KORÉLASI ANTARA KOMPETÉNSI JEUNG PERFORMANSI
NGADONGÉNG SISWA KELAS X SMAN 20 BANDUNG
TAUN AJAR 2013-2014
SKRIPSI
Diajukeun pikeun Nyumponan Salasahiji Sarat Ngahontal Gelar Sarjana Pendidikan
ku
Deden Herdiana 0906302
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH
FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
▸ Baca selengkapnya: babasan mah aya dina wangun
(2)643/0251/FPBS/2013
Deden Herdiana, 2013
LEMBAR PENGESAHAN
DEDEN HERDIANA NIM 0906302
KORÉLASI ANTARA KOMPETÉNSI JEUNG PERFORMANSI
NGADONGÉNG SISWA KELAS X SMAN 20 BANDUNG
TAUN AJAR 2013-2014
Disaluyuan jeung disahkeun ku: Pangaping I,
Drs. H. Usep Kuswari, M.Pd NIP. 195901191986011001
Pangaping II,
Drs. H. O. Solehudin, M.Pd Nip. 195701011980021004
Kauninga ku
Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
Universitas Pendidikan Indonesia
PERNYATAAN
Dengan ini Saya menyatakan bahwa skripsi dengan judul, “Korélasi antara Kompetensi jeung Performansi Ngadongéng Siswa Kelas X SMAN 20 Bandung Taun Ajar 2013/2014” beserta seluruh isinya adalah benar-benar karya saya sendiri, dan saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara tidak sesuai dengan etika keilmuan yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas pernyataan ini, saya siap menanggung resiko/sanski yang dijatuhkan kepada saya apabila kemudian ditemukan adanya pelanggaran terhadap etika keilmuan dalam karya saya ini, atau ada klaim dari pihak lain terhadap keaslian karya saya ini.
Bandung, 29 Agustus 2013 Yang membuat pernyataan,
Deden Herdiana, 2013
KORÉLASI ANTARA KOMPETENSI JEUNG PERFORMANSI NGADONGÉNG SISWA KELAS X SMAN 20 BANDUNG
TAUN AJAR 2013/20141)
Deden Herdiana2)
ABSTRAK
Skripsi ini berjudul Korélasi antara Kompetensi jeung Performansi Ngadongéng Siswa Kelas X SMAN 20 Bandung Taun Ajar 2013/2014, isinya mendeskripsikan kemampuan siswa berbicara dalam bercerita (ngadongéng) dilihat dari segi kompetensi linguistik dan dari segi performansi. Selain itu diteliti juga apakah ada korelasi antara kemampuan kompetensi linguistik dan performansi. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif korelasional, yang merupakan salah satu metode untuk meneliti keadaan, kondisi, peristiwa, kegiatan yang berlangsung. Korelasional untuk mengetahui tingkat hubungan antara dua variabel atau lebih, tanpa melakukan perubahan, tambahan atau manipulasi terhadap data yang memang sudah ada. Dengan menggunakan metode ini dapat dilihat hubungan antara kompetensi linguistik dan performansi dalam bercerita (ngadongéng) dengan menggunakan teknik observasi melalui tes. Populasi penelitian ini meliputi keseluruhan siswa kelas X SMAN 20 Bandung. Teknik sampel yang di gunakan yaitu secara acak (random sampel), oleh karena itu sampel di ambil sebanyak 45 orang dari jumlah populasi. Berdasarkan penafsiran dan pengolahan data hasil uji ukur berbicar, siswa kelas X sudah mampuh berbicara dalam bercerita (ngadongéng) dilihat dari segi kompetensi linguistik dan performansi. Dari perhitungan korelasi antara kompetensi linguistik dan performansi diperoleh thitung 6,62 sedangkan ttabel untuk n= 45 dalam kepercayaan 99% yaitu 2,42. Maka dari itu terbukti bahwa thitung (6,62) > ttabel (2,42). Hal ini menunjukan adanya korelasi yang signifikan antara kompetensi linguistik dan performansi dalam bercerita (ngadongéng).
Kata kunci: kompetensi, performansi, ngadongéng
1) Penyusunan skripsi ini di bawah bimbingan Drs. H. Usep Kuswari, M.Pd. dan Drs. H. O. Solehudin, M.Pd.
