• Tidak ada hasil yang ditemukan

BABAD SUMEDANG: Ulikan Struktur Jeung Semiotik pikeun alternatif bahan pembelajaran sastra di SMA.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "BABAD SUMEDANG: Ulikan Struktur Jeung Semiotik pikeun alternatif bahan pembelajaran sastra di SMA."

Copied!
20
0
0

Teks penuh

(1)

DAFTAR EUSI

LEMBAR PENGESAHAN LEMBAR PERNYATAAN ABSTRAK

PANGJAJAP ... i

DAPTAR EUSI ... iii

BAB I BUBUKA... ……… 1

1.1Kasang Tukang Masalah ... 1

1.2 Rumusan Masalah ... 3

1.3 Watesan Masalah ...4

1.4 Tujuan Panalungtikan ...4

1.5 Mangpaat Panalungtikan ... 4

1.6 Definisi Operasional ... 5

1.7 Anggapan Dasar ... 6

1.8 Sistimatika Penulisan ... 6

1.9 Paradigma Panalungtikan ... 8

BAB II ULIKAN PUSTAKA ...9

2.1 Perkara Babad ... 9

2.1.1 Wangenan Babad ... 9

2.1.2 Kamekaran Babad ... 10

(2)

2.2.1 Téma... 11

2.2.2 Fakta Carita ... 12

2.2.3 Sarana Sastra ... 16

2.3 Téori Semiotik ...20

2.3.1 Téori Charles Sanders Pierce ... 21

2.3.2 Téori Ferdinand de Saussure ... 24

2.3.3 Karya Sastra Mangrupa Tanda ... 26

2.4 Pembelajaran Babad di SMA ...28

2.4.1 Tujuan Pembelajaran Basa jeung Sastra Sunda di SMA ...29

2.4.2 Standar Kompéténsi jeung Kompéténsi Dasar (SKKD) Bahan Pembelajaran Babad di SMA……….. 29

2.4.3 Modél-modél Pembelajaran Basa jeung Sastra……….30

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ...34

3.1 Pamarekan,Métode, jeung Panalungtikan ...34

3.1.1 Pamarekan Panalungtikan ... 34

3.1.2 Métode Pananglutikan ... 34

3.1.3 Téknik Panalungtikan ...35

3.2. Sumber Data Panalungtikan ... 35

(3)

BAB IV ULIKAN STRUKTUR JEUNG SEMIOTIK BABAD SUMEDANG PIKEUN ALTERNATIF BAHAN PEMBELAJARAN SASTRA DI

SMA ...37

4.1 Ringkesan Carita BS ... 37

4.2 Ulikan Struktur BS ... 44

4.2.1 Téma ... 44

4.2.2 Fakta Carita ... 47

4.2.3 Sarana Sastra ………. 92

4.3 Ulikan Semiotik ……… 98

4.4 Alternatif Bahan Pembelajaran ………. 101

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN...110

5.1 Kacindekan ………...110

5.2 Saran ……….122

DAFTAR PUSTAKA ... 113

(4)

1 BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Bangsa Indonésia mibanda artéfak-artéfak budaya warisan luluhur anu kacida beungharna, salah sahijina mangrupa naskah. Di antara sawatara naskah, aya anu mangrupa wawacan, nya éta carita panjang nu ditulis dina wangun pupuh. Wangun pupuh mimiti dipiwanoh ku masarakat Sunda, utamana kaum bangsawan sanggeusna aya pangaruh politik ti Mataram dina abad ka-17 (Ruhaliah, 2010:5).

Upama ditilik tina eusi téksna, wawacan téh dikelompokkeun jadi sababaraha bagian, nya éta naskah kelompok agama, basa, hukum/aturan, kamasarakatan, mitologi, atikan, pangaweruh, paririmbon, sastra, sastra sajarah, sajarah, jeung seni (Ekadjati, 1988:vi).

Di antara papasingan téks wawacan sakumaha nu geus disebutkeun di luhur, aya téks wawacan nu eusina sastra sajarah. Kadang-kadang éta téks téh sok dingaranan ku rupa-rupa sesebutan, di antarana babad.

