Dian Astriani, 2013
No. 534/FPBS/0251/2013
CAMPUR KODE DINA NULIS SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII SMPN 1 LEMBANG
SKRIPSI
Diajengkeun pikeun Nyumponan Salah Sahiji Sarat Nyangking Gelar Sarjana Pendidikan
Program Studi Pendidikan Bahasa Daerah
ku
DIAN ASTRIANI 0903915
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
Dian Astriani, 2013
CAMPUR KODE DINA NULIS SURAT PRIBADI
SISWA KELAS VIII SMPN 1 LEMBANG
Oleh Dian Astriani
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
© Dian Astriani 2013 Universitas Pendidikan Indonesia
Februari 2013
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
Dian Astriani, 2013
LEMBAR PENGESAHAN
DIAN ASTRIANI NIM. 0903915
CAMPUR KODE DINA NULIS SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII SMPN 1 LEMBANG
DISALUYUAN JEUNG DISAHKEUN KU PANGAPING:
Pangaping I,
Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. NIP. 196302101987031001
Pangaping II,
Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd.
Kauninga ku
Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
Universitas Pendidikan Indonesia
Dian Astriani, 2013
CAMPUR KODE DINA NULIS SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII SMPN 1 LEMBANG1)
Dian Astriani2)
ABSTRAK
Penelitian yang berjudul “Campur Kode dina Nulis Surat Pribadi Siswa Kelas
VIII SMPN 1 Lembang” ini bertujuan untuk mendeskripsikan bentuk, wujud, dan faktor penyebab terjadinya campur kode yang ada pada surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif analitik dengan menggunakan teknik tes, angket, dan studi dokumentasi. Untuk mengumpulkan data, digunakan instrumen yang berupa lembaran tes, angket, dan kartu data. Hasil penelitian menunjukkan bahwa campur kode merupakan salah satu dari fenomena gejala kebahasaan yang diakibatkan oleh adanya kontak bahasa. Campur kode sering terjadi pada peristiwa komunikasi lisan ataupun tulisan. Dari hasil analisis, ditemukan 102 kata campur kode antara bahasa Sunda dengan bahasa lainnya. Berdasarkan bentuk, terdapat dua jenis campur kode yaitu campur kode ke dalam (inner code-mixing) sebanyak 91 kata (89,2%) dan campur kode ke luar (outer code-mixing) sebanyak 11 kata (10,8%), sedangkan berdasarkan wujud terdapat empat jenis campur kode, yaitu 1) 86 kata (84,3%), 2) 7 frasa (6,9%), 3) 6 kata ulang (5,9), dan 4) 3 idiom (2,9%). Faktor utama yang melatarbelakangi proses campur kode adalah kebiasaan pemakaian bahasa sehari-hari di mana siswa-siswi hampir 82% menggunakan bahasa campuran untuk berkomunikasi dan kedwibahasaan (73%). Penelitian ini bermanfaat untuk memperluas pengetahuan tentang permasalahan-permasalahan kebahasaan terutama dalam pengajaran bahasa Sunda. Selain itu, bagi para pengajar penelitian ini bisa dijadikan pertimbangan untuk memilih media dan bahan pembelajaran.
1)
Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. dan Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd.