Kaca
PANGJAJAP ... i
TAWIS NUHUN ... ii
ABSTRAK ... v
DAPTAR EUSI ... vi
DAPTAR TABÉL ... ix
DAPTAR LAMPIRAN ... x
DAPTAR SINGGETAN ... xi
BAB I BUBUKA 1.1 Kasang Tukang Masalah ... 1
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ... 4
1.2.1 Rumusan Masalah ... 4
1.2.2 Watesan Masalah ... 5
1.3 Tujuan jeung Panalungtikan ... 5
1.3.1 Tujuan Umum ... 5
1.3.2 Tujuan Husus ... 5
1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5
1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5
1.4.2 Mangpaat Praktis ... 6
1.5 Raraga Tulisan ... 6
BAB II KOMPETENSI JEUNG PERFORMANSI NGADONGÉNG, ANGGAPAN DASAR JEUNG HIPOTÉSIS 2.1 Ngadongéng ... 8
2.1.1 Wangenan Ngadongéng ... 8
2.1.2 Sarat-Sarat Ngadongéng... 9
2.1.3 Kamampuh Ngadongéng ... 10
vii
Deden Herdiana, 2013
b. Performansi dina Ngadongéng...13
2.1.4 Tujuan Ngadongéng ... 15
2.1.5 Tahap-Tahap Ngadongéng ... 15
2.1.6 Téhnik Ngadongéng ... 16
2.1.7 Latihan Ngadongéng ... 17
2.1.8 Kritéria Ngadongéng ... 17
2.2 Dongéng ... 19
2.2.1 Wangenan Dongéng ... 19
2.2.2 Papasingan Dongéng ... 19
2.2.3 Ciri-Ciri Dongéng ... 21
2.2.4 Unsur-Unsur Dongéng ... 22
2.3 SKKD Pangajaran Dongéng ... 23
2.4 Pangajaran Ngadongéng Dina KTSP ... 23
2.4.1 Bahan Pembelajaran dina KTSP ... 24
2.4.2 Evaluasi Pembelajaran Ngadongéng ... 24
2.5 Anggapan Dasar jeung Hipotésis ... 24
2.5.1 Anggapan Dasar ... 24
2.5.2 Hipotésis ... 25
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN 3.1 Metode Panalungtikan ... 26
3.2 Téhnik Panalungtikan... 27
3.2.1 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 27
3.2.2 Téhnik Ngolah Data ... 27
3.3 Instrumén Panalungtikan ... 30
3.4 Wangenan Operasional ... 34
3.5 Populasi Jeung Sampel Panalungtikan ... 33
3.5.1 Populasi ... 34
3.5.2 Sampel ... 35
4.1.1 Kompetensi Linguistik Dina Ngadongéng ... 37
4.1.2 Performansi Dina Ngadngéng ... 42
4.2 Korélasi Antara Kompetensi Linguistik jeung Performansi dina Ngadongéng ... 52
4.2.1 Uji Korélasi ... 54
4.2.2 Uji Hipotésis ... 56
BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMÉNDASI 5.1 Kacindekan ... 57
5.2 Saran ... 59
DAPTAR PUSTAKA ... 60
LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 62
Deden Herdiana, 2013
BAB I BUBUKA
1.1 Kasang Tukang
Pangajaran sastra di sakola miboga tujuana pikeun ngawanohkeun karya sastra ka siswa. Ngaliwatan pangajaran sastra di sakola méré kasempatan ka siswa sangkan miboga pangaweruh jeung rasa reueus tur rasa cinta kana sastra.
Rusyana (1982: 6) nétélakeun yén tujuan pangajaran sastra téh nya éta pikeun manggihan pangalaman jeung pangaweruh sastra. Ku ayana pangalaman sastra dipiharep siswa mampu neuleuman ajén-ajén anu di pidangkeun dina karya sastra jeung mampu ngébréhkeun pangalaman éstétisna kalayan maké media basa, boh lisan boh tulisan.
Sastra mangrupa salasahiji bagéan tina seni. Ciri utama seni nya éta ayana unsur éstétis (kaéndahan), ku kituna sastra sok dihartikeun basa atawa tulisan nu éndah. Kaéndahan dina karya sastra henteu ngan aya dina unsur basana, nu leuwih utama mah nyoko kana eusina nya éta sagala hal anu ditepikeun dina karya sastra téh mangrupa tarékah pikeun ngahontal bebeneran (Sumarsono, 1984 : 9)
Dina cara nepikeun sastra kabagi dua bagian nya éta lisan jeung tulisan. Sastra lisan nya éta sastra anu sumebarna sacara lisan (caritaan). Sastra tulisan nya éta sastra anu sumebarna ku cara tulisan, boh tulisan leungeun atawa cetakan.
Salasahiji karya sastra anu sumebarna sacara lisan nya éta dongéng. Dongéng téh kabagi kana lima rupa, nya éta fabel (anu nyaritakeun sastoan), parabel (dongéng jalma biasa), legenda (dongéng sasakala), sage (dongéng anu eusina ngandung sajarah) jeung mite (dongeng anu aya patalina jeung hal-hal gaib)
Rusyana (1922:18) nétélakeun yén dongéng téh kaasup kana golongan nyarita, umumna carita anu parondok. Dina dongéng sok aya bagian anu pamohalan, upama dina jalan caritana, palakuna, atawa waktu kajadianana. Dongéng kaasup kana wangun lancaran (prosa), tapi sakapeung-kapeungeun sok disélangan ku wangun ugeran (puisi) anu disebut kawih.
Jadi dongéng téh bagean tina golongan nyarita jeung biasana parondok, aya lisankeun (nyarita), berarti ngadongéng téh kaasup kana opet kaparigelan basa nya éta maca, nyarita, nulis jeung ngaregepkeun. Nyarita mangrupa prosés komunikasi, prosés parobahan wujud pikiran atawa rasa.
