• Tidak ada hasil yang ditemukan

XXIII. PUPUH KINANTI

XXVI. PUPUH PUCUNG

(1) Ki Nursewan ti dinya téh tuluy matur, ka Jaya Kalana,

“Perkara ieu téh kantong,

ayeuna mah mangga Gusti urang buang. (2) Tapi ku kantong téa urang kubur,

di handapeun istal kuda, supaya kantong teu kotor,

ari geus kotor moal aya karamatna. (3) Kanjeng Raja ka Patih enggalna nyahur,

ka Ki Patih sakti téa, “Patih ieu jimat kantong,

geura ruang di handapeun istal kuda.” (4) Tapi kemit ku sakabéh serdadu jaga,

masing nanya sing sadia balad kabéh, bisi aya nu nyusul ti Nagri Arab.

(5) Kakocapkeun kantong téh arék dikubur, geus dicandak ku Ki Patih téa,

kaucapkeun geus sumping baé, pada kumpul serdadu nu bakal jaga. (6) \\Kantong kuda ti dinya geus dikedung,

93

Kantong tuluy ilang, leungit kantong aya dodot,

basa dodot kadut panggosokan kuda.

(7) Urang kapir surakna waé ngaguruh, kantong kabéh,

pegat kantong mah ngaléos,

dipacarakan kantong kasang Umar Maya.

(8) Kabéh kitu téh kantong kasang urang catur,

kawantu kasang,

kawas rupa kantong saé,

enggeus mulih kana langit jebul kop. (9) Enggeus datang ka payuneun anu

agung,

ka Nabi Hidir taya,

kantong téh dicandak baé, Nabi Hidir amaha Subhanallah.

(10) “Ngéh anaking kantong téh ku naon, neul Naha Umar Maya,

tangtu meunang susah gedé,

da bubuktina kantongna datang ka urang.”

(11) Sanggeus kitu Nabi téh hanteu dicatur,

gancangkeun Umar Maya, leumpang sakaparan baé,

Umar Maya anak reujeung

pamajikan.

(12) Barang dongkap ka patapaan di gunung,

tepang jeung pandita, lep ngalim sarta haying,

lajeng eureun Umar Maya téh tiluan. (13) Ku Pandita diaku bari dirangkul,

\\dipaké kanyaah, 94 Umar Maya saresah,

60

(!4) Lila-lila Pandita tuluy ngadawuh, “Manéh masing ngeunah,

ulah susah ulah kéder,

masing tetep Umar Maya di

patapaan.”

(15) Urang Umar Maya tadi catur, kocap Sang Nursewan, jeung Raja keur pésta baé,

Ki Nursewan ka Raja lajeng ngandika. (17) “Ulah kagok ayeuna urang ngamusuh,

kantongna geus beunang, Umar Maya tangtu kojor, Ratu Arab urang geura paéhan.

(18) Ka Patih gancang ngutus ulama tanggung,

dosa ayeuna mah, estu Ratu Arab urang, tangkep mangka beunang.

(19) Patih Sakti gagancang Raja piunjuk, upama geus rempeg,

sim abdi téh seja narosan,

saupama Raja Arab enggeus beunang. (20) Kanjeng Raja ti dinya kebat ngadawuh,

“Upama geus manéh, tangtu dipersén,

diunggalkeun kasenangan jeung

gajihan.”

(21) Radén Patih lajeng dangdan sarta tuluy,

rék ka Nagara Arab,

Patih Sakti enggeus ngaleos,

Gagancangan \\hanteu jalan darat. 95 (22) Kakocapkeun ngapungna téh luhur,

hibeurna téh gancang,

pisan mipir kana méga putih héjo, geus ngungkulan ka Nagri Arab saé.

(23) Maling Sakti ayana hanteu dicatur, kocap Ratu Arab,

jaksa pangulu ngabérés,

Jayengrana ngandika ka Para Raja. (24) “Ayeuna téh raja sakabéh karumpul,

mudu sing sadia, kaula téh ngimpi goring, éta alam aya naon balukarna. (25) Umar Madi ka Raja lajeng piunjuk,

“Kula kabéh teu genah, duh ngimpi nyokotan endog. Sasarina bisul arék bijil nanah.”

