• Tidak ada hasil yang ditemukan

Perkenalkan Kota Sukabumi

N/A
N/A
sindri nurrafi13

Academic year: 2023

Membagikan "Perkenalkan Kota Sukabumi"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

Kota Sukabumi

Kota Sukabumi nyaéta hiji kota di Propinsi Jawa Barat, Indonésia. Kota Sukabumi ayana

115 km kiduleun Jakarta, tur wilayahna aya di tengah-tengah wilayah Kabupatén Sukabumi. Kota Sukabumi kawengku ku 7 kacamatan nu kabagi deui kana 33 kalurahan.

Wates wilayah belah kalér jeung Kacamatan Sukabumi, Kabupatén Sukabumi. Wates wilayah belah kidul jeung Kacamatan Nyalindung Kabupatén Sukabumi. Wates wilayah belah kulon jeung Kacamatan Cisaat, Kabupaten Sukabumi. Wates wilayah belah wétan jeung Kacamatan Sukaraja. Kota Sukabumi kawéntar ku jujuluk "Kota Moci".

Jujuluk éta medal lantaran aya pangaruhna jeung kamekaran tempat wisata di Kota Sukabumi, anu ngajadikeun moci oléh-oléh utama Kota Sukabumi. Di taun 2022, Moci Sukabumi ditetepkeun jadi Warisan Budaya Tak Benda, katégorina kaasup dina cara ngolah kadaharan tradisional anu miboga ajén sajarah anu mekar sarta bisa ngawangun ékosistem budaya.

Masjid Agung Kota Sukabumi

Masjid Agung Kota Sukabumi diadegkeun abad ka-19. Ieu masjid ngadeg di taneuh anu statusna wakaf ti salasaurang masarakat anu ngaranna Ahmad Juwaeni. Nalika mimiti diwangun, ieu masjid basajan ngan saukur miboga hiji menara. Baheula ieu masjid jadi saksi sajarah pikeun masarakat Sukabumi nalika dijajah. Lantaran saméméh jadi masjid, ieu wangunan digunakeun jadi markas sanjata, sarta jadi tempat lawungan pikeun nyieun stratégi perang

(2)

Imah Tahanan Bung Hatta jeung Syahrir di Sukabumi

Dumasar sajarah, tokoh Mohammad Hatta jeung Sutan Syahrir pernah nganjrek di Sukabumi, salila 3,5 bulan. Nalika Hatta jeung Syahrir ka Sukabumi statusna mangrupakeun tahanan anu dipindahkeun.

Lalampahanana panjang, dimimitian ti Banda Néira ngagunakeun pesawat Catalina di taun 1 Februari 1942 nepi ka Tunjungan Surabaya. Ti Surabaya dituluykeun naék karéta api ti stasion Gambir ka Sukabumi. Nalika datang ka Sukabumi, Hatta jeung Syahrir dijaga ku pihak polisi Hindia-Walanda. Kiwari, ieu imah jadi wangunan cagar budaya anu dipiara ku Balai Pelestarian Peninggalan Purbakala, Wilayah Kerja Provinsi Jawa Barat, Banten, DKI Jakarta, jeung Lampung.

Referensi

Dokumen terkait

Hasil wawancara mahasiswa dapat disimpulkan pembelajaran online sebagai salah satu jalur penghubung pembelajaran yang belum usai menjadi salah satu solusi di Universitas Islam