Dina nyarita, tangtu manusa miboga gagasan anu béda-béda. Dina cara nepikeun gagasana ku cara nyarita, dina cara ngawujudkeuna kudu mernah sangkan kaharti, dina lentong, dine éntép seureuhna sangkan éta caritaan puguh kadéngéna tur kaharti.
Dongéng mangrupa matéri pangajaran anu geus aya dina kurikulum sarta ditepikeun luyu dina SKKD (Standar Kompeténsi jeung Kompeténsi dasar) anu disusun dumasar peraturan daérah propinsi jawa barat no 5 taun 2003. Ngeunaan ngamumulé basa, sastra jeung aksara daérah nu netepkeun basa sunda salasahiji mata pelajaran du diajarkeun di lembaga pendidikan di Jawa Barat. KTSP (Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan) mangrupa slalsahiji pedoman pikeun ningkatkeun pangajaran basa sunda sangkan leuwih interaktif sarta mampu mekarkeun kompeténsi dasar jeung indikator pangajaran luyu jeung standar kompeténsi dina ngahontal katantuan diajar anu maksimal.
3
Deden Herdiana, 2013
pangajaran dongéng, tapi maranéhna ngan saukur resep kana ngaregepkeun wungkul tapi lolobana teu pati apal cara jeung prak-prakan ngadongéng anu hadé. Kaayaan dongéng di masarakat mangsa kiwari kawilang geus jarang. Kamajuan jaman jeung teknologi minangka nu jadi cukang lantaran masarakat ayeuna geus teu pati resep kana dongéng, oge kana kasadaran sepuh barudak nu geus teu ngawanohkeun deui barudak kana dongéng. Conto na waé baheula mah lamun budak rék sare sok dipangdongéngkeun atawa dongéng téh sok disebut alat pikeun ngabobodo nu céngéng, apanan ayeunamah cukup ku lalajo TV jeung maén game. Ku kituna sanajan pangajaran dongéng di sakola di ajarkeun, ari di masarakat na teu di mumulé mah angger waé laun-laun mah nu ngarana dongéng téh bisa leungit.
Dumasar kana panalungtikan anu geus di paluruh, kiwari masih keneh loba siswa SMA anu masih keneh kawilang handap dina ngadongéng. Hal ieu bisa dilantrankeun alatan siswa kurang atawa teu miboga élmu anu jembar ngeunaan ngadongéng. Kulantaran kitu di ayakeun tes ngadongeng ngagunakeun metode deskripsi korélasi. Siswa di tés kamampuh ngadongéng dina segi ngaawasa basa atawa kompetensi linguistik sarta dina performansi, satuluyna dikorelasikeun naha aya korelasi anu signifikan antara kompetensi linguistik jeung performansi dina ngadongeng.
Cindekna yén dina kagiatan nyarita mangrupa kagiatan pikeun ngebrehkeun eusi haté, pikiran, ngaliwatan basa lisan. Dina kagiatan nyarita kabagi dua macem diantarana nyarita dina situasi resmi jeung nyarita dina situasi teu resmi. Nyarita dina situasi béda jeng nyarita teu resmi. Nyarita teu resmi tangtu teu masalah pikeun siswa SMA mah, misalkeun nyarita di hareupeun babaturan di hareupeun babaturana. Nyarita resmi tampolana sok ngarasa geumpeur saupama siswa dititah ka hareup pikeun nyarita atawa ngébréhkeun hiji hal contona waé ngadongéng.
ngeunaan kamampuh siswa dina ngawasa basa atawa kompetensi linguistik sarta performansi dina ngadongéng.
Saméméh ngayakeun ieu panalungtikan diantarana aya nu nalungtik ngeunaan dongéng anu judulna “ Métode Démontrasi Pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh Siswa Dina Ngadongéng (Studi kuasi ekspérimén ka Siswa Kelas-11
SMAN 1 Tasikmalaya Taun Ajar 2012/2013) kénging Rosi Gasanti anu miboga
hasil anu alus. Aya oge nu nalungtik dongéng judulna “Kamampuh Ngadongéng
siswa SMK Kencana Bandung” anu ngukur kamampuh ngadongéng siswa. Tapi
bedana panalungtikan simkuring mah ngagunakeun métode korélasi pikeun ngadeskripsikeun naha aya korélasi anu signifikan antara kamampuh dina ngawasa basa atawa kompeténsi linguistik jeung performansi dina ngadongéng siswa kelas X SMAN 20 Bandung.
Ku sabab kitu ieu panalungtikan perlu dilakukeun nya éta sangkan mikanyaho kumaha kamampuh nyarita dina dongéng anu ngawengku kompetensi linguistik jeung performansi, ku sabab dina kagiatan nyarita, teu sakabeh manusa téh lancar dina nyarita komo deui nyarita di hareupeun jalma réa saperti ngadongéng di hareupeun kelas. kitu simkuring baris ngayakeun ieu panalungtikan.
