A. Ngaregepkeun Kawih
Ieu di handap aya conto kawih Sunda. Pék baca, mun bisa bari dihaleuangkeun!
Kawih ka-1 Es Lilin
Sanggian: Ibu Mursih Juru kawih: Nining Meida
És lilin mah didorong-dorong, dibantun mah dibantun ka Sukajadi.
Abdi isin dunungan samar kaduga, sok inggis mah aduh henteu ngajadi
És lilin mah ceuceu buatan Bandung, dicandak mah geuning ka Cipaganti.
Abdi isin jungjunan duh bararingung, sok inggis mah aduh henteu ngajadi.
Itu saha dunungan nu nungtun munding, digantélan geuning ku saputangan.
Itu saha dunungan ku ginding teuing, sing horéng mah aduh geuning jungjunan.
És lilin mah ceuceu dikalapaan, raosna mah geuningan kabina-bina.
Abdi alim dunungan paduduaan, sok sieun mah dibantun kamana-mana.
Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir, ka kalér mah ka kalér katojo bulan.
Kamana mah dunungan ngaitkeun pikir, moal palér geuningan da ku sabulan.
https://www.bola.com/ragam/read/4401343/lirik-lagu-es-lilin-lagu-daerah-jawa-barat
B. Medar Kawih
Kawih téh béda jeung kakawihan. Kakawihan mah lalaguan pikeun marengan kaulinan barudak. Contona baé kakawihan ”Oray-orayan”, ”Cingciripit”, jeung
”Pérépét Jéngkol”. Lian ti éta aya ogé nu disebut tembang. Ari ceuk Satjadibrata jeung Danadibrata mah, bédana kawih jeung tembang téh lebah mola henteuna kana pupuh.
Tembang mah mola kana aturan pupuh kauger ku guru lagu jeung guru wilangan.
Contona tembang pupuh Dangdanggula, Kinanti, Asmarandana, Sinom, jsté. Ari kawih mah teu maké pola pupuh. Jadi, kawih mah leuwih bébas, teu kauger ku patokan.
Contona baé kawih anu tadi dihaleuangkeun ku hidep, kawih ”És Lilin”. Kawih ”És Lilin” téh kawih Sunda anu klasik lantaran geus ti baheula aya. Rumpaka kawih Sunda klasik umumna sabangsaning dangding/puisi. Bisa puisi sa’ir, puisi sisindiran, atawa puisi bébas. Nu matak dina kawih ogé aya unsur-unsur puisi, diantarana diwangun ku pada (bait), padalisan (baris/jajaran), purwakanti, jeung gaya basa ogé diksi. Kawih- kawih klasik umumna diwangun ku puisi sisindiran, nu diwangun ku cangkang jeung eusi. Dina kawih klasik mah karasa pisan purwakanti. Lamun kawih Sunda pop mah rumpakana leuwih bebas, teu mentingkeun purwakanti jeung diksi. Bandingkeun geura jeung rumpaka kawih nu ka-2.
Contoh Kawih-2 Jang
Sanggian: Oon B Juru kawih: Rita Tila
Jang
Hirup téh teu gampang Teu cukup ku dipikiran Bari kudu dilakonan
Jang
Jalan kahirupan
Henteu sapanjang na datar Aya mudun jeung tanjakan Kudu sabar dina kurang
Ulah nepak dada beunghar Salawasna kudu sukur Éling ka Nu Maha Agung Kadé hidep bisi kufur
Jang
Cing jadi jalma hadé Cing jadi jelema gedé Beunghar harta jembar haté Jang
Hidep cing ngajalma Turut paréntah agama Ulah jauh ti ulama
Nyobat sareng ahli tobat Dalit sareng para kiyai Hirup keuna ku owah gingsir Ngarah aya anu ngageuing
Mangsa léngkah ninggang salah Cing pinter tur bener
Cing jujur tong bohong Ulah nganyerikeun batur Ngarah hirup loba dulur
Raksa ucap langkah Tékad jeung tabé'at Ngarah pinanggih bagja Salamet dunya akhérat Jang… Jang…
Cing jadi jalma sholéh Jang… Jang…
Hidep cing sholéh
C. Ngaanalisis Kawih
Pikeun ngabédakeun kawih Sunda klasik jeung pop, hadéna mah bisa ngaanalisis éta kawih. Pikeun ngaanalisis kawih téh bisa ditilik tina rupa-rupa aspék. Boh tina rumpakana (lirik) boh tina eusina. Béh rumpakana bisa ngaanalisis wangun jeung kekecapanana. Lamun tina eusina bisa ngaanalisis dumasar kana, nada, rasa, amanat, jeung témana.
1) Rumpaka kawih téh aya nu diwangun ku puisi sisindiran, sa’ir, atawa puisi bébas atawa campuran antara tiluanana.
2) Diksi anu digunakeun dina rumpaka kawih sakapeung sajalantrahna maké basa nu sok dipaké dina paguneman sapopoé, aya ogé nu maké ungkara liris atawa kekecapanana pinilih.
3) Rasa ngagambarkeun sikep nu nyiptakeun kawih kana poko pasualan anu aya dina rumpaka. Unggal kawih tangtu bakal ngébréhkeun rasa anu béda. Ieu téh balukar bédana pasualan, kajadian atawa kaayaan anu disanghareupan ku nu nyieun rumpaka kawih.
4) Nada nyaéta suasana anu diciptakeun sarta hayang karasa atawa katepikeun ka anu ngaregepkeun. Upamana suasana sedih, nalangsa, agul, sumanget, rumasa atawa gumbira.
5) Amanat nyaéta papatah, naséhat, kereteg hate atawa visi anu hayang ditepikeun ka nu ngaregepkeun.
6) Téma mah minangka hal poko atawa galeuh anu ngajiwaan eusi rumpaka kawih.
Teu béda ti sajak, dina kawih ogé sok kapanggih téma-téma anu ngébréhkeun masalah sosial, agama, kadeudeuh atawa kaasih jeung sajabana.
1. Wangun rumpakana umumna puisi sisindiran;
2. Basa nu digunakeun sakapeung buhun, antukna hésé kahartina;
3. Lolobana ngagunakeun gaya basa;
4. Tina tangga nada musikna nyaéta péntatonis sabab ngagunakeun waditra Sunda.
1. Wangun rumpakana umumna bébas;
2. Basa nu digunakeun leuwih babari kaharti;
3. Henteu loba nu ngagunakeun gaya basa;
4. Tina tangga nada musikna nyaéta diatonis sabab ngagunakeun alat musik siga Keyboard, Gitar jsb.
5.