BUDAYA
BUDAYA
S U N D A
S U N D A
Drs. Dédé Kosasih, M.Si.DR 440
2 SKS/Genap MATA KULIAHWANGENAN
WANGENAN
BUDAYA/KABUDAYAAN
BUDAYA/KABUDAYAAN
Budaya atawa kabudayaan téh asalna tina basa
Sansekerta nya Ѐta
buddhayah
, minangka wangun jamak
tina kecap
buddhi
(budi atawa akal) dihartikeun salaku
hal-hal nu patali jeung budi sarta akal manusa. Dina basa
Inggris, kabudayaan disebut
culture
, nu asalna tina basa
Latin
colere
, nya Ѐta molah atawa migawЀ. Numutkeun
pamadegan Soerjanto Poespowardojo (1993)
colere
bisa
dihartikeun molah/ngolah taneuh atawa tani.
http://id.wikipedia.org/wiki/Budaya
The American Herritage Dictionary
Kabudayaan nya Ѐta salaku hiji gemblengan tina pola
paripolah nu dikirimkeun ngaliwatan kahirupan sosial, seni
agama, kalembagaan, jeung sakabЀh hasil gawЀ sarta
pamikiran manusa tina hiji kelompok
Pamadegan para ahli ngeunaan kabudayaan
Edward B. Taylor
Kabudayaan mangrupa gemblengan tina hal nu komplЀks, nu di jerona ngawengku pangaweruh, mitos, kasenian, moral, hukum, adat istiadat, sarta kamampuh-kamampuh lianna nu geus jadi konvensi
sakabeh anggota masarakat.
M. Jacobs dan B.J. Stern
Kebudayaan ngawengku sakabЀh hal nu mangrupa wangun tЀknologi, sosial, ideologi, religi, jeung kasenian sarta barang minangka warisan sosial.
Mitchell (Dictionary of Soriblogy)
Kabudayaan nya Ѐta bagЀan perulangan tina sakabЀh tindakan atawa aktivitas manusa jeung produk
nu dihasilkeun ku manusa nu geus ngamasarakat sacara sosial jeung lain saukur diturunkeun sacara
K. Kupper
Kabudayaan mangrupa sistem gagasan nu dijadikeun padoman/pituduh pikeun manusa dina sikep
jeung sarengkak saparipolah, boh sacara individu boh kelompok.
William H. Haviland
Kabudayaan nya Ѐta sakabЀh tata aturan sarta norma nu dipiboga ku anggota masarakat, lamun
dilaksanakeun ku anggotana bakal ngalahirkeun perilaku nu hade jeung bisa ditarima ku sakabЀh
anggota masarakat.
Koentjaraningrat
Kabudayaan nya Ѐta sakabЀh sistem ide/gagasan sarta hasil karya manusa dina kahirupan masarakat nu
Francis Merill
Paripolah nu dihasilkeun ku ayana interaksi sosial, sakabЀh kalakuan jeung sakabЀh produk nu dihasilkeun ku hiji jalma salaku anggota masarakat
ngaliwatan interaksi simbolis.
Bounded et.al
Kabudayaan nya Ѐta hiji hal nu diwangun ku kamekaran jeung transmisi tina kapercayaan manusa ngaliwatan
simbol-simbol nu tangtu, upamana simbol-simbol basa salaku runtuyan simbol nu dipakЀ pikeun mindahkeun kapercayaan budaya
dina anggota masarakat. Pesan simbolik ngeunaan
kabudayaan baris katitena tina mЀdia, pamarЀntahan, intitusi agama, sistem pendidikan.
Ki Hajar Dewantara
Kabudayaan ngabogaan harti minangka buah budi manusa nya Ѐta hasil perjuangan manusa ngeunaan dua pangaruh kuat, antara jaman jeung alam minangka bukti kajayaan hirup manusa pikeun ngarengsekeun rupa-rupa pasualan hirup dina raraga ngahontal kasalametan jeung
Arkeolog R. Seokmono
Kabudayaan nya Ѐta sakabЀh hasil usaha manusa, boh mangrupa barang atawa mangrupa ide dina
kahirupanana.
