• Tidak ada hasil yang ditemukan

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan, analisis, jeung pedaran kamamuh nulis karangan éksposisi ngagunakeun modél pangajaran quantum teaching ka siswa kelas VIII C SMPN 12 Bandung taun ajaran 2014/2015, bisa dicindekkeun ieu di handap.

1) Kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VIII C SMPN 12 Bandung taun ajaran 2014/2015 saméméh ngagunakeun modél pangajaran quantum

teaching kaasup teu nyugemakeun. Hasil rata-rata prettest nya éta 49,44,

hartina siswa can mampuh nulis karangan éksposisi. Kamampuh nulis karangan éksposisi aspék penilaian eusi tina hasil pretest nuduhkeun yén kamampuh siswa kaasup sedeng-cukup, hartina karangan siswa informasina kawates, substansi kurang, mekarkeun tesis kurang, teu cukup masalah, jeung teu cukup. Peunteun rata-ratana nya éta 10,21 (34%). Kamampuh nulis karangan éksposisi aspék penilaian organisasi tina hasil pretest nuduhkeun yén kamampuh siswa sedeng-cukup, hartina karangan siswa teu lancar, gagasan teu sistematis, urutan jeung kamekaran tesis teu logis. Peunteun rata-ratana nya éta 10,93 (54%). Kamampuh nulis karangan éksposisi aspék penilaian diksi tina hasil pretest nuduhkeun yén kamampuh siswa sedeng-cukup, hartina poténsi ngagunakeun kecap kawates, loba kasalahan dina pilihan kecap anu mangaruhan ma’na. Peunteun rata-ratana nya éta 11,10 (55%). Kamampuh nulis karangan éksposisi aspék penilaian ngagunakeunna basa tina hasil pretest nuduhkeun yén kamampuh siswa sedeng-cukup, hartina aya kasalahan serius dina konstruksi kalimat, ma’na teu ajeg. Peunteun rata-ratana nya éta (56%). Kamampuh nulis karangan éksposisi aspék penilaian mékanik tina hasil pretest nuduhkeun yén kamampuh siswa sedeng-cukup, hartina karangan siswa loba kasalahan éjahan, ma’na teu ajeg. Peunteun rata-ratana nya éta 2,97 (59%).

Yogi Yogaswara Yanuariska, 2015

Model pengajaran quantum teaching pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan eksposisi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

2) Kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VIII C SMPN 12 Bandung taun ajaran 2014/2015 sabada ngagunakeun modél pangajaran quantum

teaching kaasup nyugemakeun. Hasil rata-rata posttest nya éta 79,10, hartina

siswa mampuh nulis karangan éksposisi. Kamampuh nulis karangan éksposisi aspék penilaian eusi tina hasil posttest nuduhkeun yén kamampuh siswa cukup-alus, hartina karangan siswa informasina cukup, substansi cukup, mekarkeun tesis kawates, relevan jeung masalah, tapi teu lengkep. Peunteun rata-ratana nya éta 22 (73%). Kamampuh nulis karangan éksposisi aspék

penilaian organisasi tina hasil posttest nuduhkeun yén kamampuh siswa

cukup-alus, hartina karangan siswa kurang lancar, kurang sistematis, tapi katémbong ide utamana, bahan pangrojong kawates, urutan logis, tapi teu lengkep. Peunteun rata-ratana nya éta 16,90 (84%). Kamampuh nulis karangan éksposisi aspék penilaian diksi tina hasil posttest nuduhkeun yén kamampuh siswa cukup-alus, hartina karangan siswa kurang mernah dina ngagunakeun kecap, pilihan kecap kurang mernah tapi teu mangaruhan ma’na. Peunteun rata-ratana nya éta 15,93 (79%). Kamampuh nulis karangan éksposisi aspék penilaian ngagunakeunna basa tina hasil posttest nuduhkeun yén kamampuh siswa cukup-alus, hartina karangan siswa konstruksina basajan tapi éféktif, saeutik kasalahan dina konstruksi kompléks, aya kasalahan tapi ma’na ajeg. Peunteun rata-ratana nya éta 20,34 (81%). Kamampuh nulis karangan éksposisi aspék

penilaian mékanik tina hasil posttest nuduhkeun yén kamampuh siswa

cukup-alus, hartina karangan siswa saeutik kasalahan éjahan, ngan teu ngarobah ma’na. Peunteun rata-ratana nya éta 3,93 (78%).