Dumasar hal éta, panalungtikan ngeunaan “Korelasi Antara Kompetensi jeung Performansi Ngadongéng Siswa Kelas X SMAN 20 Bandung Taun Ajar 2013-2014” perlu dilaksanakeun.
1.2Rumusan jeung Watesan Masalah
1.2.1 Rumusan Masalah
Masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina wangun kalimah ieu di handap:
1) Kumaha kompetensi linguistik dina ngadongéng siswa SMAN 20 Bandung? 2) Kumaha performansi (kawani, gerak-gerik, jeung pasemon) dina ngadongéng
siswa SMAN 20 Bandung?
5
Deden Herdiana, 2013
1.2.2 Watesan masalah
Masalah anu jadi objék dina ieu panalungtikan nya éta kumaha kamampuh ngadongéng siswa kelas X SMAN 20 Bandung. Aya sababaraha aspek penting dina ngadongéng diantarana ditilik tina kompetensi basa atawa kamampuh ngawasa basa anu ngawengku lentong, diksi, lafal,korelasi antara eusi pedaran jeung jejer, sarta struktur kalimah. Dina performansi nya éta ngawengku kawani, tagog/gerak-gerik, jeung pasemon. Satuluyna dikorélasikeun Sangkan apal naha aya korélasi anu signifikan antara kompeténsi linguistik jeung performansi siswa kelas X SMAN 20 Bandung.
1.3 Tujuan jeung Mangpaat Panalungtikan
1.3.1 Tujuan umum
Tujuan umum dina ieu panalungtikan nya éta pikeun meunangkeun informasi ngenaan aya atawa henteuna korélasi anu signifikan antara kompeténsi linguistik jeung performansi dina ngadongéng.
1.3.2 Tujuan husus
Luyu jeung masalah anu baris di talungtik, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun:
1) Kompetensi linguistik siswa kelas X SMAN 20 Bandung dina ngadongéng. 2) Performansi (kawani, gerak-gerik, jeung pasemoan) siswa kelas X SMAN 20
Bandung.
3) Korélasi antara kompeténsi linguistik jeung performansi siswa kelas X SMAN 20 Bandung.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Mangpaat tina ieu panalungtikan ngawengku mangpaat tioritis jeng magpaat praktis, sakumaha anu dipedar ieu di handap.
1.4.1 Mangpaat Tioritis
séjéna pikeun nalungtik leuwih jero ngenaan kaparigelan dina nyarita (ngadongéng). Ku ayana panalungtikan ieu bisa nambah kaparigelan dina nyarita. 1.4.2 Mangpaat Praktis
Aya sababaraha mangpaat praktis di antarana: 1) Pikeun guru
Bisa mikanyaho kana kamapuh siswa kelas X SMAN 20 Bandung dina ngadongéng.
2) Pikeun murid
Pikeun pengetahuan sarta ngalatih kawani dina nyarita di hareupeun jalma balaréa.
3) Pikeun umum
Pikeun nambahan ambahan pikeun pangajaran anu leuwih lega.
1.5 Raraga Tulisan
Ieu skripsi téh disusun jadi lima bab. Dina Bab I dideskripsikeun bubuka nu ngawengku kasang tukang tina masalah anu baris ditalungtik, watesan jeung rumusan masalah, tujuan panalungtikan anu ngawengku tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan boh anu ngawengku mangpaat praktis boh mangpaat téoritis, sarta raraga tulisan dina ieu skripsi.
Dina Bab II didéskripsikeun rupaning tatapakan téori dina kompeténsi jeung performansi ngadongéng nu ngawengku wangenan nyarita (ngadongéng), rupa-rupa dongéng, ciri-ciri dongéng, tujuan ngadongéng, tahap-tahap ngadongéng, téhnik ngadongéng, latihan ngadongéng, kritéria ngadongéng, kompeténsi linguistik jeungperformansi dina ngadongéng, SKKD pangajaraan ngadongéng, pangajaran ngadongéng dina KTSP. Salian ti éta, dina ieu bab dipedar ngeunaan asumsi sarta hipotésis tina panalungtikan anu dilaksanakeun.
7
Deden Herdiana, 2013
Dina Bab IV didéskripsikeun ngeunaan hasil panalungtikan anu ngawengku prak-prakana panalungtikan, analisis data hasil panalungtikan, jeung medar uji korélasi antara kompeténsi linguistik jeung performansi dina ngadongéng.
BAB III
MÉTODOLOGI PANALUNGTIKAN
Dina ieu bab dipedar ngeunaan métode panalungtikan anu ngawengku: métode panalungtikan, téhnik panalungtikan, téhnik ngolah data, instrumén panalungtikan, wangenan opersaional sarta populasi jeung sampel.
3.1 Métode panalungtikan
Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif korélasional. Arikunto (2010 :3) métode déskriptif nya éta:“….penelitian yang dimaksud untuk menyelidiki keadaan, kondisi, situasi, peristiwa, kegiatan, dan
lain-lain, yang hasilnya dipaparkan dalam bentuk laporan penelitian.”
