• Tidak ada hasil yang ditemukan

5.1 Kacindekan

Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun téks-téks sajak nu aya dina kumpulan sajak Lagu Padungdung (LP) karangan Deni Ahmad Fajar, ngagunakeun tiori struktural I.A Richard jeung tiori semiotik Peirce. Dina ieu panalungtikan métode nu digunakeun nyaéta déskriptif-analitik. Dumasar kana pedaran dina bab IV, ieu panalungtikan bisa dicidekkeun dina pedaran ieu di handap.

Kumpulan sajak LP karangan Deni Ahmad Fajar eusina aya 31 sajak. Éta sajak nu 31 téh dianalisis dumasar kana pamarekan struktur sajak nu ngawengku: (1) téma, (2) nada, (3) rasa, jeung (4) amanat, anu saterusna diwewegan ku ulikan sémiotik nurutkeun tiori Charles Shander Peirce, nyaéta ikon, indéks, jeung simbol.

Téma sajak nu kapanggih dina sajak LP nyaéta téma pati aya lima sajak, téma kaagamaan aya opat sajak, téma cinta aya sapuluh, téma kaayaan sosial aya lima, téma ngeunaan kahirupan/hakékat diri aya lima sajak, jeung téma pipisahan aya dua sajak. Nada sajak nu kapanggih dina kumpulan sajak LP nyaéta nada nalangsa, nada ngahudang rasa kapanasaran, nada tenang, nada nyindir, nada pasrah, nada nangtang, nada sono, nada keueung, nada hanjakal, nada pinuh sumanget, nada sieun, nada sepi, nada bingung, nada mapatahan, jeung nada ambek. Rasa sajak nu kapanggih dina kumpulan sajak LP nyaéta rasa sedih, rasa hariwang, rasa sono, rasa melang, rasa prihatin, rasa tenang, rasa sinis, rasa bungah, rasa pasrah, rasa sombong, rasa linglung jeung rasa keuheul. Amanat sajak nu kapanggih dina kumpulan sajak LP lolobana ngan saukur ngageuing ka nu maca, méré gambaran kaayaan sosial, jeung ngingetan kana pati.

172

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Hasil analisis semiotik kapanggih aya 76 unsur ikon, 140 unsur indéks, jeung 120 unsur simbol. Dina ieu panalungtikan katitén unsur semiotik nu panglobana téh aya dina unsur indéks, tanda semiotik nu ditandaan ku ayana hubungan kausal (sebab-akibat). Tanda nu pangsaeutikna tina tilu tanda éta nyaéta tanda ikon, anu méré tanda sasaruaan.

Dina ieu kumpulan sajak Lagu Padungdung, aya 30 sajak nu luyu pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA, sedengkeun nu teu luyuna ngan aya hiji nu judulna “Sisiphus”, lantaran jauh ti kasang tukang budaya jeung pangaweruh siswa SMA.

5.2 Saran

Saréngséna ieu panalungtikan aya sababaraha saran kayaning ieu di handap. 1) Pikeun Panalungtik

Dina panalungtikan nu medar ngeunaan struktur jeung semiotik sajak, sarta hasil panalungtikanna dilarapkeun kana bahan pangajaran maca sajak, kudu terus dilaksanakeun sangkan bahan pangajaran maca sajak di sakola-sakola beuki ngeuyeuban.

2) Pikeun Siswa

Dina pangajaran ngeunaan sajak, siswa teu kudu matok kana bahan pangajaran anu dibikeun ku guru, tapi siswa bisa néangan bahan pangajaran tina sumber séjén saperti dina majalah, koran jeung media massa, sarta teu leupas tina apingan guru.

3) Pikeun Guru/Widang Atikan

Salian ti métode, téhnik jeung nangtukeun bahan pangajaran anu luyu jeung kurikulum, guru dipiharep bisa leuwih parigel dina nepikeun pangajaran ngeunaan sajak ka siswa sangkan siswa leuwih resep jeung sumanget dina diajarna. Pikeun ngamotivasi pangajaran maca sajak, aya hadéna guru

173

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ngayakeun hiji kagiatan anu bisa ngahudang sumanget siswa resep kana sajak upamana ngayakeun kagiatan lomba maca sajak bébas nu kagiatana teu kudu waé di kelas tapi urang bisa ngayakeun di alam terbuka contona di tempat nu aya di sabudeureun sakola, atawa guru bisa ngajak siswa ka tempat rékréasi bari méré pancén ngeunaan matéri sajak, sangkan bisa ngahudang sumanget siswa dina diajarna.

4) Pikeun Panyajak

Saméméh nulis sajak hadéna nu nulis nangtukeun heula téma, komo lamun geus apal sasaran pikeun saha éta sajak ditujukeunana. Lamun pikeun budak tangtu waé témana kudu disaluyukeun jeung kamampuh budak kana nyangkem eusi sajak.

