• Tidak ada hasil yang ditemukan

CING CANGKELING

Dalam dokumen BUKU GURU SUNDA KLS 2 2014 (Halaman 83-88)

Pituduh Meunteun

CING CANGKELING

Cing cangkeling

Manuk cingkleung cindeten Plos ka kolong

Bapa Satar buleneng.

2. Kecap Pananya

Kecap pananya téh kagolong kana warna kecap sulur atawa kecap gaganti nyaéta kecap anu gunana pikeun nyuluran hal atawa barang anu ditanyakeun. Lebah dieu, kecap pananya nyaéta kecap anu gunana pikeun nanyakeun hiji hal ka jalma lian. Kecap pananya ngawangun kalimah pananya, nyaéta kalimah anu gunana pikeun nanyakeun hiji hal sarta miharep rénsponsi nu mangrupa jawaban. Aya rupa-rupa kecap pananya saperti (1) saha

nanyakeun jalma, (2) iraha nanyakeun waktu, (3) (di, ti, ka) mana nanyakeun tempat, (4),

naha nanyakeun alesan, jsté.

Aya deui kecap pananya séjénna kayaning kecap pananya waktu: iraha, kecap pananya sabab: naon sababna, kecap pananya alesan: ku naon; kecap pananya palaku: ku saha; kecap pananya tujuan: keur saha.

3. Kecap Lemes

Kecap lemes mangrupa bagian tina tatakrama basa atawa undak usuk basa. Tatakrama basa mangrupa kaédah sopan santun dina makéna basa patali jeung status sosial, kaakraban, sarta hubungan antara panyatur, pamiarsa, jeung jalma nu dicaritakeun. Kecap lemes digunakeun keur ngajénan batur jeung diri sorangan. Aya dua kecap lemes nyaéta kecap lemes keur diri sorangan (Jalma 1 (J-1)) saperti neda, aya kecap lemes keur ka batur (Jalma 2 (J-2)) saperti tuang. Boh kecap lemes keur diri sorangan boh keur ka batur boga kecap sedengna saperti dahar atawa kecap kasarna nyatu.

4. Kalimah Aktif jeung Kalimah Pasif

Kalimah aktif nyaéta kalimah anu jejerna ngalakukeun pagawéan, ilaharna dicirian ku caritaan kecap pagawéan nu ngandung rarangkén hareup N-. Ari kalimah pasif nyaéta kalimah anu jejerna kakeunaan ku pagawéan, ilaharna dicirian ku caritaab kecap pagawéan nu ngandung raarangkén di-, ka-, jeung ti-. Ku kituna, pikeun ngalatih murid ngawangun kalimah aktif jeung kalimah pasif, murid disina ngarobah kecap nu dirarangkénan hareup N- ku kecap nu maké rarangkén hareup di-.

5. Rarangkén

Rarangkén (BI: imbuhan atawa afiks) nyaéta wangun basa pangleutikna (morfém) kauger anu milu nangtukeun harti kecap. Aya lima rupa rarangkén dina basa Sunda saperti ieu di handap.

(a) Rarangkén hareup (awalan), nyaéta rarangkén anu cicingna némpél hareupeun kecap saperti di-, N-, ka-, ti- dina kecap dibaca, maca, kabaca, tidagor, jsté.

(b) Rarabfkén tengah (seselan), nyaéta rarangkén anu cicingna nyelap di tengah-tengah kecap saperti –ar-/-al-, -um-, jeug –in- dina kecap barudak, laleuleus, gumeulis, tinulis, jsté.

(c) Rarangkén ahir (ahiran), nyaéta rarangkén anu cicingna némpél tukangeun kecap saperti –an, -eun, -keun, -ing/-ning dina kecap seuseuhan, seuseuheun, asupkeun, mungguhing, wantuning, jste.

(d) Rarangkén barubg (koniks) nyaéta dua rarangkén anu ngawangun kecap kalawan

babarengan saperti pa—an, ka—an, sa—eun dina kecap padataran, kadaharan, sahuapeun, jsté.

