B. Capaian Pembelajaran Peserta PPG mampu menguasai pengetahuan tentang Tiori Nulis (Teori Menulis) bahasa Sunda.

24 

Loading....

Loading....

Loading....

Loading....

Loading....

Teks penuh

(1)

MODUL 3

TIORI NULIS

A. Bubuka

Sampurasun.

Wilujeng tepang dina kagiatan diajar kaweruh basa Sunda. Dina kagiatan ayeuna, Sadérék bakal ngulik perkara Tiori Nulis. Ieu kagiatan diajar téh diwangun ku tujuh komponén, nyaéta (1) capaian pembelajaran, (2) sub capaian pembelajaran, (3) galeuh matéri, (4) pedaran matéri, (5) rangkuman, (6) tugas, jeung (7) tés formatif.

B. Capaian Pembelajaran

Peserta PPG mampu menguasai pengetahuan tentang Tiori Nulis (Teori Menulis) bahasa Sunda.

C. Sub Capaian Pembelajaran

Tujuan khusus yang akan dicapai melalui pembelajaran ini, Saudara dapat: 1. Menjelaskan arti menulis

2. Menjelaskan fungsi menulis 3. Mendeskripsikan manfaat menulis 4. Membedakan macam-macam tulisan

5. Mengklasifikasikan Langkah-langkah menulis 6. Menjelaskan karya ilmiah

7. Mengidentifikasi ciri-ciri karya ilmiah

8. Menunjukkan perbedaan karya ilmiah dan karya ilmiah popular 9. Menjelaskan langkah-langkah menulis kasya ilmiah

D. Galeuh Matéri

Galeuh matéri anu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar ngawengku lima hal, nyaéta: (1) harti nulis, (2) fungsi nulis, (3) mangfaat nulis, (4) rupa-rupa tulisan,

(2)

KD

1

(5) léngkah-léngkah nulis, (6) karya ilmiah, (7) ciri-ciri karya ilmiah, (8) tujuan menulis karya ilmiah, (9) fungsi karya ilmiah, (10) jenis-jenis karya ilmiah, (11) perbédaan karya ilmiah dan karya ilmiah populér, (12) langkah-langkah menulis karya ilmiah

E. Pedaran Matéri

Nulis mangrupa kamampuh makéna basa dina wangun tinulis. Tina ieu wangenan ébréh yén nulis téh mangrupa kagiatan produktif aktif.

Nurutkeun Kamus LBSS (1985: 50), nulis nya éta nyieun aksara atawa angka dina kertas jst, ku parantina. Éta definisi luyu jeung pamadegan Tarigan (1983:21) yén nulis téh mangrupa kagiatan ngagambarkeun lambang-lambang grafik dina wangun basa nu pikahartieun.

1. Watesan jeung Fungsi Nulis

Nulis mangrupa salah sahiji kagiatan produktif aktif, atawa bisa ogé disebutkeun yén nulis téh mangrupa kagiatan ngébréhkeun eusi haté jeung pikiran ka nu séjén ku basa tinulis. Dina kaparigelan ieu, fungsi utamana nya éta pikeun alat komunikasi anu henteu langsung.

Kagiatan nulis téh kacida pisan pentingna pikeun dunya atikan mah, sabab ku nulis bisa mantuan siswa mikir kritis, bisa ngagampangkeun matalikeun hubungan-hubungan, bisa nimbulkeun ayana daya persépsi nu jero, bisa ngungkulan pasualan-pasualan anu keur disanghareupan, sarta bisa nyusun runtuyan pangalaman. Tulisan bisa ngajéntrékeun pamikiran-pamikiran nu aya dina diri nu nulis.

2. Gunana Nulis

(3)

1. nu nulis bisa nyaho kana kamampuh nulisna sorangan; 2. nu nulis bisa mekarkeun gagasan-gagasanana;

3. nu nulis kalatih dina néangan informasi; nu nulis bisa ngajelaskeun masalah-masalah nu tacan jéntré; bisa ngajén kana pamanggih atawa pamadegan jalma séjén kalawan objéktif;

4. nu nulis bakal leuwih gampang ngungkulan masalahna lantaran geus nembrak (ditulis);

5. nu nulis bakal kadorong pikeun diajar leuwih aktif-kréatif;

6. nu nulis bakal kalatih dina mikir kritis bari ngagunakeun basa anu puguh éntép seureuhna.

3. Rupa-rupa Tulisan

Nurutkeun eusina tulisan téh dibagi jadi opat rupa: (1) narasi, (2) déskripsi, (3) éksposisi, jeung (4) arguméntasi.

1. Narasi

Narasi nya éta tulisan atawa karangan anu eusina ngébréhkeun lumangsungna kajadian, boh nyata, boh rékaan. Contona: dongéng, novel, carita pondok, biografi, skétsa, jsté.

2. Déskripsi

Déskripsi nya éta tulisan atawa karangan anu eusina ngadadarkeun atawa ngébréhkeun kagiatan indra (paningal, pangrungu, pangrasa, panyabak, pangambeu) minangka hasil pangalamanana. Karangan déskripsi ngagambarkeun objék kalawan jéntré.

3. Eksposisi

Eksposisi nya éta tulisan atawa karangan anu eusina ngajéntrékeun atawa nerangkeun hiji objék, kumaha prosésna. Tujuanana pikeun ngajembaran pangaweruh hiji jalma.