Kacindekan
Tina sababaraha hiji pamadegan di luhur, bisa dicindekeun yЀn kabudayaan nya Ѐta sistem pangaweruh nu ngawengku sistem ide/gagasan nu aya dina pikiran manusa, nepi ka dina
kahirupan sapopoЀ kabudayaan Ѐta ngabogaan sipat nu abstrak. Sedengkeun wujud kabudayaan nu kongkrit nya Ѐta
barang-barang nu diciptakeun ku manusa salaku mahluk nu ngabogaan budaya, hasil tina tata laku atawa paripolah,
upamana, basa, pakakas, organisasi sosial, seni jstЀ, nu sakabЀhna ditujukeun pikeun kapentingan manusa dina
ngajalankeun kahirupan di masarakat.
Robert H Lowie
Kabudayaan nya Ѐta sagala hal nu dimeunangkeun ku unggal individu di masarakat, ngawengku kapercayaan, adat
istiadat, norma-norma artistik, kabiasaan dahar, kaahlian nu kacangking lain tina krЀatifitasna sorangan tapi minangka warisan tina mangsa nu geus kaliwat boh ngaliwatan pendidikan
Gagasan (Wujud ideal)
Wujud ideal kabudayaan nyaéta kabudayaan anu ngawujud kumpulan ide-ide, gagasan, ajen-inajen, norma-norma, peraturan, jsb anu sipatnaabstrak.
Ieu wujud kabudayaan téh ayana dina jero pamikiran warga masarakat. Saupama éta masarakat nétélakeun gagasannana dina wangun tulisan, lokasi tempat éta kabudayaan ideal bakal aya dina karangan jeung buku-buku hasil karya panulis warga masarakat anu ngagem éta kabudayaan.
Artefak (karya)
Artefak nyaéta wujud kabudayaan fisik anu mangrupa hasil (karya) tina aktivitas, kalakuan, jeung pamikiran sakabéh manusa dina masarakat nu mangrupa barang atawa hal-hal
nu bisa dicabak, ditingali, jeung didokumentasikeun. Sifatna anu pangkonkret-kongkretna lamun dibandingkeun
jeung wujud kabudayaan nu séjén.
Wujud Kabudayaan
Aktivitas (tindakan)
Aktivitas nyaéta wujud kabudayaan salaku hiji tindakan anu miboga pola nu dilakukeun ku manusa dina éta masarakat. Ieu wujud ogé sok disebut sistem
sosial. Sistem sosial téh diwangun ku aktivitas-aktivitas manusa anu
berinteraksi jeung papada manusa, ngayakeun kontak, sarta campur gaul jeungmanusa séjén nurutkeun pola-pola nu tangtu nurutkeun adat tata kalakuan. Sipatna konkret, kajadian dina kahirupan sapopoé, jeung bisa
Melville J. Herskovitsnétélakeun yén kabudayaan miboga 4 unsur pokok, nyaéta: • alat-alat teknologi, • sistem ekonomi, • keluarga, • kekuasaan politik
Kuncaraningrat nétélakeun yén kabudayaan diwangun ku unsur-unsur universal,
• Sistem religi jeung upacara kaagamaan • Sistem jeung organisasi kemasyarakatan • Sistem pengetahuan
• Bahasa • Kasenian
• Sistem mata pencaharian hidup • Sistem teknologi jeung pakakas
Unsur-unsur Kabudayaan
Bronislaw Malinowski kabudayaan miboga 4 unsur pokok, nyaéta: • sistem norma anu méré kamungkinan gotong royong dina papada
anggota masarakat pikeun nyaluyukeun diri jeung alam sakuliahna. • organisasi ekonomi
• alat-alat jeung lembaga-lembaga atawa patugas-patugas pendidikan (kulawarga mangrupakeun lembaga pendidikan nu utama)
Kabudayaan nonmaterial
Kabudayaan nonmaterial nyaéta ciciptan anu abstrak nu
diwariskeun ti generasi ka generasi, misalna mangrupa
dongeng, carita rakyat, sarta lagu atawa tarian
tradisional.