Babad téh bisa disebutkeun mibanda ajén-inajén jeung kajadian-kajadian nu kawilang penting dina mangsana, kayaning kahirupan kabudayaan, alam pikiran, susunan tatanan kapamaréntahan, adat-istiadat, kaayaan kamasarakatan, jeung kagiatan-kagiatan kultural (budaya) lianna.

(5)

salaku téks kréatif (sastra) nu dianggap nafsirkeun jeung némbongkeun hal-hal sajarah. Nu nyusun babad leuwih nekenkeun kana kagiatan ngama’naan atawa némbongkeun éksisténsi manusa ngaliwatan carita nu ngagambarkeun kajadian-kajadian nu bisa jadi sacara hakékat mah teu bener ayana, tapi asup akal sacara ma’nawi.

Fungsi jeung peran babad pikeun masarakat mangsa kiwari bisa disebutkeun penting. Nalika aya konsép mangsa kiwari mangrupa tuluyna tina mangsa baheula, mangka kamekaran bangsa jeung masarakat mangsa kiwari téh sakuduna bisa dipaham jeung dimekarkeun kalawan niténan kasang tukang sajarahna. Hartina, perlu pisan urang dina mangsa kiwari niténan sumber-sumber informasi mangsa béh ditu nu némbongkeun rupa-rupa pasualan kayaning sawangan, alam pikiran, jeung ajén-inajén nu pernah hirup jeung mekar ti mangsa ka mangsa.

Neuleuman babad upama dibandingkeun jeung karya sastra séjénna saperti dongéng, lain perkara nu gampang. Komo upama éta babad dijadikeun bahan pembelajaran nu kondisi siswana beda antara jaman ayeuna jeung jaman baheula. Ku lantaran kitu, munasabah saupama dina sawatara buku téks kapanggih bahan pembelajaran babad nu diropéa wangunna. Nu aslina upamana wangun wawacan, dirobah jadi wangun carita prosa.

(6)

Nu jadi dadasar pangna Babad Sumedang (nu satuluyna disebut BS) karangan R.A.A. Martanagara jadi obyék panalungtikan lantaran BS karangan R.A.A. Martanagara mangrupa karya sastra nu sumberna tina sajarah. Ku lantaran kitu, eusina mangrupa sajarah nu ngariwayatkeun para pamingpin Sumedang jaman baheula sarta ngabogaan ciri-ciri karya sastra nu bisa ditalungtik ngaliwatan pamarékan sastra.

Patalina jeung alternatif bahan pembelajaran sastra di SMA, ieu panalungtikan téh mangrupa usaha pikeun ngaronjatkeun motivasi jeung daya aprésiasi siswa dina ngulik babad sangkan manggihan alternatif bahan pembelajaran sastra nu bisa mantuan siswa dina ngahontal tujuan pembelajaran.

Ieu panalungtikan téh ngagunakeun ulikan struktur jeung semiotik. Numutkeun Teeuw (1984:142-143) nétélakeun yén élmu sastra nu sajati kudu mibanda sipat semiotik, nya éta kudu nganggap yén sastra téh mangrupa sistem tanda. Pancén semiotik lain ngan saukur ngadéskripsikeun tanda-tanda nu tangtu, tapi méré konvénsi-konvénsi nu didadasaran ku rupaning prilaku jeung pembayangan. Sakumna pangalaman jeung kabudayaan manusa dumasar kana tanda jeung ngabogaan diménsi simbolik nu dominan. Neuleuman babad, nya éta neuleuman ma’na tina éta babad. Ku ayana hasil ulikan babad, dipiharep bakal leuwih gampang dina enggoning neuleuman ma’na babad.

1.2 Rumusan Masalah

(7)

1) Kumaha struktur carita nu aya dina BS? 2) Unsur semiotik naon waé nu aya dina BS?

3) Kumaha alternatif bahan pembelajaran sastra di SMA tina hasil analisis struktur jeung semiotik nu aya dina BS?

