• Tidak ada hasil yang ditemukan

Dumasar kana deskripsi BAB IV ngeunaan kamampuh nulis jeung kamampuh nyarita pangalaman pribadi siswa kelas VII D SMP Muhammadiyah 4 Margahayu, bisa dicindekkeun yén hasilna ieu di handap.

Kahiji, kamampuh nulis pangalaman pribadi siswa kelas VII D, kamampuh dina nulis pangalaman pribadina can mampuh, rata-rata peunteun anu dihontalna nya éta 5,81. Ditilik tina opat aspék anu dipeunteuna, nu kahiji, tina jihat eusi can mampuh, skor anu dihontalna 2,89 tina skor pangluhurna 5. Nu kadua, tina jihat sistematika can mampuh, skor anu dihontalna 2,97, nu katilu, tina jihat tatabasana can mampuh, skor anu dihontalna 2,86, jeung nu kaopat, tina jihat diksina can mampuh, skor anu dihontalna 2,89. Upama digabungkeun tina opat aspék anu tadi jumlahna nya éta 11,62. Upama dirata-ratakeun tina kaseluruhan aspékna kalayan ngagunakeun rumus PAP hasilna nya éta 5,81 atawa 60. Jadi, kamampuh nulis pangalaman pribadi siswa kelas VII D tacan ngahontal kana KKM.

Kadua, kamampuh nyarita pangalaman pribadi siswa kelas VII D,

kamampuh dina nyarita pangalaman pribadina can mampuh, rata-rata peunteun anu dihontalna nya éta 4,66. Ditilik tina opat aspék anu dipeunteuna, nu kahiji, tina jihat eusi can mampuh, skor anu dihontalna 2,67 tina skor pangluhurna 5. Nu kadua, tina jihat sistematika can mampuh, skor anu dihontalna 2,86, nu katilu, tina jihat tatabasana can mampuh, skor anu dihontalna 2,51, jeung nu kaopat, tina jihat diksina can mampuh, skor anu dihontalna 1,81. Upama digabungkeun tina opat aspék anu tadi jumlahna nya éta 9,32. Upama dirata-ratakeun tina kaseluruhan aspékna kalayan ngagunakeun rumus PAP hasilna nya éta 4,66 atawa 50. Jadi, kamampuh nyarita pangalaman pribadi siswa kelas VII D tacan ngahontal kana KKM

. Katilu, dumasar kana hasil tés kamampuh nulis jeung nyarita pangalaman pribadi anu kaugel dina tabél 4.3, katangen aya bédana antara ieu dua kamampuh. Ditilik tina opat aspék anu dipeunteunna, upama dibandingkeun tina eusi,

sisitematika, tatabasa, jeung diksina, kamampuh nulis leuwih luhur tibatan kamampuh nyarita. Skor eusi anu dihontal dina kamampuh nulis nya éta 2,89, sedengkeun skor dina nyarita 2,67. Skor sistematika dina nulis anu dihontal nya éta 2,97, sedengkeun skor dina nyarita 2,86. Skor tatabasa dina nulis anu dihontal nya éta 2,86, sedengkeun skor dina nulis nya éta 2,51. Sarta skor diksi dina nulis anu dihontal nya éta 2,89, sedengkeun skor dina nyarita nya éta 2,13

Kaopat, korélasi antara kamampuh nulis jeung kamampuh nyarita

pangalaman pribadi siswa kelas VII D dina ieu panalungtikan nya éta r itung < r tabél. r itung = 0,027, leuwih leutik tibatan r tabél = 0,418. Hartina siswa anu miboga kamampuh nulisna luhur, henteu miboga kamampuh nyarita anu luhur, sabalikna siswa anu miboga kamampuh nyarita luhur, henteu miboga kamampuh nulis anu luhur. Pangaruh antara kamampuh nulis jeung kamampuh nyarita pangalaman pribadi siswa kelas VII D dina ieu panalungtikan pangaruhna leutik pisan nya éta ngan 0,0279%.

5.2 Saran

Dumasar kana hasil panalungtikan, masih loba pasualan-pasualan anu perlu diropéa deui. Kitu deui aya sababaraha saran anu mudah-mudahan aya mangfaatna pikeun kamajuan sakola dina ningkatkeun tur mekarekeun deui strategi diajar ngajar hususna dina nulis jeung nyarita.

