• Tidak ada hasil yang ditemukan

Nyawalakeun Tatakrama Basa

A. Maca Naskah Drama

Bandera! Bandera! Bandera!

Naskah Drama Sunda Sababak

Adegan 1

Panggung poek. Sora bangkong tingborogodod. Lampu laun nyaangan panggung. Remeng-remeng. Rohang tengah hiji imah bilik. Rada beulah katuhu, korsi rareyod ngariung meja. Aki Onay diuk di salah sahiji korsi bari ngalinting bako. Di beulah tengah, gigireun lawang ka enggon, lomari geus muka pantona, lamak amayatak, patulayah jeung baju bubututan juru rohang beulah kenca, handapeun jandela, aya mesin kaput butut ngajugrug, bulan (incu aki onay) keur ngeunteung, ngome buuk. Panggung remeng-remeng.

Sora ti saluareun imah:

Nu gelo : (ceuceuleuweungan semu ngalagu) Baheula mah masang bandéra hayang merdéka, jaman ayeuna mah teu masang bandéra hartina merdéka! Baheula mah masang bandéra hayang merdéka, jaman ayeuna mah teu masang bandéra hartina merdéka! Baheula mah masang bandéra hayang merdéka, jaman ayeuna mah teu masang bandéra hartina merdéka!

Sora Sejen hiji : Gandéng siah! Dasar nu burung! Nyingkah ka dituh! Sia mah keur burung téh, ngahasut! Na, sia teu sieun ku déwék! Déwék hansip deuleu! Deuleu sapatu déwék! Tah baju déwék! Nyingkah! Déwék keur mancén tugas titahan Pa Kuwu!

Nu gelo : Baheula mah tugas téh ikhlas ngorbankeun jiwaraga, jaman ayeuna mah tugas téh dipaké cukang jang dunya barana! Bandéra! Merdéka! Hidup bandéra! Hidup merdéka! Hidup Nyai Bulan! Buta héjo dibaju héjo titahan rajana buta…!

Sora Sejen hiji : Nyingkah deuleu! Hariwang!

Sora Sejen dua : Geuning aya hansip Kuslan! Wah, Ki Onay can kénéh masang bandéra? Ari Pa Kuwu keur di mana?

Sora Sejen hiji : Aéh, Jang Tatang! Puguh, aki-aki téh! Unggal agustusan matak wirang waé. Mangka isuk arék aya gegedén. Di kantor kénéh Pa Kuwu mah, Jang! Kumaha janten masang sarébu bandéra di pasir téh?

Nu gelo : Bandéra! Bandéra! Bandéra! Hidup bandéra! Hidup merdéka! Hidup Nyai Bulan!

Sora Sejen dua : Jadi atuh! Eta Si Seblung beuki maceuh waé! Uing ka Pa Kuwu heula! Titip salam ka Nyai Bulan…

Sora sejen hiji : Salam-salam tujuhmulud! Déwék wé hayang! Dikirana ngabélaan digembrong reungit jang nanahaon...

Nu gelo : Hayang waé tapi tara aya nu hayangeun! Karunya nya… Sora sejen hiji : Nyingkaaaaah!

Adegan 2

Jempling. Hawar sora bangkong beuki reang, beuki hawar-hawar. Lampu di panggung mimiti caang. Aki onay nyeungeut rokona. Nyerebung. Nini odih ngurunyung sisi kenca, mawa cikopi. Bulan noong kana jandela.

Nini Odih : Hariwang pisan! Nu owah paréréa omong jeung nu weureu! Bulan : Aki, geuning Kang Hansip Kuslan teu ingkah-ingkah nya?

Ituh Kang Tatang mani rurusuhan kitu! Si Seblung kalah lumpat ka pipir…

Nini Odih : (neundeun gelas dina meja) Moal nyingkah saméméh urang masang bandéra mah, Bulan! Titahan kuwu cenah!

Bulan : Ih, matak naon lamun panginjeumkeun atuh nya, tuluy pangmasangkeun. Teu kreatif pisan Hansip teh. Kalah we kucap-kiceup mani kerep…

Nini Odih : (leumpang kana lomari, tuluy ngudulan eusina) Geus euweuh nu bogaeun. Kapan arék masang sarébu bandera nutupan pasir béjana mah.

Aki Onay : Kateuteuari!

Nini Odih : Ari manéhna! Ieu teh keur néangan sakadang bandéra. Kalah nyebut kateuteuari.