3) Ngaronjatna kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VIII C SMPN 12 Bandung taun ajaran 2014/2015 sabada ngagunakeun modél pangajaran

quantum teaching bisa katitén tina babandingan hasil pretest jeung posttest anu

nuduhkeun yén rata-rata hasil pretest jeung posttest siswa ngaronjat tina 49,44% jadi 79,10%. Hartina, gedéna pangaruh modél pangajaran quantum

Yogi Yogaswara Yanuariska, 2015

Model pengajaran quantum teaching pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan eksposisi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

29,7%. Kamampuh nulis karangan éksposisi aspék penilaian eusi tina hasil

pretest miboga peunteun rata-rata 10,21 (34%) sabada posttestna peunteun

rata-rata jadi 22 (73%), hartina gedé pangaruh modél pangajaran quantum

teaching dina ngaronjatkeun aspék eusi dina nulis karangan éksposisi siswa téh

nya éta 11,79 (39%). Kamampuh nulis karangan éksposisi aspék penilaian organisasi tina hasil pretest miboga peunteun rata-rata 10,93 (54%) sabada

posttestna peunteun rata-rata jadi 16,90 (84%), hartina gedé pangaruh modél

pangajaran quantum teaching dina ngaronjatkeun aspék organisasi dina nulis karangan éksposisi siswa téh nya éta 5,97 (29%). Kamampuh nulis karangan éksposisi aspék penilaian diksi tina hasil pretest miboga peunteun rata-rata 11,10 (55%) sabada posttestna peunteun rata-rata jadi 15,93 (79%), hartina gedé pangaruh modél pangajaran quantum teaching dina ngaronjatkeun aspék diksi dina nulis karangan éksposisi siswa téh nya éta 1,5 (24%). Kamampuh nulis karangan éksposisi aspék penilaian ngagunakeunna basa tina hasil pretest miboga peunteun rata-rata 14,24 (56%) sabada posttestna peunteun rata-rata jadi 20,34 (81%), hartina gedé pangaruh modél pangajaran quantum teaching dina ngaronjatkeun aspék makéna basa dina nulis karangan éksposisi siswa téh nya éta 6,1 (24%). Kamampuh nulis karangan éksposisi aspék penilaian mékanik tina hasil pretest miboga peunteun rata-rata 2,97 (59%) sabada

posttestna peunteun rata-rata jadi 3,93 (78%), hartina gedé pangaruh modél

pangajaran quantum teaching dina ngaronjatkeun aspék mékanik dina nulis karangan éksposisi siswa téh nya éta 0,96 (19%).

4) Kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VIII C SMPN 12 Bandung taun ajaran 2014/2015 ngaronjat kalayan signifikan. Rata-rata hasil pretest 49,44% sabada posttest ngaronjat jadi 79,10%. Hartina, gedéna pangaruh modél pangajaran quantum teaching dina ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan éksposisi téh nya éta 29,7%. Hasil uji béda dua rata-rata nuduhkeun yén titung > ttabel nya éta 21,80 > 2,47, hartina hipotésis kerja (Ha) ditarima jeung hipotésis nol (H0) ditolak.

Yogi Yogaswara Yanuariska, 2015

Model pengajaran quantum teaching pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan eksposisi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Dumasar hasil ieu panalungtikan, bisa dicindekkeun yén aya béda anu signifikan antara kamampuh nulis karangan éksposisi siswa kelas VIII C SMPN 12 Bandung taun ajaran 2014/2015 saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran quantum teaching.

