• Tidak ada hasil yang ditemukan

Orasi Pulitik Yuddy Ti Sunda Keur Dunya Agum Ngajurung Ludeung Jadi Capres.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "Orasi Pulitik Yuddy Ti Sunda Keur Dunya Agum Ngajurung Ludeung Jadi Capres."

Copied!
3
0
0

Teks penuh

(1)

o

Selasa

0

Rabu

.

Kamis

0

Jumat

4 5 6 7 8

liJ

10 1'1

20 21 22 23 24 25 26

--C) Mar

.

Apr () Mei () JtIIl () J(/I () Ags

o

Sabtu 12 13

27 28

( ) Sep

0

Okt

o

Minggu

14 15 16

29 30 31

() Nov () D_~~/

'-"---[aporan

DeklarasiNgarojong

DR. H.

Yud~y

Chrisnandi, ME

Orasi Pulitik YuddVIi Sunda Keur Dunva

".

Agum Ngajurung Ludeung Jadi Capres

Ti mimiti diwanohkeun sacara nembrak"di hotel Ibis Jakarta, disusul gempung ngariung di Bandung

terus di Bogor tepi ka dideklarasikeunana kamari ieu di horel Horison Bandung, Yuddy geus kacida

pancegna geusan maju ka pakalangan nasionai... "Siap jadi Presidenl" kitutekadna. Tapi manusa ukur

boga kahayang, ari anu nangtoskeun niah an"gingAlloh, Yudi tumamprak ka kersaning Alloh. Na teu

meu-nang aya nonoman Sunda anu teuneung ludeung bari cukup bekel elmuna maju kana Pilihan Presiden?

Loba anu nanya, lantaran loba sora-sora silung jiga anu teu panuju, teu percaya kana wewesen Yud~y.

M

alah aya anu nganaha-naha

bari soranganana ngan bisa ngajejeleh deungeun. Malah harewosna Kang Djadja Subagdja Husen mah cenah "Aya anu nyebut kokolot begog oge'", tapi ngarannage be~uang, Yuddy geus apal peresis kana luka-likuna pe~uangan jeung guruh katut geremna sora-sora anu mairan, babakuna di lembur luluhuma sorangan Sunda. .

Ditempas ku

Memet Hamdan,

pupuhu Pusat Solidaritas Sunda,

"Geus entong" ngagugulung deui

pamanggih nu nyebut Sunda sok

aing-aingan. ayeuna mah hayu"

babarenganurang neuteupka hareup, ngajurung ludeung ka putra Sunda anu ayeuna geus aya di tengah-teri-gah urang, rarojong dareudeul, da tujuanna oge tujuan urang sarerea geusan ngaraha~akeun masarakat, merangan kamiskinan jeung kabo-doan jeung ngabebaskeun diri tina kagumantung~ndeungeun(asing)."

Kumaha sikep Pa Agum Gumelar wawakil tokoh kasepuhan Sunda dina enggoning ngajurung laku ka Yuddy? Jendral nu nyaahna ka Sunda nanjeur pageuli teh kacida ngabageakeunana kana tandangna Yuddy Chrisnandi ka pakalangan Pilpres taun ieu. Agum Gumelar netelakeLinkareueusna yl;!n di Tatar Sunda aya tokoh ngora anu gede kamelang kana nasib bangsana. Lian ti dilelemahan ku wawanenna pikeun tan-dang saur Pa Agum. munculna Yuddy jadi Calon Presiden numutkeun panga-jenna,

henteu dilelemahan ku upaya

neang-an popularitas jeung kakawasaan,

Pribadi Yuddy geus kauji salila ieu, jeung teuneung ludeung mintonkeun sikep tandes dina enggoning nyindekeun

tin-DR. Yuddy Chrlsnandi, ME.

Gelar Doktor digondol ku Yuddy tina widang kajian Militerti Fak.llmu Sosial dan IImu Politik Universitas Indonesia taun 2004. Samemehna, nyaeta taun 1997 Yuddy ngahontal gelar Magister Ekonomi ti Fak. Ekonomi UI, gelar sar-jana ti Fak.Ekononii Universitas Pajajaran (UNPAD) taun 1991.