(4)

KD

1

Arguméntasi nya éta tulisan atawa karangan anu eusina ngajéntrékeun bener henteuna hiji perkara dumasar kana alesan nu kuat nepi ka nu lian/nu maca yakin tur percaya kana éta pamadegan.

4. Tahap-tahap Nulis

Tahap nulis téh aya dua. Kahiji, tahap nandeskeun idé. Kadua, tahap nuliskeun idé.

a. Tahap Nandeskeun Idé

Dina ieu tahap aya lima léngkah anu kudu digarap.

1) Milih topik

Topik nya éta bahan picariteun, jejer atawa bahan tuliskeuneun.

2) Nangtukeun topik nu spésipik

Supaya topik nu dipilih ulah lega teuing ambahanana. Aya sawatara cara anu bisa dipaké. Éta cara téh bisa disingget jadi PUSAT-B.

P (ungsi), ngan dicaritakeun fungsina;

U (ntung rugina), ngan dicaritakeun untung rugina, hadé goréngna;

S (ajarah), ngan dicaritakeun sajarah, asal usul riwayat, kasang tukang, sabab musababna wungkul;

A (ya), ngan dicaritakeun kaayaanana, faktana wungkul;

T(ipe), ngan dicaritakeun tipena wungkul;

B (ener henteuna), ngan dicaritakeun bener henteuna wungkul.

3) Nangtukeun tujuan jeung wangun karangan

Tujuan ngarang téh aya tilu rupa:

(5)

2) ngahudang rasa ka nu maca;

3) méré nyaho jeung pikeun ngahudang rasa ka nu maca.

Lamun tujuan ngarang pikeun ngahudang rasa ka nu maca nu cocog téh upamana waé éséy, ulasan, laporan, jsté. Upama tujuanana ngahudang rasa, wangun karanganana bisa carpon, sajak, novel, jsté. Tapi, lamun tujuanana campuran, wangun karangan nu cocog bisa biografi atawa otobiografi.

4) Nangtukeun pamarekan (approach)

Dina nulis bisa digunakeun pamarekan faktual atawa pamarekan imajinatif atawa bisa baé campuran faktual-imajinatif.

5) Nyieun rangkay karangan

Rangkay karangan nu umum ngawengku bubuka, eusi, jeung panutup.

b. Tahap nuliskeun idé

Aya opat hal nu kudu dipilampah dina tahap nuliskeun idé.

a. Kudu bisa ngamimitian nulis

Aya pituduh pikeun ngagampangkeun ngamimitian nulis. Éta pituduh téh disingget jadi TOP KUAT:

T (ésis) ; mimiti nulis ku cara ngébréhkeun tésis, pamanggih;

O (mongan); mimiti nulis dibuka ku omongan, dialog, paguneman;

P (aripolah); mimiti nulis dibuka ku paripolah, tingkah laku, action.;

K (uriositas); mimiti nulis nyodorkeun hal-hal anu matak ngahudang kapanasaran;

U (ngkapan); mimiti nulis ku ngébréhkeun ungkapan, babasan, atawa paribasa;

(6)

KD

1

A (nékdot); mimiti nulis ku cara ngébréhkeun anékdot, kutipan pangalaman;

T (anya), mimiti nulis ku cara nyodorkeun pertanyaan.

b. Nu nulis kudu mahér ngawangun paragraf

Paragraf mangrupa wangun basa nu leuwih lega batan kalimah. Ku kituna, biasana paragraf diwangun ku sawatara kalimah. Kalimah-kalimah dina hiji paragraf kudu mangrupa beungkeutan anu gembleng, nu silih lengkepan enggoning medar poko pikiran.

c. Nu nulis kudu parigel mungkas karangan

Sanggeus paragraf-paragraf bagian eusi disusun, nu nulis dipiharep mungkas karanganana. Aya sawatara cara mungkas karangan, di antarana: paragraf pamungkas mangrupa ringkesan idé-idé poko atawa argumén-argumén nu geus dipidangkeun dina paragraf pamungkas mangrupa ébréhan harepan pangarang, paragraf pamungkas mangrupa klimaks (upama nu ditulis mangrupa carita), paragraf pamungkas mangrupa kalimat anu ngébréhkeun yén éta pagawéan téh geus réngsé (dina karangan paparan).

d. Nu nulis tapis nyieun judul

Judul mangrupa titél, labél, atawa ngaran karangan. Ku kituna, judul karangan téh kudu ngahudang kapanasaran ka nu maca. Lian ti éta, judul téh kudu singget tur écés deuih.

5. Harti Karya Ilmiah

Karangan ilmiah mangrupa sarana anu kacida pentingna pikeun nyebarkeun élmu pangaweruh jeung téknologi. Teu saeutik jalma anu kadorong pikeun ningkatkeun aktivitasna ku maca karya ilmiah. Malah karya ilmiah bisa dijadikeun tatapakan nangtukeun kabijakan. Ku kituna, geus jadi katangtuan yén nulis karya ilmiah kudu ngagunakeun basa anu bener tur hadé supaya gampang kahartina ku nu maca.

(7)

Saméméh dipedar perkara léngkah-léngkah nulis karya ilmiah, diébréhkeun heula (1) harti karya ilmiah, (2) tujuan nulis karya imiah, (3) fungsi karya ilmiah, jeung (4) bédana karya ilmiah jeung karya populér.

