ِماَنَلْا ِرْيَخ ىَلَع ُمّلَسُن َو ْيّلَصُن َو .ِمَلْسِلْا َو ِناَمْيِلْا ِةَمْعِنِب اَنَمَعْنَأ ْيِذّلا ِلِ ُدْمَحْل
ُد ْعَب اّمَأ َنْيِعَم ْجَأ ِهِب ْحَص َو ِهِلَا ىَلَع َو ٍدّمَحُم اَنِدّيَس
Alhamdulillahil ladzii an’amanaa bini’matil iimaan wal islaam. Wanushalli wanusallimu
‘alaa khairil anaam, sayyidinaa muhammadin wa’alaa aalihii wasohbihi aj-ma’iin, amma ba’du.
ْمُكَنْيَب َلَع َج َو اَهْيَلإإ اوُنُكْسَتإل اًجا َو ْزَأ ْمُكإسُفْنَأ ْنإم ْمُكَل َقَلَخ ْنَأ إهإتاَيآ
َنوُرَكَفَتَي ٍم ْوَقإل ٍتاَي َل َكإل َٰذ يإف َنإإ ۚ ًةَمْحَر َو ًةَد َوَم
Artinya: “Dan di antara tanda-tanda kekuasaan-Nya ialah Dia menciptakan untukmu isteri-isteri dari jenismu sendiri, supaya kamu cenderung dan merasa tenteram kepadanya, dan dijadikan-Nya diantaramu rasa kasih dan sayang.
Sesungguhnya pada yang demikian itu benar-benar terdapat tanda-tanda bagi kaum yang berfikir.” (QS Ar-Rum: 21)
Patepang di salaka maya dilajengkeun di buana nyata dua teuteup
ngagedurkeun geter-geter asih janten pasini jangji:
seja laki rabi
kiwari
cunduk di waktu ninggang di mangsa nitih wanci nu mustari
ayi Iddan sareng néng Wardah Aulia didahupkeun di balé nyungcung
Ayi Iddan ,
Sabada ijab kabul diucap
nami Wardah Aulia anu satadina dibintian ku nami ramana baris robih dituntungan ku nami ayi Iddan
hartosna
ti danget ijab kabul
tanggel waler dunya akherat ngeunaan neng Wardah Aulia di pasrahkeun ti ramana ka diri : salira
(hajat nikah mémang kariaan tapi makna nikah nungtut pertanggel waleran)
Tanggel waler salaki ka anu janten garwana, anu kedah ogé dicontoan ku jisim inyana:
aya 3 hal ngeunaan kawajiban salaki sareng pamajikan Anu Kahiji ngeunaan aqidah
inti aqidah nyaéta kalimah toyyibah Laa ilaaha ilalloh
mangkadé
dina ngalaksanakeun kahirupan anjeun duaan
kakeclakan akidah anu teu diguratkeun ku kangjeng Nabi Muhammad SAW.
Aqidah sing panceg Istiqomah margi maot mah saha nu terang
kacida rugelna diri upami isuk jaganing géto mangsa mulang ka mantenNa
urang teu pinareng husnul khotimah
Kadua Ngeunaan Ibadah
mamaos mémang raos kadanguna galindeng cianjuran ngahudang rasa
tapi moal aya deui anu leuwih raos tur ngahudang rasa iwal ti soanten ayi Iddanآ sareng neng Wardah Aulia rampak ngagalindengkeun
ayat-ayat suci Al Qurân
upami di bumi kagungan permadani anu éndah moal aya deui anu leuwih éndah
tibatan dua lambar sajadah anu dianggé solat jamaah
kacida nikmat sareng hidmatna mangsa ayi Iddan ngucapkeun kecap Waladhdholliin
dina tungtung fatihah ditémpas ku kecap Amiiin
tina lambey néng Wardah Aulia
pon kitu kanikmatan sareng kahidmatan
bakal sumebar tina kecap Amin néng Wardah Aulia dina du’a demi du’a
nu dilafadzkeun ku ayi Iddan
Katilu ngeunaan Akhlaq
Laki rabi téh teu bénten sareng salambar rambut anu masing-masing tungtungna dicepengan ku duaan
Ayi Iddanآ di tungtung ditu Néng Wardah Aulia ditungtung dieu kedah silih ayunkeun
kedah silih béréan upami silih betot tinangtu rambut bakalan pegat
Akhlaq salaki ka nu janten istri Akhlaq istri ka nu janten salaki baris nangtoskeun
hirup kumbuhna hiji pernikahan
sok sanaos tos laki rabi mangkadé
akhlaq ka ibu rama indung nu ngakandung bapa anu ngayuga
kumelendangna urang di alam dunya aranjeunna lantaranana
salapan sasih lamina urang aya dina kakandungan anu jadi indung anjeuna teu tolih nyerina ngababarkeun
méh dua taun cai pinareupna diseuseup ku urang
kanyaah sareng kaihklasan anu teu kénging dimomorékeun kapan saur hadits ogé:
sawarga téh ayana dina dampal sampéan anu jadi indung
Upami urang ayeuna tiasa makalangan eta téh hasil lamokot késangna tuang rama dibarung ku du’a demi du’a anu teu kendat reureuh tuang rama tisusut tidungdung
ngagedékeun anjeun para putrana sangkan hirup hurip bagja waluya
Laki rabi ogé kedah tiasa ngaraketkeun tali silaturahmi diantara dua kulawargi
kulawargi ayi Iddan ti Ciamis sareng kulawargi néng Wardah Aulia ti Kuningan Ayi Iddan sareng Néng Wardah Aulia
sing janten cukang lantaran ngantengkeun ieu tatali silaturahmi
sangkan syiar kasundaan sareng syiar kaislaman tiasa langkung lega ambahan
nyambuang saalam dunya
Hirup di dunya henteu nyorangan
mangkadé akhlak hirup kumbuh kamasyarakatan sing tiasa naritipkeun diri
sing tiasa pindah cai pindah tampian
bébér layar tarik jangkar
baarokallohu laka wa baroka alaika wajama bainakuma fii khoir