Samemeh ngiprah jadi anggota DPR-RI 2004-2009, Yuddy kungsi babakti di Bank Bukopin Pusat, Bank Bumi Daya

.

taun 1882-1994, Staf Husus Kepala BPPN 1998-1999, Anggota MPR-RI 1998-1999, Panasehat Ahli Kapolri 1999-2001, Dosen FE. Universitas Trisakti, 1977-2002, Staf Khusus Wakil Presiden Bidang Polkam 2001-2003.

Supaya jadi uninga bae, Yuddy kungsi dileler Fellowship Riset ngeu-naan Militer ti Institute Of Defence and .Strategic Studies (IDSS) Singapurci. Boh kusabab Yuddy Intelektual boh kulantaran Yuddy pulitisi,sering dion-dang ka forum-forum intemasional jadi pembicara dina Workshop atawa Dialog internasional dumasar kana kalungguhanna di Komisi I DPR-RI. Di antarana di Amerika Serikat, Inggris, Finlandia, Polandia, Ustralia, Uzbekistan, Vietnam, jeung nagara-nagara sejenna. Sabregbreg pancen-pancen sejenna dilakonan ku Yuddy, sagigireun pancen organisasi.

Ti saprak lulus SMA, Yuddy geus malang mulintang di rupa-rupa organ-isasi. Ngagabung jeung Golkar ti taun 1992, Yuddy pulitisi ngora anu vokal di parlemen. Kungsi ngagagas sajumlah

hak interpelasi sai:>erti ngeunaan

Interpelasi Pangangkatan Panglima TNI, Sembako, BLBI, Lapindo jeung Nuklir Iran. Yuddy hiji-hijina anggota Fraksi Partey Golkar anu ngarojong hak angket dakan.

Deklarasi ngarojongYuddy Crisnandi disaksian ku wawakil tokoh Sunda ti 26 kota jeung Kabupaten ti Jawa Barat. Bantenjeung DKI Jakarta.

Sakitu legana rohangan Krakatau Hotel Horisol) teu mampuh nampung hadirin, ku kituna mudal tepi ka luar, boh para nonoman boh para kasepuhan ngabaur jadi hiji. ngaran Yuddy geus

mampuh ngahijikeun karep jeung

patekadan geusan babarengan ngaju-rung ludeung Yuddy' Chrisnandi nu dilahirkeundi Bandung29 Mei 1968.Tepi ka ayeuna masih jadi anggota DPR-RI Urusan Luar Negri. Pertahanan jeung Intelejen. Yuddy oge Koordinator Koalisi

Muda Parlemen Indonesia. Dosen

Fakultas Ekonomi Universitas Nasional.

Mangle No. 2215

9

(2)

---Laporan

DPR keur BBM. Kulantaran mihak bae kana isu-isu Kerakyatan, Yuddy sababa-raha kali dibere sanksi anu tandes ku pingpinan Partey Golkar, ahirna Yuddy niat ngundurkeun diri tina Pencalonan Legislatip Pemilu 2009 ieu. Tap! tepi ka ayeuna masih nagen di tengah-tengah Partey Golkar sabab ngarasa kudu nutaskeun heula pancenna jadi wakil Rayat di DPR-RI.