Komponen
Kabudayaan
Kabudayaan material
Kabudayaan material ngacu kana sakabéh ciptaan
masarakat nu nyata, konkret. Kaasup di jerona penemuan
anu dihasilkeun tina penggalian arkeologi: mangkok
taneuh, sanjata, jst. Kabudayaan material ogЀ ngawengku
barang-barang, jiga TV, kapal, stadion olahraga, gedung,
baju, jeung barang-barang nu séjén.
2)
Sistem organisasi kamasarakatan.
Sacara umum sistem organisasi kamasarakatan ngagunakeun tilu sistem organisasi sosial. Sistem organisasi anu dimaksud
nyaéta sistem pamaréntahan nagara, sistem pamaréntahan agama, jeung sistem pamaréntahan hukum adat. Tapi dina enas-enasna mah, hubungan sosial nu pangdeukeutna mah nyaéta hubungan kakarabatan nu mangrupa kulawarga inti nu
deukeut jeung hukum kerabat lianna.
Hubungan antara
unsur-unsur kabudayaan
1)
Sistem réligi jeung upacara kaagamaan.
Koentjaraningrat (1985: 80-82) ngabagi sistem réligi kana lima komponén anu mibanda peran séwang-séwangan tapi mangrupa bagian tina hiji sistem anu silih pangaruhan. Kalima unsur anu dimaksud nyaéta: (1) émosi kaagamaan,
(2) sistem kayakinan, (3) sistem ritus atawa upacara, (4) properti upacara, jeung (5) umat agama.
Sistem upacara kaagamaan sacara husus mibanda opat aspék, nyaéta (1) tempat lumangsungna upacara, (2) lumangsungna
upacara, (3) pakakas nu digunakeun dina éta upacara, jeung (4) jalma atawa masarakat nu ngalaksanakeun éta upacara.
4) Basa.
Basa mangrupa pakakas pikeun ngawujudkeun budaya nu digunakeun ku manusa pikeun komunikasi, boh sacara tulisan, lisan, atawa gerak, nu miboga tujuan pikeun nepikeun maksud atawa kahayang panyatur ka pangregepna. Tur ku ngaliwatan basa éta, manusa bisa ngaluyukeun dirina jeung adat istiadat, paripolah, tatakrama masarakat, tur ngagampangkeun manusa
campur gaul jeung papadana.
3) Sistem pangawéruh.
Élmu pangawéruh nyaéta sagala hal anu dipikanyaho ngeunaan barang, sifat, kaayaan, jeung kahayang. Pangawéruh anu dimaksud ngawéngku (1) alam sabudeureunana, (2) sasatoan
jeung tutuwuhan, (3) zat-zat, bahan olahan, jeung barang-barang nu aya disabudeureunana, (4) raga manusana sorangan, (5) sifat jeung paripolah manusa, jeung (6) ruang
7) Sistem pakakas jeung téhnologi.
Pakakas nyaéta parabot anu digunakeun pikeun
ngagampangkeun hiji pagawéan. Sedengkeun téhnologi nyaéta jumlah sakabéh téhnik anu dipibanda ku para anggota hiji masarakat, nyaéta sakabéh cara paripolah dina hubunganna
jeung ngumpulkun barang olaheun tina lingkunganna
6) Sistem pakasaban.
Sistem pakasban mangrupa kacapangan manusa pikeun nohonan pangabutuhna sacara materi.
5) Kasenian.
Sacara gurat badag kasenian kabagi kana dua bagian, nyaéta: seni visual, nyaéta kasenian nu bisa dirasakeun ku indra
panempo, saperti seni patung, seni relief, seni lukis jeung gambar, seni rias, seni tari, jeung seni drama.
2. seni audio nyaéta kasenian nu bisa dirasakeun ku indra pangrengeu, saperti seni vokal, seni instrumén, seni sastra
Masarakat pedЀsaan nu hirup dina lingkungan tani pasti nyaho kana tЀknologi tradisional (disebut ogЀ sistem pakakas jeung
unsur kabudayaan fisik), nya Ѐta: • alat-alat produktif
• senjata
• wadah
• alat-alat pikeun ngahurungkeun seuneu • kadaharan
• perumahan • alat transportasi
Sistem kekerabatan dan organisasi sosial
Sistem kekerabatan mangrupakeun bagЀan nu penting pisan dina struktur sosial. Meyer Fortes ngЀbrЀhkeun yЀn sistem kekerabatan hiji masarakat bisa dipakЀ pikeun ngagambarkeun
struktur sosial tina masarakat Ѐta sorangan. Kekerabatan nya Ѐta unit-unit sosial nu dijerona ngawengku sababaraha hiji
kulawarga nu ngabogaan duduluran.