XXVII. Pupuh Mijil

(1) Raja Arab ningal ka Patih, “Kumpulkeun parabuh,

Jendral kerbal kudu kumpul kabéh, sumawonna para mantra,

kaula hanteu ngeunah, pikir …aya musuh.

(2) Reujeung deui éta para istri, nu aya di gedong,

emban mudu masing ulah, paingan heueuh teuing kudu, pada nyaring bakal aya musuh.

(3) Ti nagri naroskeun ka Gusti”

\\Bakal aya naon Kanjeng Raja weléh, 96

baé montong,

nanya teuing baé anggur geura dzikir, neneda rahayu.

(4) Raja Arab ngandika ka Patih, “Méh kudu éstu,

pikir kula asa ngimpi baé, reujeung sing seredet, Maktal lajeng nangis, kuring géh nya kitu.

61

(5) Urang Arab sadaya Perbu Patih, hanteu dicarios,

Malingsakti kacaturkeun dating, baé di luhur Ki Patih,

ngintip dina pipir,

kikis salundang-saindung. (6) Malingsakti calik bari mikir,

lajeng tempa tempo, bari maca ilham baé sirep, jampé anu matih kawantu, perjurit isimna murubul. (7) Nu keur jaga sadayana mantra,

sakabéh geus molor,

hanteu éling pada saré kabéh, di nagara wani sepi maling, saantero Ratu,

Arab saré di karsil kérék nyegor-nyegor,

Raja Maktal di handapeun ranjang, téh saréna kawas,

nu mati sumping Malingsakti, semu rada rusuh nyumput.

(8) Geus ka gedong Malingsakti manjing, \\bari tempa-tempo, 97

Raja Maktal keur saré nyarandé, enggeus hanteu lilir,

ari Kanjeng Gusti, saréna di luhur.

(9) Malingsakti calik bari mikir, di jero kedaton,

beuki lila geus kapikir baé, lajeng mangkat Malingsakti, kana pipir karsil,

Patih jeung Raja dirawu. (10) Raja Patih hanteu usik malik,

da geus diborogod,

Jayengrana jeung Maktal diranté, hanteu bisa usik malik,

dibawa sakali, bijil semu rusuh.

(11) Raja Maktal di luar geus eling, inget diborogod,

Raja mikir jero manah baé, “Na ku naon diri aing, wet aya nu maling.” Jayengrana bingung..

(12) Ratu Arab geus dibawa maling, geus dibawa léos,

Kanjeng Raja dibawa téréh, Patih Sakti geus nyaring hanteu, ngambah bumi belesur ka luhur.

(13) Urang tunda Malingsakti indit, di Arab carios,

di Pakuan awéwé téh gégér, sadayana pada ceurik, Nyi Munigar éling, ngajerit kalangkung.

(14) \\Emban sadayana nangis bari, 98 ting garero ku maonam,

adatna awéwé sabab,

kalangkung hawatir ka Gusti, nu leungit ceurik sing salegruk. (15) Nini-nini ceurik balawiri,

tungtungna tidagor,

nu sawaréh nyeureud aki-aki baé, omongna téh nini-nini,

nini-nini ieu Aki, naha digugulung.

(16) Loba pisan wantuning di nagari, di jero kedaton,

geus karungu ku para Raja, sakabéh sumawona ku para, mantri sadayana,

Indit arék muru Ratu.

(17) “Na ku naon Nyai tingjarerit, dina jero gedong?”

Nyi Munigar wuwuh nangis baé, Patih tiwas awak ami,

62

geuwat geura susul.