1.3 Watesan Masalah

Nu jadi obyék dina ieu panalungtikan nya éta BS karangan R.A.A. Martanagara nu ditranslitasi tina naskah nu dipiboga ku Muhamad Jen, Sumedang, diterbitkeun ku Lembaga Kebudayaan Unpad taun 1978. Dina ieu panalungtikan, nu diulik téh BS kalawan ngagunakeun pamarékan sastra nu ngawengku struktur jeung semiotik pikeun alternatif bahan pembelajaran di SMA. Unsur-unsur nu dipedar dina analisis struktur ngawengku (1) tema, (2) galur (plot), (2) latar (setting), (3) palaku, jeung (4) gayabasa, sedengkeun unsur-unsur semiotik ngawengku indéks ngaran palaku jeung tindakan palaku.

1.4 Tujuan Panalungtikan

Nu jadi tujuan dina ieu panalungtikan nya éta ngadéskripsikeun: 1) struktur carita nu aya dina BS;

2) unsur semiotik nu aya dina BS; jeung

3) alternatif bahan pembelajaran sastra di SMA tina hasil analisis struktur jeung semiotik nu aya dina BS.

1.5 Mangpaat Panalungtikan

(8)

1) Mangpaat Téoritis

Ieu panalungtikan téh bisa ngeuyeuban élmu jeung méré sumbangan pikeun dunya sastra daérah, sastra nasional, utamana pikeun panalungtikan carita babad.

2) Mangpaat Praktis

Lian ti bisa méré pangaweruh anyar jeung pamahaman nu leuwih jero ngeunaan BS, bisa dijadikeun salah sahiji référénsi pikeun panalungtik dina ngawangun gagasan anyar nu leuwih kréatif dina mangsa nu bakal datang deuih. Lian ti éta, bisa dijadikeun alternatif bahan pemebelajaran sastra, hususna bahan pembelajaran sastra di SMA.

1.6 Definisi Operasional

Sangkan écés, istilah anu aya patalina jeung judul ieu panalungtikan didéfinisikeun sacara operasional sakumaha ieu di handap.

1) Babad Sumedang, nya éta babad nu eusina ngariwayatkeun para pamingpin Sumedang jaman baheula, ditulis ku Radén Aria Adipati Martanagara, ditranslitasi ku Haji Said Raksakusumah jeung Edi S. Ekadjati, sarta didokuméntasikeun ku Lembaga Kebudayaan Universitas Pajajaran dina 1978.

(9)

3) Ulikan semiotik, nya éta hiji cara pikeun neuleuman atawa nganalisis karya sastra dumasar kana sistem-sistem, aturan-aturan anu ngamungkinkeun éta tanda téh ngabogaan harti pikeun ngalancarkeun komunikasi.

1.7 Anggapan Dasar

Ieu panalungtikan téh didadasaran ku anggapan:

1) Tulisan-tulisan nu katempona miboga sipat sajarah sabenerna mangrupa campuran antara sastra jeung sajarah, saperti babad jeung sajarah (Teeuw, 2003:199). Ku lantaran kitu, BS mangrupa salah sahiji karya sastra sajarah sarta bisa ditalungtik kalawan maké pamarékan sastra;

2) Bahan pembelajaran sastra kudu dimekarkeun sangkan leuwih lengkep, matak ngirut, sarta bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa dina aprésiasi sastra;

3) Pangaweruh ngeunaan analisis struktur jeung semiotik BS bakal mantuan siswa dina ngaronjatkeun tingkat pamahaman maca teks sastra;

4) Dina KTSP Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda kelas X, aya kompéténsi keur maca sajarah lokal/carita babad (10.3.1).

1.8 Sistimatika Penulisan

(10)

Tabel 1

Sistematika Laporan Panalungtikan

No Bab Judul Bab Eusi Bab

1 I

BUBUKA Mertélakeun perkara kasang tukang, rumusan masalah, tujuan panalungtikan, mangpaat panalungtikan, definisi operasional, anggapan dasar, sistimatika penulisan, jeung paradigma panalungtikan

2 II

ULIKAN PUSTAKA

Ngadadarkeun sajumlahing konsép poko nu dijadikeun tatapakan pikeun nganalisis masalah nu ditalungtik dumasar kana sajumlahing buku jeung bahan bacaan lianna salaku rujukan konsép jeung téori. Dina ieu bab dipedar perkara babad, téori struktur, téori semiotik, jeung pembelajaran sastra di SMA.