Métode déskriptif digunakeun pikeun lantaran hayang manggihan masalah-masalah anu disanghareupan sarta pikeun nalungtik kajadian-kajadian atawa pasualan-pasualan anu lumangsung.
Métode korélasional numutkeun Arikunto (2010:4) nya éta:“penelitian korelasional adalah penelitian yang dilakukan oleh peneliti untuk mengetahui
tingkat hubungan antara dua variabel atau lebih, tanpa melakukan perubahan,
tambahan atau manipulasi terhadap data yang memang sudah ada.”
27
Deden Herdiana, 2013
3.2 Téhnik panalungtikan
3.2.1 Téhnik ngumpulkeun data
Téhnik anu digunakeun nya éta observasi ku cara tés. Tés digunakeun pikeun ngumpulkeun data kamampuh siswa dina ngadongéng anu ngawengku kompetensi linguistik jeung performansi.
3.2.2 Téhnik Ngolah Data
Téhnik ngolah data dina ieu panalungtikan nya éta ngagunakeun statistik deskriptif. Statistik déskriptif digunakeun pikeun ngolah skor, nafsirkeun skor, uji korélasi jeung uji hipotésis.
1) Ngolah skor
Ngolah skor tés kamampuh ngadongéng anu dilakukeun, nya éta saperti ieu di handap.
a) Nangtukeun skor atah kotor (SAK)
b) Ngolah skor atah jadi skor standar kalawan maké rumus
Skor anu di hontal
Skor standar = x 10
Skor idéal
Cara ngolah skor kompetensi linguistiknya éta maké tabél ieu di handap. Tabel 3.1
Format Skor Komponén Kompetensi Linguistik
No
Kompetensi Linguistik
Jumlah Skor Lentong Diksi Lafal Korelasi
Eusi Pedaran
Struktur kalimah
1 2 Jumlah Rata-rata
Cara ngolah skor performansi nya éta maké tabél ieu di handap. Tabel 3.2
Format Skor Komponén Performansi
No
performansi
Jumlah Skor Kawani
Tagog/gerak-gerik
Pasemon
Skor Skor Skor
1 2 jumlah Rata-rata
Sanggeus ngolah skor kompetensi linguistik jeung performansi satuluyna digabungkeun jadi skor komponén gabungan. Pikeun mikanyaho kamampuh siswa digunakeun pendekatan dina skala 10, cara ngolah skor gabungan nya éta ieu di handap:
Skor anu di hontal
Peunteun = x 10 Skor idéal
29 Ngitung korelasina ngagunalkeun rumus ieu di handap:
∑ ∑ ∑
√ ∑ ∑ ∑ ∑
Keterangan
R x y = koéfisien korélasi anu di paluruh N = jumlah subjék
X = skor tés ngadongéng (kompetensi linguistik) Y = skor tés ngadongéng (performansi)
3) Uji Signifikansi
Sanggeus nagtukeun korélasi antara kompetensi linguistik jeung performansi dina ngadongéng, satuluyna di uji hipotésis make rumus t-tés
√
r = korélasi anu geus di itung n = lobana subjék
Pikeun ngajawab hipotésis digunakeun babandingan ngitung jeung tabél, upama t hitung leuwih gedé ti t tabél (th > tt) éta hipotésis di tarima, hartina aya hubungan anu signifikan antara variabel x jeung variabel y kitu deui sabalikna. Pikeun maluruh luhur handapna korélasi bisa kaciri dina tabél ieu di handap :
Tabél 3.4
Tabél interprétasi Nilai r
Besar Nilai r Interprétasi
Antara 0,800 s.d 1,00
Instrumén dina ieu panalungtikan mangrupa alat anu kacida diperlukeuna, lantaran hasil panalungtikan téh dipangaruhan pisan ku instrumen anu digunakeun, salian ti ngagunakeun parentah sacara langsung mangrupa tés ngadongéng, ogé ngagunakeun téhnik observasi pikeun ngumpulkeun data ku cara nyaksian kana jejer panalungtikan sacara langsung.
1) Tés
Tes ngagunakeun pancén lisan. Saméméh prak-prakan ngadongéng panguji méré pertanyaan jeung paréntah lisan sacara langsung, pertanyaan jeung parentah lisan sacara langsung anu di tepikeun nalika panalungtikan nya éta ieu di handap.
31
Deden Herdiana, 2013
3) Guru hidep kantos ngajelaskeun pangajaran dongéng jeung ngadongéng?
4) Cik naon bédana dongéng jeung ngadongéng? 5) Cik kumaha cara ngadongéng anu hadé?
6) Hidep sadaya kantos teu ngadongéng di payuneun kelas?
7) Tah ayeuna pék hidep dipasihan pancén ngadongéng dipayuneun kelas dipasihan waktos 30 menit pikeun ngapalkeun, dongéng na dongéng sasakala, mangga bébas badé dongéng sasakala naon waé anu sakirana hidep apal kana éta dongéng kalayan ngagunakeun lafal, intonasi, diksi sarta performansi anu hadé.