5.2 Implikasi

Nulis karangan éksposisi ngagunakeun modél quantum teaching dilarapkeun ngaliwatan rumus modalitas V-A-K. Modalitas V-A-K téh nya éta singgetan tina visual, auditorial, jeung kinéstésik. Anu léngkah-léngkahna dijéntrékeun ieu di handap.

1) Dina muka lawungan siswa dibéré motivasi nulis ngaliwatan pidangan poster-poster afirmasi anu luyu.

2) Siswa dibéré pidangan video ngeunaan sababaraha kaulinan barudak, anu engkéna bakal dipaénkeun ku siswa.

3) Guru jeung siswa méré ngaran kagiatan diajarna dumasar kasapukan babarengan.

4) Siswa dibéré conto karangan éksposisi.

5) Siswa dibéré kasempetan pikeun ngébréhkeun pangaweruh awal ngeunaan karangan éksposisi jeung kaulinan barudak.

6) Guru ngademonstrasikeun naon ari karangan éksposisi, kumaha cara nyieunna jeung naon kaulinan barudak téh.

7) Siswa dibéré umpan balik ku cara nitah salasahiji siswa pikeun nuliskeun naon anu geus kacangkem.

8) Guru nyetel musik klasik anu bakal ngarangsang kaluarna imajinasi siswa; 9) Béré pujian anu atawa reward ka siswa anu aktif salila lumangsungna

pangajaran.

Tina kacindekan jeung léngkah-léngkah pangajaran di luhur, ngahasilkeun implikasi panalungtikan ieu di handap.

Yogi Yogaswara Yanuariska, 2015

Model pengajaran quantum teaching pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan eksposisi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Sabada pangajaran nulis karangan éksposisi ngagunakeun modél pangajaran

quantum teaching, siswa kelas VIII C SMPN 12 Bandung taun ajaran 2014/2015

leuwih:

1) miboga motivasi pikeun ngébréhkeun gagasannana dina wangun tinulis;

2) kritis, jeung aktif dina ngébréhkeun kamandangna ngeunaan hiji pasualan di hareupeun kelas;

3) parigel dina ngamekarkeun eusi karangan, ogé lengkep dina organisasi ngaruntuykeun pasualan dina hiji karangan;

4) parigel milih kecap anu mernah keur ngébréhkeun maksud dina hiji kalimah; jeung

5) maham kana éjahan basa Sunda, jeung parigel ngawangun jeung ngalarapkeun kalimah dina paragraf.

5.3 Saran

Dumasar kana hasil panalungtikan ngeunaan kamampuh nulis karangan éksposisi ngagunakeun modél pangajaran quantum teaching ka siswa kelas VIII C SMPN 12 Bandung taun ajaran 2014/2015, ieu di handap dijéntrékeun sababaraha saran.

1) Hasil panalungtikan anu geus dilaksanakeun nuduhkeun yén modél pangajaran

quantum teaching bisa ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan éksposisi. Ku

kituna, ieu modél téh bisa jadi bahan alternatif pikeun guru dina pangajaran nulis karangan éksposisi, ogé pikeun ngaronjatkeun kompeténsi pangajaran séjénna.

2) Implementasi model pangajaran quantum teaching, saupama rék dipaké dina pangajaran aya sababaraha hal anu kudu dititénan, nya éta: a) wangun posisi bangku siswa kudu bener-bener diperhatikeun, ku sabab sakabéh siswa kudu katalingakeun jeung bener-bener nyangking sakabéh informasi tina pangajaran, b) léngkah-léngkah modél pangajaran quantum teaching kudu bener-bener dilaksanakeun ku siswa kalawan ngaruntuy, c) poster afirmatif anu dipaké pikeun ngarangsang motivasi siswa dina nulis kudu ngirut jeung ngagunakeun

Yogi Yogaswara Yanuariska, 2015

Model pengajaran quantum teaching pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan eksposisi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

warna anu kontras, d) organisasi kelas kudu hadé sangkan tepat kana waktu anu geus dirarancang, jeung e) leuwih asak dina ngararancang pangajaran.

