• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1105226 Chapter3

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1105226 Chapter3"

Copied!
13
0
0

Teks penuh

(1)

Iksan kharis, 2015

Ajen atikan jeung semiotik dina folklor kapamalian di kecamatan subang kabupaten subang Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODEU PANALUNGTIKAN

3.1. Desain Panalungtikan

Dina ngalakukeun panalungtikan, tangtu panalungtik kudu nataharkeun

sagala nu dibutuhkeun dina prosés panalungtikan. Sangkan panalungtikan

lumangsung sacara lancar ku kituna dina ngalakukeun panalungtikan diperlukeun

hiji desain.

Desain panalungtikan téh nya éta mangrupa gambaran ngeunaan raraga

panalungtikan. Desain panalungtikan anu digunakeun nya éta:

Bagan 3.1 Desain Panalungtikan

Identifikasi masalah

Téhnik Ngumpulkeun Data

Kacindekan Déskripsi Téhnik Ngolah Data

(2)

3.2. Métodeu Panalungtikan

Dina ieu panalungtikan, digunakeun métode déskripstif pikeun

ngadéskripsikeun aspék kapamalian di Kecamatan Subang Kabupaten Subang.

Numtukeun Sudjana (2011, kc. 52), ieu métode téh digunakeun saupama

panalungtikanna miboga udagan pikeun ngadéskripsikeun atawa ngajelaskeun

kajadian nu aya dina mangsa kiwari. Masih numutkeun Sudjana (2011, kc. 52),

ieu métode téh ngawengku sababaraha téknik di jerona, nya éta studi kasus,

survey, studi pengembangan, studi korelasi. Metode panalungtikan deskripstif

bisa ngadéskripsikeun savariabel atawa leuwih, dina hiji panalungtikan.

3.3. Téhnik Ngumpulkeun Data

Téhnik ngumpulkeun data dina ieu panalungtikan ngawengku: (1) talaah

pustaka, (2) wawancara, (3) dokumentasi, (4) observasi.

1. Talaah Pustaka

Talaah pustaka dilakukeun ku cara nalaah buku-buku jeung

literatur-literatur lianna nu patali jeung ieu panalungtikan, utamana tiori-tiori ngeunaan

folklor jeung semiotika Pierce.

2. Wawancara

Wawancara dilakukeun pikeun ngumpulkeun sajumlahing data nu aya di

lapangan. Tahap wawancara ieu penting dilakukeun pikeun meunangkeun data nu

mangrupa kapamalian nu sumebar di Kecamatan Subang Kabupatén Subang. Data

nu kapanggih satuluyna dianalisis jeung dikelompokeun dumasar kana tiori hasil

tina studi pustaka.

3. Dokuméntasi

Supaya data nu kapanggih leuwih valid, panalungtik ngadokumentasikeun

kagiatan ieu panalungtikan. Salian ti éta hasil tina dokumentasi anu mangrupa foto

jeung video, bakal ngarojong kana prosés analisis data sarta ngarojong dina

(3)

4. Observasi

Dina ieu panalungtikan, observasi dilaksanakeun pikeun niténan objék

panalungtikan, tina éta kagiatan observasi panalungtik bisa meunangkeun data nu

leuwih spesifik sarta leuwih orsinil.

3.4. Instrumén Panalungtikan

Instrumén panalungtikan nya éta alat pikeun meunangkeun data. Ieu alat

kudu dipilih dumasar jinis data nu dipikahayang. Instrumen salaku alat pikeun

ngumpulkeun data dina hakékatna nya éta pikeun ngukur variabel panalungtikan

(dina Sudjana, 2011, kc. 58).

Anu dipaké pikeun ngumpulkeun data dina ieu panalugtikan téh nya éta:

1. Alat pangrékam, anu dipaké pikeun ngumpulkeun data lisan ngeunaan folklor

aspék kapamalian nu aya di Kecamatan Subang.