Aya sawatara wangenan ngeunaan karya ilmiah di antarana saperti kieu.

i. Karya ilmiah nya éta hiji karangan anu disusun sacara sistematis tur sifatna ilmiah (Wardani, 2007).

ii. Karya ilmiah nya éta karangan élmu pangaweruh anu ngébréhkeun fakta jeung ditulis dumasar kana métode penulisan anu bener tur hadé (Brotowijoyo dina Arifin ,1987).

iii. Karya ilmiah nya éta hasil panalungtikan ilmiah anu disusun jeung ditulis sacara sistematis sarta merhatikeun aturan téhnik penulisan karya ilmiah (Sudjana, 1988).

6. Ciri-ciri Karya Ilmiah

Tina wangenan karya ilmiah tadi ébréh ayana ciri-ciri karya ilmiah. Saterusna, Wardani medar ciri-ciri karya ilmiah saperti kieu:

1. Ditilik tina jihad eusi, karya ilmiah mangrupa pangaweruh anu ngébréhkeun pamikiran, déskripsi ngeunaan hiji hal atawa cara ngungkulan pasualan.

2. Pangaweruh anu diébréhkeun téh dumasar kana fakta atawa data (kajian émpirik) atawa kana téori-téori anu geus diuji benerna.

3. Karya ilmiah ngandung bebeneran anu objéktif tur jujur dina penulisanana. 4. Basa anu digunakeunana nya éta basa baku, ngagunakeun istilah téknis

jeung ngagunakeun dénotatif deuih.

5. Sistematika nulisna gugon kana cara anu tangtu.

7. Tujuan Nulis Karya Ilmiahkeun

(8)

KD

1

i. Publikasi pamikiran ka masarakat atawa lingkungan nu tangtu. Upamana dina wangun artikel anu ditulis dina média massa

ii. Nyumponan pancén anu mangrupa pasaratan program studi. Upamana, program S1 kudu nulis skripsi, program S2 kudu nulis tésis, jeung program S3 kudu nulis disertasi.

iii. Nyawalakeun pamikiran dina pertemuan ilmiah. Upamana, karya ilmiah disusun pikeun seminar, simposium, diskusi panél, jsté,

iv. Milu pasangiri nulis karya ilmiah. Upamana, milu lomba karya tulis ilmiah anu diayakeun ku Depdiknas anu biasana dilaksanakeun unggal taun. v. Nyebarkeun hasil panalungtikan ka sakumna masarakat atawa ka

lingkungan nu tangtu. Upamana, nulis artikel hasil panalungtikan dina majalah ilmiah.

8. Fungsi Karya Ilmiah

Nurutkeun Wardani (2007) mangpaat karya ilmiah bisa dibagi dua: 1) mangpaat pikeun masarakat jeung 2) mangpaat pikeun nu nulisna. Luyu jeung fungsina, pikeun masarakat karya ilmiah bisa dimangpaatkeun jadi: (a) rujukan atawa référénsi dina nyiapkeun karya tulis atawa kagiatan ilmiah, (b) sarana pendidikan pikeun ngajembaran wawasan hiji jalma dina widang élmu anu diulikna; jeung (c) bisa nyebarkeun kamekaran élmu pangaweruh ka sakumna masarakat atawa kelompok nu tangtu.

Ari mangpaat karya ilmiah pikeun nu nulisna diébréhkeun ku Arifin (1987).

1. Bisa mekarkeun kamahéran maca éféktif sabab manéhna kudu maca sawatara rujukan saméméh trét nulis.

2. Bisa dipaké latihan ngahijikeun hasil bacaan jeung pamikiranana sorangan. 3. Leuwih ngakrabkeun nu nulis jeung kagiatan perpustakaan, upamana dina

ngagunakeun katalog lamun néangan buku anu diperlukeun.

4. Ningkatkeun kamampuh nu nulis dina ngaorganisasikeun jeung ngébréhkeun fakta jeung data anu jelas tur sistematis.

(9)

5. Nambahan kasugemaan inteléktual nu nulis, nya éta kasugemaan anu aya patalina jeung kamampuh dirina ngébréhkeun hazanah kaélmuanana.

6. Ku kagiatan nulis karya ilmiah, nu nulis geus milu nyumbangkeun hazanah paélmuanana ka sakumna masarakat.

9. Jenis-jenis Karya Ilmiah

Mulyadi (2004) ngabagi-bagi karya tulis ilmiah saperti kieu.

1. Laporan Hasil Kagiatan Ilmiah: a. Panalungtikan

b.Pengembangan c. Evaluasi 2. Tulisan Ilmiah:

a. Makalah

b.Tulisan Ilmiah Populér

c. Prasaran dina pertemuan ilmiah d. Artikel

3. Buku: a. Modul b. Diktat c. Tarjamahan

10.Bédana Karya Ilmiah jeung Karya Ilmiah Populér

Bédana antara karya ilmiah jeung karya ilmiah populér bisa dititénan tina wangenanana. Karya ilmiah mah dihartikeun tulisan anu miboga sifat paélmuan atawa nyumponan sarat élmu pangaweruh. Biasana basana sok ngagunakeun istilah téknis, nepi ka nu maca téh horéam. Ari karya ilmiah populér mah basana ngagunakeun basa umum, nepi ka gampang kaharti ku masarakat awam ogé. Kadar kailmiahan dina karya ilmiah populér mah geus diolah ku basa anu hampang tur gampang nepi ka matak resepeun nu maca.

(10)

KD

1

11.Léngkah-léngkah Nulis Karya Tulis Ilmiah

Léngkah-léngkah nulis karya ilmiah nurutkeun Arifin (1987) ngawengku: (1) tahap persiapan, (2) ’pengumpulan’ data, (3) ’pengonsépan’, (4) mariksa konsép, jeung (5) nulis karya ilmiah.