3 III

MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN

Mertélakeun perkara métode panalungtikan, pamarekan panalungtikan, téhnik panalungtikan, sumber data, populasi,

Ngadadarkeun hasil analisis data nu mangrupa hasil analisis struktur jeung semiotik nu aya dina Babad Sumedang. Ngadadarkeun hasil analisis nu bisa dijadikeun alternatif bahan pembelajaran di SMA

5 V KACINDEKAN

JEUNG SARAN

(11)

STRUKTUR 1. TEMA 2. FAKTA CARITA a. Galur b. Palaku c. Latar 3. SARANA SASTRA Gaya Basa

1.9 Paradigma Panalungtikan

SASTRA

SEMIOTIK Indéks Ngaran Palaku

jeung Indéks tindakan Palaku

ALTERNATIF BAHAN PEMBELAJARAN

(12)

34 BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Pamarekan, Métode, jeung Téhnik Panalungtikan 3.1.1 Pamarekan Panalungtikan

Pamarekan nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta pamarekan sastra. Nurutkeun Abrams dina teeuw (2003: 42) nétélakeun yén pamarekan kritis nu utama kana karya sastra ngawengku opat hal, nya éta :

1) Pamarekan nu museurkeun kana karya éta sorangan, nu sok disebut pamarekan obyéktif;

2) Pamarekan nu museurkeun kana pangarangna, nu sok disebut pamarekan éksprésif;

3) Pamarekan nu museurkeun kana semesta, nu sok disebut mimétik; jeung 4) Pamarekan nu museurkeun ka nu maca, nu sok disebut pragmatik.

Dina ieu panalungtikan ngagunakeun pamarekan obyéktif, nya éta pamarekan nu museurkeun paniténna kana karya éta sorangan, hartina méré ma’na kana karya sastra dumasar kana éksistensina éta karya sastra bari henteu matalikeun jeung unsur-unsur nu aya di luareun signifikansina (Jabrohim, 2001:62).

3.1.2 Métode Panalungtikan

(13)

2001:6). Métode analisis pikeun ngadadarkeun karakteristik obyék ku cara ngadadarkeun jeung nafsirkeun fakta-fakta, tanda-tanda ngeunaan konvénsi basa jeung poko pasualan nu aya dina téks nu ditalungtik. Métode analisis dilengkepan ku métode deskriptif ku cara ngadéskripsikeun hiji gejala, kajadian, nu kaalaman jaman ayeuna.

3.1.3 Téhnik Panalungtikan

Téhnik panalungtikan anu digunakeun nya éta studi pustaka. 3.2 Sumber Data Panalungtikan

Data nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta naskah Babad Sumedang beunang Raden Aria Adipati Martanagara nu ditranslitasi ku Haji Said Raksakusumah jeung Edi S. Ekadjati, didokuméntasikeun ku Lembaga Kebudayaan Universitas Pajajaran dina 1978. Lobana kaca aya 164, jumlah padana aya 872, ditulis ngagunakeun mesin tik dina keretas stensil. Pikeun référénsi pangrojong, digunakeun data-data tina sumber séjén, saperti tina hasil-hasil panalungtikan, buku-buku, artikel-artikel, jeung tulisan-tulisan dina internét. 3.3 Prosedur Analisis Data

Data anu geus dikumpulkeun jeung diréduksi téh tuluy dianalisis dumasar kana léngkah-léngkah ieu di handap.

1) neuleuman téks Babad Sumedang;

2) nganalisis téks Babad Sumedang dumasar kana strukturna nu ngawengku (1) téma, (2) galur (plot), (3) latar (setting), (4) palaku, jeung (5) gaya basa,

(14)

4) nganalisis téks dumasar kana semiotik nu ngawengku indéks ngaran palaku jeung tindakan palaku;

(15)

110 BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

BS mangrupa salah sahiji karya sastra nu sumberna tina sajarah pamaréntahan Sumedang.

BS diwangun ku manggala sastra, carita inti, jeung panutup. Manggala sastra jeung panutup mangrupa pedaran ti pangarang ngeunaan carita nu dikarangna, sedengkeun carita inti mangrupa riwayat para pamingpin Sumedang di jaman baheula.