Ieu di handap mangrupa saran anu di tujukeun pikeun: a) Saran pikeun Guru

 Tina hasil panalungtikan, kamampuh nulis jeung nyaritana can mampuh. Ku kituna, guru dipiharep bisa ngaronjatkeun deui dina opat aspék anu dina nulis jeung nyarita.

 Guru kudu bisa leuwih kréatif dina milih media pangajaran anu luyu jeung matéri anu baris ditepikeun ka siswa, sangkan siswa leuwih daria tur soson-soson diajar hususna dina pangajaran nulis jeung nyarita.

b) Saran pikeun Siswa

 Siswa dipiharep leuwih ngabiasakeun deui dina diajar nulis jeung nyarita hususna basa Sunda, sangkan leuwih euyeub deui kosakecap basa Sundana

88

 Siswa masih mikabutuh bimbingan ti guru pikeun ningkatkeun karep kana nulis jeung nyarita supaya leuwih resep deui diajar basa Sunda.

 Siswa ningkatkeun deui kamampuh nulis jeung kamampuh nyaritana, sabab nulis jeung nyarita mangrupa kaparigelan basa anu bisa ningkatkeun kamampuh tur poténsi anu aya di dirina.

c) Saran pikeun Panalungtik Séjén

 Kusabab ieu panalungtikan komparatif, dipiharep pikeun panalungtik séjénna kudu leuwih jero deui kana nalungtik hiji matéri.

DAPTAR PUSTAKA

Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Peneltiatan Suatu Pendekatan Praktik. Jarakta: Rineka Cipta

Dally, Dadang. (2006). Dasar Standar Kompetensi dan Kompetensi. Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

Danadibrata. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama.

Departemén Pendidikan Nasional. (2008). Kamus Besar Bahasa Indonesia. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2007). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Disdik Jabar. Djiwandono, S. (2007). Tes Bahasa. Jakarta: PT. Indeks

Emzir. (2007). Metodologi Penelitian Pendidikan Kuantitatif & Kualitatif. Jakarta: Rajawali Pers

Haerudin, D. & Suherman, A. (2013). Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung: Wahana Karya Grafika.

Nawawi, H. (1991). Metodologi Penelitian Bidang Sosial. Yogyakarta: Gadjah Mada Uneversity PRESS

Nurjanah, Nunuy. (2008). Tiori Nulis. Bandung: JPBD Universitas Pendidikan Indonesia Press.

Nurwendini, R. (2010). “Babandingan Kamampuh Ngaregepkeun jeung Kamampuh Maca Siswa Kelas VIII SMP SETIA BHAKTI GARUT Taun Ajaran 2009/2010”. (Skripsi). Sekolah Sarjana, Uneversitas Pendidikan Indonesia. Bandung.

90

Ritasari, Feni. (2013). “Modél Writing Workshop pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Nulis Karangan Eksposisi (Studi Kuasi Ekspérimén ka Siswa Kelas VII A SMP Negeri 14 Bandung Taun Ajar 2012/2013)”. Skripsi Sarjana di FPBS UPI. Bandung: teu diterbitkeun

Ruhimat, spk. (2009). Kurikulum dan Pembelajaran. Bandung: Tim Pengembang MKDP Kurikulum dan Pembelajaran.

Subagyo, J. ( 1991). Metode Penelitian dalam Teori dan Praktek. Jakarta: Rineka Cipta

Sudjana, Nana. (2011). Tuntunan Penyusunan Karya Ilmiyah. Bandung: Sinar Baru Algansindo.

Sudjana. (2005). Metoda Statistika. Bandung: TARSITO

Sugiyono. (2013).Metode Penelitian Pendidikan Pendekatan Kuantitatif, Kualitatif dan R&D. Bandung :Alfabeta.

Tamsyah, Budi Rahayu. 1996. Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: CV. PUSTAKA SETIA.

Tarigan, Henry Guntur. (2008). Menulis Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa

Tresna Adhi, Mamay Rahayu. (2010). “Kamampuh Nyarita Basa Sunda Siswa SMA Pasundan 2 Bandung Kelas X Tahun Ajaran 2009-2010”. Skripsi Sarjana di FPBS UPI. Bandung: teu diterbitkeun

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI PRESS

Widiastuti, H. (2013). “Babandingan Kamampuh Maca Pedaran (Basa Sunda) jeung Pedaran (Basa Indonesia) Siswa Kelas XI IPA 3 SMA Negeri 14 Bandung Taun Ajaran 2012/2013”. (Skripsi). Sekolah Sarjana, Uneversitas Pendidikan Indonesia. Bandung.

Dokumen terkait