali jeung kecap-kecap basa Sunda, urang Sunda ngagunakeun basa Sunda tangtu baé kekecapan anu dipakéna ogé kekecapan basa Sunda. Nurutkeun Sudaryat (2007: 48) kecap téh nya éta bagian kalimah pangleutikna anu sipatna bébas sarta ngandung harti anu tangtu. Kecap minangka unsur pangleutikna dina kalimah sabab aya bagian kalimah lianna anu mangrupa gundukan kecap sok disebut frasa jeung klausa. Kecap mibanda sipat anu bébas lantaran kecap bisa madeg mandiri dina kalimah, bisa dipisahkeun cicingna jeung bisa dipatukeurkeun tempatna jeung kecap ogé miboga harti anu tangtu boh léksikal atawa gramatikal.
Kecap téh diulik ku élmu morfologi. Dina morfologi diébréhkeun ayana wangun kecap. Nurutkeun Sudaryat (2007: 58) wangun atawa adegan kecap mangrupa wujud kecap disawang tina morfém anu jadi unsur pangwangunna. Wangun kecap dina basa Sunda dipasing-pasing jadi dua, nya éta kecap salancar jeung kecap rékaan atawa kecap jembar. Kecap salancar nya éta kecap anu diwangun ku hiji morfém bébas, sedengkeun kecap rékaan atawa kecap jembar nya éta kecap anu diwangun ku dua morfém atawa leuwih. Kecap rékaan atawa kecap jembar diwincik deui jadi opat, nya éta kecap rundayan, kecap rajékan, kecap kantétan jeung kecap wancahan.
3
binarung jeung robahna sora atawa rarangkén boh henteu (Sudaryat, 2007: 60). Kecap rajékan dina basa Sunda miboga kaunikan atawa ciri has. Ciri has ieu aya dina wangun kecap rajékan dwimadya, lantaran dina basa-basa séjén mah hususna dina basa indonésia mah teu kapanggih.
Pedaran ngeunaan kecap rajékan pikeun bahan pangajaran kungsi ditalungtik, diantarana waé, Kecap Rajékan Binarung Rarangkén Dina Novél Babalik Pikir Karangan Samsoedi Pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda di SMP (Gina Kristiana, 2009) jeung Kecap Rajékan dina Kumpulan Buku Carita pondok Mirah Dalima Karangan Kis WS Pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda di SMP (N. Rita Mulyati, 2005).
Panalungtikan ieu dilaksanakeun lantaran dina panalungtikan samemehna mah kecap rajekan anu diulik téh masih kénéh heureut, hususna ditilik tina jihat fungsi jeung hartina. Ku kituna dina ieu panalungtikan bisa ngajembaran hasil panalungtikan anu saméméhna. Kumpulan carita pondok ieu dipilih lantaran dina buku kumpulan carita pondok Halis Pasir ngandung kecap-kecap rajékan anu bisa diulik tina jihat struktur jeung semantis. Lian ti éta, carita-caritana ngagambarkeun kajadian-kajadian anu umumna aya di lingkungan masarakat.jeung karakteristik tokohna ogé bisa gampang kacangking ku nu macana. Hal séjén anu matak ngirut tina ieu carita pondok nya éta ngeunaan sosok pangarangna. Us Tiarsa R parigel pisan dina ngolah caritana, kagambar pisan bisa neuleuman kahirupan batin tokohna sarta kungsi meunang piagem penghargaan
nasional ti Presidén RI taun 2007. Ku kituna, ieu panalungtikan dijudulan “Kecap
Rajékan dina Kumpulan Carita Pondok Halis Pasir Karya Us Tiarsa R (Tilikan Struktur jeung Semantis)”.
1.2Indentifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Identifikasi Masalah
4
harti kecap rajékan anu aya dina kumpulan carita pondok Halis Pasir karya US Tiarsa R.
1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana watesan masalah di luhur, nu jadi masalah pikeun ditalungtik dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap.
1) Wangun kecap rajékan naon waé anu kapanggih dina kumpulan carpon Halis Pasir karya Us Tiarsa R?
2) Fungsi kecap rajékan naon waé anu kapanggih dina kumpulan carpon Hasil Pasir karya Us Tiarsa R?
3) Harti kecap rajékan naon waé anu kapanggih dina kumpulan carpon Halis Pasir karya US Tiarsa R?
1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum
Tujuan umum diayakeunana ieu panalungtikan nya éta pikeun nganalisis jeung ngadéskripsikeun kecap-kecap rajékan anu aya dina kumpulan carpon Halis Pasir karya Us Tiarsa R.