teu ku hanteu lebab tes kasehatan.... gugur, sabab Yuddy geus dikacapanon mineus hiji. Bolay ka AKMIL. blus weh ka Unpad. Tapi tibelat we ka dunya tentara mah, pam.andangan soldadu nu sarwa hejo kokolebatan. Atuda tentara mah disi-plin, iklas ride keur korban nagara. Jiwa pangorbanananaluhur tur suci ari tentara mah, jiwa nasionalismeu jeung partrio-tismeuna kuat. Pikeun Yuddy, panghebat-na we tentara mah. Kaleresan ramapanghebat-na Yuddy karyawan sipil tentara, atuh Yuddy dikenalkeun ka rerencangan ramana, atuh jadi loba diajar kamiliteran, sajarah Siliwangi oge. Pokona ngeunaan ruang lingkup-tentara. Atuh jadi beuki wanoh ka dunya tentara. Da beuki jero diteuleu-man. Sa bad a neruskeun kuliah di Jakarta, prukprok deui jeung sobat-sobat ramana, geus jaradi jendral. Yuddy sok diulem kana riungan-riungan kalebet diskusi-diskusi, jadi beuki loba elmu kamiliteran anu kaserep ku Yuddy anu aktip di LSM-LSM. ~ri jaman Orba, tiap kagiatan kudu aya rekomendasi ti KODAM. Ku kituna Yuddy jadi sering komunikasi, tepang deui jeung para bapa tentara. Beuki sering komunikasi jeung tentang-tentara. Yudy tepi kana hiji kacin-dekan: "Teu nanan bolay dibaju hejo jadi tentara, ayeuna mah arek neuleuman pulitikna we, sami tentara-trentara kenehl" Kusabab kitu, beres S2, nyandak S3 neuleuman.widang Pulitik Militer. boh Militer Indonesia boh dunya. Ngahontal Doktor widang Kajian Militer Fak. Sospol

,.

.,...

,~.:Y

c,.

'., fJ~~-'""f

"

Cita-citana Jadi Tentara

Ngawangkong husus jeung MANGLE di Perpustakaan Prof.Doddy Tisna-amidjaya sabada tuang liwet kamari ieu, Yuddy medar lalakon, kunaon parigna ngarengsekeun pendidikan Doktorna dina widang kajian Militer? Tetela Yuddy Chrisnandi anu ngawalan pendidikan di SD Sukarasa Komplek Perumahan Angkatan Darat (KPAD) di Jalan Abadi Bandung, ti jaman keur budak pokna, cita-citana banget hayang jadi tentara. Unggal poe Yuddy alit nikreuh ka sakola . mapay-mapay galengan sawah da lebah dinya teh lega keneh pasawahanana, can beak ku gedong-gedong, pamandangan ka gunung Tangkubanparahu plungplong keneh. Saban poe Yuddy ningal tentara abrul-abrulan, garagah pisan, sawareh maranggul bedil, saragemna hejo, topina hejo. mobilna ge hejo, sagala rupana hejo, bener-bener matak kasengsrem. Cita-citana jadi tentara beuki mengpeng. Kulantaran kitu, lulus SMA, daptama teh

. ka AKMIL, geus kenging nomer tes, tapi

Yuddy, Elvira jeung Si anaking Ayesha Fatma Nandira.

10

---dan IImu Politik Universitas Indonesia opge pokna, asal muasalna tina cita-cita jadi tentara anu teu tinekanan tea, ahima milih kuliah bidang kamiliteran, repi ka jadi Doktor. Lulantaran Di DPR-RI Komisi I bidang pertahanan ngabawah Depar-temen pertahanan dan Angkatan Bersenjata, saluyu jeung modal elm una widang kamiliteran, Yuddy pancenna di Komisi I anu ngagugulung widang urusan luar negri, Pertahanan dan Intelejen, Yuddy oge jadi Koordinator Koalisi Muda

ParJemenIndonesia. ,.

Lian ti kitu, saabreg-abreg pancen-pancen sejenna,'ti mimiti Dosen tepi ka jadi Staf Husus Wakil Presiden RI widang

Polkam. .