2) Format observasi penilaian ngadongéng pikeun ngukur jeung meunteun hadé goréngna dina lumangsungna tés ngadongéng.
b. Tagog/gerak-gerik 1
c. Pasemon 1
Jumlah 10
Panguji
Katerangan :
Skor total tés ngadongéng nya éta 50. Skor éta hasil jumlah kompetensi linguistik jeung performansi nya éta kompetensi lunguistik 7 x 5 = 35, skor performansi 3 x 5 = 15, jadi skor total nya éta 35+15 = 50.
Déskripsi aspek-aspék kamampuh ngadongéng ieu dijeiun sangkan prosés ngajen unggal aspék-aspék dilaksanakeun kalayan taliti jeung objéktif. Di handap ieu di déskripsikeun aspék kamampuh ngadongéng dina format penilaian ngadongéng.
a. Kompetensi linguistik 1) Intonasi/lentong
5 = Lentong (tekenan, wirahma jeung randegan) sampurna 4 = Lentong alus teu mengpar jeung ngadeukeutan sampurna 3 = Aya saeutik lentong nu kurang mernah
2 = Lentong nu teu merenah rada sering 1 = Loba lentong nu teu merenah 2) Diksi
5 = Diksi nu di gunakeun mernah pisan tur sampurna 4 = Diksi mernah tur ngadeukeutan sampurna
3 = Aya saeutik diksi nu digunakeun nu teu mernah 2 = Rada sering dina diksi nu salah
33
Deden Herdiana, 2013
3) Lafal
5 = Lafal unggal basa bersih, jelas, euweuh kasalahan, sampurna. 4 = Euweuh kasalahan, teu mengpar jeung ngadeukeutan sampurna 3 = Aya saeutik kasalahan dina lafal
2 = Kasalahan dina lafal rada sering 1 = Loba kasalahan
4) Korélasi eusi pedaran jeung jejer
5 = Eusi pedaran jeung jejer nyambung tur sampurna
4 = Eusi pedaran jeung jejer ngadeukeutan sampurna sampurna 3 = Aya saeutik nu mengpar antara eusi pedaran jeung jejer 2 = Loba nu mengpar tina eusi pedaran jeung jejer
1 = Eusi pedaran jeung jejer teu nyambung pisan 5) Struktur kalimah
5 = Struktur kalimah ti awal nepi ka ahir mernah tur sampurna 4 = Struktur kalimah ngadeukeutan sampurna
3 = Aya saeutik nu nu teu mernah dina struktur kalimah 2 = Rarada sering nu teu mernah dina struktur kalimah 1 = Loba nu teu mernah dina struktur kalimah
b. Performansi 6) Kawani
5 = wanian pisan, teu éraan sarta sampurna 4 = Kawani lumayan tur ngadeukeutan sampurna 3 = rada éraan
2 = Éraan pisan
1 = Éraan pisan tur kapaksa dina ngadongéng na ogé 7) Tagog jeung gerak-gerik
5 = Tagog jeung gerak-gerik alus tur teu kaleuleuwihi 4 = Tagog jeung gerak-gerik teu kaleuleuwihi
1 = Loba pisan tagog jeung gerak-gerik nu teu mernah 8) Pasemon
5 = Pasemon luyu jeung suasana dongeng, ngirut pamiarsa sarta sampurna 4 = Pasemon ngadeukeutan sampurna
3 = Pasemon rada kurang cocok
2 = Pasemon loba nu kurang mernah ka pamiarsa 1 = Pasemon sama sakali teu ngirut pamiarsa
3.4 Wangenan Operasional
1) Korélasi nya éta hubungan antara variabel nu hiji (x) jeung variabel lain (y). Korélasi dina ieu panalungtikan nya eta salasahiji téhnik statistik pikeun néangan patalina antara Variabel x (kompetensi linguistik dina ngadongéng) jeung Variabel y (performansi dina ngadongéng)
2) Kompetensi linguistik nya éta kamampuh dina ngawasa basa dina ngadongéng anu ngawengku ucapan, lentong, korélasi eusi pedaran jeung jejer, diksi jeung lafal.
3) Performansi nya éta kamampuh dina ngawasa kamampuh éksprési, kamampuh maham eusi, kawani, tagog jeung gerak-gerik, sarta pasemon.
4) Ngadongéng nya éta kagiatan nepikeun eusi caritaan ti hiji jalma ka jalma séjén anu di jerona aya tokoh, latar, jeung alur caritaan ku cara lisan.
5) Dongéng mangrupa carita rayat anu tumuwuh jeung sumebar sacara lisan dina wangun prosa (lancaran) wangun na parondok, loba pamohalanana, sarta tara kapaluruh saha nu ngarangna.
3.5 Populasi jeung Sampel Panalungtikan
3.5.1 Populasi
35
Deden Herdiana, 2013
waktu, waragad sarta kaayaan siswa, nu jadi objék dina panalungtikan ngabalukarkeun ieu panalungtikan perlu diwatesanan.
