SITU HIANG
Pambukaan :
Assalamualaikum wr.wb Sampurasun... Rampes
Kirang Panganjen nu ku sim Kuring dipikahormat, sareng para patandang, kumaha daramang? ....
Simkuring Patandang no ...
Bade nyaritakeun Situ Hiang.
Anu Aya di kacamatan Panawangan Ciamis.
Regepkeunnya...
Eusi:
Jaman baheula basa karajaan Galuh sareng karajaan Talaga manggung masih madeg, Aya saurang Kasatria nu sakti mandra guna nyaeta Dewa Banga.
Baheula mah Raja sareng katurunana ngaguna keun gelar sang Hiang Atawa Dewa, anu nunjukeun luhurna kasta ti masyarakat biasa.
Dina hiji waktu Dewa Banga nuju ngumbara nepi dihiji tempat anu dirasa cocok kanggo netep, akhirna anjeuna hirup didinya. Didaerah pasisir anu masih tiiseun keneh. Saatos ngadamel padumukan, Dewa Banga hoyong ngadamel situ, kanggo nyimpen cai. Cai kan salah sahiji kebutuhan hirup anu penting pisan. Terus Dewa Banga hoyong ngadamel situ tapi dewa Banga teu seep akal, maneh na ngadamel pakakas tina kai, rupana teh sapertos linggis, diangge kanggo ngaratakeun gunung jaha.
Anjuenna mapat keun ajian :
"Aaaaaaaaaaaaaaaa... Sima aing, Sima maung, pangaweran, Sima macan, sia sieng ku aing lain aing sieun ku sia. (Ngaraung) "Hoaaahhhhh" ngan sakali nencrag eta gunung runtuh.
Rakyat atoheun pisan, sabab padamengan na janteng gampil, kantun ngaratakeun taneuh na, sabada rengse nunggaran gunung, linggis kai eta rek ditancepkeun ku Dewa Banga dina taneuh. (Dewa Banga neangan tempat)
"Hambuinggggg... Endah pisan tempat ieu"
Anjeuna mapatkeun ajian deui :
"Hoahhh.... Amun hiji wangsal leuweung ieu jadi tempat anu rame maka linggis kai ieu bakal jadi tangkal titiwul, Hoahhh..."
Kitu caritana teh Yeuh... yeuh... yeuh...
Ditengah-tengah Situ Hiang Aya Imah leutik, nu ngeusi na hiji awewe Jeung salakina, eta dua jalma hirupna didinya weh... Tara incah-incahan.
Ngan Kiwari mah salin rupa, teu ngajirim jalma deui, jangkung lauk emas nu gede kacida. Cenah... cenah ieu ge... cenah! Ku gede naneta lauk mata na meni sagede- gede pisin.
Sesebutana oge lauk siluman Atawa kajajaden...
Mantakna nu manggihan eta lauk ulah diala, nu mireungeuna sok linglung Atawa gering, malahan Aya nu sok tuluy... Maot.
Nah mantakna arurang teh kudu jadi jalma NU mere mangpaat ka balarea.
Ulah sarakah boa menuang lauk ti Situ Hiang, era atuh batur mah paeh ku jantung, liver, kangker, tumor, korona, ieu mah paeh ku ngala lauk... kumaha atuh?
Panutup : sakitu wae nu kapihatur
Pantun : "Amis gula amis kecap Lada cengek lada jinten Lamun Aya salah ucap
Abdi nyuhun keun dihapunten Wasallamualaikum wr.wb