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAFTAR PUSTAKA

Alwasilah, A.C. (2006) Pokoknya Sunda Interpretasi untuk Aksi. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Aminuddin. (2013). Pengantar Apresiasi karya Sastra. Bandung: Sinar Baru Algensindo.

Arikunto, S. (2010). Prosedur Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta.

Budiman, K. (2011). Semiotika Visual: Konsep, Isu, dan Problem Ikonisitas. Yogyakarta: Jalasutra.

Berger, A.A. (2010). Pengantar Semiotika Tanda-tanda dalam Kebudayaan Kontemporer. Yogyakarta: Tiara Wacana.

Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Provinsi Jawa Barat. (2012). Workshop Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung: Disparbud Jabar.

Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. (2013). KIKD dan Silabus Mata Pelajaran Bahasa Sunda. Dinas Penprov Jabar.

Departemen Pendidikan Nasional. (2008). Kamus Besar Bahasa Indonesia Pusat Bahasa. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

Djaramah, S.B. & Zain, A. (2010). Strategi Belajar Mengajar. Jakarta: Rineka Cipta.

Echols, J.M. & Shadily, H. (2010). Kamus Inggris Indonesia (An English-Indonesia Dictionary). Jakarta: Gramedia Pustaka Utama.

175

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Faruk. (2012). Metode Penelitian Sastra Sebuah Penjelajahan Awal. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Gintings, A. (2012). Esensi Praktis Belajar dan Pembelajaran. Bandung: Humaniora.

Iskandarwassid. (2003). Kamus Istilah Sastra Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Geger Sunten.

Isnendes, R. (2007). Tiori Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI.

Isnendes, R. (2010). Kajian Sastra Aplikasi Teori dan Kritik pada Karya Satra Sunda dan Indonesia. Bandung: Daluang.

Jabrohim. (2012). Teori Penelitian Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Jamaludin. (2003). Problematika Bahasa dan Sastra. Yogyakarta: Adicita Karya Nusa.

Kosasih, E. (2012). Dasar-dasar Keterampilan Bersastra. Bandung: Yrama Widya.

Kosasih, E. (2008). Apresiasi Sastra Indonesia. Jakarta: Nobel Edumedia.

Koswara, D. (2011). “Racikan Sastra” Diktat Kuliah di Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah. Bandung: UPI.

Luxemburg, J.V., Bal, Mieke., & Weststeijn, W.G. (1992). Pengantar Ilmu Sastra. Jakarta: Gramedia.

LBSS (Lembaga Basa jeung Sastra). (2007). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

176

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Pradopo, Rachmat Djoko. (2013). Beberapa Teori Sastra, Metode Kritik, dan Penerapannya. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Pradopo, R.Dj. (2007). Pengkajian Puisi. Yogyakarta: Gadjah Mada University Press.

Ratna, Ny.Kh. (2013). Teori, Metode, dan Tehnik Penelitian Sastra.Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Ruhaliah. (2010). “Sajarah Sastra Sunda Modern” diktat kuliah di Jurusan

Pendidikan Bahasa Daerah. Bandung: UPI.

Rosidi, A. (2007). Sajak Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama. Salmun, M.A. (1961). Kandaga Kasusastraan Sunda. Bogor.

Santosa, P. (2013). Ancangan Semiotika dan Pengkajian Susastra. Bandung: Angkasa.

Siswantoro. (2010). Metode Penelitian Sastra Analisis Struktur Puisi. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Sukmarawati, D. (2005). “Gaya Basa dina Kumpulan Sajak Kembang Katiga Karya Wahyu Wibisana pikeun Milih Bahan Pangajaran Aprésiasi Sastra di

SMP”. (Skripsi). Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah-FPBS-UPI Bandung. Teu diterbitkeun.

Sumardjo, J. & Saini. (1986). Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: Gramedia. Tamsyah, B.R. Spk. (1996). Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: Pustaka Setia. Tarigan, H.G. (2008). Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa.

Bandung: Angkasa.

177

Arini Dwi Jayanti, 2014

Ulikan struktural-semiotik kana kumpulan sajak lagu padungdung karangan Deni Ahmad Fajar pikeun bahan pangajaran maca sajak di SMA

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Universitas Pendidikan Indonesia. (2013). Pedoman Penulisan Karya Ilmiah. Bandung: UPI PRESS.

Teeuw, A. (2003). Sastera dan Ilmu Sastera. Jakarta: Dunia Pustaka Jaya. Waluyo, H.J. (1987). Teori dan Apresiasi Puisi. Jakarta: Erlangga.

Wellek, R. & Warren, A. (1989). Teori Kesusastraan. Jakarta: Gramedia.

Zarkone, A. (2009). Iwan Fals, Dewa Musik dari Leuwinanggung. [Onlline]. Aya di: http://www.cerita-kawanku.blogspot.com/2009/11/iwan-fals.html. Diakses 7 Februari 2014.

Dokumen terkait