1.3.2 Tujuan Husus
Anapon tujuan hususna, di antarana pikeun ngadéskripsikeun:
1) Wangun kecap rajékan anu kapanggih dina kumpulan carpon Halis Pasir karya Us Tiarsa R;
2) Fungsi kecap rajékan anu kapanggih dina kumpulan carpon Hasil Pasir karya Us Tiarsa R;
5
1.4Mangpaat Panalungtikan 1.4.1 Mangpaat Tioritis
Sacara tioritis, ieu panalungtikan dipiharep bisa méré sumbangan pamikiran dina mekarkeun élmu pangaweruh anu hususna ngeunaan kecap rajékan basa Sunda sarta mére informasi ngeunaan kecap rajékan basa Sunda.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Mangpaat nu dipiharep bisa kahontal tina ieu panalungtikan sacara praktis, nya éta:
1) Pikeun panalungtik, ieu panalungtikan téh dipiharep bisa ngajembaran pangaweruh, hususna ngeunaan struktur kecap rajékan sarta bisa nyangking data ngeunaan kecap-kecap rajékan anu aya dina kumpulan carpon Halis Pasir karya Us Tiarsa R.
2) Pikeun guru pangajar basa jeung sastra Sunda, méré gambaran pikeun mekarkeun pangaweruhna nalika nepikeun ngeunaan kecap rajékan.
3) Pikeun siswa, ieu panalungtikan téh bisa dimanfaatkeun pikeun bahan diajar tur mekarkeun pangaweruh sanajan teu ditepikeun sacara husus dina pangajran.
1.5Raraga Tulisan
Ieu panalungtikan dilaporkeun dina wangun skripsi. Raraga tulisan dina ieu skripsi dituliskeun saperti di handap.
Bab I Bubuka, eusina ngawengku: kasang tukang masalah, identifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan jeung raraga tulisan;
Bab II Ulikan Tiori jeung Anggapan Dasar, eusina ngawengku: pedaran ngeunaan kecap, kecap rajekan, kaparigelan maca, rarancang bahan pangajaran kecap rajékan jeung anggapan dasar;
6
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
Dina bab III dipedar hal anu patali jeung métode panalungtikan, nya éta: 1) sumber data, 2) desain panalungtikan, 3) métode panalungtikan, 4) wangenan operasional, 5) instrumén panalungtikan, 6) téhnik ngumpulkeun data jeung 7) téhnik ngolah data.
3.1 Sumber Data Panalungtikan
Nurutkeun Arikunto (2010: 172) nétélakeun yén anu dimaksud sumber data dina panalungtikan nya éta subjék timana asalna meunangkeun data. Anu jadi sumber data dina ieu panalungtikan nya éta sakabéh kecap rajékan dina kumpulan carpon Halis Pasir karya US Tiarsa R anu kandelna 81 kaca, ukuran bukuna nya éta 21 cm x 14 cm x 0,5 cm. Carpon karya US Tiarsa R mibanda 13 judul, sarta medal taun 2010 ku PT Kibalat Buku Utama. Sakabéh kecap rajékan anu aya dina kumpulan carpon Halis Pasir karya US Tiarsa R téh mangrupa populasi sarta ieu populasi téh dijadikeun sampel. Jadi sumber data anu digunakeun dina ieu panalungtikan mangrupa sampel total.
3.2 Desain Panalungtikan
Desain panalungtikan disusun dumasar kana léngkah-léngkah 1) nangtukeun masalah, 2) studi pendahuluan, 3) nyieun rumusan masalah, 4) nyieun anggapan dasar, 5) milih pamarekan, 6) nangtukeun variabel jeung sumber data, 7) nyusun instrument, 8) ngumpulkeun data, 9) ngayakeun analisis data, 10) nyieun kacindekan, 11) nulis laporan (Arikunto, 2010: 61).
26
Bagan 3.1 Desain Panalungtikan
3.3 Métode Panalungtikan
Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif. Nurutkeun Nazir (2005: 54) anu dicutat ku Suherman (2008: 45) métode déskriptif nya éta hiji métode anu digunakeun dina nalungtik status kelompok manusa, hiji objék, kondisi, sistem pamikiran, atawa ngeunaan kelas kajadian dina mangsa kiwari. Tujuan tina panalungtikan déskriptif nya éta pikeun nyieun déskripsi, gambaran atawa lukisan sacara sistematis, faktual jeung akurat ngeunaan fakta-fakta, sipat, sarta hubungan antara fénomena anu keur ditalungtik.