Dina bagian carita inti, BS ngariwayatkeun para pamingpin Sumedang di jaman baheula. Caritana mérélé luyu jeung jalma-jalma nu kungsi nyekel pamaréntahanana.. Sok sanajan kitu, henteu sakabéh pamingpin Sumedang dijéntrékeun riwayatna. Para pamingpin Sumedang nu dijéntrékeun riwayatna ngabogaan carita séwang-séwangan luyu jeung kajadianana. Antara pamingpin nu hiji jeung nu lianna ngabogaan carita nu béda-béda.

Téma dina BS diwangun ku téma utama jeung téma tambahan. Nu jadi téma utama dina BS nya éta bagantina para pamingpin pamaréntahan Sumedang di jaman baheula. Nu jadi téma tambahan dina BS nya éta mimiti asupna Islam ka para pamingpin pamaréntahan Sumedang; dilarapkeunana hukum perkawinan numutkeun Islam; bebeneran jeung kaadilan bakal ngéléhkeun kajahatan; jeung persatuan mangrupa hiji kakuatan.

(16)

BS bisa mangrupa carita nu madeg mandiri, saperti carita Geusan Ulun, Dipati Ukur, Asep Jamu, jeung Cilikwidara.

Galur diwangun ku galur jeung subgalur. Subgalur mangrupa bagian tina galur. Subgalur bisa mangrupa pangrojong kana galur, saperti subgalur carita katurunan Pangéran Panembahan. Ieu subgalur téh mangrupa tahap tatahar pikeun asup kana kana galur satuluyna nya éta Asep Jamu. Subgalur bisa ogé mangrupa carita nu madeg mandiri, saperti carita Ki Sayang Hawu nu teu daék deui babakti ka Geusan Ulun.

Para palaku dina BS jumlahna kurang leuwih aya 145 urang. Nu jadi palaku utama leuwih ti saurang lantaran BS mangrupa carita nu ngariwayatkeun para pamingpin Sumedang di jaman baheula. Kalungguhan palakuna aya nu jadi palaku protagonis, aya nu jadi palaku antagonis.

Upama ditilik tina warna watek palaku, aya palaku nu miboga watek buleud, aya ogé nu miboga watek datar.

Latar tempat jeung latar waktu dina BS diolah ku pangarang nepi ka ngagambarkeun latar nu luyu jeung kanyataan. Latar tempat nu digambarkeun ku pangarang sacara geografis aya dina kanyataan. Latar tempat nu kacatur di antarana ngaran-ngaran patempatan, imah, leuweung-leuweung, masjid, jeung warung. Latar waktu nu digunakeun ku pangarang aya nu dijéntrékeun aya ogé nu henteu. Aya nu dipondokkeun aya nu dipanjangkeun.

(17)

Hubungan antarunsur dina BS raket patalina antara (1) hubungan téma jeung galur, (2) hubungan téma jeung palaku, (3) hubungan téma jeung latar, (3) hubungan galur jeung latar, jeung (4) hubungan palaku jeung latar.

Dina BS aya sawatara palaku jeung tindakan nu bisa disawang sacara semiotik. Tanda nu mangrupa indéks ngaran palaku jeung tindakan palaku dina BS bisa dima’naan dina tataran kabahasaan jeung tataran mitis.

Babad nu dijadikeun bahan pembelajaran sastra sakuduna diwanohkeun wangun aslina. BS mangrupa salah sahiji babad nu bisa dijadikeun alternatif bahan pembelajaran sastra di SMA. Bahan pembelajaranana bisa dicokot tina épisode-épisode nu aya dina BS diluyukeun jeung tujuan pembelajaran.

5.2 Saran

Tina ieu panalungtikan aya sababaraha saran nu bisa ditepikeun nya éta saperti ieu di handap.

1) BS bisa ditalungtik pikeun kapentingan paélmuan séjén, saperti panalungtikan historiografi.

2) Unsur-unsur dina BS bisa ditalungtik kalawan maké pamarekan satruktur nu séjén saperti pamarekan struktur naratif Pladimir Vropp atawa A.J. Greimas.

3) Pikeun kapentingan bahan pembelajaran, sakuduna BS dicitak ulang dumasar kana épisode-épisodena. Ieu hal téh bakal mantuan guru dina enggoning milih bahan pembelajaran.