Yogi Yogaswara Yanuariska, 2015

Model pengajaran quantum teaching pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan eksposisi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA

Alwasilah, C. & Alwasilah, S. (2007). Pokoknya Menulis. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Arikunto S., (2010). Prosedur Penelitian Suatu Pendekatan Praktik. Jakarta: Rineka Cipta.

Chaer, A. (2003). Psikolinguistik Kajian Teoretik. Jakarta: Rineka Cipta.

DePorter, B. & Hernacki, M. (2000). Quantum Learning (Membiasakan Belajar

Nyaman dan Menyenangkan). Bandung: Kaifa.

DePorter, B., Reardon, M. & Singer-Nourie, S. (2014). Quantum Teaching:

Mempraktekkan Quantum Learning di Ruang-ruang Kelas. Bandung: Kaifa.

Djiwandono, S. (2011). Tes Bahasa : Pegangan Bagi Pengajar Bahasa. Jakarta: Indeks.

Emilia, E. (2011). Pendekatan Genre-Based dalam Pengajaran Bahasa Inggris:

Petunjuk Guru. Kota Bandung: Rizqi Press.

Erne, A. (1988). Dasar-dasar Keterampilan Menulis. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.

Gie, T. L. (2002). Terampil Mengarang. Jogjakarta: Andi. Hamid, S. (2014). Metode Edutainment. Jogjakarta: Diva Press.

Iskandarwassid. (2008). Strategi Pembelajaran Bahasa. Bandung: PT. Remaja Rosdakarya.

Joyce, B., Weil, M. & Calhoun, E. (2009). Models of Teaching. Jogjakarta: Pustaka Pelajar.

Keraf, G. (1982). Eksposisi dan Deskripsi. Flores: Nusa Indah.

Kuncoro, M. (2009). Mahir Menulis (Kiat Jitu Menulis Artikel Opini, Kolom &

Resensi Buku). Jakarta: Erlangga.

Kosasih, E. (2003). Kompetensi Ketatabahasaan, Cermat Berbahasa Indonesia. Bandung: Yrama Widya.

Yogi Yogaswara Yanuariska, 2015

Model pengajaran quantum teaching pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan eksposisi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Peraturan Gubernur Jawa Barat. (2013). Pembelajaran Muatan Lokal Bahasan

dan Sastra Daerah pada Jenjang Satuan Pendidikan Dasar dan Menengah.

Kota Bandung: Pemerintah Jawa Barat.

Pranoto, N. (2004). 72 Jurus Seni Mengarang. Jakarta: PT Primadia Pustaka. Riduan, & Sunarto. (2012). Pengantar Statistika: Untuk Penelitian Pendidikan,

Sosial, Ekonomi, Komunikasi dan Bisnis. Bandung: Alfabeta.

Ruhaliah. (2002). Sejarah Sastra Sunda. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Rosyadi, A. R. (2008). Menjadi Penulis Profesional Itu Mudah (Proses Kreatif

Menulis & Menerbitkan Buku Sekolah dan Perguruan Tinggi). Bogor: Ghalia

Indonesia.

Sagala, S. (2003). Konsep dan Makna Pembelajaran. Bandung: Alfabeta. Semi, A. (2007). Dasar-dasar Keterampilan Menulis. Bandung: Angkasa.

Slamet, St. Y. (2008). Dasar-dasar Pembelajaran Bahasa dan Sastra Indonesia di

Sekolah Dasar. Surakarta: UNS Press.

Sudaryat, Y. (2010). Ulikan Wacana Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten Sugiyono. (2013). Statistika Untuk Penelitian. Bandung: Alfabeta.

Syamsudin, & Damianti, V.S. (2009). Metode Penelitian Pendidikan Bahasa. Bandung: PT. Remaja Rosdakarya.

Tarigan, H. G. (2008). Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.

Yogi Yogaswara Yanuariska, 2015

Model pengajaran quantum teaching pikeun ngaronjatkeun kamampuh nulis karangan eksposisi

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Lampiran 6

Dokumen terkait