1. Tahap Persiapan

Dina ieu tahap persiapan ieu nu nulis bisa ngumpulkeun informasi pikeun nulis karya ilmiah ku cara ngamangpaatkeun perpustakaan anu mangrupa sumber data, informasi, jeung bahan pikeun tulisan. Lian ti ngamangpaatkeun perpustakaan, nu nulis bisa ngalakukeun wawancara pikeun ngumpulkeun bahan/informasi tulisan. Jadi tahap persiapan téh ngawengku: (a) milih topik/masalah anu jelas tur spésifik pikeun karya tulis, (b) Ngaidentifikasi calon ’pembaca’ karya ilmiah, jeung (c) nangtukeun ambahan eusi matéri pikeun karya ilmiah.

2. Tahap Ngumpulkeun, Ngolah, jeung Nganalisis Data

Ku instrumén, data anu dipikahayang ku urang bisa dikumpulkeun. Masalah nu muncul saterusna nya éta keur naon éta data jeung kudu dikumahakeun?

Data anu geus ditéangan atawa dikumpulkeun kalawan susah payah bari jeung ngaluarkeun dana anu teu saeutik téh taya lian pikeun nguji hipotésis (lamun kuantitatif) atawa sakurang-kurangna pikeun ngajawab pertanyaan panalungtikan (lamun kualitatif). Ku kituna, dumasar warna datana analisis téh dibagi dua nya éta: a) analisis data kualitatif jeung b) analisis data kuantitatif.

Tujuan nganalisis data, nya éta pikeun: a) ngaorganisasi data; b) ngelompokkeun data jadi unit-unit; c) ngayakeun sintésis data; d) néangan pola analisis data; e) manggihan mana anu penting jeung mana anu ditalungtik; jeung f) nangtukeun naon anu bisa ditepikeun ka jalma séjén.

Iraha jeung di mana data dianalisis? Dianalisisna téh: a) di lapangan: waktu ngumpulkeun data, b) di lapangan: sanggeus ngumpulkeun data; saméméh proses ngumpulkeun data réngsé, jeung c) di luar lapangan: sanggeus réngsé ngumpulkeun data.

(11)

Aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun waktu ngumpulkeun data, di antarana ieu di handap.

a) Jieun kaputusan pikeun ngawatesanan data anu diperlukeun.

b)Rancang cara ngumpulkeun data dumasar kana anu kapanggih dina waktu ngumpulkeun data saméméhna.

c) Tulis saloba-lobana "koméntar panalungtik" ngeunaan idé anu dihasilkeun. d)Jieun catetan tina naon anu kapanggih.

Saméméh dianalisis, data téh kudu diolah heula. Aya sababaraha léngkah dina ngolah data.

a) Meresihan data, hartina, mariksa deui jawaban réspondén, naha unggal pertanyaan geus dijawab ku réspondén atawa acan. Lamun geus dijawab, naha cara ngajawabna geus bener atawa acan.

b)Nyieun kode, hartina, méré tanda atawa kode kana data supaya gampang mariksa jawabanana.

c) Ngalakukeun skoring/méré angka. Hususna kana data anu dikuantifikasikeun sarta ngitung angka pikeun unggal jawaban réspondén.

d) Ngagolongkeun katégori jawaban dina tabél-tabél, boh dina tabél frékuénsi boh dina tabél skor atawa ajén, luyu jeung kaperluan.

e) Ngolah jeung ngitung data luyu jeung kapentingan nu nalungtik.

f) Ngadéskripsikeun hasil-hasil ngitung dina wangun tabél, grafik, jeung sajabana. g) Napsirkeun hasil ngolah data dina wangun pernyataan-pernyataan verbal Iuyu

jeung permasalahan panalungtikan.

h) Analisis data nu leuwih jero dilakukeun pikeun nguji hipotésis.

3. Tahap Ngonsép Draf Karya Ilmiah

Lamun data geus dikumpulkeun, nu nulis bisa milih tur ngelompokkeun éta data dumasar kana jenisna, sifatna, atawa wangunna. Nu nulis kudu nangtukeun data mana anu rék diébréhkeun leuwih ti heula jeung data mana anu rék diébréhkeun kadua, jeung saterusna. Nu nulis kudu ngolah jeung nganalisis

(12)

KD

1

data ku téhnik-téhnik anu geus ditangtukeun—luyu jeung sifat datana naha kuantitatif atawa kualitatif. Satuluyna, nu nulis bisa mimiti ngonsép karya ilmiah luyu jeung sistematika anu geus ditangtukeun.

4. Tahap Mariksa Karya Ilmiah

Méméh ditik éta konsép téh dipariksa heula bisi aya pedaran anu patumpang tindih atawa bolak-balik. Lamun kapanggih aya pedaran anu patumpang tindih atawa bolak-balik nya kudu dibenerkeun. Cindekna, dina ieu tahap, nu nulis kudu mariksa eusi karangan, cara ngébréhkeun éta karangan, ogé mariksa basa anu digunakeun dina éta karangan.

5. Tahap Nulis/Ngalaporkeun Karya Imiah

Dina nulis laporan karya ilmiah aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun: a) susunan laporan, b) basa laporan, c) visualisasi laporan, jeung d) format laporan.

a. Susunan laporan

Bagian bubuka, anu ngawengku: 1) Lembar jilid luar, 2) Lembar jilid jero, 3)Lembar légalisasi (lamun perlu), 4) Pangjajap, 5) Daftar eusi (lamun perlu bisa dilengkepan ku daftar tabél, daftar peta, daftar gambar, jeung saterusna).

