PAMARÉNTAH KABUPATÉN GARUT DINES ATIKAN
SMPN 1 CIBALOG Jl. Miramare - Cibalong 44176
No. : ... Rebo, 22 Mei 2008 Hal. : Rapat Dines
Sipat : Penting
Kahatur nu dipihormat
Bapa miwah Ibu Guru SMPN 1 Cibalong di
Tempat
Assalamu'alaikum wr. wb. Kalayan Hormat,
Ngemutkeun kana seueurna kanakalan murangkalih di jaman kiwari sapertos kagiatan nu teu sapagodos sareng aturan Sakola, kumargi eta Sakola bade ngayakeun rapat dines anu Insya Allah bade digelar dina:
Dinten : Ahad, kaping 25 Mei 2008 Waktos : Tabuh 08.00 dugi ka rengse Tempat : Ruang Guru SMPN 1 Cibalong
Mung sakitu anu kapihatur, mugia Bapa miwah Ibu ngaendahkeun kana undangan ieu. Hatur nuhun kana sagala perhatosannana.
Wassalamu'alaikum Wr.Wb.
Pimpinan Sakola SMPN 1 Cibalong