Organisasi sosial nya Ѐta kumpulan sosial nu diwangun ku masarakat, boh nu aya patalina jeung hukum atawa nu teu ngabogaan patali jeung hukum, nu ngabogaan fungsi sealaku sarana partisipasi masarakat dina pembangunan bangsa jeung
nagara. Salaku mahluk nu hirup babarengan, manusa
ngawangun organisasi sosial pikeun ngahontal tujuan-tujuan nu tangtu nu teu bisa dihontal sorangan.
Ciri-ciri urang Sunda
*Logat Sunda (lentong) *Katiten tina Ngaran
*Cara ngucapkeun kecap (mah, sayah, bapa)
HARTI SUNDA.
EtnisSunda nyaéta kelompok étnis anu asalna ti bagéan kulon pulo Jawa, Indonesia, (Jawa Barat).
http://id.wikipedia.org/wiki/Suku_Sunda
Sacara antropologis, nu disebut etnis Sunda nyaéta jalma-jalma nu sacara turun tumurun ngagunakeun basa-indung basa Sunda sarta dialékna dina kahirupan sapopoé. Asalna sarta cicing di daerah Jawa Barat sok
disebut oge Tanah Pasundan/Tatar Sunda. Sunda ogé dipaké pikeun mere ciri hiji kelompok manusa anu disebut urang Sunda. Upama ditilik tina segi sosial-budaya, urang Sunda nyaéta jelema nu
ngaku manéhna jeung diaku ku nu séjén (urang Sunda atawa suku séjén) nerangkeun yen aya sarat dumasar katurunan (pancakaki) (Suwarsih Warnaen). Nurutkeun Ajip Rosidi (1984), hiji jalma disebut
urang Sunda lamun digedékeun di lingkungan sosial budaya Sunda sarta ngagunakeun jeung ngalenyepan norma-norma jeung
ajen-inajen budaya Sunda.
Urang Sunda dumasar kana jati dirina
Kacindekanana yen nu disebut urang Sunda teh
nyaeta jalma atawa kelompok jalma nu
digedekeun di lingkup sosialbudaya urang Sunda,
jeung dina hirupna reueus tur dibarengan ku
ngalarapkeun norma-norma sarta ajen-ajen
budaya Sunda.Tina katerangan tadi nandeskeun
yen jalma nu miboga pancakaki urang Sunda, jadi
lain urang Sunda lamun teu wanoh kana lingkup
sosial budaya urang Sunda jeung dina hirupna teu
reueus teu dibarengan ku ngalarapkeun
norma-norma sarta ajen-ajen budaya Sunda.
2) UPAMA KU BATUR DISEBUT YÉN MANÉHNA TÉH URANG SUNDA Upama nurutkeun ukuran anu ieu, nu disebut Sunda atawa urang Sunda téh kumaha ceuk akuan ti batur. Ieu sipatna leuwih obyektif. Biasana pangna disebut kitu téh lantaran
indung-bapana urang Sunda, atawa duméh cicing di tatar Sunda.
Tapi najan sok aya waé urang Sundana sorangan anu siga éra upama disebut urang Sunda ku batur téh, geuning upama aya nu nanya kieu: "Kamu orang Sunda yah?" Ari
dijawabna téh: "Bukan saya mah Orang Indonesia”. Eta jawaban ngagambarkeun kateusadaran jeung henteu tumarima jadi urang Sunda (ieu patojaiah jeung eusina Ar.Ruum ayat 22). Saenyana kudu dibédakeun antara harti kecap BANGSA jeung harti kecap RAYAT (Rakyat). Ari "Bangsa" mah nuduhkeun kana sistem budaya (kultur jeung
peradaban); ari "rayat (rakyat)" mah nuduhkeun kana cacah jiwa (penduduk) dicirian ku nomer KTP. Jadi kuduna ngajawab téh kieu: "Benar saya orang Sunda yang menjadi Rakyat Indonesia" - Kitu kuduna mah, ngan geus salah kaprah téa. Padahal ari nu salah
mah kapan kudu dibebener deui, dioméan.