Bagian Eusi (Bagian eusi disaluyukeun jeung bab-bab eusi laporan sabenerna) anu ngawengku hal-hal ieu di handap.

Bab I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang:

Eusina ngeunaan data/informasi anu aya patalina jeung panalungtikan sarta informasi ngeunaan panalungtikan séjén anu aya patalina jeung éta panalungtikan. Dina kasang tukang ieu ogé dijelaskeun pentingna éta panalungtikan.

(13)

1.2 Masalah

Eusina rumusan-rumusan masalah anu rék ditéangan jawabanana ku éta panalungtikan. Hadéna mah diébréhkeun ngeunaan konsékuénsi lamun éta panalungtikan teu dilaksanakeun.

1.3 Tujuan

Eusina ngajéntrékeun tujuan sarta hasil-hasil anu hayang dihontal ku éta panalungtikan sarta mangpaat jeung pangaruh hasil panalungtikan (dipatalikeun jeung kasang tukang ).

1.4 Ambahan Panalungtikan

Eusina pedaran ngeunaan wates-wates/ambahan panalungtikan, boh ngeunaan legana boh ngeunaan jerona éta panalungtikan.

BAB II LANDASAN TEORETIS

2.1. Hasil kajian kapustakaan

Eusina hasil-hasil talaah kapustakaan anu aya patalina jeung éta panalungtikan.

2.2. Anggapan dasar/asumsi

Eusina anggapan-anggapan/asumsi-asumsi anu jadi tatapakan éta panalungtikan.

2.3. Hipotésis (lamun aya)

Eusina hipotésis-hipotésis (jawaban sementara) anu diajukeun dina panalungtikan.

(14)

KD

1

Eusina définisi-définisi anu operasionai tina sajumlah konsép panalungtikan. Hirarhi konsép nepi ka operasinal saperti kieu:

Konsép-- pangalaman/émpiris — operasionalisasina.

BAB lII METODE JEUNG TÉHNIK PANALUNGTIKAN

3.1. Métode/pamarekan jeung paradigma panalungtikan

Eusina ngeunaan métode/pamarekan anu rék digunakeun dina panalungtikan.

3.2 Sumber data

Eusina ngajéntrékeun populasi jeung atawa sampel anu jadi objék panalungtikan. Lamun panalungtikan nyokot data tina sampel, ébréhkeun téhnik nyokot sampel anu digunakeun sarta alesan ngagunakeun éta téhnik. Ebréhkeun lobana anggota sampel anu rék dijadikeun objék panalungtikan deuih.

3.3 Instrumén

Eusina ngajelaskeun karakteristik instrumén anu rék dipaké. Ebréhkeun deuih kumaha validitas jeung réliabilitas éta instrumén. Lian ti éta, ébréhkeun variabel-variabel anu rék dikumpulkeun dina ngagunakeun éta instrumén.

BAB IV PEDARAN HASIL PANALUNGTIKAN

Eusina bisa ngan sabab atawa sababaraha bab. Dina ieu bab téh dirinci ngeunaan analisis data sarta tapsiranana. Unggal analisis dipungkas ku kacindekan.

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN

(15)

Eusina rangkuman sakumna kacindekan unggal satuan analisis.

2. Kacindekan

Eusina kacindekan anu leuwih lega sarta generalisasi dumasar kana rangkuman atawa kacindekan unggal satuan analisis.

3. Saran jeung rekoméndasi

Eusina saran atawa rekoméndasi.

Bagian Ahir, eusina ngawengku:

a. Daftar kapustakaan

b. Lampiran-lampiran

1) instrumén panalungtikan

2) Data-data panalungtikan (hadéna mah dina matriks data)

3) Biodata Panalungtik

4) Surat-surat anu dianggap perlu

b. Basa Laporan

Lian ti susunan laporan, basa laporan kudu diperhatikeun deuih. Dina hal basa, aya sawatara hal anu kudu dititénan: 1) éjahan, 2) kecap-kecap jeung istilah, 3) kalimah, jeung 4) paragraf.

1) Éjahan

Laporan panalungtikan anu hadé tinangtu kudu ngagunakeun éjahan anu geus dibakukeun. Dina basa Sunda kudu gugon kana Palanggeran Éjahan Basa Sunda. Lamun laporanana ditulis maké basa Indonésia, tinangtu kudu gugon kana Pedoman Umum Ejaan Bahasa Indonesia yang Disempurnakan.

(16)

KD

1

Kecap-kecap anu digunakeun dina laporan panalungtikan kudu kecap-kecap anu ngandung harti anu lugas/dénotatif. Unggal kecap-kecap ngan ngalambangkeun hiji harti atawa konsép. Istilah-istilah anu digunakeun kudu miboga harti anu angger sarta kudu luyu jeung aturan ngawangun istilah.

3) Kalimah

Kalimah-kalimah anu digunakeun dina laporan panalungtikan kudu éféktif. Aya sababaraha ciri kalimat éféktif nya éta

(a) kalimah kudu miboga sakurang-kurangna subjek jeung predikat; (b) kalimah kudu mibanda simpay idéjeung simpay struktur; (c) kalimah kudu mibanda konstruksi anu sarua/sajajar; (d) kalimah kudu irit/ékonomis; jeung

(e) dina kalimah kudu kagambar bagian kalimah anu diutamakéun jeung runtuyan anu logis.