Waktu ditaros, Naha leres ayeuna mil iter terpuruk? Tangginas Yuddy ngawalerna. Lain terpuuruk nurutkeun Yuddy mah, tapi kapan reformasi oge kahayang mil iter soranga[1. Reformasi

lainngan sakadar kehayang jaman, aki-bat isu internasional ngeunaan demokratisasi jeung HAM, sarta super-masi sipil. Tapi kasadaran militerna sorangan geusan jadi tentara profesional. Nurutkeun Yuddy Crisnandi, memang aya tekanan asing, tapi oge aya kasadaran internal, l"1ungabuahkeun kon-sep internal ABRI. Nu ngagagasna duaan, SBY jaman jadi Kepala Staf Sosial pilitik ABRI jeung Wiranto. Harita, Yuddy oge kaasup rengrengan peng-gasan internal ABRI. Harepan utamana, supaya militer teu di]ibatkeun deui kana pulitik tapi kudu jadi pertahanan nagara sacara mumi, jadi ~ngtuna oge dipentes kudu propesional. Tah, supaya prope-sional nurutkeun Yuddy mah kudu dicumponan pangabutuhna, fasilitas lati-han, peralatan jeung modernisasi persen-jataan katut panganjrekan kulawargana. Eta kabeh tujuanna supaya Sang Tentara pancen tugasna jongjon. surnanget jeung leuwih disiplin deui, henteu sumoreang ka kulawarga, jeung kana urusan-urusan

sejen.. .

Anurutkeun Yuddy Crisnandi anu saenyana leuwih pantes jadi Bentang sinetran batan jadi soldadu, aya tilu unsur pikeun jadi rniliter propesional Cukup tuangna, pangabutuhna kacumponan, fasilitas latihanana sampurna, jeung mod~misasi peralatan. Tapi hanjakal, nagara t~can bisa nyumponan anggaran militerna pokna prihatin, 150 triliyun anggaran ideal balanja militer Indonesia teh samistina mah. Anggaran minimal balanja rniliterna 74 triliyun. Tepi ka

(3)

l.airoran

na, Pamarentah kakara mampuh

mere

35 triliyun. Jadi anu dipasok masih kurang ti 50% tina anggaran minimalna. Ku kituna arek kumaha bisa propesional lamun kaayaanana kitu mah? Tepi- ka loba anggaran militer anu kapaksa dipo-tong, uang lauk-Iaukna ngan 35 rebu ka-asup keur kulawargana. Jauh tina cukup. Asramana loba anu teu bisa kaomean. Peralatan militema ogeku anggaran anu saeutik teu bisa digunakeun sacara opti-mal. Upamana bae, urang bog a 24 Skuadron pesawat tempur, da atuh hen-teu satenghah-satengahna acan anu digunakeun mah, terus Urang boga 18 pesawat Herkules da ngan 8 anu dipake

mah.

_

Urang boga 94 kapal perang, tapi

henteu satengahna-satengahna acan anu jalan. Tah, kitu kaayaan militer urang teh. Jadi kecap "Terpuruk" teh bisa jadi -"Kateu mampuhan nagara nyumponan

anggaran Militema sanajan qnu minimal. Tepi ka balukama kondisi propesional-isme militer anu diharepkeun tina refor-masi Militer,tepi kaayeuna tacan kahon-tal. Ekstrimna disebut "terpuruk", Yuddy nembrakeun kaayaan Militerurang kiwari anu memang buktina kitu.

Nyabit-nyabit urang Sunda, nurut-keun Yuddy mah urang Sunda teh han-dap asor teuing. Salawasna mangga ti payun abdi mah engke ti pengker. bageur -teuing. Mangga-mangga bae tepi ka tara kabage~m, jadi tinggaleun. Handap Asor memang sae dina tata campur gaul sosial mah. Tapi ari' din~ konteks pulitik mah, para luluhur ge geus mere katuladanan, kudu jadi panutan. "Pakena gawe rahayu. pakena kreta bener", eta oge sok ti payun tapi nu bener, sok mingpin, tapi anu taat kana aturanl Jadi ieu teh masalah inter-pretasi tina ajen budaya,'kasantunan anu dita~amahkeun kacida santunna di dunya pulitik. Padahal dina dunya pulitik mah

kuduna

lamun urang yakin yen anu

dilakukeun teh keur kapentingan masarakat, jeung yaki yen 'urang bener, kuduna urang aya di garis panghareupna

mere tuladan mingpin.