(18) Lajeng gégér kabéh para mantra, sadayana bengong,

para Raja sadayana geus nyaring, pangulun Umar Madi angkat, gadag gidig nyampeurkeun ka Ratu. (19) Anu ngiring para muadin,

sareng jeung marebot,

sarta ka nu \\mukmin-mukmin

barisan, 99

sumaduna santri-santri, tukang adan kabéh,

ngiring sareng tukang bedog. (20) Umar Madi nyahur ka bupati,

kula rek nyarios,

“Nya kumaha urang petana téh, dipikir ku diri kuring,

kasep cik Mar Madi samara boga Ratu.”

XXVIII. Pupuh Asmarandana (1) Mantri-mantri keur badami,

sadayana balad raja,

tumenggung geus ngabaris, serentak ngandika Raja, Kemar Abdul Komar hok, malihok serdadu sumawon, Raden Suwangsa.

(2) Urang tunda deui nagari, kocapkeun nu maling téa, geus datang ka nagari,

bae Kanjeng Raja geus dicandak, sumawonna Raja Maktal,

Ratu Kapir keur ngariung, Patih Bastak jeung Nursewan.

(3) Kaucap Patih enggeus sumping, Nursewan muka manahna, “Ayeuna téh peuncit baé, ieu Ratu Arab téa,

ulah rék dilila-lila, ayeuna pék geura suduk, getihna arék dihakan.” (4) Kanjeng Raja Gupit Barjin,

\\ngandika ka Ki Nursewan , 100 “Paman gampang urang montong, urang rasa-rasa heula,

abuskeun kana panjara,

campurkeun jeung bangke bau, sarupa jeung Patih Maktal. (5) Jayengrana tuluy nangis,

Raja Kapir awak kula,

mangga kula keur potong batan, dicampur jeung bugang anggur, kula téh paéhan tinimang, dihukum kitu kula téh, teu boga dosa.”

(6) Raja Nursewan ngadohir,

“Montong ngomong sia binatang, aing teu hayang ngadogo,

teu suka kabina-bina, boga minantu ka siya, kawanina salah,

tapakur ayeuna rék dipodaran.” (7) Raja téh kabéh ngadohir,

miwarang manjara Raja, Jayengrana geus kabéh, waksareng Patih téh nimbalan, ngumpulkeun antéro bugang, gancangna miwarang ngubur, dina handapeun panjara.

63

(8) Ratu Arab bari pikir, nalangsa kabina-bina, hanteu genah rarasaan téh, aya di jero panjara,

dicampurkeun \\jeung basa milang, 101

bauna ngaliwat langkung, haneut aya papadana. (9) Urang tunda Gupit Barji,

nyaritakeun Umar Maya, nu ditundung Nyi Arab téh, nu keur calik di patapaan, Umar maya suka manah, ti dinya aing téh nyahur, ka Pun incu Umar Maya. (10) Umar Maya lajeng amit,

maturan ka Kanjeng Eyang. “Eyang jisim kuring naros, perkara diri kaula,

ayeuna kuring rék mangkat, jeung deui aya pihatur, titip anak pamajikan.

(11) Ku sabab kantong téh leungit, anu mawi kuring leumpang, éta kitu asalna téh,

lain leumpang percumah, keur aya nu diteangan, lain nangtung tambuh laku, lain leumpang tambuh polah.” (12) “Ku aing enggeus kaharti,

manéh eukeur dibenduan, Pandita geus gano baé, kantong kasang gera susul, tapi ulah sayembewara. (13) Umar Maya amit deui,

rek nanya ngan kantong kasang, leumpang sakaparan bae, asup alas bijil alas,

Umar Maya keur nyaangan, tapi weléh teu katimu.

Umar maya susah pisan.

(14) \\Diturunan bigadir Umar Maya, 102

dipariksa Putu Emban, eukeur naon cicing dina, jero alas ku Umar Maya, ditingal Umar Maya, tuluy sujud rangkep tangan, bari nyembah.

(15) Kitu soca carek tukil, sabab aya Kanra duwa, kandah Mataram Cirebon téh, kandah Mataram Cirebon mah, séjén pisan caritana Umar Maya, téh ditundung ari Cirebon jeung Tegal.