2)
ii
Dian Astriani, 2013
CAMPUR KODE DINA NULIS SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII SMPN 1 LEMBANG
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
CODE-MIXING WHEN WRITING PERSONAL LETTERS BY THE GRADE VIII STUDENTS OF SMPN 1 LEMBANG
Dian Astriani
Abstract
This research entitled “Code-Mixing When Writing Personal Letters by the Grade
VIII Students of SMPN 1 Lembang” was intended to describe the forms, shapes,
Dian Astriani, 2013
DAPTAR EUSI
ABSTRAK ... i
PANGJAJAP ... ii
CATUR PANUHUN ... iii
DAPTAR EUSI ... vi
DAPTAR SINGGETAN ... ix
DAPTAR BAGAN ... x
DAPTAR TABÉL ... xi
DAPTAR LAMPIRAN ... xii
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang ... 1
1.2 Idéntifikasi Jeung Rumusan Masalah ... 5
1.2.1 Idéntifikasi Masalah ... 5
1.2.2 Rumusan Masalah ... 5
1.3 Tujuan Panalungtikan ... 5
1.3.1 Tujuan Umum ... 5
1.3.2 Tujuan Husus ... 6
1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 6
1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 6
1.4.2 Mangpaat Praktis ... 6
1.5 Sistematika Panulisan ... 7
BAB II KADWIBASAAN, CAMPUR KODE, JEUNG SURAT PRIBADI 2.1 Kadwibasaan ... 8
2.1.1 Wangenan Kadwibasaan ... 9
2.1.2 Faktor anu Ngabalukarkeun Kadwibasaan ... 10
2.1.3 Aspék-Aspék Kadwibasaan ... 11
vii
Dian Astriani, 2013
2.1.5 Pola-Pola Kadwibasaan ... 13
2.1.6 Cara Ngukur Tingkat Kadwibasaan ... 14
2.2 Campur Kode ... 14
2.2.1 Wangenan Campur Kode ... 15
2.2.2 Kasang Tukang Lumangsungna Campur Kode ... 16
2.2.3 Faktor anu Ngabalukarkeun Ayana Campur Kode ... 17
2.2.4 Papasingan Campur Kode ... 18
2.2.4.1Wanda Campur Kode ... 18
2.2.4.2Wujud Campur Kode ... 18
2.3 Nulis Surat ... 20
2.3.1 Nulis ... 20
2.3.1.1Wangenan, Fungsi, jeung Tujuan Nulis ... 20
2.3.1.2Papasingan Tulisan ... 24
2.3.1.3Kamampuh Nulis ... 25
2.3.2 Surat Pribadi ... 26
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Lokasi jeung Jejer Panalungtikan ... 30
3.2 Desain Panalungtikan ... 30
3.3 Métode Panalungtikan ... 32
3.4 Wangenan Operasional ... 32
3.5 Instrumén Panalungtikan ... 32
3.6 Téhnik Panalungtikan ... 35
3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 35
3.6.2 Téhnik Ngolah Data ... 35
BAB IV CAMPUR KODE DINA NULIS SURAT PRIBADI SISWA KELAS VIII SMPN 1 LEMBANG 4.1 Wanda Campur Kode dina Surat Pribadi ... 37
4.2 Wujud Campur Kode dina Surat Pribadi ... 42
viii
Dian Astriani, 2013
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan ... 68
5.2 Saran ... 68
DAPTAR PUSTAKA ... 70
LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 72
Dian Astriani, 2013
BAB I BUBUKA
1.1 Kasang Tukang
Dina campur gaulna sakabéh manusa ngagunakeun basa, sabab ngaliwatan
basa bisa ngébréhkeun sagala pamaksudan. Basa nya éta sistem lambang omongan
nu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna
(sistematis) tur ragem (konvénsional) antar anggota masarakatna pikeun tujuan
patali marga atawa komunikasi (Sudaryat, 2004:6).
Basa mangrupa salah sahiji alat komunikasi anu penting dina kahirupan
manusa, sabab ngaliwatan basa manusa bisa nepikeun naon-naon anu aya dina
uteukna. Fungsi basa numutkeun Kinneavy dina Chaer (1994:33) nya éta fungsi
éksprési, informasi, éksplorasi, persuasi, jeung éntertainmen. Lima fungsi dasar
ngeunaan basa ngawakilan konsép yén basa mangrupa alat pikeun ngedalkeun
ungkaban-ungkaban batin, atawa nepikeun informasi anu hayang ditepikeun ku
panyatur ka pangregep.
Basa kabagi jadi dua bagian, nya éta basa resmi anu biasa disebut basa
baku jeung basa teu resmi atawa basa non baku anu nalika digunakeunana kudu
merhatikeun sababaraha situasi, saperti saha lawan nyaritana, dimana, sarta iraha
digunakeunana. Basa baku digunakeun dina situasi resmi, upamana dina situasi
rapat, situasi diajar ngajar, surat dines jeung sajabana, sedengkeun basa non baku
(basa daérah) umumna mindeng digunakeun salaku basa sapopoé dina situasi anu
leuwih rinéh sarta teu resmi, nyalsé, teu nyoko ka lawan wicara anu leuwih luhur
posisina saperti dina ragam basa resmi. Dina basa daérah ogé aya aturan-aturan
anu kudu diperhatikeun, saperti dina basa Sunda. Ieu aturan téh katitén tina basa
Sunda anu dibagi jadi sababaraha tingkatan dumasar kana tingkat kasopanan
jeung lemesna éta basa (undak-usuk basa).