Dumasar kana hal di luhur, objék panalungtikan diwatesanan nya éta sakabeh kelas X anu jumlahna 396 siswa anu kabagi jadi 10 kelas ti mimiti X A nepi ka X J
Tabél 3.6
Jumlah Siswa Kelas X SMAN 20 Bandung
Kelas Jumlah Siswa Jumlak
ditingali tina waktu, tanaga jeung waragad, (2) heureut legana wilayah panalungtikan tina unggal subjék, (3) gedé leutikna resiko nu ditanggung panalungtik.
Dumasar kana hal-hal di luhur, sampel dina ieu panalungtikan ditangtukeun ngan 11% tina populasi anu geus ditangtukeun nya éta 45 siswa pikeun dijadikeun sampel. Carana nya éta di undi saperti arisan, kertas meunang nyoékeun, ditulis ku ngaran kelas X nu aya di SMAN 20 Bandung, nya éta kelas X A-X J terus unggal kertas di gulung-gulung tuluy diasupkeun kana paranti undian, terus di undi nepikeun ka kaluar kelas X I, anu kabeneran siswa na 45 urang, nya éta 26 lalaki, 19 awéwé.
Tabél 3.7
Jumlah Siswa Kelas X I
Kelas lalaki Awéwé Jumlah
Deden Herdiana, 2013
BAB V
KACINDEKAN JEUNG SARAN
Dina ieu bab dipedar sababaraha kacindekan ahir tina hasil panalungtikan. Dumasar kana kacindekan-kacindekan kasebut ditepikeun sababaraha saran anu aya patalina jeung judul panalungtikan.
5.1 Kacindekan
Dina ieu bab baris dipedar kacindekan hasil panalungtikan kalawan nyoko kana tujuan anu geus dirumuskeun saméméhna, nya éta ngeunaan korélasi antara kompetensi jeung performansi ngadongéng. Ieu kacindekan didéskripsikeun ieu di handap.
1) Kompetensi linguistik dina ngadongéng siswa kelas X SMAN 20 Bandung dina komponén.
a. Intonasi/ lentong anu jumlah skorna 352, rata-rata hitungna nya éta 3,91 lamun ditilik tina kritéria meunteun berarti rata-ratana lentong alus teu méngpar teuing jeung ngadeukeutan sampurna.
b. Komponén diksi anu jumlahna 175 rata-rata hitungna nya éta 3,88, lamun ditilik dina kritéria meunteun beratri rata-rata diksi na mernah tur ngadeukeutan sampurna.
c. Komponén lafal anu jumlah skorna nya éta 180,5 rata-rata hitungna nya éta 4,01, lamun ditilik dina kritéria meunteun berarti rata-rata lafalna euweuh kasalahan, teu mengpar jeung ngadeukeuan smapurna.
d. Komponén korélasi eusi pedaran jeung jejer anu jumlah skorna 348 kalayan rata-rata hitungna 3,83 lamun ditilik dina kritéria meunteun katitén yén eusi pedaran ngadeukeutan sampurna.
e. Komponén struktur kalimah miboga skor totalna nya éta 172,5 kalayan rata-rata hitungna 3,83, lamun ditilik dina kritéria meunteun katitén yén struktur kalimah ngadeukeutan sampurna.
2) PerformansI dina ngadongéng siswa kelas X SMAN 20 Bandung dina unggal komponén.
a. Komponén kawani
anu ngabogaan jumlah skor 171,5 kalayan rata-rata itungna 3,81, lamun ditilik dina kritérie meunteun yen kawani lumayan tur ngadeukeutan sampurna.
b. Komponén tagog/gerak-gerik
miboga jumlah skor 173 kalayan rata-rata itungna 3,84, lamun ditilik tina kritéria meunteun katitén yen tagog jeung gerak-gerik teu kaleuleuwihi. c. Komponén pasemon
miboga jumlah 177,5 kalayan rata-rata itungna 3,94, lamun ditilik dina kritéria meunteun nya éta pasemon ngadeukeutan sampurna.
Jadi skor total tina sakabeh komponén nya eta 520,5 kalayan rata-rata itungna nya éta 11,57 kalayan skor idéalna nya éta 15, satuluyna dikana skala 10 keun anu miboga jumlah 346,9 anu rata-rata itungna nya eta 7,7.
59
Deden Herdiana, 2013
5.2 Saran
1) Dina ieu panalungtikan kapanggih yén ayana korelasi anu signifikan antara kompetensi linguistik jeung performansi kalayan siswa geus mampuh dina ngadongéng. Saméméh ngalaksanakeun kagiatan diajar ngajar, hususna dina pangajaran basa sunda, leuwih hadé guru salaku nu boga peran penting dina ngajar bisa leuwih mere sumangét sarta numuwuhkeun minat jeung kareueus boh dina sastra, sajarah katut budayana dina kasundaan sarta kana pangajaran basa sunda anu hadé tur luyu jeung kamekaran jiwa siswa.
