Assalamualaikum WR. WB
Inna hamdalillah. Nahmaduhu wa nastainuhu wa nastagfiruhu wa naudzubillahi min syururi anfusina wa minsayyiatina a’malina. Mayyahdzillahu fala mudzilallah wama yudilahu fala hadiyalah.
Langkung ti payun, puji sinareng sukur kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Ku Rahmat sareng hidayahna, urang sadaya tiasa ngaluuhan ieu acara.
Bapa Ketua RW 03, Bapa Ketua RT 03, renrengan Bapa Ibu Kampung Cimekar nu simkuring dipihormat, oge teu hilap sadayana rerencangan di ieu Kampung Cimekar nu dipikareueus.
Alhamdulillah, urang sadayana tiasa patepang lawung paamprok jonghok, dina raraga “Jumaah Bersih” anu sok mana diayaken unggal dinten jumaah enjing-enjing. Sanes wae kanggo ningkatken kasadaran urang kanu kebersihan sarta oge minangka sarana silaturahmi.
Sateuacana, ngahaturkeun nuhun ka panata acara nu tos masihan waktos sareng kasempatan .
Sim kuring ngadeg di ieu papanggungna minangka wawakil ti pamuda Karang Taruna, seja cumarios ngedalkeun kateteg manah anu patali sareng lingkungan hidup.
Para hadirin nu ku sim kuring dipihormat, sakumaha seueur na warta basisir nu pang kotor na no 2 di Indonesia, nyaeta di Pantai Nelayan Payang, Lampung. Tos aya 1,26 ton runtah anu berhasil dibersihken ku 1.300 relawan nu turut bagean dina kagiatan bebersih basisir ieu. Seeur pisan alesan numpukna runtah di basisir nyaeta kagiatan pariwisata anu dipiceun dimana wae teras kacandak ku ombak, kagiatan industri perikanan jeung galangan kapal, nu terakhir nyaeta runtah rumah tangga di kota nu dialirkeun ku cai walungan. Pami runtah-runtah ieu diantepken numpuk dibasisir bakal mangaruhan kana polusi lingkungan sapertos sampah anu sumebar di sapanjang basisir, sanés ngan ukur polusi lingkungan tapi ogé mangaruhan kaséhatan masarakat dina bentuk panyakit sapertos diare.
Kituna urang salaku manusia tos janten kawajiban kanggo miara lingkungan, dimulai dinu hal leutik saperti kasadaran diri urang kanggo nyaah ka lingkungan hirup sareung miceun runtah kanu tempatna.
Kajadian anu ku sim kuring dugiken sateuacana memang kajadiana na mah jauh di basisir, tapi urang salaku manusa anu hirup di ieu dunya pasti bakal ngarosken pami aya sala sahiji lingkungan bagian di kahirupan urang nu rusak pasti berdampak ka sadaya manusa anu hidup di dunya ieu.
Mung sakitu nu tiasa simkuring dugikeun, hapunten bilih aya basa nu kirang merenah larapna, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah. Pondok nyogok Panjang nyugak, neda tawakupna ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal. Bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun hampura anu diteda.
Wassalamualaikum Wr. Wb.