Supaya kalimah éféktif tinangtu nu nulis kudu ngawasa aturan-aturan saperti tata basa, kabeungharan kecap, jeung istilah-istilah dina widang panalungtikan.

4) Paragraf

Paragraf téh mangrupa wangun basa anu leuwih lega batan kalimah. Ku sabab kitu, biasana paragraf diwangun ku sawatara kalimah. Kalimah-kalimah dina paragraf kudu mangrupa beungkeutan katunggalan nu silih lengkepan enggoning ngébréhkeun poko pikiran.

Paragraf nu hadé kudu mibanda kohési, kohérénsi, jeung pamekaran. Kohési baris ngawujud upama aya simpay idé. Kohérensi bakal nyampak upama aya simpay wangun kalimah anu merenah. Pamekaran baris kahontal upama paragraf lengkep nya éta paragraf anu kaiimah topikna dimekarkeun ku kalimah-kalimah pangrojong nepi ka idé poko paragraf jelas.

(17)

Data-data anu diébréhkeun dina laporan panalungtikan hadéna mah ditulis henteu dina lambang verbal (kecap-kecap) tapi dina wangun lambang-lambang visual. Aya sababaraha rupa lambang visual, upamana tabél, diagram, grafik, jeung peta.

d. Format Laporan

a. Ukuran Keretas

Keretas anu biasa dipaké pikeun nulis Iaporan biasana ukuran kuarto. Ukuran keretas ti luhur jeung gigir kénca biasana 4 cm; ti handap jeung gigir katuhu biasana 4 cm.

b. Cara Nulis Catatan Kaki

Catatan kaki biasana dipaké pikeun nuliskeun hal-hal saperti ieu di handap.

1) Katerangan husus atawa katerangan tambahan anu penting tapi teu bisa diasupkeun kana téks.

2) Koméntar husus ngeunan bagian anu tangtu dina téks.

3) Cutatan anu bisa ngaganggu ku lantaran lamun ditulis dina téks.

c. Cara Méré Nomer

Cara méré nomer bisa ku cara campuran nya éta ku angka jeung ku huruf. Contona saperti ieu di handap.

I. Angka Rumawi Gedé

A. Huruf gedé

1. Angka Latin

(18)

KD

1

1) Angka latin maké kurung buka

a) Huruf Ieutik maké kurung buka

(1) Angka Latin dina jero kurung

(a) Huruf leutik dina jero kurung

F.Raguman

Nulis mangrupa kamampuh makéna basa dina wangun tinulis. Tina ieu wangenan ébréh yén nulis téh mangrupa kagiatan produktif aktif.

Nurutkeun Kamus LBSS (1985: 50), nulis nya éta nyieun aksara atawa angka dina kertas jst, ku parantina. Éta definisi luyu jeung pamadegan Tarigan (1983:21) yén nulis téh mangrupa kagiatan ngagambarkeun lambang-lambang grafik dina wangun basa nu pikahartieun.

Rupa-rupa kauntungan bisa nulis téh:

7. nu nulis bisa nyaho kana kamampuh nulisna sorangan; 8. nu nulis bisa mekarkeun gagasan-gagasanana;

9. nu nulis kalatih dina néangan informasi; nu nulis bisa ngajelaskeun masalah-masalah nu tacan jéntré; bisa ngajén kana pamanggih atawa pamadegan jalma séjén kalawan objéktif;

10.nu nulis bakal leuwih gampang ngungkulan masalahna lantaran geus nembrak (ditulis);

11.nu nulis bakal kadorong pikeun diajar leuwih aktif-kréatif;

12.nu nulis bakal kalatih dina mikir kritis bari ngagunakeun basa anu puguh éntép seureuhna.

(19)

Karangan ilmiah mangrupa sarana anu kacida pentingna pikeun nyebarkeun élmu pangaweruh jeung téknologi. Teu saeutik jalma anu kadorong pikeun ningkatkeun aktivitasna ku maca karya ilmiah. Malah karya ilmiah bisa dijadikeun tatapakan nangtukeun kabijakan. Ku kituna, geus jadi katangtuan yén nulis karya ilmiah kudu ngagunakeun basa anu bener tur hadé supaya gampang kahartina ku nu maca.

Bédana antara karya ilmiah jeung karya ilmiah populér bisa dititénan tina wangenanana. Karya ilmiah mah dihartikeun tulisan anu miboga sifat paélmuan atawa nyumponan sarat élmu pangaweruh. Biasana basana sok ngagunakeun istilah téknis, nepi ka nu maca téh horéam. Ari karya ilmiah populér mah basana ngagunakeun basa umum, nepi ka gampang kaharti ku masarakat awam ogé. Kadar kailmiahan dina karya ilmiah populér mah geus diolah ku basa anu hampang tur gampang nepi ka matak resepeun nu maca.

Léngkah-léngkah nulis karya ilmiah nurutkeun Arifin (1987) ngawengku: (1) tahap persiapan, (2) ’pengumpulan’ data, (3) ’pengonsépan’, (4) mariksa konsép, jeung (5) nulis karya ilmiah.

G. Pancén

Pikeun ngukur kamampuh Sadérék dina nyangkem bahan anu geus dipidangkeun, pék pigawé sakur pancén ieu di handap!