Aki Onay : Na ari sagalarupa teh. Kateuteuari sotéh kami mah ka nu rék masang bandéra di pasir. Kanyaah-nyaah waragad, sakadar hayang katangar ku gegedén. Masang bandéra mah dina dada, lain nyimbutan pasir.

Bulan : Dada aki?

Nini Odih : Dada aki manéh mah batuk malulu, Bulan!

Aki Onay : Tong salah, Nini! Kieu-kieu ge, kami urut pajuang. (Ngarérét

ka bulan) Bulan, aki maneh baheula kungsi milu bajuang, milu perang.

Nini Odih : Sok agul ku payung butut…

Aki Onay : Lain agul, Nini! Meh incu nyahoeun. Na teu meunang ngadongéng ka incu sorangan?

Bulan : Aki mah, apan tos sering atuh ngadongéngna ogé. Anu jadi mata-mata di leuwi Keper téa nya, anu mantuan tentara nyegat Walanda di Heubeul Isuk?

Nini Odih : Nya apaleun da meh unggal peuting didongéngkeun. Matak ulah agul ku pikun geura…

Aki Onay : Baruk! Rarasaan kami mah, kami teh can dungang-dongéng… Heueuh! Asa cikénéh pisan…

Nini Odih : Meunggeus Bulan, ari geus hatam mah, anggur ka dieu bantuan néangan bandéra. Tah bari bérésan lalamakan. Rus- ras ka jaman sok ngaput ari neuleu nu kieu téh. Eta geura, kalah umat-imut dina jandéla. Antep hansip céngos mah, montong dilayanan…

Bulan : (bari cumentil ngadeukeutan ninina) Pilakadar bandéra mani rariweuh kieu, Nini?

Nini Odih : Taktagé! Baheula mah nini sok purah mangaputkeun jang batur. Ari heug ayeuna teu boga hiji-hiji acan.

Aki Onay : (neuteup ka hareup bangun ngomong sorangan) Bandéra téh baheula alah batan naon, Bulan! Getih jeung nyawa tah tandonna ogé. Tuh, lebah Pasir Ipis. Lebah dinya pisan, réa tantara anu jadi korban. Aki harita, nénjo pisan kasatiaan pajuang kana ngudag kamerdékaan. Toh pati jiwa raga. Teu nolih naon-naon, mapag Walanda anu keur patroli. Jaradi bugang sapada harita. Maranéhna teu hayang katangar atawa miboga pangkat. Maranéhna saukur hayang merdéka. Hayang nancebkeun bandéra. Sangkan nagara merdéka. Aki harita milu narajang Walanda. Aki mah sakadar rahayat. tapi aki nénjo maranéhna merjuangkeun rahayat, geus sakuduna rahayat ogé milu bajuang. Beurat, Bulan! Merdéka téh dina panénjo aki mah. Getih jeung nyawa. Getih jeung nyawa. Harita, aki jeung sabalad-balad geus sapuk arék milu bajoang. Nya, saukur ngajaga lembur. Sok susulumputan ngagempur Walanda, atawa megatkeun sasak anu rék kaliwatan ku Walanda. Nikmat, Bulan! Bisa bébéla jang balaréa, bari ngimpleng hiji waktu boga bandera sorangan, boga nagara sorangan. Jaman Walanda jaman Jepang. Perang deui jeung Walanda. Gorombolan. Panjang lampah bandéra téh.

Adegan 3

Dina jandela nolol sirah hansip kuslan. Surungah-séréngéh. Bangun ngintip bari nengetan saeusi imah.

Nini Odih : (Cengkat, ngarérét kana jandela. Papada reuwas jeung anu noong) Naon Hansip? Kalah tuang-toong! Mangké atuh. Da éngké ogé kapanggih. Béjakeun ka Kuwu isuk ogé pasti masang di buruan.

Hansip Kuslan : (surungah-séréngéh, ngelétan ka bulan anu milu nempokeun) Manawi aya cikopi, Nini…

Nini Odih : Ménta wé ka kuwu!

Hansip Kuslan : Kulub hui wé atuh, Nini…

Nini Odih : (malédogkeun lalamakan) Euweuh! Tah aya ogé lalamakan. Pék ari beuki mah…

Hansip Kuslan : Nyai Bulan atuh sina maturan di buruan….

Nini Odih : Tuh, jeung Si Seblung! Hempék ka dinyah keukeupan. . . . .

Dokumen terkait