Basa Sunda mangrupa salah sahiji basa daérah anu digunakeun pikeun alat
komunikasi ku masarakat Sunda sacara turun-tumurun. Basa Sunda miboga
sababaraha ragam basa, saperti ragam dialék. Dina basa Sunda aya ragam dialék
2
Dian Astriani, 2013
jadi pasualan anyar, nya éta kumaha kudu ngagunakeun basa di lingkungan
masarakat.
Kitu deui basa anu digunakeun dina pangajaran di sakola. Pangajaran basa
di SMP miboga tujuan sangkan murid ngawasa opat kaparigelan basa, nya éta
ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Diajar ngagunakeun basa (nulis) téh,
bisa ngasah kamampuh mikir kritis siswa.
Nulis mangrupa salah sahiji tina opat kaparigelan basa anu kudu dihontal
ku siswa anu sipatna produktif, sarta miboga tujuan pikeun komunikasi sacara teu
langsung. Ku kituna, panulis kudu miboga kaparigelan pikeun ngadumaniskeun
antara struktur basa jeung kosa kecapna. Salah sahiji kaparigelan nulis anu
diajarkeun di sakola, utamana jenjang atikan SMP nya éta kaparigelan nulis surat
pribadi.
Kaparigelan nulis surat pribadi geus diatur ku Dinas Pendidikan Jawa
Barat dina Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi Dasar (SKKD) 2006 mata
pelajaran Basa jeung Sastra Sunda pikeun tingkat SMP kelas VIII, nya éta
“Mampu menulis untuk mengungkapkan pikiran, perasaan, dan keinginan dalam
bentuk surat, esai, laporan, sisindiran, dan guguritan”.
Dina kanyataanana, siswa SMP kelas VIII miboga bangbaluh dina nulis
surat pribadi basa Sunda, nya éta héséna nepikeun atawa ngébréhkeun pikiran
lantaran kawatesanan ku kamampuh ngagunakeun jeung milih kosa kecap. Ku
kituna, loba siswa anu macorokkeun basa Sunda jeung basa Indonesia atawa basa
séjénna dina surat pribadina.
Hymes pakar sosiolinguistik dina Sudaryat (2004:13) ngajéntrékeun yén
komunikasi ngagunakeun basa kudu merhatikeun kana dalapan unsur, anu
diakronimkeun jadi SPEAKING, nya éta: 1) setting and scene, nya éta unsur anu
patali jeung tempat sarta waktu lumangsungna paguneman atawa obrolan; 2)
participants, nya éta jalma-jalma (palaku) anu kalibet dina paguneman atawa
obrolan; 3) ends, nya éta maksud jeung hasil paguneman atawa obrolan; 4) act
sequences, nya éta hal anu museur kana wangun jeung eusi paguneman atawa
obrolan; 5) key, nya éta cara atawa motivasi dina ngalaksanakeun paguneman
3
Dian Astriani, 2013
atawa obrolan boh lisan boh non lisan; 7) norms, nya éta anu museur kana norma
paripolah jalma anu aya dina paguneman atawa obrolan; jeung 8) genres, nya éta
anu museur kana kategori atawa ragam basa anu digunakeun.
Ku ayana masarakat anu multilingual pasti baris aya interferensi, integrasi,
sarta alih kode jeung campur kode. Éta opat peristiwa tutur téh gejalana sarua, nya
éta ayana unsur basa séjén anu digunakeun dina tulisan atawa omongan tapi
konsep pasualanana béda. Campur kode mangrupa salah sahiji masalah dina
lumangsungna kagiatan nyarita.
Kasang tukang ayana campur kode nya éta: 1) identifikasi peranan; 2)
idéntifikasi ragam; jeung 3) kahayang pikeun ngébréhkeun sarta ngagambarkeun.
Éta tilu hal téh raket pisan patalina sarta silih deudeul.
Thealander dina Chaer (2010:115) nétélakeun yén dina hiji peristiwa tutur
aya klausa-klausa atawa frase-frase anu diwangun ku klausa jeung frase campuran
(hybrid clauses, hybrid phrases), tapi fungsi tina sabagian klausa jeung frase téh
patukang tonggong, mangka peristiwa anu lumangsung nya éta campur kode.
Campur kode lumangsung saupama panyatur basa Indonesia ngasupkeun
unsur-unsur basa daérahna kana obrolan anu ngagunakeun basa Indonesia atawa
sabalikna. Ciri anu pangonjoyna tina campur kode bisa katitén dina situasi non
formal.
