• Tidak ada hasil yang ditemukan

PUISI PERPISAHAN PRAMUKA 2019

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2019

Membagikan "PUISI PERPISAHAN PRAMUKA 2019"

Copied!
12
0
0

Teks penuh

(1)

e.r. JABANIAH

PUISI PERPISAHAN PRAMUKA 2019

Pangjajap Penutupan

Hiliwir angin pasisian Marengan rasa nu aya

Jangjang peuting geus ngalingkup

Nyimbutan hate urang sewang-sewangan Anu ayeuna babareungan

Ngariung ngahuap lingkung

Sajatina di sakola...

Mangsa geuneup taun gulangkeup Hirup kumbuh sauyunan

Silih asih,silih asah,silih asuh

Rupaning kagiatan nu kungsi dilakonan Diantarana pikeun kasatriaan

Ngambah kamandirian Pramuka dijadikeun harepan

Kemping nu pernah di ayakeun Persami nu kungsi di sungsi Kiwari bakal kapeugat Ku lajuning kahirupan.

Nyerenkeun Andik ka Orang Tua

Pembina

Baheula mangsa na kandungan

Dua bulan herang,tilu bulan kukumalenggang Opat bulan ngawujud,Salapan bulan medal Dirawu dipangku na kanyaah sepuh

Bihari mangsa pang inditan Lengkah-lengkah leutik marengan Da puguh aya nu bakal ecag tina aisan Tina pangrumrum indung nu nyusuan

Kamari mangsa amanat tiban ka atikan Lain wungkul pangaweruh talaran Kudu ngabina saujratna, sakabehna Sangkan budak pinanggih jeung dirina

Tina lengkah kana lengkah Kasatriaan diwejang Kawiraan dilakonan

Pikeun ngawangun karakter atikan

Kiwari...

Satutas lengkah-lengah marengan Waktu wanci tomper keur pamiangan Pucuk-pucuk pamiangan nembongan Kawates ku wanci panungtungan

Wanci ieu nyanggakeun Ka ibu, rama atikan

Di mangsa panutupan kapramukaan Nyanggakeun kasadayana....

(2)

e.r. JABANIAH

Budak Lalaki

Peuting ayeuna...!!!

Ieu peuting mawa tangara panungtungan Dina kagiatan-kagiatan

Di SD nu ku urang dipikaheman

Peuting ayeuna ... !!!

Mawa harewos kanu rek mios Kaurang-urang nu bakal paturay

Dina kagiatan kagiatan anu saperti kieu

Kuring rek nanya?

Kadiri pribadi, pikeun aranjeun babaturan...!! Ti saha urang bisa panghiap

Unggah ungguh kasopanan

Tangtu bakal satuju..

Eta kabeh ...ngan ti guru-guru urang Nu kungsi ngalatih diri

Nu kungsi mere kaheman

Kuring nyaksi ti mimiti kelas hiji Nepi kapeuting panungtungan Urang mo bisa nanaon

Tong nyapirakeun kasadaya pangatik

Peuting ieu urang anteur

Paninengan pikeun urang sarerea Ka aranjena nu ngareka pangabisa Urang ayeuna unjukan...

Unjukan kasadayana...

Ka guru nu ngawuwuh elmu.. Ka sakola ....

Tempat nyiar pangabisa Kuring rek indit... Ayeuna bakal miang.

Budak awewe

Peuting ieu hate bet rehe Aya lirih ku kapiati Nyungsi diri nu sayakti Kasurung kutungtung wanci

Bapa... ibu.... Abdi seja amitan

Tina kagiatan kapramukaan Kagiatan di atikan urang

Panungtungan... Ku ngagayuhna waktu Teu tiasa muterkeun wanci

Kahoyong mah sasarengan salalawasna Tapi dalah dikumaha

Abdi sadaya bakal miang Nyorang jugjugan

Hapunten ... Bapa.... ibu...

Abdi nampi sagala kasatriaan Hasil Atikan ti sadayana

Pami lampah nyandang leupat Hapunten kana datna sifat Da puguh apanan atah Sewu beebndu laksa duduka

Pamitan abdi rek miang Sapu nyere pegat simpay Mugia jadi panyepret Ka hate anu keur rehe

Pileuleuyan ...pileuleuyan.. Abdi miang naratas jugjugan Pido’a ti sadayana

Mugi cita-cita tinekanan

(3)
(4)
(5)
(6)
(7)
(8)
(9)
(10)
(11)
(12)

Referensi

Dokumen terkait