27
3.4 Wangenan Operasional
Ieu di handap baris dipedar istilah-istilah anu aya patalina jeung judul panalungtikan di antarana nya éta:
1) Kecap Rajékan
Kecap rajékan nya éta kecap anu ngawangun ku cara nyebut dua kali atawa leuwih wangun dasarna, sabagian atawa sagemblengna, boh binarung jeung robahna sora atawa rarangkén boh henteu (Sudaryat, 2007: 2) Kumpulan Carpon
Carpon téh singgetan tina carita pondok, nya éta salahsahiji wangun karya sastra anu mangrupa carita bébas jeung ilaharna caritana relatif pondok atawa prosa sarta biasana dipidangkeun dina média tulisan. Jadi kumpulan carpon nya éta kumpulan carita pondok anu ilaharna geus dibukukeun. 3) Struktur
Struktur nya éta hiji tilikan anu médar ngeunaan wangun, fungsi atawa pola-pola anu aya dina kecap rajékan.
4) Semantis
Semantis nya éta hiji tiilikan nu medar ngeunaan harti anu dipibanda ku kecap rajékan.
3.5 Instrumén Panalungtikan
Instrumén panalungtikan anu digunakeun pikeun ngumpulkeun data nya éta kartu data atawa korpus. Kartu data digunakeun pikeun nyalin sakabéh kecap-kecap rajékan anu kapanggih dina kumpulan carpon Halis Pasir anu geus dibéré idéntitasna kayaning kaca, paragraf jeung baris kalayan hasil analisisna dumasar kana wanda, wangun jeung harti tina kecap rajékan éta sewang-sewangan.
28
Kekebonan carpon/kaca/baris/paragraf
Wangun : Kecap rajekan dwipurwa binarung rarangkén Fungsi : Verbal
Harti : nuduhkeun hiji pagawéan (diminutif)
Gambar 3.1 Conto Kartu Data
3.6 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téknik ngumpulkeun data anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta ulikan pustaka jeung analisis unsur langsung. Suyatna (2002: 18) téknik ulikan pustaka nya éta téknik pikeun meunangkeun tiori anu bakal dijadikeun acuan dina ngalaksanakeun hiji panalungtikan. Téknik ulikan pustaka digunakeun pikeun ngumpulkeun data ku cara macaan buku anu patali jeung objék panalungtikan. Sedengkeun analisis unsur langsung digunakeun pikeun nyungsi data ngeunaan kecap rajékan. Ku ayana ieu téknik dipiharep bisa ngabantuan kana ngumpulkeun data ngeunaan kecap rajékan.
Léngkah-léngkah panalungtikanana diruntuykeun saperti ieu di handap.
a. Maca data dina sumber data;
b. Nyalin data anu kaasup kana kecap rajékan kana kartu data sarta nangtukeun idéntitasna (judul/kaca/paragraf/baris);
c. Milah-milah data dumasar kana wangun anu sarua, jeung;
d. Nuliskeun deui data anu aya dina kartu data atawa korpus kana tabél.
29
Tabel 3.1
Tabél Distribusi Data Kecap Rajékan
No Kecap Rajékan Sumber Data Pola f %
3.7 Téhnik Analisis Data
Téhnik anu digunakeun pikeun nganalisis data nya éta téhnik analisis unsur langsung. Ari léngkah-léngkah analisis datana saperti ieu di handap.
a. Ngelompokkeun data dumasar kana: a) wangun kecap rajékanana, b) fungsi kecap rajékanana, jeung c) harti kecap rajékanana;
b. Milah-milah kecap anu miboga ciri atawa wangun anu sarua;
c. Mindahkeun data kana tabél dumasar kana wangun, fungsi jeung hartina sewang-sewangan;
d. Ngajumlahkeun sakabéh kecap-kecap rajékan tuluy diperséntasekeun; e. Ngadéskripsikeun kecap rajékan;
BAB V
KACINDEKAN JEUNG REKOMENDASI
5.1 Kacindekan
Aya tilu hal anu baris dicindekeun dina ieu pedaran, nya éta:
1) Sacara umum, wangun kecap rajékan anu kapanggih tina kumpulan carita pondok Halis Pasir karya Us Tiarsa R téh aya 13 wangun, diantarana nya éta: (1) dwimurni, (2) dwiréka, (3) dwimurni binarung rarangkén, (4) dwimurni binarung kecap pancen, (5) dwimurni binarung rarangkén jeung kecap pancén, (6) dwiréka binarung rarangkén, (7) trilingga, (8) dwipurwa, (9) dwipurwa binarung rarangkén, (10) dwipurwa binarung kecap pancén, (11) dwipurwa binarung rarangkén jeung kecap pancén, (12) dwimadya jeung (13) dwimadya binarung rarangkén. Rarangkén anu ngabarungan éta kecap téh bisa mangrupa rarangkén hareup, tengah, tukang, barung jeung bareng. Tina hasil panalungtikan, wangun kecap rajékan anu panglobana dipaké téh nya éta kecap rajékan dwipurwa binarung rarangkén tukang kalayan frékuénsi dipakéna aya 113 kali (20,47%). Ari nu pangsaeutikna dipaké nya éta kecap rajékan trilingga, dwipurwa binarung rarangkén hareup jeung kecap pancén sarta dwimadya binarung rarangkén bareng. Éta kecap dipakéna téh ukur sakali (0,18%).
