• Tidak ada hasil yang ditemukan

Pupuh Kinanti

Dalam dokumen RARATAN NASKAH JEUNG WARUGA NASKAH (Halaman 133-149)

1. Radén nitah tonggong lauk Badéga Patih rarigil

Aringgis reugreug di tengah Lauk Minayu ngomong deui Aéh Paman masing percaya Kan geger nyekel sing tarik

2. Jaka Mursada seug nyaur Na da sesah Paman geuning Geu tumpak gendek nu dua Lauk geus ka tengah deui Ngocépat lauk geus lumpat Tarikna lir Kapal Api

3. Radén Bagus nu ti payun Ardanaya liweuh risi

Muntang pageuh ka Juragan Ari Naya Genggong deui Nyekelan ka Ardanaya Peureum beunta kawas itik

Tarik batan mimis bedil Ngocépat lir Kuda lumpat Munggah angina ngiliwir Nyorang arang-arang nyimpang Nembag lambak ombak cai

5. Parental ningali Gunung Jaka Mursada ngalahir Minayu ieu Pulo na Lauk wangsul lain Gusti Lar deui Pulo kaliwat Manggih deui Pulo hiji

6. Mariksa deui Dén Bagus Walon lauk lain Gusti Nagara Pulo Salaka Ti Erum kalangkung tebih Lalampahan Tilu Bulan Kahalangan Tujuh Nagri

7. Pulo na éta sakitu

Tebih Pulo Salaka Kahalangan Pulo deui Ari Pulo nu kaliwat Keeling mandera manjét

8. Ari anu loba Gunung Nya éta Pulo manjét Ari Pulo Salaka manah Éta loba Gunung deui Lauk ngomong bari lumpat Henteu eureun beurang peuting

9. Gancangna iwak Minayu Ka Pulo Salaka tepi Lalampahan Tilu Bulan Ngan dijieun Tilu peuting Lauk pok deui haturan Mangga ayeuna mah Gusti

10. Abdi eureun Gusti lumpat Tina tonggong jisim Abdi Nya ieu Pulo Salaka

Mangga geura ka Nagari Jaka Mursada ngandika Atuh eureun téh ka sisi

11. Sigeukeun iwak Minayu Keur eureun di sisi cai Kocapkeun Pulo Salaka Anu kagungan Nagari Ratna Kombali nimbalan Ka Jaka Bergola Patih

12. Ari Dapu Ratu aya Coba ayeuna Ki Patih Mudu ideran Nagara Saantero pék ku misi Bisi aya kuma onam Jalma anu arék maling

13. Boh bisi aya nu ngamuk Nu matak kudu kumisi Béjana aya jalma

Éta Patih lamun enya Cekel baé ku Ki Patih

14. Mun enya aya nu kitu Éta pitnah ka Kami

Duméh Kami Ratu Bikang Jeung deui ayeuna Patih Nu matak mudu dironda Bisi aya anu gering

15. Ka Kami menta jajamu Moal kungsi mula meuli Eujeung éta kudu Ujang Mudu mindeng ronda

Patih saya nu sok maling uang Nya éta kénéh nu nyangking

16. Ari anu nomer Satu Teu dironda ku Patih Nya éta Tirta Bulayah Éta larangan Kami Mun lunta lantu kadinya

Jalma dihukum geus pasti

17. Kajeun uang samiliun Upama aya nu maling Jeung euweuh éta mah jimat Nu kemit sing ati-ati

Buta kombari kombara Ulah talobéh nu kemit

18. Kitu dawuh Ratu nu Ayu Patih matur mangga Gusti Patih indit seug ka luar Ti bumi Ratu Pawetri Patih kebat ka paséban

19. Hareugeuh Patih ngadawuh Nimbalan ka Pangkat leutik Aéh sakabéh pangkat-pangkat Ayeuna timbalan Gusti Sakabéh mudu ngaronda Ider sakudeuweung Nagari

20. Lamun aya nu ngalantung Tangtu aya nu rék maling Tango barogod talian Sanggakeun misti ka Nagri Jeung mawa balad gagaman Ponggawa sami caricing

21. Jeung ronda nu tungtung gardu Ku usar jeung perjurit

Saban parapatan cagak Kudu pada ati-ati

Dén patih cangkar ngaronda Diiring ku Pangkat leutik

22. Sigag anu tunggu gardu Radén Bagus catur deui Nu ti cai hanjat ka darat Rapuh badégana deui Naya Genggong Ardanaya Ti pungkeureunana ngiring