Ayeuna

urang

Sunda keur kacida gandrungna kana karaha~aan kasundaan. tapi masih keneh mangga ti payun. Kulkantaran'loba anu mangga ka payun, ah telenjeng we

abdi

sorangan .

ka

payun,

pada

ngadeudeul pada ngarojong. Deklarasi anu nurutkeun Yuddy .saenyana' henteu hebat, eta gambaran kagandrung. sabab salila ieu teu aya urang Sunda anu boga pokal pikeun muncul jadi pamingpin nasional. Upama urang ludeung ka

Mangle No. 2215

,,' \.

Sareng AlflXander Downers dlna tugas dlplomasl.

payun, ceuk Yuddyjadi kareueus urang

Sunda. Yuddyyakin kana wangsit para

luluhur Sunda,

pangpangna

Prabu

Wastukancana anu ti baheula mula geus

nyebatkeun, yen dina hijimangsa bakal

aya hijikabesaran keur Sunda jeung keur

dunya. sabab

pilosopi Sunda

mah

cahaya. sinar jeung cai nu herang, urang

Sunda mah beresih hate. Palsapah

Sunda mah saenyana lain keur urang .

Sunda

wungkul. lain keur bangsa

Indonesiawungkulanu diinterpretasikeun

jadi Pancasila. Tapi ajen-ajen kaluhuran

keur dunya. Dina enggoning mingpin

Indponesia. kudu sHih asah silih Asih

jeung silihasuh. Silhatiksilihdidik.leu ge'

geus dilarapkeun ku bangsa-bangsa di

satungkebingjagat, mere ajen universial

keur. dunya. Obama paham kumaha

nasib barudak Amerika. loba anu teu

~akola.urang kulithitam kurang sandang

pangan, kurangdukungan, eta gambaran

asilihasih jeung silih Asuh. Silihasah di

kabinetna, Obama be~uang silih asuh,

sU'paya masalah. ekonomi di nagarana

direngsekeun sagancangna. Kapan eta

teh palsapah Sunda. Kuduna mah urang

teh mingpindunya,da senjatana aya di

urang.

Sajeroning kitu. aya anu tumanya.

naon kontribusinaYuddyka Sunda? Bisa

ajadi loba anulangkung

ti 'abdi ceuk

Yudc!y.Ngeunaan kontribusi asa teu

pantes lamun kudu nataan geus mere

naon ka masarakat? Ngan salawasna

mere

anu panghadena keur sasama.

Salila ieu lain kulantaran jadi anggota

DPR salila 5 taun ieu. "Sahade-hadena

manusa, anu bisa mere maweh ka

sasamana. Di Cirebon Yuddy

ngadeg-keun Yayasan Bakti Pemuda Cirenbon

keur mere beasiswa ka barudak nu teu

mampuh. aya koperasi

keur

babaturan

anu merelukeun, ceuk Yuddy.Perhatian

utama Yuddy,widang pendi.dikanjeung

budaya, anu merelukeun pe~uangan

posisi puncak tepi ka bisa mere

mang-paat ka bangsa. Teu acan nanaon

kon-tribusimah, pokna!

Pikeun Yuddy "Awalna ti kulawarga ngawangun masarakat anu raharja",

Yuddy Chrisnandi nu ngawangun rumah

.

tangga jeung Velly Elvira, SH, MH,

Notariat, kakara diganjar hiji asuhan,

Ayesha Fatma Nandira.

Orasi pulitikYuddypoe

Mingguharir-ta memang hebat, ngan dina

namatkeun-ana lob anu kurang panuju. Samemehna

dina jumpa pers disebutkeun Deklarasi

bakal hebat, bakal aya gebragan jeung

sajabana

Duka lamun dibacana ku

nonoman sapantar atawa sahandapeun

Yuddy mah, jeung

langsung kana

deklarasina

anu

penting.

Saurang

kasepuhan

sastrawati

jeung

tokoh

kasepuhan organisasi

masarakat

anu

moyan ngagerendeng, "Yeuh... piraku

aya deklarasimake jeung

nyebut"Akang-akang nu di pengker!".Duka tah!

(HRS)

11

Referensi

Dokumen terkait