RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN ( RPP )
MIARA SARENG NGAMUMULÉ BASA SUNDA Assalamualaikum Wr Wb.
Alhamdulillahi robbil alamin, wabihi nastainu ala umuri dunya waddin, washolatu wassalamu ala asrofil ambiai walmursalin wa’ala alihi washohbihi ajmain. Amma ba’du.
Tos sakedahna pisan dina wanci ieu urang munajat ka Alloh SWT., anu parantos ngusik malikkeun urang saban waktos, siang kalayan wengi. Ogé pas pisan lamun dina ieu saat urang masarahkeun puja ka Gusti urang sadaya, anu
parantos maparin jatah yuswa ka urang sadaya ti kawit gubragna ka alam dunya dugi ka jajapna engke ka yaumil jaja.
Para wargi sadaya hormateun sim kuring, malati lingsirna ati, angsana ligar ku mangsa. Hamo lingsir upami sanés ku wanci, hamo ligar upama sanés ku mangsa. Wancina sareng mangsana, urang tiasa patepung lawung, patepang raray. Para sepuh, sesepuh, tur nu dipisepuh, kalih ingkang wargi sadayana, sateuacanna sim kuring neraskeun ieu biantara, ti payun neda tawakup anu kasuhun, boh bilih sim kuring kurang tata titi, duduga peryoga, langkung saur bahé carék, rumaos sim kuring mah sanés pujangga nu mahér ngararangkén carita, sareng sanés jalmi nu pinter ngalarapkeunana.
Tah dina kasempetan ieu sim kuring badé ngabantun jejer biantara “Perluna Ngamumulé Basa Sunda”.
Basa téh minangka jandéla dunya. Ciri tina jati diri manusa nu ngancik di hiji nagri. Kitu deui basa Sunda, anu mangrupa salah sahiji bagian tina budaya di Indonésia. Basa nu mibanda kaéndahan nu sampurna. Sanés mung sakadar kanggo gunem catur wungkul. Namung ogé mangrupa bahasa batin nu tiasa mangaruhan kana unggal jalma nu nganggona. Matak tengtrem kana ati sanubari, kanggo urang nu ngaregepkeunana. Tos janten pasipatan urang Pasundan nu handap asor, soméah hadé ka sémah, tur daréhdéh téh kumargi pangaruh basa sadidintenna.
Namung hanjakal pisan dina jaman kiwari, sawatara nonoman Sunda tos ampir hilap kana basa warisan ti para karuhun. Teu sadar upama laun-laun mah basa, nu kapungkur mah dipikareueus sarta diagul-agul téh, bakal ilang tanpa karana tina kahirupan tatar Sunda. Seueur para nonoman Sunda, nu kirang ngahargaan kana basana sorangan. Atanapi teu tiasa ngalarapkeunana. Saupami urang nengetan paripolah, bangsa urang ayeuna, nonoman Sunda kiwari. Boh dina sasauran atanapi dina tingkah polahna, sok matak manghariwangkeun. Margi sigana téh parantos tebih tina ajén-inajén bangsa urang, komo upama ditilik tina ajén-inajén karuhun urang mah nyatana Ki Sunda. Hal sapertos kituna, sigana arang langka aya nu maliré, margi aranjeunna gé sami poékkeun kumaha tapak lacak paripolah Ki Sunda nu samistina. Mangga urang galih sareng émutan ku urang sadaya, seueur kénéh nonoman Sunda, sélér suku Sunda, anu dumukna ogé di tatar Sunda, namung masih teu tiasa kanggo ngalarapkeun basa Sunda nu bener tur merenah. Upamana waé dina ngalarapkeun kecap pun. Ngalarapkeun kecap pun masih kénéh aya nu pagentos, nu kedahna pun adi namung naha bet dilarapkeun janten pun rai.
Mungkin waé hal ieu téh balukar tina kirangna panyaring kana majuna élmu pangaweruh sarta rinéka jaman. Contona waé tiasa diétang ku ramo seueurna ‘média cetak’ anu ngaluarkeun buku atikan atanapi buku sanésna dina basa Sunda. Kitu deui, dina ‘média éléktronika’. Jarang pisan pintonan nu luyu sareng larapna basa Sunda nu bener tur merenah.
Di sagédéngeun éta, atikan perkawis basa Sunda di paguron atanapi di sakola-sakola kacida kirangna, upama ku urang dibandingkeun sareng pangajaran basa sanésna. Lian ti waktosna nu samporét, seueur guruna gé nu kirang parigel dina ngatik para siswana, supados tiasa ngagunakeun basa Sunda nu bener larapna. Atanapi ngajaga sareng miara basa sunda.
Komo kiwari mah kapan di sakola-sakola ‘menengah atas atanapi kejuruan’ mah (di Jawa Barat), basa Sunda téh teu diwulangkeun. badé kumaha atuh tiasana basa sunda téh mekar?
Hadirin, hormateun sim kuring, kadang sok aya sepuh nu tulén urang Sunda, dina kahirupan sadidintenna (ngadidik para putrana), sok ngaraos lingsem upami kedah nganggo basa Sunda téh. Malihan ka para putrana, dina komunikasi téh kadang nganggo basa Sunda gé nu garihal, kasar karaosna. Atuh badé kumaha urang ngadidik para putra téh supados tiasa ngagunakeun basa Sunda nu saé?
Miara sareng ngamumulé basa Sunda téh kacida peryogina. Utamina dina komunikasi sadidinten. Sawadina upama di sakola-sakola, di lingkung tatar Sunda, ngawajibkeun ka para siswana dina sadinten téh kanggo ngagunakeun basa Sunda. Ulah “English Day” waé anu populér téh. Tapi di sakola-sakola téh, ti ngawitan Taman Kanak-Kanak dugi ka paguron luhur di tatar Sunda aya istilah “Sundanese Day”. Diwajibkeun para siswa téh kanggo ngagunakeun basa Sunda nu luyu sareng aturan. Sigana téh upami dikitukeun mah, para siswa téh bakal kahudang ati sanubarina kanggo miara sareng ngamumulé basa sorangan. Apal kana ajén-inajén kasundaan. Sim kuring umajak ka sakumna dulur-dulur anu aya di tatar Sunda, hayu urang paheuyeuk-heuyeuk leungeun, sasarengan miara sareng ngamumulé basa Sunda. Badé ku saha deui atuh basa Sunda téh dipiara sareng dimumuléna, upami sanés ku urang sorangan? Mangga geura arémutan.
Hadirin hormateun sim kuring, sakitu nu kapihatur. Nu dikedalkeun tadi téh mangrupa bangbaluh nu nyangkaruk dina haté salami ieu. Hapunten anu kasuhun, boh bilih dina cumarios tadi téh pondok nyogok, panjang nyugak, mugi agung nya paralun, neda jembar pangampura. Hatur nuhun kana sagala perhatosanana. Wasalamua’alikum warohmatullohi wabarokatuh.