XX. Pupuh Pangkur

1. Jaka Mursada geus bacat Mendak jalan disapu lenang Sisi jalan rantuy Manggu Buahna hideung arasak

Naya Genggong jeung Ardanaya pungkur Pada ngomong euleuh buah

Itu geus arasak teuing

2. Naha bet heunteu di ala

Urang dieu mah tayohna heunteu bareuki Atawa darusun kitu

Teu nyaho dibuah ngeunah

Pok Naya Genggong urang ala Aka hayu Matak nyeuri beuteung boa

Ardanaya mipit hiji

3. Pok Ki Naya Genggong nyempad

Tah Aka mah kapan nyarék geuning mipit Ki Ardanaya ngawangsul

Mangkaha ngala hiji mah

Mipit deui bari sungutna sambutut Naya Genggong mah nyengkata

Geus heunteu tatapasini

4. Di luhur enyoh ngakanan

Wani inggoy dititah ku anu kemit Naya Genggong henteu turun Anu kemit ngahaokan

Pokna saha éta wani kitu Naya Genggong pok ngajawab Nu ngala Manggu tadi aing

5. Naha dicarék ku sia

Naya Genggong turun bari sungut emih Aing mah néangan Manuk

Biwir bari disusutan

Pokna sia bet nuding teu pupuguh Aing ngaliwat mah enya

Nunjuk-nunjuk anu kemit

6. Nu kemit rosa nyarékan Urang mana sia Pati cilimit Anu tunggu bijil napsu Ngancunan yeuh urang mana

Wani-wani ngala sorangan Sang Ratu Naya Genggong ngaléléwéan

Ngajogét bari ngirindil

7. Anu kemit ngagoroan

Ka baturna pada kagaét kabéh nu kemit Baturna geus pada muru

Ki Naya Genggong iyatna

Ardanaya cingogo jeung Radén Bagus Teu pisan rajeg manahna

Burubul nu kemit ngusir

8. Marawa cagal jeung Tumbak

Lima puluh sawaréh mawa gegendir Eujeung Naya Genggong tepung Gawéna keur jogédan

Eujeung Emih heunteu kandeug nyatu Manggu Anu kemit pada nanya

Aéh urang mana silaing

Éta weuteuh sotéh éstuning rarangan Gusti Enya kula ngala Manggu

Itu piwarang ku Agan

Agan déwék éta putra raja Erum Nu matak kadieu datang

Nyiar tambaan gering

10. Nu ngaran Tirta Bulayah Éta kitu nya déwék nu ngiring Na sialaing hayang Manggu Nu Lima puluh ngajawab Ieu jalma nu Tilu hayang hirup Bet rék mawa jimat Raja Maling Manggu gé dipeuncit

11. Nahan ngaku Pun Raja

Tapi ayeuna dihampura ku Kami Ka Nagara ulah asup

Eunggeus tangtu dibabandan Éta kitu ceuk jalma nu Lima puluh Jaka Mursada ngandika

12. Bét aing rék dibabandan

Coba karép ku sakabéh awak aing Bon kakara lima puluh

Geura sok tambah salaksa

Henteu gimir kitu saur ratu Radén Bagus Ari carék Ardanaya

Geus montong juragan aing

13. Ieu baé badegana

Coba tangkep lamun beunang téh nya leuwih Carék badegana kitu

Buncelik anu mégatan

Montong meunang digigila tangkép batur Geus memang égol bangsat mah

Nya lancing nya kumawani

14. Nu rék nangkép ngudar tambah Ardanaya nyerang jébrod nampiling Keur guyur nu lima puluh

Ting jaropak unggal garduh pada muru Ku Naya Genggong dilawan

Nu nampiling tarik teuing

15. Ari nampiling ku kenca

Sakur anu katampiling utah getih Jul jol nu ngaronda tepung Jeung patih Jaka Berkala

Seug ngandika ngahareugeuh kadi maung Aeh satria urang mana

Torojogkeun tanpa wani

16. Manéh asup ka nagara

Patih buta sertakumalayu ngalahit Bésar ati urang bagus

Tidak takut sama gua

Orang mana lekas goré buka mulut Lékas pacalang ambil tambang Ini orang mu mencuri

17. Jaka Mursada ngandika

Lain lantung tambuh laku Lumayan aya pangarah

Mun teu nyaho nya aing putra Raja Erum Nya ngaran Jaka Mursada

Rék nyiar tamba nu géring

18. Nu ngaran tirta Bulayah Anu boga bejana Ratu pawasir Ari kula rék cacaluk

Mikeun teu mikeun rék ménta Éta kitu Jaka Bergola nu keur napsu Ngomong bari ngajajagang

Hag sia beuweung ku aing Ponggawa para gegeman

19. Coba cekél ieu satria mencuri Bét rék ménta jimat Ratu Patih sakitu saurna

Radén Bagus ku gegeman geus diképung Sét mésat duhung pusaka

20. Lajeung diamuk gegeman

Patulayah nu paeh patumpang tindih Kesis métu géni hurung

Nu ka hiji paeh lima

Radén Bagus pangamukna enggeus liwung Balad patih ampi béak

Patih maju gadag-gidig

21. Dilawan ku Ardanaya

Bareng tepung digebah ku buta patih Ardanaya tipecat jhauh

Buringas barina hudang

Ardanaya tambah napsuna nyuruntul Ki Naya Genggong narajang

Ka buta géplék nampiling

22. Jaka Bergola malikan

Dating deui Ardanaya bék nampiling Patih malik tuluy maju

Naya Genggong jol ti tukang

Dikadék patih teu teurak Dipindo dibulak-balik

23. Ki Ardanaya narajang

Gep ditewak ku Jaka Bergola patih Dibalangkeun henteu jauh

Cengkat deui Ardanaya

Langkung napsu Jaka Bergola ditumbuk Geus ngahuleng patih buta

Punduran henteu éling

Dalam dokumen RARATAN NASKAH JEUNG WARUGA NASKAH (Halaman 133-149)

Dokumen terkait