(16) Ki umar Maya téh lain, sejena nyusul Nyi Arab, ari caritana Cirebon téh, kitu éta asalna ulah, pahili carita sabab, aya nu ratu nujuh, jeung aya wali sasaga. (17) Wali nu salapan siki,

duwa puluh lima réka, eta wali sejena-sejena, wali dua puluh lima, kola wali nu salapan, caritana sunan-sunan, éta sakabéhna ayeuna. (18) Mantak urang kudu harti,

caritana Umar Maya, jalma téh nya kudu kitu, masing bener pipikiran.

64

(19) Lamun urang salah éta, anu kumawula ka ménak, tangtuna meunang bebendon, sing gapo opat \\perkara, 103 sari wesi baraja jalma,

tata titi tindak tanduk, duduga jeung peryoga. (20) Basa ti titah ti titinggi,

tata téh sireum nyatana, para Nabi hap-hap nu yaktos, hap-hap nu leuwih,

peryoga keyup gedé, digegedé sakitu téh,

beuki rubuh éta misil kumaula. (21) Sakunang basa ning geni,

matak tutung kana awak, sabaruka gugon Ratu, teu terang matak dibuang. (22) Sakitu meureun kaharti,

misil anu kumawula,

reungeukeun ku kaula-kaula, caritana masing panceg, sakitu géh bara-bara, aya pitutur sakitu, tangtu hibar ti Pangéran. (23) Urang catur an tadi,

Umar maya keur dipariksa, nyembah bari tungkul mando, “Umar maya ieu kasang, maneh ulah susah-susah.” Umar maya lajeng imut, barina nampanan kasang. (24) “Tapi Eyang rék weweling,

perkara Bagénda Hamjah, ayeuna eukeur diboyong, hanteu aya di Arab,

\\sarawuh jeung Patih Maktal, 104 ayeuna eukeur dihukum,

geus aya di jero penjara.

(25) Geus aya di Gupit Barji, pinang sarya Nursewan, reujeung Patih Bastak kénéh, manéh ulah genah-genah, ayeuna téh keur leumpang, ulah sok inget kapungkur, hadé goréng dulur urang.”

XXIX. Pupuh Pangkur

(1) Umar Maya segut dangdan,

ngareungeukeun pitutur Nabi Hidir, Ki Umar Maya ngaheruk,

ari ras kagorénganana,

mandog mayong aya nyaah aya giruk, ari ras kahadéanana,

ka Perbu Jayengpatih.

(2) Gancang Umar Maya dangdan, gadag gidig segut bari nyawet singkil, jimat isim pék disuhun,

jimat kasang disoréndang,

Nabi Hidir ti dinya hanteu dicatur, Umar Maya nepak kasang,

bari maca jimat isim.

(3) Kasang-kasang urang leumpang,

kantong kasang ditepak-tepak

mukiking,

belesur ngapung ka luhur, Umar Maya ngawang-ngawang,

wantu-wantu Umar Maya langkung, segut dastarna wani ngahéang,

kadupak ku angina tarik. (4) Umar Maya urang tunda,

\\urang catur rajana di Gupit Barji , 105

Jayengrana keur dihukum, Nursewan suka manahna,

Patih Bastak Raden Nirman keur ngariung,

eukeur pésta sukan-sukan, ngahareupan opor baé.

65

(5) Perbu Jayengkalana,

nya eta Ratuna di Gupit Barji, ka Ki Nursewan ngadawuh,

“Kumaha paman petana Raja Arab, ayeuna eukeur dihukum mudu, kira-kira heula supaya,

nyeurieun pikir.

(6) Raja Nursewan unjukan,

bari surak-surakna waé ngahihih, ayeuna téh leuwih sukur,

saupama enggeus modar,

jisim kuring boga kaul rék ngabunuh, nguyup getihna tada teuing,

meureun amis.” (7) Raja Kalana Wisesa,

mangpur Sewan ayeuna sing suka ati, mangke téh ari dihukum,

digantung di awang-awang,

sing nerangan digantungan genta sewu, genta siluman kawasa mohal lila tangtu mati.