1. Terangkeun naon sababna karya ilmiah populér leuwih ngirut nu macana batan karangan ilmiah!

2. Umumna karangan ilmiah diwangun ku bagian bubuka, bagian inti, jeung bagian panutup. Terangkeun naon baé eusina masing-masing éta bagian téh! 3. Jéntrékeun aspék-aspék anu ngabédakeun antara karya tulis ilmiah jeung

(20)

KD

1

4. Naon baé anu kudu dilaksanakeun dina persiapan nulis karya ilmiah? Terangkeun!

5. Tangtukeun hiji topik karya ilmiah! Tuluy jieun rangka karya ilmiahna! 6. Mekarkeun rangka karya ilmiah nomer lima tadi nepi ka ngawangun hiji

karya ilmiah anu bener tur hadé!

7. Dina tahapanan nulis karya ilmiah aya nu disebut tahapan ngonsep draft karya ilmiah. Naon fungsina?

8. Naon wae nu kudu diperhatikeun sangkan format laporan ilmiah dianggap hade ?

9. Tangtukeun hiji topik karya ilmiah! Tuluy jieun rangka karya ilmiahna! 10. Mekarkeun rangka karya ilmiah tadi nepi ka ngawangun hiji karya ilmiah

anu bener tur hadé!

H. Tés Formatif

Pilih salah sahiji jawaban nu bener!

1. Dina keterampilan berbahasa, nulis teh mangrupa kagiatan… a. Produktif aktif

b. Produktif non aktif c. Non produktif d. Reseptif e. Naratif

2. Nu teu kaasup tina fungsi nulis, nya éta:

a. Bisa ngamekarkeun gagasan-gagasan ngaliwatan tulisan.

b. Ngalatih dina mikir kritis bari ngagunakeun basa anu puguh éntép seureuhna.

c. Ngebrehkeun pamikiran

d. Ngukur kamampu nulis

e. Ngameunangkeun pamikiran ti panulis.

3. Dumasar eusina tulisan dibedakeun jadi sawatara jinis, lian ti éta: a. Narasi

b. eksplorasi c. argumentasi d. deskripsi

(21)

e. eksposisi

4. Karangan anu eusina ngadadarkeun atawa ngébréhkeun kagiatan indra (paningal, pangrungu, pangrasa, panyabak, pangambeu) minangka hasil pangalamanana kaasup kana wangun tulisan:

a. Eksposisi b. Argumentasi c. Narasi d. Eksplorasi e. Deskripsi

5. Salah sahiji ciri tina karya ilmiah nya éta;

a. Ngébréhkeun pamikiran panulis nalika meunang ide. b. Ngandung bebeneran nu subjektif.

c. Diébréhkeun dumasar kana fakta atawa data kajian émpirik. d. Ditulis dumasar sistematika kajadian.

e. Ditulis dumasar kana situasi jeung kondisi.

6. Nu teu kaasup kana tulisan ilmiah nya éta:

a. Laporan panalungtikan, makalah, artikel ilmiah. b. Diktat, makalah, laporan kajian.

c. Artikel, resensi, catatan harian. d. Makalah, Diktat, Jurnal.

e. Jurnal, artikel ilmiah, laporan panalungtikan.

7. Bagian bubuka dina susunan karya ilmiah téh nya éta: a. Jilid, panganteur, daftar eusi, legalisasi

b. Daftar tabel, panganteur, jilid, kasangtukang c. Jilid luar, jilid jero, daftar eusi, tujuan. d. Jilid, daftar eusi, ambahan masalah e. Daftar eusi, tujuan, ambahan masalah

8. Bab metode jeung téhnik panalungtikan dina laporan ilmiah kudu ngawengku:

a. Metode, instrumen, permasalahan

b. Metode/pamarekan, sumber data, instrumen,

c. Metode/pamarekan, definisi oprasional, sumber data

d. Metode jeung pradigma panalungtikan, hypotesis, sumber data e. Metode/pamarekan, sumber data, definisi oprasional

9. Salian ti susunan laporan, basa dina laporan ilmiah ogé kudu diperhatikeun, di antarana:

(22)

KD

1

b. Ejaan, istilah, referensi, jeung paragraf. c. Kalimah, cutatan, jeung paragraf

d. Ejaan, kekecapan jeung istilah, kalimah, jeung paragraf. e. Ejaan, referensi, jeung cutatan.

10.Kalimah-kalimah anu digunakeun dina laporan panalungtikan kudu éféktif. Aya sababaraha ciri kalimat éféktif, iwal:

a. kalimah kudu miboga sakurang-kurangna subjek jeung predikat; b. kalimah kudu mibanda simpay idé jeung simpay struktur; c. kalimah kudu mibanda objek;

d. kalimah kudu mibanda konstruksi anu sarua/sajajar; e. kalimah kudu irit/ékonomis.

i. Daftar Pustaka

Ahuja Pramila dan G.C. Ahuja. 2010. Membaca Secara Efektif dan Efisien.

Bandung: Kiblat.

Alexander, Estill. 1998. Teaching and Reading. Illinois: Scott, Foresman, and Co.

Athey, IJ. 1985. Educational Implications of Piagets Theory. Massachuset: Gian-Blaisdell.

Brown, H. Douglas. 2008. Prinsip Pembelajaran dan Pengajaran Bahasa.

Jakarta: Kedutaan Amerika Serikat.

Davis, F. (1995). Introducing Reading. New York: Penguin Book USA Inc. Destefano, JS. 1981. Language, the Learner and the School. New York : Willy. Freeman, D.E & Freeman, Y.S 1986 Between World: Access to Second Language

Acquisition. Portsmouth, NH:Heineman.

Freeman, D.E. & Freeman, Y. S. 1996. Access to Second Language. New Hamp Shire: Heineman.