(18)

113

DAFTAR PUSTAKA

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2007. Standar kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda.

Ekadjati, Edi S. 1985. Naskah Sunda Lama Kelompok Babad. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Iskandarwassid. 1992. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten.

---spk. 2009. Model-model Pembelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: JPBD UPI.

Isnendes, Chye Retty. 2010. Kajian Sastra: Teori dan Kritik Pada Karya Sastra Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang publishing.

Jabrohim. 2001. Metodologi Penelitian Sastra. Yogyakarta: PT Hammadita Graha Widia Masyarakat Poetika Indonesia.

Koswara, Dedi. 2010. Sastra Sunda Buhun. Bandung: CV Wahana Grafika. Kraff, Gorys. 1990. Diksi dan Gaya Bahasa. Jakarta: PT Gramedia.

Nurgiantoro, Burhan. 1998. Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.

---. 2010. Teori Pengkajian Fiksi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.

(19)

Pradopo, Rachmat Djoko. 1985. Bahasa Puisi Penyair Lama Sastra Indonesia Modern. Jakarta: Pusat pembinaan dan Pengembangan Bahasa.

---. 1995. Beberapa Téori Sastra, Métode Kritik, dan Penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

---. 2009. Pengkajian Puisi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press. Raksakusumah, Haji Said jeung E.S. Ekadjati. 1978. Babad Sumedang: Karya

R.A.A. Martanagara. Bandung: Lembaga Kebudayaan Universitas Padjadjaran.

Ruhaliah. 2010. Wawacan: Sebuah Genre Sastra Sunda. Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS Universitas Pendidikan Indonesia.

Santosa, Fuji. 1993. Ancangan Semiotika dan Pengkajian Susastra. Bandung: Angkasa.

Satori, Djam’an, jeung Aan Komariah .2009. Metodologi Penelitian Kualitatif. Bandung:Alfabéta.

Sudjiman, Panuti jeung Aart Van Zoest. 1992. Serba-serbi Semiotika. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama.

Sugiyono. 2009. Métode Penelitian Pendidikan (Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif, dan R&D). Bandung:Alfabéta.

(20)

Suryani, Elis. 2001. Kamus Bahasa Naskah dan Prasasti Sunda: abad 11 s.d. 18. Bandung: Komunitas Penaskahan Sunda Purbatisti dengan Pemerintah Kota Bandung.

Suwondo, Tirto. 2003. Studi Sastra: Beberapa Alternatif. Yogyakarta: PT Hanindita Graha Widya.

Teeuw, A. 1983. Membaca dan Menilai karya Sastra. Jakarta: Gramedia. ---. 1984. Sastra dan Ilmu Sastra. Jakarta: Pustaka Jaya.

---. 2003. Sastra dan Ilmu Sastra. Jakarta: PT Dunia Pustaka Jaya.

Gambar

Tabel 1

Referensi

Dokumen terkait

Sahabat MQ/ Gerakan menentang Facebook/ muncul di Australia/ menyusul meninggalnya dua remaja di negara tersebut/ yang disinyalir akibat situs jejaring sosial

motivasi lebih untuk belajar bahasa Jepang dari mahasiswa yang. mengikuti

Diagram REA ini dapat dipergunakan untuk mendesain database relasional yang

Gambar: Rerumputan tumbuh lebat di pinggir saluran hingga ke tengah saluran. menyebabkan air tidak

Penelitian menggunakan metode kualitatif deskriptif yang dilakukan di empat masjid perguruan tinggi negeri di Bandung yaitu Masjid Al Furqan UPI, Masjid Salman ITB,

Air minum adalah air yang melalui proses pengolahan atau tanpa proses pengolahan yang memenuhi syarat kesehatan dan dapat langsung diminum (Depkes, 2010). Proses

Untuk itu, penulis merasa tertarik mengenai masalah tersebut dan mengambil judul penelitian, “ Kajian Terhadap Kebutuhan dan Upaya Pemenuhan Air Bersih Di Kelurahan

Dalam penulisan ilmiah ini, penulis membuat program animasi dengan menggunakan Macromedia Flash MX karena pemakaiannya yang relatif lebih mudah serta kemampuannya yang mengagumkan