2) Saluyu jeung hasil panalungtikan ngeunaan korélasi antara kompetensi linguistik jeung performansi dina ngadongéng, hususna dina pangajaran nyarita perlu pisan dilatih pikeu ningkatkeun kamampuh anu aya patalina jeung makena basa.
3) lingkungan Kulawarga tangtu miboga peran penting pikeun nagtukeun dina kaparigelan nya nyarita hiji siswa, hususna nyarita di hareupeun jalma réa. 4) panyusun miharep ieu hasil panalungtikan aya mangpaatna, sarta ka hareupna
DAFTAR PUSTAKA
Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta. Arsjad dan Mukti. (1982). Pembelajaran Berbicara. Jakarta: Rineka cipta Danadibrata. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung : Kiblat.
Danandjaja, (1986). Folklor Indonésia Ilmu Gosip, Dongéng, dan Lain-lain. Jakarta: Grafiti.
Fatturohman, T. (1983). Ulikan Sastra. Bandung: Geger Sunten.
Gasanti, Rosi (2013). Metode Démontrasi Pikeun Ngaronjatkeun Kamamouh Siswa Dina Ngadongéng (studi kuasi eksperimén ku siswa kelas X SMA Negeri 1 Tasikmalaya Taun Ajar 20012/2013). Bandung: JPBD UPI.
Haerudin. (2009). Padika Nyaria Basa Sunda. Bandung: UPI.
Hotami, Retna (2011). Korélasi Antara Kamampuh Biantara Jeung Prestasi Diajar Basa Sunda Murid Kelas X SMA Pasundan 1 Bandung Taun Ajar 2010/2011. Bandung: JPBD UPI.
Iskandarwassid, (2004). Raksarasa. Bandung : Geger Sunten.
Iskandarwassid. (1992) Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten.
Jamaludin. 2003. Problematika Pembelajaran Bahasa dan Sastra.Adicita Karya Nusa.
Koswara, Dedi. (2003). Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI.
Kridalaksana, Harimurti. (1993). Kamus Linguistik. Jakarta: Gramedia. Luxemburg, Jan Van. (1984). Pengantar Ilmu Sastra. Jakarta : Gramedia.
Maulida, Desni. (2007). Kamampuh Ngadongéng Siswa Kelas X SMK Kencana Bandung. Bandung: JPBD UPI.
Rahayu,Budi, B. (1996). Pangajaran Sastra sunda Pikeun SD, SLTP, SMU, jeung umum. Bandung: CV, Pustaka Setia.
61
Deden Herdiana, 2013
Sudaryat, Y. (2010). Ulikan Fonologi Basa Sunda. Bandung: JPBD UPI Sujana, (2005). Metoda Statistika. Bandung : Tarsito.
Sumarsono, Tatang. 1984. Pedaran Sastra Sunda.Bandung: Medal Agung.
DAFTAR PUSTAKA
Arikunto, Suharsimi. (2010). Prosedur Penelitian. Jakarta: Rineka Cipta. Arsjad dan Mukti. (1982). Pembelajaran Berbicara. Jakarta: Rineka cipta Danadibrata. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung : Kiblat.
Danandjaja, (1986). Folklor Indonésia Ilmu Gosip, Dongéng, dan Lain-lain. Jakarta: Grafiti.
Faturohman, T. (1983). Ulikan Sastra. Bandung: Geger Sunten.
Gasanti, Rosi (2013). Metode Démontrasi Pikeun Ngaronjatkeun Kamamouh Siswa Dina Ngadongéng (studi kuasi eksperimén ku siswa kelas X SMA Negeri 1 Tasikmalaya Taun Ajar 20012/2013). Bandung: JPBD UPI.
Haerudin. (2009). Padika Nyaria Basa Sunda. Bandung: UPI.
Hotami, Retna (2011). Korélasi Antara Kamampuh Biantara jeung Prestasi Diajar Basa Sunda Murid Kelas X SMA Pasundan 1 Bandung Taun Ajar 2010/2011. Bandung: JPBD UPI.
Iskandarwassid. (1992) Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten. Iskandarwassid, (2004). Raksarasa. Bandung : Geger Sunten.
Jamaludin. 2003. Problematika Pembelajaran Bahasa dan Sastra.Adicita Karya Nusa.
Koswara, Dedi. (2003). Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI.
Kridalaksana, Harimurti. (1993). Kamus Linguistik. Jakarta: Gramedia. Luxemburg, Jan Van. (1984). Pengantar Ilmu Sastra. Jakarta : Gramedia.
Maulida, Desni. (2007). Kamampuh Ngadongéng Siswa Kelas X SMK Kencana Bandung. Bandung: JPBD UPI.
Rahayu, Budi, T. (1996). Pangajaran Sastra Sunda pikeun SD, SLTP, SMU, jeung umum. Bandung: CV, Pustaka Setia.
61
Deden Herdiana, 2013
Sujana, (2005). Metoda Statistika. Bandung : Tarsito.
Sumarsono, Tatang. 1984. Pedaran Sastra Sunda.Bandung: Medal Agung.