2) Fungsi kecap rajékan anu kapanggih tina kumpulan carita pondok Halis Pasir karya Us Tiarsa R téh aya 6 fungsi, nya éta (1) fungsi nominal, (2) fungsi verbal, (3) fungsi ajéktival, (4) fungsi numeral, (5) fungsi partikel, jeung (6) fungsi adverbial. Tina hasil panalungtikan, fungsi kecap rajékan anu panglobana dipaké téh nya éta fungsi verbal. Ieu fungsi dipakéna aya 209 kali (32,57%). Ari nu pangsaeutikna dipaké nya éta fungsi numeral anu frékuensi dipakéna ukur 22 kali (3,99%).
134
diversitas, (4) distributif, (5) éksésif (padahal), (6) éksésif (kaleuleuwihi), (7) éksésif négatif, (8) frékuéntatif, (9) inténsitas, (10) inténsitas prohibitif, (11) inténsitasa négatif, (12) imitatif, (13) indeterminatif, (14) plural indeterminatif, (15) indeterminatif pasif, (16) indeterminatif frékuéntatif, (17) komperatif résiprokatif , (18) kontinuitas, (19) limitatif, (20) plural, (21) plural frékuéntatif, (22) perfektif, (23) perfektif futuratif, (24) partitif, (25) résiprokatif, (26) superlatif, (27) ngadadak, (28) konsésif, (29) sapanjang, (30) inklusif, (31) nuduhkeun nu dianggap, (32) terus-terusan teu di haja, (33) nuduhkeun rasa, (34) nuduhkeun panyakit, (35) ngalakukeun, (36) duratif, jeung (37) fakultatif. Tina hasil panalungtikan, harti kecap rajékan nu panglobana dipaké téh nya éta harti inténsitas anu frékuénsi dipakéna aya 72 kali (13,04%). Ari nu pangsaeutikan dipaké nya éta harti konsésif jeung “nuduhkeun panyakit. Éta kecap dipakéna ukur sakali (0,18%).
5.2 Rekoméndasi
Sanggeus diayakeun ieu panalungtikan, tangtuna waé aya sababaraha hal anu jadi rékomendasi tur bisa dijadikeun bahan tinimbangan deui, diantarana nya éta:
1) Analisis kecap rajékan bisa diguar leuwih jero deui dumasar kana tiori-tiori séjén anu tacan kapaluruh dina ieu panalungtikan. Sawanganna mah boh tina jihat wangun, fungsi atawa hartina.
2) Analisis kecap rajékan bisa ogé dipaluruh tina kaparigelan basa nu séjén. Misalna tina kaparigelan nyarita jeung ngaregepkeun anu aya dina wangun lisan.
DAPTAR PUSTAKA
Arikunto, Suharsimi. 2010. Prosedur Penelitian. Jakarta: PT Rineka Cipta
Kristiana, Gina. 2009. Kecap Rajékan Binarung Rarangkén Dina Novél Babalik Pikir Karangan Samsoedi Pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda di SMP. Bandung: JPBD FPBS UPI.
Mulyati, N.Rita. 2005. Kecap Rajékan dina Kumpulan Buku Carita Pondok Mirah Dalima Karangan Kis WS Pikeun Bahan Pangajaran Basa Sunda di SMP. Bandung: JPBD FPBS UPI
Panitia Kamus Lembaga Basa & Sastra Sunda. 1975. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate
Prawirasumantri, Abud dkk. 1993. Wacana, Adegan Kecap, Frase jeung Klausa Bahasa Sunda. Jakarta: Candimas Metropole.
Rosmana, Iyos Ana. 2003. Morfologi Basa Sunda. Bandung: JPBD FPBS UPI Sudaryat, Yayat, Spk. 2007. Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya. Sudaryat, Yayat. 2004. Élmuning Basa. Bandung: CV Walatra.
Suherman, Ayi. 2008. Penelitian Pendidikan. Bandung: UPI
Sumardi, Dadi dkk. 1992. Tata Bahasa Sunda. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan
Suyatna, Amir. 2002. Pengantar Metodologi Penelitian Pendidikan dan Pengajaran Bahasa. Bandung: FPBS UPI