• Tidak ada hasil yang ditemukan

S BD 1103218 Chapter5

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "S BD 1103218 Chapter5"

Copied!
2
0
0

Teks penuh

(1)

Taufan Hikhaiat, 2015

MODÉL PANGAJARAN SNOWBALL TRHOWING PIKEUN NGARONJATKEUN KAMAMPUH BIANTARA (Studi kuasi Ékspérimén di Kelas X-Bahasa SMA Negeri 10 Bandung Taun Ajar 2014-2015)

Universitas Pendidikan Indonesia | \.upi.edu perpustakaan.upi.edu

BAB V

KACINDEKAN, IMPLIKASI, JEUNG REKOMENDASI

5.1 Kacindekan

Dumasar kana hasil panalungtikan, analisis, jeung pedaran kamampuh

biantara siswa kelas X-bahasa SMA Negeri 10 Bandung taun ajaran 2014/2015

anu aya dina bab IV, bisa dicindekkeun sababaraha hal ieu di handap:

1) Kamampuh biantara siswa kelas X-bahasa SMA Negeri 10 Bandung taun

ajaran 2014/2015 saméméh ngagunakeun modél pangajaran Snowball

Trhowing kawilang can mampuh, rata-rata peunteunna nya éta 71,39 tina

KKM 75. Ditilik tina unggal aspék anu diujikeunna, siswa can mampuh dina

ucapan (gancang kendorna), lentong (wirahma, randegan), pasèmon

(èkspresi), adegan basa, pilihan kecap, rèngkak jeung peta (sikep

penampilan), hubungan eusi jeung topik, jeung sikep ka pamiarsa.

2) Kamampuh biantara siswa kelas X-bahasa SMA Negeri 10 Bandung taun

ajaran 2014/2015 sabada ngagunakeun modél pangajaran Snowball Trhowing

kawilang mampuh. Ieu hal katitén tina hasil rata-rata peunteun post-test siswa

sabada ngagunakeun modél pangajaran Snowball Trhowing nya éta 77,7 tina

KKM 75. Ditilik tina unggal aspék anu diujikeunna, siswa mampuh dina

ucapan (gancang kendorna), lentong (wirahma, randegan), pasèmon

(èkspresi), adegan basa, pilihan kecap, rèngkak jeung peta (sikep

penampilan), hubungan eusi jeung topik, jeung sikep ka pamiarsa.. Dumasar

kana hasil kamampuh awal jeung kamampuh ahir, yén kamampuh biantara

siswa kelas X-bahasa SMA Negeri 10 Bandung taun ajaran 2014/2015

ngaronjat tina can mampuh (71,39) jadi mampuh (77,7).

3) Aya béda anu signifikan antara kamampuh biantara saméméh jeung sabada

ngagunakeun modél pangajaran Snowball Trhowing. Jadi, modél pangajaran

Snowball Trhowing bisa ngaronjatkeun kamampuh biantara siswa kelas

(2)

62

5.2 Implikasi

Modél pangajaran Snowball Trhowing dilarapkeun dina pangajaran biantara

pikeun ngaronjatkeun kamampuh biantara siswa. Dilarapkeunana ieu modél

meunang dukungan jeung aprésiasi anu hadé boh ti siswa boh ti guru. Ieu hal bisa

ditarima sacara positif dina pangajaran di sakola ku sabab prak-prakan dina

ngalarapkeun modél Snowball Trhowing kawilang leuwih ngirut jeung matak

pikaresepeun. Ayana modél Snowball Trhowing jadi salah sahiji alesan pikeun

siswa numuwuhkeun kaparigelanana dina pangajaran biantara. Ieu modél téh

ngadumaniskeun kamampuh nyarita anu dibarengan ku suasana diajar nu matak

pikaresepeun, nya éta “diajar bari ulin”, anu pasti siswa bakal leuwih gampang

dina maham matéri, henteu matak bosen, ogé nimbulkeun karep anu hadé nalika

biantara.

5.3 Rekomendasi

Sabada dilaksanakeunana panalungtikan modél pangajaran Snowball

Trhowing pikeun ngaronjatkeun kamampuh biantara siswa kelas X-bahasa SMA

Negeri 10 Bandung taun ajaran 2014/2015, aya sawatara rékoméndasi ieu di

handap.

1) Modél pangajaran Snowball Trhowing bisa ngaronjatkeun kamampuh biantara.

Ku sabab kitu, ieu modél téh bisa dijadikeun salah sahiji alternatif pikeun guru

dina pangajaran di kelas;

2)Ku lantaran ieu panalungtikan ngagunakeun kuasi ékspérimén, perlu diayakeun

deui panalungtikan dina ékspérimén murni sangkan meunang ambahan anu

leuwih lega;

3)Pikeun panalungtik satuluyna dipiharep bisa leuwih asak dina ngararancang

modél pangajaran Snowball Trhowing;

4)Ayakeun modél-modél pangajaran séjénna nalika di kelas, hususna pikeun

Referensi

Dokumen terkait

ASUHAN KEPERAWATAN PADA TN.S DENGAN GANGGUAN SISTEM PERSYARAFAN : CEDERA KEPALA POST KRANIOTOMI HARI KE-2.. DI RUANG SOFA RUMAH SAKIT PKU MUHAMMADIYAH

Pada penelitian ini penulis membangun suatu sistem pakar yang mampu mendiagnosa disleksia pada anak usia 5 tahun keatas menggunakan metode Naive Bayesian (NB)

kasih kepada semua yang telah membantu penulis sehingga skripsi ini dapat.. diselesaikan.Ucapan terima kasih penulis

Jasa Lainnya , adalah jasa yang membutuhkan kemampuan tertentu yang mengutamakan keterampilan ( skillware ) dalam suatu sistem tata kelola yang telah dikenal luas

Sistem akuntansi yang diorganisir dengan baik serta.. didukung dengan pengawasan kompeten oleh pelaku sistem

berlandaskan pada filsafat postpositivisme, digunakan untuk meneliti pada kondisi obyek yang alamiah, (sebagai lawannya adalah eksperimen) dimana peneliti adalah

[r]

Server yang digunakan untuk uji coba aplikasi, jika terdapat pengembangan/perbaikan sebelum diupdate ke Server Live