• Tidak ada hasil yang ditemukan

Indikator Pencapaian Kompeténsi

Dalam dokumen Modul BS SMA KK I (Edit 02 Mei 2016) (Halaman 93-100)

1. Ngajéntrékeun wangenan téks laporan hasil observasi. 2. Ngajéntrékeun struktur téks hasil observasi.

3. Ngajéntrékeun kaédah téks laporan hasil observasi.

4. Nyieun conto téks laporan hasil observasi dina pangajaran basa Sunda.

C. Pedaran Matéri

1. Wangenan Téks Hasil Observasi

Téks hasil observasi mangrupa téks anu eusina paparan umum ngalaporkeun hasil observasi. téks laporan ieu téh disebut ogé téks klasifikasi, lantaran nyieun klasifikasi rupa-rupa hal (sasatoan, tutuwuhan, manusa, atawa peristiwa kajadian anu aya di alam dunya) dumasar kana ciri atawa kriteria anu geus ditangtukeun. Téks laporan hasil observasi sering dianggap sarua jeung téks déskripsi. Tapi, sabenerna mah téks laporan hasil observasi béda jeung téks déskripsi. Bédana, téks laporan hasil observasi mah sifatna global atawa universal, sedengkeun téks deskriptif mah sifatna unik atawa individualistis.

Dina nyieun téks hasil observasi, ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap:

a. Néngétan heula naon-naon anu rék diobservasi anu raket patalina jeung eusi téks, diantarana waé Néngétan objék anu réks diobservasi. Objék anu réks diamati kudu objék tunggal;

b. nyatet data anu diperlukeun, data anu dicatet kudu data anu akurat luyu jeung pengamatan data anu aya dina ambahan panalungtikan kiwari;

c. lamun diperlukeun bisa dieuyeuban ku ngalakukeun wawancara jeung narasumber pikeun référensi; jeung

d. nyieun téks laporan hasil observasi. Dina nyieun téks laporan hasil observasi tinangtu kudu luyu jeung struktur sarta Kaedah (ciri-ciri) téks laporan observasi.

2. Struktur jeung Kaédah Téks Hasil Observasi

a. Struktur Téks Hasil Observasi

Ciri-ciri struktur anu hadé nyaéta disusun dumasar kana struktur téks pernyataan umum atawa klasifikasi dituturkeun ku anggota atawa aspék anu rék dilaporkeun. Struktur téks laporan hasil observasi ngawéngku ieu di handap.

1) Déskripsi Umum

Déskripsi umum mangrupa paragraf anu eusina penjéntréan sacara rinci saperti: wangenan objék anu réks ditalungtik, atawa ngaran lain tina objék anu rék ditalungtik. Eusi panganteur téks laporan hasil observasi ngeunaan penjéntréan umum atawa klarifikasi umum/definisi umum.

2) Déskripsi Bagian

Déskripsi bagian nyaéta paragraf atawa struktur anu eusina bagian-bagian tina objék anu rék ditalungtik. Eusi téks laporan hasil observasi aya dina déskripsi bagian.

3) Déskripsi Mangpaat

Déskripsi mangpaat nyaéta paragraf atawa struktur anu eusina mangpaat-mangpaat tina objék anu rék ditalungtik. Eusi panutup mangrupa kacindekan téks laporan hasil observasi.

Gambar 8. 1 Struktur Teks Laporan Hasil Observasi

Tengétan conto téks laporan hasil observasi ieu di handap!

Struktur

Téks Laporan Hasil Observasi

Kalimah

Definisi Umum Manuk japati nyaéta salah sahiji

sasatoan anu rea hirup di ieu alam dunya. Manuk japati hirup dimana-mana iwal ti di

Antartika. Manuk japati hirup babarengan jeung sasatoan séjénna tur hirup bareng jeung manusa.

