• Tidak ada hasil yang ditemukan

XXVIII DANGDANGGULA (1) Hikayat tilu puluh deui,

punjul tilu//ti Syéh nu ma’ripat, 120

Abi Umar wastana téh,

Usman jenengan istu nagarana di Saripaini, kieu lahirna Syéh Usman,

kaula kapungkur, kawit boga kalakuan,

eukeur aya kampungan Saripaini, hiji peuting kaula.

(2) Tuluy turun dug saré pirbadi, tengah peuting niat ngabungbang, tidinya kaula nénjo,

lima japati ngapung ngaralayang hiber mutir, hiji manuk nyawara,

ku kula kadangu lisanna langkung paséh, cara jalma kieu omongna japati,

maha Suci Pangéran.

(3) Nu ngadamel ka sadaya jalmi, dikeursakeun boga simpenan, anu narik kana saé,

pituduh ka anu alus, kitu omong manuk japati, anu lian deui nyora, lisanna nyakitu, paséhat cara jelema,

kieu pokna héy jalma sakur nu lali, ulah ka jongjonan.

(4) Geura éling kumaula bakti, ka Pangéran manéh nu kawasa, nu ngampura dosa kabéh, kanu tos tobat saistu,

jeung moal murah//maparin, 121

pituduh ka nugrahaan, kitu carék manuk,

(5) Dina ati kula geus beureusih, sepi tina asih kana dunya, kalakuan dunya kabéh, dina ati geus suwung, taya hiji nu kapiati, tuluy jangji ubaya, jeung Gusti nu Agung, yén poé isukan kula,

rék masrahkeun diri ka Syéh Abdul Qodir, darapon dituduhan.

(6) Kana jalan ka Gusti Yang Widi, isuk-isuk tuluyt kula leumpang, indit ngan sorangan baé,

jeung kaula acan ma’lum,

acan tepang jeung Syéh Muhiddin, kitu deui ka Bagdad,

kaula acan ma’lum, teu teurang lebah-lebahna,

kula indit ngan nuturkeun kareup ati, istu saparan-paran.

(7) Keur di jalan perok kula papanggih, jeung hiji Syéh kalangkung berséka, tuluy uluk salam baé,

Assalamuallaikum,// 122

héy Ki Umar Saripaini, ku kula pok dijawab, Wallaikumsalam, tina kagét kula sumpah,

demi Allah Pangéran anu sajati, saha jeuneungan Tuan.

(8) Tuan terang ngaran jisim kuring , halé tepang nembéan ayeuna, anu ditaros ngawalon,

amun manéh hanteu ma’lum, teurang ka ngaran manéhna, réhna dijurungkeun ku anak kami, Syéh Abdul Qodir Jilan.

(9) Kieu pokna ama Nabi Hidir, weungi tadi aya hiji jalma, nu ditarik ku Yang Manon, ngaranna Usman disebut, nagarana Saripaini,

geus mangadep éta jalma,

ka Gusti Yang Agung tegesna geus meunang rohmat, didawuhkeun Marhaba jeung éta jalmi,

ka kuping ku kang putra.

(10)Eunggeus jangji ka Robul alamin, rék masrahkeun dirina sorangan, kanu nuduh jalan hadé,

cék Syéh Muhiddin kitu, caritana tadi ka kami,

ari ayeuna Usman tuluskeun maksud,

ka Syéh Abdul Qodir Jaélani,// 123

karana éta,

Waliyullahu leuwih, panghuluna auliya.

(11)Jaman éta Syéh Muhiddin, diparaké kiblat ku sadaya, anu pada torék kabéh, para masaih anut, sami neuteupkeun pikir, pada sareugeup ngaula, sawurukna turut,

saparéntahna dilakonan,

Syéh Muhidin loba karamatna leuwih, eukeur kitu kaula.

(12)Éta hanteu pisan-pisan saeutik , ngabogaan kana rasa,

geus aya di Bagdad baé, matak bengong kalangkung, serta Nabi Hidil leus leungit, musna hanteu ka uninga, hanteu teupung-teupung, ti harita meunang lawas,

tepung-tepung sanggeus tujuh tahun bukti, tidinya téh kaula.

(13)Tuluy mareuk ka Syéh Abdul Qodir,

Syéh ngandika kaula marhaban nu ditarik ku Yang Manon, lantaran tina manuk,

éh Usman andika pasti, ngabogaan kabencikan,

anu agung-agung jeung andika tangtu jaga boga, hiji murid ngaran Abdul Pani,

(14)Tangtu jadi Waliyullah leuwih,

ti nu réa//di asih ku Allah, 124

jeung malaikat sakabéh, pada saruka sukur,

pada asih ka Syéh Abdul Pani, kitu Syéh pilahirna,

sanggeus kitu tuluy, sirah kula didastaran, ku tuan Syéh,

panangan ngageupok tiis, lebah embun-embunan. (15)Terus nyeureup kana jero ati,

Bray ka buka ati awas ningal, ka alam malakut tembong, di jerona ngaguruh, ramé-ramé nu sami muji, ka Gusti anu kawasa, tasnéhna kadangu, béda-béda teu sarua,

kitu deui nu maca tahlil jeung takdis, tanjéh sewang-sewanhan.

(16)Méh teu aya akal kula leungit, tina sabab kula bangeut suka, narimakeun ka tuan Syéh, tuan Syéh nyandak kapuk, beunang nyelub baseuh ku cai, dada kaula diusap,

nya éta ku kapuk,

ku pangawasana Pangéran, akal teuteup kula cara tadi deui, jeung ilmu tambah-tambah. (17)Tuluy kula dipiwarang nyeupi,

Cicing dina jeronig halwat, Dipernahkeun ku tuan Syéh, Ka jero halwat asup,

kula nyeupi meunang sasasih,

demi Allah nu Mulya,// 125

kabéh lampah laku, anu lahir anu samar,

waktu dina jero halwat nyepi, ka uninga sadayana.

(18)Dipilahir taya anu kari,

najan manggeus baris ka payuna, tuan Syéh uninga baé,

ku Tuan Syéh diteguh, jaga kula lamun geus mukim, lawasna téh geus aya,

tilu puluh tahun, diolah yén kula boga,

hiji murid ngaran Abdul Pani, jeneng Waliyullah.

(19)Serta punjul tinu réa wali, eta kitu Syéh pangandikana, salahiran nyata kabéh, barang geus salawé tahun, dastar kula ti Syéh Muhiddin,

sok dibikeun harita ka murid disebut, nya éta Abdul Pani téa,

pék dipaké dastar ku Abdul Pani, lima tahun lawasna.

(20)Jejeg tilu puluh tahun mukim, Kersa Alloh Abdul Pani téa, jadi Waliyullah sohor, salahiran kapungkur,

Syéh Muhiddin taya nu sisip, Waliyullah utama,

karamatna agung, waktu keur ngahadam,

pék diduruk élmu jeung hukum nu yakin,

ati pada harita.// 126

(21)Leungit susah teu aya hawatir, tetep mantep madep ka Yang Sukma, jeung dipindah-pindah enggon, darajatna beuki luhur,

ditimbang jeung darajat diri, hak na mah dibarengan, ku qudrot Yang Agung, mahluk teu daya upaya,

enggeus tamat carita ieu lastari, Pangkur ngganti laguna.

Dokumen terkait