(8) Raja Nursewan haturan,

“Pun Paman mah kalangkung percaya ati,

\\pikir teu ngénca ngatuhu, 106 Paman geus bisa percaya,

ayeuna mah anak jisim kuring ngatur, nu ngaran Siti Munigar,

sarawuh Déwi Bastari.” (9) Raja lajeng miwarangan,

“Ayeuna mah manéh Patih Malingsakti, perkara Jayeng satru,

ayeuna bawa ka luar,

ti panjara sarta kudu di mapling, tambalung sarawuh jeung Raja,

Maktal ku manéh bawa sakali.

(10) Pepekan madya ponggawa,

Jendral Koronel sarawuh Perbu Patih,

serdadu saratus tambur, nya éta nu tukang jaga,

poe Ahad mangké kentasewu

kantong,

dikelan di awang-awang, sarta di sisi basisir. (11) “Lihat lu kupunya mata,

gua kata denger lu ku punya kuping, Nyai nanti bésok hari Saptu,

gua hendak pergi,

ronda barangkali sekarang ada, yang nyusul ti rumah gua berangkat, perjurit téh mesti nganti.

XXX. Pupuh Kinanti

(1) Ti dinya Ki Patih tuluy, geusan datang ka Pancaniti,

\\gempungan jeung sadayana, 106 jaksa pangulu papatih,

urang kapir geus sadia, mepkeun di pancaniti. (2) Patih Sakti pék ngadawuh,

nimbalan ka mantri-mantri. “Ayeuna mantra ayeuna, sadaya déngékeun nimbalan, aing ayeuna dawuhan,

Raja rék ngahukum Jayengpati.” (3) Sadaya hatur piunjuk,

ngiring sakersana Gusti, pasti geus kitu nimbalan, kaluar Jayengpati,

sarawuh jeung Patih Mental, ayeuna bawa sakali.

66

(4) Gancangna téh pada tuluy, nyampeurkeun penjara beusi, hanteu kocap di jalana, kareta enggeus néang, penjara lajeung dibuka, Amir Hamjah enggeus bijil. (5) Jayengrana ditambalung,

sareng jeung Maktal papatih, dicandak diréyang-réyang, diiringkeun ku perjurit, nu ngiring balaksa-balaksa, kawantu perjurit kapir. (6) Ka surakna wani ngaguruh,

dibawa kana basisir,

sarawuh-sarawuh jeung patih, Maktal Jayengrana lajeng, nangis dikelan di awang-awang, bijil ti panjara beusi.

(7) Gancangna dibawa tuluy, ka basisir enggeus nepi,

\\serdadu manglaksa-manglaksa, 107 ngabaris dina basisir,

Ki Patih Maktal di handapeun, diringkus ku ranté beusi. (8) Enggeus kitu tuluy kacatur,

Rajana di Gupit Barji, sarawuh Raja Nursewan, sareng ki Bajo Papatih, Raja téh geus mariksa, ka ki got Patih Maling Sakti. (9) “Ki Patih kumaha atuh,

perkarana Jayengpatih?” Ki Patih lajeng unjukan, “Perkarana Jayengpati, sumuhun enggeus dikelat, di dinya dina basisir.”

(10) Raja Nursewan piunjuk, haturan ka Kanjeng Gusti. “Kuring téh bade unjukan, mudu dimanah ku Gusti, sabab leumpang Umar Maya, perjurit ti Puseur Bumi. (11) Bisi Umar Maya nyusul,

sabab sakti liwat saking, bisi Umar Maya nyamar, tah kitu kainggis kuring. (12) Wantu bisa nyalin patut,

bisa rupa aki-aki, tampolana rupa budak, lampahna téh cara jurig, ditanggalna sok ngajentul, ana perang buburincat, ka cerek reujeung,