(e) Rarangkén gabung (ambiiks) nyaéta dua rarangkén atawa leuwih anu ngawangun

kecap henteu babarengan saperti di-+-keun jeung N-+-keun dina kecap diasupkeun

B. Glosarium

apik = taliti balénan = balikan berséka = apik

berséka = apik tur beresih buleneng = gundul

buruk = goréng butut = goréng

caangna mabra = caang ngebrak, caang pisan capétang = pinter nyarita

ciciptan = ciciptaan, diwangun tina kecap cipta ditambah Rdp+-an, jieunan

cindeten = eunteup, cicing

cinyusu = cai nu tuluy kaluar tina jero taneuh, biasana dina gawir

culika = jail, julig, resep nyilakakeun batur dalém = ménak

dangdaunan = rupa-rupa daun diomékeun = dibenerkeun diparaban = dibére kahakanan

disénglédkeun = diwangun tina kecap séngléd ditambah rarangkén gabung di-+-keun, hartina diangsrodkeun ka luhur. diundeur = daun nu dipetik pucungna wungkul

gemuk = pupuk genaheun = ngeunaheun

getén = tulatén, némbohkeun rasa nyaah ku mindeng ngalongokan/ngurus

geuwat = gancang gurunggusuh = gagancangan guyub = akur

harééng = muriang, paranas turus hiri dengki =

jaligrah = arataoh, barungah janari = waktu samémeh subuh

jarian = juru buruan pamiceunan runtah

kabuyutan = diwangun tina kecap buyut jeung rarangkén barung ka—an, pancakaki kalima ka luhur atawa turunan katilu; kabuyutan hartina karamat.

kakaut = kokoét ku kuku

kaniaya = telenges, nganyenyeri

kecap bilangan panangtu = kecap nu nangtukeun wanda bilangan

urang keur jalma: Barudak téh aya lima urang.

turuy keur cau: Cau téh aya lima turuy.

Perékét keur jéngkol: Cing ngala jéngkol lima pérékét mah.

kokocok = kukumbah leungeun kujur = awak, badan

lagondi = laban, ngaran tangkal nu kaina sok diaréng, daunna dipaké ubar.

lalawora = gagabah, ceroboh layeut = sauyunan, tara pasé lebar = nyaah

makayakeun, diwangun tina kecap pakaya (harta) jeung rarangkén gabung N-+-keun, hartina matéahkeun atawa ngokolakeun

melid = males

meuheuy = leubeut buahna

mimitran = mimitraan, duduluran, sosobatan mindeng = sering

moyan = cicing di nu panas kira-kita jam 8-an sangkan awak teu katirisan

muncugug = nonjol ka luhur mupus = ngaberesihan nandangan = ngalaman

ngahiliwir = diwangun tina kecap hiliwir dirarangkénan hareup di-, niup lalaunan (angin)

ngarandeg = eureun

ngémploh = dangdaunan anu gomplok ngingu = miara sasatoan

ngukut = miara sasatoan

nyoréndang = nyalindangkeun kantong kana taktak océs = bangor, teu daék cicing

odoh = jorok, lodroh omat-omatan = wanti-wanti ompong = euweuh huntuan osok = sok, biasa

pacilingan = pamiceunan, sarua gunana jeung toilét, tapi aya di balong.

pamandangan = panénjoan, panorama panganggo = papakéan

pangaweruh = kaweruh, kanyaho, pengetahuan (B. Ind) papanggé = golodog, babancik

pasapon = pasapuan, diwangun tina kecap sapu jeung rarangken barung pa—an

pinanggih = diwangun tina kecap panggih dirarangkénan tengah –in-, papanggih

poék mongkléng = poék meredong, poék pisan teu katémbong curuk-curuk acan

rarat-rérét = nempo ka kénca ka katuhu ku juru panon raresik = beresih, bérés sarta alus

réngsé = anggeus

rikat = tangginas, cepet dina sagala rupa gerak sabilulungan = babarengan, sauyunan

saged = siap-siap, sayaga sasarap = dahar isuk-isuk satengahing = tengah-tengah sauyunan = babarengan sayaga = siap-siap

silih asah = silih béré kanyaho atawa pangalaman silih asih = silih pikanyaah

silih asuh = silih aping, silih bimbing sirik pidik = dengki

sobat dalit = babaturan deukeut soméah = handap asor

soson-soson = enya-enya, daria, giat srangéngé = panonpoé

suhud = getol, rajin susuci = beberesih awak tambarakan = sagala didahar tapis = parigel, mahér

tarapti = bérés, sagala sadia pikeun indit tengi = hapeuk

tigin = tukuh, kukuh, pageuh tiis tingtrim = adem ayeum

tingkarelip = tingcarélak, cahaya kucap-kiceup tina jarak anu jauh tumuwuh = diwangun tina kecap tuwuh dirarangkéna hareup di-,

jadi.

tutuwuhan = diwangun tina kecap tuwuh ditambah Rdp+-an, sakur tangkal nu

Dalam dokumen BUKU GURU SUNDA KLS 2 2014 (Halaman 83-88)

Dokumen terkait