2. Kaméra, anu dipaké dina proses panalungtikan pikeun dokumentasi. Dimana

ieu kaméra dipaké pikeun nyokot foto narasumber dina panalungtikan

3. Kartu panalungtikan, ieu kartu eusina ngawengku idéntitas narasumber jeung

hasil panalungtikan. Conto kartu panalungtikan:

Tabél 3.1 Format Wawancara

No

Narasumber

Wasta Padumukan Umur Pakasaban Atikan Katerangan Tanda

tangan

(4)

4. Keur saha jeung ka saha waé éta pamali téh dilarapkeun?

5. Naon waé sangsi/akibat/balukar lamun aya nu ngareumpak pamali ?

6. Naha pernah aya kajadian nyata lamun aya nu ngareumpak ?

7. Kumaha sangkan teu keuna ku kapamalian ?

8. Naha kapamalian éta téh dipaké kénéh tepi ka ayeuna ?

3.5. Téhnik Ngolah Data

Data nu geus kakumpul ngaliwatan téhnik ngumpulkeun data, satuluyna

dianalisis ngaliwatan léngkah-léngkah saperti dihandap ieu:

1. Mariksa sarta niténan folklor aspék kapamalian nu geus dikumpulkeun.

2. Ngadéskripsikeun sarta nganalisis folklor aspék kapamalian.

3. Nyieun kacindekan tina folklor aspék kapamalian nu geus kapaluruh.

3.6. Sumber Data

Sumber data nya éta subjék data-data panalungtikan nu dibeunangkeun ku

panalungtik. Data dina ieu panalungtikan mangrupa kapamalian nu masih kénéh

aya sarta dipaké di masarakat Sunda (dina Arikunto, 2010, kc. 172)

Anu dijadikeun subjék dina ieu panalungtikan nya éta warga Désa

Sukamelang, Wanerja, Parung, Dangdeur, jeung Cigadung nu umurna 40 taun

kaluhur.

3.6.1 Lokasi Panalungtikan

Lokasi ieu panalungtikan nya éta di Kacamatan Subang Kabupatén Subang.

Kecamatan Subang mangrupa salah sahiji kacamatan nu aya di Kabupatén

Subang, nu dijadikeun puseur pamaréntahan. Sacara geografis, ieu lokas kaasup

kana daérah dataran rendah, kira-kira 114 M dpl. Luas wilayah Kecamatan

Subang, kira-kira 5.896,946 Ha atawa 54 Km2, nu ngawengku:

a. sawah : 2.922,90 ha;

b. darat : 2.974,046 ha.

Kecamatan Subang téh ngawengku sababraha wilayah administratif, nya éta

(5)

Pasirkareumbi, Kalurahan Dangdeur, Kelurahan Cigadung, Kelurahan Soklat,

jeung Kelurahan Karanganyar.

Kecamatan Subang Kabupatén Subang téh diwatesanan ku sababaraha

wilayah, nya éta:

- beulah Kulon watesna Kecamatan Dawuan;

- beulah Wétan watesna Kecamatan Cibogo;

- beulah Kidul watesna Kecamatan Cijambe;

- beulah Kalér watesna Kecamatan Pagaden jeung Pagaden Barat.

Jumlah penduduk Kecamatan Subang, dumasar kana data taun 2014 kurang

leuwih aya kana 124.367 jiwa, (lalaki, 63.162 jiwa atawa 50,79% jeung awéwé

61.205 jiwa atawa 49,21%). Pakasaban nu ilahar di ieu kacamatan nya éta PNS,

pedagang , buruh, jeung tani.

Gambar 3.1 Péta Kecamatan Subang Kabupatén Subang

1. Kelurahan Sukamelang

Kelurahan Sukamelang aya ditungtung kalér Kecamatan Subang nu tapal

wates jeung Désa Jabong, beulah kulonna tapal wates jeung Kelurahan Dangdeur,

beulah wétanna tapal wates jeung Désa Belendung, beulah kidulna tapal wates

(6)

Kelurahan Sukamelang miboga luas wilayah 338.005 Ha/m², nu ngawengku:

Tabél 3.3 Luas Wilayah Kelurahan Sukamelang

No. Tempat Luas Wilayah

1 Sawah 331.000 Ha/m²

2 Tegal/ ladang/ kebon 7.000 Ha/m²

3 Pasar 0.5 Ha/m²

4 Usaha perikanan 4 Ha/m²

5 Terminal 0.3 Ha/m²

6 Pertokoan 0.2 Ha/m²

Total Luas Wilayah 338.005 Ha/m²

Dumasar data nu aya di désa jumlah penduduk Kelurahan Sukamelang nya

éta 14.992 jalma anu ngawengku penduduk lalaki 7.496 jalma jeung awéwé

7.496 jalma nu ngawengku penduduk dewasa 12.476 jalma jeung balita 1.498

jalma. Jumlah penduduk kabagi jadi 6.500 Kepala Keluarga.