1) UPAMA DIRINA NGARASA JADI URANG SUNDA
Hiji jalma kakara boga rasa jadi urang Sunda, lamun dina dirina ngarasa yakin yén jiwana, hirup-huripna, lahir batinna, komo jeung turunan ti indung-bapana boga getih urang
Sunda. Pikeun miboga RASA jadi urang Sunda, nya kudu hirup di lingkungan anu NYUNDA (mibanda rasa urang Sunda), nyarita sapopoé ku basa Sunda, etika Nyunda, budipekertina Nyunda, konsep hirupna (Visi jeung Misina) nangtung dina tatapakan Sunda. Ngancik dina dirina tekad pikeun bajoang nanjeurkeun ajén inajén
jeung perilaku anu Nyunda. Ngan anu sok dipikahariwang teh nyaeta lamun jadi Sunda anu heureut deuleu pondok lengkah, kurung batok. Nu kieu bakal jadi Sunda eklusif, tegesna bisa tigebrus kana etnosentris anu heureut, Jingoisme, Ubber Alles
(ngarasa diri jadi seler bangsa anu pangunggulna).
Karuhun Sunda mapagahan ulah jadi SUNDA ANU SARUBAK JAMANG, tapi kudu
SUNDA ANU ANU SAAMPAR JAGAT. (Jamang=baju).
4) UPAMA JELEMA ANU SANAJAN INDUNG BAPANA LAIN URANG
SUNDA, TAPI TINGKAH LAKU, CARA MIKIR JEUNG HIRUP KUMBUH SAPOPOÉNA PERSIS SAPERTI URANG SUNDA
Ayeuna mah meureun disebut urang Sunda MUKIMIN. Disebut Mukimin téh pedah geus mukim (cicing, matuh) di tatar Sunda. Tapi sanajan kitu kudu dibarengan ku
tingkah laku, cara mikir jeung hirup kumbuh sapopoéna ceples saperti urang Sunda. Can disebut Sunda Mukimin, upama ukur pedah cicing di tatar Sunda, tapi
ari perilaku, pasipatan, ngomong, cara mikir jeung hirup kumbuh sapopoena can saperti Urang Sunda. Jadi teu bisa disebut Sunda Mukimin, upama imah-imahna dipager luhur tepi ka teu wawuh jeung tatangga, embung milu ngaronda, embung
kerja bakti kajeun muruhkeun, embung jadi RT atawa RW,nyieun kelompok/komunitas nu ekslusif, tara milu acara agustusan jste
3) UPAMA INDUNG BAPANA PITUIN URANG SUNDA
Kacida bagjana pisan jelema anu indung bapana terah Sunda pituin, komo upama jeung hirup huripna, campur gaul sapopoéna dina tatapakan anu NYUNDA. Malah di urang mah aya kasebutna yén tujuh turunanana oge terah Sunda asli.
Tapi sigana ari tepi ka tujuh turunan mah (bapa/indung, nini/aki, uyut, bao, janggawareng, canggah, udeg-udeg, kait siwur) mah jauh teuing. Sigana ku semet indung jeung bapa oge cukup. Anu penting mah bari jeung hirup hurip
sapopoéna katangar Nyunda. Sarta anu pangpentingna tina kahirupan anu Nyunda téh nyaéta di imah jeung di lingkunganana ngagunakeun BASA SUNDA
pikeun alat komunikasina. Di kota-kota nu aya di Tatar Sunda, hususna di Bandung, pangpangna anu hirup di kompleks perumahan geus kurang pisan kulawarga anu ngagunakeun basa Sunda di imahna padahal éta kulawarga téh
asli urang sunda, alesanna mah “takut ngga bisa gaul sama-sama temennya yang lain, karena temennyah pake basa indonesia” kitu cenah.