Ayana masalah campur kode téh bisa nyieun siswa leuwih apik dina milih
kekecapan basa Sunda dina waktu diajar, sabab campur kode mangrupa hiji
kasalahan dina makéna basa. Ku kituna, dipiharep siswa bisa lancar dina nulis
atawa nyarita ngagunakeun dua basa, upamana ngagunakeun basa Sunda jeung
basa Indonesia.
Tapi dina prakna nulis atawa nyarita, loba kénéh siswa anu ngagunakeun
dua basa kalayan henteu saluyu jeung aturan anu tangtu. Ku ayana éta hal,
mangka diperlukeun ayana panalungtikan ngeunaan campur kode, sangkan anu
diajak nyarita ngarti kana naon anu keur dicaritakeun sarta bisa ngagunakeun basa
kalayan bener.
Dina panalungtikan saacanna aya sababaraha panalungtik anu geus medar
4
Dian Astriani, 2013
nalungtik ngeunaan Campur Kode dina Paguneman Siswa RSBI Kelas X SMA
Pasundan 1 Bandung (2011), Kamilah Intan Hartati anu nalungtik ngeunaan
Campur Kode Basa Indonesia kana Basa Sunda dina Naskah Khutbah Juma’ah
Ditilik tina Segi Morfologi (2004), Karsim anu nalungtik ngeunaan Campur Kode
Basa Jawa kana Basa Sunda di Wewengkon Tangkolo Desa Tegalurung
Kecamatan Cimalaya Kulon (2010), Rahmasari Aulia Khotimah anu nalungtik
ngeunaan Campur Kode Basa Sunda jeung Basa Indonesia dina Kagiatan Diajar
Kelas II SDN Sentra Masekdas II Kalurahan Suka Asih (2010), Lesi Nursintawati
anu nalungtik ngeunaan Campur Kode Basa Indonesia kana Basa Sunda dina
Naskah Biantara Siswa Kelas X SMA Pasundan 8 Bandung (2008), Ade Herni
Nurkolbi anu nalungtik ngeunaan Campur Kode dina Karangan Pangalaman
Siswa Kelas VII SMPN 1 Bandung Taun Ajaran 2011/2012 (2011), Sri Supartini
anu nalungtik ngeunaan Tilikan Morfologi Campur Kode Sunda – Indonesia dina
Pagelaran Seni Banyolan Longsér di STV Bandung (2007), jeung Nita Novita
Permatasari anu nalungtik ngeunaan Campur Kode dina Siaran Tarucing Salasa
Naker (Tarsan) I-Radio 105,1 FM Bandung pikeun Bahan Ajar Ngaregepkeun
(2012).
Tina sababaraha judul panalungtikan anu geus aya, panalungtikan
ngeunaan campur kode masih perlu dilaksanakeun. Sasaruaan tina ieu
panalungtikan téh nya éta sarua nalungtik ngeunaan kasalahan makéna basa,
hususna ngeunaan campur kode. Bédana ieu panalungtikan jeung panalungtikan
séjén nya éta dina sumberna, utamana nu sumber datana surat pribadi, kumaha
jeung nepi ka mana campur kode basa Sunda jeung basa séjén dina surat pribadi.
Ku kituna, panulis ngayakeun panalungtikan anu judulna “Campur Kode dina
5
Dian Astriani, 2013
1.2 Idéntifikasi jeung Rumusan Masalah 1.2.1 Idéntifikasi Masalah
Campur kode téh nya éta kaayaan pacampurna kecap hiji basa jeung basa
séjén dina basa anu digunakeun. Ambahan campur kode nyoko kana wanda,
faktor, jeung wangun-wangun kecap anu digunakeunana. Latar basa anu
digunakeunana ogé bisa béda-béda. Masalah anu dipedar dina ieu panalungtikan
téh ngan ukur ngeunaan campur kode anu aya dina nulis surat pribadi siswa kelas
VIII SMPN 1 Lembang. Pedaranana ngawengku wanda, wujud, jeung faktor anu
mangaruhan kana lumangsungna campur kode.
1.2.2 Rumusan Masalah
Rumusan malasah dipiharep bisa méré pituduh pikeun ngumpulkeun data
anu aya patalina jeung pananya anu aya dina rumusan. Rumusan-rumusan
masalah anu aya dina ieu panalungtikan saperti ieu di handap.
1) Wanda campur kode naon waé anu aya dina nulis surat pribadi siswa kelas
VIII SMPN 1 Lembang?
2) Wujud campur kode naon waé anu kapanggih dina nulis surat pribadi siswa
kelas VIII SMPN 1 Lembang?