Masarakat Kelurahan Sukamelang miboga rupa-rupa pakasaban.

Numutkeun data sénsus penduduk yén di ieu désa aya dalapan rupaning

pakasaban nu dipilampah ku masarakatna, katitén saperti ieu di handap.

Tabél 3.4 Jumlah Penduduk Kelurahan Sukamelang

No. Pakasaban Jumlah Penduduk

1 Petani 1.864 jalma

2 Buruh Tani 1.578 jalma

3 Kary.swasta 899 jalma

4 Wiraswasta 1.876 jalma

5 PNS 1.555 jalma

6 TNI/Polri 750 jalma

7 Pengrajin 1.125 jalma

8 Lain-lain 5.345 jalma

(7)

Ditilik tina atikana di désa Sukamelang rata-rata tingkat pendidikan formal

masarakatna téh lolobana tamatan SLTA (Sekolah Lanjutan Tingkat

Atas)/sadrajat, katitén tina tingkatan ieu di handap.

Tabél 3.5 Tingkat Pendidikan Formal Kelurahan Sukamelang

No. Tingkat Pendidikan Formal Jumlah

1 Lulusan SD 3.685 jalma

2 Lulusan SLTP 2.143 jalma

3 Lulusan SLTA 6.342 jalma

4 Sarjana 756 jalma

Total 12.926 jalma

2. Kelurahan Cigadung

Kelurahan Cigadung aya di tengah Kecamatan Subang nu tapal watesna

beulah kalér jeung kelurahan Sukamelang, beulah kulonna tapal wates jeung

Kelurahan Dangdeur, beulah wétanna tapal wates jeung Kelurahan Karanganyar,

beulah kidulna tapal wates jeung Kelurahan Pasirkareumbi.

Kelurahan Cigadung miboga luas wilayah 335.182 Ha/m², nu ngawengku:

Tabél 3.6 Luas Wilayah Kelurahan Cigadung

No. Tempat Luas Wilayah

1 Sawah 77 Ha/m²

2 Pemukiman 163,928 Ha/m²

3 Tegal/ ladang/ kebon 9,464 Ha/m²

4 Kuburan 63,672 Ha/m²

5 Pekarangan 63,72 Ha/m²

6 Taman Kota 21,119 Ha/m²

7 Perkantoran 21,119 Ha/m²

(8)

Dumasar data nu aya di désa jumlah penduduk Kelurahan Cigadung nya

éta 22.187 jalma anu ngawengku penduduk lalaki 10.431 jalma jeung awéwé

11.756. satuluyna jumlah penduduk kabagi jadi 6.223 KK jeung aya 3.750 KK

miskin. Masarakat Kelurahan Cigadung miboga rupa-rupa pakasaban. Numutkeun

data sénsus penduduk yén di ieu désa aya sapuluh rupaning pakasaban nu

dipilampah ku masarakatna, katitén saperti ieu di handap.

Tabél 3.7 Jumlah Penduduk Kelurahan Cigadung

No. Pakasaban Jumlah Penduduk

1 Petani 560 jalma

2 Pedagang 10.200 jalma

3 Penjahit 899 jalma

4 Pertukangan 1.876 jalma

5 PNS 1.200 jalma

6 TNI/Polri 312 jalma

7 Pengrajin 112 jalma

8 Pengusaha 1.300 jalma

9 Buruh/swasta 8.400 jalma

10 Lain-lain 500 jalma

Total Jumlah Penduduk 22.187 jalma

Ditilik tina atikana di désa Cigadung rata-rata tingkat pendidikan formal

masarakatna téh lolobana tamatan Sarjana, katitén tina tingkatan ieu di handap.