\\reujeung nampiling. 108 (13) Diteungeulna sok ngajentul,

barina jeung heubajeuni, tah kitu matak héwa, Umar Maya cara iblis, ari jauh ngagupayan, ari deukeut sok nampiling. (14) Ayeuna kuring piunjuk,

haturan ka Kangjeng Gusti, lain kula teu percaya, ngan urang sing seug ati-ati, ronda sadaya timbalan, wurukan masing prihatin. (15) Jeung deui di lembur-lembur,

sebut nu aya di nagari, nu matrol mudu iyatna,

masing nyaring beurang peuting, sanajan rupana budak,

67

(16) Raja téh tuluy ngadawuh, nimbalan ka Malingsakti. “Bener omong mang Nursewan, urang kudu ati-ati.”

Raja Nursewan unjukan, “Kapungkur geh cara jurig.”

XXXI. Pupuh Pangkur

(1) Raja Nursewan ngandika,

ka enya éta ka Ki Patih Malingsaktié, “Eta perkara serdadu,

ayeuna kudu ditéang, bagi opat ngalér ngétan, ngulon ngidul.

(2) \\Beusi aya Umar Maya, 109 tuluy tangkep geuwat peuncit Ki Patih, ngageuwat iang gagancangan,

geus dongkap ka Pancaniti,

Timbalan kabeh tingali serdadu ayeuna, kudu ngajaga nanya,

urang kudu budal kabéh serdadu, Tumenggung Jendral jeung sérsan, urang kudu ati-ati.”

(3) Ti dinya teu kacarita ,

urang ganti ku carita anu tadi. Umar Maya basa nyusul, leumpangna ka awang-awang, Umar Maya jimatna isimna disuhun, geus ngungkulan ka nagara,

Umar Maya lungsur linggih. (4) Kantongna Ki Umar Maya,

kantong kasang ditepak-tepak

mukiking,

ka sang aing arék malsu, jeung dipenta karamatna, hayang jadi aki-aki,

anu sepuh Umar Maya salin rupa, jebul jadi aki-aki.

(5) Tuluy leumpang lalaunan, kumaonam royah-royah aki-aki, bawana brusna jeung iwung, wantuning lampah nu nyamar,

ku ma onam aki-aki anu sepuh dating,

\\kana pangkonan ku,

110

perjurit pék kapanggih. (6) Dipariksa ku sadaya,

wantu-wantu nu ngajaga balad kapir, dirubung ku serdadu,

“Aki manéh urang mana,

royah-royah bari nanggung éta

iwung?”

Aki-aki pék ngajawab, “Jisim kuring urang sisi.” (7) “Naha aki rék ka mana?”

Tuluy jawab aki téh bari micicid, “Sim kuring rék néang incu.” “Aki di mana ayana?”

Aki nyawad, “Incu kuring keur babakul,

tapi aya di nagara, ditengan teu kapanggih.”

(8) Geuwat sabab ieu waktu eukeur heurin matak,

aki ulah laju sabab,

dawuh Kangjeng Raja keur di, aki geura mulang,

patrol anajan rupana sepuh, teu beunang teu ditalian, kudu baé pék di bui.

(9) Aki-aki téh ngajawab, “Sugan mohal, da kuring mah aki-aki,

kuring moal kieu kitu, ari hanteu diteangan, sabab nyaah jisim kuring, téh ka incu sim kuring,

nyuhunkeun maap arék liwat mas perjurit.”

68

(10) \\Aki-aki ditenggeulan, 111 nu sawaréh nu ngajejek nu nampiling, anu nendang anu nyuduk.

Aki-aki seuseurian,

heureuy temen silaing tembak padu, Aki téh tuluy dicandak,

dialungkeun leuwih tarik. (11) Aki tuluy ragrag cedan,

jelegedeg jadi Umar Maya deui, Umar Maya humaregung, “Audzubilahiminassaitonm

ngeh paingan urang Kapir hanteu patut,

teu aya rarasanana.” Umar Maya maca dzikir. (12) “Ki Umar Maya ngamanah,

bari linggih Umar Maya dipikir, “Kumaha sangkana lulus?” ku Umar Maya kamanah,

ngeuh paingan amis alah batan madu, ngeunah alah batan gula,

aya pahit aya manis.