3) Faktor naon anu mangaruhan kana lumangsungna prosés campur kode anu
aya dina surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang?
1.3 Tujuan Panalungtikan 1.3.1 Tujuan Umum
Sacara umum ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngungkulan
pasualan atawa kahéngkéran dina widang atikan jeung pangajaran hususna dina
6
3) faktor-faktor anu mangaruhan kana lumangsungna prosés campur kode anu
aya dina surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Unggal panalungtikan tangtu miboga mangpaat. Kitu deui dina ieu
panalungtikan. Mangpaat anu baris dihontal dibagi jadi dua bagian, nya éta
mangpaat tioritis jeung mangpaat praktis.
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Mangpaat tioritis anu aya dina ieu panalungtikan nya éta pikeun
ngajembaran ambahan élmu sosiolinguistik minangka élmu anu maluruh basa
katut makéna basa di masarakat. Ngajembaran élmu sosiolinguistik di dieu leuwih
museur kana widang karagaman basa. Jadi, campur kode bisa diasupkeun kana
ragam basa anu mangrupa masalah anu aya di masarakat multilingual.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Mangpaat praktis tina ieu panalungtikan nya éta:
1) pikeun guru, méré informasi yén dina kagiatan diajar-ngajar utamana dina
kagiatan nulis surat pribadi loba siswa anu salah dina ngagunakeun basa;
2) pikeun murid, méré informasi ngeunaan kasalahan makéna basa;
3) pikeun sakola, méré informasi yén di sakola loba kénéh murid anu masih
salah dina ngagunakeun basa;
4) pikeun masarakat, méré informasi ka balaréa yén campur kode mangrupa hiji
7
Dian Astriani, 2013
5) pikeun nu nalungtik, nambahan pangaweruh ngeunaan campur kode.
1.5 Sistematika Panulisan
BAB I BUBUKA, anu ngawengku kasang tukang panalungtikan,
idéntifikasi jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat
panalungtikan, jeung sistematika panulisan.
BAB II LANDASAN TIORI, anu ngawengku ngeunaan tiori anu aya
patalina jeung masalah anu ditalungtik di antarana medar ngeunaan campur kode
jeung kasalahan makéna basa.
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN, anu medar ngeunaan métode
anu digunakeun dina ieu panalungtikan, saperti sumber data, desain
panalungtikan, métode panalungtikan, wangenan operasional, instrumén
panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan.
BAB IV ANALISIS CAMPUR KODE, anu ngawengku data jeung hasil
panalungtikan.
BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN, anu ngawengku kacindekan
jeung saran.
DAPTAR PUSTAKA, anu ngawengku ngeunaan judul-judul buku anu
Dian Astriani, 2013
BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
Dina ieu bab dipedar ngeunaan métode panalungtikan anu ngawengku:
lokasi jeung jejer panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan,
wangenan operasional, instrumén panalungtikan, jeung téhnik panalungtikan anu
ngawengku téhnik ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.
3.1Lokasi jeung Sumber Data Panalungtikan
Lokasi panalungtikan dilaksanakeun di SMPN 1 Lembang, Jl. Raya
Lembang No. 357 – Bandung Barat. Jejer panalungtikan nya éta campur kode
dina nulis surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang.
Sumber data mangrupa subjék anu bisa dipaké pikeun meunangkeun data.
Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta surat pribadi siswa kelas VIII A
SMPN 1 Lembang anu jumlahna aya 30 siswa, ngawengku 6 urang lalaki jeung
24 urang awéwé, sarta siswa kelas VIII D SMPN 1 Lembang anu jumlahna aya 27
siswa, ngawengku 11 urang lalaki jeung 16 urang awéwé. Lian ti éta, jawaban
angkét siswa kelas VIII A jeung VIII D anu patali jeung faktor anu
ngabalukarkeun kana lumangsungna campur kode ogé jadi sumber data dina ieu
panalungtikan.
3.2Desain Panalungtikan
Desain panalungtikan nya éta prosés anu dirarancang pikeun ngajawab
sarta ngajéntrékeun sababaraha masalah anu aya dina panalungtikan. Ieu desain
panalungtikan disusun dumasar kana léngkah-léngkah: 1) nangtukeun masalah, 2)
studi pendahuluan, 3) ngawatesanan jeung ngarumuskeun masalah, 4)
ngarumuskeun anggapan dasar, 5) milih pamarekan, 6) nangtukeun sumber data,
7) nangtukeun jeung nyusun instrumén, 8) ngumpulkeun data, 9) analisis data, 10)
31
Dian Astriani, 2013
Desain panalungtikan dibagankeun saperti ieu di handap.