Tabél 3.8 Tingkat Pendidikan Formal Kelurahan Cigadung

No. Tingkat Pendidikan Formal Jumlah

1 Lulusan SD 2.088 jalma

2 Lulusan SLTP 1.042 jalma

3 Lulusan SLTA 1.088 jalma

4 Sarjana 5.131 jalma

(9)

3. Kelurahan Dangdeur

Kelurahan Dangdeur aya di beulah kulon Kecamatan Subang nu tapal

watesna beulah kalér jeung kelurahan Cidahu, beulah kulonna tapal wates jeung

Kelurahan Subasari, beulah wétanna tapal wates jeung Kelurahan Cigadung,

beulah kidulna tapal wates jeung Kelurahan Parung. Kelurahan Dangdeur miboga

luas wilayah 790.30 Ha/m², nu ngawengku:

Tabél 3.9 Luas Wilayah Kelurahan Dangdeur

No. Tempat Luas Wilayah

1 Sawah 325 Ha/m²

2 Pemukiman Ha/m²

3 Tegal/ ladang/ kebon Ha/m²

4 Kuburan Ha/m²

5 Pekarangan Ha/m²

6 Taman Kota Ha/m²

7 Perkantoran Ha/m²

Total 790.30 Ha/m²

Dumasar data nu aya di désa jumlah penduduk Kelurahan Dangdeur nya

éta 14.594 jalma anu ngawengku penduduk lalaki 7.225 jalma jeung awéwé

7.339. Masarakat Kelurahan Dangdeur miboga rupa-rupa pakasaban. Numutkeun

data sénsus penduduk di désa aya sababaraha pakasaban nu kapanggih.

Tabél 3.10 Jumlah Penduduk Kelurahan Dangdeur

No. Pakasaban Jumlah Penduduk

1 Petani 1.766 jalma

2 Pedagang 193 jalma

3 PNS 449 jalma

Total Jumlah Penduduk 14.594 jalma

Ditilik tina atikana di désa Dangdeur rata-rata tingkat pendidikan formal

(10)

Tabél 3.11 Tingkat Pendidikan Formal Kelurahan Dangdeur

No. Tingkat Pendidikan Formal Jumlah

1 Lulusan SD 2.088 jalma

Kelurahan Soklat, beulah wétanna tapal wates jeung Désa Sadawarna, beulah

kidulna tapal wates jeung Désa Cikadu.

Kelurahan Wanerja miboga luas wilayah 1.864.250 Ha/m², nu ngawengku:

Tabél 3.12 Luas Wilayah Kelurahan Wanerja

No. Tempat Luas Wilayah

satuluyna jumlah penduduk kabagi jadi 1.656 KK. Masarakat Kelurahan Wanerja

miboga rupa-rupa pakasaban. Numutkeun data sénsus penduduk yén di ieu désa

aya 12 rupaning pakasaban nu dipilampah ku masarakatna, katitén saperti ieu di

(11)

Tabél 3.13 Jumlah Penduduk Kelurahan Wanerja

No. Pakasaban Jumlah Penduduk

1 Petani 1.100 jalma

2 Buruh Tani 800 jalma

3 Pedagang 25 jalma

4 Peternak 120 jalma

5 Perikanan 2 jalma

6 Montir 6 jalma

7 Bidan 2 jalma

8 Perawat 5 jalma

9 Pembantu Rumah Tangga 50 jalma

10 TNI/Polri 3 jalma

11 Pengusaha 4 jalma

12 Buruh/swasta 280 jalma

Total Jumlah Penduduk 5.853 jalma

Ditilik tina atikana di désa Wanerja rata-rata tingkat pendidikan formal

masarakatna téh lolobana tamatan SD (Sekolah Dasar)/saderajat, katitén tina

tingkatan ieu di handap.

Tabél 3.14 Tingkat Pendidikan Formal Kelurahan Wanerja

No. Tingkat Pendidikan Formal Jumlah

1 Lulusan SD 260 jalma

2 Lulusan SLTP 36 jalma

3 Lulusan SLTA 36 jalma

4 Sarjana 15 jalma

(12)

5. Kelurahan Parung

Kelurahan Parung aya di tungtung kidul Kecamatan Subang nu tapal

watesna beulah kalér jeung Désa Cigadung, beulah kulonna tapal wates jeung

Kelurahan Dangdeur, beulah wétanna tapal wates jeung Désa Wanareja, beulah

kidulna tapal wates jeung Désa Tanjung Wangi.

Dumasar data nu aya di désa jumlah penduduk Kelurahan Parung nya éta

8.398 jalma anu ngawengku penduduk lalaki 4.127 jalma jeung awéwé 4.271

satuluyna jumlah penduduk kabagi jadi 2.262 KK. Masarakat Kelurahan Parung

miboga rupa-rupa pakasaban. Numutkeun data sénsus penduduk yén di ieu désa

pakasaban nu dipilampah ku masarakatna téh nya éta pedagang, sopir, tani, jeung

ternak.