XXXII. Pupuh Dangdanggula

(1) Umar Maya nangis dina ati, lajeng maca Umar Maya sucana, étah neda ka Alloh,

“Sayaktos moga-moga, ka nu agung aing masing , tepang deui jeung rayi, Bagenda Hamjah moga-moga, panjang umur Umar Maya, papak ka sang ,

neda-neda pangéran Maha.” Suci belesur ka awang-awang.

(2) \\Umar Maya tarikna kaliwat saking, 112

gancang pisan ngapungna,

di awang-awang nyampur reujeung. mega kuning ningali.

anu ngagunuk barangna geus katingali. Umar Maya gagancangan.

ti luhur téh lungsur barang geus dating. ka handap awas pisan nu kemit.

bakti-bakti Kapir keur susurakan/ (3) Umar Maya maca jimat isim.

nepak ka sang ménta karamatna. balad Kapir masing héés.

isimna wani murubul. isim sirep anu matih, kawantu ka sang kawasa. Umar Maya turun,

ari geus datang ka handap jalan ka, basisir nepangan ka Raja Maktal. (4) Patih Maktal saréna kaliwat saking,

Patih Maktal kasampak, ku Umar Maya ngéh Maktal, Manéh bet kérék Umar, Maya maca

adzubilahiminasaitonirajim. “Eh manéh Raja Maktal, kawas lain pamuk bet,

éléh ku urang ku per bet kawas lain teu, dakting abani Maktal,

geuwat geura hudang.”

(5) Patih Maktal kagét hudang nyaring, bet ngarénjag ningali ka Umar, \\ka Umar Maya Maktal, 113 tuluy nangis baé kakang.

“Kuring Gusti tulung kuring, tiwas manggih mati sareng, Gusti ngarah teu aya nu di luhur, Den Umar Maya ngandika, ranté beusi ku Umar,

Maya digitik ranté téh tuluy ucutan.

69

(6) “Patih Maktal manéh geura indit, geura mulang ka nagri Arab,

jeung manéh téh masing-masing hade, jeung deui aya parahu,

manéh kudu jalan cai, ari geus datang ka Arab, kumpulkeun serdadu , jeung saratus raja-raja, kudu bawa ngarurug, ka Gupit Barji, sarta kudu sadayana.

(7) Raja Maktal ti dinya téh tuluy, indit enggeus mulang ka Nagri Arab, Ki Umar Maya tuluy,

bari pék naék ka luhur, kana pangheuleutan beusi, Umar Maya téh,

kebat rék naék ka luhur genta, siluman disada ramé pisan, para wantu genta téh sakti, nya eta genta siluman. (8) Umar Maya maca jimat isim,

nepak-nepak ka sang ménta kapuh,

\\sakur sakoronjo wanca, 114

genta dicocokan kapuk, genta lain beuki leungit, anggur beuki reuwas,

disada ngaguruh Umar Maya jéngkél, pisan tuluy baé talina,

ditarik-tarik urang Kapir pada hudang. (9) Balad Kapir kagét liwat saking,

barang tanggah kana pangheuleutan, Umar Maya eukeur nangkod,

serdadu Kapir ngaguruh, barina ting baruncelik, jalma enggeus pada wasa, ningali ka luhur,

Umar Maya rareuwas tuluy luncat, rék ka laut tarik,

Mar Maya kabawa ombak.

(10) Urang Kapir gancang laporan ka Gusti,

ka Kanjeng dumeuheus ka raja-raja. Raja Nursewan téh nénjo,

ponggawa anu rék matur, Raja téh kagét ka Patih. “Rék ka mana manéh?” Ponggawa semu anu rusuh, mentri téh lajeng unjukan,

“Kaulanun purwa dumeuheus kagét,

Dalam dokumen euweuh deui nu ngungkulan, III. EDISI TEKS (Halaman 42-58)

Dokumen terkait