Déskripsi Bagian Manuk japati miboga ukuran

awak anu sedeng, teu leuting teuing teu gede teuing. Ukuran panjang awak japati antara 20 cm nepi ka 30 cm sarta

www.burungmerpati.com

merpatikolonglampung-galaxy.blogspot.com

ka 900 gram. Awak japati moboga daging anu kandel, beuheung anu pondok, tur pamatukna pondok ogé. Manuk japati mibanda warna buu anu rupa-rupa, diantarana waé: coklat, bodas, hideung, atawa warna-warni antara coklat, bodas, jeung hideung. Kadaharan manuk japati, nyaéta: sisikian, jagong, béas, kacang hejo, jst. Manuk japati kaasup sasatoan anu

kadaharanana téh sisikian. Manuk japati biasana hirup di kanjeungg dina wangun balok aya liangna anu wangunna persegi nu jadi pantona.

Dina habitat alam, manuk japati ngawangun imahna tina ranting, taneuh, jeunggdaunan, anu ditempatkeun di luhur

tatangkalan. Ieu hal luyu jeung spesiesna. Sarang manuk japati sering ogé disebut pagupon. Pagupon biasana ditepelkeun di dinding imah.

Déskripsi Manpaat

www.merdeka.com

www.majalahburungpas.com

Manuk japati bisa dijadikeun manuk pikeun ngiluan lomba

atawa kontes “kecantikan”.

Lomba manuk japati sering aya dina balapan. Balapan biasana dilakukeun ku cara

ngahiberkeun manuk japati tina jarak anu jauh sacara

babarengan. Manuk japati anu pangheulana datang, éta anu jadi juarana.

Japati ogé sering dipaké pikeun

ngalambangkeun “perdamaian”.

Manuk japati sering

digambarkeun keur nyényepeng daun zaitun. Zaman baheula mah manuk japati téh kungsi dipaké pikeun ngirim surat ku cara nalikeun éta surat dina sukuna.

Populasi manuk japati di Indonésia pohara pisan. Populasi japati, lolobana mangrupa sato piaraan, sedengkeun populasi manuk japati anu liar ngan saeutik. Ieu hal dibalukarkeun kurangna habitat manuk japati lantaran rongkahna pangwangunan.

b. KaédahTéks Laporan Hasil Observasi 1) bersipat global jeung universal; 2) mangrupa hasil panalungtikan kiwari;

3) ngagunakeun basa Sunda anu bener tur mérénah;

4) objék anu dicaritakeun atawa anu dijadikeun bahan bahasan nyaéta objék tunggal; jeung

5) teu aya panutup ti pangarang.

3.

Léngkah-Léngkah Nyusun Téks Laporan Hasil Observasi

a. Jieun judul laporan hasil observasi luyu jeung hasil observasi Saderék! b. Susun definisi umum nu mangrupa paragraf anu eusina penjéntréan

sacara rinci saperti: wangenan objék anu réks ditalungtik, atawa ngaran lain tina objék anu rék ditalungtik. Eusi panganteur Téks laporan hasil observasi ngeunaan penjéntréan umum atawa klarifikasi umum/definisi umum.

c. Susun déskripsi bagian anu eusina bagian-bagian tina objék anu rék ditalungtik. Eusi téks laporan hasil observasi aya dina déskripsi bagian. d. Susun déskripsi manfaat anu eusina manpaat-manpaat tina objék anu

rék ditalungtik. Eusi panutup mangrupa kacindekan téks laporan hasil observasi.

Pancén:

Prak Saderék susun sacara mandiri conto Téks Laporan Observasi dina kolom anu geus disadiakeun! Téks Laporan Hasil Observasi bisa ngeunaan: sasatoan, tutuwuhan, barang, taman, laut, bumi, gunung, pasawahan, daratan, jst.

Struktur Téks Laporan Hasil

Observasi

Déskripsi Téks Laporan Hasil Observasi

Definisi Umum

Déskripsi Bagian

Déskripsi Mangpaat

Dalam dokumen Modul BS SMA KK I (Edit 02 Mei 2016) (Halaman 93-100)

Dokumen terkait