Ditilik tina atikana di désa Parung rata-rata tingkat pendidikan formal

masarakatna téh lolobana tamatan SD (Sekolah Dasar)/saderajat, katitén tina

tingkatan ieu di handap.

Tabél 3.15 Tingkat Pendidikan Formal Kelurahan Parung

No. Tingkat Pendidikan Formal Jumlah

1 Lulusan SD 6.427 jalma

2 Lulusan SLTP 4.300 jalma

3 Lulusan SLTA 4.220 jalma

4 Sarjana 40 jalma

Total 14.987 jalma

3.6.2 Populasi

Numutkeun Sudjana (2011, kc. 71), populasi téh teu kawatesanan, malah

aya nu teu kaitung jumlah jeung ukuranana. Ku kituna, populasi mah teu

sakabéhna bisa ditalungtik. Éta hal biasana dumasar kana teu kadugana tanaga,

waragad, sarta waktu panalungtik dina nalungtik éta populasi. Tina pedaran di

luhur, populasi dina ieu panalungtikan nya éta sakabéh kapamalian nu aya di

(13)

3.6.3 Sampel

Pikeun ngungkulana pasualan populasi nu teu kaduga éta, dina

panaungtikan aya istilah nu disebut sampel panalungtikan. Sampel panalungtikan

téh mangrupa bagian atawa wakil tina populasi (dina Arikunto, 2010, kc. 174).

Dina ieu panalungtikan, panalungtik ngagunakeun téhnik purposive sampling, nya

éta panalungtikan anu nangtukeun unsur sampelna dumasar kana tujuan husus

nepi ka nyumponan kahayang jeung kapentingan panalungtik (dina Sudjana,

2011, kc. 73). Sampel ieu panalungtikan nya éta kapamalian nu sumebar di

Kelurahan Sukamelang, Wanerja, Parung, Dangdeur, jeung Kelurahan Cigadung.

Di Kecamatan Subang aya dalapan kelurahan. Tina dalapan kelurahan éta

téh dicokot sampel lima kelurahan. Pangna panalungtik nyokot lima kelurahan téh

ku sabab éta kelurahan nu jadi tungtung jeung puseur Kecamatan Subang.

Kelurahan Sukamelang nya éta tungtung kalérna Kecamatan Subang, Kelurahan

Parung tungtung kidul Kecamatan Subang, Kelurahan Dangdeur tungtung kulon

Kecamatan Subang, sarta Kelurahan Wanerja tungtung wétan Kecamatan Subang,

sedengkeun Kelurahan Cigadung aya di puseur Kecamatan Subang. Jadi, data

kapamalian nu aya di éta lima kelurahan téh geus ngawakilan data kapamalian nu

Gambar

Gambar 3.1 Péta Kecamatan Subang Kabupatén Subang

Referensi

Garis besar

Dokumen terkait

Tidak ada pada bulan lalu Kurang dari sekali seminggu Sekali atau dua kali seminggu Tiga kali atau lebih seminggu Jika anda mempunyai teman sekamar, tanyalah.

PENERAPAN MODEL COOPERATIVE LEARNING TIPE THINK PAIR SHARE UNTUK MENINGKATKAN KEMAMPUAN MENULIS PANTUN SISWA SEKOLAH DASAR.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu

PENERAPAN MODEL COOPERATIVE LEARNING TIPE THINK PAIR SHARE UNTUK MENINGKATKAN KEMAMPUAN MENULIS PANTUN SISWA SEKOLAH DASAR.. Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu |

Akan tetapi, masih banyak pelaku usaha yang berusaha untuk menghindarkan diri dari pajak yang dilakukan dengan berbagai cara yang salah satunya adalah memanipulasi laporan

• ASLURETI: An example of a successful elderly cash transfer in Indonesia5. • A description of

Menurut Ranto (2007), kemandirian pribadi adalah kemampuan untuk mengandalkan diri sendiri dalam upaya untuk menciptakan lapangan kerja baru tanpa harus bergantung dengan orang

Sahabat MQ/ Gerakan menentang Facebook/ muncul di Australia/ menyusul meninggalnya dua remaja di negara tersebut/ yang disinyalir akibat situs jejaring sosial

motivasi lebih untuk belajar bahasa Jepang dari mahasiswa yang. mengikuti