Nangtukeun Masalah
Studi Pendahuluan
Ngawatesanan jeung Ngarumuskeun Masalah
Ngarumuskeun Anggapan Dasar
Milih Pamarekan
Nangtukeun Sumber Data
Nangtukeun jeung Nyusun Instrumén
Ngumpulkeun Data
Analisis Data
Nyieun Kacindekan
Nyusun Laporan
Bagan 3.1
32
Dian Astriani, 2013 3.3Métode Panalungtikan
Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif.
Ieu métode digunakeun pikeun ngagambarkeun karakteristik data jeung kaayaan
anu sabenerna sacara faktual, sistematis, tur akurat (Suyatna, 2002:14).
Métode déskriptif digunakeun pikeun ngadéskripsikeun fakta-fakta jeung
sipat-sipat campur kode utamana wanda, faktor, jeung wangun kecap dina surat
pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang.
Métode déskriptif bisa ngagambarkeun karakteristik data campur kode
dina surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang. Dina ieu métode,
panalungtik ngadéskripsikeun data-data anu dikumpulkeun dumasar hasil analisis
nepi ka bisa nyieun kacindekkan tina ieu panalungtikan.
3.4Wangenan Operasional
Judul tina ieu panalungtikan dijéntrékeun dina wangenan operasional ieu
di handap kalayan tujuan pikeun nyingkahan ayana salah tafsir ti pamaca.
1) Campur Kode
Campur kode dina ieu panalungtikan nya éta campur kode tina basa
Indonesia atawa basa séjénna kana basa Sunda anu aya dina surat pribadi siswa
kelas VIII SMPN 1 Lembang ditilik tina wanda jeung wujud kecapna .
2) Surat Pribadi
Surat pribadi dina ieu panalungtikan nya éta téks tulisan anu dijieun ku
siswa-siswi kelas VIII SMPN 1 Lembang.
Bisa dicindekkeun maksud tina judul “Campur Kode dina Nulis Surat Pribadi Siswa Kelas VIII SMPN 1 Lembang” téh nya éta ngadéskripsikeun
campur kode anu aya dina téks surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang
ditilik tina wanda jeung wujud kecapna.
3.5Instrumén Panalungtikan
Ieu panalungtikan ngagunakeun sababaraha instrumén, nya éta instrumén
33
Dian Astriani, 2013
1) Instrumén tés, mangrupa lembaran tés anu eusina paréntah ka siswa pikeun
nyieun hiji conto surat pribadi.
2) Kartu data, digunakeun pikeun kalancaran klasifikasi jeung déskripsi data.
Dina kartu data aya nomer data, paragraf, prosés campur kode, jeung conto
kalimahna.
Tabél 3.1 Conto Kartu Data
3) Angkét, digunakeun pikeun mikanyaho faktor anu mangaruhan kana
lumangsungna prosés campur kode anu aya dina surat pribadi siswa kelas
VIII SMPN 1 Lembang.
Conto kisi-kisi angkét:
No. Aspék anu ditalungtik
1 Suku bangsa/alamat asal
2 Basa anu dikawasa
3 Suku bangsa/asal indung/bapa
4 Basa anu digunakeun sapopoé jeung kulawarga
5 Basa anu digunakeun sapopoé di sakola
6 Basa anu digunakeun sapopoé di masarakat
7 Bahan bacaan di imah
8 Acara Radio/TV anu sok diregepkeun/ditongton
9 Aya rasa gengsi atawa henteu maké basa Sunda
Tabél 3.2 Conto Kisi-Kisi Angkét
Nomer/kode data : ……….
Paragraf ka : ……….
Prosés campur kode : ……….
34
Dian Astriani, 2013
Conto angkét
ANGKET CAMPUR KODE
Wasta : ………..
Alamat Asal : ………..
Alamat Ayeuna : ………..
Kelas : ………..
Basa anu Dikawasa : ………..
Asal Bapa : ………..
Asal Indung : ………..
1. Basa anu Digunakeun
A.Di Imah (Anggota Kulawarga) : a. BS b. BI c. BDS d. BC
Alesan : ………..
B. Di Sakola (Waktu Istirahat) : a. BS b. BI c. BDS d. BC
Alesan : ………..
C.Di Masarakat (Babaturan/Tatangga) : a. BS b. BI c. BDS d. BC
Alesan : ………..