Freeman, Daved Richards, J.C.(eds).1996. Teacher Learning in Language Teaching. New York: Cambridge University Press.

Freeman, YS. & Freeman, DE. 1996. Becoming an Influental Reading and Writing Teacher. New. Hampshire: Heineman.

Grillet, F. (1985). Developing Reading Skills a Practical Guide to Reading Comprehension Exercise. London: Allyn&Bacon, Inc.

Haggard, DF. 1982. Approached to the teavhing of reading. Daleware: Internasional Reading Assosiation.

(23)

Harjasujana, A.S. 1993. Sistem Pengajaran Bahasa Indonesia Ragam Iptek

Tasikmalaya: Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Indonesia, FKIP UNSIL.

Nurhadi 2004.”Bagaimana meningkatkan kemampuan membaca”.Bandung: Sinar

Baru Algesindo.

Otto, Wayne, Rude, Robert & Spiegel, Dixielee. 1979. How to Teach Reading.

Massachusetts: Addison-Wesley Publishing Company.

Rumelheart, 1980. Schemata: The Building Broch of Cognition. Dalam R.J Spiro[ed] Theoritical Issues in Reading Comprehension hal 33-58 Hillsdale, NJ: Lawrence Erlbaum.

Ruddell, RB. & Ruddell, MP. 1995. Theoritical Models and Proceses of Reading.

Daleware: Internasional Reading Association.

Tarigan, Henry Guntur. 1985. Membaca sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung : Angkasa.

Soedarsono. 1994. Sistem Membaca Cepat dan Efektif, Gramedia Pustaka Utama.

Mulyati, Yeti. (1995). Model Pelatihan Aspek Kebahasaan dalam Bimbingan Membaca sebagai upaya untuk meningkatkan Pemahaman Bacaan.

Tesis: Tidak diterbitkan.

Nunan, D. (1991). Language Teaching Methodology. New York: Prentice Hall Inc. Nur dan Wikandari. (1994). Pengajaran Berpusat pada Siswa dan Pendekatan

Konstruktivis dalam Pengajaran. Universitas Negeri Surabaya. Nurgiantoro, B. (1987). Penilaian dalam Pengajaran Bahasa dan Sastra.

Yogyakarta: BPFE.

Nurhadi. (1987). Membaca Cepat dan Efektif. Bandung: Sinar Baru.

Rayendri, W. (2005). Penerapan Model Pembelajaran Kooperatif tipe Round Table dalam Upaya Meningkatkan Kemampuan Berpikir Kritis. Skripsi: Tidak diterbitkan.

Rusyana, Y. (1987). Bahasa dan Sastra dalam Gamitan Pendidikan. Bandung: Diponegoro.

Sadtono, E. (1987). Beberapa segi Evaluasi Pengajaran Bahasa. Jakarta: P3G. Slavin. (1992). Cooperative Learning, Theory, Research, and Practice. Boston:

Allyn and Bacon.

Sipay, E & Harris A. (1990). How to Increase Reading Ability. New York: Longman, Inc.

Susetyo. (1992) . Model tes Membaca Pemahaman dalam Pengajaran bahasa Indonesia. Tesis: Tidak diterbitkan.

Tampu Bolon, D.P. (1990). Kemampuan Membaca. Bandung: Angkasa.

Tarigan, H.G. (1994). Membaca sebagai suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Baidillah, Idin spk. 2001. Ngalagena. Bandung: CV. Walatra.

Danasasmita, Saleh dkk. 1987. Sewaka Darma, Sanghyang Siksakandang Karesian, Amanat Galunggung: Transkripsi dan Terjemahan. Bandung: Bagian Proyek Penelitian dan Pengkajian Kebudayaan Sunda (Sundanologi).

(24)

KD

1

Darsa, Undang A. & Ayatrohaedi. 1993. Aksara Sunda Kuna (Makalah “Seminar Aksara

Daerah Jawa Barat”). Jatinangor: Fakultas Sastra UNPAD bekerjasama dengan Pemda Tk. I Jawa Barat.

Darsa, Undang A. 2001. Aksara Sunda Baku dan Sistem Tata Tulisnya (Makalah “Sarasehan Budaya Tradisi Tulis Masyarakat Sunda”). Bandung: Museum Negeri “Sri Baduga” Jawa Barat.

---. 2003. Aksara Sunda KAGANGA dan Sistem Tata Tulisnya. Bandung: CV. Walatra.

Hardjasaputra, Sobana spk. 1998. “Rancangan Pembakuan Aksara Sunda”. Bandung:

Fakultas Sastra UNPAD bekerjasama dengan Pemda Tk. I Jawa Barat. Nugraha, Dian Tresna. 2005. “Komputerisasi Aksara Sunda”.

Permadi, Tedi. dkk. 1999 Aksara Sunda. Bandung: Pusat Informasi Kebudayaan Sunda

dan PT Granesia.

Ruhaliah. 2009. Pedoman Transliterasi Aksara Sunda Kuna, Pegon, jeung Laten. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI

---. 2009. “Ngawanohkeun Aksara Sunda”. Makalah dipidangkeun dina Penataran Basa jeung aksara Sunda pikeun Kepala SMP. Bandung, Juli 2009.

Sutisna, Dadan. 2008. “Komputerisasi Aksara Sunda”, makalah dina Standardisasi Aksara Sunda pikeun Unicode tanggal 26 Mei 2008 di Disdik Jabar gawe bareng jeungUNPAD.

Figur

Memperbarui...

Referensi

Memperbarui...

Related subjects :