2. Bacaan di Imah : a. Majalah : ………..
b. Koran : ………..
c. Nu Séjénna : ………..
3. Acara Radio/TV : a. Warta : ………..
b. Seni Sunda : ………..
c. Acara Séjénna : ………..
4. Géngsi atawa Henteu Maké Basa Sunda : ………..
Alesan : ………..
Katerangan
35
Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan ngawengku téhnik
ngumpulkeun data jeung téhnik ngolah data.
3.6.1 Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés, angkét,
jeung studi dokuméntasi.
1) Téhnik tés tinulis, digunakeun pikeun meunangkeun data surat pribadi siswa
kelas VIII SMPN 1 Lembang.
2) Téhnik angkét, digunakeun pikeun meunangkeun data ngeunaan faktor anu
ngabalukarkeun lumangsungna campur kode dina surat pribadi siswa kelas
VIII SMPN 1 Lembang.
3) Ulikan dokuméntasi, digunakeun pikeun nganalisis wanda campur kode jeung
wujud campur kode anu aya dina surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1
Lembang.
Ari léngkah-léngkah ngumpulkeun datana saperti ieu di handap.
1) Malikan deui matéri anu geus ditepikeun ku guru ngeunaan surat pribadi;
2) Ngabagikeun lembar tés ka siswa pikeun nulis surat pribadi; jeung
3) Ngumpulkeun surat pribadi hasil tulisan siswa.
3.6.2 Téhnik Ngolah Data
Data anu geus dikumpulkeun diolah pikeun didéskripsikeun sangkan bisa
ngahasilkeun kacindekan. Éta data diolah ngaliwatan sababaraha léngkah ieu di
handap.
1) Data wanda jeung wujud campur kode
Pikeun ngolah ieu data, panalungtik ngalakukeun sababaraha léngkah ieu
36
Dian Astriani, 2013
1) Hasil surat pribadi siswa dibaca jeung dibéré tanda kecap-kecap anu
ngalaman campur kode ditilik tina wanda jeung wangun kecap;
2) Hasil maca dianalisis tur diklasifikasikeun dumasar kana wanda jeung
wangun kecap;
3) Hasil analisis ditulis dina kartu data, unggal campur kode dibéré tanda nu
tangtu;
4) Kartu data disusun dina tabél; jeung
5) Nyieun kacindekan tina data anu geus diolah dina wangun perséntaseu,
kalayan rumus:
Katerangan:
ECK = jumlah CK dina surat pribadi
CK = jumlah total CK dina sakabéh surat pribadi
2) Data angkét
Data angkét digunakeun pikeun mikanyaho faktor naon waé anu
mangaruhan kana lumangsungna campur kode. Data angkét diolah ngaliwatan
sababaraha léngkah, nya éta:
1) siswa dibagi angkét campur kode;
2) angkét dianalisis dumasar kana aspék jeung kategorina;
3) hasil analisis diitung frékuénsina dumasar kana aspék anu ditalungtik;
jeung
4) nyieun kacindekan dina wangun perséntaseu.
Rumus anu digunakeunna nya éta:
Katerangan:
f = frékuénsi aspék nu ditalungtik
Dian Astriani, 2013
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
5.1 Kacindekan
Dumasar kana rumusan jeung watesan masalah, sarta tujuan panalungtikan
jeung hasil analisis data ngeunaan campur kode anu aya dina surat pribadi siswa
kelas VIII SMPN 1 Lembang, kapanggih aya 102 kecap campur kode. Campur
kode anu kapanggih dina surat pribadi siswa dipasing-pasing deui jadi dua bagian,
nya éta campur kode dumasar kana wandana jeung wujudna.
Tina 102 kecap campur kode anu kapanggih, éta kecap dipasing-pasing
deui dumasar kana wandana. Dumasar kana wandana, aya 91 kecap (89,2%) anu
kaasup kana campur kode ka jero (inner code-mixing) nya éta Basa Indonesia (BI) – Basa Sunda (BS) jeung 11 kecap (10,8%) anu kaasup kana campur kode ka luar
(outer code-mixing) nya éta Basa Asing (BA) – Basa Sunda (BS).
Dumasar kana wujudna, tina data campur kode anu jumlahna aya 102
kecap campur kode, dina surat pribadi siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang téh
kapanggih aya opat tina genep wujud campur kode, nya éta: 1) 86 kecap (84,3%)
seselan unsur anu ngawujud kecap, 2) 7 kecap (6,9%) seselan unsur anu ngawujud
frasa, 3) 6 kecap (5,9%) seselan unsur anu ngawujud rajékan, jeung 4) 3 kecap
(2,9%) seselan unsur anu ngawujud idiom.
Anu jadi faktor anu mangaruhan kana ayana campur kode dina surat
pribadi siswa aya dua, nya éta: 1) basa anu digunakeun sapopoé jeung 2)
kadwibasaan. Faktor séjénna ngawengku faktor karesep kana acara tv/radio jeung
bahan bacaan sapopoé siswa di imah, daérah asal siswa jeung kolotna.
5.2 Saran
Sabada panalungtikan ngeunaan campur kode dina surat pribadi siswa
kelas VIII SMPN 1 Lembang dilaksanakeun, aya sababaraha saran anu perlu
ditepikeun.
1) Hasil panalungtikan ngabuktikeun, lobana kecap injeuman ngabalukarkeun
69
Dian Astriani, 2013
élmu pangaweruh sarta téhnologi. Ku kituna, kekecapan basa Sunda anu aya
dina kamus kudu dilengkepan deui luyu jeung kamekaran basa Sunda.
2) Pikeun siswa kelas VIII SMPN 1 Lembang dipiharep sangkan ulah waka
ngagunakeun kecap injeuman salila masih kénéh bisa ngagunakeun kecap tina
basa Sunda, sarta siswa dipiharep kudu leuwih mindeng maca atawa
ngaregepkeun kana bahan bacaan atawa acara tv/radio anu aya patalina jeung
basa sunda. Ieu hal bisa mangaruhan kana kabeungharan kosa kecap dina
basa sunda.
3) Pikeun guru dipiharep dina nalika kagiatan diajar-ngajar lumangsung, guru
kudu bisa ngagunakeun basa sunda anu bener sangkan bisa méré conto ka
siswa. Lian ti éta, guru kudu ngabiasakeun siswa sangkan ngagunakeun basa
sunda dina waktu kagiatan diajar-ngajar lumangsung. Ku kituna, dina
kagiatan ngajar, utamana dina kagiatan nulis surat pribadi siswa moal loba
anu salah dina ngagunakeun basa Sunda.
4) Pikeun nyingkahan ayana campur kode di masarakat, masarakat kudu kukuh
kana aturan makéna basa, iraha waktuna, dimana tempatna, jeung saha anu
Dian Astriani, 2013
Alwasilah, A. Chaedar. (1993). Pengantar Sosiologi Bahasa. Bandung: Angkasa.
Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik.
Jakarta: Rineka Cipta.
Aslinda dan Leni Syafyahya. (2010). Pengantar Sosiolinguistik. Limau Manih:
Reflika Aditama.
Chaer, Abdul dan Leonie Agustina. (2010). Sosiolinguistik Perkenalan Awal.
Jakarta: Rineka Cipta.
Chaer, Abdul. (1994). Linguistik Umum. Jakarta: Rineka Cipta.
Danadibrata, R. A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.
Dinas Pendidikan Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar
Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Dinas Pendidikan Jawa Barat. Mar’at, Samsunuwiyati. (2005). Psikolinguistik Suatu Pengantar. Bandung:
Refika Aditama.
Nababan. (1991). Sosiolinguistik Suatu Pengantar. Jakarta: PT. Gramedia.
Nurjanah, Nunuy. (2007). Teori Nulis. Bandung: JPBD FPBS UPI.
Prawirasumantri, Abud spk. (2007). Kamekaran, Adegan, jeung Kandaga Kecap
Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.
Rusyana, Y. (1984). Bahasa dan Sastra dalam Gampitan Pendidikan. Bandung:
CV. Dipenogoro.
Semi, Atar. (2008). Terampil Menulis Surat. Bandung: Titian Ilmu.
Sudaryat, Yayat spk. (2007). Makaya Basa. Bandung: Sonagar Press.
Sudaryat, Yayat spk. (2007). Tata Basa Sunda Kiwari. Bandung: Yrama Widya.
Sudaryat, Yayat. (2004). Élmuning Basa. Bandung: CV Walatra.
71
Dian Astriani, 2013
Suwito. (1983). Sosiolinguistik: Teori dan Problema. Surakarta: Henary Offset
Solo.
Suyatna, Amir. (2002). Pengantar Metodologi Penelitian dan Pengajaran
Bahasa. ___________________.
Tarigan, Henry Guntur. (2008). Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa.